jump to navigation

Raja pandita barat maya di rancahmaya 14 May 2015

Posted by nurkalakalidasa in Uncategorized.
Tags: , , , , , , ,
add a comment

Pantun bogor lalakon:
Raja pandita barat maya di rancahmaya

Pun!
Sapun! Sapun!

Karuhur:
Ka sang rumuhun papayung agung,
Anu muhun di kalanggengan,
Anu nunggal di mandala suci…..!

Sapun!

Ka tengah jeung kahandap;
Ka batara ka batari;
Ka sakabeh
Anu gelar di gelarkeun,
Anu gelar teu digelarkeun;
Ka sakabeh, anu ngarancik di saleganing bumi;
Ka sakur anu kumalandang, disaamparna jagat;
Ka sakur anu araya di sakabeh alam…………!

Sapun!

Ka karuhun anu ngaruhum!
Ka para sepuh anu ngarasuh!
Anu lalinggih di pahiyangan!

Pun!

Papagkeun punjung kaula!
Tarima sembah kaula!
Ieu kaula
Menta widi eudeuk mantun,
Deuk ngaguwar nu dihaneuleumkeun,
Deuk nyiyangan nu disiyeumkeun,
Nu geus kebel nararanggoan,
Raraong marenta dilalakonkeun……!

Pun!

Kaula,
Pangjurungkeun pangraksakeun;
Bulungbungkeun larapan carita,
Torowongkeun galur caturna,
Natratkeun lacak bejana,
Wewegkeun lalayatan tukang lalakon,
Jeung geuingkeun
Mun nalendengna
Eudeuk sasab arutannana

Sabab carita eudeuk digelar,
Lain lalakon
Beunang nyadap tina cologor,
Lain dongeng pamere tonggeret!

Tapi catur nu puguh galur;
Puguh sunggapan, puguh walurna,
Puguh muhara panepungannana;

Tapi……
Loba anu maronteng malayangkeun………!

Sunggapannana:……pajajaran tengah!

Walurna:……catur pantun ti karuhun, tapi dihaneuleumkeun kokolot cacah,
Sabab dipikagiruk para menak!

Muaharana:…….jaman nu ditaranggoan!

Anu marontengkeun malayangkeun?
Nya arinyana, nu majarkeun pantun mah carita benerna, ngan
Lakon bawa ti wetan! Nya arinyana, anu “ngaing nyaho, siya hanteu!”
Arinyana anu parinteur euceuk inyana, tapi tetela hanteu nyaraho:
Gelarna sang hiyang ciyung wanara teh, lain di pajajaran girang
Beulah kaler; tapi dipangiyuh-ngiyuh gunung padu ngilu anu anggeus
Di ralandih jadi padu tilu, dijariyeun jadi papadon!
Arinyana hanteu nyarahoeun, babalayan jeung kuta-kutana, jeung
Pamujan di lamping gunung, datang ka kiwari, masih keneh nanggoan,
Marenta dilongok bari diguwar!
Hanteu arinyana nyahoeun, sangkuriyang teh, lain
Sangku, sangku wadah; lain riyang, riyang suka angen ngeunah hate…!
Hanteu kabaruuuuuka ku arinyana, ngaran eta teh, ngaran anu
Ngeclak ti tungtung letah anu nyarita!
Hanteu kapaaaaanggih, ngaran bener anu enyana, anu bijil
Di handapeun iket anu ngagelarkeun eta lalakon, saenyana mah:
Sang kuru hiyang!

Paralun……!

Jurungkeun kaula nyatur!
Sina napak dina caritana,
Sina bener dina nyebutna,
Amit bohong amit kabiyas!

Sabab ngaran nu bakal kasampak,
Lain ngaran beunang nguyang ti wetan,
Lain rekaan pujangga di jaman anyar
Anu pararinter nyararipta,
Nyarariyeun ngaran papajang tarang!

Sabab ngaran nu bakal kasampak,
Anu urang mah:
Ngaran bahanan ti anu merena,
Ngaran nerep ngaragasukma,
Eujueng eusi pinuh ku harti!

Paralun……..!
…………………………………………..

ayeuna mah, ulah naggoan heula di beukah cai!
Tapi urang tempong tipangkalannana;
Urang tulak ka tengahkeun,
Urang palendeng walungannana……….!

Urang caturkeun:
Di pajajaran!
Pajajaran tengah nu geus runtag, nu geus hilang dirurub jaman;
Nu ngampar ngan kari urutna, anu ngalayu keuna ku pugur,
Tapi hanteu hilang wawangina.

Pajajaran tengah nu ngaranna kari sebutan,
Ngalayang di awang-awang panineungan;
Jadi aweuhan samar-samar anu nyeluk-nyeluk nyasaran jaman……!

Dua windu jeung satahun!
Urut dayeuh, mulang deui ka asalna.
Asal leuweung, leuweung deui;
Asal reuma, reuma deui.
Asal suni sepi siyeun geueuman………
Geueumanna leuwih keueung…….!

Sabab arinyana anu bareto harayang ngabarogaan dayeuh,
Harayang ngarajaan pajajaran anu tengah,
Hanteu barisa kebel nyararicingannana!

Dayeuh lain ngadeg deui!
Sabab saban lembur nu diaradegkeun arinyana,
Hanteu jaradi lembur gede tambah rame;
Tapi narik kolot mingkin rehe………..!

Babakan mah,
Jaradi deui pogor eujeung reuma,
Anu rarab ku kamurang,
Anu cangkuwangna jeung haraghag,
Lalapisan mani kerep!

Narik kolot laju kosongra,
Lains abab hanteu subur di taneuhna,
Lain sabab arinyana hanteu baretah!
Tapi sabab arinyana pada katulah,
Ku polah laku lampah,
Kasiku sabab takabur………..
Majarkeun anu punjul sapanjang jaman,
Ngan baris bae arinyana,
Anu sinembah tanpa mumuja,
Nu sumujud tanpa mumunjung,
Tanpa seba ka para dewa……
Ngan arinyana,
Anu di jarabah jeung di raksa,
Di ruhum ku sembaheun anu anyar,
Tapi sembaheun deungeun bawa ti sabrang!

Arinyana keukeuh hanteu parcaya,
Nu waluya diraksa teh,
Lain sabab ayana sembaheun anu anyar;
Lain sabab sembaheun anu heubeul;
Lain sabab peta lampah sinembah bawa ti sabrang;
Lain peta lampah sinembah anu baheula…….!

Tapi…….
Karana waris ti papasten,
Anu digalurkeun
Ku anu nunggal ngan sahiji………!

Dina angkuhan ngadegkeun deui nagara jeung dayeuhna,
Lain pajajaran tengah nu ngadeg deui,
Lain ngajengleng karaton di pakuwan.
Tapi anu ku arinyana di tinggalkeun,
Tinggal ngaran tanpa papan,
Kari pogor urut bogor,
Kari leuweung urut dayeuh……..
Kari kuta-kuta,
Nu rarungkad hanteu diraksa!

Lembur-lembur narik kolot,
Sabab huma-huma,
Hanteu suwung-suwung
Ku hama nu rupa-rupa.
Jeung saban-sabanna………
Sasalad,
Datang deui datang deui,
Menta wadal anu teu kedik!

Duwa windu katilu jalan,
Geus euweuh deui anu nyaraho
Lebahan urutna
Karaton pakuwan parabu agung siliwangi!
Euweuh deui anu tarenget,
Lebah mana urutna taman!

Ngan anu baheulana alun-alun tanjung salikur,
Jeung tegal lega paranti bakti ka guru bumi,
Masih tetela tembong keneh……..
Kari sampalan anu lalega upluk-aplak……….!

Kocapkeun:
Sang hiyang dewa kala keur ngalanglang deui jagat!
Inyana leungiteun ki lengser.
Euweuh di gunung gorowong,
Euweuh di sapajajaran sakabeh-kabehna!

Sang hiyang kala buru-buru ka buwana karma;
Laju nyalukan hiji sakini anu pangdedeglerna.
Nyaeta bidadari jagat pancaka
Anu ngaran inyana suwangga garalaya.

Ceuk sang hiyang kala:
“nyai geuwat dia ka kawah hiyang!
Unggah di lebahan urut dayeuh pajajaran tengah.
Matuh dia saheulanan di hiji talaga rancah
Anu panglegana!
Eyang leungiteun aki lengser!
Ulah wara dia mulang,
Amun inyana can katimu!
Amun inyana leungit hanteu puguh lagu,
Bidadari-bidadari kahiyangan anu mudu ngaronggeng,
Bisa rareuneuh hanteu puguh urusannana!
Jeung eta urut pajajaran tengah,
Baris aya nu deuk ngajabel.
Ulah sina kajadian;
Sabab eta urut nagara,
Mudu ngadeg deui
Jadi galeuh pajajaran panca baga,
Anu baris ngadeg tina panggedogan jaman!
Piratueunnana,
Ku eyang keur dilokat keneh;
Nyaeta rawayan ti bidadari kahiyangan
Anu jojodo ka manusa panyilokan!

Hayuh, geuwat; geura unggah!
Sing katimu aki lengser!
Nyiyarna mah,
Kumaha bae karep dia!”

Tunda!

Urang caturkeun heula
Anu marulang ti tegal buleud.
Urang pajajaran tengah,
Anu ku parabu siliwangi
Diwidian marulang deui
Ka urut dayeuh,
Lobana aya tujuh bubuhan.

Sanarepina,
Arinyana hanteu ngareusian deui urut dayeuh;
Sabab arembung campur jeung anu baretona jaradi musuh.
Tapi ngaradegkeun lembur anyar,
Anggang ti urut dayeuh.
Saban lembur,
Ngabogaan kolot sewang-sewangna.

Taman……dikolotan ki murwa alih; lobana 11 urang.
Kutabatu…….dikolotan ki susul tunggak; lobana 12 urang.
Ci beureum, dikolotan ki ranggah gading; lobana 11 urang.
Pakancilan, dikolotan ki mangparang; lobana 9 urang……,
Jeung di tilu lebah deui,
Anu hanteu kabawa catur dina carita!

Sakabeh-sakabehna,
Harita aya 129 urang:
5 aki-aki,
3 nini-nini,
31 lalaki meujeuh ngolotan jeung
41 bikang satanding umur;
3 duda, anu geus moal laku deui;
8 duda, anu mun cara kawung mah,
meujeuh keneh juuh sadap;
4 rangda, pantaran kalapa meujeuh santen;
4 rangda, meujeuh keneh geugeut keukeupeun;
5 rangda, meujeuh pararungkil paneueulan;
8 bujang, meujeuh mantar keuna kawung nangtang tinggur;
5 cawene, meujeuh paseuk pikeupeuleun,
meujeuh parareungkeur galeng kotakan;
2 budak lalaki tanggung,
meujeuh hararangit ku panas poe;
3 budak lalaki meujeuh gumincir,
dararosol ngarolol lehe;
jeung 7 barudak ewewe leutik barau hanyir!

Arinyana marawa cara hirup anu baheula.
Hanteu ararusil, hanteu garah hangeureuh.
Sanajan ku urut musuh mindeng dihariyam oge,
Arinyana mah tara narembongkeun
Semu kareurab ceuli,
Kasundut angen!
Sabab di urang pajajaran
Aya basa:
Hanteu ari-ari
Mun nuwar ki hara pepetetan keneh!
Mun deuk nuwar mah,
Nuwar ki caringin keur randakah!
Ngeunah hate, seubeuh angen,
Ngaharongan rungkadna kajayaan!

Najan hirup geus kasurup kutata sinembah anyar,
Tapi sabab ngan petana wungkul anu ditiru,
Ari ucap-ucapannana mah hanteu bae kaharti,
Nya hirup arinyana, hanteu beda ti baheula.
Ngan ditambahan peta anyar:
Sarujud lima wayah!
Tapi ari nyararambat mah:
Ku ucap, ka para karuhun,
Ku ati, ka para dewa
Nu ngawujud dina ciptaan anyar

Dewa-dewana araya keneh;
Ngan rarobah kaciptana!
Jaradi jarembrosan hari kulit embe!
Jeung kaciptana leumpang dewa anu anyar:
Keupat ngepret sabari ngitung tasbe……..
Nyao siki tasbe diitung,
Nyao teuin keur leumpang
Sabari ngaritung reeeeeenten……!??

Sabab jadi hirup jadina dina dua alam,
Alam pajajaran nenggerkeun bararangna bentang,
Jeung alam pajajaran lima kali nyanghareup ngulon,
Urang pajajaran anu dikokolotan tujuh kokolot,
Harirup leuwih ati-ati jeung leuwih ngarti……..
Ngarti mandala jeung sorga teh, eta-eta keneh!
Jeung ngarti, hanteu meunang nukang-nonggengkeun
Karuhun anu sajati!
……..ngarti hartina karuhun sabrang nyararam
mumusti karuhun pajajaran teh,
sabab arinyana sariyeun eleh kombara jeung pangaruh.

Sakabeh anu dikokolotan ku kokolot tujuh,
Beda ti lembur-lembur bangsa-bangsa sejen.
Komo ti lembur-lembur jelema-jelema asal ti wetan mah,
Anu ka urang pajajaran ngan moyekan “bangsa palawaga” bae.
Lembur-lembur urang asal ti wetan mah,
Pagolengkrah pabalatak,
Rarab jeung loba runtah,
Jeung paciringan patingkeyembeng dimana-mana.

Lembur-lembur pajajaran, memang beda.
Lain beda di bangun imah-imahna,
Tapi oge beda dina nyiyeun lemburna.
Ngaradegna, salawasna hanteu jauh
Ti sirah cai nu tetep gede ngaburialna,
Ngocor jadi walungan leutik beresih herang.

Amun lembur diadegkeunnana di lebahan anu datar,
Imah kokolot ayana di tengah,
Kakurilingan imah-imah anu sejenna,
Anu rapih ngajejerna,
Sewang-sewang boga pakarangan samahina.

Hareupeun imah kokolot anu gedena hanteu sakumaha,
Aya tanah kosong cara alun-alun;
Di panjangna, tilu untaran gantar;
Di rubakna mah, samahina sapereluna;
Tapi hanteu leuwih ti panjangna.

Kabeh pakarangan beresih bae;
Euweuh kocomberan paciringan,
Anu karotor patingkeyembeng ambalayah.

Sakabeh imah,
Imahna-imah panggung,
Nu jangkungna tilu tangtung.
Tina bilik tihang kayu;
Najan leutik tapi weweg.
Hateupna, injuk lemes pangautan.

Tongkob suhunnana,
Sakabeh imah di saban lembur,
Ngujurna ngaretan-ngulon,
Nurutkeun jalanna palengkungna matapoe!

Di tungtung lembur beulah wetan,
Ngajajar leuit dirapih-rapih
Sapandeurieun saung panyajenan.

Di hilir,
Adek ka tungtung lembur,
Ngajajar kandang-kandang kebo,
Jeung saung waluku sapuratina parabot nyawah.
Munding-mundingna mah
Kari ngala ti alas-alas tangtu
Anu masih araya keneh mundingan.

Mun bareto,
Dayeuh dikuta sakurilingna,
Lembur-lembur mah
Dikurilingan pager tatangkalan dikerepkeun.
Mun tangkal-tangkalna
Lain kibiyat atawa landepan,
Pagerna tangtu sasuru aliyage.

Mun ngadeg lembur di nu ruhur,
Imah kokolot ayana dina lahan pangtonggohna.
Nu sejen mah nurut undak ka beh lebak,
Nahapna nurutkeun perenah sewang-sewangna.
Anu pangkolotna, di beh tonggoh;
Anu ngoraan jeung anu ngarora,
Mun hanteu digigireun,
Tangtu di satukangeun atawa di landeuheun.
Bangun imahna mah, kabeh geh sarua bae!

Amun lemburna mudu dilamping,
Salilana mudu dilamping nurut keuna ngocorna cai ti sirahna.
Lembur teh hanteu meunang aya satonggoheunnana;
Tapi mudu aya di sahilireun mata cai!

Di lahan anu jiga alun-alun hareupeun imah kokolot,
Di sakencaeun imah kokolot aya hiji
Imah rada gedean ti imah sejen-sejenna.
Ngan bae eta imah ngaliglag hanteu make bilik pisan;
Tapi ditepasan cara imah biasa.
Nyaeta anu disebut panggung pangriyungan
Paranti ngaku amun kadatangan semah ti mana-mana,
Jeung paranti kokolot badami jeung kolot-kolot deui.

Jero sakebel bebelasan tahun anu kasorang,
Lembur jelema-jelematukang pidik jeung popoyok,
Anggeus narik kolot laju jaradi deui leuweung.
Tapi imah-imah di lembur urang pajajaran kalah ngalobaan;
Sabab nambah kuran jeung nambah batur
Anu nyarusul dararatang pandeuri.

Ti lembur-lembur anu narik kolot,
Loba anu ngarilu cicing di lembur-lembur urang pajajaran.
Tapi tara barisaeun terus matuh.
Hanteu kungsi satahun oge,
Sok laju aringkah deui.

Ari sabab-sababna,
Lain hanteu meunang ngarilu nyicingan lembur,
Lain sabab dihehese hirup ku urang pajajaran,
Tapi ieu mah sabab sanajan diaraku oge ku anu baroga lembur,
Hate arinyana hanteu bae daeukeun betah!

Rarasaan arinyana cara hirup di sejen alam,
Asa cicing gilingsisik jeung dedemit!

Sabab salila arinyana pindah ka lembur pajajaran,
Arinyana tara nyorang ngadenge urang lembur aya nu nembang,
Tara nyorang nyaho urang lembur pajajaran aya nu seuri.
Montong teuin seuri ngagakgak,
Maresem oge jiga caradu!

Memang bener!
Sabab ti sabarang nindak ti tegal buleud
Marulang deui ka nagara nu kari ngaran dina sebutan,
Urang pajajaran anu marulang,
Pada-pada kasurup rasa
Hate mah asa ku gede
Tapi rarasaan………
Cara muncang anu hapa!
Leungit rasa keuna hayang riduh hate,
Hilang kahayang deuk suka-suka!

Hate arinyana saperti ditulakkan,
Embung nyaho deui keuna gumbira;
Semu arinyana jiga rariyuk,
Cara anu hanteu barisa deui
Kumaha seuri dina biwir………..!
Ngan ari kabeneran di ninggangna
Aya piseurieun piatoheun,
Ngagarikgik teh ngan dina ati,
Cingceuleukeuteuk teh
Ngan ku sinar dina mata………!
(sabab kitu, ku anu hanteu nyarahoeun,
ari kaberenehan kapareng bisa nganjang
ka lembur urang pajajaran anu dipajarkeun nyariluman,
kadongengkeunnana:
urang pajajaran mah,
hararaseum budi
jarudes rupa!
Anu marajarkeun kitu, arinyana hanteu nyahoeun:
Di balik pasemon kedok atah hampelas,
Tinggarenclang ati pinuh kaasih
Anu nyaah ka papada manusa;
Tapi papadana,
Nu hade hate beresih pikir………!
Arinyana hanteu nyarahoeun:
Disileup ku bangun nu atah gerus,
Buni budi anu manis
Nu sadiya pieun mantuwan
Mun disambat ku nu keur susah;
Jeung seja pieun nulungan
Bari tara milih saha, bangsa mana,
Sanajan bae dina agama…………….:
Ngan anu nyarambatna,
Mudu jelema lampah manusa!).

Tilu windu jeung satahun; ti tanah sabarang runtagna pajajaran.
Anu ngabuluburkeun tanah urut dayeuh,
Pada nyaringkah deui;
Aya anu marulang deui ka nagara arinyana nu di wetan;
Aya deui anu nayo teuin ka mana elosna……!
Da ngilu cicing di lembur pajajaran mah,
Euweuh saurang nu bisa betah!

Arinyana hanteu saranggupeun nyicingan urut dayeuh
Ku arinyana bareto diruntangkeun,
Diluluh lebur ku dihuru!

Lain bae saban-saban nyawah jeung ngahuma,
Mehmehan tara aya anu ka arah,
Beak di ruksak hama jeung ku anu ngaranjah,
Tapi saanggeus maju ka windu anu kadua,
Saban tahun sasalad teh aya bae,
Jeung batur arinyana loba anu ditekuk kerud digusur maung!

Malah hanteu langka di beurang aya maung ngajol
Ka tepas imah arinyana ngadon ngabedelan bilik
Atawa nyokot wadal cara keuna tutundaan bae……..!

Karuhan haranteu saranggup ngajaredogan tanah deungeun
Anu ku arinyana dibaluburkeun,
Dibagi-bagi cara banda titinggal kolot-kolot arinyana bae…….!

Nya hanteu kungsi nepi tilu puluh tahun ti sabarang dayeuh dimusnahkeun,
Di urut dayeuh geus euweuh deui lembur deungeun,
Geus euweuh deui babakan deungeun!
Urut dayeuh jadi deui leuweung geledegan
Nu tangkal-tangkalna gancang jangkung gararede
Nu handeupannana powek bala ku rungkn-rungkun
Eujeung howe nu jaradina pabeulit karep!

Ngan di hilir aya lembur-lembur anu maneuh;
Nya eta lembur pager beusi jeung jelebud.
Tapi etamah lembur-lembur panamping
Anu memang ti bareto anggeus aya.

Lembur-lembur pajajaran kokolot tujuh,
Maju tahun tambah rame;
Tambah jelema tambah imah,
Tambah lembur ngalegaannana.

Anu narungtutan marulang deui ti pamubusan,
Ngaradegkeun deui lembur sewang-sewangna.

Pasir gadog jeung karacak,
Ki hara lawang jeung lembur setu,
Geus ngaradeg deui.
Hanteu di lebahan urutna pisan,
Tapi rada anggang ti urutna.

Oge di rada jauh sawetaneun urut dayeuh,
Anggeus ngaradeg lembur anyar,
Nu ngadegna diadegkeun urang pajajaran marulang ngeli.

Kocapkeun geus sugan aya keuna 45 tahunna
Ti barang diruntagkeun dayeuh nagara,
Urang pajajaran keur nambah ngalobaan.
Harita geus aya sapuluh lembur gede
Anu ramena ngadeukeutan ramena dayeuh leutik laleutikan.

Urang pajajaran keur nambahan;
Harita geus kabilang aya keuna rebuna!
Tapi euweuh saurang anu nyicingan di urut dayeuh.

Tunda!
Keun sina nambahan bari hanteu cicingeun;
Sabab ti beulah wetan ngodongkang lodaya nyasab……….

Urang tempo ka beulah wetan!
Ceunah mah aya baraya!
Baraya anu papisah,
Anu paturay basa jaman pajajaran kara ngadeg,
Diadegkeun jadi nagara lima-akuwan,
Jadi pajajaran pancanagara:

Kahiji, pajajaran bantar sagara,
Di beulah kulon anu ngaler;
Anu ngadeg nagara cikal.
Tapi lain ngadeg diadegkeun,
Tapi ngadeg karep seja
Anu harita jadi kokolotna.

Kadua, pajajaran jati purwa,
Di beulah wetan anu kaler.
Ngadegna nurutan anu tadi;
Dua-duana hanteu ngadeg
Bari jeung widi ti anu bogana!

Katilu, pajajaran barat,
Di beulah kulon anu kidul,
Anu ku utusan ti kahiyangan,
Aiakukeun jadi boga inyana
Anu harita ngawujud badak.

Kaopat, pajajaran girang,
Di beulah wetan manjang ngidul,
Anu ku utusan ti kahiyangan,
Oge diakukeun jadi boga inyana
Anu harita ngawujud di rupa lodaya tea.

Kalima, nyaeta nagara anu oge saruwa bae diakukeun,
Anu ku utusan ti kahiyangan diminangkakeun galeuh
Pieun eta lima nagara sakabehna jeung dingaranan pajajaran tengah;
Pajajaran tengah hilir jeung pajajaran tengah kidul.
Dua bagian tapi hiji,
Anu ku utusan ti kahiyangan ai akukeun
Jadi hiji akuwan ka dua kokolot babarengan
Anu harita sewang-sewangan ngawujud
Di rupa lutung jeung anu saurang deui
Di rupa ciyung.

Bantar sagara jeung jati purwa di aradegkeun nyanyahoanan
Jeung dibogaan ku anu harita sewang-sewang jaradi kokolotna.
Tapi nagara anu tilu deui,
Diadegkeunnana ku utusan ti kahiyangan teh,
Diakukeun ka anu harita sewang-sewang jaradi kokolotna.

Dijiyeun nagara akuwan,
Sabab kokolotna pada-pada nyararaho
Arinyana hanteu wasa ngabogaan.

Sabab montong teuin di ngaranna nagara,
Apanan raga jeung nyawa oge,
Apananlain arinyana ani bisa ngabogaan!

Pajajaran anu lega, ti harita dibagilima.
Heueuh, datang ka waktu harita galur dijadikeun catur,
Nagara tetep dibagi lima.
Sanagara-sanagara sewang-sewang di rajaan ku arinyana
Anu jaradi rawayan ti anu baheula
Tarapa sabari nyariyar ngaran.

Ngan waktu galur dijiyeun catur,
Nagara pajajaran tengah mah anggeus
Lebur diruntagkeun!

Urang tempo ka beulah wetan;
Urang longok pajajaran girang
Anu harita dirajaan ku parabu anu ceuk carita,
Disarebutna dewasasana jujuluk ratu haji.

Harita keur magelaran.
Ceuk inyana ka patih raden tanjung manunggul,
Ka patih anom raden jaya kidang,
Ka balapati raden gembang,
Ka lulugu para sambilan demang tambeng
Jeung ka raden sanusi haji anu jadi panghulu nagara:
“eh darengekeun!
Baraya kaula, ki galuh wening brama wangi
Anu katelah sang siliwangi,
Geus hilang kasambut basa inyana
Mungpang kersana anu maha gusti awloh.
Datang ka kiwari geus kebelna mah satengaheun umur jelema
Ngara inyana kosong euweuh anu ngarajaan.
Sabab memang ti dituna kaula baraya ka inyana,
Jeung sabab kabeh rawayan inyana
Jigana mah kabeh ngilu kasambut,
Eh patih-patih,,
Eta nagara tangtu mudu jadi turun boga kaula!
Urut nagara pajajaran tengah,
Sanajan geus beunang ditaklukeun,
Euweuh anu bisa nyaricingan.
Da puguh lain waris lain hak arinyana
Ceuk basa kiwari mah!
Eta urut nagara mudu dicokot,
Mudud diasupkeun jadi bagian
Ti nagara kaula!
Indit dia kabehan ka eta urut nagara.
Bejana, urut somah-somah raja anu parlaya,
Kiwari anggeus loba deui.
Embarkeun ka arinyana,
Pajajaran tengah mimiti ti poe ieu
Dirajaan ku kaula,
Arinyana mudu mararay upeti,
Mudu sareba ka kaula.
Beusi arinyana marugul ngabadigul,
Bawa ku dia balad samahina!”

Kocapkeun bae:
…….nararindak mawa balad loba sarebu
anu pepek gagaman perangna…………..

tapi memeh arinyana nararepi ka anu dijugjug,
urang caturkeun heula
kokolot urang anu tujuh!

Keur karumpul di panggung pangriyungan taman.
Karumpul cara biasa tilu bulan sakali
Di lembur kokolot anu pangkolotna,
Lembur taman ki murwa alih.

Ceuk ki murwa alih: “kumaha beja, ki mangparang?”
Ceuk ki mangparang; kokolot anu pangangorana:
“beja nu ti heula teh anggeus bener bae;
hanteu salah, ki sepuh!
Pajajaran girang deuk narajang ngajabel urang!
Arinyana anggeus tatahar,
Eudeuk mariang mawa balad loba sarebu.
Hanteu bae rongkah jeung pepek pakarang perang arinyana,
Tapi oge balad-balad arinyana sarakah
Jeung garalak keuna rarahong!
Tadi janari aya deui balabar ti beulah wetan.
Sandina ku kula apanan
Harita keneh dibabaratkeun…………”

“tah, tah!,” ceuk kokolot ki susul tunggak,
“dengekeun! Aya deui balabar!
Rageupkeun kentrung-kentrungna sora……….!”

Anggeus runtuyan sora kentrung
Anu cara sora lisung
Anggeus hanteu kadenge deui,
Laju ti panggung pangriyungan
Databeuh kohkol panyeluk
Jeung kohkol balabar………
Nyandi marabatkeun beja
Ka batur-batur di sejen lembur
Anu jarauh……………

Ki sepuh murwa alih laju nyarita:
“geus asup di beulah wetan!
Tilu lembur batur urang
Geus diparaksa seba jeung marayar upeti;
Jeung somahna loba anu dirahong!
Boa sabulan deui oge, bakal urang kagiliran!”

Ceuk ki susul tunggak: “kumaha mudu petana?”

Ceuk kis epuh murwa alih:
“darengekeun!
Ku urang anggeus kasorang naeun diharti perang!
Najan geus kolot rarempo kieu oge,
Kaula mah dina hate ngaberung ngajak mapag;
Hayang ngayonan anu deuk ngarajah!
Dia kabeh oge moal beda ti kaula!
Tapi inget!
Naeun sabab,
Urang marulang deui ti tegal buleud?
Apanan hayang nyicingan lemah titinggal karuhun,
Hayang ngaraksa nepi ka sugan datang wayah,
Urang bisa males ka nyeuri anu bareto!
Sabagian ti seja eta,
Geus katedunan karuhun,
Geus dijabah ku anu kawasa maha agung.
Anu bareto ngaruntagkeun dayeuh jeung nagara,
Geuning hanteu kebel garagah terus diurangna!
Tapi anu ayeuna baris daratang,
Tangtu bakal nyusahkeun deui!
Tah urang eudeuk kumaha?
Kawani mah di urang hanteu mudu nguyang!
Ngan naeun kajadiannana amun urang ngalawan?
Sanajan itu ngan sarebu,
Ari pepek pakarang mah,
Kapiran urang ngalawan oge!
Hadena mah, urang nyingkah!
Tapi amun lembur-lembur dikosongkeun,
Urang mubus deui,
Hartina urang nyiyeun deui balangsak
Jeung sangsara ka somah urang!
Kumaha atuh hadena?”

Ceuk ki mangparang, kokolot pakancilan: “lawan”
Ceuk ki murwa alih: “heueuh, eta oge kahayang kaula!
Tapi naeun pijadieunnana?
Anu tangtu, somah loba paeh bararangkar.
Sabab urangna lain dina keur deuk pieun perang.
Dina loba,
Jelema-jelema urang memang leuwih;
Tapi dina pakarang,
Urang moal nanding!
Ari perang,
Hanteu beunang sabari tataroh
Ku ngandelkeun bae kakaruhun,
Hanteu mahi bae parcaya
Ka anu agung sabari sasambat
Ka para karuhun, sabab:
Anu mamawa awloh ka pangperangan
Bari tataroh pasti diunggulkeun ku inyana,
Baris tangtu beuheung arinyana
Dipegatkeun ku gobang musuh!
Sabab gusti anu nunggal maha agung
Ngan ngunggulkeun perang ka arinyana
Anu ku inyana
Dijurung jeung diluluguan!
Dilebah urang ayeuna,
Saha anu diluluguan,
Urang hanteu nyaho!
Baheula,
Keur aya keneh aki lengser,
Urang bisa tatanya!
Bareto ceuk inyana,
Baris pieleheun,
Tapi ngalawan mah urang mudu.
Sabab dina eleh,
Lain seseleh urang ka musuh,
Tapi urang tunduk teh,
Taluk ka waktu!
Sabab jaman, menta jalan;
Anu ditaratas mudu ku urang,
Bari ninggalkeun lacak anu natrat,
Papayeun jelema jamng hideung,
Sasamping hideung, saiket hideung!
Ka saha ayeuna urang deuk tatanya?
Amun pakarang urang nanding mah,
Kaula moal eudeuk nyiyar tanyaeun.
Kaula eudeuk ngalawan.
Tapi sabab kiwari acan nahap meujeuh keuna sasadia
Pieun nahan panarajang musuh,
Komo pieun ngadon merangan deungeun mah,
Deuleu…….
Montong teuin pakarang mahi loba pieun perang,
Apanan pieun paranti sapopoe oge,
Geuning loba anu mudu unjam-injeum bedog ti batur!
Amun ayeuna perang,
Naeun pijadieun anu tangtu?
Kadeseh;
Urang tangtu diuber deui cara bareto.
Hartina,
Mawa deui balangsak
Jeung nyangsara deui ewewe
Jeung barudak nu teu tuah………..
Seug pikir………..!”

Kokolot-kokolot anu genep laju mararikir…..;
Heueuh, memang bener ucapan ki murwa alih!
Nya mudu kumaha atuh?

Ceuk arinyana genepan: “ki sepuh!
Dia pangkolotna!
Kaula kabehan nurut dia!
Sabab omong dia memang bener!”

Ceuk ki murwa alih: “ heueuh! Tapi lebah dieu,
Ulah kokolot dijiyeun patok,
Salah bener dijiyeun tetengger,
Ulah kaula bae anu rarasaan bener pikir!
Mudu sapuk sakabehan!”

Ceuk ki susul tunggak: “ki sepuh! Pikir dia,
Pikir kula sakabehan!
Langkah dia,
Tindak kula sakabehan!
Meureun inget naeun sabab,
Urang mantakna jaradi kieu?
Ngahaneuleumkeun teureuh nunda asal turunan,
Jaradi cacah saruwa jeung somah!
Dia jadi ki murwa alih,
Sabab dia anu mimiti wani pindah;
Pindah hirup, pindah alam,
Ti alam kaayaan hirup cara pajajaran anu baheula,
Pindah ka hirup dina alam pajajaran
Anu can tangtu kumaha pijadieunnana!
Kaula disarebut susul tunggak, sabab pindah kaula,
Nyusul dia anu ku kaula dijiyeun tetengger cecekelan,
Tunggak pamuntangan hirup ka hareupna!
Dia baretona pangkat patih;
Ki rangga gading, urut balapati panyulur;
Ki mangparang bareto mah lulugu utama
Di tegal pangperangan.
Atuh kaula ayeuna kieu-kieu oge………
Ruruntuk demang dipasisian!
Ngaran urang, lain beunang milih urang.
Tapi diragakeun ka wujud urang
Ku anu tetela nyararaah ka urang!
Hade kituh urang mawa deui sangsara
Jueng balangsak ka arinyana,
Anu sakitu bela
Jeung parcayana ka urang?
Ceuk pikir kaula,
Salila tunggara bisa disingkah,
Urang singkahan…………!”

Omong ki rangga gading: “gawe eta, bagenan kaula!
Kaula era ku anu marere ngaran;
Sabab ku arinyana kaula diibaratkeun
Pangasuh di meujeuh santosa,
Dijariyeun pangraksa jeung pangjaga
Di wayah mapag bahaya!
Ranggah, hartina uncal jalu anu randakah tanduk;
Pangasuh jeung raksa uncal-uncal nu sejenna.
Gading, hartina disopak congona
Ipis seukeut meber gepeng cara beusi tumbak;
Jadi gagaman pieun bebela,
Jadi parabot paranti gawe,
Pieun nanggung nguncal pare ti sawah!
Gawe nyingkahkeun, eta bagenan kaula!”

“heueuh”, ceuk kokolot pakancilan ki mangparang,
“memeh dia nyambut gawe,
biasa geh kaula nu ti hareup!”
ceuk inyana sabari mageuhkeun samping keuna cangkeng.
“sabab harti mangparang,
nyaeta malang nyegat di pijalaneun,
nyegah majuna sagala nu deuk nyusahkeun!
Kula kabeh sapuk kumaha bae papatah dia!
mudu kumaha kaula kabehan?”

Ceuk ki sepuh murwa alih: “batan nyiyar anu samar di buritna,
Leuwih hade sanghareupan nu geus tangtu mudu disorang!
Urang tanggoan datang arinyana.
Ulah dilawan ku pakarang;
Urang singkahkeun ku akal jeung pangabisa.
Urang alok nurut bae!
Engke dimana arinyana anggeus araya,
Turutkeun bae omong kaula.
Ngan dina nurutkeunnana,
Gunakeun hate jeung rancage!
Keun sina daratang; urang tanggoan…………………….!”

Tunda!
Keun, sina daratang eudeuk ngarajah.
Urang taheunan ku gorogol,
Raeheun engke ka nu ngaliwat……….!

Urang caturkeun heula nu deuk unggah!
Nu dititah unggah ti jagat pancaka buana karma,
Dimudukeun unggah ka kawah hiyang.
Unggahna lebahan rancah gede anu lega,
Anu legana masih keneh cara baheula,
Basa diliwatan nyai putri purnama sari…………

Ngan leuweung-leuweung sakurilingna anggeus poek leuwih geueuman!
Rancah rancamaya……….
Rancamaya anu baheula,
Anu caina herang ngalenggang……..
Ngalenggang soteh dilebahan palayangan.
Da ti sisi mingkin ka tengah,
Caina semu biru ngageuneukeun!
Jeung rancahna, ngan sakuriling sisina bae;
Anu legana mah,
Talaga keueung geueuman……………….

Harita, meujeuh keuna wayah sareupna!
Cai ditengah-tengah rancah anu nalaga,
Ujug-ujug ngabulak rosa;
Cara cai asak ditagogkeun ruhur seuneu gede ngagedak-gedak.

Lauk-lauk, anu gede sagede-gede lisung,
Tingarojol patingkocopok…………..;
Leuweung-leuweung sisi sakuriling rancah,
Ngebul haseup anu hauk………
Mingkin kandel mingkin poek………..

Ti dinya…….. riyeug,
Taneuh ngariyeung kenceng jasa………
Riyeug, riyeug, ngariyeugna tilu kali……………
Hiyuk angin ngagelebug,
Badis angin barat meujeuh motah…………..
Cai talaga buburiyalan sabari muncrat,
Ngombak cara laut eukeur caah…………

Ku angin anu gede kabina kencengna,
Tatagkalan sisi rancah jiga dirabutan raksasa eukeur ngamuk,
Dibalang-balangkeun ka anu anggang……………
Lega jasa leuweung sakuriling rancah jadi euweuh……….

Jep jempe deui…….
Jempe anu jempling tea……..
Popoek peuting laju ngarurub alam
Saamparan jagat pajajaran jaman pantun………!

Jempe dimana-mana………
Jempe soteh dimana-mana.
Tapi dirancah rancahmaya anu harita,
Euweuh hiji jelema nyaho kumaha!

Isukna deui.
Di rancah jeung sakurilingna,
Sagala anggeus robah!
Tengah talaga anu lega,
Anu sakurilingna bareto ngan rancah bae,
Bet aya nusa cukup lega;
Ayana di tengah-tengah,
Jauh hilireun mumunjul ki hara gede,
Jauh sakuloneun mumunjul caringin leutik.

Aya nusa karatonan!
Karaton aheng kabina-bina!
Jiga sagala-galana tina perang eujeung emas;
Jeung tinggurilap jiga ditaretes ku mutihara!

Sakuriling rancah bet loba imah anu suhunannana
Hanteu ngarujur ngetan nganjang kulon…….
Loba jelema nyao timana………….!

Di rancahmaya aya dayeuh!
Aya dayeuh jeung karatonna!
Dayeuh, batur!
Dayeuh gede, dayeuh rame………
Nyao saha anu ngadegkeunnana,
Nyao saha anu bogana………..
Tapi anu tetela,
Jelema-jelemana mararones!

Beda ti urang pajajaran anu baheula,
Beda ti urang pajajaran anu harita;
Beda jaman ti urang pajajaran dina carita.
Tapi saruwa jeung urang pajajaran
Anu baris daratang di jaman aya raja weureu kajayaan…….!

Beurangna!
Urang pakancilan pada gehger!
Tiiilok atuh? Kakara ngadenge, batur, kakara!
Tilok aya dayeuh?
Di rancahmaya?
Dina rancah?
Rancamaya?

Ti iraha, batur, ti iraha?
Saha ari rajana?
……nyaaaao…….!

ceunah, ngadegna mah higa anggeus lila.
Da lega huma, lega sawah,
Lega talun, loba jelemana!

Anggeus lila, anggeus kebel oge meureun ngadegna mah!
Ngan urang beeee hanteu arengeuh!
Jeung urang beeee acan nyorang deui ka lebah dinya!

Ari anu tetela mah,
Jelema-jelemana beda ti urang!
Sawareh patekel pararendek,
Sawareh jararangkung baradag!
Tapi sakabehna, mariyungan caralingan!

Aya anu nyararungcung hulu inyana,
Kukuncungan cara kasintu;
Aya anu maronyong jeung bolotot,
Darempak hulu euweuh tarangan!
Jeung aya anu jabrigan sakujur awak……..
Jeung loba anu barapang tararonggar……….!

Siyeun, batur, siyeun!
boa-boa lain jelema samanea?
Boa-boa dedemit sakabehna?……………

Balabar ti pakancilan:
Di rancahmaya ngadeg dayeuh dedemit, nagara siluman………!
Ceunah, rajana kasep kabina-bina;
Ngaranna resi niskala wastu nyura barat maya!

Isukan ka lembur-lembur pajajaran baris aya anu datang,
Batur, mawa embara mudu sareba,
Sareba ka raja di rancahmaya!

Lain, ceunah; lain raja jurig nyiliwuri,
Lain raja dedemit anu jarahil,
Lain raja siluman anu garalak.
Tapi raja anyar keur ngadegkeun deui pajajaran nu wawayangan,
Anu nurunkeun deui pajajaran ti awang-awang awun-awunan……..

Raja pandita, batur;
Raja resi anu datang pieun males kanyeri!

Ceuk anu mawa embara:
“amun urang pajajaran harayang suwung ku karempan;
harayang ingkah diingkahkeun tina cilaka jeung bahaya,
waktu tutug galur, dina wayah seuren tahun;
mudu seba pimataramaneun;
lobana tujuh pasang sekar manah,
jeung tujuh lalaki ngora kararasep barujang pisan!
Saopat-opat belasna,
Mudu nyareples sarupa dina rupa,
Jeung sadedegan dina pangawak.
Hanteu meunang beda najan sasiyeur……….!

Eta seba, diuntaran sapuluh tahun!
Amun liwat eta untaran,
Acan sareba eta wadal,
Sakur lembur anu dicicingan bangsa pajajaran tengah,
Baris lebur diluluh huru,
Bakal beak papak dibawa caah!

Ti seret poean tembongna bulan surup neneran
Di lebahan pisan urut surupna matapoe,
Urang pajajaran hanteu meunang sarujud
Nyanghareup ka lebahan paranti surupna bulan.
Tapi mudu nyanghareup ka diri sewang-sewangna,
Dina wujud manusa anu parcaya keuna ayana hade
Ayana goreng hanteu hade!

Sejenna ti eta,
Sakur anu boga rasa jadi bangsa pajajaran anu sajati,
Dimudukeun mantuan nyiyar hiji jelema anu baretona ngaran si lengser.
Inyana mudu ditewak;
Mudu dibawa ka raja di talaga manjah rancahmaya!
Sabab eta tunggon,
Pieun engke muka kedok hiji raja menak
Anu diadegkeun jadi buta!

Eta raja bakal ngaruksak:
Sabab inyana jadi adigung gede hulu,
Karesep ngan diugung-ugung diagung-agung
Disebut agung sagala agung!
Laju engke ku inyana,
Sapajajaran dimudukeun ngalalajowan wayang tanpa dalang,
Lalajo ronggeng deuk wekasan,
Dikariyaan sangsara somah!

Amun anggeus manggung wayang lalaki,
Disusul wayang bikang bari ngaronggeng,
Sapajajaran bakal keuna tunggara gede!

Sabab eta,
Mudu beunang eta jelema
Anu bareto ngaran si lengser,
Sabab ngan inyana anu baris bisa munahkeun
Kajayaan eta raja keur ngawayang,
Keur ngadalangkeun lalakon perang
Anu maju keuna perang sanekala………..!

Karuuuuuhan deuk kokolot satujuhna,
Jeung sakabeh bangsa pajajaran,
Eukeur bingung,
Jaradi mingkin bae tarambah bararingung…………!

Tunda heula!
Keun bae sina bararingung……….!
Urang serenkeun bae ka ki sepuh,
Anu sugih ku pikir
Jembar ku akal……………
Tilok teu kapunahkeun,
Tilok deuk jaya euweuh apesna?

Urang toong heula nu di wetan!
Ti wetan ngareuleut ngulon,
Lobana 1000 balad,
Diluluguan jawara-jawara nagara pajajaran girang.

Kocapkeun bae:
Ni dijarurung geus carunduk,
Nu diparentah geus daratang,
Geus narepi kabagian watesna
Urut nagara pajajaran tengah………….

Somah-somah di dinya laju dimarudukeun mararay upeti;
Tapi mararayna lain ka raja,
Da rajana mah aya di dayeuh.

Somah-somah laju dimarudukeun seba;
Tapi sebana lain ka raja,
Da rajana mah, panan aya di dayeuhna.

Nya ka saha atuh mararayna?
Nya ka anu narima pamaraaaayan atuhna!
Saha atuhna?

Atuhna?
Atuh arinyana anu narimana mudu dileuwihan,
Anu leuwihan dikantongan arinyana,
Jeung anu ditarima arinyana……….
Haaaaaamo deuk nepi ka raja teh!

Somah-somah di marudukeun ngagawe sagala parentah,
Tapi garawena hanteu diburuhan.
Montong teuin diburuhan,
Timbel anu mararudu tararugur oge,
Saparo dicuke dilalebok ku anu marentah…………..

Anu ti babaheula tara nyorang digawean,
Harita mah ngadak-ngadak mudu digarawean;
Digarawean kulobaan babarengan.
Mending nu nganukur sapoeeun;
Ieu mah aya nu tilu pasaran
Can anggeus-anggeus keneh bae!

Lain bae bekel hakaneun anu mudu dibarawa sorangan,
Bahan-bahan kaperluan pagawean pigaweeun oge
Mudu diayakeun ku anu diparentah gawe!

Urusan gawe jeung urusan tugur mah,
Ti baheula oge,
Urang pajajaran anggeus taruman!
Tapi anu mantak pinyeurieun
Keuna angen urang pajajaran tengah mah,
Eta………
Bekel hakaneun ngan sakitu-sakituna teh,
Memeh nepi ka wayahna kari tinggal saparo deui teh,
Anggeus beak mantaaaaaaaare……..
Disorog di lebok ku semah-semah anu jaradi mandor!

Mending ngan sasoro meakkeun kalebokan deungeun mah……..
Ulah atuh bahan-bahan kaperluan gawe anu sakitu harese
Jeung beunang tarahal jasa ngayakeunnana,
Ulah atuh disalingkurkeun!
Bahan-bahan anu aralus mulus
Jeung anu harade mah,
Diparilihan ku semah-semah nu jaradi mandor……….
ja heueuh,
Sumpahna geh wani ngagegel biwir tumbung munding cawene…..
Ngaing mah neuleu diarangkut dijarualna…………..

Ceunah,
Eta bahan-bahan anu diayakeun ku somah teh,
Bejana mah dibaaaaaaaray!
Ku naha atuh duwitna hanteu bae katarima ku somah?
Ku naha tah duwitna?

Wah!
Jaradi somah mah ulah sok loba bacot,
Ulah deuk tatanya sagala endah,
Kumaha anu jaradi pangurus beeeeee…………….!

Kocapkeun bae:
Ki patih tanjung manunggal jeung baladna,
Anggeus nepi ka pakancilan!

Ceuk kipatih ka ki kokolot: “dia nyah, kokolot?”
Ceuk ki kokolot: “leres!”

Ki patih nanya: “kumaha? cageur?”
Ki kokolothanteu ngarti ku naha ditanya cageur;
Tapi ceuk inyana sabari susuganan bener mudu kitu nembalna:
“humapur keneh…..sugan!”

ayeuna kipatih anu hanteu ngarti;
ceuk inyana: “kunaaaaaon…….kituh?”

“etaaaaaa?” ceuk ki mangparang sabari culak-sileuk hanteu ngarti.

“heueuh, kaula nanya ka dia. Cageur?” ceuk ki tanjung manunggul.

Ki kolot masih acan keneh ngarti
Naeun sabab ditanya cageur!
Apanan tangtu kadeuleu ku kipatih oge,
Inyana keur nangtung seger buger!
Amun ditembal acn cageur,
Eudeuk nyecep kituh ki patih ayeuna?
Tapi beusi salah nembal,
Pikir ki mangparang nembalna eudeuk kieu bae:
“amun teu cager oge,
moaaaaal aya meureun hareupeun dia!”

ki patih mani molotot; pikir inyana rasa dicocoo!
Ceuk inyana bari nyereng:
“dasar bangsa bogor!
Heuras cokor, heuras genggarong……….
Ditanya hade-hade, bet badegong!”

Ceuk ki mangparang bari nyereng:
“kaula hanteu badegong!
Kaula nembal saheueuhna.
Bangsa bogor mah, cadu hideung dipajar bodas!
Jeung tara nanyakeun naeun anu geus kaharti…….
Jeung ari nembal teh,
Nyaritana mudu sabuktina,
Mudu nyarita napak di hate;
Hanteu meunang ngomong direka-reka!
Mudu kumaha atuh kaula nembalna?
Da didieu mah adatna memang kieu!
Amun dinagara dia ditana kitu,
Mudu kumaha atuh nembalna?”

Amun hanteu kaburu kapegat
Ku ki patih anom raden jaya kidan,
Harita teh geus aya nu pasea.

Ceuk ki patih anom: “punten baaaaae raka patiiiih!
Manawi ki kokolot hanteu kenging disebat leeepat……..
Sumuhun heueuh!
Margi inyana sanes bangsa urang,
Sanes bangsa pajajaran giiiiiirang, kaulanuuuuuun!
Geuning ceuk paribasa tea, sumuhun,
Benten cai benten tampiiiiiiiian, sumuhun.
Tangtos janten benten nagara,
Tangtos oge benten adatna……. sumuhun, heueuh!”

Ki mangparang mani olohok;
Saumur inyana kakara ngadenge
Ngomong menak pajajaran beulah wetan!
Pikir inyana: “eudeuh,halon ari ngomong menak wetan mah!
Kapanggih ayeuna mah ku ngaing rahasiyah
Pieun nyinglarkeun sia kabehan!
Anu ngomong sabari ngabaratek basa dilalagukeun kitu mah,
Aggeus moal salah deui………..
Nyaratuna teh mudu kejo bodas wae,
Leuleus arih puleun akeul!
Moal taruman sia mah nyaratu kejo bear.
Keun siah, diakaaaaaalan siah ku ngaing!
Amun sia bisa tilu usum bae caricing di dieu,
Nya bener jago……….!
Mimiti ti nyawah anu parek,
Sakabeh sawah jeung huma di pajajaran tengah
Ku ngaing sina dipelakan ngan cere bogor wungkul.
Hanteu meunang para sejen!
Cere bogor, bener bodas eujeung badag;
Tapi najan dikumahakeun oge,
Tetep bear bae!”

Keur mikir kitu, kadenge ku inyana patih ngomong:
“eh leres bae, rayiiiiii si kakang anu hiiiiiiiilap!
Kokolot kumaha damang?”
Ngomong kitu sabar nanya deui ka ki mangparang.
Ki kokolot hanteu nyaho deui bae kumaha mudu nembalna!
Tapi ku ki jaya kidang di pangnembalkeun:
“sumuhun dawuh, kaulanun daaaaaaamang!”

ceuk ki mangparang nurutan dilalagukeun:
“samuhun lain deeeeeemang, nun!
Kula mah kokoooooolot…..heueuh!”

Ceuk ki patih anom harewos ka ki mangparang:
“lot, ari damang teh cageur!”

ceuk ki mangparang buru-buru ka ki patih tanjung manunggul:
caaaaageur, nun
ngan kaula mah tara biasa nyembah.
Boro-boro ka bangsa sejen,
Ka raja oge, basa keneh aya raja,
Di dieu mah tara aya nu nyembah!”

Ceuk ki patih: “kaharti, lot, kaharti!
Sejen alasna, sejen kunyukna!
Tapi suuuukur ari cageur mah.
Tapi dengekeun!
Embarkeun ka sakabeh somah, ti seret poe ieu,
Ieu nagara jadi bagian ti nagara pajajaran girang!
Ti seret poe ieu.
Urang pajajaran tengah marudu
Sararebana ka raja pajajaran girang,
Marudu mararay upetina kapajajaran girang!”

Ceuk ki kolot: “ngembarkeun mah, bisa bae, ki patih!
Tapi urusan upeti jeung seba mah,
Mudu kasapakatan ku sakabehan!
Kaula ngan jadi kokolot saukur dilembur kaula!
Ari urusan pieun kabehan mah,
Kaula aya deui saruhureun kaula.
Mudu badami heula jeung sesepuh
Katut kokolot-kokolot anu sejenna!
Ayeuna mah kieu; urang ngejo heula!
Engke anggeus daradaharan,
Urang urusan deui.
Sabaraha loba anu mudu diparab teh?
Sabaraha balad dia?”

Ceuk ki patih anom: “nu dibawa kadieu, aya dua ratus sungut!”
Ceuk ki kolot: “jeung beuteung arinyana tangtuna nyah!
Jadi amun aya dua ratus sungut,
Kaula mudu ngejo pieun tilu ratus beuteungeun.
Sabab sungut mah hanteu meunang dijiyeun takeran!
Geuning ngan saeutik;
Cenah sarebu hulu bejana mah!”

Tembal ki patih anom: “anu sejen mah, nyusul engke pandeuri.
Ayeuna arinyana keur meresan heula
Di bilangan-bilangan anu kaliwatan heula.
Ari perelu, arinyana tangtu disina daratang ka dieu!”

Caritakeun bae kejo anggeus nembrak; laju disuguhkeun!
Tapi sakabeh semah, sanajan ralapar jasa oge,
Daradaharannana mani raripuh kabina,
Sabab eukeur mah kejona bear jeung heuras teh,
Euweuh angeun herang angeun herang acan!
Nya daradaharannana teh sabari eueuleugeugan……
Mani badis hayam keur kabelih!

Ceuk ki kokolot: sampura beeeee,
Da di dieu mah kieu kejo urang dieu mah!
Karuhan hanteu dicaritakeun anu di sangu teh cere bogor tea,
Anu sanajan dikumahakeun oge ngejona,
Tetep bae bear eujeung heuras!

Kcoapkeun deui deuk peutingna!
Ceuk ki kokolot: “wayahna bebenah!
Ki semah kabeh, mudu jamakna bae;
Enggon hees mah loba,
Tapi euweuh anggel euweuh kasur di dieu mah!
Atuh ari harayang laluasa, nya eudeuk kumaha?
Da hanteu nyaho bakal kasabaan ku sakieu lobana.
Di dieu mah loba halimun.
Beusi tiris, urang mirunan.
Ari harayang haneut,
Ruhur kandang kebo urang tepasar heula…. geura,
Di handapna pirunan, puguh be haneut mah.
Tah di kandang itu mah,
Mundingna bikang kabeh;
Ngan euweuh anu cawene!”

Beurangna deui, kabehan geus karumpul
Di pangriyungan lembur taman.
Ceuk ki sepuh murwa alih: “jadi ieu nagara diaku
Ku raja dia di pajajaran girang?”
Ceuk kipatih tanjung manunggul: “heueuh!
Datang kami ka dieu, deuk mere beja kitu!”

Ceuk ki sepuh murwa alih: “nya, ari kaula mah nyerenken hanteu,
Nyegah moal. Komo deuk ngukuhan mah;
Da hanteu ngabogaan jeung hanteu kapihapean ieu nagara.
Aya di dieu soteh, ngan saukur nanggoan;
Sabab jadi somah anu satia ka raja satuhu ka ratu,
Jueng jadi bangsa anu nyaah ka nagara lemah cai!
Tapi kumaha amun aya keneh rawayan pajajaran tengah?
Kumaha amun inyana datang?
Mooooooal atuh jadi huru-hara?”

Ceuk ki patih: “urusan huru-hara, urusan kami!
Dia anu geus dijadikeunsomah raja kaula,
Nya tangtu mudu mantuan urang pajajaran girang!”

Ceuk ki sepuh: “sabab nyaho disahana anu sabenerna mudu
Ngabogaan jeung ngarajaan ieu nagara,
Pieun kaula moal bisa mantuan.
Amun eudeuk mantuan oge,
Tangtuna ka rawayan raja pajajaran tengah!”

Ceuk kipatih: “hanteu meunang!
Ieu nagara geus diaku bogana raja pajajaran girang.
Lain ti sabab inyana ti dituna keneh
Memang ngawaris ieu nagara amun euweuh anu ngurusna,
Tapi ku sabab sakabeh rawayan raja dia,
Kabeh anggeus musna.”

Ceuk ki sepuh: “urusan ngaku mah,
Ari ngan saukur ngaku wungkul bae mah,
Pieun urang pajajaran tengah,
Hanteu jadi kumaha hanteu jadi naeun-naeun!
Tapi naeun sabab,
Dia dararatang ka ieu nagara anu can tangtu
Pi euweuheun anu nulykeun ngarajaannana?
Anak raja pajajaran tengah teh, lain ngan sahiji;
Tapi aya puluhna.
Jeung da hanteu kabeh kasambut
Pararaeh basa keur di rugrug!
Pajajaran tengah geus diruntagkeun;
Tapi lain taaaaluk ka anu ngaruntagkeunnana!
Iraha-iraha tangtu salah sahiji anak raja kaula,
Harita datang nuluykeun jadi raja!
Kaula sakabehan lain bae ngarep-ngarep,
Tapi oge tangtu bakal melaan inyana………
Cara bareto melaan raja anu agung,
Tapi kiwari anggeus ngahiyang……..

Nyebut raja agung,
Ku sepuh ngomongna sabari ngacungkeun leungeun katuhu
Nyanghareup ka beulah kidul rada ngetan saeutik!
Laju ceuk inyana: “eta pirajaeun kaula, tangtu bakal datangna!
Sabab kitu, kaula moal deuk manutan dia.
Tapi eudeuk mantuan pirajaeun kaula!”

Ceuk ki patih bari molototan:
“jadi dia ngabadigul! Nangtang ka kaula?”
ceuk ki sepuh bari jongjon teu kasima hanteu giwir:
“lain nangtang, ki menaaaaak!
Ieu mah mere nyaho anu dia hanteu nyaho!
Samemeh dia nu jadi gara-gara.”

Ceuk ki patih sabari nyereng tulak cangkeng:
“eudeuk aya pirajaeun, eudeuk euweuh pirajaeun,
ieu nagara diaku jadi bagian karajaan pajajaran girang!”

ceuk ki sepuh: “arek ngaku mah, apanan ceuk kaula oge,
kaula hanteu nyaram, hanteu ngahalang-halang.
Hanteu bisa kituh amun ngakuna ti ditu beeeeee,
Ti nagara dia?
Hanteu mudu datang ka dieu!
Jeung cara dia patangtang-petengteng
Cara menak hayang ewean,
Peta kitu mah lain datang eudeuk mere beja;
Tapi datang nyiyar-nyiyar pipaseaeun!
Ulah kitu, ki semaaaaaaah!
Abong-abongan dia menak eukeur pangkat!
Dielingan ku somah teh,
Kalah nganggap somah anu saaaaalah;
Bari majarkeun somah badegong ngabadigul!
Jeung tangtu dia poho,
Apanan ieu nagara teh geus
Dianggap taluk ka anu ngaruntagkeunnana.
Hartina geus dianggap taluk jeung dibogaan
Ku raja banteun jeung batur-baturna!
Tah kumaha amun eta raja-raja ngadalak?
Ngaku ieu nagara anu dianggap boga raja banteun!
Tah kumaha ari kitu?
Seug raja banten mah lawan ku dia!
Urang pajajaran tengah mah
Moal edeuk beunang diadukeun!”

Ki patih laju ngahuleng. Heueuh, bener omong ki kokolot bogor!
Ki patih ngahuleng bae.

Ceuk ki sepuh: “wah! Ulah hulang-huleng cara anu jantungeun!
Tah kumaha ari kitu?
Lain dia anu jadi gara-garana?
Ari bener-bener mah hayang ngabogaan ieu nagara,
Seug geura lawan raja banteun,
Seug geura lawan raja cirebon.
Rebut ieu nagara ti arinyana.
Sapajajaran tengah tangtu mantuan dia!
Ari nyokot ieu nagara ti leungeun urang pajajaran tengah
Sabari urang pajajaran tengah sina katempuhan
Rusuh hanteu puguh urusannana mah,
Tangtu beeeee kaula kabehan moal
Eudeuk nulungan dia ngalawan raja banteun!
Tapi amun dia ngahaja rusuh jeung inyana pieun ngarebut ieu nagara,
Tangtu dia dibantuan ku kaula!
Malah amun geus bisa karebut pisan
Urang pajajaran tengah baris ngaku dia atawa raja dia
Jadi raja kaula sakabehan!
Moal ngaku deui raja sejen,
Saumur dirajaan ku dia atawa raja dia!”

Ki patih jiga can eling pisan; tapi hate inyana mah geus ngarasa ngeunah.
Pikir inyana: “heueuh, mun inyaaaana anu ngarebut jeung dibantu
Ku urang pajajaran tengah,
Waduh nya inyaaaana tangtu anu
Ku urang pajajaran tengah
Diaku jadi raja………”

Keur inyana mikir keneh,
Ki patih anom jaya kidang ngomong ka ki sepuh:
“kieu lot! Menak geh sok aya salah dina mikir!
Omong dia memang bener!
Sampura kaula jeung kakang kaula.
Tapi deuk kumaha,
Ku raja kaula dititah teh lain ngarebut
Ieu nagara tina leungeun raja banteun.
Tapi dititah nyokot ieu nagara dijadikeun
Bagian ti nagara kaula!
Kaula ngan nurutkeun parentah!”

Ceuk ki sepuh:”amun parentah salah, deuk dilampahkeun?”
Ceuk ki patih anom: “mudu kumaha atuh, lot?”

Omong ki sepuh: “lampahkeun, kasep,
Ari satuhu mah ka anu jadi ratu!
Tapi dina ngalampahkeunnana,
Mudu sabari ngaleumpeungkeun anu bararengkok!
Ulah dia nurutan dongeng pantun
Anu nyaritakeun lalakon baheula, lalakon:
Raja merak nu di wetan
Anu eukeur somah sanagara inyana
Meujeuh lapar jeung sarusah,
Hayoh sanagara disina
Metikan bentang sabari nembong!
Lain somah dibere kejo,
Lain kasusah somah disingkahkeun,
Tapi anu jadi raja
Ngawaro ka nu ngarolo,
Ngagugu ka nu naripu,
Ngilungan anu aredan
Nu nyarekek somah sina ngarelel
Sina perang bari ngawayang!
Lain ngangkat somah tina sangsara,
Tapi hayoh
Ajag-ajag jeung anjing edan
Dihucuhkeun sina ngarangsang somah,
Sabari nunuding monyet beureum
Jadi gara-gara somah sangsara……..!
Anu ngilungan anu aredan,
Ngawaro keuna pangolo,
Ngagugu ka nu naripu…..
Anu kitu, kasep,
Eta teh jelema anu geus moal beunang
Dielingan tina sasar,
Sabab rasa inyana,
Inyana bae anu pangbenerna;
Deungeun mah
Salah deui salah bae……..!
Ari jelema eling mah,
Nyaho kumaha ari bener,
Jeung kumaha aru nu salah!
Bener atawa salah,
Benerna salah
Jeung salahna bener,
Lain mudu dipajarkeun ku pikir sorangan;
Tapi mudu ditantueun
Ku loba pikir anu ngararti urusannana!

Tah di lebah ieu urusan diakuna ieu nagara ku raja dia,
Saha anu salah, saha anu bener?
Amun dia ngahijikeun pikir dia jeung pikir raja dia,
Lajupikir eta dihijikeun keuna pikir kaula,
Nya anu baris tembong dina pikir anu mana
Jeung kumaha oge,
Nya adegan banteun jeung rajana!
Seug bae geura!
Mantakna, moal kaula mungpang dia,
Moal kaula deuk nyapukan karep dia!
Jeung dina buritna aya ku kieuna,
Moal kaula deuk nulungan ka saha-saha,
Sejenna ti ka urang pajajaran tengah!
Urusan upeti jeung seba mah,
Dimana-mana oge aya wayahna!
Kiwari masih tangeh jasa keneh!
Dia ku kaula dianggap semah!
Salila dia kabeh bisa luyu jeung anu kasemahan
Tangtu dia baris betah!
Samemehna dia netepkeun ieu nagara jadi akuwan,
Rarasakeun heula kumaha pihadeeunnana!
Sabab, amun dia mulang deui ka raja dia,
Mawa beja teh mudu anu sugema.
Ulah mawa beja aya huru-hara tina gara-gara…………….!”

Tunda!
Keun, urang tunda di pajajaran tengah;
Sina nyiyar jalan nengah,
Sina nyiyeun beja mawaeun mulang,
Sina milih mana nu hade:
Huru-hara ku gara-gara atawa
Gara-gara tina huru-hara……..?

Urang ngariyung heula jeung kokolot urang anu tujuh!
Ceuk ki sepuh: “sadiakeun tujuh jalan;
Sina nganteur semah-semah neuleuan kaayaan!”

Sabot semah-semah ararindit,
Ceuk ki ranggah gading: “sepuh! Ku naha hanteu dicaritakeun
Urang eukeur diereh ku raja di rancahmaya?
Ceuk ki sepuh: “lain ku kaula hanteu kapikir!
Tapi ku kaula deuk dilojo ka dinya
Amun arinyana teu daek ngarti bae!
Mukakeun pikir anu peuteukeuh mah,
Mudu dituduhkeun ka anu geus di kanyaho
Bener ku arinyana!
Ongkoh ari ka raja banteun jeung ka raja cirebon mah,
Pajajaran girang moal wanieun!
Ari ka parabu niskala wastu nyura barat maya mah,
Urang tacan nyaho!
Keun bae,isukan kabelna pageto oge,
Arinyana tangtu nyahoeun!
Antepkeun sina parebut seba jeung upeti!
Pieun urang,
Sapanjang tacan boga raja sorangan,
Mudu ngilik-ngilik heula
Mana anu bakal bela enya-enya ka urangna.
Najan bangsa jelema oge,
Ari ngan nyiksa mudu dikaulaan bae
Jeung nyangsara ngabadegakeun mah,
Lain pilueun urang!
kajeun bangsa dedemit atawa naeun,
Ari hade raksa titen jeujeuh
Jeung nganyahokeun hirup cara manusa,
Ka urangna moal ngaganggu
Atawa nyangsara………..!
Di antara nu dua eta,
Ka urang can aya anu jadi piliheun!
Urang tanggoan beee;
Anggeus waktuna oge,
Tangtu diebrehkeun ku wayah anu merenah!”

Ceuk ki susul tunggak: “eta semah-semah dikumahakeun?”
Ceuk ki sepuh: “puguh eta anu keur dipikiran!
Ayeuna mah keun beeee heula!
Turutkeun teuin, ulah;
Halang-halang, oge ulah!”

Ceuk ki kolot ti pakancilan: “kadeuleu tadi nyaratuna?”
Kokolot anu genep hanteu arengeuh: “ku naha kituh?”

Ceuk ki mangparang: “sakitu mani eueuleugeugan……. hanteu kadareuleu?
Badis sowang sababaraha keur diparab!
Apanan ku kula teh sina disaruguhan kejo cere toropong bogor;
Lalawuhna angeun jeongkol dikelewekan,
Sambel hiris ngora dimuncangan digandariyaan;
Lalabna pucuk songgon eujeung sepi……..
Mani jararoooongjon sakitu neureuy kejona
Mudu sabari ngabaratek beuheung oge!
Somah geus dipapatahan, amun ditaranya ku semah, mudu nembal:
“urang dieu mah saban poe oge kejo kieu!”
amun semah nanyakeun kejo sejen,
mudu dibejakeun kejo kitu mah pamali saban poe;
ngan paranti kariyaan jeung lebaran haji.
Kabeh geus dipapatahan amun kagiliran nyuguh semah,
Deungeun kejona mudu di ngeunah-ngeunah;
Tapi kejona mah tetep mudu si bopong bae!
Kajeun olok uyah jeung tarasi,
Asal ulah olok beas……..”

“nanaheunan, mangparang sia teh?” ceuk ki ranggah gading,
“semah disuguhan kejo hakanan usum paceklik!?!?
Apanan urang oge nurunkeun pare kitu mah,
Ngan maun geus pisan euweuh pare sejen deui!
Si bopong, cere toropong bogor,
Mantakna dipelak ngan tiap sadekna
Anggeus tahun danu oge,
Nya eta pieun nyanghareupan beusi
Paila banget anggeus jembar!
Beasna hanteu ngeunah dikejo;
Tapi parena tahan weuteuh
Dileuleuitkeun sawindu leuwih!
Dihakanna kitu-kitu keneh,
Saruwa jeung keur anyarna keneh……..
Bear kejo seuseut teureuy,
Tapi seubeuh dua poeun sakali nyatu!”

“tah eta, pa pupu!” ceuk ki mangparang,
“ngarah ulah olok beaaaaaaas!
Beusi arinyana pieun urang lila teuin di dieuna,
Urang kabehan mudu jamak heula.
Sabab salilaarinyana aya keneh,
Sapajajaran tengah moal aya pare sejen
Jaba ti wungkul cere toropong bogor……….
Keun bae,
Da urang mah tuman ieuh!
Ketan oge, euweuh.
Jaba ti corogol jonggol anu pelem bari seungit,
Eujeung bodas badag ngamutiahara,
Malah ketan eta,
Ku kaula deuk sina digedekeun melakna!”

“nanaheuneun deui bae?” ceuk ki ranggah gading nu katelah bapa pupu,
“ti jaman karuhun urang keneh oge,
ketan kitu mah euweuh anu melak!
Eta mah niwara, pare leuweung tea;
Ngan di suku gunung menyan,
Beulah kaler bae jaradina!”

“heueuh kitu” ceuk ki mangparang,
“nu disarebut ketan alas tea!
Ku urang ngan dipakena pieun
Ngagendam panunggangan alas,
Atawa pieun panambay teluh!”

Cuk ki ranggah gading bapa pupu,
“nanaheuneun deui bae sia teh?
Ngarah kerud sina arasup ka lembur?
Ngarah teluh ngaheuheurinan hirup?
Atuh mending geh ketan kawalu molog,
Paranti ngarawun,
Ari pieun nyingkahkeun semah mah………!”

Ceuk ki mangparang: “heueuh kitu!
Corogol jonggol mah leuwih matih!”
Laju ceuk inyana sabari nyengir:
“apanan, anu sakali ngasaan kejo ketan alas,
niwara anu disarebut corogol jonggol mah,
saumur-umur moal bisa popohoeun!
Najan beuteung geus metengcreng kenceng,
Cara kawat pantun kencengteuin mureut,
Sungut mah hayang ngagares terus bae.
Amun ngarihna dicampuran areuy daraprana,
Saban nyatu mudu bae menta kejo beas eta-eta bae;
Kejo beas sejenmah moal mirasa.
Katagihan alabatan nyeret…………
Keur badag bodas teh, pelem kabina-bina,
Seungit pepelenghiran ari diteureuy;
Najan dikejo ku anu hanteu berek ngakeul oge,
Ngeunahna euweuh bangsana!
Ngan lajuna mawa tunduh…..ngaloher terus!
Saban nyatu mudu bae kitu;
Sapasaran oge, anu nyatuna laju riyuk.
Da gawena ngan nyatu jeung molor bae!
Rasa kaula, amun arinyana bengis garalak balaga,
Sabulan geh mahi kebel pieun munahkeun kagagahan arinyana!”

Ceuk ki ranggah gading: “moal dicampuran bebek akarcereme,
Jeung daun ketepeng? Suuuuuuugan…….!?!?!”

Tembal ki mangparang: “ah uuuulah! Apanan lain eudeuk ngabaruwang!
Apanan ieu mah dan bongan arinyana anu menta,
Ngan harayang bae kejo kitu………..
Kula mah ngan anu ngayakeunnaaaaaaaana……….!
Jeung bongan arinyana………
Mun barageur jeung ngararti mah,
Urang teh lain pibadegaeun pajajaran girang,
Komo teuin urang deuk nyisikudi semah, liiiiiiin.”

“heueuh!” ceuk ki sepuh,
“akal nyingkahkeun mah, kumaha beeeee! Heueuh!”

“heueuh!” ceuk ki mangparang sabari sungut dimoncongkeun,
pieun nuduhkeun aya anu datang ti kajauhan keneh.
“deuleu lagana menak wetan!
Di urang mah,
Anu leumpang sabari tulak cangkeng kitu,
Ngan anu keur kilikibeun!
Deuleu pangiring-pangiring inyana;
Mani popoyongkodan kitu,
Jeung ari ngomong,
Sabari acung-acungan nyembah.
Urang mah, basa aya keneh,
Ka raja oge tara payangkad-payooooongkod.
Anu sok kikituan mah,
Anu rumasa boga salah!
Bangkak-bongkok pependekan,
Urang mah ka berahmesta jeung raja oge
Ngan dina upacara.
Ngajenan pangkat jeung menak,
Di urang mah di buktieun kungomong sabari tungkul
Jeung meunang sabari nyeupah!
Ngomong sabari nyembah acung-acungan,
Urang mah ngan ari keur munjugn wungkul.
Ceunah, ari geus jadi selam,
Mudu euweuh dewa euweuh karuhun.
Tapi ku naaaaha di pajajaran urang mah,
Agama islam teh masih ngahirupan dewa-deeeeewa?”

“Nanaheunan deui bae simangparang teh?”
ceuk kir ranggah gading,
“make ngewuhkeun teuin cara deungeun hiiiiirup!
Keun bae, saeueur-saeukeurna!”

“heueuh”, saeukeur-saeukeurna!” ceuk ki kokolot pakancilan,
“tapi anu hayuh bae mumusti batara jeung karuhun,
mumusti sri po aci rumbiyang jati!
Ceunah,
Urang pajajaran girang mah,
Selam anu geus suci,
Anu beresih euweuh tali paranti,
Anu suwung ku mumunjung karuhun,
Anu geus beak sagala dewa sagala batara………
Cenaaaaaaaahna kitu oge!
Tapi anu kadeuleu ku mata kaula mah beeeeeeda!
Kula parcaya, parcaya di pajajaran girang
Geus euweuh dewa jeung batara………
Pamunjungan ganti ku masigit,
Nya mantra ganti ku dowa!
Dewa-dewa geus minda rupa,
Batara salin busana……..
Menak-menak mudu disembah,
Pangkat-pangkat rasa kawasa cara batara!
Saha anu hanteu nyembah ka menak,
Dianggap hanteu ngajenan pangkat!
Saha anu hanteu ngajenan pangkat,
Dianggap ngalawan ka nagara………..
Saha anu hanteu nyebut bapa,
Dianggap galeuh giruk ka pamarentah!”

Laju ceuk inyana sabari ngowetan samak:
“paingan, pajajaran girang hanteu kagalur dina sohor anu mandiri;
hanteu kaceluk hanteu kacatur,
kungsi perang tutumpuran cara urang!
Sabab somah-somahna, lain sina diarajar gelut;
Tapi ku menak-menak arinyana,
Diparakean sina leletak!
Basa marudu disarundatan, pajajaran girang mah,
Hanteu kacatur kungsi ngalawan!
Lain sabab somah-somahna hanteu warani,
Lain sabab somah-somahna laleutik burih,
Somah-somahna mah eudeuk narungpang!
Tapi anu harita jaradi menak-menak arinyana, hanteu warani!
Hanteu baroga pisan burih……
Garalak barengis teh ngan kas somah wungkul;
Ka somah anungan marudu bela ka arinyana,
Mudu seba jeung nyarembah!
Padahal eta menak-menak teh, rawayan eyang lodaya keneh.
Ngan arinyana mah, lodaya oge, lodaya bikang meureun,
Anu lakian ka aeud anu dijarahkeun ti jati purwa anu kiwari!
Ayeuna daratang ka dieu sabari tulak cangkeng…….
Beunang neuleu ti kontrak mara boa………..
Narurutan tuan tanah ari ngaroris kebon sawit meureueueueun!
Eudeuk ngajabel nagara urang………
Amun hanteu ditempuhkeun jadi gara-gara
Perang pajajaran jeung pajajaran deui,
Ayeuna keneh oge ngaing ngamuk……….!”

“Si mangpaaaaaaarang! Nanaeunan deui bae sia teh?”
Ceuk ki ranggah gading.
“kasarumahan tah sia teh?
Bet eudeuk ngamuk di lain wayah.
Ulah turun!”

“hanteu, hanteu kasurupan! Acan wayah!”
ceuk ki kokolot pakancilan sabari turun tina panggung.
“turun soteh, eudeuk nyeungeutkeun udud, keuna tihul…….”

ceuk ki ranggah gading: “sugan ngaing teh,
turun eudeuk motah di salah waaaayah!
Tuh geuning, si itu ka dieu!”

Caturkeun bae:
Demang tambeng geus aya hareupeun panggung;
Sabari tulak cangkeng muril-muril kumis.
Kokolot satujuhna,
Dariuk bae dina panggung sabari sarila tutug.
Malah ki mangparang mah, sabari nyingaring ku hanteu.
Ngan nyingaringna, hanteu keuna suku ki demang;
Tapi ka gigireun panggung!

Ceuk ki demang sabari gagah:
“hah! Isukan mudu aya lima ratus somah!
Urut dayeuh mudu di bukbak.
Amun isukan euweuh sakitu,
Ulah aing dipajarkeun demang tambeng
Anu anggeus kasohor sapajajaran girang!”

Ki mangparang mani molotot.
Wel bae inyana ngawewelkeun sisig sagede endog sowang,
Tengah-tengah sungut inyana;
Mani manyun cara begu keur nyerengid…….!

Ceuk inyana: “mudu pajarkeun naeun atuh?”
Ceuk ki demang: “eh sia ngaledek?”

Ceuk ki sepuh harewos ka kimangarang: “cicing sia heulanan!”
Laju ki sepuh ngomgon ka anu gagah
Keur tulak cangkeng sabari ngarenceng
Ka lebahan kokolot pakancilan:
“ari deuk nunda ngaran mah, henseug bae!
Tapi ayeuna acan wayah,
Dia mudu nembongkeun pangabisa!
Ki kolot lain ngaledek;
Tapi anggeus wajar mudu nanyakeun,
Mudu majarkeun naeun ka dia,
Amun isukan ka dia hanteu bisa
Ngayakeun somah sakitu lobana!
Jeung tadi teh, dia nitah kumaha?”

Ceuk ki demang sabari ambek,
Popolotot sabari ngabuhelkeun peureup:
“tangtu ka dia kabehan anu araya di dieu!
Piraku ka anjing anu depa di kolong, tah!”
Ngomongna sabari ku suku inyana nuduhkeun
Ka anjing di kolong panggung.

Ceuk ki sepuh: “tilok kaula kabehan hanteu ngarti, ki semah!
Tapi di dieu mah aya ucap: hade ku basa, goreng ku basa!”

Ceuk nu ambek: “aing demang, piraku mudu dipapatahan ku somah?”

Ceuk ki mangarang harewos ka ki susul tunggak:
“urang parieuskeun be beuheung inyana, nya?”
harewos ki susul tunggak:
“ulah wara! Tanggoan be heula;
da ngan hiji ieuh;
moal rame ari ngan sakieu mah!”

amun harita hanteu kaburu datang ki patih anom,
ulah-ulah panggung pangriyungan jadi panggung bararakan……….

ceuk ki patih anom: “naeun yeuh?”

ngadenge sora ki patih anom tukangeun inyana,
brek bae ki demanganeprok dina taneuh.
Cung nyembah, laju ngomong:
“sumuhun kaulaaaaaaaanun!
Eudeuk ngaleledek nuuuuuun!”

Ki patih anom laju neuleu ka kokolot sakabehna;
Tapi hanteu bengis, hanteu sabari ambek,
Laju ceuk inyana: “kumaha ki sepuh?”
Ceuk ki sepuh: “radeeeeeen, bener eta anu diuk dina taneuh teh,
Pangkatna demang?”
Ceuk ki patih anom jaya kidang:
“kunahaeun kituh, ki sepuh?”
tembal ki murwa alih:
“eta beeee, ngakukeun mah demang,
tapi talajak inyana cara kunyuk.
Can naeun-naeun geus ngarenyuan ti heula!
Ceuk kaula amun isukan hanteu bisa lima ratus somah,
Kumaha? Inyana bet kalah nangtang!”

Ceuk ki patih anom bari karung, ka ki demang:
“mas tambeng, mas tambeeeeeeeeng
maneh mah dimana-mana teh ngan deuk
ngadeon nyiyeun onar bae!
Kieu ki sepuh!
Urang akalan beeeeee,
Sing isukan teh bisa aya lima ratus somah.
Anu saregut, ki sepuh;
Urang ngabukbak urut dayeuh.
Urang adegkeun deui!
Leuwih alus, leuwih rame manan bareto!
Bisa ki sepuh nya;
Lima ratus isukan?”

Bojengkang ki mangarang turun ti ruhur panggung.
Bari tulak cangkeng mani nyerengkebeng cara keur ngalage,
Inyana ngurilingan ki patih anom sabari ngomong:
“tah anu kiiiiieu ari menak mah…………
najan dia marentah oge,
ngeueueueueueunah kadengena!”

bari nepak punduk ki patih anom,
ceuk ki mangparang: “wah, den!
Kumaha mamang itu be tuh anu kolot!
Kumaha ki sepuh bae;
Aden mah nyaho di beres……..!”

Ki patih anom kagugu; inyana kapiaseun.
Saumur oge, kakara aya somah anu wani nepak punduk inyana.
Inyana hanteu ambek.
Pikir inyana jero hate:
“bener carita kolot baheula.
Urang pajajaran tengah mah,
Tarareuas cara sempur;
Tapi tina hate arinyana mah, eusian madu!”

Ceuk ki mangparang:
“kieu, den patih!
Ari hayang lungsur-lengsar mah,
Tah anu diuk dina taneuh,
Ulah sina deukeut ka kaula!
Ari kaula sih,
Moal eudeuk ngadeukeutan;
Siyeun kapeungpeureuman!”

Mimiti ti poe harita,
Hate demang tambeng mudu be ngagolak,
Amun inyana neuleu,
Atawa ngadenge sora ki mangparang.

Isukna deui, di wayah haneut poyan,
Di panggung pangriyungan,
Anu tujuh geus sarila deui.
Di tagalan geus heurin usik
Ku anu naranggoan diroris;
Lima ratus somah ti tujuh kakolotan.

Kipatih raden tanjung manunggul,
Ki patih anom raden jaya kidang
Jeung ki panghulu raden sanusi haji,
Geus nyampak.
Anu sejenna mah geus mariang ti heula,
Naranggoan di sampalan anu bareto disebut
Alun-alun tanjung salikur.

Ceuk ki patih tanjung manunggul:
“hayu, geura kerid ka urut dayeuh!
Meungpeung poe, isuk keneh!”

Ceuk ki sepuh: “kumaha badaratna?”
Ceuk kipatih: “badarat kumaha?”
Ceuk ki sepuh: “nyacar jeung ngabukbak mah, pagawean tuman!
Tapi pangeusi alamna mudu disingkirkeun heula!
Anggeus tah disaringkirkeunnana?
Amun acan, moal aya saurang anu incah ti dieu;
Sabab saha anu daek jadi wadal gawe
Deungeun teu puguh-puguh!?
Ongkoh kaula moal mikeun somah jadi wadal!”

Lulugu urang pajajaran anu tilu, laju badami tiluan;
Badamina bari hanteu bisa kadenge ku urang pajajaran tengah.
Laju ceuk ki panghulu:
“salamaikuuuuuum, ka sakabeh somah jeung kokolot.
Nyingkirkeun pangeusi alas,
Anu nurutkeun tali paranti ti karuhun,
Kiwari mah geus lain jamanna!
Samemehna taram,
Kiwari mah geus hanteu perelu
Ku meuncit heula munding pieun parepeh.
Hanteu perelu deui
Meuleum menyan jeung meuleum madat………!”

“ke……!” ceuk ki sepuh,
“di dieu mah tara meuleum madat.
Pajajaran tengah mah, cadu keuna madat!
Anu sok sabari meuleum madat mah,
Amun inyana lain urang wetan,
Tangtu inyana teh bangsa deungeun anu ngadon buniaga,
Atawa nyemah di dieuna!”

“kitu atuh kitu!” ceuk ki panghulu.
“cindekna hanteu perelu balam-beuleum!
Hanteuperelu peuncat-peuncit!
Nyinglarkeun pangeusi alas jeung dedemit,
Kiwari mahi ku maca dowa.
Ke, eta mah kaula anu ngagaweannana!
Ayeuna mah geura wareg bae eta somah
Ka lebahan nanggoannana ki balapati!”

Kocapkeun bae anggeus narepi
Ka urut alun-alun tanjung salikur.
Anu harita geus jadi sampalan bala,
Tegal lain, reuma lain;
Lain leuweung da puguh leuweung,
Anu ku ganjah eujeung kaso,
Ku cangkuwang campur harahag,
Jeung ku cagkore repet pabeulit,
Geus jadi jiga deui leuweung manuwangan………..

Ki panghulu semah, laju nangtung sabari nyanghareup ngulon heula.
Laju ngucapkeun huwakbar sabari malik nyanghareup
Ka lebahan anu deuk dibukbak……………
Inyana maca mantra, dina basa urang sabrang;
Saban-saban di selang ku ngucapkeun huwakbar sababaraha kali……….

Ceuk kipanghulu:
“nam ayeuna mah;
geura mimitian taram!
Cacar heula sabari dikir…….!”

Tapi euweuh saurang urang pajajaran tengah anu mimitian taram!
Ki panghulu ngahenseugkeun deui;
Tapi sakabeh urang pajajaran tengah caringongo bae…….
Euweuh sahiji anu nangtung………..

Ki panghulu jeung ki patih ngahenseugkeun deui
Ngahenseugkeun deui;
Tapi euweuh sahiji urang pajajaran tengah anu usik.

Laju ceuk ki sepuh:
“paralun baaaaaae kitu oge, ki semah kabeh!
Kaula kabehan lain hanteu parcaya
Keuna manjurna dowa ki panghulu.
Tali paranti urang pajajaran girang,
Ngan pikeun urang pajajaran girang.
Tapi kakara pieun sakabeh somah kaula
Nu lima ratus!
Pieun nembongkeun kamanjuran tali paranti ki semah,
Mudu dicontoan ku somah bawa ki semah!
Coba sina dicontoan ku ki demang;
Sina inyana anu pangheulana asup keuna rungkun,
Sina nyacar ngabaladah,
Sina norowong nyiyeun galur,
Nu panjangna sajauh lempegan tumbak!
Satarabas ti hate bae,
Kaula lain eudeuk ngadoja ki demang,
Pedah kamari urang teh hoghag.
Lain kaula eudeuk nguji ka raden haji,
Pedah tadi inyana anu nyanggupan.
Tapi, tetegna hate somah eujueng hate kaula,
Amun deudeuleuan geus sadeuleu,
Jeung rarasaan geus sarasa.
Leungit hamham eujeung waswas……..
Sabab deudeuleuan kaula mah,
Masih keneh beda bae……….!”

Ki demang rarat reret.
Kawani mah memang mahi;
Ngalasan atuh memang purah……
Tapi mudu mahi anu nganteur ngabaturan!

Mogoran rangda, tangtuna teu perelu aya nu nganteur.
Tapi ari asup ka leuweung anu can wauh mah…………huh,
Moal aya dedemit nu jiga monyet teeeeeea kituh?

Anggeus singkil, sabari nogelkeun keris lebahan bujal,
Inyana ngagidig ka sisi leuweung anu panghesena diasupannana.
Peureup kenca, pageuh nyekelan landean keris;
Anu katuhu sadia ngaheumbatkeun gobang………..
Inyana laju ngadehem.

Demang tambeng dehem deui, dehem deui;
Ku sora dehem, daun bakatak hareupeun inyana mani garedag…..
Laju sabari dikir,
Ki demang mimiti gobras-gobras nyacar naratas pijalaneun.
Gobras deui, gobras deui;
Saban gobras sabari dikir………

Galur geus mimiti ngabalungbung;
Tapi acan mahi salempangan tumbak!
Sabari dehem eujeung dikir,
Ki demang ngababad terus……..
Meunang sugan sajauh tilu depaeun mah……..
Inyana dehem deui sabari dikir,
Sabari dikir dibareng dehem……….
Tapi dehem sora nu serak;
Tapi dikir inyana, sora dikir anu hanteu angger di tetegna……
Lajuna mah……….
Kadengena teh………
Aeu, aeu, cara nu keur moro, nyalukan batur;
Nyalukan batur sabab keueung!

Ari diteges-teges teh……….
Geuning di dinya-dinya keneh baaaaaaae………
Culak-cileuk bari pura-pura ngagebahan reungit!
Padahal mah, ngagupayan balad………!

“beusi hanteu laju!” ceuk ki balapati panyulur,
“beusi aya catang beurat anu malang,
beusi aya kayu rubuh patumpuk, bantuan!”

lima balad pajajaran girang laju arasup!
Kadenge rame sora anu nyacar sabari dikir……….
Jelema-jelemana mahhanteu kadeuleu;
Ngan sorana bae anu reuheuk
Di jero galur ka jero leuweung!

Hanteu sababaraha kebel deui,
Kadenge sora anu ngagero sabari nyeri…………
Jeung sora patinggurubug sabari reuwas eujeung siyeun!

“Xxxxx kerud?!?” ceuk ki panghulu bari reuwas.
“astagaaaaaa, aya keneh maung anu pacaaaaaanghul!???”

ceuk ki sepuh:
“gero kitu mah, lain jerit nu ditekuk!
Eta mah jerit nu di xxug begu.
Tangtu inyana ngalanggar jeuneum aya eusina!”

Meh harita keneh, aya deui sora nu gegeroan menta tulung!

“tah, puguh maung!” ceuk ki panghulu bari alak-ilik
jeung capa-cipi keuna gobang inyana,
anu panjang nepi ka liwat tuur.
“eah maung yeuh ieu mah!” ceuk ki panghulu sabari capa-cipi;
tapi hanteu puguh anu dicapa.
“maung!” ceuk ki panghulu.
“ambrug hayuh kabeh ka leuweung!” tapi euweuh saurang anu xxxxxx

ceuk ki sepuh:
“lain! Sora gero kitu mah,
jerit anu dililit sanca!”

“ki panghulu!” ceuk ki patih,
“mani geus dua kitu…………?
coba dowaan deui, dowa naklukeun musuh tea,
anu dia beunang nukeuran ku domba ti seh mardud!”

“heueuh!” ceuk ki sepuh,
“ coba ka dinyah! Acan ka beh jero, geus dua tea.
Mingkin ka jero mah, geura,
Boyongbongna oge sagede-gede bitis;
Langxxxxna sagede-gede pingping………..
Hayuh ki panghulu, parancahan ah sing enya!”

Barang ki panghulu deuk ngadowa deui,
Tina galur tingbelejit kaluar opat urang;
Ki demang pangheulana………….
Apanan ngaranna geh demang,
Hanteu meunang di heulaan ku pangkat somah!
Lumpat ki demang kenceng jasa…………
Mani narolong sabari dengdek.
Da ngaranna geh pangkat deeeeeemang;
Mudu bisa lumpat leuwih gancang ti somah!

Ceuk ki demang bari piyas walahwah weuleuhweuh:
“huh! Maungna mani sagede-gede munding tapakna mah!
Oray-orayna mani sagede-gede gulungan kasur……..!”

Ngadenge omong rahul ki demang,
Ki mangparang ngeunah seuri dina hate.
Ceuk inyana sabari jiga anu parcaya pisan:
“tah, kumaha tah ari geus kitu?
Lain kararabur ka anu jauh,
Tapi kalahka marapag ka sisi leuweung!
Hayu ki panghulu, dowaan deui ka dinyah;
Beusi heueuh maungna sagede-gede munding!
Maung-maung di dieu mah, amun keur ngamuk,
Tara ngahiding ka loba jelema sakieu……..!”

Ki panghulu anu sabab parcaya ka rahul ki demang,
Jadi keuna disingsiyeunan kimangparang.
Di ruarna mah ahnteu katara, tapi di jero mah,
Hate ki panghul;u rada-rada eudeuk tutunggulan oge.
Inyana deuk maca deui dowa………..
Nyao memang dowana kitu, nyao teuin hanteu..
Anu puguh kadengena mah,
Ki panghulu macana dowa jiga balik deui
Ka dinya deui ka dinya deui bae,
Hanteu bisaeun laju………………..
Cara anu kasima keur neger-negerkeun deui hate!

Ceuk ki mangparang:
“huh, barian sora anu keder kitu mah,
kaburu patingsorontol mantare nu baroga leuweungna……..!”

“nanaheunan deui bae sia teh mangparang?” ceuk ki ranggah gading.
“calukan ka ditu ki sepuh……tuh,
keur cangogo handapeun karoya sempal!”

ki panghulu anu keur isuk rasa inyana pangabisana
naklukkeun pangeusi leuweung,
disingsiyeunan deui ku ki mangparang,
jadi tambah gugup………….!

anggeus inyana dina maca dowa,
balik deui ka dinya balik deui ka dinya keneh bae,
jeung letah inyana jiga hanteu daekeun timu bae
keuna ucap-ucap anu mudu di kedalkeun,
katambah didareuleukeun bae urang pajajaran tengah sakabehna,
ki panghulu anu geus luut leet kesang tiis,
mingkin tambah hanteu puguh deui rarasaan.
Anu kadeuleu rada teges keneh ngan ki mangparang……..
Tapi kiiiiiitu kadeuleuna teh, aya leutik,
Aya gede meber cara nyiru gede,
Laju jiga ngaleutikan deui sagede lege,
Laju jiga panjang cara kalangkang tihang
Anu pulay-pileuy dina kulit cai tea………….
Ti dinya mah leng bae pararoek…………
Ki panghulu hanteu inget-inget…………..

“kasurupan yeuh!” ceuk ki mangparang,
“moal salah, ku anu boga leuweung!
Tangtu deuk neang ki demang!
Kop bae embah, ku kula moal dihalang-halang…….!”

“daiiiilah!” ceuk ki ranggah gading,
nanaheuneun sia marabkeun anak deungeun ka dedemit?
Lain ditulungan tuh ki panghulu!
Ku naeun ta teh?”

Ceuk ki mangparang:
“nyao kasurupan, nyao olok bae!
Keun kumaha ki sepuh!”

Ceuk kipatih ka ki sepuh:
“ku naeun ki panghuluna teh? Kasarumahan?”

tembal ki sepuh:
“hanteu! Inyana mah tujukuriling!
Sakeudeung ge waras!”

Ceuk kipatih: “kumaha ieupagawean? Mudu diteruskeun!”
Ceuk ki sepuh: “ari geus dipunahkeun mah, hamo hanteu digawean!”
Ceuk ki patih: “heueuh! Ku dia bae dipunahkeun!
Urang lajukeun nyacarna!”
Tembal ki sepuh: “ngomong mahbabari bae, ki patih!
Tapi nyaho dia aturannana? Paralun kitu oge;
Ari munahkeun cara ki panghulu tadi mah,
Hamo aya anu daek dititah jadi piwadaleun!
Ongkoh apanan kaula mah jeung somah kaula,
Ngan daek oge ngabantuan balad dia;
Daek soteh ari anggeus puguh dipunahna!
Ayeuna mah kieu!
Seug balad dia heula sakabehna sina taram.
Amun matapoe aya di lebah itu,
Ti balad-balad dia euweuh anu cilaka deui,
Peuting-peuting urang pajajaran tengah bakal turun gawe!”

Laju ceuk kipatih anom:
“ki sepuh! Urusan di dieu, ngan dia anu leuwih nyaho.
Ku kitu ku kieu, kaula mah eudeuk ngawaro ka dia bae!
Urusan eta munahkeun, seug kumaha dia!
Kaula nurutkeun bae!”

“ari kitu mah, atuh aya puguhna!” ceuk ki murwa alih.
“ngan kitu oge, paralun heula!
Paralun, den haji panghulu!
Paralun ki ajengan!
Paralun ka dia, haji jeblog!

Paralun kaula mah,
Lain eudeuk nyaturkeun kaunggulan pajajaran anu kaula,
Lain mumunjung ngagung-ngagung para karuhun,
Lain deuk majarkeun rajah pajajaran kaula anu tangtu baris dijabah!

Kaula mah wungkul eudeuk nuduhkeun:
Lain dowa anu mintul,
Lain rajah nu tangtu unggul;
Tapi
Nu jadi pamunah mah:
Eusi ucap anu mapak dina sukma,
Bari ngumpak dina atinu manteng teteg;
Eusi ucap nu medalna
Tina hate nu rancage,
Beurat ampeg dina angen,
Herang beresih tina ati,
Tanpa paksa jeung takabur!
Tapi
Mudu merenah di wayahna,
Mudu paranti di wancina,
Mudu puguh di lebah enggonna!
Sabab
Ari salah dowa, salah rajahna,
Salah wayah, salah enggon jeung paranti,
Hamo kapunah anu dirajahna!
Xxn!
Matapoe geus mimiti condong ka kulon.
Amun urang ngarajah di wayah kieu
Nyao teuin di wayah kumaha datang celuk muunna?

Pieun ngarajah leuweung, aya dua pangrajahan, raden!
Anu hiji, ngaranna rajah pamunah.
Anu hiji deui, ngaranna: rajah pamunar.
Ku nu arieu-ngaing sagala weruh,
Eta dua rajah teh dipajarkeun ngan sahiji.
Hanteu arinyana nyarahoeun, harti munah mah,
Beda deui tina harti munar.
Memang bener,
Dua-duana digunakeun keuna wujud-wujud hanteu kadeuleu,
Anu kiwari disarebut ghaib tea.

Rajah pamunah, digunakeun pieun numpeus
Tanaga daya sagala ghaib, anu ku ngarajahna,
Dianggap hanteu meunang deukeut ka inyana!
Tah anu kitu, disebutna rajah pamunah!

Ari rajah pamunar, raden,
Beda jasa ti rajah anu tadi!
Dina ngagunakeun rajah pamunar,
Tanaga daya sagala ghaib anu dirajah,
Hanteu ditumpeus dimusnakeun,
Hanteu disingkahkaeun ku paksa jeung kabedegongan!
Tapi ku rajah, di jariyeun jaradi dani sabari ngarti,
Dina ngabarubuh tatagkalan,
Dina ngabukbakna leuweung,
Manusa teh lain ngabongkar imah-imah bogana ghaib,
Lain ngalebur ngamusnakeun lembur-lembur arinyana,
Lain ngaruksak nagara anu dicicingan bangsa ghaib.
Arinyana jadi ngarti sabab surti,
Anu dibongkar ku manusa,
Ngan sagala anu nyata dina ngawujud,
Anu saenyana memang hanteu diperelukeun ku arinyana
Dina wujud jeung kaghaiban arinyana,
Anu disebut sipat ghaib tea!

Ceunah, aya tangkal atawa batu anu jadi panyicingan bangsa ghaib.
Raden, eta mah ngan pajar rarasaan hate jeung pikiran jelema,
Anu hanteu pieun ngarti urusan ghaib di alam ghaib!

Sakabeh enggon jeung panyicingan bangsa ghaib mah,
Moal bisa kadeuleu,
Ku mata manusa hanteu bisa atawa
Hanteu diwenangkeun bisa neuleu
Ka anu hirup dina sipat ghaib!

Kaula ayeuna eudeuk ngarajah;
Rajahna, rajah pamunar!
Sabab di lebah dieu, urang mudu inget,
Sanajan itu beda sipat beda alam oge,
Meureun rarasaan jeung pikiran mah,
Tangtu moal beda ti manusa!
Leuweungna deuk dibukbak,
Tangkalna bakal rarubuh……..
Montong teuin di arinyana,
Sanajan imah arinyana oge,
Moal eudeuk ruksak sanajan katinggang
Tangkal urang nu gedena sakumaha oge.

Sabab, anu ninggangna,
Nya eta sipat rupa anu jaya ngari salila aya wujudna,
Anu katinggangna?
Nya eta sipat jaya, anu punah amun wujud inyana,
Ku manusa kadeuleu ngarupa bae!
Tapi memeh ninggang nu dituwarna,
Urangna mudu paralun!

Ceuk kolot baheula:
Jaya jeung apesna bangsa ghaib,
Jadi satahap jeung apes jayana manusa,
Amun geus pada-pada ngabungkeuleuk ku mata jelema!
Tapi kangeunah jeung teu kangeunah,
Ti babaheula anggeus teu saruwa!

Dina netepkeun milih pangrajah,
Urang mudu inget,
Urang dina anu molotot,
Ngan bisa neuleu dina cara neuleuna manusa wungkul,
Urang mudu inget,
Itu anu hanteu ku urang bisa kadeuleu,
Tangtu moal deuk ngeunahangen,
Amun kalanggar jeung dilanggar,
Barina urang hanteu paralun!
Sanajaaaaaaan dina ngalanggarna,
Urang dina kaayaan hanteu eungeuh!

Urang mudu inget,
Dina wujud anu ngajegir,
Bisa nyanding wujud
Nu teu katembong ku mata manusa!

Ceunah ceuk kiai jablog mah geuning;
Manusa teh mahluk sampurna!
Ku naha atuh ari sampurna mah,
Bet nyarariyeun bae kasalahan?
Malah loba jasa kasalahan-kasalahan
Anu hanteu mudu-mudu acan mudu salaaaaaah…………!

Ceunah nyaraho di paribasa:
Hade ku basa, goreng ku basa!

Ku naha eta paribasa ngan mudu
Ku deungeun teh digunakeun ku arinyana?
Ku naha hanteu digunakeun
Ku arinyana ka deungeun-deungeun?
Sanajan eta deungeun teh,
Hanteu kadeuleu ngabungkeuleuk!!???!!

Ceunah ceuk kiai jablog tea mah:
Euweuh jurig, euweuh dedemit!
Tapi ku naha jelema-jelema kitu,
Ari nyaritakeun jin, iblis jeung malaikat mah,
Mani jiga heueuh geus mindeng jasa
Diaranjangan ku arinyana?

Tah, raden,
Di lebah dinya tetelana,
Manusa teh boro-boro eudeuk sampurna!
Jelema anu majarkeun, manusa teh mahluk sampurna,
Tetela jelema kitu,
Tacan nyaho boro-boro ngarti,
Naeun hartina hirup di jagat kamanusaan!

Inyana nyaho ka gustiawloh tah,
Ngan wungkul dina sebutan.
Inyana hayang deukeut ka gusti awloh teh,
Ngan di waktu aya kasusah bae!

Dina sapopoena mah,
Sanajan arinyana barobongkokan
Pependekan sapoena lima kali oge,
Jeung saban-saban nyebut ngaran gusti awloh,
Dina karituna teh ngan sabab geus jaradi kabiasaan bae…….
Ari dina laku lampah arinyana,
Loba jasa ku teuin anu patunjang-patunjang
Keuna kasuciannana ajaran agama!

Loba anu naritah deungeun-deungeun
Mudu sariyeun ka gusti awloh;
Nyaeta abeh inyana disangka pangsiyeunna ka gusti awloh,
Jeung ka somah tangtu disangka
Moal eudeuk mahiwal ti ajaran agama anu suci.
Padahal ninitah siyeun teh,
Arinyananyariyar untung tina ngajual omong………..
Hayam, beas, lalab jeung xxx mah,
Ari ngong oge,
Diaranteuran ku anu beunang disingsariyeunan!
Padahal laku lampah arinyana mah,
Nya kitu tea beeeeeee……………
Deungeun anu sariyeun,
Arinyana nu jarembluk kadut………………

Arinyana hanteu arengeuh,
Arinyana teh ngajaruwal ngaran gusti awloh,
Anu arinyana diparake nyingsiyeunan,
Dijariyeun badis bebegig…………..!

Di urang pajajaran tengah anu masih pajajaran keneh
Cara kaula kieu,
Ngalampahan cara sinembah anu anyar,
Naritah sabari nyaringsiyeunan kitu teh, euweuh!
Sabab urang pajajaran tengah mah,
Ti baheula oge hanteu resep.
Urang dieu mah, raden,
Cadu wadul, cadu rahul!
Cadu nipu, cadu pepenta
Xxxxx ahnteu bisa mulang pamere!
Jeung samemeh deungeun arengeuh,
Urang pajajaran tengah mah anggeus dibere nyaho:
Gusti awloh teh sarua keneh jeung anu nunggal!
Bedana mah ngandina sebutan.
Awloh ceuk bahasa sabrang;
Hiyang tunggal ceuk bahasa pajajaran………
Jin, setan, iblis, malaikat, bogana gusti awloh.
Ceunah dipajarkeun:
Jurig, dedemit jeung siluman, bogana hiyang tunggal!
Ceuk pikiran anu sasar mah:
Pada-pada mahlukna, beda anu bogana.
Hanteu nyarahoeun,
Gusti awloh jeung hiyang tunggal anu nunggal ngan sahiji teh,
Nya eta-eta keneh.
Hanteu ngartieun, jurig jeung dedemit teh,
Bogana gusti awloh, mahlukna gusti awloh keneh!
Sabab gusti awloh teh, nya hiyang tunggal anu nunggal……..
Ari hiyang tunggal anu nunggal teh,
Nya gusti awloh……. dua ngaran,
Hiji wujud, anu saruwa dina muxxxxngna.
Jeung ku naha deuk teu saruwa,
Da atuh eta-eta keneh bae!

Tah ayeuna eudeuk dirajah,
Anu dirajah teh lain leuweungna!
Tapi, sakabeh anu jaradi pangeusi leuweung………
Ti sato anu pangleutikna,
Nepi ka sato anu panggedena panggalakna……..
Ti ghaib anu kirintil keneh,
Nepi ka bangsa ghaib anu pangawasa di alamna!

Ku naha urang teh wenang jeung wasa kituh,
Pieun munahkeun arinyana?
Pajar jelema-jelema, anu takabur ku sabab
Dina urusan agama ngan napak di sabeulah,
Pajar arinyana mah: atuh puguh!

Xxxx jelema-jelema anu pada mahi ku pangarti,
Nu geus naraklaktak naereuleuan rahasiyah sakabeh agama
Anu aya buni-buni dina keukeupan alam,
Dina tatahan batu tapak di pasir gadog,
Upama ku basa urang kiwari,
Di ebrehkeun kieu:
Kabeh didatangkeun pieun jelema!
Kabeh jelema didatangkeun pieun mulang!
Aya anu mulang ku pamulang
Ti leuweung di nagara ieu!
Da bongan………………!
Xxxx matapoe geus lebahan ditu!
Meujeuh pieun ngarajah!
Dengekeun jeung turutkeun omongan kaula!
Salila kaula ngucapkeun mantra,
Ki raden mudu jempe jeung hanteu meunang usik.
Bejakeun ka kabehan,
Ulah aya anu gandeng atawa arusik teuin!
Geus ngabejakeun xxxxa ka dieu,
Sabab anggeus wayah pikeun mapatkeun celuk panakon!”

Ki patih anom geus balik deui gigireun ki sepuh.
Ceuk ki murwa alih:
“salila kaula mapatkeun, ku dia tegeskeun tuh
tangkal bungur gede anu lalayanan jeung sempur di mumunjul itu.
Lamun ceuk kaula, katarima,
Bungur mudu eunteup julang sapasang,
Nu hiji laju pindah keuna sempur!
Laju denge-dengekeun sora anu pangharusna kadenge ti jero leuweung!
Lamun kadenge, sora manuk kangkareng,
Disadana tilu kali maju ka lebahan pamapagan
Xxxx eta hartina, ngarajah teh
Mudu dina poe katilu anggeus ayeuna.
Amun di barengan ku sora gaur ti tengah leuweung,
Eta hartina, gawe teh bakal aya wadal
Anu geus moal bisa dipungpang!
Seug! Ulah meleng…………”

Ki sepuh laju sila makprak nyanghareup ka leuweung,
Dampal leungeun inyana dirangkeupkeun ruhureun tarang.
Tilu kali inyana nyambah, laju………… jep,
Di leuweung jiga jempling anu ngakeuweuk salega leuweung,
Sakabeh ceuli di jero leuweung,
Pada racung,……….. ngadengekeun
Celuk anu ngalayang nyulusup di sela-sela
Dahan-dahan jeung dangdaunan…………..

Ki patih anom hanteu eureun-eureun ngawaskeun ka dua tangkal
Anu tadi dituduhkeun sabari pangdenge inyana
Di seukeut-seukeutkeun pieun bisa ngadenge
Sora anu baris datang ti jero leuweung…………

Lila inyana kikituan;
Tapi keuna bungur eujeung sempur,
Boro-boro kadeuleu eunteup dua julang,
Bangbara oge hanteu kadeuleu aya…………

Ki sepuh masih manekung terus……….
Lila ki patih anom nanggoan kajadian anu
Dicaritakeun ku ki sepuh tadi…..;
Tapi euweuh julang anu ngalayang papasangan,
Jeung di leuweung, tetep rehe!
Malah jiga mingkin jempling,
Leuwih geueuman pkeueungeun…………

Ki panghulu anu tadi ngagoler teu eling-eling,
Anggeus waras deui,
Bari tulak cangkeng paraketenteng
Badis oray pepetek,
Inyana gadag-gidig handapeun
Hamerang di beulah wetan.

Sungut inyana mani monyong,
Biwir inyana di jebengkeun.
Mata inyana rarat-reret neuleuan ki mangparang,
Anu tadi ku inyana kadeuleu jiga monyet lain,
Xxngkik lain, jiga eul sahulu bedul,
Tapi robah deui jadi jiga bebegig sareba hideung…………
Jadi jelema teu puguh rupa,
Anu kadeuleuna mantak geuleuh pi geuleuheun……..
Tapi ki mangparang mah hanteu kadeuleu!

Ceuk ki panghulu:
“jaman dewa mah anggeus kaliwat.
Kiwari lain jaman mantra
Jeung nyajen nyuguhan jurig.
Tapi jaman dewa;
Dewa nu di titah ku agama,
Tah eta pamunah anu moal gaplah moal gagal………..”

Kara mah tuuus ngucapna,
Tatangkalan salega leuweung
Bet ararigeug jiga digebregkeun ku saha bae.
Harita keneh, ti jero leuweungreuheuk sora kunyuk,
Saheng ku recet sora rebuan kalong
Jeung rupa-rupa manuk,
Anu ngadadak rabeng patingkalayeng ruhureun leuweung………

Ti jero, patinggorobas patinggeredeg aleutan begu.
Nepi ka sisi leuweung,
Palumpatannana meujeuh unggah keuna gancang pangkencengna…..
Ari lol teh,
Neuleu jelema ngabengbreng sakitu lobana,
Karuuuuhan pada rarewos!
Begu, reuwas;
Jelema-jelema, saruwa pada rareuwas!

Bating dina reuwas, nahan kencengna lumpat,
Didadak sakalieun, atuh loba begu anu katalangsu……..
Tikusruk patingjuralit, ngaringkel mani narileup.
Laju sabari patinggaruwik, baralik deui ka jero leuweung!

Nya teu kedik anu geus kapalang tanggung……
Lain maralik deui,
Tapi bari sesenggor jeung racung ceuli,
Sabari nyanggereng jeung hulu dengdek,
Loba oge begu anu sabari nakeurkeun
Tanaga sakali deui,
Ngalabaskeun kenceng lumpatna……..
Karuuuuuuhan birat anu kaburu birat mah;
Anu hanteu kaburu mah,
Patinggulitik kasungkur kasuruduk begu……….
Bari pating jareblag sabari ngagowak!

Tapi nya kitu tea bae;
Aya beeee anu masih ari mah.
Sabari ngagulitik teh,
Ngarawel buntut begu nu keur liwat lumpat kenceng…….
Atuh kaguuuuuusur……….!

Ceuk batur-batur inyana: “haram tah, geuwat seretu!”
Ceuk anu kagusur: “haram soteh, nyatu lauk begu modar!
Ari nyekelan buntut begu hirup bari
Neuleukeun tembungna nu cawene keneh mah………
Da ku kiaik oge,
Hanteu diceeeeeegah………….!”

……….. urang ilik ki sepuh
anu keur manekung keneh bae!
Pikir ki patih anom: “geuning kieu ari ngarajah teh?!?!?!!?”……
Kara mah eudeuk nenget-nenget deui sora anu mudu ditengetkeun,
Nyao teuin ti mana daratangna, seak dua julang garede hanteu biasa,
Nyambar ka inyana.
Tapi barang ki patih anom buru-buru nagog sabari reuwas jasa,
Lebahan ruhureun hulu inyana pisan, eta dua julang teh,
Reg ngarandeg………..
Gapalak arunggah deui;
Laju ngalayang gancang…….
Ereunteup dina dahan bungur;
Di bungur gede meujeuh bungur ku kembangna!

Dileuweung, laju jempe;
Manuk-0manuk eujeung kalong, hanteu katembong deui.
Euweuh reuheuk sora owa,
Sora lutung eujeung kunyuk;
Euweuh jerit deui, sora surili sabari luncat……….
Di leuweung laju jempling,
Nu jemplingna jiga ngadadak didadakkeun…………
Sakuriling jadi geueuman keueung.
Sakabeh jelema anu araya,
Asa deuk ditangkeup keueung,
Anu karasana cara deuk ngeukeuweuk
Neueulkeun pageuh……………..

Ki panghulu geus maca dowa;
Dowa sagala panyinglar,
Dowa panyinglar sagala-gala……….
Ari riyeug, riyeug………
Taneuh gariyeug cara ku lini gede!

Kabeh pada sariyeun nu mingkin keueung,
Pada sariyeun nyao teuin ka naneun…………,
Tapi eta kakeueung, batur,
Ujug-ujug jadi kabina-bina kitu…..!??

Naeun anu nyiyeun arinyana sakabeh jaradi siyeun?
Nyaaaaaao! Anu puguh mah,
Siyeunna teh, sabab kabawa siyeun……..
Jadi be milu siyeun ka anu sariyeun,
Anu siyeun ku kasiyeun!

Urang pajajaran girang pada bubar,
Paburisat acak-acakan………..!
Urang pajajaran tengah kabawa bubar;
Tapi bubarna sabab ka acak-acak ku anu paburisat!

Tah, sapanjang jadi demang,
Tah ngan harita ki demang hanteu bisa jadi
Anu lumpat paghareupna;
Sabab kapandeurian ku balad anu bubar pangmimitina.

Ngan aya anu bisa dijiyeun bahan kareueus,
Dijiyeun bahan carita di nagara girang sapanjang jaman.
Nyaeta, najan kapandeurian ku balad oge,
Ki demang lumpatna masih bisa mantowelleun
Hareupan ki panghulu!
Tah eta anu kitu, perelu pisan disuratkeun,
Abeh anak incu nyarahoeun!

Ngan anu ieu mah ulah dicateutkeun!
Barang luncat ngaluncatan kamalir,
Ki demang kasusul ki panghulu…….
Anu dina turun luncat inyana,
Kabeneran lempeng jasa keuna tonggong ki demang.

Mimiti eudeuk dibebetkeun;
Tapi ceuk ki panghulu: “moal dikawinkeun deui siah!”

Sabab seja ki demang oge,
Deuk nyiyar deui sababaraha cawene anu bararagus,
Nya atuh kapaaaaaaksa,
Beurat-beurat oge dalugdag daligdeug
Ngabecir texxxxxx………..
Ngagandong ki panghulu raden haji……………

Amun hanteu disingsiyeunan,
Dibawa lumpat keuna lempengan sayan tawon,
Jigana, ki haji raden panghulu,
Moal beunang diecagkeun kitu bae……….

Anu harita hanteu marundur,
Ngan kokolot urang anu tujuh!
Jeung ki patih anom urang pajajaran girang raden jaya kidang!
Inyana mah lain memang hanteu siyeun,
Lain memang hanteu keueung;
Tapi hanteu mundur teh,
Sabab kabawa ludeung ku ki sepuh……….
Jeung ki sepuh murwa alih,
Rarasaan ki patih anom,
Asa diruruk nyalindung aub sapayung iyuh!

Ki sepuh anu tadi masih terus manekung,
Laju cengkat bari ngomong:
“tanggoan: dengekeun……tah, tah…….!”

kadenge ku ki patih anom oge!
Hawar-hawar jauh ti jero leuweung,
Nyao teuin di lebah mana,
Disebut di beulah kaler, jiga di kulon;
Sebut di kulon, jiga di beulah wetan………..
Kadenge sora gaur anu ngahaung……….
Lain haung hiji gaur,
Lain gaur ti hiji maung,
Tapi jiga loba maung tinggaraur ngaharaaung jauh………!

Ti dinya…… jep jempe deui………
Tapi laju teges jasa sora ngengkengna
Manuk kangkereng ti ruhur tangkal anu pangjangkungna,
Jero leuweung rada beh tengah………

Ngan sakali!
Ceuk ki sepuh: “tah, raden, geuning kasapukan!
Malah ngarajah teh, meunang ayeuna keneh;
Untaranna nepi ka isukan wayah kieu deui!
Ayeuna mah, urang balik bae;
Urang sasadia pieun isukan ngarajah!”

Ceuk ki patih anom: “ki sepuh!
Amun hanteu nyajen, mantak naeun?”
Ceuk ki sepuh: “teu mantak naeun-naeun!”
“ari mantkak naeun-naeun mah,
pieun naeun atuh nyajen?” ceuk ki patih anom.

Ceuk ki sepuh: “geus kitu parantina, raden!
Di dieu mah masih keneh mudu kieu!
Lain kaula anu hayang barabe,
Da saha atuh anu hayang barabe;
Tapi itu, anu dirajah anu boga leuweung,
Geus kitu pamenta inyana!”

“amun hanteu diturut?” ceuk ki patih anom.

“pieun kaula jeung sakabeh somah kaula!” ceuk ki sepuh,
“moal mantak naeun-naeun!”

ceuk ki patih anom:
“amun ka urang pajajaran girang? Ka kaula”
ceuk ki sepuh:
“nyaao! Ari ka dia mah,
moal kua moal kieu sugan!
Sabab dia anggeus diwauhkeun!”

“anu sejen?” tanya ki patih anom,
“hanteu diwauhkeun?”

“atuh puuuuuguh;” tembal ki sepuh,
“arinyana mah, muuuudu;
mudu di tuduhkeun ka pangeusi ieu leuweung!”

“ari geus di warauhkeun mah!” ceuk ki patih anom jaya kidang,
“mantak naeun bejakeun beeee,
urang pajajaran girang mah hanteu beunang bawa pieun nyuguh!”

ceuk ki sepuh: “karep dia! Da amun aya kua aya kieu eujeung kituna,
ulah urang pajajaran tengah anu ditempuhkeun!
Tapi sagala-galana, mudu ditagih ka anu naritah ngabukbak!”

“tapi ulah ka kaula!” ceuk kipatih anom,
“nagihna sina ka ki panghulu beeeee!”

******************

isukna, sasajen anggeus sadia!
Ki sepuh laju ngarajah;
Menyanna eukeur nyerebung,
Melenghir wangi kamana-mana.

Ceuk ki sepuh ka anu baroga leuweung,
Anu baroga hanteu kadeuleu:
“ieu mah ti kaula sababatur!
Anu hanteu kareupan nyajen mah,
Kumaha eyang panggeugeuh bae;
Kumaha embah pangraksa sampalan!
Kaula nyerenkeun ka sakabeh panunggu,
Ka sakabeh tutunggon di ieu leuweung!
…………….. hong!”

laju ceuk inyana ka ki panghulu:
“ki raden! Paralun kitu oge, nyah!
Tah, ayeuna kaula nyerenkeun ka dia!
Gawe kaula mah, anggeus anggeus!
Seug ayeuna mah, kumaha dia!
Ngan amun eudeuk taram, mudu taram ti kulon heula.
Majuna kebat ka wetan!
Watesan ku dia lebahan mudu eureunna,
Ti dinya,
Ngabukbakna laju ti kaler maju ka kidul!
Ari ngawaaaaaaro kitu oge!
Ari hanteu mah, sabodo diiiiiia……………….!

Tunda!
Keun sina ngabukbak;
Muka deui leuweung di urut alun-alun,
Urut alun-alun tanjung salikur…………..!

Urang deuleu ka beulah kulon,
Ka kulon anu jauh!
Ka gunung kendeng;
Ka gunung panjang ngaruntuy,
Anu ngendengan nagara lima anu anggeus jadi nagara hiji,
Engke di buritna puray deui bongan inyana.

Bongan inyana di jadi raja!
Raja, anu saban-saban dipinda sukma,
Anu ngan parcaya ka loba deui raja panyelang.
Raja, anu ngagugu ngan ka anu ngaragun-agung;
Jeung nurut,
Ka sakur anu ngaku-ngaku kaseundeuhan karuhun.
Raja, anu hanteu daek bae engeuh
Inyana keur ditaripu ku anu ngareyang-reyang inyana…….
Ngareyang ngarolo-ngolo sabari nyariyeun sina sakabeh jaradi salah!
Tapi, sagala-gala anu salahna………….
Ditempuhkeun bae ka somah anu sangsara!

Raja, anu jaya dina letah,
Tapi saban-saban di pinda sukma;
Nepi diburitna jadi buta.
Sabab lajuna, inyana disukma dewa sulangkar!

Da atuh puguh jadina raja,
Raja oge, rajana raja panyelang!
Lain raja pajajaran urang!

Urang neuleu heula ka gunung kendeng,
Nu ngendengna ngaler ngidul,
Dina manjang anu ngulon nyela ka wetan!

Bari mapay panjang kendengan,
Aya anu laju turun satonggoheun lebah anu sagala tiris tiis beresih,
Lebahan anu sagala alus herang ngagenclang,
Tapi jempling sakuriling bungking………..
Di lebahan tonggoheun saeutik rada ngulon
Ti engkena ngadeg lembur gede dayeuh leutik,
Anu baris mawa ngaran nganirmala!

Di dinya harita turun jelema kolot,
Aki-aki tapi jagjag;
Nu kolotna, jigana mah tara ngolotan.
Nu umurna, jiga moal nepi ka buntutna……….!

Inyana, assamping rawing-rawing;
Sajamang teu puguh warna,
Nyampaykeun iket teu pasti batik,
Dina taktak nu beulah kenca.
Dangdanan kabeh saruwa;
Saruwa soteh dina dekilna!

Mun diseuseuh, moal mahi rerek sadunak;
Mantak marabok lauk,
Salikur leuwi ka girangkeun,
Salikur leuwi ka hilirna!

Inyana turun, sabari nyoren kaneron jeung manggul pantun!
Laju mudun deui leumpang ka wetankeun,
Jiga mapag matapoe ke lebah enggon bijilna……..
Nya urang caturkeun bae,
Inyana anggeus nepi ka lebahan anu keur rame ngabukbak leuweung.

“tukang pantun, batur!
Tukang pantun! Urang tanggap!”
“lain, etamah! Anu burung!”
“heueuh; geuning jiga ngocomang ngomong bae sorangan!?”
“lain ngocomang eta mah! Ngagayeum seupah meureun!”
“kajeun, batur, kajeun!
Nu burung geh, urang tanggap beeeee! Ari euweuh tanggapeun mah!”
“moal engke cara ki satirah?
Ari kurang pupulurna, sok laju bae kasurupan……!”
“ulah disuguhan be atuh!”
“meureun moal daeukeun maaaaantun!”
“teu daekeun mah,” ceuk urang pajajaran semah,
“urang tenggeulan beeeee!”
“heueuh” ceuk batur-batur inyana,
“urang pegat-pegatkeun tali pantunna!”

ceuk lulugu bubuhan semah: “aki, dia tukang mantun?”
ceuk si aki: “lain!”

“eta geuning mamawa pantun!?!”
“teu dibabawa mah, atuh tinggaleun!”

“aki bisa mantun?”
biiiisa meureun ari diajar heula mah!”

“anggeus atuh diajarna?”
anggeus!”

ti saha diajarna?”
“ti guru di gunung. Ti sang hiyang di tegal luwang!”

“saha ngaran dia?”
“kaula mah hanteu boga ngaran.
Kumaha anu nyebutna bae!
Katelah mah ki catur paruntagan!”

“ku naha mones kitu?”
”sabab catur kaula, catur beda ti nu batur,
teu saruwa jeung nu deungeun!
Patunjang-tunjang, keuna carita anu araya!”

Ceuk lulugu anu ngaluguan bubuhan semah:
“tah ieu yeuh, pantun anu mones mah!
Ari patunjang-tunjang kitu mah, moal saaaaaalah…….
Ngaburiweutkeun lalakon anu geus kasohor,
Nejehan carita pujangga wetan……….!”

Ceuk bubuhan semah anu diluluguan: “tanggap!”
Ceuk si aki: “nanggap sih naggap! Kumaha heula badamina?”
Ceuk somah-somah sakabehna
“amun rame, mantun terus!
Hanteu meunang nunda eureun-eureunan!
Beurang peuting, mantun terus!”
Ceuk si aki: “tah ieu mah, anu deuk naranggap teh kabeneran!
Moal aya anu leuweih barurung deui ti kieu!”

“baruk?!!!!!?”
“ari mantun teh, mamangsa cara tambang pamoean?
Beurang peuting manteng terus diburuan?”

“ari teu berek mantun mah, geus, moal ditanggap!”
“memangna kaula anu ngamen menta ditanggap?” ceuk si aki
sabari sakabeh ramo inyana diberebetkeun keuna sakabeh
kawat pantun…………..
mani ngagaur handaruwan!
Atuh reuwas jaaaasa nu deuk nyiyar-nyiyar pionareun.

Ceuk lulugu arinyana: “kumaha aki be!
Asal anu ramena jasa kabina-bina!
Anu kaula can nyorang ngadenge!
Lalakon naeun, aki?
Lalakon badag anu xxlang-lang sabari malang?
Carita nyi putri anu malang ngajegang di ranjang?
Atawa lalakon munding nu ngalaya di kasumah……?”

“nu kararitu mah, lalakon hanteu puguh jamanna,
jaman pajajaran oge,
jaman anu dijajarkeun ku pujangga wetan!”

“nu kumaha atuh?”

ceuk si aki: “lalakon kaula, lalakon anu memang kajadian,
kajadian di jaman anu anggeus kasorang.
Tapi harita kapanggih deui,
Di jaman nu bakal datang.
Carita kaula, lain dongeng ngadongengngeng,
Lain catur tamba malaweung;
Tapi lalakon pikiraneun,
Nu narapak dina uga,
Sampeureun nu daratang engke pandeuri!
………….wani ngaburuhan?”

“sakumaha piburuhaneunnana?”

“buruhannana mah hanteu sapira!
Amun ramena, rame meujeuhna,
Dia kabehan mudu sararemprak sabari senggak!
Amun ramena, rada leuwih,
Dia kabehan mudu sarurak sabari jungkir!
Amun ramena, rame jasa,
Dia kabehan mudu saling genden hulu dia ku doran sewang-sewangna!”

“kumaha amun hanteu rame?”
araronnnnnngek siah, sabab sebel!”

“sanggup!” ceuk kabehan sakabehna.

Si aki laju mantun.
Ngalalakonkeun jaman di pajajaran tengah masih keneh aya
Reusi handeula wangi;
Bari ngajangjieun salajuna,
Eudeuk nyaritakeun kajadian di jaman baheula.
Tapi kajadian-kajadian anu anehna,
Saruwa jeung kajadian-kajadian jelema harita……….
Malah oge kajadian-kajadian eta-eta keneh
Anu engkena baris kajadian deui
Di jaman nu bakal kasorang!

Kajadian-kajadiannana saruwa bae:
Eta-eta keneh, kitu-kitu keneh.
Ngan beda dina wayah, jeung bedana;
Dina ngara-ngaran anu marawa lalakon!

“amun kaula ngalalakonkeun pajajaran tengah di jaman
kara kasorang?” ceuk si aki “kumaha?”

ngadengekeun!” tembal kabehan sakabehna.

“Heueuh! Tapi dia moal eudeuk bisa parcaya,
pajajaran tengah teh ngan runtag sebab leungitna wawangi ngaran!
Lain sabab ngaran leungit wawangi;
Tapi wawangi ngaran leungit ku jaman!
Dia moal eudeuk parcaya, wawangi anu harita leungit,
Engke opat ratus tujuh puluh jeung lima tahun,
Baris nyambuwang saamparan jagat.
Tapi engke,
Opat ratus tujuh puluh tahun punjul lima,
Mun diitung-itung ti kiwari……….!
Anggeus kujang pangarak,
Anu dirawat ku embah jawa,
Ditempa deui di cikabuyutan!
Nyaeta, anggeus satiya nu ngarawatna,
Ku tilu raja panyelang, diparaksa mudu nyerenkeun kujang ka anu
Ngaradegkeun kuta di balay tulang jelema,
Ngaradegkeun taman pieun ngawadal somah;
Ngaradegkeun nagara anu jaya,
Tapi jayana ngan pieun arinyana sapara kanca!
Ari somahmah tetep sangsara;
Sabab barudak anu deuk ngangon
Diarupah dibebenjokeun,
Ditaripu dila.lojodkeun
Sina ngarantep somah balangsak!
Tapi engke,
Baris hudang anu keur hees,
Ngan hudangna sabari singkil laju ngalawan!
Wayahna hudang?
Hanteu lila anggeus ku monyet-monyet bareureum mata,
Di wetan,
Talaga bedah diacak-acak bendungannana!
Monyet-monyetna?
Lain monyet leuweung nu ngarukuy keuyeup.
Tapi monyet-monyet inguwan raja!
Mantakna bendungan diaracak-acak? Da bonganna
Nu jadi raja embung turun
Tina panggung dipucuk emas,
Tina muhara ditaretes mutihara,
Tina garudra titiron nyonto ti sabrang!
Tapi emasna, meakeun beas;
Mutiharana, ci mata somah;
Garudrana, nyiyeun somah katempuhan
Kupolahna pangkat anjukan!

Saenyana, lain raja hanteu bisa diturunkeun; tapi
Rajana diunggah-unggahkeun diparunggu arinyana;
Ngarah sararugih ku loba duwit,
Abeh jararembar tina sarakah,
Abeh jararongjon menta ruruba,
Baru ngeunah-ngeunah arucang angge
Dina korsi kapangkatan
Sabari ngolo-ngolo ngagung-ngagung,
Nganteur raja ngumbar kahayang!
Abeh terus bae
Ngan arinyana bae anu ngalalakon
Manggung catur hanteu diganggu,
Ku arinyana raja di taripu di ojog-ojog
Sina bangkanang, dikalungan rante emas!
Sabab raja geus tibalik mata,
Hanteu inyana neuleu anu dikaraluhan mah
Lain bangkanan anak banteng;
Tapi anak kebo, gudel katungku!

Da bangkanang anak bantengmah,
Euweuh anu beunang dikaluhan;
Jeung nurutna,
Ngan ka barudak panunggu leuweung…………
Nya leuweungna, leuweung kaliwung,
Kaliwung sakabeh somah
Nu sasambat, euweuh nu nulungan,
Jueng ceceluk, euweuh nu nyusul;
Tapi marudu bae naranggoan,
Uga-uga ngawaruga,
Uga pakujajar hanjuwang siyang,
Anu engke jadi tangger
Pieun umbul-umbul hideung saparo bodas,
Di susulan ki pahare lalayanan
Ngahapit kujang pangarak!

Geus ngadenge tah lalakon eta?”

Ceuk lulugu anu ngajajeman gawe bukbakan: “eeeeeencan!”
Ceuk si aki: “moal ngadenge! Sabab lalakon kitu mah,
Ayana ngan di pajajaran tengah!”
Ceuk lulugu: “saha anu boga lalakon?”

“nu bogana mah, anggeus euweuh! Anu kari,
ngan anu kataritipannana bae!” tembal si aki tukang mantun.

“ngaran nu bareto bogana, saha?”

“disebutna mah; si lengser!
Ari ngaran saenyana mah, lain kitu.
Kiwari geus euweuh anu nyahoeun deui.
Kaula oge hanteu nyaho……………..
Ngan bejana mah, inyana baris tilu kali datang deui!
Mimiti,
amun geus paranti raja maseban,
Dijariyeun jadi enggon kekesedna kebo bula.
Inyana datang di jaman pajajaran girang disarangka pangguwaran;
Sabab lobana anu ngarasong-ngasong lalakon sabari majarkeun,
Pajajaran teh, ngagaleuhna saenyana mah di beulah wetan!
Tapi anu nyariyeunna lalakon,
Hanteu-hanteu acan nyararaho di mana lebahna leuwi ki patahunan,
Jeung hanteu bararisa muka seja anu nyariyeun ngaran pakuwan!

Kaduwa kalina,
Inyana bakal datang di jaman anu daragan dibaray ku nu ngawayang,
Jeung anu buburuh, dibaray ku nu tutunjuk di alun-alun!

Katilu kalina,
Di jaman rame deui pawayangan,
Tapi kembang tarate, hanteu laku deui dipake mareuli pare.
Inyana datang di wayah loba jelema
Anu arieu-ngaing nyaho uga bari lajuna,
Mararaksa sina uga ngawaruga samemeh wayah!

Tengetkeun!
Amun aya jelema, saban lalajona wayang,
Ngan nengetkeun lalakonna tina babarayna nu ngadalang……….
Tah eta inyana, anu baheula ngaran si lengser,
Tapi harita, minda kalang dina karang,
Salin rupa nurutkeun jaman………….
Deuk parcaya dia?”

Ceuk sakabehan: “nyaaaaao; da jamanna can kasorang!”

“heueuh! Ayeuna kieu!” ceuk si aki,
“memang pajajaran tengah mudu ngadeg deui!
Lain ngadeg cara baheula;
Tapi ngadeg dina adeg-adeg! Heueuh!”

Si aki ngomong sabari manggul pantun eudeuk nindak.

Ceuk kabehan: “kumaha ieu teh? Deuk kamana?
Apan mantunna acan anggeus;
Jeung dia can diburuhan………….?”

Mantun mah, engke dituluy;
Buruhna mah, kop bae bagi-bagieun!
Pibekeuleun dia marulang;
Sabab kiwari mah, lain wayah ieu nagara diadegkeun deui………”

Si aki laju nindak, nindakna sabari ngareuhak,
Manggeuy pantun dina taktak…………
……….nyoren kaneron eurat ku eusi!
Eusina? Lalakon pinuh siloka!
Lalakonna, nu ceuk inyana paruntagan………..
Paruntagan geh, pajar anu gariruk!
Pajar arinyana, anu hanteu nyarahoeun siloka teh napak di uga!
Hanteu nyarahoeun,
Uga anu ngalangkang dina ucap,
Ngan powekna dina nu caang,
Tapi natrat di anu powek………….!

Tunda heula!
Urang tunda heula;
Abeh jarongjon nu garawe.
Sina gararancang ngabukbakna;
Sabab jaman geus menta jalan……!

Urang caturkeun bae anu garawe!
Moal aya anu gawe, amun euweuh pangeusi beuteung!
Tah eta pangeusi kadut, eta parab,
Hanteu dibarawa ku arinyana ti nagarana.
Tapi mudu diayakeun ku anu kaaranjrekan.
Ku kokolot tujuh jeung somah sakabehna!

Mimiti mah, biasa bae!
Kejo bogor hanteu ditararampik.
Tapi kadieunakeun mudu kejo, kejo puleun;
Mudu angeun, angeun semur,
Semur kebo, ngora keneh……….

Karuhan badis nyiyeun kawalahan nu kasemahan.
Tapi, apanan aya ki mangparang, kokolot pakancilan!

Ceuk inyana: “geus sabulan arinyana aya di urang.
Geus meujeuh disaruguh kejo pariyuk;
Sabab tambah deui baralaga!
Ayeuna geus marimitian marenta nyatu jeung dagin munding;
Biheung isukan mah,
Marenta ulin bari nyoyoo daging
Nu ngan nyempil di hapit pingping!
Mimiti ti isukan ku ngaing diparab kejo ketan alas!”

Isukna deui, kabeh tukang kejo
Disina nyarangu beas ketan corogol jonggol,
Anu diarihna dicampur cai pangumbahan
Akar jeung areuy daraprana!

Karuhan anu nyaratuna mani parebut….
Marenta deui, marenta deui;
Tambah deui, tambah deui…………
Sakitu beuteung arinyana geus karenceng teuas!
Cara luwung bedug oge,
Sungut arinyana arembung kosong……..

Amun hanteu dibere godogan genje mah,
Jigana eudeuk raruuuusuh!
Da mani euweuh saremeh-remeh acan anu kari;
Nepieun boboko-bobokona, dulang-dulangna,
Ceuntong-centongna jeung hihid-hihidna diraletakan………..
Puguh amun hanteu kaburu dibere godogan eta mah,
Centong, dulang jeung boboko oge,
Ledis digares arinyana!

Ngan aya dua urang anu dadaharannana biasa bae.
Nya eta ki patih anom;
Sabab inyana mah, ku ki mangparang samemeh taram keuna sangu teh,
Disina nginum heula peueung………
Ceuk kimangparang ka inyana,
Abeh teteg tindak teuas peureup.
Karuhan euweuh balukarna!

Anu saurang deui,
Nya eta hiji semah anu purah ngajejeman
Ngagotongan tangkal-tangkal anu garede panggedena!
Jelemana mones kabina-bina!
Mantak gingiyapeun amun neuleu ka inyana waktu lilir,
Mantak nurut buwat amun keur nyiram!

Dedegan inyana mah, tegep keker malah hade;
Mantak piuruyeun rangda-rangda,
Mantak piconggahan mojong-mojang,
Mantak kapelet loba cawene.
Tapi beungeut inyaaaaaana………. hwaaaaaanah,
Badis owa dina rupa,
Badis lutung dina hideungna!

Ti barang datang oge,
Inyana mah hanteu loba tingkah, hanteu loba carek!
Malah jiga karunya eujeung nyaah,
Kasakabeh anu kasemahan aleutan pajajaran girang……….

Ceuk sakabeh oge, mah
Tara kadengen inyana ngomong,
Amun hanteu perelu-perelu teuin.
Dadaharannana hanteu loba codekah;
Naeun bae kaagehan!

Keur diparab kejo pariyuk oge,
Inyana jiga anu geus nyaho!
Memeh dadaharan teh,
Nginum heula peureutan tina bodogol cau kulutuk.
Tapi nginumna, hanteu katembong ku saha-saha!

Inyana hanteu ngabeka, hanteu ngambek;
Malah hanteu geruh-geruh acan.
Keur dadaharan, inyana kadeuleu ku ki mangparang.
Samemeh kejo dihuwapkeun,
Ku inyana digupaykeun heula ka ki kokolot;
Digupaykeun sabari nyengir.

Pikir ki mangparang: “hag siah, geus mabok laleur!”
Laju inyana nyampeur ki semah sabari nanya: “ngeunah?”

Tembal anu ngahuwap: “sahanteu ngeunah ge, kejo niwara!
Ari nyaho jampena mah, moal katulah!”

Kimangparang reuwas jasa: asa kaboker rahasiah inyana!
Tapi ceuk ki semah: “ku nahaeun dia jadi bodas di tungtung irung?
Reuwas nyah, aya nu nyahoeun!?!?”

Kimangparang hanteu ngajawab.
Ceuk ki semah: “ka deiu dia!”

Anggeus parek, ceuk ki semah: “pajajaran girang oge,
Ngaing mah ngan ngilu wungkul.”
Ngomong inyana sabari harewos,
Harewos anu kadenge ngan ku ki kolot bae.

Irung ki mangparang hanteu hepe deui;
Laju ceuk inyana: “saha ari dia?”
Anu di tanya ngan nyengir bae;
Sabari nyengir, sabari ngahuwap!
Laju ceuk inyana: “kaula mah, hanteu boga ngaran!”

“tah! Geus kadua ieu!” pikir ki kokolot,
“ti heula, tukang mantun! Ayeuna ieu………
asa-asana mah, euweuh dina ugana,
baris kadatangan anu karieu!?”

ceuk anu ngahuwap, sabari ngareret:
“dia panasaran hayang nyaho di ngaran kaula!
Ngaran kaula, geus ditatah dina rupa!”

Ki mangparang mani ngagebeg;
Da atuh anu kadeuleu sakitu parekna,
Tiiiiilok deui aya jelema nu kitu rupa…………?
Inyana reuwas deui; parangsana inyana,
Inyana keur ngomong jeung anu boga leuweung………..
Bari mata molotot gede, jeung sungut calawak rubak,
Ki kokolot eudeuk lumpat sabari reuwas!

Tapi taktak inyana,
Dicekelan pageuh ku anu rupana pisiyeuneun……….!
Amun hanteu anu nyekelan kaburu ngomong,
Anggeus tangtu ki mangparang
Gogowakan menta tulung.

Ceuk anu nyekel taktak: “ki mangparang,
Ulah dinya nanya di ngaran kaula!
Mahi ku dia nyaho,
Kaula teh lain urang pajajaran girang.
Beusi dia nyangka kaula alok batur,
Kaula deuk nyaritakeun dia heula!”

Ceuk ki mangparang bari keneh siyeun;
Inyana ngomong sabari rada singsireuman dina letah:
“bener dia atuh lain nu boga leuweung…………
lain dedemit anu ngageugeuh di dieu?”

ceuk anu goreng rupa: “kaula saruwa jeung dia;
pada-pada jelema!
Ngan bedana dina rupa eujeung ngaran…….
Eujeung tangtuna loba deui bedana!
Kaula deuk ngabuktieun,
Kaula lain urang pajajaran girang,
Nu datang ka dieu dina seja ngabogaan ieu nagara.
Dengekeun!
Ki mangparang teh katelah ti anak cikal dia mah:
Bapa sanatu!
Dia bareto ngilu nuturkeun raja ka tegal buleud.
Basa raja keur di dieu keneh,
Ngaraton di dayeuh anu urutna di bukbak,
Dia imah-imah di patuha satonggoheun bale kambang.
Pangkat dia harita mantri……..!”

Bari rambisak,
Ki kolot nyekel pageuh keuna leungeun
Anu keur nyaritakeun jaman anu kaliwat;
Ceuk inyana: “geus! Anggeus!
Ulah nyuwat-nyuwat anu geus kasudat……….
Ulah ngahudang-hudang anu mantak tibelat!
Bareto, kaula mubus, nuturkeun raja!
Kiwari, kaula masih mubus;
Kaula mubus sabari nanggoan datangna deui raja!
Kiwari kaula geus ngilu ganti sembaheun;
Sembaheun anu bareto disingkahan ku kabehan!
Ceuk basa di kiwari, kaula ayeuna ganti agama.
Tapi saenyana, dina bukti anu nyata,
Ki semah, anu ganti teh geuning lain agamana.
Tapi ngan peta lampah sinembah bae,
Jeung ngan ganti ucapan-ucapannana.
Anu bareto kaharti dina hartina,
Kiwari diganti ku basa deungeun,
Anu ku kaula mah hanteu kaharti!
Padahal, amun bareto dina eudeuk ngaganti urang sinembah,
Arinyana ngajak dina peta anu hanteu anjukan,
Jeung ngajakna make ucap-ucap anu natrat napak
Keuna raja anu hade,
Tilok urang pajajaran deuk marungpang.
Anu harita di lawan ku urang kabehan,
Nyaeta peta maksa lampah arinyana…….!”

“heueuh!” ceuk anu goreng patut,
“nepi ka kiwari, ceuk jelema-jelema anu tetep bae
gariruk ka ngaran pajajaran teh,
pajar arinyana mah,
pajajaran tengah nangtang perang ka agama anu anyar!
Arinyana nagen dina parcaya wungkul
Ka anu ngan ngahaharuwan pajajaran.
Arinyana ngan ngawaro keuna omong arinyana
Anu ngan harayang meunang sorangan bae,
Bari majarkeun:
Arinyana hanteu ngasupkeun agama arinyana
Ka pajajaran sabari ngabar-ngabar pedang eujeung gobang!
Ceuk arinyana mah, arinyana nebarkeun agama teh,
Hanteu dpapaksaeun; hanteu nebarkeun agama sabari ngalugas gobang!
Ngaralugas gobang soteh, pajar arinyana mah,
Sabab urang anu rarajang!”

“ceuk arinyaaaaana!” omong ki mangparang,
“ceuk arinyana anu ngabuni-buni panyipuh!
Jeung ceuk arinyana,
Anu harita hanteu ngarilu merangan urang!
Tapi ceuk urang, urang pajajaran tengah,
Anu ngalaman eta perang,
Harita lain urang anu mimiti nangtang!
Urang ngalawan, sabab ditarajang!
Tapi ceuk arinyana mah, ceunah urang anu nangtang!
Nya eta mah, kumaha arinyana bae;
Sabab arinyana anu unggul.
Jeung dimana-mana jeung di jaman anu iraha oge,
Anu diaranggap bener teh,
Ngan carita ti anu meunang perang!
Bebener anu eleh mah,
Sanajan sakumaha benerna oge,
Dibunian ku kahayang jaman!
Tapi, ki semah! Saha dia saenyana? Ti mana dia asal?
Kaula parcaya dia urang pajajaran tengah,
Sabab dia nyaho kaula di jaman anu kaliwat!
Bareto kaula memang menak, bareto kaula pangkat!
Tapi kiwari, ngan eukeu somah,
Anu ku somah-somah anu satia nurut keneh
Ka celuk anu ngaweuh di jero angen,
Diaranggap jadi kokolot!
Ari dia saha?”

“kokolooooooot!” ceuk dia anu ditanya,
“hanteu guna di wayah kieu,
dia mapay lacak anu geus laas!
Ngaran kaula anu baheula, moal mawa bagja,
Di ieu jaman anu keur dilampahan!
Sebut bae ku dia: ki lutung,
Da puguh rupa kaula jiga kitu!
Moal kaula eudeuk ngambek!”

Laju ceuk inyana sabari mesem:
“bareto kaula hanteu cicing ngasal di dayeuh cara dia;
tapi di ditu, di tegalan tanpa wates,
di sampalan tara kasaba,
di walungan pamingkisan,
di alam pangbiyasan!
Kaula hanteu nyorang ngilu mubus;
Tapi amprung-amprungan nurutkeun pangajak bentang,
Bari naggoan suga-sugan bener,
Baris datangna wayah,
Kaula bisa bakti diri seba sukma,
Pieun ngajajarkeun bebenerna bener kabener pajajaran urang,
Dina tengah-tangah jajaran benerna kasalah salah arinyana,
Anu dina salah, keukeuh harayang bae disebut bener!
Ki mangparang!
Satukangeun ieu beungeut kaula anu rupa kedok kagorengan,
Goreng soteh pieun mata anu hanteu tembus deuleu,
Masih keneh ratug hate pajajaran tengah………..
Hanteu beda ti hate dia!
Kaula parcaya jasa, kiwari jauh keneh keuna usum,
Tengah keneh keuna wayah,
Kanyeuri bisa dibales ku kanyeuri.
Tapi kaula oge parcaya jasa,
Baris datangna wayah,
Urang bisa bakal ngabuktieun runtagna pajajaran urang,
Lain sabab nangtang, tapi ngalayanan nu hayang perang;
Lain sabab mungpang, tapi ngalawan keuna paksaan;
Jeung manandeh di ganti agama ku gurilap gobang!
Ceunah, hanteu dipaksaeun hanteu disingsiyeunkeun.
Ceuk arinyana! Keun bae;
Eta mah basa pujangga wetan,
Jeung carita arinyana anu anjukan,
Anu tetela nyarahona teh,
Ngan tina suratan ku er-emas,
Jeung tina rahul batur-batur arinyana,
Nu ceunah mah, karungsi ngarilu merangan urang!
Urang pajajaran girang, ayeuna eudeuk ngabogaan ieu nagara!
Keun bae, ari barisaeun mah!
Kaula ngilu ka arinyana, lain eudeuk mantuwan arinyana!
Tapi sabab hayang neuleu jeung nyaksian,
Nepi ka mana jaya kagagah pajajaran girang,
Dina aku-aku jadi galeuh nagara sunda!
Kiwari acan wayah, kaula nangtung di beulah dia!
Sabab arinyana acan kamalinaan.
Jeung ku parab ti dia oge,
Ku kejo ketan alas corogol jonggol,
Geuning geus sakitu lalindeukna……..!”

“ki semah!” ceuk ki mangparang,
“saenyana! Lain kaula jeung kokolot-kokolot anu sejenna,
sararanggup nyiyeuhkeun arinyana.
Tapi saenyana mah, kieu!
Kaula sababatur keur nanggoan wayah,
Mudu maray upeti jeung nyerenkeun seba ka raja anyar!”

“raja aaaanyar? Raja urang?” ceuk ki semah anu sanggup ngaran inyana
di sebut ki lutung,
“ti iraha inyana ngadeg raja? Geuning euweuh bejana!?”

“ki semah! Rajana mah, lain raja urang.
Ngadegna, lain di nagara ieu!”

“di mana atuh?”
“di talaga rancah anu kasebut rancahmaya tea!”

“baruk!?”
“heueuh! Inyana hanteu ngaku-ngaku jadi raja pajajaran tengah.
Tapi ieu nagara urang, ku arinyana diereh jadi nagara bawahan!”

“nagara inyana, naen ngaranna? Jeung di mana ayana?”
“disebutna, nagara pakuwan rancahmaya.
Ayana di talaga eta. Karaton inyana aheng ajsa;
Aya di tengah-tengah talaga………!”

“baaaaruk! Kakara kaula ngadenge! Lajuna?”

“ngaran anu jadi raja!” ceuk kimangparang,
“reusi niskala wastu nyura barat maya!
Keur ngora teh kasep kabina-bina.
Pantes disebut resi,
Da bejana mah, hanteu daekeun boga prameswari.
Ngan aya anu aneh, ki semah!
Papatih-papatih eta raja, aya tujuh,
Sakabehna, ewewe kabeh;
Kabehannana dulur raja!
Gareulis kabina-bina;
Hese bisa nyiyar anu bisa nyaruwaan,
Boro-boro deuk nandingan!
Sugan amun geus nyaho mah,
Gareulisna teh, sugan saruwa jeung bidadari……. sugan!
Ceunah, kitu oge;
Da kaula mah acan ngajang ka karaton inyana!
Jeung eta papatih-papatih,
Acan aya anu nyorang datang ka dieu!
Ngan anu pangmones-monesna,
Nya eta somah sakabeh di eta nagara.
Kabeh beda ti jelema urang………
Amun dia bareto kungsi ngilu katalimbeng mah,
Di leuweung ci Torek,
Jueng kungsi neuleu pangeusi eta leuweung harita,
Tah semah di nagara pakuwan rancahmaya teh,
Hanteu beda ti kitu!”

“atuh ari kitu mah, meureun bangsa dedemit!?!?!”

“nyaaaao! Ngan anu puguh mah, urang diereh ku raja arinyana.
Engke dina waktu tutug galur dina wayah seuren tahun,
Urang mudu maray upeti jeung mudu seba.
Tah eta, seba anu rada nyiyeun kaula bingung teh”

Ceuk ki lutung: “ku naha mudu pake bingung!
Apanan ti baheula oge,
Di jaman urang aya keneh parabu agung siliwangi,
Apanan urang mudu seeeeeba!”

“ki lutung, eh ki semah! Lain urusan dina sebana,
anu ku kaula jadi pikiran;
tapi urusan anu mudu disebakeunnana!”

“naen sebakeunnana?”

“tujuh pasang sekar manah,
anu mudu nyeples sarautan, sadedegan sakabehna;
tapi hanteu mudu ayeuna-ayeuna disebakeunnana.
Aya untar, sapuluh kali seuren tahun.
Ngan anu melag nyugak keuna ati kaula, nya eta,
Eta anu disebakeun teh,
Dijariyeun wadal………!
Euweuh catur ti karuhun,
Euweuh beja tina tatahan,
Anu nunda carita
Salila nagara ngadeg pajajaran,
Urang nyorang ngawadalkeun manusa!
Tah eta,
Eta jelema-jelema piwadaleun,
Ku kaula kabehan moal eudeuk dicumponan!
Balukarna, ceunah baris ngadatangkeun tunggara gede!
Tapi keun bae;
Ku kaula eudeuk dipundak sapanjang ngundak,
Eudeuk dipikiran sabari tatanya.
Tilok sugan hanteu manggih bongborotan,
Pieun neuleu piakaleunnana……….!

Tunda heula!
Keun sina nyiyar bongborotan,
Pieun ngintip sabari tatanya,
Pieun nyiyar piakaleun………!

Urang caturkeun anu keur ngabukbak leuweung!
Urang pajajaran girang,
Saregut gawena ngan ukur salila sabulan!
Sabab anggeus diparab kejo ketan alas, arinyana jaradi katagihan!
Nyaratuna salajuna ngan harayang eta-eta bae;
Tapi mudu dideungeunan semur munding,
Empal munding, lauk munding…………

Nyaratuna, hanteu mahi saboboko sewang sakalingahareup………
Karuuuuhan, beasna gancang kurangna;pare niwara anu saleuit,
Sadiaan nepieun sabulaneun, dua pasaran oge,
Mani geus ipis pisan!

Nyiyar deui parena, da puguh geus lain usumna……..
Anu marudu disaruguhan, mingkin bae ngabarekana.
Ngan hadena, dina ngabarekana teh,
Hanteu barisa garalak sasentak kadua gaplok.
Sabab geus rariyuk!
Sabab geus rariyuk, anu ngabareka sabari galak,
Ku urang pajajaran ki mangparang,
Tara diturut deui kahayang arinyana!

Tapi amun geus nyarentak, laju disepak;
Amun maralotot, laju ditabok;
Amun ngabeka loba laga,
Nya….. ditareunggeueueueueueulan nepi ka awong-awongan,
Ngabaraung cara anjing dicepet senteg!

Ngan dua urang anu hanteu laloba laga!
Ki lutung jeung ki patih anom jaya kidang.

Ceuk ki lutung ka ki mangparang: “karuhan hanteu balaga oge!
Da inyana mah, girang oge, lain asal!
Asal inyana teh ti urang keneh!”

“baruk!” ceuk ki kokolot,
“paingan keuna hate teh, beda karasana!
Anak saha eta teh?”

“inyana incupatih seda; anak bupati pamingkis
anu ngadayeuh di cadasngampar keur bareto!”
“patih seda? Patih seuda?”

“patih seda! Patih seda,
anu bareto boga bagian kaler pajajaran girang,
diranjah bangsa pulawa anu nyulikan somah pieun juwaleun,
ku raja urang diiyangkeun pieun mantuwan urang pajajaran girang.
Inyana katelah seda,
Sabab ajal kasambut diwaktu melaan somah!
Ari patih seuda mah,
Anu katelah tina rupa beungeut inyana tea:
Kulit koneng ngadaun seureuh.
Sabab seuda teh, hartina seureuh!
Patih gagah anu ngaluluguan balad di lawang taji;
Tapi kapaksa mundur,
Sabab hanteu nanding dina kepungan…………..
Ari patih sida mah,
Nya inyana anu bareto diutus ka pajajaran girang,
Sina menta bantuwan tea.
Geuning harita, memeh urang ditarajang musuh,
Raja urang kungsi menta beja ti raja pajajaran girang,
Kumaha adeg-adeg raja eta nagara!
Ki patih laju miyang ti dayeuh urang;
Tapi ti harita, euweuh beja,
Euweuh carita kumaha jeung ka mana laju inyana………
Anak patih seda anu panengah, ngaran di urangna mah:
Nya i raden suwala kararan.
Inyana dipulung minantu ku raja pajajaran girang;
Dilakiankeun ka raden menak girang puntaga jaya,
Anu jadi bopati pamingkis di cadasngampar sumadangan!”

“paingan, paingan!” ceuk ki mangparang,
“atuh baraya keneh!
Tapi keun bae heula; ulah sina nyaraho!”

***

urang caturkeun bae:
anggeus beak pare alas corogol jonggol,
anu rariyuk jaradi nanambah bae kapusing anu diaranjrekan.
Sabab ari geus hanteu rariyuk deui mah,
Nararingkah arinyana,
Alabatan ti monyet-monyet beureum
Inguwan raja dina carita pantun!

Tapi ku nu baroga lembur, hanteu dibarere hate!
Karuhan, sakeudeung-sakeudeung aya kaributan.
Ngan acan nepi ka ayana anu mudu ditahlilkeun mah!

Nepi ka hiji poe……….
Nini-nini dirujuk ku genepan!
Nini-ninina hanteu ruksak, hanteu kua hanteu kieu;
Da bisa jasa ngulinkeunnana.
Tapi hate si nini…….. hanteu ngeunah jasa.
Inyana jadi cara begu bayangan.
Saban aya urang pajajaran semah ngadeukeutan,
Geus tangtu hulu inyana digenden ku lelenjing,
Xxxna ku si nini tara katinggaleun……..

Kajadian deui, aya ewewe nu meujeuh umur,
Keur ngoyos di huma,
Diraruyuk bari direjeng ku limaan.
Anu pangheulana nagkod mah,
Kaburu dipotongkeun panyelok inyana,
Jeung dicabut didudut kanjut mani karabut……….
Tapi anu opat deui,
Sabari paligantian ngarejeng, paligantian cara oray pepetok……..!

Ti harita, hanteu eureun-eureun anu garelut!
Jeung ti lembur-lembur anu tarugur ngabukbak leuweung,
Tambah poe, tambah bae loba kurangna!

Tapi , dimana-mana oge, di jaman anu iraha oge,
Di waktu nagara keur dijabel deungeun,
Sanajan somah anu boga eta nagara,
Tetela aya di bener,
Ku anu harita jaradi raja kawasa,
Langka jasa digarugu bari ditulung!
Malah anu disaralahkeunnana mah,
Lain ieuh balad-balad arinyana
Anu raranjah eujueng rarabong;
Tapi,
Keukeuh bae anu dipajarkeun salah teh:
Somah-somah anu ku arinyana dijariyeun susah!

Pajar arinyana: ku naha atuh, ewewe sina sosorangan aya di anu suni?
Ku naha atuh arembung ngalayanan?……..
Biheung leuwih ngeunah ti anu di imah………!

Sapoe euweuh anu tarugur!
Dua poe, euweuh anu tarugur!…………
Sapasaran, euweuh bae anu tarugur!…….

Anu baroga lembur, arembung tarugur!
Ongkoh geus wayah keuna ngaboyor jeung ngawalajar!
Ari hanteu sasadia pieun melak deui,
Ti mana atuh mudu daradaharan?
Apanan, anu mudu diparab,
Eta geuning tambahan lain saeutik……………

Pare mah, memang aya keneh.
Tapi ari pieun hakaneun ditambah ku anu nyaroro
Sakitu lobana mah, jiga-jigana,
Moal kadugaeun………..
Atawa kapaksa ngaganggu leuit tangtu!

Geus sababaraha kali, ki patih tanjung manunggal
Jeung ki balapati panyulur, ki demang jeung ki panghulu,
Marentahkeun mudu tararugur terus!
Tapi parentah arinyana, saurang oge, euweuh anu ngaladenan!

Nya kapaksa, kokolot satujuhna dicalukan;
Mudu karumpul di tegalan dina bojong.
(sabrangeun kiwari anu disarebut keramat embah rangga gading)

arinyana dikumpulkeun diriyungkeun,
cara badis bae sakitan deuk dipariksa!
Anu mariksana, nya ki demang.
Ceuk inyana sabari bengis:
“eh, kokolot kabeh! Montong mararungkir!
Sia kabehan maratanghul ngabadigul!
Sia kabehan ngokolotan sakabeh somah euweuh anu tarugur, nyah!
Montong nembal! Da heueuh!
Naeun sabab euweuh somah anu tugur;
Saurang-urang can aya anu datang,
Sakitu geus sababaraha kali diparentahkeun!
Montong nembal, hah!
Sia kabehan, eudeuk ngalawan, nyah!
Eudeuk ngahahalang parentah raja;
Nyegah nyah, ieu nagara dibogaan ku raja pajajaran girang!
Ngomong! Montong nembal!
Hayuh! Ku naha tah kitu?
Montong nembal!
Eh, ku naha sia caricing bae?
Hanteu kadengem enak keur nyarita?”

Kokolot satujuhna bararingung!
Apanan ceunah mudu ngomong,
Apanan ceunah hanteu meunang nembal.
Nya mudu kumaha atuh?

Ceuk ki mangparang harewos ka ki ranggah gading:
“geus meujeuhna sugan nya?
Ceuk ki ranggah gading: “meujeuh naeun?”

Tembal ki mangparang sabari hudang
(da tadi mah mudu naragog, hanteu meunang narangtung):
“mariyeuskeun beuheung inyana!”
Ceuk ki ranggah gading bari ngabetot ki mangparang nagog deui:
“nanaheunan sia? Cicing, lalajowan beee heula!”

Ceuk ki demang sabari ambek jeung bengis:
“eh, hanteu meunang haruwas-harewos!
Dewek anu nanya!
Sia kabehan mudu nembal ka dewek!
Sia arembung tugur, hartina ngalawan ka raja.
Ngalawan ka raja, hartina saruwa ngalawan ka dewek!
Montong nembal, sia; hayuh geura ngomong!……….
Eh, sia, tah si congcorang, nagog, nagog;
Hanteu meunang nangtung ari ngomong ka menak!”
Ki demang ngomong sabari deuk nyerenteng
Najong ki mangparang anu anggeus hanteu tahan deui!

Hanteu beda ti najong kumbang nubruk begu keur nyurudug,
Ki mangparang luncat tina nagog inyana………
Beuheung ki demang geus aya dina tuur;
Tapi barang eta beuheung demang kari mariyeuskeun wungkul,
Kaburu ki mangparang dijeuwang ki patih anom.

Ceuk ki mangparang sabari ngalesotkeun deui beuheung ki demang:
“deuh, aaaaaaaden! Lain diingkeunkeun baaaaaae!”

nareuleu kila-kila baris pirusuheun gede,
kabehan anu mariksa, pada ngalugas pakarang sewang-sewangna!
Ngan ki patih anom anu hanteu!
Jeung anu eukeur dipariksa;
Da arinyana mah hanteu marawa
Cocolek-cocolek apu acan!

Ceuk ki patih tanjung manunggul bari bengis kabina-bina:
“hah, sia, hah! Wararani?”
inyana nyerengteng eudeuk nampiling ki mangparang.
Tapi dihalangan ki patih anom bari ngomong:
“rakaaaaaa! Teuteunggeul mah,
gampang baaae kaulanuuuuun!”

tapi ki patih kalap: “eh, mencek!
Montong dia mengmeunangkeun eta anu badegong!”

Hanteu kanyahoan, ki panghulu anggeus nyorontol najong ki sepuh.
Tapi ki sepuh kaburu ised sabari diuk.
Suku inyana direngkaskeun keuna suku ki panghulu,
Anu sabarieukeur ngajeblag melay,
Ku suku ki sepuh di sanggap ku suku saduana.
Laju dijungjungkeun ku suku sabari diuk……….
Diputer-puterkeun bari ki sepuhna diuk cara keur ngalaes……….

Ki panghulu gegerowaan bari rorowesan;
Tapi ki sepuh mah jongjon terus
Muter-muterkeun tonggong ki panghulu,
Sabari sakeudeung-sakeudeung diajol-ajolkeun rada ruhur meueusan,
Laju disanggap deui ku suku keneh…………
Ki panghulu cecewetan menta ditulungan!

Tapi euweuh anu nulungan!
Sakabehan pada-pada cara anu keur lalajo laes bae!

Anggeus meujeuh lilana, ki sepuh lalaunan nyanggigir;
Sok ki panghulu diteundeun keuna rungkun harendong,
Sabari beuheung ki panghulu,
Diselapkeun dina cagak sagede curuk……….

Ceuk ki sepuh sabarihudang:
“harendong! Tah kaula mihape tutundaan!
Ulah wara dileupaskeun,
Amun bentang can katembong dibeulah wetan!”

“daiiiiiiilah!” ceuk ki ranggah gading,
“nanaheunan ki sepuh?
Make ngalaes di lebahan meujeuh mudu geeeeelut!”

Ceuk ki sepuh: “parakasa teuin! Gelut aya wayahna,
Nembongkeun kamonesan aya wayahna!
…….. hayu,
urang sanghareupan naeun kahayang ki semah!”

laju inyana nangtung ngaharongan sakabehan anu keur mariksa;
nangtung ki sepuh harita hanteu sabari ambek,
hanteu sabari tulak cangkeng;
hanteu sabari tutunjuk jeung hanteu sabari popolotot.
Tapi biasa bae,
Sakumaha pantesna anu boga imah ngahareupan semah,
Ceuk inyana: “saaaapun, ki menak!
Kaula deuk nyarita sabari nanya.
Kaula teh memang nyaho, geus dibere beja ti baheula,
Ku karuhun ti jaman itu:
Pajajaran tengah baris tilu kali dijajarkeun badega!
Tapi wayahna, baris diebrehkeun dina cahaya bentang,
Anu baris ngagenclang ruhureun punclak itu,
Puncak gajah anu nyungcung di gunung salak!
Basa dia eudeuk datang,
Jeung salila dia araya di dieu,
Genclangna bentang totonden,
Nepi ka kiwari can bae katembong!
Pieun kaula, eta hartina:
Lain di wayah ieu,
Kaula kabehan marudu nyenyembah semah,
Anu datangna deuk ngajawaraan!
Sabab eta, kaula deuk ngajenan semah,
Anu hade dina budi,
Jeung hade dina basa jeung harade dina lampah arinyana!
Semah cara budi jeung lampah dia mah,
Ku kaula sakabehan, moal eudeuk dilayanan!
Mending geh, dia baralik deui ka nagara dia……….
Ngan eta tah, ki patih anom mah,
Dia mah ulah ngilu!
Dia mah cicing be di dieu!
Basa dia mimiti datang,
Laju ngaku-ngaku ieu pieun raja dia,
Geuning ku kaula,
Hanteu dicaram hanteu dihalang-halang;
Tapi oge hanteu diserenkeun!
Malahan kaula ngajakan somah kaula,
Pieun mantuwan dia ngabukbak leuweung
Anu nutupan urut dayeuh!
Eta lain hartina kaula nyapukan dia ngajabel ieu nagara,
Anu saenyana mah masih aya nau bogana.
Saha anu mudu nuluykeun ngabogaan,
Eta kaula hanteu nyaho.
Nyao anak parabu agung baris datang,
Nyao urang banteun,
Anu geus bisa ngaruntagkeun ieu nagara jeung dayeuhna!
Sanajan dikumaha oge, dia atawa raja dia,
Dina ngajabel ieu nagara.
Tetela nyiyar-nyiyar gara-gara keuna pirusuheun.
Sabab, boro-boro nyarita atawa nyiyar heula,
Di mana ayana rawayan parabu kaula anu mudu nuluykeun karajaan,
Badami heula jeung anu disarebut nalukkeun ieu nagara oge,
Tangtu haaaaanteu!
Amun ieu gawe dia, kanyahoan ku raja banten.
Naeun kajadiannana? Seug!
Ceunah ceuk dia kabeh,
Ti batan ieu nagara digarungkeun mah,
Anggur digarap ku dia, atawa tegesna,
Dititah digarap ku raja dia;
Balukarna mah, ki semah,
Saruwa bae jeung dia ngagarap urut huma deungeun,
Anu can tangtu dialaskeun deui!
Da meureunan anggeus tangtu,
Lain seja anu ngaruntagkeunieu nagara,
Anggeus ngelehkeun raja kaula teh,
Eudeuk ngantep ieu nagara jadi leuweung geledegan,
Pieun arinyana ngingu sato-sato leuweung anu garalak!
Biheung engke mah, ku arinyana, deuk diadegkeun deui.
Da moal meuerun beda ti anu ngahuma;
Malikan deui ari geus aya pibahaneun atawa pimodaleun!
Apanan, dina ngahuma oge aya basa ngabuyut atawa mindo,
Ngabeleker atawa ngatilu kalian,
Jeung ngabakutrak atawa ngaopat kalian!
Moal atuh, iraha-iraha raja banteun
Ngagugat gawe inyana anu katunda heula?
Kaula pajajaran; dia, pajajaran!
Tapi dina rusuh jeung banteun,
Gara-gara dia ngewat,
Moal pajajaran kaula eudeuk mantuwan
Pajajaran nu salah pajajaran…………!”

Ari gentawang ki patih tanjung manunggul:
“sia, mapatahan ka dewek?
Sia cacah, nyaho naeun……….”

Barang inyana deuk nyorontol narajong ki sepuh,
Inyana dihalangan deui ku ki jaya kidang.
Tapi hanteu kanyahoan,
Ki panghulu geus bisa munahkeun jampe santolo ki sepuh
Anu makungkeun inyana keuna cagak harendong;
Hanteu kanyahoan anggeus habek bae,
Ngajujur beungeut ki sepuh!
Harita keneh, ki sepuh mani ngajeblag;
Harita keneh kokolot anu genepan, eudeuk ngamuk!
Tapi kaburu katengahan ku ki patih anom!
Bari ngajuwang beuheung ki panghulu,
Jeung laju ngabeubeutkeun ki panghulu ka tukang,
Ceuk kipatih anom:
“kaula moal deuk nyaram anu harayang rusuh!
Tapi lain kieu di muduna!
Ku kaula kaharti naeun sabab ki panghulu geuleuh ka ki sepuh,
Jeung naeun sabab ki demang geuleuh ka ki mangparang.
Tapi sabab-sabab arinyana sewang-sewangna,
Ulah dipake nyiyeun gara-gara rarusuh
Dilebah diayakeun pamariksaan!
Kaula nyaho, kisepuh moal atah langkah,
Kaula nyaho, ki mangparang untupan tanding jeung ki demang!
Tapi kaula lain eudeuk ngadukeun dia
Sina diadu jangkrik!
Sabab hanteu hade,
Pajajaran mudu ngamusuh ka pajajaran deui!
Memang, omong ki sepuh napak dina bener!
Tapi kaula kabehan anu diutus ku raja urang,
Mudu tetep ngalampahkeun parentah raja dawuh ratu!
Ngan tangtu moal aya gorengna,
Amun dina ngalampahkeunparentah raja,
Urang oge sabari mikir
Hade hanteuna warta ki murwa alih!”

Tapi ceuk kipatih tanjung manunggul:
“Montong teuin dina hanteu hadena,
dina hadena oge, hanteu mudu dipikiran ku urang!
Mundur dia, kimencek!”
Inyana deuk narajang,
Bareng jeung ki demang anu sabab neuleu balad-balad inyana,
Kabeh geus gagaroan,
Sabari pada-pada nyarekel pakarang kari ngadekkeun
Jeung nubleuskeun, jadi wani kabina-bina!

Tapi harita, ti tengah-tengah lapisan balad
Anu ngaronom ngalingkung kokolot urang anu tujuh,
Narojol hiji jelema anu gorengna,
Anggeus goreng patut pangmeakan-pangmeakanna!
Inyana ujug-ujug ngabendeng tulak cangkeng,
Antara kokolot tujuh jeung ki patih eujeung ki demang.
Inyana hanteu ngomong;
Tapi dina sorot dina beungeut inyana
Anu geus moal aya deui bangsana,
Tetela inyana nyegah ki patih jeung ki demang ngalangkah maju!

“nyingkah!” ceuk ki patih sabari nyentak,
“saha dia, wawanianan ngahalang-halang menak pangkat?”

“balad dia!” tembal anu goreng patut.

“balad sih, ku naha ngahalangan dewek?
Ku naha sia lain satiya ku anu jadi wawakil raja?”

“ki patih, kaula lain hanteu satiya.
Apanan sakieu lilana dina ngawula,
Kaula salilana aya bae di satukangeun dia anu kawasa!
Tapi ayeuna, kaula kapaksa mudu aya di hareupeun dia;
Lain di satukangeun dia deui!
Kaula ayeuna kapaksa mudu pahareup-hareup
Nyanghareupan anu sakitu lilana,
Mudu dituturkeun ti tukang bae!
Mundur!
Maju salangkah deui, dia duaan,
Moal neuleu deui caangna matapoe di poe ieu!”
Inyana ngomong sabari meleng;
Sorotmata inyana, dina rupa beungeut anu sakitu jorena,
Nembus terus ka jero hate ki patih.
Malah ki demangmah,
Kumis inyana anu baplang gagah
Cara rancatan daruwak beunang ngatiya,
Kumis inyana mani koyop sabari emplad-empladan heula……

Ki patih mere tanda sandi ka balad-balad anu sejenna,
Ameh ngarempugan anu ngajanteng ngahalang-halang,
Tapi ceuk anu jore patut:
“batur, batur!
Salangkah aya nau maju ti dia,
Ieu patih jeung eta demang,
Kari ngaran dina batu tutunggul!”
Inyana ngomong sabari malik ka balad-balad,
Sabari nukangan ka ki patih!

Harita keneh, ki patih nyundukkeun keris inyana.
Tapi teu kadeuleu usik saeutik oge,
Ku anu goreng patut, keris ki patih,
Dikempit ku kelek kenca inyana,
Sabari leungeun inyana anu kenca,
Ngeupeul peureup ki patih anu ngeukeuweuk landean!

Leungeun ki patih, dipurilitkeun;
Anu dipurilitkeun leungeun,
Mani bongkok-bongkok nahan kanyeri.
Barang bongkokna geus mahi,
Bujur ki patih dijijek,…………
Soloyong ki patih badis parapag di betot cetot guntur,
Nyoloyong ka balad-balad………..
Anu nyanggap inyana;
Tapi sabari surak rame,
Mariyak ngalowongkeun jalan ngajolopong!
Barang ki patih geus ngaringkel dina hunyur sireum kilang,
Ger bae sarurak rame deui………..
Atuh sakali-sakalieun mah surak ngeunah,
Anu ngeunahna nyeureup keuna angeun, mantak naeun sih?
Ongkoh dina surakna oge,
Lain nyurakan ki patih anu nyoloyong di jijek balad,
Tapi da eta atuh,
Eta nyoloyongna ki patih ku bagus jasa………
Mani jiga alap-alap keur nyamber luyuh
Anu norolong keuna rungkun.

Jeung mantaknasarurak sakitu ngeunahna teh,
Lain sapedah ngeunah keuna angen
Neuleu kipatih ngaringkel dina hunyur.
Tapi da eta atuh,peta ki patih keur ditapuk sireum………
Saha anu hanteu mantak ngabarakaaaaaaaatak…………..?

Kipatih hudang deui,
Hudang sabari ajret-ajretan,
Pak-pik-peuk sabari ceuceuleuweungan………
Saha anu deuk hanteu kitu,
Amun geus nyaraho mah kumaha rasana
Amun ditapuk sireum kilang?
Saha anu deuk hanteu akey-akeyan seueueueueri?
Neuleu peta ki patih alabatan peta bodor topeng!

Ceuk anu goreng patut ka ki patih:
“geus! Sakali deui dia hanteu ngawaro ka kaula,
dia baris aya di sabrang itu!
Najan dia menak gede, najan dia pangkat ruhur,
Ari hanteu ngawaro keuna warta
Tina seja somah anu nyaah,
Ayeuna keneh kaula eudeuk
Ngabobotohan ieu kokolot anu tujuh!
Ayeuna dengekeun ku kabehan!
Paralun beeeee, ki patih anom;
Da ngan dia anu hanteu beurat timbangan sabeulah mah!
Darengekeun!
Kumaha amun urang waro bae omongan ki sepuh?”

“teu deuk!” cowowok gero ki patih sabari ambek.
“hanteu meunang!”

“hade ari kitu mah! Kaula ayeuna
jadi bobotoh pieun urang dieu!
Ku kaula, kokolot-kokolot pajajaran tengah,
Deuk diadu kasirkeun jeung arinyana anu ngokolotan urang!
…………kumaha?”

“kituuuuuuuuu!” ceuk balad-balad sakabehan.
“heu-eueueueueeuh! Adukeun beeeeee!”

ceuk anu jore patut:
“urang mimitian ngadukeun ki panghulu!
Saha ti kokolot anu hayang ngalayanan inyana?”

Ceuk ki susul tunggak: “keun ku kaula bae!”
Ceuk anu jore patut: “jiyeun kalang heula!
Legana pasagi sarba sapuluh langkah!”

Anu di jero kalang, laju ngadukeun heula umur.
Ki panghulu meunang ngora,
Tapi eleh dina kolot.
Laju ngadukeun tanaga;
Ki susul tunggak unggul dina tanaga,
Tapi eleh dina gesit!

Laju ngadukeun pangabisa pangeusi awak.
Meunangna piligantian;
Arelehna piligantian heula…………
Laju ki panghulu ngagunakeun mantra-mantra inyana
Anu beunang diajar jeung muasaan,
Wurukan ti guru inyana nu harideung ti sabrang tea!
Ki susul tunggak nya kitu keneh;
Tapi mantra-mantra inyana mah,
Lain beunang diajar ti ajengan,
Lain beunang ngadenge ti pasantren;
Tapi beunang inyana guguru ti nu di gunung,
Beunang unyana baheula tatanya,
Ti anu kiwari ngan kari ngaran!
Tapi sagala pangabisa inyana eta,
Disurupkeun keuna papatah ti para hiyang,
Di tapakkeun keuna kaparcayaan:
Sagala daya jeung upaya,
Moal saruhuran karep jeung kahayang urang;
Jeung moal daya nyiyeun jaya,
Moal upaya nimukeun bagja,
Amun hanteu karana widi
Ti sang hiyang anu nunggal,
Anu eta-eta saruwa keneh:
Gusti awloh nu mahakawasa…………!

Dina metakeun mantra-mantra inyana,
Anu ngaranna dilandih jadi dowa,
Kipanghulu sabari muntang ka anu tadi disebut pandeuri.
Ki susul tunggak, inyana muntang sabari nyambat,
Ka anu saruwa keneh dina ucapan,
Tapi sejen dina pancipta angen inyana………….
Amun ceuk anu nyaraho dina harti agama jeung kaparcayaan,
Harita teh, sadua-duana pada menta widi
Ti anu eta-eta saurang keneh………….

Karuhan euweuh anu meunang, euweuh anu eleh;
Euweuh anu unggul, euweuh anu kaunggulan!

Laju ceuk kipanghulu: “ayeuna urang ngadu pangarti”
Ceuk ki susul tunggak: “seug! Dia heula mimitian!”

Ceuk kipanghulu: “naeun ari agama?”
Ceuk ki susul tunggak: “galur hirup anu ditujukeun keuna paeh!”

“haaaaah?” ceuk kipanghulu bari rasa inyana leuwih nyaho.
“ku naha di lojokeun keuna paaaaaeh?”

“sabab!” ceuk ki susul tunggak,
“saban guru ngawurukna: saha anu hirupna
ngestu nurutkeun sagala parentah jeung panuduh agama,
engkena di paehna, baris asup ka sawarga!

Anggeus dia ngadenge aya guru ngawurukna kieu:
Saha anu hirupna ngestu nurutkeun sagala parentah
Jeung sakabeh panuduh agama,
Hirupna baris terus langgeng di ieu jagat,
Salila ieu dunya satiyung bae ku langit?”

“aaaaaacan!”

“tah geuning! Ayeuna kaula anu nanya!
Heueuh kituh,
Sawarga teh alus jeung aheng kabina-bina;
Jeung dina alusna jeung ahengna,
Di dunya mah moal aya anu bisa nyaruwaan?”

“tantgu! Sabab, di dinya mah, sagala tinta emas,
inten, jambrut, mirah delima jeung permata anu herang
tinggarenclang gugurilapan!
Kabeh sareba aralus ongkoh mararahal kabina-bina!
Ceuk kabehan, tah kitu!
Ceuk sakabeh anu ngawurukan agara, tah memang kitu!”

“den hajiiiiii! Atuh ari kitu,
kaalusan jeung kaahengan sorga teh,
masih bisa keneh diukur ku emas inten jeung permata;
masih keneh bisa disaruwakeun jeung kaayaan di ieu dunya!?
Jadi ari kitu mah, sawarga teh hanteu boga ajen anu mandiri;
Jadi tetela, sorga teh enggon,
Anu hanteu bisa ditetepkeun dina alus jeung ahengna,
Jeung tangtu moal eudeuk saruwa pieun sakabeh jelema!”

“haaaaah?”

“heueuh! Sabab emas inten jeung permata mah,
takeran ajen kadunyaan, anu ditimbang
ku pikiran jelema,
anu dina ngukur gede ruhur jeung mahalna ajen,
pangajenannana teh, di wangun keu jeung tina kahayang!
Nyaeta, kahayang jelema anu hanteu boga anu kararitu,
Tapi hayang ngaboga-annana!
Pieun jelema anu tuman bera anu kararitu,
Ajenna teh ngan nurutkeun saukur waktu
Keur dipikabutuh inyana!
Ari hanteu dipikabutuh mah,
Atuh ajen anu kararitu teh,
Hanteu sakumaha rruhuuuuuuurna………..
Kaharti meureun nyah?
Amun sorga cara dia tadi,
Atuh alus jeung ahengna sorga teh,
Masih bisa keneh ditangtukeun ku ajen tina takeran
Anu aya di dunya-dunya keneh!
Hartina, masih bisa keneh disaruwakeun
Keuna kaayaan di ieu-ieu dunya keneh!
Salila anu dipake imbangannana,
Takeran jeung ukuran kadunyaan keneh mah,
Eta sorga teh masih bisa keneh
Diayakeun di ieu-ieu dunya keneh!
Hanteu perelu atuh jelema teh mudu paeh heula,
Pieun asup ka sawarga!
Ari masih bisa keneh kaalusan jeung kaahengan sorga
Diimbangan ku emas inten jeung permata mah,
Mantak naeun atuh,
Jiyeun bae eta sorga teh di ieu ieu dunya keneh!??”
Paralun! Kaula lain ngahiyam jijiyeunan anu agung,
Tapi kaula hanteu bisa sapuk keuna pikiran jelema-jelema
Anu arieu-ngaing bisa ngebrehkeun kumaha ari sorga!
Di ieu dunya, jeung pieun jelema,
Emas inten jeung permata,
Ngabogaan ajen anu mantak pikabitaeun.
Di sawarga mah, anu karitu biheung hanteu beda tina cileuh……..
Ceuk dia keneh,
Dia parcaya kaalusan jeung kaahengan sawarga teh,
Moal bisa aya anu nyaruwaan, di ieu dunya mah!
Hartina, dia parcaya pieun kaalusan eta kaahengan,
Di dunya mah moal aya tandingan………..
Moal aya imbangannana anu bisa diwangun
Tina takeran ajen bungkeuleuk sipat kadunyaan
Anu mangrupa kumaha oge!
Eta kaahengan kaalusan sorga,
Moal deuk saruwa pieun sakabeh jelema!
Sabab, eta kaalusan jeung kaahengan teh,
Ngawujudna, tina daya cipta angen arinyana,
Anupada-pada acan nyorang nyaraho dikumaha ari sorga……….
Paneuleu jelema anu ngan nyaho wungkul alusna bulu merak,
Beda deui ti paneuleu jelema anu geus nyaho kaalusan eta bulu
Ari keur diserengkebengkeun dina awak ku anu boga eta bulu!
Tah, mantakna disebut moal aya anu bisa nyaruwaan teh,
Lain sabab ditaretes ku permata;
Lain sabab dijiyeunna tina emas jeung bahan-bahan anu mararahal;
Tapi sabab ku bedana saban pangdeuleu
Kumata daya cipta sewang-sewang jelema!
Paraaaaalun kitu oge den haji!
Ulah pamanggih tadi dianggap pamanggih
Sakabeh urang pajajaran dieu.
Anu tadi mah, ngan saukur pamanggih kauuuuula, sorangan!”

“jadi dia hanteu parcaya ka ucapan kanjeng nabi?
Apan dina jumenengna keneh, inyana nyorang ka sawarga!”

“lain ucapan inyana, anu ku kaula hanteu diparcaya.
Tapi beja anu neruskeun carita!
Samulang ti sawarga teh, inyana tangtu nyarita ka jelema-jelema
Anu acan nyorang ka sorga.
Jelema-jelema anu di caritaan, nyaritakeun deui ka jelema sejen;
Anu ceuk kaula tadi oge,
Tangtu moal saruwa pangartina jeung moal saruwa
Jeung moal satahap dina daya cipta sewang-sewangna!
Hanteu saruwa nyiptakeunnana, tangtu beda deui ngarupana
Wujud anu kagambar ku pikiran jeung kahayang sewang-sewangna!”

“nanahaeunan make beda kitu?”

“beda hulu, beda deui pikiran jeung kahayangna!
Sanajan disebut saruwa oge, dina saruwana,
Moal eudeuk cara sakahayang hate sewang-sewangna pisan!
Cara dia jeung kaula!
Dia keukeuh dina emas inten jeung permata,
Anu bungkeuleuk dina sipat kadunyaan!
Tapi ceuk pikir kaula, boa anu ku anu unggal ka sawarga
Disebut emas inten jeung permata teh,
Dina sipatna mah, lain barang-barang anu saruwa
Jeung aya di dunya ieu!
Ngan ku anu nareruskeun eta carita,
Kaciptana saruwa jeung emas inten anu di dunya ieu,
Dipake ku parhiyasan ku jelema!
Ku naha, pamanggih kaula beda ti anu dia?
Den haji!
Amun dia babarenganleumapng jeung hiji tangkulak kayu.
Laju nyampak hiji tangkal kadu ngarandakah subur,
Waluya mulus ruhur, nu gedena,
Moal katangkep ku tilu urang…………
Naeun anu mimiti kapikir ku dia?”

“buahna; leubeutna jeung garing tuhur dina amis kuning eusina!”

“tah eta, pikiran dia!
Tapi ari pikiran ki tangkulak mah, lain buahna;
Tapi lobana pibalikkeun amun eta tangkal dituwar laju digaragaji……….
Padahal,
Anu harita disanghareupan ku dia duaan,
Eta-eta keneh dina wujud anu ngabungkeuleuk beunang dicapa.
Dina urusan anu beunang dicapa, anggeus sakiiiiitu!
Komo deui dina lebah urusan anu ngan ngarupa tina beja mah,
Jeung can nyorang kadeuleu ku mata jelema biasa………..
Seug, ayeuna dia deui anu nanya ka kaula!”

“susul tunggak! Ku saha dipapagna anu paeh,
sadatang inyana di aherat!?”

“ ku balukar hade goreng laku lampah inyana salila hirup!”

“laju?”

“amun pamariksaan ninggang di goreng, ceunah,
inyana dipapag ku anu mawa inyana ka anu baheula,
disebutna jagat pancaka,
tapi kiwari disebutna naraka!
Amun pamariksaan nyugemakeun,
Inyana dipapag ku sanak kadang jeung batur-batur,
Anu ti heula geus araya di sawarga………….
Suuuuugan kitu oge!
Laju sugan, dipapag ku para karuhun jeung pamuntangan inyana,
Anu mawa inyana ka enggon di tahapan sawarga
Anu pantes jeung saimbang keuna hadena lampah hirup inyana.
Tiiiiilok jelema biasa, eudeuk dibere enggon
Saruwa jeung enggon para nabimah………?”

“saha anu ngawulaan inyana di sawarga?”

“balukar tina sagala kahadean laku lampah inyana!”

“lain! Tapi bidadari opat puluh, anu gareulis cawene langggeng!
Jeung naeun sabab, dikawulaan ku nu karitu?
Seug, jawab!”

“den hajiiiiiii! Ceunah,
anu dikawulaan bidadari sakitu lobana mah,
ngan inyana anu salila hirup inyana hanteu aya celaaeun
dina laku lampah, jeung hanteu nyaliwa saeutik oge
tina parentah jeung panuduh agama!
Tapi ku kaula hanteu kaharti naeun sabab,
Mudu disebutkeun pisan:
Anu gareulis jeung cawene langgeng?”

“silaing resep moal,
amun dikawulaan ku nini-nini wungkul,
anu keur jarore patut teh,
ngan kari kulit eujueng tulang?”

“radeeeeeen, memeh nembal, meunang kaula nanya heula?”

ceuk ki panghulu sabari male kumis: “seug!”

“anu di ditu purah ngawulaan,
sakabeh ngan bidadari bae kituh?”
ngan ewewe bae?
Tilok euweuh badega lalakina?
Apanan aya bidadari, aya bidadara!
Ku naha hanteu dikawulaan ku opat puluh bidadara,
Nu karasep ngora, bari garagah taragep segut?
Dina urusan ieu agama anu anyar keneh pieun kaula,
Loba anu kaula hayang nyaho.
Tapi di dieu mah, euweuh tanyaeun!
Dia, panghulu! Lulugu agung urusan agama,
Anu dijenengkeun ku nagara dia.
Kaula hayang nambahan pangaweruh jeung pangarti,
Samemeh kaula paeh;
Abeh ari engke di aherat,
Moal tologsentrog cara kotok di wayah sareupna!
Baheula, kaula ngan ngarti di kecap “wujud” wungkul;
Tapi tina tatanya jeung kokoreh,
Ayeuna nyaho di kecap “sipat”,
Anu beda deui tina sipat paranti ngahideungan biwir mata!
Baheula, kaula ngan nyaho harti “gerentes harewos angen”.
Ayeuna nyaho harti “batin” jeung harti “ilham”
Ayeuna kaula enta dibere nyaho:
Ku naha di kawulaan teh, ku bidadari?
Ku naha hanteu bidadaaaaaara?
Jueng ku naha, dina nyaritakeun bidadari,
Mudu dicaturkeun geulis,
Eujueng mudu diebrehkeun kacaweneannana?
Meureun di bidadari oge, nya aya anu lain cawene deui!
Eta ku kaula bisa kaharti!
Tapi ku naha, di lebah ngawulaan teh,
Hanteu disebut bidadari nini-nini anu jarore patut,
Tapi tarariten jeung dareudeuh, anu ngurusna,
Leuweih-leuwih tibatan indung anu nyaah jasa ka anak………?
Keun, urusan cawene ngora mah,
Keun bae ulah disebut-sebut.
Da anu diarah dina ngawulaan teh,
Biasana mah, lain etanana bae!
Ku naha, ki panghulu?”

Ki panghulu hanteu buru-buru ngomong;
Tapi bari rada hulang-huleng,
Inyana rarat-reret ka anu hanteu puguh direretna……….
Laju ceuk inyana sabari jamedud jeung mendelik:
“mata sia…… deuk nyoal sia ka dewek?”

“lain kitu, radeeeen! Kaula menta dibere nyaho, menta diwurukan!”

“ceuk dewek oge, sia moal kaluman
dikawulaan nini-nini wungkul?”

“jadi ari kitu mah, anu dikawulaan ku bidadari teh,
tangtuna lalaki! Sabab,
anu tara bosen-bosen ka ewewe teh, lalaaaaaaki!
Jadi montong teuin di keur hirup keneh,
Diaheratna oge, etah, ewewe teh
Dibutuhkeunnana lain pieun purah ngejo wungkul!
Komo ewewena, cawene gareulis jeung sareungit………
Pan lalaki mah,
Sanajan geus aki-aki letoy oge,
Ari di riyung-riyung ku cocoowan anu karitu mah,
Sanajan geus hanteu kaduga deui oge,
Tilok moal nyeuseup atawa ngambuwan-ngambuwan acan mah???
Ke ulah waka teuteunggeul!
Den panghulu!
Amun anu datangna ka sorga,
Anu datangna teh ewewe,
Saha anu ngawulaan inyana?”

“bidadari…..atuh!”

“moal bidadara mah? Anu ngarora, karasep barujang langgeng?
Meureun, ewewe oge, di aheratna,
Moal beda ti lalaaaaaki…….
Hayangeun meureun meunang raresepan…………….
Atuh ari di sawarga ngan lalaki wungkul mah,
Anu diwenangkeun meunang kasenangan
Jeung karesepan, sawarga teh lain enggon anu adil?
Meureun hanteu beda ti ieu dunya……enggon:
Menak-menak jeung pangkat garede,
Diwenangkeun jarembar tina babangsat,
Sararenang tina ruruba……………..
Jeung sanajan teu barerek oge ngaheuyeuk nagara,
Tapi ngabingungkeun bae somah pada balangsak,
Arinyana mah hanteu meunang disaralahkeun, sabab
Ngan arinyana
Anu wenang jongjon sararenang,
Bararentet sareubeuh ngalebok!!
Ceuk pikir kaula, anu hanteu nyaho urusan agama,
Atuh ari di sawarga, euweuh kaadilan,
Di sorga teh euweuh kasucian……….
Tilok di sawarga euweuh kaadilan?
Tilok di sawarga teh, ngan lalaki bae
Anu diwenangkeun meunang kasenangan
Anu pangkabitaeun kabitaeunnana ari pieun lalaki mah?
Ewewe hanteu bisa dikawulaan bidadara……..?”

“sabab, euweuh guru anu nyaritakeun kitu!”

“jadi, ku sabab euweuh guru anu nyarita,
atuh di sawarga moal aya bidadara anu ngawulaan ewewe?”

“susul tunggak! Tetela sia mah dina goblog teh!
Atuh pikir beeeee ku sia!
Amun anu ka sorgana teh,
Ewewe anu ngora keneh eujeung hade rupa,
Nya kaharti eudeuk bidadara daraekeun oge!
Kumaha amun nini-nini!
Ongkoh apanan ari nini-nini mah,
Komo amun nini-ninina nini-nini jasa;
Boro-boro deuk aya keneh kahayang keuna
Kangeunah anu dipikaresep di jaman ngorana,
Apanan harees oge ari nini-nini mah,
Euweuh anu nangkarak deui………… kaharti?”

“raden! Paralun kitu oge;
sabab kaula mah, masih keneh sok macorokkeun
kanyaho kaula urusan agama anu baheula,
keuna urusan agama anu ayeuna!
Sabab kitu, kaula teh masih keneh bae parcaya:
Hirup teh, mekas dina munggaran;
Paeh teh, munggaran dina pamekas!
Ceuk kokolot anu baheula mah,
Hirup teh, undur di umur,
Pimulangeun deui ka basa euweuh!
Paeh mah, medal di hanca lawas,
Ngahanjuwan anu asal!
Hirup eujueng paeh, saruwa keneh!
Ngan bedana, dina jagat jeung jelema alamna!
Basa urang dijurukeun, urang datang di rupa orok!
Basa urang jadi layon, urang mulang di rupa kolot!
Tapi ka jagat anu di datangan,
Hanteu urang mawa waruga,
Dina rupa basa urang undur
Ti jagat anu di tinggalkeun!
Jadi, ceuk pikir kaula, aki-aki anu paeh,
Dina ditarima di aherat, kasawargana teh,
Tilok dina wujud aki-aki;
Nini-nini, tilok dina rupa nini-nini!?!?!!
Seug, pieun naeun atuh eta bidadari mudu cawene langgeng bae?
Tilok harti ngawulaan teh, ngan nepi ka ngejo
Jeung mangnyeuseuhkeun wungkul…………?
Tah ku naha make hanteu diwenangkeun,
Ewewe dikawulaan bidadara?”

“haramjadah siah!”

“ke, ulah wara teuteunggeul!
Jajadah mah, seug bae!
Dengejkeun heula!
Ti baheula, nepi ka jaman mimiti datangna ieu agama anu ayeuna,
Di pajajaran kaula, jeunt oge di pajajaran dia
Jeung di pajajaran barat, salila diayakeun kuwera bakti,
Aya anu disebut tata kinariyan,
Tata duriya jeung upacarana panarukan!
Eta upacara, kaula ngalaman keneh. Dia oge, tangtu!
Kumaha rupa nu disebut wilasa wastu harita?
Najan umur inyana geus ngawidak,
Geuning dina jiga pangawakan,
Badis pare di wayah nunduk pamautan!
Sababna? Sabab inyana dumudukan deui jadi raja panyigaran
Barudak bujang anu rengse ngalampahan tata kinariyan!
Anu ngaranna ewewe mah, loba jasa pada harayang
Cara wilasa wastu: jaya dina rupa, jaya dina raga,
Jiga moal pugur dina umur…………..
Seug bandingkeun!
Lalaki…….. kahayangna ngan cawene bae;
Ngarah awet ngora awet jagjag!
Malah geuningan, di belah pangkat jeung menak-menak
Nu sarugih serba jembar, cawene anu baragus,
Hanteu kaop katembong ku arinyana…….
Malah hanteu kurang-kurang cawene ti keur budakna keneh oge,
Geus dijariyeun bayangan pangkat pupueun panggung……….
Bidadari opat puluh, geulis cawene langgeng……
Tilok moal pieun palajuan kasenangan lalaki
Anu ngarah tetep ngora tetep jagjag………..?
Ayeuna ewewe!
Ewewe oge, tangtu harayangeun awet ngora arawet jagjag!
Nu di ieu jagat hanteu diwenangkeun bisa punah
Kahayang awet ngora awet jagjag, hanteu robah dina raga,
Hanteu ganti dina kalingsig,
Ku naha make tilok deuk di sawarga di wenangkeun
Ngabogaan bidadara anu barujang langgeng,
Pieun ngawulaan jeung nyenangkeun…………..?!”

“haramjiiiiaaaaadah!…..kapir!” ceuk ki panghulu sabari ngajujur.
Ki susul tunggak mani jantowor…..
Karuhan harita keneh laju galungan……..rosa jasa,
Dilalajoan……
Ki panghulu ku somah sakabeh pajajaran bogor……
Dibobotohan ku jelema nu jore patut.
Ki susul tunggak,
Dilalajoan ku sakabeh balad pajajaran semah,
Di bobotohan ku ki demang!
Saban-saban ear surak mani ngaguruh,
Amun aya anu beunang kajujur atawa kasapu……………
“beubeurkeun jubahna!” ceuk ki demang.
“hanteu make calana!” ceuk ki panghulu.

“seug!” ceuk ki susul tunggak, “cawetkeun heula!”

ger, garelut deui!
Tapi, paralun kitu ogeh!
Lain sapedah anu nyatur ieu pantun,
Urangna jelema bangsa pajajaran tengah,
Jiga mengmeunangkeun kokolot bogor……
Deuk dipajarkeun nyarita beurat sabelah,
Ditaruding mikul, numpang pikulan!
Lain kaula bibisaan, mawa carita direka-reka!
Da kaula mah, ngan saukur letah popongkor beja;
Anu nyatur, nurut galur tutur buhun,
Haneuleum karuhun teu tepung kidung…………..
Paraaaaaalun……………!

Urang caturkeun bae:
Ki susul tunggakdi jujur deui!
Tapi memeh leungeun ki panghulu ninggang lebah puhu ceuli,
Ki susul tunggak geus ngagilek,
Sabari ngalipetkeun siku anu neunggeul.
Dipurilitkeun;
Bari suku inyana ditapakkeun dina bobokong ki panghulu.
Tonggong kipanghulu kari motongkeun!

Ceuk ki susul tunggak ka sakabeh anu lalajo: “kumaha?”

Urang pajajaran bogor, pada caricing;
Ngan leungeun sewang-sewangna geus parageuh keuna gagang pakarang.
Tapi sakabeh balad pajajaran semah, mani rapong pacowong-cowong:
“terus! Terus! Hayang ngadenge ngabeletokna………!”

sabab, arinyana pada kareuheul;
keuheulna mah ti sabrang ki panghulu,
anu mimitina mah purah nginjeumkeun duwit
eujeung pare make dianakan teu kireum-kireum,
inyana dijenengkeun pangagung!

Ngan anu kareuheulna, hanteu wararani……..
(da ngaranna geh atuh somah,
kumaha balukarna amun mungpang ngalawan pangkat…..?
sabab geuning ceuk beja tina carita, dimana-mana oge,
dijaman anu mana jeung iraha oge,
menak eujeung pangkat,
anu ngarareupeul nyawa somah!

Leuheung amun ngeupeulna, anu ngarti nyaah ka somah,
Ngeupeulna teh bari mumusti eujeung gnaraksa bari ngajeujeuh……

Tapi ari nimbal di anu cara deuk ngangeun……..
Beak santen kari hampas!

Balad teh lain geuleuh ka pangkat,
Lain gareuleuh ka panghulu,
Tapi……. nya eta atuh,
Ari ngomong mah, heurin ku letah!
Ari nyarita, beusi dipajarkeun ngahaharuwan………
Sakabeh anu aranyar kawin,
Mudu mararenta dibarekahan ku ki panghulu.
Hanteu mudu narambah maray ongkos ipekah……
Da ki panghulu mah, aaaaaaamal ceunah…………..

Paralun!
Lain kaula nyaritakeun panghulu juragan anu kiwari!
ieumah, denge sadenge-dengena tina beja anu nyaremah………
Nyaritakeun ki panghulu arinyana,
Di jaman pajajaran anu katukang!

Ceunah…..
Supaya panganten-panganten anyar dina engke imah-imah,
Salawasna netep dina iman agama,
Marudu ngagugu keuna pituduh ki panghulu……
Abeh lungsur lengser manjang senang,
Abeh sagala-gala moal harese……..
Ku berekah dowa ki panghulu!

Ngan anu loba hanteu ngararti,
Ku naha ari panganten lalaki mah,
Mahi ku ditiup bae embun-embun anggeus
Dibacaan nyao teuin dowa naeun!

Ari pangantern ewewena bagus,
Sok malah diusapan sagala endah……
Mending amun ngan punduk bae mah!

Malah maun bagusna jeung pireseupeun,
Loba anu dibareekahan hanteu bisa di beurang……
Sabab tina weweton jeung repokna jodo,
Ceunah ninggang di sanggara sungsang! Mudu dikiyasan!

Dibarekahannana mudu peuting;
Malah aya anu mudu dua tilu peutingna,
Abeh sampurna berekahna….. ceunah!

Amun panganten ewewena bagus jasa……
Aya anu nepina lilana sapasaran;
Da ku beeeelet, ceunah mah!

Ngan aranehna, anehna teh,
Hanteu kurang-kurang anu aranyar kawin,
Baroga anak cikal teh……
Bet nyeples rupa anak ki panghuuuuuuulu…..?

Ceuk ki susul tunggak: “kumaha keun?”
Raong sakabeh balad semah: “potongkeun!
Urang harayang ngadenge ngabeletokna
Tukang ngabeletokkeun pepeletokan bikang urang….!”

Tapi, sabab carita lain kaula anu boga,
Sabab mantun geh saukur nyatur,
Nurutkeun galur anu leumpeung keuna patok lalakon,
Hanteu wasa kaula nyarita keun
Ki susul tunggak montengkeun dongen tina walurna catur!

Tonggong ki panghulu hanteu kaburu potong;
Sabab jauh di beh kidul,
Katembong datang aleutan……..

“aleutan saha, batur?”
“nyaaao! Tapi deuleu tuh umbul-umbulna!”

“heueuh! Geuning beureum nyah, sisina rarawisanhideung!”
“ah, sia mah! Emangna cara anu mitoha sia?”

“waduh! Mani ngaleut, batur!
Aya anu tarumpak munding sabari mundur!”
“ja heueuh! Ituh!
Aya munding gede jasa, leumpangna sabari mundur.
Buntutna, diruhurna mani sagede pingping,
Ka handapna, sagede bitis!
Dina bujurna, aya hihid
Sarubak-rubak nyiru leutik nyaaaaaaaaah!?”

Urang pajajaran semah mani kakecrek sabari olohok.
Saumur geh, kara neuleu aya munding leumpangna sabari mundur,
Jeung gedena mani sagede kiiiiiitu!

Ceuk urang pajajaran bogor: “ki semah! Nu kitu mah, lain munding!
Leumpangna lain mundur, tapi maju!
Bejana mah, ngaranna gajah……!”

Ceuk urang pajajaran semah;
Lobaan bari dibarengkeun:
“lain muuuunding anu kitu mah, batur!
Nu kitu teh, gaaaaajah!
….ngeunah tah, ditumpakannana?”

ceuk urang bogor sabari ngaleos:
“nyaaaao! Can nyorang……
tanyakeun be ka gajah jaluna!”

“ah sia mah! Ceuk anu naranya, “didiukannana , atuh!”

ceuk batur inyana ka urang bogor saurang deui:
“loba tah di dieu gajah?”

ceuk urang bogor: “di dieu mah, euweuh.
Ngan di ci sogeh, aya saurang:
Bapa gajah, tukang munding!
Amun di ci baliyung mah, bejana,
Gajah…..ngabadeg!”

“ di cibaliyung, batur, di cibaliyung mah, ngabadeg!”
ceuk urang pajajaran semah.
“urang ngala saurang hiji; tumpakkeun engke balik!”

“heueuh!” ceuk batur inyana,
“ari nepi…… urang juwal ka tukang goreng cungur!
Di leuweung naeun tah, di cibaliyungna?”

“lain di leuweung! Tapi diruhur, dina tangkal kalapa!”
“idiiiiiih! Anu dina tangkal kalapa mah,
di lembur kaula, disebutna ranggaaaaaek!
Gedena ngan sagede-gede endog meri……….!”

“bisa jaaaaaadi!” ceuk urang bogor,
“tapi di cibaliyung mah,
sagede-gede kitu……….! inyana ngomong sabari ngaleos!

Lebahan gunung gadung anu kiwari,
Aleutan katembong turun keuna landeuh.
Laju hanteu katembong, hanteu kadengen deui……

Ceuk ki patih tunjung manunggul:
“aleutan saha eta teh?
Urang mana, nu ti mana eudeuk kamarana?”

Ceuk ki murwa alih:
“tina cara ngaleut jeung tina surak kitu mah,
badena mah, tangtu aleutan raja ti nusa hiyang
di talaga rancahmaya!”

“bet dia hanteu pupulih, deukeut di dieu aya deui raja?”
ceuk ki patih.
“eta anu ku dia keur etaeun disebut pirajaeun teh?”

“nyaaaaaao!
Ngan anu tangtu mah,
inyana lain rawayan parabu agung kaula!”

“diantep bae inyana deuk ngabogaan ieu nagara?”

“diantep hanteueun, dicegah hanteu!
Eudeuk kumaha atuh, da lain lawanan urang dieu!”

Keur ki patih jeung batur-batur inyana badami,
Hanteu kanyahoan ti mana datangna,
Hareupeun arinyana geus ngabeledeg
Anu jangkung gede dedeg weweg……….
Kulit inyana hawuk cara kulit munding,
Beungeut inyana gede rada panjang,
Nyodor ka hareup………..

Inyana ngan sasamping semet tuur;
Tapi samping hideung anu bagus jasa,
Jiga tina barudru anu herang.

Dada, leungeun eujeung bitis, buluan mani jabrig…..
Mata inyana da buleuk cara mata munding,
Sungut inyana cara sungut bayongbong…….!

Ti ceuli eujeung irung,
Tinggarantung cingcin emas sagede-gede cinggir,
Tinggurilap ku permata anu aralus!
Kilat bahu sarubak dampal leungeun,
Jeung geulang mumuncangan,
Sagede-gede lembungan gagang hidi tea……..!

Dina cangkeng anu disabukan benten emas rubuk sajeungkal
Jeung dipendingan sarubak hihid nu diukir jeung ditarates,
Nogel keris lain kujang lain.

Hulu inyana digubed sorban hejo lumut tina barudru,
Anu disulaman benag emas,
Eujeung dirarawisan anu patinggarebur ku permata!

Buuk inyana anu jiga ijuk,
Tapi lemes eujeung herang di hideungna,
Ngarumbay ngombak dina taktak………..
Estu mantak kasima teu eling-eling
Amin dia anu neuleuna!

Ki panghulu anu dilesetkeun ku ki susul tunggak,
Geuwat maca deui dowa, dowana rupa-rupa……
Ngan macana, sabari geugeumeueun!

Nyao teuin sabab ku dowa,
Nyao teuin sabab karep inyana bae,
Anu hawuk jiga kulit munding teh,
Laju ngaleutikan…….
Jleg sagede jelema biasa,
Tapi rupa jeung porongos mah, kitu-kitu keneh!

Anggeus kumpul deui sakabeh pangacian,
Ceuk ki patih,
Tapi rada-rada serak jeung gado jiga rada lilinieun:
“sasasaha dia ki semah?
Nananaeun di seja dia?
Ti mana jeujeujeung deuk ka maaaaana atuh….. hweuw!?!”

Ku naha ki patih bet ngomong inyana kiiiitu?
Ari masih kukurayeun keneh bae mah!
Sakitu ogeh, geus aaaalus kaduga deui buru-buru ngomong.
Amun anu sejen mah, hanteu eling-elingna oge,
Tilok eudeuk lilir ku sapuluh pooooooe…….!?!!??

Anu ditanya kipatih, hanteu nembal.
Tapi sabari hanteu eureun-eureun neuleu ka sakur anu araya,
Indung suku inyana dikorek-korekkeun keuna taneuh…..
… jel, batu sagede munding meujeuh bijil tanduk, digorehelkeun;
laju sabari awak inyana rada dodoyongkeun nyagigir ka katuhu,
keleweng bae eta batu digamparkeun ka beulah wetan.
Mani ngahius ngaluwatan hulu ki patih jeung hulu ki panghulu!

Bareng jeung gubragna batu,
Leus bae anu datang hanteu puguh ti mana datangna teh, ngileus;
Hanteukatembong deui…..
Jaba ti sorban inyana anu sarubak gelebeg!
Ngan aya aambeuan anu kari…..
Cara-cara pelenghir mayang jambe digalo jeung bau warirang…….
Ti dinya mah, leus bae sorban gede teh, oge leungit!

“waduh!” ceuk ki panghulu, bedas sabari ngusap beungeut.
“waduh!” pikir ki sepuh murwa alih;
hanteu kadenge, jeung hanteu sabari ngusap beungeut.

Ceuk ki panghulu ka kabehan: “hadena kaburu maca dowa panalukkan!”
“ceuk ki sepuh jero hate: “hadena kaburu mapatkeun mantra panyinglar!”

ku saha leungitna deui eta anu tadi ujug-ujug ngabelegedeg,
jeung apa ku dowa apa ku mantra, moal urang eudeuk nyaaaaho!
Boa teuin geus karep inyana beeee ngileusna deui teh……
Nyao teuin, da kaula oge,
Harita hanteu aya di jaman eta!

Tapi anu anggeus tangtu beunang di pastieun:
Ki sepuh jeung ki panghulu,
Harita teh pada-pada nyambat ka anu sahiji,
Anu nunggal di ayana,
Tapi euweuh teu ngawaruga!
Nu tangtuna
Saruwa hiji eta keneh,
Ngan bedana dina sebutan………..!

Urang pajajaran semah, rarecet sabari haliwu.
Ngan ki sepuh, hanteu geruh.

Ceuk saurang, anu tadi ngabeledeg teh,
Jurig atawa setan!

Ceuk saurang deui, tangtu dedemit awara tutunggon!
Ceuk ki panghulu mah, tangtu eta teh jin kapir……….
Ngan ki sepuh anuhanteu geruh;
Hanteu ngomong-ngomong acan.
Inyana mah ngan kerung bae sabari mikir!

Keur rame pada narangtukeun anu ngileus tadi mah,
Bangsa naeun, di lebak kadeuleu keur nyengkuuuuud bae nanjak.
Aki-aki dekil maranggul pantun.
Unggah eudeuk ka wetankeun!

Ceuk balad semah: “tuh! Nu burung ngaliwat deui!”
Ceuk balad nu sejenna: “burung-burung geh,
Rame mantunna! Tanggap?”

“ulah ah! Bisi cara ti heula!
Ngaing mah, ginggiyapeun keneh basa inyana ngaut pantun
Disakalieun tea……….”

Kadeuleu ku ki patih;
Ceuk inyana: “hey! Hey, ka dieu!”

Tapi si aki hoyod bae!

“hey, anu liwat! Ka dieu!”

tapi si aki mah, noyod bae!

“nu mawa pantun! Eureun!”

tapi si aki mah, deuk ngaliwat terus!
Barang geus deukeut, ceuk ki patih anom:
“akiiiiiiii, deuk ka manaaaaaaaa?
Cing, euweunkeun heula eta lengkah!”

Ceuk si aki sabari ngarandeg:
“tah, ieu mah ngeueueueunah kadengena,
mani cara titiran ngelak!
Hanteu cara tadi……….
Sora merak; alus bulu goreng sora!
Heueuh! Hade ku basa, goreng ku baaaaasa! Aya naeun, aden?”

“kieu, aki!” ceuk ki patih anom,
“sugan dia weuh anu tadi teh naeun?”

ceuk si aki bari rungah-ringeuh:
“nyaaaaao! Da teu neuleu! Aya naeun?
Anu kumaha jeung di mana?”

“di dieu, tadi mah!”

“hih, atuh ari di dieu mah, atuh tadi mah,
ngaing euweuh di dieu!
Keur janari mah, kara lebahan gunung bundeur,
Tonggoheun anu ngemplong ka ci batoooook;
Manjat nyabrang ci sadani oge, bieu pisan;
Ngaraes, da eretan eta mah, pegat kesurna,
Dipurantengan monyet nyararabrang……….”

Ceuk ki balapati: “ku naha hanteu ngadojay, aki?”

“da lain bayaaaaawak! Arimasih keneh bisa di sabrangan
sabari nyeker mah, ku naha mudu sabari ngadojay……!”
kara mah inyana anggeus ngomong,
pantun dina punduk si aki, kadeuleu aya anu
nyuwet-nyuwetkeun, ka ruhur jeung ka handap!
Tapi anu ngitu-ngitueunnana mah hanteu kadeuleu……!

Ceuk si aki: “e eh! E eh! Nanaheunan ieu teh,”
Sabari si aki pageuh nanagkeup pantun dina pundak.

Anu hanteu kadeuleu iseng terus nyuwet-nyuwetkeun
Pantun……. ka ruhur, ka handap, ka ruhur deui ka handap pisan…..
Mani si aki mudu jengke-jengke amun pantun dicungkedkeun ka ruhur;
Mani si aki mah mudu bongkok-bongkok nepi morongkod,
Ari pantun diteueulkeun diteundeutkeun ka handap pisan!

Barang dicungkedkeun deui ka ruhur,
Pantun ku si aki dilepaskeun…..
Amun di deuleu mah, meureun aya isengna teh,
Meureun ngajeblag bari ngaleeeeeenga!
Pantunna mah, monesna teh, hanteu terus ragrag;
Tapi jiga aya anunanggeuy,
Jiga ngagantung di awang-awang……
Ka ruhur euweuh talina,
Ti handap euweuh tulakna!

“aduh-aduh!” ceuk si aki sabari gagaro bujur,
“baruk urang gunung hambaaaaalang leupas ti kaaaaandang!
Untung sia lain kapanggih ku si lengser. Waduh!
Amun kapanggih ku inyaaaaana, waduh, dibeeeeebek siah,
Diriyeus dihijieun jeung pais bakatul!”

Ngomong kitu, bari si aki ngowetkeun sakabeh kuku
Sapuluh-sapuluhna keuna sakabeh tali pantun……….
Mani ngagaur ngajelegur!
Harita keneh, gejret bae pantun jiga pegat
Tali gantungannana, jiga piteus nikeus tunggak tulakna!

“hadena,” ceuk si aki sabari ngajret,
“ninggang indung suuuku!”

“mun keuna batu?” ceuk balad semah sakabehan.

“batuna bubuk jadi lebu!” ceuk si aki sabari mundak deui pantun.

Ceuk ki patih: “lot! Nu tadi teh naeun?”

“menak!” ceuk si aki sabari lalaunan ngalagukeun pantun dina punduk,
“ah, si eta! Si etaeun tea!”

“si etaeun saha tea, lot? Sing bener sia ngomong!”

“ngomong mah, bener!
Apanan teh kadenge ku hihid dina hulu dia!”
Ceuk si aki sabari morongos.
“abong-abong sia pangkat dina menak,
abong sia menak jadipangkat, abong pangkat eukeur kawasa,
ngabacot teh sangeunah cungur sia bae!
Tinggang siah, ku pantun!” si aki samingkin nyereng……….

Tapi kaburu katengahan ku ki patih anom:
“akiiiiiii, kaula anu ngalangsa.
Biasana menak di angara kaula mah, kitu.
Apanan ceuk paribasa oge:
Beda alas, beda kunyukna……..”

“Tah eta!” ceuk si aki bari sabar deui,
“kaula mah, aden, geuleuh jasa
ka kunyuk anu cara monyet mah!
Amun euweuh aden, waduh, ieu pantun……….”

“kumaha eta pantun teh, aki?”

“reeeejat, meureun!….. moal bisa deui maaaaantun, atuh!
Puguh gawe si sang hiyang kala mah,
Cara menak-menak eujeung pangkat-pangkat
Di jaman nu baris datang……
Hanteu barerek gawe,
Tapi arembung disaralahkeun ku somah!
Gara-gara baheula,
Jagat kawah hiyang dianteupkeun gunung-gunungna
Terus-teterusan diwuwuda, laju di antepkeun bae
Monyet-monyet hejo ngaluluguan anu ngabarangsatan
Kayu leuweung bagunung-gunung,
Tah laju bae pangeusi loba leuweung
Ngararupa jaradi pangkat eujeung menak,
Anu araredan bari terus-terus nitah kieu,
Nyararusahkeun bae ka sakabeh somah!
Coba mun ti babaheula, si lengser diturutkeun karep inyana,
Meureun……”

“meureun kumaha, aki?”

“meureun lobaan anu barurung manan anu areling!
…….. tah anu tadi, ngaing teh neuleu, nyaho di sahana,
wauh di pangkat eujeung gawena!”

ceuk kokolot bogor sakabehna: “saha inyana teh, aki?”

ceuk si aki: “acan wayah kula wasa nyebutkeunnana!”

“iraha atuh deuk wayahna?”

“engke, di jaman anu baris datang,
amun santiyong geus dijariyeun godong,
amun kuburan geus dijariyeun imah,
amun dina sasarna loba lulugu
pada majarkeun anu pangunggulna teh,
ngan agama nuku arinyana di bawa perang,
bari susumbar arinyana moal deuk bisa eleh,
sabab gusti anu nunggal,
salawasna jeung arinyana bae………!
hanteu daraeukeun arinyana nyaho eujeung ngarti:
saha anu mamawa ngaran inyana ka pangperangan,
baris beuheung arinyana paregat ku gobang musuh!
Sabab
Anu arunggul di gunung balung,
Anu jaraya di talaga darah,
Anu sarakti di basisir pati,
Ngan arinyana
Anu perangna hanteu dipaksa
Diajak ku agama
Jeung bari ceunah
Dijurung ku anu rumuhung
Makalangan deui ditangtangyungan!
Ditangtayungannana?
Ku benerna kabener bebenerna bener!”

“aki!” ceuk sakabeh kolot bogor,
“agama naeun anu mamaksa makalangan
majar dijurung perang?”

“ngan agama arinyana,
anu barurung ku adigung,
anu serab ku salah deuleu,
anu lolong ku rasa gagah;
tapi,
hanteu areungeuh
euweuh agama nu nitah pasea,
moal anu agung ngajak maehan!
Agama mah ngan
Ngawenangkeun ngalawan amun diperangan!
Sejenna tikitu mah,
Eta mah, rekaan
Ditambahkeun kupara lulugu
Anu marabok harayang kasohor!
Ceuk kaula, kitu oge!
Nyaaao ceuk deungeun mah!”

“aki! Naeun sabab pajajaran kaula eleh perang?
Apanan ceunah, napak ngumpak dina
Benerna kabener bebenerna bener!??”

“ujaaaaaang, pajajaran lain eleh perang kupakarang!
Tapi kaunggulan ku celuk waktu,
Kapunah ku kahayang jaman
Anu ku papasten geus ditangtueun
Mudu ngabaru anu deuk luntur
Mun lawon mah saruwa eta,
Tapi beda dina warna sogana………..!
Sabab saennyana, aganma pajajaran teh saruwa dasarna,
Hanteupabentar jeung agama anu mara. Ngan salat
Tata eujung basana,
Aturan eujeung prakprakan,
Sesebutan jeung pancipta,
Bareda jeung anu anyar,
Ku waktu anu ngagalur,
Dimudukeun ngaganti panggung
Ngalaju lalakon saruwa galur,
Dina dangdanan, pamenta jaman!
Pajajaran mungpang eta pamenta;
Sabab pajajaran kukuh ka waktu.
Tapi waktuna, anu baheula, anu ditinggalkeun ku jaman sejen,
Nya balukarna……kagusur surutna waktu,
Kabeulit dina lalaweyan jaman…………
Mudu saseleh….ka wayah anyar nu menta jalan…..!
Tapi engke, amun datang wayah
Buta batu beungeut kuda,
Baris tetela, pajajaran teh lain eleh kadeseh,
Tapi ngelehan ka taratasan jaman, anu bakal ngabuktieun
Agama lain baralik deui ka asal!
Di mimiti ku munggar dina anu ceuk para pamelong mah:
Nyenyembah deui berhala tina tinunan,
Laju ngagung-ngagung karamat hanteu berekah,
Bari mumusti jimat tanpa mujidat………
Tapi sakabeh eta,
Ngan pieun nyingsiyeunan somah,
Sina tetep bae
Mumunggu dewa sulangkar…………!
Tah, eta dewa, lain dewa sadewa-dewana.
Tapi dewa ngaraga wayang, anu ku jaman,
Dijurung naratas alas, mudu munar di gunung kadudu,
Ngumpulkeun anu areuweuh, sabari ngahahambur kabutuh hirup…..!
Tapi engke, amun nu areuweuh anggeus kumpul,
Eta dewa mudu paeh;
Paeh inyana dipaehkeun polah,
Sabab ngadelkeun teuin
Ku nu nararipu ngagung-ngagung inyana……!
Tah harita
Leungit leuweung, rata gunung,
Genjlong lembur, eujeung dayeuh,
Nongkarak panyumputan sakabehna
Suwung karuhun-karuhun anu ngaruhum……….
Sabab ajag, monyet eujeung maung, oray, begu jeung anjing edan,
Regag parebut hakaneun,
Ngarakrak bale dipanggung rubuh……!
Sati-sato eta, sewang-sewang marawa aleutan,
Aleutan nu bener lapar,
Lawan balangsak lila sangsara!
Tapi anu dibarawana,
Dialeutkeun diwaradalkeun!
Ari geus kitu mah,
Eta sato-sato pada karabur;
Da siyeun ku anu datang sajamang hideung,
Jeung datangna
Raja saadat anu napakna di uga sunda!
Sing dia nyaho,
Nu raregag parebutan bari ngarakrak,
Lain sato-sato keur kalanti,
Tapi jelema-jelema huluwan sato
Sabab kamerekaan sariyeun lapar………
Anu katempuhan nararebusna?
Nya barudak angon
Ti tegalan baranang siyang,
Nu lilir tina keur hees;
Sabab digeuingkeun lini gede
Dina gelebugna angin jombang…………
Nya laju harudang.
Bari sisingkil laju bebenah:
Nabuwaran bengkel nu majar sangar,
Tapi ngahiyeum ngahalang di jalan;
Mararekprekan muncang garede,
Anu darampa tapi ngeusi…..
Sabab anu karitu mah
Ngababala bae di tegal lega,
Bari mentet jadina samangka
Anu asakna meupeus di lima…………..!
Samangka meupeus dibagi lima, di tegal lega kesel lampaheun,
Tapi nungtung di kariya…… sabab embah jawa,
Marancahan anu tarorek,
Ku kujang ti hanjuwang siyang
Nu di kariya maringkin rame,
Di jariyeun pangarak di pangawinan,
Ku nu kawin di lebak cawene………..!
Tapi mudu heula lini gede lila pasaran,
Disusul hujan angin lila sawindu…………..
Tanggoan bae, wayahna geus hanteu lila sabaraha deui……….!”

“aduh, aki, keueung amat!” ceuk sakabeh nu ngadarenge.
“iraha eta wayahna kitu?”

“wayahna mah, kaheuleut heula. Tapi mimitina
di wayah datang
gajah ngabeungeut lingga maha dewa!”

ceuk sakabeh anu ngadarengekeun:
“aduh, aki, siyeun! Ka mana mudu nyumputna?”

“moal aya enggon panyumputan! Sabab di mana-mana
nepi ka dapur-dapur
ngararintip monyet-monyet hanteu buntutan
marantuan monyet harejo
nyarariyar wadal pieun pangrepeh………….!
ngan aya kiyas nu lumayan!”

“kumaha tah kiyasna, aki?”

“anu ngararintip, teungeulan bae……. sina modar!
Ngan dina neunggeulna,
Mudu sabari maraca saadat tea, nau napak dina uga!
Amun hanteu dia bisa eta saadat,
Celuk bae ngaing…… ku ngaing dirajah sabari dipunah!
Tah sakitu baeu heula! Ngaing deuk nindak deui. Anggeus beurang teuin!”

Ceuk ki patih anom: “aki, engke heula!
Kaula aya nu deuk ditanyakeun!
Sabab anu tadi digelar ku aki,
Mgahudang kainget kaula!
Bareto ceuk uyut bikang kaula,
Amun di pareng ka pajajaran tengah,
Mudu kaula nepungan hiji aki-aki,
Anu gawe inyana ngan paralang-pereleng sabari ngeser!
Sabab dia jiga sagala weruh,
Di maaaaana kaula mudu nepungan inyana?”

Ceuk si aki sabari ngagakgak seuri ngeunah kabina-bina:
“adeeeen, eta mah atuh ki leeeeeengser!
Hese nepungannana; sabab kiwari mah,
Geus lain deui di jamaaaaanna!
Tapi sebut euweuh, da puguh aya keneh;
Ari disebut aya,
Puguh ku hese deuk kapanggihna………..!”

“ceunah di gunung rakutak!”

“gunung rakutak oge, anu baheula!
Ayeuna mah, ngan kari guha maungna!
Baheula memang di dinya inyana nunda anu disarebut
Surat pa ratisabda tea.
Tapi ayeuna mah, anggeus leungit.
Kaula oge ngan kungsi maca sakali,
Sakali-sakalina samemeh leungit nyao ka maaaaaaana.
Ngan bejana aya keneh raratannana…..
…..ngalacak di leuwi baduy,
nyulusup ka gunung halimun,
ngaleungit di gunungna ci awi tali!
Ceunah mah, bisa keneh kapanggih ku anu kawaris,
Ku anu bisa ngeunteung di kalangkang deungeun,
Bisa seubeuh tina lapar, bisa seuri dina kanyeri,
Miceun senang milih balangsak……….
Nya inyana anu ngelmuna keuna ayakan!”

“kumaha ari ngelmu keuna ayakan teh, aki?”

“lampah jeung pikir inyana, salalawasna napak dina pamilih,
anu milih hade tina teu hade, lain milih nu garede bae!
Anu geus kataekan, bisa neuleu ka hareupna,
Bisa neuleu ka tukangeun…. sabab,
Najan sagala kahalangan,
Kabeh tembong tina carangna!
Ongkoh ari ngelmu nyiyar elmu teh,
Hanteu-hanteu teuin mudu kokoreh
Di sakur anu paroek eujueng harese,
Hanteu-hanteu teuin mudu teuteuleum
Di sakur anu hanteu kadeuleu
Ku saliwatan pikir jeung pangdeuleu sapaneuleu!
Kiwari mah, anu ngelmu teh,
Loba teuin anu kalangsu………..
Anu nyenghel oge,
Hanteu katimu………..!”

“ke heula, aki! Kula aya keneh tanyaeun!”

“engke bae! Teu ari ayeuna mah. Geus beurang teuin,
jeung beusi heueuh aya nu nyarulik!”

“saha, aki?”

“bidadari…….. anu isukan mudu ngaronggeng deui!”

“tah!” ceuk ki demang ka ki patih,
“lain tetela tah, jelema burung!
Tilok amun jelema bener mah,
Eudeuk nyiyar anu moal aya di ieu jagat!
Di mana aya bidadari jaradi ronggeng?
Amun lain dina pikiran jelema burung mah!
Ceuk kaula oge tadi,
Basa inyana poporongos ngambek tea,
Ulah diladenan!”

Harita si aku keujeuh pisan hareupeun arinyana……. reg,
Ngarandeg sakeudeung mah,
Sabari melong keuna beungeut ki demang!
Ki demang harita keneh, mani kasima deui;
Plad bae kumis inyana anu gagah baplang teh,
Cara daun cau anu pinggeus,
Jeung bujur inyana mani haras kokoplokan…………

Si aki nindak deui;
Tapi ki demang mah,
Masih keneh bae poporopotan kokoplokan bujur……..

“hweuw!” pikir ki patih jero hate,
“pantes ki demang mani kokoplokan kitu ge,
da eta mata dina porongos, hweuw……..
boa-boa heueuh mata meyong teh kitu!?
Jeung eta toyod, hweuw, badis maung kumbang deuk moyan…….!”
Ki patih ngomong sabari bibirigidig jeung kakurayeun……..

Tunda.
Tunda anu noyod.
Keun sina noyod terus,
Sina neangan bidadari
Jaradi ronggeng…………

Urang mah, urang neangan bongborotan;
Pieun ngintip ti nu buni……….
Urang ngintip ka anu dipajarkeun nagara dedemit,
Nu ayana di talaga rancahmaya!

Nagara memang aheng alus kabina;
Anu maun inyana anggeus neuleu mah,
Ku kiayi jeblog teh meureun dipajarkeun:
Saruwa badis pisan jeung di sorga!

Sakabeh somah-somahna……aaaaaaduh…..hweuw,
Sugan, hweuw, amun anggeus dia nyorang pangeusi
Leuweung ci Torek, leuweung citorek anu baheula,
Anu baheulana dina lalakon pantun…..hwaw,
Dia gingiyapeunnana oge opat puluh poe opat puluh peuting……
Huuuuuh, moal diakaop neuleu mitoha dia saban-saban
Noong di balik panto……….ah,
Leuwih hade, kumaha rupana jelema-jelema di eta nagara,
Hanteu bae dicaritakeun…… beusi loba orok nu nurut buwat,
Beusi loba minantu majarkeun mitoha inyana:
……….badis…..anu laleupas ti rancahmaya!

Urang caturkeun bae:
Di keraton aheng di nusa hiyang,
Di tengah-tengah talaga rancahmaya;
Talaga lega anu sisina, sakurilingna rancah bae!

Di keraton ahengna kabina-bina!
Rajana kasep hese tanding, meujeuh ngora mahi kolot.
Mun howe mah, meujeuh liat dipiteuaskeun;
Mun pare mah, meujeuh beurat di benerna;
Mun damar mah, meujeuh hurung di caangna……….
Meujeuh seukeut amun peso,
Meujeuh weweg amun tihang……….
Samborong raja jaya di gagah eujeung ludeung,
Samborong inyana matih ku kasakti!

Raja kasep eukeur sila, dina amparan nu jiga lukut,
Anu rubak bari kendel, hejo biru ngabulu merak,
Disulaman kembang beureum jiga hurung,
Kembang gading warna layung,
Kembang koneng cahaya emas………
Inyana nyarande keuna panyarandean
Nu ruhurna ngaliwatan hulu, jangkungna aya sadeupa,
Hurung herang mahi ngempur,
Tina kerang mutihara nu gugurilapan…………!

Kenca-katuhu inyana, dina undak tahap tilu,
Saban undak hiji mantri anu gareulis kabina-bina,
Anu wungkul ka dangdanan bae,
Bisa nyiyeun anu nareuleu mantak pararaeh….
Amun lalaki, mata nonjol ku malotot;
Sabab, najan mata nu naronjol, molotot teh,
Asa kurang keneh dipolototkeunnana!
Kurang awas deudeuleuan, teu katembong nu kahalangan,
Najan sarila rarubak kitu………
Tau sapiiiiira……ngan dipindingan
Cangkang kerang anu ngangkang,
Hanteu naglog eudeuk rapet ka lebahna,
Tapi ku naha anggang bari sina ngahalaaaaangan……?

Saleuwihna, jiga sabuligir bae;
Ngan dirimbunan ku pakean sareba ipis,
Jiga deuleu bisa nembus;
Tapi, samingkin diteges-teges,
Pangdeuleu teh cara disamar ku halimunan……..!

Gigireun saban mantri anu gareulis,
Sabari nyarekel tumbak kari lempagkeun,
Narangtung puragabaya daredeg hideung,
Darangdanan cara anu hawuk di momonggor tea!
Ngan warna samping arinyana,
Semu hawuk hideung baung!
Jeung beungeut puragabaya mah,
Jiga beungeut jeung hulu arinyana, badis sarupa kuya!
Marake anting dina ceuli,
Marake cingcin di tungtung irung!

Satukangeun kerang mutihara panyarandean raja,
Dina undak pangruhurna,
Sila mantri ewewe nu geulis jasa.
Tukangeun inyana nangtung puragabaya nyekelan jamparing;
Gondewana tina emas mani ngagebur….
Babantal pamastina, tina emas nu diukir;
Leuleungeunna, wesi kuning,
Ditaretes permata nu rupa-rupa;
Baba*na, tina caling lauk duyung;
Jeung rarasna…… tina peujit jelema….. suganan mah!

Gandar parahna, tina harupat kawung nu tangtu nunggal;
Bedorna, tina tulang nyao naeun;
Bungkana, tina bulu merak herang hideung ngabangbara;
Nyenyepna, tina….. ulah kapalang tanggung……
Urang bejakeun bae tina huntu jelema!

Ulah kapalang tanggung?
Heueuh! Abeh tambah resep anu nyaritakeunnana;
Abeh tambah keueung anu ngadararengekeunnana……..
Da bongan….. majarkeun moal aya anu bisa
Rahul anu ngaleuwihan tukang mantun!

Ceuk raja: “nyai mantri sakabehna,
Mantak dia kabehan ku sang hiyang dewa kala
Dimarudukeun nyarelang heula gawe di dieu,
Sabab apanan ku dia geus kadeuleu,
Aya bentang nyuruwuk ka kidul dina wayah tengah poe!
Ceuk eyang kala, eyang urang sakabehan,
Ieu jagat kamanusaan mudu tilu kali ditungka katunu
Perang pangranjahan anu nyariara ka salegana jagat!
Pieun ngageuingkeun sakabeh raja teu bodas,
Ku belengguna raja barodas,
Abeh nu hanteu barodas,
Ulah bae ngukuhan ngahahalang waktu nu mudu maju!
Moal sabaraha lilana deui ti harita,
Baris aya deui bentang pindah.
Semu beureum cara seuneu jero hawu.
Dina pindahna, ti kidul tengah-tengah ngebat ka kaler,
Satukangeunnana ngawurkeun anu jariga silalatu.
Eta tandana, di jaman anu disanghareupan,
Dina wayah anu geus pisan parekna,
Baris bedah perang kajayaan,
Anu nyariara salegana amparan jagat deui!
Sabab anggeus wayah, santri-santri munjulan kiayi!
Dimana-mana, jelema pada saling paehan!
Oge di ieu nagara, di urutna nagara pajajaran tengah!
Digara-garakeunnana,
Ku urang wetan maehan urang wetan heula.
Laju urang wetan maraehan urang wetan jeung urang kulon;
Sabab urang kulon arembung marantuwan arinyana!
Laju urang kulon maraehan urang kulon deui,
Sabari maehan urang wetan,
Kamarang-kamanting ka sakur anu teu singkil……………
Sabab urang sunda pada diadu,
Diaradukeun ku urang wetan meujeuh aredan!
Urang sunda silipaehan;
Silipaehan kupakarang tanpa pariksa,
Silicilakakeun ku ceruk bisul……….
Sabab urang sunda, sawareh kebengbat ku pangkat,
Sawareh ditaripu ku nu tiwetan,
Sawareh deui sabab nyaho datangna wayah,
Samangka menta dibeulah lima…………
Kajadian kitu, ngan bisa dicegah ku ki lengser!
Anu mudu dicegahna,
Lain wayah samangka asak dibareulah dibaragi lima.
Tapi silipaehannana urang sunda.
Sabab eta, ti ayeuna keneh,
Ki lengser mudu geus aya di dieu,
Abeh dina wayahna, hanteu hese deui mudu nyiyar inyana!
Jeung pieun ngageugeuh,
Di ieu nagara urang anu anyar.
Sabab ieu nagara, baris jadi bahan panasaran,
Ka sakur anu areling laju areungeuh,
Pajajaran teh,
Sanajan ngan kari ngaran
Anu ngan ngalangkang dinacarita,
Bener tetep ngajajar keneh!
Ngan ngolongokna,
Ulah deuk ti pongpok angin ngadalingding;
Jeung papayna,
Ulah deuk ti pongpok matapoe meujeuh keur iyah!
Tapi,
Mudu di wayah keur angin ngabarat ngajadi jombang,
Keur panas matapoe meujeuh nyeletet
Jeung panasna terus ka angen;
Tapi nyaangan kapoek jalan
Nu di cacar ku anu ngararak:
Kujang pusaka ti hanjuwang siyang!
Aki lengser mudu di dieu dijadieun panggeugeuh,
Dijadieun tutunggon ieu nagara anyar;
Inyana mudu dijiyeun arca di dasarna ieu talaga!
Kaula, cen neuleu di kumaha rupa inyana1
Samalah di urut sapajajaran salila-lilana,
Geus euweuh aya anu inget deui di rupa ki lengser……
Jaba ti nyaraho keneh ngaran inyana,
Ngan saukur tina beja jeung carita!
Sugan dia tarenget keneh;
Sabab sahanteuna, dia mah, bener pada ewewe oge,
Deureus geus pangkebelna aya di ieu jagat,
Jeung geus pada ngajajah salega nagara pajajaran!
Meureun nyooooorang papanggih deui mah jeung inyana!
Beusi balapati urang salah nyomot,
Ku dia mah tangtu kawauhan,
Mana aki lengser anu bener,
Mana aki lengser anu mamalihan!
Sabab beja ti anu nyaraho, aki lengser mah,
Keur sok tara matuh di hiji rupa,
Oge sok mindah-mindah rupa inyana,
Ka sakur anu dipikahareup pieun heureuy inyana!
Geuning kungsi kabejaeun,
Ceunah di jajahan janglapa,
Aya hiji jelema batiiiiing ku bisa jasa ngarahulna!
Nepieun tukang mantun di ci keam oge, tooooobat….
Jeung ari ngadongeng pajajaran,
Mani jiga bae heueuh inyana nyorang
Ngilu ngabaladah ngadegkeun nagara……
Ari horengan, sing horeng teh,
Anggeus laas panciptana mah,
Anu babulan-bulan diparajarkeun aki lengser teh,
Sing horeng…..sisig nini-nini anu di paneresan, ku anu bogana,
Kasalahan diasupkeun keuna gandu meujeuh nableg.
Gulana dihakan ki lengser;
Kahakan sisigna…. jaruhan keuheul aki lengser!
Nya dirupaeun jelema…..tukang rahul naaaaaaker!
Tah, urang mah, ulah kasilok!”

Ceuk mantri ewewe anu sila satukangeun kerang mutihara panyarandean:
“nun! Puguh kaula oge, geus rada poho deui di rupa inyana!
Ceuk beja, kiwari inyana sok nyiluman!
Sakeupeung sok nembongan, dina rupa aki-aki pireu jajaluk;
Tapi jajaluk embung dibere.
Sakapeung inyana nembongan jadi santri,
Anu ngadon musingkeun di saban pasantren……..
Ku boled-boled inyana, jeung ku tatanya inyana,
Anu nyiyeun kawalahan para ajengan……..
Hanteu barisa kumaha mudu nembalna!
Mun hanteu kitu, inyana sok nyilok-nyilok jadi tukang mantun,
Anu gandeng di dangdanan, anu ginding,
Make cingcin sabaraha hiji!
Tapi di kiwari, anu jaradi tukang mantun,
Hanteu beda rupa dina usum ngijih!”

Keur ngaromong kitu, hareupeun raja,
Ujug-ujug geus aya anu keur sila,
Mani sakprak sabari bibirigidigan acung-acungan nyembah!

Ceuk raja: “daluwangsa, balapati! Kumaha”
Ceuk anu hawuk ti momonggor tea: “ampun, gusti! Hanteu wani!”

Ceuk raja: “naen dia hanteu wani?”

“nyomotna!”

“saha?”

“ki lengser!”

ceuk raja bari atoh jasa: “jadikapanggih ki lengserna mah, nyah! Dimana?”

“di tegalan, di momonggor sisi cisadani!
Inyana deuk pasea!”

“jeung saha?”

“jeung anu ngabukbak urut dayeuh anu baheula!
Urang pajajaran semah nu ku raja inyana, dititah ngajabel ieu nagara,
Anu ku urang ayeuna keur diereh!”

Ceuk raja talaga rancahmaya sabari nangtung:
“tah geueueueueueuning, geus parek keuna wayaaaaahna,
di jagat pancaka ditambah deui tungku penggodogan……..
ayeuna dengekeun ku dia!
Keprak sakabeh balad sapereluna;
Sina sadia-sadia beusi anu ngabarukbak
Narangtang perang amun ku dia dititah marulang!
Bejaan ka arinyana, amun arinyana deuk keukeuh,
Eudeuk ngabogaan ieu nagara erehan urang,
Arinyana mudu heula bisa nalukkeun kaula,
Jeung ngaleburkeun nagara urang!
Datangan ku dia lulugu arinyana.
Ngarupa dia ewewe geulis kabina,
Bari datang tumpak kereta anu petak.
Amun arinyana keukeuh, arembung aringkah,
Bejaan urang anggeus sasadia pieun ngalayanan panangtangna!
Ti dinya, dia siyar deui eta ki lengser!
Mudu kabawa! Akalna mah kumaha dia!”

Anu hawuk ngileus deui;
Hanteu katembong hanteu kadeuleu,
Hanteukatenjo-tenjo acan……..

Urang kocapkeun bae:
Dipabuwaran, anu baheula disarebut alun-alun tanjung salikur!
Geus rejet deui anu geus ngabengbreng.
“deuleu, batur, deuleu! Datang deui aleutan!”
“heueuh, euy, heueuh! Mani ngaleut, mani ngaleut!
Ngaleutna mani ngaleut!”

“Ah sia mah! Ngaleut mah, amun ngimun menak!”
“heueueueueueueuh……..euweuh hiji-hiji acan lalakina!
Ewewe kabeh batur, kabeh ewewe sakabehna! Aleutan naeun nyah?”

“atuh ari kabeh ewewe anu ngaleutna,
atuh tangtu aleutan heueueueueu…….!”

“ah sia mah! Deuleu, ituh, ituh…….!”
“mana, batur; mana anucangangaaaaang………?”

ah sia mah….mantak lamur ngadeuleuan anu kitu bae mah!
Ongkoh lain kula nuduhkeun ka anu moal kadeuleu,
Tapi itu tuh, deuleu… tarumpak naeun,nyaaaaah…..!”

“waduh! Nyarumput, batur, nyarumput! Naraek batur, buru naraek.
Geura naek keuna jamba, geura ngarangsod keuna jengkol,
Keuna sukun anu ruhur…..!
Geuwat, batur, gancang! Beusi daratang mantare,
Beusi daratang laju nyarapit…….!”

Bubar anu ngabengbreng, tingterekel, tingrarangsod;
Tingrarangsod morosot deui…nerekel sabaringarangsod,
Sapuluh rangsod beuteung geus babak……
Da sariyeun, nya maksaaaaaaaa……nepi oge keuna dahan………

“beh ruhur batur, da dahan pinuh ku pua.
Laju dipiteus-piteuskeun ku anu naraek geus aya di ruhur…..
Dahan-dahanna, ninggan keuna dahan-dahan nu di handap,
Jeung sireumna, murubut ka nu naraek di handap keneh……..

Sirarangge nyariara, napuk keuna sakur anu naraek;
Narapuk bari ngagegelan! Keuna ceuli, keuna mata,
Keuna awak, keuna aya nu di jero samping,
Anu ngagarayot jiga pua…… ararasup keuna liang ceuli,
Keuna liang irung…..karuhan kawalahan………
Mani patingburubut anu raragag……!

Ku naeun atuh, make nararaek?
Sabab kadeuleuna, aleutan anu datang,
Tarumpak tutumpakan anu marones!
Lain tarumpak kuda, lain tarumpak embe,….tapi,
Anu pangheulana, anu datang teh, bet tumpak kuya;
Kuya bodas gede jasa, nu gedena,
Mani sagede leuit.

Anu ngagiringna, taumpak keuyeup;
Keuyeupna, garede jasa,
Nu gedena mani saruwa sagede goong panggedena!

Seug! Saha anu hanteu deuk siyeun?
Lain sariyeun ku keuyeupna, lain sariyeun ku panyapitna;
Jeung lain siyeun ku dicapit…….
Da dimana-mana mah, moal aya anu warani cara
Urang pajajaran semah.
Sariyeun soteh, arinyana mah,
Sariyeun kanyut beunang kacapit……..!
Montong teuin dicapit keuyeup sakitu gedena,
Apanan kadiyukan ku sorangan oge,
Geuning geus mani asa jagat eukeur tibalik!

Caturkeun bae, anu daratang,
Geus aya hareupeun para lulugu sakabehna!
Gareulis jasa; tina buuk anu garaling ngombak,
Nepi ka tungtung suku,
Estu saeutik euweuh celaeun!

Hanteu keueung rorombeheun,
Hanteu beuteung ngabeuteung kukupu!
Amun ti tukang dideuleuna, neuleu punduk deudeuh keukeupeun
Neuleu cangkeng hanteu lenggik cara papanting,
Tapi manis lucu sono tangkeupeun……..
Jeung neuleu ka handapna, anu demplon uruy lalahuneun…..
Bari ngalahun bari ngusap…. eta mah cindekna,
Amun nimbal di lalaki ngayuni kunyuk purunyus,
Atawa ngayunina nganjing dijariyan…… mantak paeh
Ku panasaaaaaaaran……. amun hanteu bisa nyeuseup-nyeuseup acan,
Hiliwir angin satukangeun anu gareulis kitu…….!

Sanajan dangdanan anu daratang,
Hanteu saruwa cara anu tadi di karaton!
Ieu mah, anu daratang, biasa beeeee….heueuh,
Haaaaanteu atuh ari sabari nyararuhan nyiru
Jeung ngarelek bakul mah!
Biasa be; ngan marake kemben!
Hanteu marake jamang direndaan atawa
Toro nu disulam.
Marake samping semet bitis lebah tengahna,
Disabukan angkin sutra aralus jasa,
Jeung marake cinde nu pasiyeup,
Nyurup lucu keuna warna kulit jeung dangdanan!

Pakarang arinyana, lain keris lain kudi,
Lain kujang lain tumbak;
Sumpit lain, jamparing lain.
Tapi naeun boa di ngaranna,
Ngan rupana badis kalaci!

Kabeh, kabeh urang pajajaran semah mah, mani kararetap;
Jiga sero, nareuleu leat ngolembar dina bantar!

Ngan ki patih anom, anu dina pangdeuleu,
Hanteu robah paneuleu; hanteu kagedag pikir,
Hanteu kapincut hate. Ka inyana mah,
Katembong biasa bae………!

Anu geulis panggeulis-geulisna, turun tina tutumpakan inyana:
Kuya bodas nu sagede leuit nu rada leutik.
Inyana dipayungan bawat, anu ipis ngajangjang papatong,
Alus jasa hurung herang, patinggarebur ku permata
Rupa-rupa anu langka.

Inyana leumpang ka ki patih tanjung manunggul………;
Tapi gandeyang inyana…….aduuuuuuuh biang!
Mantak rancocod tuur laleuleus siku,
Mantak rampohpoy samemeh bisa ngarontok!
Lain leuleus ku kasima;
Tapi kasima ku kahayang,
Kahayang hate nu nurustuuuuuuunjung!

Aduh bibiyangan!
Eta, eta leumpang……aya leumpang jiga ditimang,
Di timang ku jampe kembang!
Aya lenghoy jiga golosor,
Golosor sanca munjung po haci!

Aya imut nu mantak kairut,
Cara sari katumbiri nu keur mentang bari ngabalangkang,
Sahareupan keprulna hujan girimis,
Anu ti langit turun di pagunungan……
Pagunungan tanah ki sunda…….;
Ku lucu mantak kayungyun,
Cara layung-layung anu nembal satukangeun kuwung-kuwung,
Di wayah kapulas sinarna matapoe meujeuh keur surap…..!
Aya sora, mantak kadenge kabawa hees………!

Ki demang eujeung ki panghulu mani araray,
Mani ngaracay ngambay nyarakclakan;
Tapi boro-boro ngarontok eudeuk ngarangkul…….
Mata oge, molotot bari molohok………!

Ceuk anu geulis panggeulis-geulisna:
“saaaaaapun, urang dayeueueueueuh!
Ieu kaula jurungan raja kaula
Di dayeuh talaga manjah rancahmaya!
Kaula dititah nanya, dia kabeh urang ti mana,
Jeung keur naeun aya di dieu,
Warani-wani ngagarap tanah raja tanpa widi?”

Ki patih tanjung manunggul, lain jelema sembarang patih,
Lain patih sembarang jelema. Tapi patih anu geus kaceluk
Gagah sakti, anu sakti kabina-bina;
Kabina-bina oge di nagara inyana.
Sakti lain bae ceuk inyana, tapi oge ceuk sakur anu nyaraho….
Anu nyararaho, ajian jeung jimat ki patih
Mani pinuh ku isim jeung dowa!
Karuhan inyana mah hanteu kasima oge!

Ceuk inyana sabari muril-muril kumis:
“geuliiiiis! Kaula patih tanjung manunggul,
papatih nagara pajajaran girang! Dia saaaaaha?”

ceuk anu geulis panggeulis-panggeulisna sabari imut sabari tungkul:
“kaula mah ngan saukur jurungan raja;
ari ngaran mah, disarebutna banga wastu!
Ari lengkepna mah, banga wastu dambawangsa!”

“hanteu make bin nyaiiiiii?”

“hanteu! Sabab bangsa kaula mah, lain bangsa tukang marjan
ti tanah sabrang! Lain bangsa, anu meunang di tipu ku buah korma!
Tapi dia, ku naha dia wawanian ngabukbak ieu nagara boga raja kaula?”

“nyai, nagara ieu boga raja kaula!
Sabab inyana anu kawaris ti para karuhun!”

“buktina?”

“buktina aya dina ieu nagara,
anu geuning sangkilang anggeus ditaraklukkeun,
tapi hanteu bisa dicaricingan ku anu naralukkeunnana!”

“kitu mah, can jadi bukti anu pasti;
lain tanda anu geus moal bisa dirempag!
Geura, memeh kaula jeung raja kaula daratang ka dieu,
Saha anu geus ti heula aya di dieu?”

“kaula!”

“bener; tapi di salebahan guliwek ieu bae!
Ceuk tadi, ceuk dia, ieu nagara,
Hanteu bisa dicicingan ku anu naraklukkeunnana!”

“bener; tapi sanajan anu naraklukkeunnana
anu hanteu bisa nyicingannana,
ku kaula…..samemeh dia daratang ka dieu!
Nagara ieu, nagara kosong; euweuh rajaan!
Jeung anu naraklukkeunnana,
Lain seja ngabogaan ieu nagara,
Tapi seja nalukkeun raja ieu nagara,
Anu harita ngalawan ka arinyana;
Jeung seja arinyana,
Pieun munahkeun agama,
Anu harita dipunjung-punjung di ieu nagara!
Anggeus eta kabeh laksana,
Ku arinyana ieu nagara digarungkeun!
Amun bener seja arinyana, nalukkeun raja,
Ngamusnakeun agama urang dieu,
Sabari memang dina seja eudeuk ngabogaan ieu nagara,
Tangtu ieu nagara moal diantep dina garung
Jeung hanteu diparentah ku wawakil ti arinyana!
Tah ayeuna, mana wawakil kitu?”

Ceuk ki patih sabari tulak cangkeng:
“euweuh! Tah, ku sbab di euweuhna,
raja kaula, anu memang kawaris ti karuhun inyana,
anu mudu neruskeun jadi raja di dieu!”

“kipatih! Ieu nagara lain bogana karuhun pajajaran girang!
Montong teuin di karuhun urang ditu,
Karuhun urang pajajaran tengah oge, lain anu barogana!
Sabab ieu nagara, bogana sang hiyang tunggal!
Karuhun-karuhun mah, ngan saukur di ingkeun nyiyeun akuwan;
Tapi akuwan,
Salila disapukkan ku jaman!
Jaman pajajaran, anggeus kaliwat!
Kiwari; jaman geus ganti!
Rawayan pajajaran geus hanteu baroga deui akuwan!
Sabab kiwari mah, anggeus nindak keuna jaman pudar pajajaran,
Anu mudarkeun sagala kakawasaan karuhun,
Mudarkeun kajayaan anu ti heula,
Pieun mere jaman ka sakur anu laloba akal,
Jeung ka sakur anu barisa ngomong…….
Lain ngomong bisa ku pinteur,
Tapi pinteur ngomong ku sabab wani;
Ngan wanina, sabab loba batur
Anu kabeulit ku omongan kosong………….
Kiwari, jaman teh anggeus ganti.
Diganti ku jaman anu mudarkeun asal tina jajaran,
Jajaranna rawayanna para raja…….
Munahkeun kakawasaan arinyana anu asalna ngawaray ti raja!
Nya rajana anu asal;
Anu kasilih ku raja-raja asal ti sabrang;
Jeung kasilih, ku cacah jaradi raja panyelang!
Jaman raja-raja pajajaran sewang-sewang ngabaroga nagara,
Kiwari mah, anggeus kaliwat.
Kakawasaan anu jaradi rawayan raja-raja eta,
Kiwari ngan kari awun-awun ruhur pirunan!
Sabab anu marudu jaya di jaman ieu,
Nya anu sejen!
Sabab kitu, dia jeung raja dia anggeus hanteu boga deui
Kakawasaan keuna marentah atawa ngabogaan ieu nagara!
Jaman anggeus nangtueun ieu nagara dibogaan raja kaula!
Sabab eta, geura mulang deui bae anggur!
Ulah dia deuk nyiyeun onar!”

Ceuk ki patih sabari ambek,
Popolotot jeung ngabatek kumis:
“e eh, dia ewewe wani-wani ngunghak mapatahan?
Deuk dibogaan raja sejen,
Deuk hanteu dibogaan raja sejen,
Ieu nagara tetep dina kaboga raja kaula!
Amun raja dia ngahalang-halang karep raja kaula,
Ieu tah, tah ieu anu boga ngaran ki patih sagala agung….
Raden, denge, raaaaden, hah,
Raden rangga tanjung manunggul
Anu anggeus kasohor disanagara pajajaran girang!
Hayuh, mantog!”

Ceuk ki demang jero hate: “eum, eum! Make diusir.
Muuun suna ngeeeeendong!”

“kipatih!” ceuk anu geulis panggeulis-geulisna,
“raja kaula nitah nanya saha anu ngaran tanjung manunggul?
Apanan hanteu! Nitah soteh,
Dia mulang deui ka nagara dia………”

“dasar nu biwiran dalapan, kasapuluh keung biwir sungut!
Bisa ngomong dia hah! Hayuh mantog,
Samemeh ku ngaing dibonggolan!”

“ki patih, ngabonggolan ewewe mah gampang jasa!
Tapi ewewe anu siyeun!
Kaula mah,
Tangtu ngalawan heula amun dia eudeuk ngabonggol……”

Ceuk ki panghulu jero hate: “diiiieuh!
Ngalawanna oge sabari nagkarak……..aduuuuh,
Jeung mamang be galungannana endeeeeen…….!”

Ki patih ambek jasa. Sabari peureup dipeureupkeun,
Inyana maju nyampeurkeun anu geulis.
Tapi anu geulis panggeulis-geulisna, hanteu mundur.
Malah ceuk inyana:
Eudeuk balik, ki patih? Bawa atuh balad dia sakabehna!”

Karuhan ambek ki patih geus lain deui di kieuna.
Inyana maju deui salengkah, maju sabari meureupan,
Inyana mundur deui salengkah;
Reg nangtung sabari ngomong:
“langka warah! Amun lain ewewe,
pejret sia ayeuna keneh! Sia calatak ka lalaki?”

ceuk anu geulis panggeulis-geulisna : “lain calutak, langka warah!
Mantakna mani nyanghareupan dia oge,
Tanda kaula geus cukup warah!”

“e eh, bener bener bener! Nyaho sia naeun jadina
amun ewewe ngalawan lalaki?”

“ewewena, reuneuh!…… ki patih! Amun dia bener lalaki,
coba tah towel biwir kaula!”
ceuk anu geulis sabari ti kaanggangan, nadahkeun beungeut
inyana anu katembongna samingkin geulis deui bae!

Ki demang jeung ki panghulu deuk ngaromong deui jero hate,
Tapi kaburu ki patih marentah:
“he, sakabeh balad! Top tah ronce……!”

tapi euweuh balad anu maju, ki patih ngagowok deui;
tapi euweuh saurang ingkah ti enggon arinyana.
Lain caricing bae; tapi sakabeh masih keneh kasima,
Ka kageulisannana anu ti tadi didareuleukeun!

“da iiiiilah!” ceuk ki patih,
“kumaha ieu teh ki panghulu?”

sakabeh balad, ku balapati laju dijajarkeun.
Laju kabeh ngajajar manjang, ti wetan ngembat ka kaler;
Tapi euweuh anu barisa nangtung!
Sakabehna marolotot bae sabari karutap-ketap,
Maroloto sabari olohok,
Nararenjokeun ka lebah keloh samping
Anu gareulis ditebak angin………

“wah!” ceuk ki panghulu,
“kasarima kapupul baju!”
laju ceuk inyana ka sakabeh anu caringongo bae:
“hanteu kabarita sia teh?
Hayuh, kadarieu urang jampe……….!”

Tapi euweuh saurang anu nyampeurkeun.
Ceuk ki panghulu: “beeeener, jaman teh anggeus ganti!
Jiga-jigana mah, keur peuting tadi gantina teh!
Bareto mah, gayung nyiyar tampayan;
Tapi ari ayeuna mah,
Mudu pancuran nyampeurkeun lodong…….sugan!”

Laju inyana nyampeurkeun kabeh anu keur ngajajar sabari caringongo.
Hiji-hiji ku inyana di dowaan, ditiup ceuli:
Laju didagor tarang……jeblag,
Anu ditonjok tarang teh, mani ngajeblog ka tukang…..ringkel,
Koseh, korejat, tareleng lumpat.
Sabari anu anggeus di dagor tarang,
Laju ngajeblog, laju kokosehan, ngorejat,
Laju norolong cara batur inyana……saurang-saurang,
Cara anu keur ngabuyut diudag kerud.
Lalumpatna mah, karenceng jasa.
Ngan anu mantak anu hanteu kaharti,
Ku naha arinyana geus sadeupa deui
Ka anu deuk ditarajang.
Ku naha bet anu keur nararajang teh laju
Tingdaraaaaaapang sabari nararanggah?

Barang balad anu pangbucitna norolong ti ki panghulu,
Oge kitu-kitu keneh cara batur-batur inyana,
Ki balapati pajajaran jadi himeng!
“ku naha karikituwan?” pikir inyana;
laju ngagowok ka sakabeh balad anu tingjarepat
sabari tararanggah:
“da iiiiilah, sami un, sami uuuuun;
atuh ti lebah dinya mah moal kadareuleu!
Jeung apanan sia teh kabehan,
Lain ditaritah sina ti dieu parindah ka dinya
Pieun abeh deukeut ngadeuleuna;
Tapi, diparentah narajang eta mojang-mojang!
Hayuh, harudang! Tarajang!”

Barang euweuh saurang saurang acan anu hudang
Boro-boro narajang, ki balapati panasaran.
Derengdeng inyana lumpat sabari ngabeberkeun samping…..
Ari geus parek pisan, reg, inyana ngarandeg……
Alak-ilik, nyiyar anu tangtu baris
Pangnyugemakeunnana amun ditararajang.

Di beh tengah, kadeuleu aya anu donto demplon bahenol,
Mahi weweg cara munding danten di meujeuh bereg.
Serenteng didatangan….. reg, jeblag…..
Ki balapati laju ngajeblag ka tukang.
Ngan bubuhan ngaranna oge balapati,
Dina sagala-galana beda ti balad,
Dina ngajeblagna oge, atuh beeeeeda!

Palendoy bae inyana lalaunan ragag nangkarak ka tukang….
Bleg badis kapuk nepi keuna taneuh…..
Alak-ilik heula, micenan runtah heung nyokelan heula
Batu palebahan hulu….. ari anggeus beresih jeung rarata,
Laju nangkarak bengkang….nangkarang cara layon dona gebog;
Tapi mata inyana mah, bari kiceup sakapeung-sakapeung,
Melong bae ka lebahan samping anu demplon
Dikelohkeun angin……………

“e eh!” ceuk ki demang ka ki panghulu,
“deuleu si itu tuh! Make inyana anu nangkarak?
Boa-boa hanteu jamak hanteu wajar!??”

“coba; hayang nyaho, urang bareng sugan narajangna!”
ceuk ki panghulu.

“dowaan heula, atuh!” ceuk ki demang sabari mageuhan samping
dina cangkeng.

Ki panghulu laju ngadowa;
Laju ngabeubeurkeun jubah rada ruhur,
Angsrodkeun deui saeutik,
Nepi ka seret tengah-tengah pingping!

Anggeus ngagilingkeun leungeun jubah,
Jeung ngadedetkeun sorban mani nyeblok nutupan halis,
Ceuk inyana ka ki demang:
“nu katuhu heula ti heula nyah!
Amun ceuk kaula….tilu…bareng lumpat ti dieu!
Awas…. hiji…..dua……
Barengan jeung inyana nyebut…..tilu… ki panghulu mah ngajret
Heula rada ruhur, laju berengbeng baenyorontol maju,
Cara anjing moro kalenci!

Tapi ki demang! Inyana mah kekesehan be
Di enggon-enggon inyana nangtung…..
Cara lumpat jero impian,
Anu hanteu bisa laju-laju bae tea!

Karuhan! Da anu tadi dibaca ki panghulu,
Lain dowa panalukkan musuh;
Tapi aji paringkusan……….
Nya ki demang anu dirungkusna!
Sabab pikir ki panghulu,
Amun hayang seubeuh kahakanan sareuba ngeunah,
Ulah sok mawa batur……….!

Anu dijejo ki panghulu, nyaeta anu geulis panggeulis-geulisna tea!
Terelong……reg, randeg….
“hweuw!” ceuk ki panghulu bari arap-arap
eureup-eureup…..rampeyol bae inyana dengdek ka kenca.
Gajret nyangkere, ngajepat lempeng bari nyanggigir.
Tapi sabari siku kenca ditulakkeun,
Nanggeuy hulu cara anu nyangkere sabari nyeret!

Naeun sabab, anu narajang mani patingjareblag?
Hanteu sapira!

Barang geus parek kari sadeupa deui ka anu deuk ditarajang,
Arinyana diarajak seuri ku anu deuk dirarontok bari dikodok!
Tapi dina seuri eta, dina beungeut anu sakitu gareulis
Piuruyeun mantak ngacay-ngacay teh,
Ditarembongkeun gugusi anu beureum tapi lemong…..
Jeung dihareupna, tembong dua caling sareukeut
Sapanjang ramo, cara huntu oray leumah.
Jeung tina gugusi handap, tembong dua siyung sareukeut koneng,
Badis siyung begu………!
Seug be kadinyah!

Anggeus ngan kari ki patih anom,
Jeung ki patih demang wungkul anu masih keneh terus bae
Kokosehan cara kuda lumping,
Kipatih alak-ilik sugan aya keneh balad anu acan keneh di pajukeun

Kadeuleu anu jore patut jasa tea;
Keur ngalepus be ngudud dina tunggul!
“hayuh, maju!” ceuk ki patih

tapi anu jore patut kalah nembal:
“di saban jaman teh, anu mudu diperangkeun
ti heula teh, ngan balad be, balad!
Apanan ceunah, jaman teh anggeus ganti!!!???
Cooooba atuh ayeuna mah, aturan perang kuno teh,
Ganti ku anu anyar! Ayeuna mah,
Ulah balad sina paraeh ti heula.
Tapi senapati jeung balapati!”

“perang kitu mah, perang make aturan kuno keneh bae;
cara dina dongen jaman baheula!” ceuk ki patih bari rerong,
“perang kiwari mah, senapati jeung balapati,
mudu caricing di jajaran anu pangtukangna.
Tapi cicing sabari mikir!”

“heueuh!” ceuk anu jore patut bari sila tutug,
“tapi mikirna, ngan pieun kawaluyaan
jeung kauntungan arinyana wungkul!
Atuh amun perangna meunang, arinyana anu kasohor,
Anu ku raja dibregbregan pasalia jeung kadunyaan;
Tapi ari anggeus sarenang,
Ngajeunkeun balad sina balangsak!
Padahal, anu nyiyeun inyana meunang perang,
Nyiyeun inyana laju senang ejeung sugih,
Nya apanan baaaalad anu lajuna,
Ku arinyana diantep dipopohokeun!
Balad, anu dina campuhna perang,
Narohkeun jiwa eujeung raga………..!”

“basa sia, lain basa balad!
Tapi basa anu ngalawan ka kaula!
Sia teh musuh?

“kaula lain musuh; oge lain balad dia saenyana;
lain balad dia bawa ti nagara dia!
Kaula ngilu ti lebahan panyabrangan di ci kondang,
Basa dia kabehan hanteu barisa laju,
Sabab diparegat buhaya bodas, monyet bodas, anjing bodas,
Jeung sigung kabeh barodas, anu miheulaan
Di saban-saban dia eudeuk nyararabrang.
Apanan nyaringkahna, ku kaula!
Laju ku balapati, kaula diajak ngilu!
Kaula ngilu; tapi lain deuk jadi balad!
Ngilu soteh, eudeuk nyiyar pangabisa dina perang,
Keur mulungan pangaweruh pieun hirup!
Sabab ayeuna tetela,
Dia kabehan lain guru anu mudu terus dituturkeun,
Nya kiwari anggeus wayah, kaula indit deui;
Nyiyar deui pigurueun anubener gagah,
Bener wani eujeung sakti!”

“jadi sia, angkuh sia leuwih ti dewek!”

“kaula hanteu ngomong kitu! Tapi deuleu yeuh!
Deuleu tuh itu ewewe kabeh anu marasih narangtang dia datang!
Dengekeun! Kaula ngan ngomong ngadenge ku dia;
Itu mah moal ngadengeeun, da jarauh! Dengekeun!”……..
Laju ceuk anu jore patut teh: “kabeh buka kembenna!”
Harita keneh sakabeh anu gareulis, ngarudar kemben…….
Tembong anu ngadak-ngadak nyiyeun dampal leungeun
Ki patih jadi cara singsireumeun.

Ceuk anu jore patut: “udar angkin, jeung porosotkeun
Samping lalaunan!”

Harita keneh, sakabeh anu gareulis,
Ngarudar angkin jeung lalaunan pada mararosotkeun samping.

Barang samping geus sarubak dampal leungeun
Handapeun bujal arinyana,
Ceuk anu jore patut: “geus!”…..reg,
Harita keneh samping-samping kabehna ngararandeg;
Hanteu turun deui, hanteu karuhur deui………

Neuleu anu pikabitaeun moal bisa ditahan deui,
Rame-rame ki patih mani laju bae cara anu keur lilinieun……
Tapi ceuk anu jore patut : “kipatih! Coba ayeuna dia!”

Ceuk ki patih sabari nyanghareup ka sakabeh
Anu kahalangan samping kari saeutik deui: “terus!”

Harita keneh, sakabeh samping anu tadi ngararandeg
Dina morosotna….. hanteu terus turun deui.
Tapi anu terusna, sakabeh samping anu arinyana
Di titah turun… terusna teh,
Terus marajang ki patih; pada nyiwitan,
Pada nyakaran, pada ngajanggutan, pada nyungtrungkeun,
Pada ngarangsang…………!

Ki patih mani awong-awongan;
Cara anu keur ditapuk tawon!
Ki patih anom mah, hanteu dikua hanteu dikieu:
Da kaburu nyumput, ngurugan inyana ka runtah.

Jeung ki demang; sabab eta mah,
Ujug-ujug bisa lesot tina kokosehan inyana,
Laju sebrut bae sebrut kahareup.
Ngan sabab nyebrutna sabari miring ka katuhu,
Nya nyelecengna teh, laju asup keuna kamalir………!

Ari anu jore patut,
Inyana mah jiga hanteu kadeuleuan ku anu keur
Ngarangsang kipatih.

Kumaha sakabeh kokolot jeung sakabeh somah
Pajajaran bogor?
Arinyana mah, ti sabarang datang anu ngaraleut oge,
Pada nyararingker ka leuweung dina lamping!
Laju marulang……..

Anggeus sarebeuheun ngarangsang, ceuk lulugu
Anu geulis panggeulis-geulisna: “ki tanjung! Kumaha ayeuna?”

Tembal kipatih sabari ungsrak ingsrek
Jeung nyapuan hulu: “mani rakaaaaaacak! Aduh,peurih!”

“kaula lain nanya eta; tapi kumaha karep dia salajuna!”

ceuk ki patih sabari nyingsring jeugn rada inghak-inghakan:
“kaula mah, patih. Geus kieu mah,
kaula hanteu boga karep.
Ngan karep raja, mudu maju dilaksanakeun!
Amun geus hanteu pareurih deui,
Jeung anu bareulah tapak nyakar,
Geus rarapet deui, kula mah moal eudeuk
Eleh ngelehan atah-atah. Moal wara!”

“ku naha ari eudeuk ngalawan deui,
make mudu nanggoan ararapet anu bareulah?
Kaula mah, , najan ewewe oge, moal eudeuk kitu!”

“parcaya! Sabab dia mah ewewe;
jeung beulah oge, saumur-saumur moal deuk rapet deui!
Tapi di kaula, maun anu bareulah tapak nyakar,
Kakesangan, mantak jadi bolongeun…….!”

“ki tanjung, leuwih hade dia mulang;
bawa balad dia sakabehna!
Tapi amun dia keukeuh deuk ngabogaan ieu nagara,
Runtagkeun heula karajaan talaga manjah rancahmaya!
Sambarang wayah, ku kaula dilayanan………!”

Ti dinya, kabeh anu gareulis meh buligir kabeh,
Pada ngarileus; hanteu kadeuleu kamarana leosna.
Malah hanteu kaambeu hiiwir-hiliwirna acan.
Ngan anu katembong, jiga angin,
Nyeak ngalendekkeun ganjah nepi ka dayeuh jasa………

Tunda…………!
Tunda anu ngileus,
Anu engke kasampak narembongan deui.
Urang tunda ki patih sina sasadia pieun ngarugrug…….!

Urang tuturkeun heula ngileusna anu geusli panggeulis-geulisna!
Di lebahan gunuh gadung,
Gunung gadung anu kiwari aya keneh,
Inyana mah laju misah.
Seja inyana deuk terus nyiyar ki lengser,
Nu ceuk pituduh di karaton,
Keur aya di wayah nyilok-nyilok jadi tukang mantun!

Kebeneran di saung huma aya anu keur ngajentreeeeeeng bae,
Mantun sosoranganan. Laju dibawa. Tengah jalan diilikan…..hweuw,
Hileud sinanagkeup sagede leungeun….dibalangkeun sabari ngejerit.
Da sanajan gagah sakti bisa ngileus oge, da ewewe,
Ku hileud sagede kitu mah…..hwaaaaw…hi,
Bibirigidigannana oge, jeung kukuranyeunnana,
Mani bisa sapasaran!
(kitu sabab baheula mah,
dipantrangkeun mantun di saung huma teh!)

dina rupa anu geulis keneh,
ki balapati daluwangsa anu tadi nyilok ngakukeun
ngaran banga wastu dambawangsa, laju nyiyar deui.
Di lebahan leuweung kolot,
Lebahan lembur leuweung kolot anu kiwari aya keneh,
Kebeneran aya anu keur naggap pantun!

Beusi kasalahan deui cara tadi,
Samemeh rewak teh, diteges-teges heula!
Tetela, anu mantunna gandang jeung make cingcin sababaraha hiji.
Najan sakitu geus tetela,
Tapi beusi aya keneh nyalahannana,
Ki balapati newakna sabari diceumpal.
Memeh nindak, diilikan heula!
Bener beeeee ambu puun!
Geuning tayi kotok……hadena diceumpal;
Amun hanteu, waduh………..!

Sabab kageuleuhan,
Tayi kotok ku balapati dibalur-balurkeun keuna pantun,
Anu mantunna, jleg sila deui, mantun deui…….
Ngan anu boga imah jeung anu lalajo,
Kabehan pada ribut bau tayi kotok bau tayi kotok bae…..
Ari di tareges-teges teh, eta….. eta pantun
Jeung sakabeh ramo tukang mantun……
Bet lambokot pinuh tayi koooootok!
(tah kitu sabab baheula mah,
anu mantun hanteu meunang make cingcin teh).

Ki balapati nindak deui. Dilebahan bagowang,
Bagowang ka parung panjang anu kiwari,
Meneran tengah-tengah tegalan eurih anu legana
Kabina-bina nepieun disarebut tegal siawat-awat,
Kasampak aya aki-aki dekil keur noyooood bae mamanggul pantun.

Dekil, saruwa jeung aki-aki ngautkeun pantun
Di momonggor tonggoheun ci sadani tea;
Tapi rupa beungeut inyana, rada beda.
Anu ieu mah, godegan mani jembros;
Buuk inyana anu panjang ngarumbay nepi ngaliwatan walikat,
Gembelna saruwa jeung bulu domba tara diguyang!

Pikir ki daluwangsa:
“najan ganti beungeut oge,
tetela ieu yeuh si lengser teh!
Dina ngaing ngarupa ewewe mah,
Tangtu inyana moal wauheun!
Beunang sia ku ngaing ayeuna mah!”

Laju ceuk inyana: “akiiiiii, kabeneran!
Kaula eudeuk kawin, isukan! Eudeuk nanggap pantun!
Purun dia mantun di kariyaan kaula?”
Tembal si aki: “ari puguh barayannana mah, jeung gede perwantenna!”
Ceuk anu majarkeun deuk nanggap: “hayu, tuturkeun atuh kaula!”

Si aki, nyaho-nyaho geus aya di karaton anu aheng kabina-bina!
Barang nareuleu anu dibawa ki balapati,
Mantri-mantri ewewe nu gareulis,
Laju bae patingbaratak, ngeunah jasa seuri mani arakey-akeyan……

Si aki cungak-cingeuk; ki balapati, gagaro iga sabari
Palahak-polohok!
Ceuk raja: “ku naha, nyai mantri…. sisig deui bae?”
Ceuk sakabeh mantri, dibarengkeun:
“ki balapatiiiiiii, eta mah anu buuuurung!
Ceuk raja: “hayuh, pulangkeun deui ka enggon inyana tadi!”

Ngan sakolepat, si aki geus dibawa mulang deui.
Tapi tengah jalan, sangeuk terus.
Si aki ku inyana diecagkeun di lebahan kiwari aya pasar
Di leuwi liyang.
Laur bae….., atuh ari eling deui,
Si aki teh mani culak-cileuk sabari olohok……..
Apanan tadi keur leumpang di tegalan eurih bagowang
Anu disarebut tegal si awat-awat tea?
Apanan aya di karaton…. tapi kunaha ayeuna
Bet aya di leba diiiiieu?
(tah kitu, mantakna mah, tukang mantun,
dina miang jeung mulang inyana, hanteu meunang sosorangan…..)

tunda!
Keun sina terus nyiyar ki lengser.
Keun si aki anu tunda tengah jalan,
Sina nepi ka imah inyana…….

Urang mah, urang anggeus nepi deui ka urut dayeuh anu dibukbak;
Tapi katunda heula di bukbakna!

Kabeh kokolot geus araya.
Ceuk ki patih: kokolot sakabehna! Eta raja di girang,
Ku kaula deuk di ontrog! Perang nu baris jadi,
Tangtu bakal di rosana.
Kaula kakurangan balad.
Somah dia, sakur anu ku kaula jeung balapati kaula kapilih,
Mudu marantuwan.
Poe ieu ki demang keur miang ka lembur-lembur di beulah wetan.
Kula perlu balad lobana lima laksa!
Sabab dina sapoean, eta nagara mudu geus lebur,
Rata jeung taneuh………”

Ceuk ki sepuh: “amun kaula embung mantuwan, kumaha?”

“amun embung, beunang dia dibetot ku kaula!”

“nanaheunan dia teh, jagur!” ceuk ki susul tunggak,
“kaula aya keneh! Ayeuna mah geus kanyahoan dia teh lain waja
teupaan panday anu sakti. Tapi dia mah,
beusi pulasan ti bengkel roda! Ngambek dia? Der!
Make deuk gampang-gampang ngabetot beuheun ki sepuh!…….”

Ki mangparang geus deuk nyerenteng.
Sabab inyana geus ngadenge beja ti anu jore patut tea,
Ki patih mani ceceweuweungan basa ditapuk ewewe ti rancahmaya.
Tetela ki patih mah, galak jeung wani soteh,
Eta ku sabab loba balad di waktu nyanghareupan
Jelema anu moal walakaya,
Amun dikepung ku balad inyana anu loba.
Ki patih teh, galak jeung bengis eujeung gede kawani,
Ari keur kawasa dina pangkat inyana…….
Da ari ngadu awak mah, montong teuin ku lawan anu satanding,
Geuning ku ewewe oge, geus sakitu hengkerna!
Tetela, kagagah ki patih teh, lain dina awak jeung burih inyana;
Tapi dina kakawasaan wungkul……….!

Amun hanteu dijeuwang ki ranggah gading,
Ki mangparang geus galungan deui jeung ki panghulu!

Ceuk ki sepuh murwa alih: “kieu ki tanjung manunggul……”
“tunggul tanjung, kituh!” ceuk ki mangparang bari sewot.

“keueueun be, jang!” ceuk ki sepuh,
“ulah wara ngumbar heula amarah!
Urang badami heula sing asak!
Kieu, ki patih! Urusan embung atawa daek mantuwan dia,
Aya di kaula! Lain di dia!
Tapi kumaha heula badaratna?”

Ceuk ki patih: “euweuh badarat, euweuh jangji.
Cindekna mah, dia mudu mantuwan! Kaula wawakil raja;
Dia sakabehan, somah inyana!
Mudu nurut ka parentah raja anu diwakilan kaula!
Hanteu ngawaro…… pinggeus beuheung dia!”

Ki mangparang geus deuk nyerenteng deui.
Tapi kaburu katewak di beuheung jamang ku ki ranggah gading.
Ceuk inyana: “nanaheunan sia teh deui?
Cicing! Urang mah, kumaha ki sepuh bae!”

Tapi ki mangparang motah.
Beuheung jaman dijungjungkeun;
Ki mangparang kabawa, mani rorowesan cara lege……..

“ngajedog sia moal? Ceuk ki ranggah gading,
“hanteu ngawaro, dibalangkeun ka ci balagung siah!”

ki mangparang hanteu motah deui;
laju nagog tukangeun ki ranggah gading.

Ceuk ki sepuh: “raja dia, acan tangtu puguh jadi raja pieun kaula!
Sabab kaula jeung batur-batur kaula, lain bae somah iyana,
Tapi oge patalukkan atawa boyongan inyana!
Dengekeun!
Ceuk kaula oge ti heula, ari hayang ngabogaan ieu nagara,
Anu geus dibogaan deungeun, seug rebut ti ngabogaannana!
Tah, eta engke anu ngaku ngabogannana, geus nangtang ka dia.
Geura rebut! Tapi ulah mamawa somah kaula kudu ngabantuwan!
Sabab itu mah, lain musuh somah kaula; dan hanteu ngamusuhan!
Ngamusuhan oge, ka dia. Kaharti?
Lain nangtang ka somah kaula; tapi ka dia!
Naeun untungna mantuwan dia?
Pieun somah kaula mah, euweuh!
Ayeuna keur diereh kitu.
Amun dia meunang, kaula kabehan diereh ku dia tangtuna!
Jadi amun cara dina dadu mah, ngan tukeur gagang!
Pieun anu diereh diereh keneh bae mah, euweuh untungna!
Tapi leuwih loba rugina! Malah bisa dua kali rugi!
Amun dia eleh, tangtu somah kaula anu engkena
Dikukuwes ku itu; da dia mah tangtu
Kararabur deui ka nagara dia!
Amun dia meunang,
Somah kaula tangtuna dijariyeun badega ku dia!
Jeung di eta mantuwan dia,
Somah kaula teh tangtu loba anu paraeh!
Naeun pereluna ngawadalkeun somah,
Ari pieun jadi badega-badega keneh bae mah?
Kaula ayeuna keur kolot anu ngolotan ka meakeun umur.
Tanaga anggeus euweuh, tapi hate mah, gede keneh!
Kaula moal mikeun somah kaula dijariyeun wadal
Pieun nguntungkeun deungeun!
Pieun melaan somah, moal kaula ngadueun batur!
Tah, ieu dada nu kari iga,
Anu melaan somah amun dia keukeuh marentah
Sina somah kaula jaradi wadal…..!”

Ki sepuh ngomong sabari dangah ngabendengkeun dada inyana anu kuru,
Anu jadi kurungan hate anu gede, anu gede pieun bebela,
Ka somah nu areudeuk dikaya-kaya!

Barengan jeung ki seepuh ngabendeng,
Kabeh kokolot bogor satujuhna,
Narangtung sabari marerong……
Badis munding-munding di alas tangtu nyanghareupan meyong!

Barang ki patih deuk ngahucutkeun balad,
Ki patih anom ngajol ka tengah bari ngomong:
“ke heula! Kaula lain deuk mangmeunangkeun ki sepuh,
tapi lamun dipikir bener-bener, nya urang bogor anu bener!
Arinyana memang can jadi somah urang!
Sabab can aya tanda atawa bukti!”

Ceuk ki patih sabari molototan:
“apanan ieu; kaula, jeung dia itu balad!”

“kakang patih! Ayana urang jeung balad, can jadi tanda anu nyata.
Salila arinyana sok marasih keneh warani nareunggeulan balad urang,
Eta tandana arinyana hanteu taluk kitu bae!
Sakitu tetelaaaaaaaaana geuning tina omong ki sepuh!
Tetela, urang dieu sanggup ngalawan urang!
Hartina, ayeuna urang teh mudu nyanghareupan
Dua pilawaneun!
Anu mana anu deuk dilawan ti heula?
Ceuk pikir kaula, rusuh jeung anu mana oge anu diheulakeun,
Anu saurang deui, tangtu datang mantuwan anu keur digempur!
Komo amun urang rusuh jeung urang dieu heula mah;
Tangtu raja rancahmaya bakal nulungan arinyana.
Sabab urang dieu teh, erehan eta raja!
Ngan aya hiji anu geus tangtu!
Nya, urang dieu, hanteu sudiyeun
Diereh ku rancahmaya!
Pikir kaula, angguuuuur urang bogor dijiyeun batur!”

Anggeus ngaheneg sakeudeung, ceuk ki patih: “heueueueu-euh!”
Bari jero hate ngomong sorangan: “bener, anggeus rancah maya taluk,
Kari ieu begu-begu urang talukkeun!”
Laju ceuk inyana: “ki sepuh! Kumaha badarat teh?”

Ceuk ki sepuh: “kieu! Kaula mantuwan dia.
Amun meunang, sabagiyan ieu nagara mudu dibikeun
Ka urang dieu! Jeung mantuwannana,
Ngan amun dia geus tetela hanteu untupan deui
Ngalawan musuh!
Amun dia bari hanteu di bantu ku kaula,
Bisa ngelehkeun musuh, urang dieu hanteu mudu dibagi nagara.
Malah kajeun nepi jadi mudu ngabadega ka urang pajajaran girang oge!”

“hade!” ceuk ki patih tanjung manunggul,
“ka raja mah, keun bae urusan kaula,
ki patih anom! Urang sapukkan kahayang ki sepuh!”

“enya!” ceuk ki sepuh,
“tapi ulah jangji tanpa tulis, ulah badarat tanpa lacak!
Kaula menta tandana heula; tanda anu tahan mapay jaman,
Anu sanggup ngungkulan waktu,
Pieun bukti ku anu engke daratangna di pandeuri………
Ulah ciri anu ditulis dikatumbiri,
Ulah tanda anu ditatah dina leutak!
Tapi ku ucap anu matuh dina batu…………!”

Laju nyariyar batu anu mahi gede mahi rubak,
Mahi teuas mahi beurat!
Batuna anggeus aya; tapi guru tatah anu euweuh…..
Da memangna oge, eueueuweuh!

Ngan aya sambilan urang, anu bareto urut santri;
Kungsi diajar nulis eujeung natah.
Nya sina natah….natah, natah,
Indung leungeun inyana kapekprek;
Laju mudu reureuh heula sapasaran.

Natah deui…..natah;
Kara mah prak, geus kapeungpeureuman batu metel.
Nya mudu reureuh deui….. lilana dua pasaran.

Aanggeus cageur, laju naratah deui…. nya sabab mata inyana,
Jadi peupeureudeuyan bae sabeulah, najan parutat-paretot oge,
Geus meh anggeus; ngan lilana meakkeun campleng dua bulan…..

Barang eudeuk nganggeuskeun,
Jol datang aki-aki mamanggul pantun!

Ceuk inyana: “tah ieu yeuh, anu deuk ngariyeurkeun teh!
Titah ku saha dia ngacak-ngacak lacak marga papayan
Ka pajajaran?”

“ki paaaaatih!” ceuk tukang tatah geugeueumeun
jeung peupeureudeuyan.
Laju ceuk inyana sabari rada hate ratug: “salah natahna, bapa aki?

Ceuk si aki: “nyaaaao, da ngaing mah hanteu bisa maca!
Iyeuh, nyanyahoaaaaaanan nitah natah kieu!
Parangsa inyana meureun moal aya anu ngartieun!
Ngaing mah, najan hanteu bisa maca oge,
Ngarti keuna caritara eta basa tatahan…… heueuh,
Dia mah hanteu salah: da dititah!
Amun inyana hanteu puruneun ka dieu, ieu batu dipekprek kituh!…….”

Bari ngadegdeg, tukang natah laju nindak;
Satindak, dua tindak, katiluna,
Daregdeg bae lumpat gancang jasa….. daeta, hweuw,
Eta mata si aki………
Ku naha mata jelema cara mata keuyeup….. bisa karuuuuar……?
Moal kitu anu ngageugeuh di lebah dinya…..
Anu linggih di eta batu?
Boa hanteu sukaeun angen, batu inyana diruksak…….?

Jiga anggeus memang kitu muduna, datang ki patih,
Daratang sakabeh kokolot anu deuk nempo tatahan!
Ngan tukang natahna mah, hanteu ngilu datang.
Sabab nepi ka bedeng,
Inyana terus bae kukurayeun jeung singsiyeuneun,
Nyao teuin ku naeun………
Ceuk dukun tukang jampe mah,
Inyana kasibat ku anu linggih di batu anu ditatah inyana………….
Ari ceuk ki panghulu mah, di usap jin, ceunah…….!

Da atuh memangna mudu kiiiiitu hanteu boga kabarek
Tapi hayang gede pangaruh mah!……….
Tudingkeun be ka anu hanteu kadareuleu……
Atawa tudingkeun ka anu hanteu wararani hanteu walakaya…..!

Ceuk si aki bari bengis ka kabehan: “ieu tatahan pieun naeun?”
Ceuk ki sepuh: “batu ieu, batu anu baris ditapak ku kaula.
Dititah titatahna, ku ki patih!
Tanda eujueng bukti tina jangji inyana,
Amun ku bantuwan somah bogor,
Inyana bisa ngelehkeun raja rancahmaya,
Sabagiyan ti anu bareto disebut nagara pajajaran tengah,
Mudu dibikeun ka somah anu jaradi rawayan urang
Pajajaran tengah.
Batu anu mudu ditapak ki patih ti pajajaran girang,
Geus anggeus ditatahna. Ngan kari ditapak ku kipatih.
Ayaha di ditu, sisi cipaku!”

Ceuk si aki ka kokolot-kokolot: batu dia anggeus anggeus!
Ku naha batu dia acan anggeus, ki patih?”

“keur di tatah keneh! Tukang tatahna, lain guru tatah!”
ceuk ki patih.

“naeun ceunah anu ditatah di ieu batu?”

“nyao! Da kula mah hanteu bisa maca! Aki bisa?”

“hanteu atuh! Tapi nyaho dina seja dia!
Sabab dina tatahan aya ringkal anu naliwangkeun.
Tah deuleu!”
Ceuk si aki sabari nuduhkeun ku indung suku lebahan ringkel.
“tah deuleu….ari kitu mah hartina:
nyusukna pakuwan.
Ngaing, deuleu, ngaing anu nyaho! Sabab ngaing anu nyaksian!

Eta ringkel muduna:
Nyusuk ka pakuwan.
Nyaho dia naeun hartina: isuk ka panca pandawa?”
Ceuk ki patih: “ngarti: da kaula anu nitahna.
Isa hartina: anu tiheula atawa tegesna: anu mimiti.
Panca, hartina: lima……..!

“jadi!” ceuk si aki,
“isa ka panca, hartina: hiji ka lima.
Ari eta pandawa, pangganti dia pieun anu dina basa
Pajajaran disebut: panca lilima tea?
Digantina, sabab dia anggeus hanteu ngadewa deui!
Tapi dia nyokot pandawa, anu hartina: rawayan pandu!
Pandu anu rawayan dewa keneh…………
Lain saruwa keneh dia masih ngadewa-dewa ari kitu mah?

Anu dipajajaran disarebut panca lilima, nyaeta:
Para dewa dina ngabatara jaradi
Siwa, wisnu, brahma, sri jeung kala……”

Ceuk ki patih: “hartina pandawa kaula,
Lain dina harti rawayan ti pandu anak dewa tea!
Tapi pandawa dina harti lima;
Nyaeta: isa, subuh, lohor, asar jeung magrib…….
Waktu sinembah dina agama anu anyar!
Lima waktu salat!”

“heueuh, heueuh! Meunang ari kitu mah.
Jadi isa ka panca, hartina:
Hiji tambahkeun keuna lima.
Jadi genep, lain kitu?
Pandawa, hartina lima, nyaaaaah?
Jadi isa ka panca pandawa, pihartieunnana:
Genep lima… tapi dina candra sangkala.
Tegesna: lima puluh genep; lain genep puluh lima! Lain kitu?
Pihartieunnana: ieu batu ditatahna lima puluh genep tahun
Anggeus ieu nagara diruntagkeunnana ku anu
Ngarasupkeun agama islam! Tah kitu!
Tapi tatahan anu sejenna, eta naliwangkeun.
Keun bae; hade oge kitu!
Sina engke di buritna, jadi parebutan.
Tapi diparebutkeunnana,
Ka anu mararebutkeun paisan kosong!”

Laju si aki nanya ka ki sepuh:
“ari batu dia kumaha?”

ceuk ki sepuh: “urang ilik!”

laju ngaraleut ka sisi walungan leutik anu ngaranna ci paku.
Tengah jalan, ceuk ki mangparang ka ki patih anom: “saha ta teh?”
Ceuk ki patih anom: “nyao! Lain urang dieu?”

“lain! Di dieu mah, euweuh anu kitu!
Sugan teh bawa dia ti ditu!”…………

Kocapkeun bae, di sisi ci paku.
Ceuk si aki: “geuning ieu mah leutik!”

“heueuh, leutik!” ceuk ki sepuh sabari nunjuk ka batu anu rada anggang,
“sabab leutik, ku kaula ditatahna dina dua batu!
“tuh hiji deui!”

“heueuh, heueuh! Alusna saruwa jeung tatahan batu ki patih?”

“aki, kaula mah hanteu bisa alus natah.
Mantakna, sina ditatah ku anu sok nyiyeun arca,
Nu bareto di arca domas,
Jeung bareto di gunung ki bodas.
Ari alus sih, hanteu!”

Ceuk si aki baru nunjuk ka batu anu di anggang:
“naeun anu ditatahna di batu itu?
Ulah satulis-tulisna; beusi dituliskeun jurig!”

“wates-watesna!” ceuk ki sepuh,
“di kidul, ku gunung-gunung anu ngaruntuy,
anu di kulonna, munclakna di gunung kendeng,
di wetanna di gunung gede sang hiyang purwa.
Laju ngaler mapay ci behet,
Nepi ka cadas malang kebat ka lebahan
Ci homas ngamuhara ka cipamingkis.
Ti dinya lempeng ngulon, anjog ka leuweung tenjo;
Laju ka tangkal jengkol deukeut ci duriyan.
Ti dinya, malendeng cai beulah wetan,
Sing nepi deui ti gunung kendeng!
Tah kitu, basa badaratna!
Eta batu, mudu bareng ditapak ki patih,
Di waktu kaula napak batu inyana!”
“heueuh!” ceuk si aki,
“ki patih, geura anggeuskeun!
Sabab wayah ka mudu perang,
Itu geuning geus mendung di suku gunung………
Dengekeun! Amun dia narajang ti mana oge,
Dia baris lebur samemeh nepi.
Aya kiasna! Dina narajang, dia mudu turun ti girangeun inyana!”

Leos bae inyana, nyao teuin laju kamaaaana…… kadeuleu mah,
Nyabrang ka pamoyanan; tapi sora inyana,
Kadenge ngadehem di lebah ci jahe!

Batu ki patih acan anggeus ditatahna;
Tapi di beh girang, geus ramena keur rarusuh!
Gara-gara balad pajajarang girang
Neunggeulan tukang dagang.
Ceunah mah, nu salah teh, tukang dagang.
Sabab embung dianjukan………….
Haramjiaaaadah, ceunah,
Hanteu ngendahkeun ka tukang perang,
Hanteu ngajenan ka balad ani keur kawasa……..
Ganjuk baaaaako, make hanteu meeeere!

Hanteu nyahoeun,
Tukang dagang anu diteunggeulan teh,
Urang rancahmaya, balik balanja ti pasar bogor…….
Pasar bogor geh, anu baheula!

Anu diteunggeulan, datang deui mawa batur;
Anu neunggeulan ka inyana, kapanggih di gunung gadung,
Jeung sababaraha balad deui…………
Nya der bae rarusuh…….mingkin lila,
Tambah loba anu gelutna;
Nepieun jadi perang laleutikan………….

Ti dinya mah, ti pabuwaran laju tingareleut deuk mantuwan;
Nya karuhan ti rancahmaya oge…..nya lajuna mah,
Lajuperang samemeh perang dimimitian ku lulugu sewang-sewangna…….

Mingkin lila, tambah rosa.
Anu ngaran balad mah, anggeus tumplek dina rusuh di gunung gadung.
Ngan lulugu jeung para sambilan be,
Anu marasih keneh nagog bari lalajo!

Da acan aya parentah mudu geus taram!
Atuh hanteu disapih?
Kumaha eudeuk nyapihna ari geus meujeuh
Keur karalap kitu mah?
Bisa-bisa hanteu puguh-puguh dikadek balad sorangan….
Mending geh di dieu,
Lalajo dina ruhur pasir!

“kumaha ieu teh?” ceuk ki patih ka balapati,
“geus ngarembet samemeh tandur? Hayuh sina areureun!”

“kumaha aaaaatuh?” ceuk ki balapati,
“ari geus karep arinyana teh, hanteu barenang dicaram!”

ceuk anu jore patut sabari lalajo:
“tah kitu balukarna, ari balad diarogo diaraleum teuin teh!
Hayoh be kadinyah, peupeujeuhkeun jeung
Pupujuhkeun beeeeeee…… najan saralah ge,
Kilungan beeeeeee; ngajan ngararahong jeung ngaruksak
Kahirupan somah ge, antepkeun beeeee!
Tah, ari geus mararugul kitu, caralutak kitu?
Heueuh………..antepkeun beeeee…………!”

Sakitu euweuh anu nitah,
Euweuh parentah oge ti ki balapati,
Nyao teuin saaaaaaha, ari cengkeng-cengkeng teh sora bende……..
Aya anu nabeuh bende tanda perang………..
Nya para lulugu jeung para sambilan,
Anu keur ngareunah-ngeunah lalajo, marudu oooooge tarurun makalangan!
Nya der bae perang anu enyaan……..

Bener; ari geus dikokolotan ku para lulugu
Jeung para sambilan arinyana mah,
Tetela urang pajajaran girang teh, bener barisa perang!

Ngan ka dua kali narajang oge,
Urang rancahmaya mani paburisat;
Marundur kasurung ka kidul terus…………

Di lebahan ci ogreg anu kiwari,
Ti rancahmaya tarurun bala bantuwan!
Ger perang deui…. rosa jasa…..
Nya bener, batur!
Urang pajajaran girang teh, bener barisa enya.
Sakitu sahiji mudu nanding nepi tilu ka lima musuh oge,
Urang pajajaran girang mah, ah bener beeeeeee,
Bener, bener heueuh bararisa perang teh……….

Tapi kalah ku loba batur,
Urang rancah maya ngabendung majuna musuh,
Hanteu beda ti kuta tina waja………..!

Amun hanteu kaburu poek jeung turun hujan mah,
Meureun perang teh, rosana leuweih ti kabina jasa!
Isukna deui,perangna rosa deui!
Sanajan sakitu deukeut oge ka dayeuh arinyana,
Urang rancahmaya hanteu perang sabari licik.
Arinyana hanteu nambah loba;
Urang pajajaran girang nya kitu keneh;
Sakitu-sakitu keneh saloba kamari…….
Da arinyana mah atuh ngan sakitu-sakituna,
Jeung bala bantuwan bawaki demang, acan daratang!

Tilu poe, saban poe eureun heula ari geus poek.
Perangna mah, rarosa jasa,
Rosa jasa kabina-bina,
Cara perang dina carita pantun!
Tapi najan rosa oge, euweuh anu unggul,
Euweuh anu kadeseh!
Anu narajang, atuh narajaaaaang;
Anu narahan, atuh naragen sateker tanaga……….!

Brag anu narajang maju geus deukeut,
Sor tumbakurang rancahmaya mani kerep cara kikis……
Congo-congona dijojokeun ka lebahan mata anu narajang…….
Atuh, reyoooook anu narajang mundur deui!

Kitu deui, kitu bae; kitu terus saban poe……
Cara ombak di wayah laut keur hanteu pasang……
Blok…..seak…….roooooot caina balik deui ka laut!

Tina ruhur picung ti ci kabuyutan,
Aya anu keur lalajo sabari ngalalahun pantun:
Si aki anu dekil tea!

Ceuk inyana: “boseun! Geus tilu poe kitu-kitu keneh bae!”
Dibarengan ngautkeun pantun, ceuk inyana:
“rancahmaya…….sorong! girang! Mundur!”
harita keneh, anu perang teh laju ngeser,
cara poe kere lele dina nyira didengdekkeun!

Anggeus balad pajajaran girang kasurungkeun
Nepi ka sisi cai ci sadani,
Ceuk si aki bari ngautkeun deui pantun:
“girang……maju! rancahmaya, mundur!”
nya harita keneh, anu parererang teh, ngeser deui.
Nu ti lebak, laju naranjak,
Sabari nyurungkeun musuh terus marundur.
Anu ditonggoh, ayeuna mah, jadi kasorong……marundur,
Marundur…..narepi deui ka urut tadi dilebahan ci ogreg anu kiwari.

“tah, ari kieu mah, aaaaaya deuleueun!” ceuk si aki.
Saban-saban, inyana ngautkeun deui pantun.
Saban pantun dikautkeun, garanti deui anu kasurung mundur……….

Kapeung-kapeung,
Acan mah nepi ka wates mudu garanti giliran oge,
Pantun teh anggeus dikautkeun.
Malah lajuna mah,
Kara oge eudeuk garanti giliran mundur,
Pantun geus dikautkeun deui………
Atuh karuhan anu diperangkeunnana mani jadi haliwu……..

Si aki di ruhur picung,
Mani akey-akeyan ngeunah seuri mani ngacay!
Sabab kangeunahan teuin seuri, akey-akeyan jadi kalangsu…….
Galeyong….gebut, nutug keuna tumpukan tayi munding……
Mani bebes nepi ka cangkeng!

Ceuk si aki sabari kokosehan ka ruar tina mebes inyana:
“hadena ka hulu ti heula;
jadi be nyaho kumaha ari di jero tumpukan tayi munding….
paingan kuhuk eujeung onggret baretaaaaaheun.
Da reeeeesep, cara jero samping nyai rangda…..
Ngan powek wungkul, hanteu bisa neuleu!
Cabakkeun mah loba, ngan euweuh coco-o-eun!”

Caturkeun ki patih, ceuk inyana ka ki balapati:
“ku naha perang merangan urang rancahmaya mah,
saruwa jeung merangan kalaaaangkang?
Boa-boa salah milih wayah nurunkeunnana…..?
Heueuh, ki balapati, salah!
Apanan geuning ceuk eta aki-aki tea,
Mudu ti giiiiirang! Hayuh, eureunkeun!”

“teu nyanggup ari ayeuna mah!
Tanggoan surupna be; moal lila deui oge areureun!”

Hanteu lila powek deui!
Anu parerang areureun deui.
Urang rancahmaya baralik heula ka lembur sewang-sewangna;
Balad-balad mah ka pabuwaran deui!

Isukna deui, urang rancahmaya hararimeng.
Ti isuk ngeluk nepi ka meng tangari,
Naranggoan di gunung gadung;
Tapi musuh mah, euweuh saurang-saurang acan!
Sapoe eta mah, euweuh anu perang!

Tapi isukna deui, urang rancahmaya mani haliwu.
Sabab musuh anu ditanggoan di gunung gadung,
Bet pating torojol ti beulah kiiiiiidul rada ngetan,
Jeung ti beulah kidul rada ngulon?

Laju campuh deui;
Tapi masih jauh keneh ari ka dayeuh rancahmaya mah!

Balad bawa ki demang, loba jasa;
Lolobana mah lain urang pajajaran tengah
Anu pajajaran keneh.
Tapi anu bareto jadi urang panamping,
Jeung loba deui ka nagara arinyana.
Arinyana ngababakan di lebahan tanah baru anu kiwari,
Jeung di lebahan jambu luwuk anu kiwari,
Jeung di lebahan kiwari ayana kawung luwuk!

Perangna rosa jasa.
Urang rancahmaya laju kateter; laju mararundur!
Tinggal dua lembur deui ka sisi dayeuh!
Ger perang anu rosa kabina-bina……….
Anu narajang, loba anu jaradi bangke;
Anu ditarajang, loba anu jaradi bangke………
Panglobana dilebahan engkena ngadeg lembur pasantrenan!

Barang geus tetela keur kadeseh deui, kadeseh bae,
Ti dayeuh rabul balad rancahmaya,
Anu sugan di mana-mana mah,
Di jaman anu iraha oge,
Moal aya tanding moal aya paaaaantar………..
Sabab anu harita rabul,
Balad perang anu ngan aya dina carita pantun!

Bisa jadi, balad perang jaman engke,
Balad anu daratang di jaman anu baris kasorang,
Anu daratangna ti wetan jeung ti kaler,
Baris marareunang dina pakarang jeung dangdanan,
Mareunang dina laga jeung ngarieu-ngaing,
Urunggul dina aradigung garede hulu,
Sareba laleuwih dina rasa:
Rasa inyana anu pangkawasana,
Rasa arinyana wungkul anu ngabogaan ieu jagat,
Rasa arinyana bae anu pangbararenerna,
Bari dina marabokna kakawasaan,
Rarahong jeung nalikung somah……..
Tapi ari ku balad rancahmaya anu rabul harita mah,
Kabeh oge areleh ku marones dina rupa jeung porongos!

Sabab anu harita rabul,
Anu katembong teh….. ngan wungkul hulu tanpa awak…..
Tapi huluna…..hweuw,
Hanteu jamak jeung hulu-hulu biasa!
Aya anu bararapang bari tonggar,
Aya anu nararongnong bari dekok tapi monyong;
Aya anu baruleud cara cindeul, tapi buukan cara cucuk kadu;
Aya anu badis rupa hurang,
Aya anu badis rupa julung-julung,
Aya anu badis rupa belentuk…….
Jeung sakabehannana pada sariyungan……..

Karuhan, barang nareuleu datangna balad di rupa kitu,
Sakabeh anu narajang teh, mani kasima!
Boro-boro deuk metakeun pakarang jeung maju narajang;
Nararangtung oge, ngan sakur anu can nareuleu.
Ari geus nareuleu mah, badis bae pare eunyeuh!

Ki panghulu jadi haliwu!
Sagala dowa anu timu, laju dipapatkeun……
Tapi saban inyana ngagowokeun bedas:…. looooo-hu-akbar……
Ku balad rancahmaya anu marones, inyana ditembal:…..loooooo-hu-ahad…!
Laju ngabungkeuleuk.

Ki panghulu jadi kukurayeun.
Bari bijil kesang tiis jeung rarasaan paranas tiris,
Inyana ngabudalkeun sakabeh ajian, mantra eujeung dowa,
Anu sakur asupkeuna ingetan…..mimiti,
Mapatkeunnana bari hate anu teteg;
Sabab anu disinglar, hanteu keneh bae leungit,
Mapatkeunnana bari hate rada tagtigtug ratug…… lajuna mah,
Maca dowa teh, sabari arap-ap eureup-eup……
Laju dowa pacampur jeung mantra,
Laju ajian pacampur jeung jangjawokan!

Komo barang neuleu anu disinglar laju patingrengkenek
Ngararigel mah, jeung laju sabari nararonggengan,
Nyararingsat narembongkeun bujur mah……..
Ki panghulu, ngadeudeukeutan keuna tujuh kuriling deui bae!

Barang deuk riyeur sarebel lain,
Ras inyana inget keuna parancah ti guru inyana anu sok
Nganjuk-ngajukkeun korma jeung marjan tea.
Papatah eta guru:
“amun sagala dowa hanteu teurak,
beubeutkeun be sorban keuna taneuh!”

gebot, sorban dibantingkeun!
Tapi anu ngalelewa mah, kalah sarurak!
Ki panghulu inget keuna parancah sahiji deui:
“amun sagala hanteu mental keneh bae,
jojowet sorban sabari nenjrag taneuh tujuh kali!”

heueuh, nenjrag taneuhna mah, sarebu kali oge, biiiiisa!
Tapi ari mudu ngajojowet sorban mah, mudu mikir-mikir heula!
Mangkaning sorban anyar keneh;
Acan himpas-himpas acan!
Jeung kumaha engke mulang?
Tilok mudu make sorban meunang ngerodan mah?
Tilok mudu mungkus hulu ku gebog jeung upih mah…….!

Ki panghulu hanteu eungeuh deui bae!
Lain dowa, mantra jeung ajian anu hanteu maratih;
Tapi wadahna eta kamatihan!
Sabab, dina mapatkeun eta sakabeh,
Ki panghulu sabari hayang nembongkeun boga pangabisa
Leuwih ti deungeun, abeh kasohor tambah kaceluk,
Ngarah tambah dipikasiyeun ku kabehan!
Tegesna mah, mapatkeun teh, bari hate gede keuna takabur tea!
Atuh, saruwa jeung ngadekkeun kujang dikopakkan…….!

Inyana hanteu inget, buktina kamatihan teh,
Lain dijiyeun ku ucap keuna eta dowa bari dibabarengan
Kaparcayaan gede ka diri sorangn,
Tapi dibuktieunnana mah, ku anu marengkeun!
Harita dowa-dowa ki panghulu hanteu diparengkeun matih teh,
Sabab bukti kamatihan eta dowa eujueng ajian,
Ku inyana dianggap kamatihan pangabisa inyana!
Lain inyana inget ka sagala teh, mudu diparengan ku anu agung….
Hanteu inyana inget, amun sagala bukti,
Lain inyana anu mudu bungangang rebeh irung kembung dada!
Tapi inyana mudu sedih dina atoh,
Bari nganuhunkeun ka anu ngajabahna………..!

Geus kitu dina catur nu digalur,
Urang rancahmaya laju narajang;
Tapi narajangna sabari milihan.
Mimiti, dipilihan heula sakabeh balad bawa ki demang;
Tapi anu baretona datang ti wetan……
Kabeh mani marodar di cekekan!

Laju narajang deui; narajang bari pipilih deui!
Milihan urang pajajaran girang………
Ragamang-ragamang bae ngalaleketek.

Atuh, eukeur mah laleuleus ku kasima,
Hayuh sabari renya-renyu ngabaregeg teh,
Ngaleketek……. atuh,
Balad ki panghulu, loba jasa anu pararaeh!
Lain pararaeh sabab dicekek; tapi pararaehna,
Jiga pararaeh ku eureup-eureup!

Anu dikarieun, ngan gegedug-gegedug bae:
Ki patih, balapati, ki demang jeung ki panghulu.
Ari ki patih anom mah, kaburu bisa lolos mantare……!

Ki patih jeung batur-batur inyana, laju dikarepung.
Anggeus beunang, laju dipanjara di lebahan
Engkena aya lembur ci balung!

Ngan ki patih anom jaya kidang, nau bisa lolos.
Inyana kaburu kabur ka pakancilan;
Laju disumputkeun ku ki mangparang.
Ceuk ki kokolot: “geus bae, raden,
Dia mah cicing be di dieu!
Beusi deuk imah-imah,
Tuh geura pilih be cawene anu mana!

Amun dia karep, anak ki sepuh mah,
Bagus teh geus hese tanding euweuh pantar……
Hamo dikereeeeeetkeun ku kolot inyana!”

Tunda!
Keun sina mikir!
Sina neuleu heula anu geulis,
Anak ki sepuh anu di taman……….!

Urang mah, urang nyaturkeun heula anu jore patut tea!
Inyana hanteu ngiulu perang!
Tapi ngalalajowan di lebahan kiwari
Anu disarebutna patilasan embah badigul!

Anggeus rengse perang,
Inyana mah di dinya keneh bae!
Jiga keur ngalamun ngingeti-nginget,
Mapay deui anu asorang,
Anu wararaas anggeus lalaas,
Anu kaliwat….jaman ka tukang…..
Ngahudang-hudang deui anu baruni,
Anu geus jaradi tutungkusan anu baruni
Di keukeupan waktu…………….!

Di beulah kulon,
Matapoe geus kahalangan gunung-gunung
Anu ngendeng mayat ka jauh!

Mega-mega, anu tadi keur jaradi layung,
Ngunggul mumbul ngaruhuran gunung,
Ngan kari sisi-sisina anu pangruhurna wungkul
Anu masih kapulas sinar matapoe anu keur surup………
Koneng gading, ngabeureum emas…….
Mingkin lila mingkin lamas…………

Tenggeret anggeus jarempe;
Turaes eudeuk harees,
Nyarelap dina sela-sela dahan karimbunan daun……….
Gukgeuk jeung tulungtumpuk,
Ngan kari hiji dua anu masih keneh nyora……
Jiga nyalukan anu can datang,
Anu diarep-arep can bae mulang………!

Ngan haruhhuh, anu masih terus rame ngahuhuh!
Jeung tuweuw, tambah rame gandeng gerona……….!

Handapeun caringin leutik di mumunjul,
Anu jore patut masih keneh ngajentul……
Jiga hanteu engeuh, peuting geus ngamparkeun popowekna……

Di handap, popowek peuting anu samingkin kandel,
Ngahuruwan leuweung anu sepi tambah geueuman keueung!

Ti dinya,
Sakuriling bungking jadi powek,
Melegmeg hideung gegeblegan!

Tina sela-sela dahan eujeung daun,
Tembong baranang bentang anu arunggah di beulah wetan…..

Di beulah kulon,
Mega eujeung layang geus hanteu kaciri deui…….
Geus rata, saru dina geblegan peuting
Anu ngarurub alam di buwana urang………..
Urang pajajaran jaman harita!

Tapi anu jore, masih bae nangkeup tuur,
Dina galugur kawung anu rubuh euweuh nu nuwar,
Tapi ngajepat eunyeuh ku wayah,
Ku wayah anu mungkas sakabeh wujud
Anu gumelar dina bungkeuleuk!

Inyana masih keneh nenggak,
Tanggah ka langit hideung melegmeg,
Tapi ditabur bentang gede bentang lalaeutik,
Tinggarenclang bari kariceup………!

Mega! Mega hanteu ngabogaan wujud anu matuh!
Jadina layung anu aralus teh, ku warna pulas
Tina sinar matapoe dina wayah maju ka surup…..
Wayah poe iyuh eukeur ngolotan

Ku naha, nyah,
Hanteu layung aralus di wayah matapoe
Keur meujeuh manceran?

Tetela, anu dipieudeuk dipikarep teh,
Lain mega di wayah jadina mega;
Tapi di wayah mega keur jadi layung!

Tetela, mega mah hanteu boga kaalus,
Sejen ti bobodas warna inyana anu sajati,
Eujeung warna hawuk, amun matapoe kahalang inyana…….!

Bentang!
Bentang ngabaranang patinggarenclang,
Ari dipeuting langit keur lenglang!
Tapi, najan lenglang, ari caang bulan mah,
Ku naha, nyah, tara bentang rapang caraang……?

Inyana hayang, hayang nyaho rahasiahna alam……
Ka saha mudu tatanya? Ka saha mudu guguru?

Inyana nyaho, sabab inyana memang parcaya,
Dina hirup teh,
Aya harep hurip, hirup hareup;
Aya hurip hareup, hirup harep;
Harep hurip…….. ngaharepkeun hirup dina jagjag,
Bari sugih senang sagala jembar.
Hirup hareup……. dina hirup saterusna.
Hurip hareup……. jagjag senang sugih jembar heula,
Tapi susah saterusna!
Hirup harep……. ngaharepkeun bisa deui hirup cara ti baheula…….!

Keur inyana tatanya ka inyana keneh,
Hawar-hawar, ku angin ngahiliwir di bawa sora
Jentreng pantun nyao ti maaaaaana…….
Kadenge ngalayang hawar-hawar sora haleuang……….
Nyao saha nyao ti maaaaana!

Sora haleuwangjeung sora jentreng,
Anu hawar-hawar laju dibawa leungit deui ku angin,
Tina ceuli tembus terus ka angen inyana!
inyana kageuing tina pikirna sabari ngalamun.

Tina pangbuleun ingetan inyana,
Kasuwat anu geus samar,
Anu lawas mani deuk lawas;
Tapi harita, laju cara tinggurinkal tingjurungkunung,
Jaradi gambar bari ngalalar………!

Inyana jadi sedih; sedih hanteu puguh-puguh.
Tapi sedih anu peurih,
Anu peurihna murilit bari nyelekit!

Keur inyana nyegruk sabari tungkul nangkeup tuur,
Hanteu kanyahoan ti mana jolna,
Hareupeun inyana nangtung anu hawuk dedeg jangkung
Gede jeung jabrigan………

Ceuk ki daluwangsa: “hudang! Kunaha dia leweh di dieu?
Bebene tah aya nu ngewat?”
Anu jore patut hanteu nembal.

Ceuk ki daluwangsa balapati rancahmaya:
“hayuh! Bantuwan ngaing!
Ngaing mudu newak manusa nu ngaran lengser!”

Ceuk anu jore patut bari cengkat:
“neeeeewak? Lengser? Harita keneh
inyana laju inget ka eta ngaran,
inget ka samar-samar rupa jeung dedegan jelemana,
kadedengekeun deui hawar-hawar dina pangdenge inyana…..
sora ki lengser ari keur seuri…….;
tapi kabeh geus samar sagala laas!

“leeeeengser?”

“heueuh!” ceuk ki daluwangsa,
“tenget dia ka inyana?”

“tenget hanteu, teu tenget hanteu!
Tapi ku naha inyana eudeuk ditewak?”

“titah ku raja!”

“raja mana? Ku naha?”

“raja uuuurang, atuh! Pieun pangrepeh!”

“kaula mah teu boga raja; sabab geus euweuh!”

“ku naha geus euweuh? Apanan itu di karaton?”

“eta mah lain raja kaula!”

“hah? Ceuk ki daluwangsa baro morongos,
“lain raja dia? Dia dangka ka raja?
Ka guru agung pangauban?
Dangka ka dia anu sagala disebut agung?
Di mana aya raja anu sagala agung cara inyana?”

“anu kitu mah, lain raja agung; tapi anu diugung-ugung!
Raja agung moal merelukeun manusa pieun pangrepeh!”

Urang mana dia teh? Batur atawa musuh?”

Ceuk anu jore patut sabari sila tutug dina galugur:
“batu, laiiiiin; musuh mah, acan puguh!
Sabab kaula lain urang dieu, lain urang rancahmaya!
Ngan kaula hanteu ngarti,
Tilok aya raja agung ngawadalkeun somah?
Nu kitu mah;
Lamun lain raja anu siyeun ku dedemit,
Tangtu inyana sorangan, dedemit atawa raja buta…..!”

“eh, siya ngahina raja!” ceuk ki daluwangsa sabari nampiling.
Anu jore, kaburu kelid; laju gelut, gelut di anu powek.

Sabab anu hawuk mah, di anu powek hese kadeuleuna,
Nya anu jore teh mindeng neunggeul hanteu keuna,
Mindeng inyana salah newak salah kelid,
Mindeng inyana anu kateunggeul.

Laju kacekel; sakolepat,
Anu jore anggeus nambru bari gegerungan.

Ceuk anu hawuk: “deuk mantuwan moal nyiyar si lengser!?!”

“kaula mah, hanteu wani ka inyana!”

“ku naha?”

“sabab inyana teh, lain manusa sambarangan!
Inyana mah, tutunggon nagara! Nagara pajajaran tengah!

Ceuk beja ti kolot baheula,
Ki lengser teh anu baris masang umpak cikal aruteun
Keuna lacak para karuhun anu dimudukeun
Ngadegkeun deui nagara pajajaran tina kalapa!

Kaula mah, siyeun katulah!
Batan newak inyana mah,
Mending kaula paeh dina gelut eujeung dia……”
Anu jore ngomong sabari narajang.
Tapi anu hawuk, rikat jasa.
Anu jore geus kacekel deui
Laju inyana dibeungkeut make kosara keuna galugur…….

Tunda!
Keun sina kabeungkeut heula;
Sabab lain wayah nulungannana……..
Sabab di wayah kitu mah,
Montong teuin ka nulung,
Wauh ka anu hanteu oge,
Diparajarkeun mantuwan musuh………!

Urang caturkeun! di taman!
Dipanggung pangriyungan,
Keur karumpul kokolot anu satujuhna!

Ceuk ki sepuh: “tutug galur kari lima pasaran deui!
Kumaha? Meureun tangtu anu di girang teh
Bakal nagih seba jeung upeti;
Jeung pamenta arinyana, sekar manah nu tujuh pasang tea!
Kula mah, bingung, batur!”

Amun ki sepuh geus nyebut bingung,
Anu sejen oge sok leuwih ti bingung!
Ceuk ki mangparang:
“amun di eukeur kieu, aya keneh ki rakean,
ki rakean kalang sunda,
meureun moal bingung-bingung teuin!”

“heueuh!” ceuk ki susul tunggak,
“komo amun aya ki lengser mah, nya!
Tapi, jaman lengser jeung rakean, kiwari mah anggeus kaliwat.
Di wayah kieu, anggeus lain deui jamanna,
Pieun urang menta tulung ka anu anggeus areuweuh!
Ki sepuh! Kumaha amun urang metakeun bae akal nu wajar?”

Ceuk kabehan: “kumaha? Coba kumaha?”

“kumaha amun urang ngeli bae?
Urang rancep-rancep pararindah bae;
Ka anu jauh; ka kulon ka sira ci duriyan,
Atawa ka sakidulan gunung kendeng?”
Laju ceuk ki susul tunggak:
“tapi ku maha banda jeung imah urang?”

ceuk ki mangparang: “tinggalkeun beeee! Mending mana,
mending leungit nyawa, mending leungit banda?
Hanteu kitu oge, apanan urang hanteu bisa
Ngayakeun eta sekar manah, apanan tangtu
Sakur lembur urang mah, baris ledis diruruksak dharuru…….!

“saenyana,” ceuk ki sepuh,
“jalan mah, aya keneh! Ngan kaula mah moal ngalampahannana.
Nyaeta, urang menta untaran heula ka raja rancahmaya.
Salila eta, urang pupulih ka raja banteun.
Keun sina diontrog….. urang mantuwan,
Nya mantuuuuuwan, ari geus mudu-mudu teuin mah!”

Ceuk ki patih anom anu harita ngilu kumpul:
“kumaha amun ulah teuin di engkekeun.
Ayeuna bae kaula miang ka banteun;
Deuk pupulih jeung menta tulung!
Geura jurungkeun be! Ayeuna oge, kaula nindak!”

Ki patih anom dijurungkeun.
Anggeus dibahanan seupaheun pieun di jalan,
Menyan ki wangi ti alas samida jeung menyan putih
Pieun di leuweung anu warerit, inyana nindak;
Dibaturan ku tujuh urang, anu ngarora meujeuh gagahna,
Lelengoh can imah-imah.
Ti saban kokolot hiji urang!

Cag tunda!
Sina nindak ka kulonkeun,
Ka raja banteun eudeuk pupulih.

Urang mah, urang nindak deui ka pajajaran tengah,
Di lebahan patilasan anu kiwari disarebut embah badigul tea!

Anu jore patut keur dibeungkeut keneh.
Inyana hanteu bisa lesot!
Montong ku tanaga ditumplekeun disaban motah,
Aji pamecatan oge, hanteu nulung!

Saban inyana obah, kosarana kalah jadi santolo;
Janget-jangetna mingkin murilit,
Tambang kulit mundingna mingkinvpureuk mageuh keuna galugur…!

Amun peuting hanteu turun hujan gede anu lila,
Anu jore patut lila-lila bisa jadi balung,
Leukrah dina kayu galugur anu geus buruk!

Ku cai hujan anu nyerep,
Jangat-jangat jadi bareukah eujeung lesang bari leueur;
Laju mareral….laju lalaunan,
Anu jore morosotkeun inyana tina jero beungkeutan.

Anggeus lolos, inyana laju kabur……
Kabur inyana maju ka kidul;
Seja inyana deuk ka anu dikainget ku inyana….
Ka sisi sagara laut kidul!

Tapi lebahan ci balung anu kiwari,
Inyana neuleu aya panjara.
Eusina ki patih jeung anu sejenna.
Keur careurik, sasambat menta tulung!

Ditulungan. Ku anu jore, panjara dirujadkeun.
Beusi-beusina dibalangkeun ka kidul,
Raragag di suku gunung salak;
Ngajajar mayat ti lebak ka tonggoh,
Malang ngetan-ngulon nyela ngidul.

(di urut ragagna beusi, engke di jaman anu bakal datang,
baris rajeg tatangkalan, sisi jalan ka kebon lega,
palebahan bantar lebakkeun salak,
tapi batu-batuna badag garede!
Tah, di kebon eta, engke baris aya kebo bule nanggap pantun.
Tapi lalakon anu muka lawang ka pajajaran,
Ku inyana hanteu kabuka.
Sabab lalangse bayunan ratu, masih nutup di kaput waktu…..
Nya waktu, mudu ngadegna heula ratu adil).

Sabab eudeuk nagih jangji tina badarat tea,
Ki patih tanjung manunggul menta di anteur
Mulang deui ka ki sepuh nu di taman.

Mimiti, anu jore hanteu purun.
Tapi barang ku inyana kapikir,
Beusi ki sepuh dipacikeuh ditaripu,
Inyana mulang deui ngaler rada ngulon……..!

Caturkeun bae anggeus nepi!
Ceuk kipatih: “ki sepuh, kaula deuk menta bantuwan dia,
Anu disapukkan dina badami tea!”

Ceuk ki sepuh: “kipatih! Kapiran!
Najan dia gede burih gede kawani dina kagagah oge,
Ayeuna mah aranggeus bukti, urang rancahmaya teh,
Lain lalawanan urang bangsa manusa!
Mantak kitu oge, meureun anggeus dipastieun ku papasten,
Kiwari teh acan wayah, ieu nagara beunang deui dibogaan ku somahna!
Geuning ceuk kolot anu baheula,
Pajajaran tengah baris tilem,
Mudu ngalaman heula,
Dirajaan raja panyelang!
Boa anu ayeuna ngadeg di rancahmaya?
Ngan celuk carita kolot, ngitung lilana
Dirajaan raja panyelang,
Ngitungna
Mudu bae ku tiluwan!
Kaula parcaya, nagara pajajaran tengah baris ngadeg deui,
Dibogaan ku somah-somahna!
Ceuk kolot-kolot anu baheula:
Raja panyelang jadina raja,
Ngan sakebel
Merak moyan dina dahan……..!
Ngadegna pajajaran mandiri deui,
Nyaeta dina wayah:
Tembong panah wiksu sapina mahadewa!
Ki patih,
Sakebelna oge,
Merak moyan…… hanteu sapira!
Tanggoan beeeee! Moal sakumaha lilana!
Urang mah,
Amun deuk ngalawan eta raja,
Ku cara urang kieu,
Ku pakarang jeung pangabisa
Anu moal nanding keuna pangabisa arinyana,
Balukarna ngan tumpur ludes!
Mending geh tanggoan suda kajayaan eta raja!
Geuning ceuk carita kolot,
Tambongna eta panah,
Hanteu lila anggeus
Daging sapi lebur di gunung!
Ongkoh ki patih anom, ayeuna keur miyang ka banteun;
Keur pupulih jeung menta bantu!
Sahanteuna ari di kulon mah, bubuhan gudang elmu,
Tilok euweuh tumbal pieun munahkeun kajayaan raja di girang?
Tanggoan beeee………..!”

Nya naranggoan! Tapi waktu mah, hanteu nanggoan;
Hanteu beunang disina mundur……ari anu ditaranggoan,
Can bae jebul, can datang anu baris bisa
Ngareugreugkeun burih negerkeun hate.
Mangkaning, poe teh nyerelek bae!

Kari dua poe deui. Kari dua poe deui tutug galur!
Basa datang utusan raja barat maya,
Harita teh kara pisan sapasar ti tutug galur.
Ayeuna urang pajajaran girang,
Geus dua tahun katilu jalan.
Dua poe deui, geus tutug galur deui!
Saratus poe anggeus tutug galur, laju seuren tahun!

Ki patih anom anggeus miyang dua bulan;
Tapi nepi ka poe ieu,
Euweuh beja euweuh kelemeng-kelemeng acan
Tibeulah kulon………..mangkaning………..!

Ti tutug galur ka seuren tahun di tutug galur deui,
Geus dalapan tahun. Dalapan tahun tilu bulan
Ka opat jeung nu jalan. Untaran, sapuluh tahun.
Jadi ti seuren tahun teh,
Meureun kari camplengna mah satahun setengah deui!

Maray upeti jeung seba, eta mah hanteu jadi pikiran.
Tapi kumaha jero waktu saheureut kitu
Ngayakeun sekar manah mataramaneun…?
Memang, satahun stengah teh, jiga lila keneh.
Tapi ari poe mah, apanan nyerelek bae!

Mikiran mah, leuwih hade ti anggang-anggang keneh,
Batan mikiran geus parek ka wayahna!

Dua poe deui ka tutug galur!
Kaue kabehan pada baringung, di panggung pangriyungan,
Nyaho-nyaho si aki anu dekil tea,
Keur ngajentreng bae masiyeupeun sora pantun……..

“da iiiiiilah!” ceuk ki sepuh,
“ngaing keur bingung kieu, dia mah ceeluk riya-riya?”

ceuk si aki bari lalaunan ngowet-ngowet kawat pantun:
“loba kabingung mah, sok mantak kuru;
amun teu kitu, sok mantak owah!
Mending geh, uwang mantun!
Urang ngalalakonkeun hiji raja, anu baris ngadeg engke di urang.
Raja lolong jadi buta,
Anu miceunan duwit somah keur meuli beas,
Ngaur-ngaur jangji tara jaradi,
Nitah somah leuleus kalanti
Raraigang ku kembang bentang,
Bari nununggu inyana keur nangtang perang!
Ngantep somah tambah balangsak,
Marake caping ku batok kobok!
Tapi raja mah,
Ngaluhan kebo paragan adukeuneun,
Ku kalung mutihara jeung rante emas!”

“dulur!” ceuk ki sepuh,
“keur bingung kieu mah, boro-boro deuk ngadengekeunnana…….!”
laju inyana nyaritakeun kasusah anu disanghareupan.

“heueuh, ari kitu mah, lain leutik-leutik kasusah!”
ceuk si aki bari lalaunan ngajentreng-jentrengkeun pantun.
“ke! Tanggoan! Isukan ngaing datang deui….. tah!
Ieu pantun ditunda. Mihape,
Beusi di cocoo budak atawa katincak embe.
Ngaing deuk indit heula……”
Leos si aki indit; nyao teuin kamana!

Sabari nindak, inyana ngalieuk deui.
“mihape tah pantun! Kahade beusi dikiihan anjing,
atawa dipake hayam nyayang!
Ari ku hayam diteundeunan endog mah, keun bae!
Bejaan kabeh kokolot, isukan ngaing ka dieu deui…..!”

Isukna deui, ka saung panggung pangriyungan,
Rabul anu maranggul pantun.
Nyao teuin ti mana darataaaaangna!
Kabeh marake pakean sareba hideung……
Iket hideung, jamang toro hideung, samping hideung,
Kaneron hideung………. sagala hideung harideung,
Harideung ka kuku-kuku…… lain kuku anu harideung,
Tapi hideung ku tayi kuku!

Ceuk si aki: “kabehna mudu aya tilu puluh hiji!
Tukang mantun ti gunung bundeur!
Dia pangkolotna; itung kadinyah!”

Tukang mantun ti gunung bundeur, laju ngitung:
“hiji, dua, tiluw, opa, heueuh, lima,
genep, tujuw………….”

“ulah sabari nyisig atuh! Mantak kerok!” ceuk si aki.

Tukang mantun pangkolotna laju ngitung deui:
“hiji, dua, tilu………”

ari anggeus beak anu mudu diitung,
ku naha bet ngan aya tilu puluh?
“coba ku duaan ngitungna!” ceuk si aki anu dekil.

Laju duaan ngitungna:
“hiji, dua, tilu, opat……sapuluh, nyah, bieu teh?
…….heueuh, sabelas, dua belas……!”

ari anggeus beak anu mudu di itung, naha bet jadi kurang duuuua….?

laju diitungna ku limaan: kurangna bet kurang lima!
Ngitungna ku sapuluhan kurangna kalah tambah loba………

“hiling!” ceuk si aki,
ngaing anu ngitung!…..yeuh, ngaing hiji, dua, dia, tilu,
dia, opat, dia……..”

ari anggeus beak anu mudu diitung,
heeeeran….. diitung ku deungeun mah, salawasna kurang bae;
ari diitung ku inyana…..ku naha bet jadingaleuwih hiiiiiji……?

“meureun beeee, dia, aki, dibawa milang!”

“…ja, heueuh! Jangkep nyah, tilu puluh punjul sahulu!
Tah ayeuna kieu!
Darengekeun!
Batur-batur! Dia sakabehan jaradi saksi!
Mantakna moal dia barisa ngelehkeun baladna rancahmaya,
Sabab itu mah aya rajana!
Urang pajajaran girang eleh, sabab perang hanteumake raja!
Komo deui urang pajajaran bogor,
Arinyana mah hanteu-hanteu acan boga raja!
Amun somah wungkul anu ngalawan raja,
Moal somah eudeuk meunang!
Sabab raja teh, gagah dina kawasa, kawasa dina nyarita,
Dina maksa somah nurut parentah………
Najan salah, najan nyusahkeun sakabehan somah sanagara,
Parentah rajamah apanan dawuh ratu!
Ceuk raja: lapar!………..lapaaaaaaaar!
Ceuk raja: rudin!…….rudiiiiiiiin
Tapi raja mah, mudu samingkin gendut;
Raja mah, mudu samingkin ginding……….
Tatanggeur kolecer oge, diponclokan makuta emas……!
Raja mah, mudu dilawan ku raja deui!
Ku raja anu saruwa tanding!
Raja burung, ulah dilawan ku raja waras!
Tapi mudu ku raja burung deui!
Urang, hanteu nyaho kumaha raja dirancahmaya!
Ngan bejana mah, gagah sakti beda ti deungeun!
Tapi anu geus tangtu, inyana hanteu nyahoeun,
Urang ayeuna geus ngabogaan raja!
Rajana?
Tah ieu…..ngaing!
Itu ceunah,
Beda dina sagala-galana.
Ngaing oge, beda ngaing leuwih ti beda!
Dina dekil oge, anggeus moal aya anu bisa nandingan!
Ceunah, tilok raja dekil?
Memang!
Raja dekil teh, dekil anu pangdekil-dekilna;
Rajana dekil!
Jeung ngaing mah, dekil soteh,
Ieu mah sababbhanteu boga sasaaaalin!
Ceunah, raja dekil mah raja burung!
Mending mana?
Mending dirajaan raja waras gagah sakti
Anu ngabalangsakeun sakabeh semah?
Atawa mending dirajaan anubener-bener burung
Pangburung-burungna, tapi hade raksa hade jeujeuh,
Nangtayungan somah dina sagala kasusah?”

“mendingan ku raja buruuuuuung…!” ceuk sakabehan bari dibarengkeun.

“tah ayeuna, saksian!
Ngaing, raja bogor pajajaran.
Tapi raja oge dina lalakon ieu!
Jadina raja…..raja pantun!
Dia kabehan jaradi saksi!
Ngaing, jeung balad ngaing anu tilu puluh hiji,
Eudeuk perang;
Deuk ngalawan raja rancahmaya,
Pieun melaan urang bogor pajajaran!
Amun diperang meunang, ieu nagara,
Lain bogana pajajaran girang,
Lain bogana pajajaran bogor.
Tapi ngaing anu bogana;
Sabab dia kabehan mah teu marantuwan,
Sabab marantuwan oge, kalah jaradi bangke deui bae!
Dia jaradi somah ngaing!
Hanteu marenang arembung.
Ti ayeuna keneh oge, geus hanteu mareunang embung!
Amun arembung jaradi somah ngaing,
Pieun naeun atuh ngaing melaan dia
Anu tangtu baris diburak-barik urang rancahmaya!
Darengekeun!
Anggeus dipareng meunang perang,
Ieu nagara ku ngaing dingaranan
Nagara pajajaran pamijahan.
Ngaing rajana, dina ngaran aki upanta sang hiyang kohkol……,
Ngaran baheula mah, hanteu perelu disarebutkeun,
Sejenna ti aki tukang mantun anu kaceluk
Dina ngaran ki galur catur paruntagan……….
Paruntagan, kadenge? Lain paruntahan!
Angeus dibogaan, nagara moal ku ngaing dicicingan!
Rawat ku dia masing bener!
Sabab ti ieu nagara, engke baris ngajajar,
Anu disariyar, tapi katincak;
Anu dijarugjug, tapi hanteu katimu!
Adegkeun deui dayeuhna!
Ngan masing dia nyararaho,
Di dinya engke baris aya pangabisaan menak-menak anyar,
Tapi menak-menak ngan ngutamakeun kapangkatan.
Jadi be arinyana kabiyas, di alas gatrah!
Da bongan, tarawasan geus ngabulungbung,
Diraraban ku anjukan!
Ulah hilok ulah himeng, amun engke loba wadal;
Wadal ajag jeung buhaya, wadal kunyuk eujeung kerud…..
Da anggeus apanan aya totondenna,
Tina loba gaur pangeusi leuweung,
Basa ki sepuh eukeur ngarajah!
Aringet keneh?
Rawat eta dayeuh anyar sing kahade.
Amun kurang rawat,
Ieu nagara baris kosong deui dina sangar! Kadenge?”

“kadengeeeee…..!”

“kahati?”

“hanteueueueueu….!”

“heueuh! Tah mudu kitu ari jaradi somah mah!
Najan salah oge, eta teh bener!
Salahna, sabab hanteu nyugemakeun hate raja.
Benerna, sabab wani nembongkeun eusi angen!
Mantakna, jaradi somah teh, mudu parinteur!
Sabab hanteu mahi, jadi somah ngan
Kasebut beresih pikir hade hate!
Mudu ditambah ku kapinteur!
Mimitian ti peuting ieu, sakur anu ngarora, mudu diarajar!
Keun anu keur karolot mah, ulah; da barelet!
Mimiti ti peuting ieu,
Mudu diarajar man……tun!
Saheulanan, guruna ki mangparang!”

“da ilah! Nanaheunan dia teh, aki?” ceuk ki mangparang,
“kaula mah hanteu inget bener!”

“kajeun! Hanteu bener ngajar geh, kajeun!
Salah geh, kajeun! Da engke mah lain anu barener ieuh
Anu diparake teh! Anu barener, baris disaralahkeun;
Anu saralah, arembung disaralahkeun!
Inget!
Rawat ieu nagara jeung dayeuhna sing kahade!
Ngaing ayeun deuk tatahar. Isukan deuk taram……..!”

Tunda?
Moal!
Atuh ari ditunda deui ditunda deui mah,
Atuh moal haneuleum deuk kahanjuwan…..
Sabab kaburu ngabangbang siyang…..!

Caturkeun isukna!
Anggeus halimun buyar ku angin, anggeus ibun tuhur ku poyan,
Lebahan kiwari lembur ci paku, kadeuleu aya aleutan eukeur ngaleut,
Ngabuyut sareba hideung, ngagarembol kaneron maranggul pantun…..!

Lebahan unggah ka gunung gadung, ceuk si aki:
“beusi ngaing poho, bejaan nyah, ngaing kitu rajana!
Euceuk catur galur buhun mah,
Raja teh mudu perang bari mucuk aleutan balad.
Tapi ari engke mah, di jaman anu bakal datang,
Ceunah, dina perang teh,
Raja mah hanteu-hanteu nyaho acan kumaha ari tegal pangperangan…..!
Ngaing, ayeuna aya di jaman ngaing!
Jadi perang ngaing teh, mudu cara perang di jaman ngaing!
Ngaing eudeuk perang di panghareupna!
Keun beeeeee mahiwal keuna carita deungeun oge,
Da ngaing mah, keur ngalalakon
Dina lalakon ngaing sorangan ieuh!
Lalakon pantun catur paruntagan!
Ngan sabab ngaing can tuman jadi raja, ngaing sok poho bae,
Amun ngaing poho, bejaan nyah, ngaing kituh rajana!”

Laju maraju deui, sabari si aki dekil,
Mucuk aleutan di panghareupna!
“eureun!” ceuk inyana,
“ayeuna urang geus aya lebahan ci ogreg!
Deuleu tuh! Musuh di tukangeun mumunjul itu,
Keur nyariyar tuma!
Hanteu arengeuheun urang geus parek.
“dengekeun! Amun ceuk ngaing : “cicing!”…. dia caricing!
Amun ceuk ngaing kumaha bae, turutkeun!
Ti seret dieu, mawa pantun ulah di panggul.
Tapi kempit ku kelek kenca!
Amun ceuk ngaing: “….ereng!….. kautkeun bareng
Harus jasa pangharus-harusna!”

“kumaha amun kawatna paregat?” ceuk tukang mantun pangorana,
urang leuwi batu bilangan rumpin!

“inangna aur-auran! Pulungan deui, laju kawatna sambungkeun!”
ceuk si aki bari ngajak laju deui!

Laju maraju deui. Hanteu salampat salumput seselempetan;
Tapi biasa be ngadigdig anu deuk ngaberesan…………!

Hareupeun musuh keur patinglalumbuk, aleutan reg ngarandeg!
Barang maralik sabari ngajojokeun pantun ke lempengan musuh,
Berengbeng be musuh kararabur.
Rareuwas jasa neuleu si aki anu dekil jasa.
Arinyana kararabur, lain sabab siyeun si aki,
Lain sabab siyeun ku dekilna,
Lain siyeun ku pantun nyana anu ceunah mani sagede lisung……!
Tapi arinyana sariyeun ku beja, anu ceunah mah,
Balapati rancahmaya teh mani sawan tujuh poe tujuh peuting,
Dipantun, dikautan pantun ku aki-aki ku dekil jasa!

“wah!” ceuk si aki,
“gaplah!……..hayuh, maju deui!
Sing arawas keuna rungkun,
Beusi nyarumput cara peusing dina ruyuk!
Sing arawas ka ruhur tangkal,
Beusi nyarumput tingtarangkod cara tando!”

Laju maraju deui!

Tapi euweuh musuh kadeuleu nyumput…………
Da ngaranna oge atuh nyuuuuuumput, eilik eudeuk kadeueueueuleu!

Maraju deui!
Tapi euweuh musuh nyararegat di pengkolan!

Barang narepi ka panyabrangan,
Kadeuleu musuh mani ngabengbreng.
Lobana mani ngalapis, lobana lain bilangeun!

Ceuk si aki: “cicing!”

Ceuk aleutan, patingcorowok baredas jasa sabari noyod terus:
“cariciiiing….!” noyod terus.
Nya karuhan, si aki anu geus ngarandeg, hulu inyana katotog pantun.

“aaaah!” ceuk si aki. Bari hanteu ngaliyeuk ka tukang,
inyana nejeh ka anu notogkeun pantun.
Anu ditejeh, ngarandeg; bari sabab seueul ditejeh,
Nyebut heueu, inyana laju nejeh
Tukang mantun pandeurieun inyana!
Katejeh, tapi anggeus notogkeun heula hulu anu hareupeun……
Tejeh si aki, dipapaykeun terus ka tukang….
Barang tukang mantun anu katilu puluh hiji,
Anggeus ditejeh, inyana eudeuk nejeh…….
Alak-ilik, culak-cileuk……….
Aranjiaaaadah euweuh tejeheun!
Pikir inyana, muuun tah di dinya,
Di tukangeun ari keur kieu teh,
Si dahuwan ngajedog di dinya, tah!
Meureun suka agen jasaaaaa…………

Suku inyana geus cara anjing ngiihan tihang,
Tapi ka saha atuh nejehkeunnana?
…….ah, peperkeun be ka dinyah, keuna jukut…..!

barang aleutan deuk noyod deui, ceuk si aki:
“amun ceuk ngaing : cicing!…. dia caricing!”

ceuk aleutan satilu puluh hiji kabeh di barengkeun:
“carariciiiiiiiiiing!”

“ambuuuuuu, aaaaambu!” ceuk si aki,
“lain mudu patingcorowok kitu.
Tapi sia mudu areureun leumpang; ngajaredog!

Apanan sia teh kabehan, jelema!
Mudu cara munding atuh!
Amun ceuk anu ngangonna: “depa…!
Geuning mundingna terus deeeeeepa! Tah mudu kitu!

Tuh, deuleu: geus ngabengbreng!
Ulah ngabuyut ti hareup ka tukang kitu!
Ngajajar ti kenca ka katuhu!
Laju sakabeh pantun, jojokeun leempeng ka musuh.
Amun ceuk ngaing: “….breng!”
…..kabehan ngajret sing ruhur bari ngajegang,
suku katuhu ka hareup, suku kenca ka tukang!
Barengan jeung napak deui keuna taneuh,
Ramo leungeun katuhu sakabehna, kautkeun keuna sakabeh kawat!

Awas!…..breng!”……
Harita keneh, tilu puluh hiji tukang mantun,
Kabehan ngajret; jiga simeutkagebahkeun suku kebo nu ngabayut!
Barengan jeung arinyana narapak deui,
Ari gaur teh, kadengena sora,
Mani ngagaur ngageleger handaruwan…….
Mani eundeur ka leuweung-leuweung;
Mani geterna sora, katembong cara oray totog……..

Harita keneh, musuh anu ngabengbreng teh…………
Leus bae hanteu kadeuleu deui,
Jiga lebur ditutu halu sagede gunung,
Jiga ngileus cara cai jadi sahab.
Ngan kari urut,
Jiga tapak keyong ogong dina karang kapanasan!

“waduh!” ceuk tukang mantun ti tegal tuweuw,
“sakieu teh, ku kawat kuningan leutik.
Komo amun ku kawat itu mah, meureun…..”

“kawat naeun?” ceuk tukang mantun ti ci kartawana.
“kawat pamoeyan….!” ceuk tukang mantun ti tegal tuweuw.

“heueuh nyah!” ceuk tukang mantun ti tonggoheun jasinga,
“ngan meureun pantunna, mudu sagede paraaaaahu……..!”

saban manggih musuh, eta mah eudeuk hiji, eudeuk saratus,
asal ngaran musuh mah, laju dipantuuuuuuun be……..
malah tikang mantun ti kedep ci leungsi mah,
ku seukeut-seukeut mata inyana,
neuleu eurih gedag bae di anu anggang. Laju di pantun;
ngan sabab mantunkeunnana rada karuhuran,
nya anu ledis teh. Laju diilik……. anu tadi uyek teh,
baruk begu eukeur nyete.

Begu jaluna mah, anggeus euweuh jadi reueuk;
Tinggal begu bikangna be masih keneh ngajenteng bari ngajegang…..
Hanteu, hanteu dilaju!
Sabab beguna anggeus kolot teuin.
Nya dipantun be, cara musuh……….!

Euweuh hiji benteng musuh,
Anubisa nahan tarajangan gaurna pantun!
Sora pantun anu sabari ngagulugur handaruwan,
Notog sakur anu sorangan bisa pindah enggon mah,
Geus euweuh ampun sapun paralunna deui!
Sakur anu katepi eta sora,
Laju bae lebur ancur jaradi hiji jeung awun-awun!

Tapi ari keuna tatangkalan anu hanteu diparake nyumput
Atawa nyalindung, hanteu kua hanteu kieu!

Aya anu mones!
Nya eta sora pantun tukang mantun urang gunung pancar.
Sora pantun inyana mah, hanteu ngagulugur handaruwan;
Tapi ngaguruh halimpu jasa,
Jeung tetela katembongna…sagede-gede buah beunying!
Tingtirilik kenceng jasa. Ari nepi ka musuh, hanteu laju ngaluluh.
Tapi breg bae dina suku musuh;
Laju tingterekel ngagiriming mapay pingping……
Laju ngakeleketek musuh lebah…… atuh ari anu aya
Kanjut kundangan, dileketekna di lebahan eta;
Ari anu euweuh anu kituna mah,
Di lebahan anu nyenghel dina anu dempetna…….
Musush ewewe, lalaki, kolot, ngora, sakur anu beunang
Ku sora pantun urang gunung pancar mah,
Paraehna teh…. beak ku kakiihkeun beeee!
Dileketek nepi katerus-terusan karariih…………!

Ngan ka musuh anu nini-nini, hanteu daekeun.
Kalah diliwatan! Tapi amun musuhna,
Ewewe ngora bari bagus,……
Jiga dirarasakeun heula……
Anggeus meujeuh lila, laju ngabeledag!

Aya deui anu mones! Pantun urang ci dokom gunung sindur!
Eta mah, najan ngautna bareng oge, sora pantun inyana mah,
Norojolna kara ari sora pantun-pantun anu sejen, keur nyudaan!
Jeung norojolna, hanteu jamak jeung anu sejen.
Mimiti, torolong be sagede berenuk,
Gancang jasa hanteu kadeuleu!
Parek bae ka musuh, laju ingkig-ingkig bae
Cara leumpang aki-aki kundang iteuk.

Najan kitu oge, hanteu beunang ditepak atawa ditaheunan.
Sabab laju pudar jadi sagede-gede takokak….genep belas hiji!

Eta sora anu jadi laleutik genep belas,
Hanteu ujug-ujug munggar saban musuh anu kasampak.
Tapi nyiyar musuh anu deuk lumpat nyararumput.
Aya bae anu lumpat, laju be di susul ku hiji sora sagede takokak!
Pel, keuna lebahan bujal bari nyeureud!

Melingking atuh anu ditapelannana,
Laju bae…..jeger…..bitu,
Barengan jeung ngajelegerna, bari bujur ngampul ka ruhur,
Musuh oge ngilu bitu…….
Mani euweuh urut-urutna acan………!

Musuh anu ngahalang-halang jalan ka talaga,
Anggeus euweuh hiji-hiji acan!
Anu kaburu mundur,
Anggeus kararumpul di nusa karaton.

Caturkeun bae:
Anu keur ngurug, geus narepi ka sisi talaga rancah!

Ceuk saurang: “kumaha? Dimana-mana, musuh geus areuweuh!
Arinyana geus karumpul jeung raja arinyana!
Kumaha nyah, nyabrangna?
Pan euweuh parahu, euweuh getek-getek acan?”

Ceuk saurang deui: “geus kieu, kumaha yeuh?
Dipantun ti dieu, moal katepi!”

Ceuk si aki: “nyabrang! Mun hanteu barisa ngojay, pantun tarumpakan;
Jiyeun parahu!”

Ceuk anu tadi pangheulana: “atuh pantunna, baseuh!
Engke amun mudu di pantunkeun, mereun sorana ngabelekbek!
Kumaha yeuh, raja?
Tilok ieu talaga mudu di tawu heula?”

“heueuh nyah!” ceuk si aki raja pantun,
“ke! Ngaing mikir-mikir heula!
Tapi ari mikir sabari loba jelema teh, moal jongjon.
Mudu di anu singkur!”

Laju inyana ngagidig ka sisi gawir.
Handapeun batu gede sagede leuit anu ditumpuk tujuh,
Inyana laju ngadapang nanggeuy hulu,
Ngalanggir sabari mikir…..opat poe, lima peuting….
Ka tujuhna can kapikir keneh bae!

Kadalanna; ka lebahan batu, liwat anu jore patut tea!
Sabab rarag ku hariyang jeung paliyas,
Hanteu kadeuleueun, aya anu keur ngadarapang
Sabari mikir gigireun batu.
Katincak hulu inyana, mani mebes saasta
Ka jero taneuh cadas anu teuas………!

Kedewek, gebut;
Anuboga suku dibeubeutkeun ku anu boga hulu.
Anuboga suku reuwas jasa;
Pikir inyana, tangtu anu hawuk tea!
Anu boga hulu reuwas jasa;
Marukna inyana katimu musuh bagsa mayu ti nusa rancahmaya,
Anu nyabrang hanteu kanyahoan, ngadodoho inyana eukeur meleng!

Barang eudeuk dipantun,
Pantun si aki ngait keuna kaneron,
Kaneron ngait keuna sisi batu.
Pantun ditarik, kaneron katarik, batuna kabawa kabedol……
Golosor, gubrag……. batu nindihan si aki
Dina punduk ka handapna.
Mani mebes dua belas deupa; ngan hulu beeeee anu masih katembong…..!

Amun lain si aki, si aki raja pantun,
Pantun catur paruntagan, meureun anggeus pejret…..!

Anu jore patut,
Kaburu lumpat jauh mantare
Jicin ka kalerkeun deui!
Kari si aki raja pantun, keur uyek…uuuuyek bae.
Ka ruar hanteu bisa, da kacepet batu;
Ka jero hanteu bisa,
Da gado inyana nyangkut keuna sisi liang
Nu jiga sumur dua belas deupa!
Si aki kacepet batu…..ceunah mah!

Peuting kasapuluhna,
Dilongok ku tukang mantun ti lebak larang,
Jeung ku saurang ti ci tarik tapi matuhna
Di warung simpang palabuhan ratu.
Ceuk arinyana: “anggeus mikir teh, raja?
Jeung ku naha, mikir sabari ngagantung kitu?
Biasana tah, ari anu raja mah,
Mikir teh mudu sabari ngagantung?”

Ceuk si aki: “hus, ulah harus-harus teuin ngomong teh!
Beusi kadenge musuh…..! ngaing ari mikir mah, anggeus;
Ngan can katimu anu mudu dipikirna!
Hanteu jongjon basa keur mikirna!
Mimiti, ditapuk reungit.
Barang geus deuk kapikir, hayuh hulu aya anu nincak!
Barang eudeuk mikir deui, batu ngagulusur…..
Jadi be can katimu keneh bae!”

Ceuk urang lebak larang: “salah sih mikirna!
Mun cara kalong mah ngagantungna;
Geura, suku di ruhur, hulu di handap.
Meureun kabeh karumpul keuna hulu!”

“heueuh nyah!” ceuk si aki.
“cing, eta batu gulingkeun tina punduk kaula!”

tukang mantun anu duaan,
alak-ilik…..tapi hanteu ngadeuleu batu!

“eta, eta geuning sakitu gedena!” ceuk si aki,
“geuning sakieu beuratna!”

laju diarilikan deui; tapi euweuh batu.
Aya oge bangkong sagede batok,
Keur nyengcle bae jiga bari alangah-elengeh……
Jiga ngeunaheun jasa dina bonjol si aki!

Laju ditarempo ka jero liyang!
Heueuh kadeuleu batuna; gede jasa,
Keur masih keneh mebes bae….mingkin jero,
Mingkin jero……………
(ceunah, ceuk anu nyaraho di caritana:
engke eta batu baris timbul deui.
Timbulna di urut muhara ci sakawayana.
Jadi gedong anu gede jasa.
Tapi gedong enggon bagong, enggon meyong memeh ompong;
Jadi paranggong pieun nu moro,
Anu moro baris diboro….
Anu moro ciyung eujeung lutung,
Diborona baris ku barudak angon naragih jangji………
Ceueueueueunah, kitu oge)

Tunda heula!
Tunda, sina si aki ditarulungan heula,
Bisa unggah tina liyang….
Liyang anu ceunah tembus ka sakawayana!

Urang siyar anu jore patut tea!
Urang susul inyana kakalerkeun.
Kasampak inyana geus aya deui di pangbukbakan
Di urut alun-alun tanjung salikur,
Di urut dayeuh bogor pajajaran anu bareto!
Anu bareto jaman baheula!

Kasampak ku inyana, ki balapati eukeur nimba,
Keur nyenggot ku enggotan.
Di intip, ki demang keur ngahodhod, mariyang paranas tiris.
Ki patih mah, keur ngahuleeeeeng bae!

Ditempo ka dapur.
Ki panghulu eukeur ngejo bari ungsrak-insreuk.
Awak inyana mani garimpa;
Da suluh di hawa inyana, kayuna,
Kayu reunghas eujeung kemang baseuh.
Karuhan deuk balas-kemang jeung
Garimpa ararateul sakujur awak oge!

Kabeh balad anggeus beak!
Nya atuh, sagala-gala mudu arinyana bae!
Ceuk anu jore patut sabari noong dina lawang dapur:
“gentakkeun ngejona! Anggeus asak, kejona timbelkeun bae!
Ulah daradaharan di imah!
Sabab ayeuna wayah panghadena pieun
Dia nembongkeun kamanjuran jeung kamatihan
Panyambat dia! Ulah tatanya;
Gentakkeun be ngejona!
Kaula naggoan di hareup jeung ki patih!”
Laju anu noong terus ka hareup,
Nyampeurkeun ki patih anu keur hulang-huleng!

“ki patih!” ceuk inyana ka anu keur hulang-huleng kagareuwah,
“najan kaula lain balad dia oge,
najan kaula lain bangsa pajajaran girang,
tapi saruwa pada-pada pajajaran keneh!
Hanteu hade,
Pajajaran
Pagirang-girirang bae tampiyan
Jueng papada pajajaran keneh!
Di bangsa pajajaran girang,
Anu geus kaceluk urang pajajaran girang teh,
Arieu ngaing hayang ngaruhuran pajajaran-pajajaran anu sejenna!
Bangsa dia, nganggap sagala pangbisana,
Pangmenakna, pang-sagala-nyarahona………
Kaula lain eudeuk malik-malikeun ka dia;
Tapi kaula deuk ngelingan.
Pajajaran girang jeung pajajaran tengah
Jueng pajajaran barat teh,
Sanagara keneh!
Ceuk carita kolot baheula, kolot pajajaran tengah,
Engke teh eta nagara tilu,
Baris hiji ngahiji deui.
Tapi lantaran urang pajajaran girang baradegong deui,
Nagara teh…..lain renghat laju beulah.
Tapi laju dibogaan deungeun!
Urang pajajaran girang anu ngajak ngalawan.
Tapi anggeus teter,
Najah bari ngajeunkeun batur-batur jaradi wadal….!
Malah mantuwan anu dilawan,
Nalikung batur-batur anu manandeh!
Baris tetelana jasa,
Dina lalakon ewewe pajajaran barat,
Mawa ngaran titincakan kancana!
Di eta mah, di jaman anu deuk datang!
Kiwari, di jaman dia jeung jaman kaula,
Urang hanteu perelu mikiran jaman anu moal kasorang!
Urang pikiran bae, jaman urang keur dilampahan!
Amun ayeuna, ayeuna yeuh,
Geus dimimitian ku dibogaan ku raja di rancahmaya,
Kumaha deui di engkena!
Eta aki-aki anu burung, tetela inyana teh sakti.
Tapi jiga-jigana mah, moal gancang
Jeung babari eudeuk bisa ngelehkeun eta raja!
Urang bantuwan!
Sugan, ari pajajaran girang jeung
Pajajaran tengah babarengan mah,
Urang susuganan beeeee……….!”

Kocapkeun geus narindak, geus narepi ka sisi talaga rancah.
Sabab di imah ngan sorangan bae,
Jeung keueung ku saban-saban kadenge
Sora buntut di babuk-babukkeun keuna taneuh,
Jeung bilik sok aya anu nyakaran,
Ki demang teh gering-gering oge,
Maksakeun nuturkeun pandeuri.
Tapi tengah jalan inyana mopo;
Liwat gunung gadung, inyana hanteu kaduga deui……!

(dina punclak hiji mumunjul liwat gunung gadung anu kwiari,
aya karamat disarebut karamat embah damaraja.
Saha ari embah darmajaaya,
Nepi ka kiwari geus euweuh anu nyaho bener.

Ceuk sakanda, embah darmarjaya teh, embah tambeng!
Tambeng teh ngaran ki demang keur jadi demang.
Geus jadi pangkat mah, inyana ganti ngaran
Jadi raden darmasanjaya! Ki demang raden tambeng darmasanjaya.

Tapi ceuk sakanda deui, embah darmajaya di cogreg gunung gadung,
Lain di demang darmasanjaya! Ceuk kanda sejen mah, ceunah:
Darma adeg jaya!

Saha anu bener, saha anu ieu-ngaing pangnyahona, eta mah,
Ngan cangkuwang anu bisa ditanya,
Ngan haur kejo anu nyaraho…..
Nu jaradi di lebah dinya!

Ngan anu bener bisa dibejakeun:
Di karamat eta, mindeng aya oray gede,
Jeung oray-oray anu garalak;
Jeung mindeng kapanggih, aya kerud meyong tutul!

Ceuk anu nyaraho di bejana:
Amun eta karamat anggeus caang,
Baris katembong saha anu ngadeg raja teu dipisuka…….!

Mantakna, saban aya anu deuk nyaangan eta karamat,
Mudu be ditangkep ku anu kawasa di lebah dinya).

Urang lajukeun:
Kasampak teh, sakabeh tukang mantun,
Keur caringongooooo bae sisi talaga cara kunyuk,
Ngajajar naheunan keuyeup……..!

Ceuk anu jore patut: “ka mana tah kokolot dia?”
Ceuk sakabeh tukang mantun, dibarengkeun:
“saaaaaha? Euh, etaaaaa! Raja?”

ceuk anu jore: “raja, nya rajaaaa! Heueuh inyana!”
ceuk sakabeh tukang mantun, sarombong-sarombongan:
“nyaaaao!….tadi….mah ka tonggooooohkeun…..
deuk nyiyar pijeujeureun…..eudeuk nguuuuuseup!?!””

“daaaasar!” ceuk anu jore,
“perang diselang nguseup heula? Susulan ka dituh!”

laju disusulan; mimiti ku saurang…..laju ku lima urang….
laju ku salikur urang…. lajuna mah di sisi talaga,
euweuh tukang mantun saurang-urang acan!

Ceuk anu jore ka urang pajajaran girang:
“tah arera puguh! Deuk di girang, deuk di barat, deuk di dieu,
ari adat sunda teh, dimana-mana oge, saruwa bae.
Numbuk bae keuna tarahal, sok disarelang ngagawean
Pagawean anu hanteu pararuguh heula!
Lain dihanjuuuuuuukeun……!”
Laju ceuk inyaan ka ki panghulu anu beungeut inyana
Mani kandel gimpa, jeung sipit mani jiga
Cengcelengan sabab gimpa ku balas kemang;
“ki panghulu! Geus sababaraha kali, dia gagal bae
nembongkeun kamatihan jeung kamanjuran dowa
jueng ajian dia!
Sabab-sababna mah, geuning geus dicaturkeun ku ki mangparang!
Dowa, mantra atawa ajian dina agama atawa kaparcayaan naeun oge,
Matih jeung manjurna teh, biasana mah amun dipapatkeun ku letak,
Anu dijurung ku angen anu kosong ku kasombong;
Tapi eusi ku kapeurih kasedih nyeri!
Atawa, di meujeuh keur nyambatna ka anu marengkeun sagala kajayaan,
Diucapkeunnana teh bari rumasa,
Urang mah, ngan saukur anu jajaluk euweuh kaboga,
Tapi teguh dina parcaya keuna kaasih inyana
Ka sakur anu narapak dina bener,
Tapi dina benerna meujeuh aya dina kasusah gede!
Dengekeun!
Amun urang rancahmaya hanteu bisa dielehkeun,
Balukarna ka dia keneh deui bae!
Tangtu dia ditarewak deui; sabab dia mah, musuh!
Ari kaula mah, ku arinyana,
Musuh lain, batur lain.
Sabab kaula mah, lain bangsa pajajaran girang,
Lain bangsa pajajaran tengah, lain bangsa pajajaran barat.
Kaula mah pajajaran oge, bangsa pajajaran lebur jajaran!
Di dieu, atuh memang hanteu sanak hanteu kadang;
Tapi kahadean mah, hanteu kurang-kurang.
Atuh dipajajran girang, hanteu kurang ku kawauhan!
Di pajajaran barat, hanteu saeutik anu ka kaula ngaraku dulur!
Jadi naeun salahna,
Amun kaula ngilu nyingkahkeun pisusaheun
Deungeun anu ka kaula harade hate?
Dia ayeuna, keur jero tunggara raga eujeung sukma!
Tah, ayeuna pisan, wayah nu merenah pisan
Pieun dia mapatkeun eta dowa-dowa jeung aji-ajian dia!”

Ari diliyeuk teh…..ti ruhur pasir,
Dina lamping anu rada mayat……
Keur tinggurusur tilu puluh dua tukang mantun……..
Tarumpak pantun cara aleutan kunyuk-kunyuk sosorodotan
Tarumpak upih.

Jiga tilu puluh hiji kunyuk gararede,
Badis ngiringkeun mandah arinyana sosorodotan….!

Karenceng jasa nyorodotna;
Jiga tangtu pisan, arinyana bakal loba ngaiwatan cai……..
Ragagna, tangtuna teh di nusa hiyang pakuwan rancahmaya!

Sorodoooooot, seka….jleng, pantun jeung si aki ngaliwatan gawir…
Seak…..bari angkrug-angkrugan cara tumpak kuda….lain tumpak kuda,
Cara tumpak kuda baradak; tapi cara kunyuk,
Tumpak kuda samparani anu pincang………!

Angkrug-angkrug, si aki nyabrangan cai talaga, anu biru sabab ku jero!
Barang pantun si aki ngapung,
Pantun-pantun anu tilu puluh hiji, kara nararonghol di biwir gawir.
Barang sakabeh pantun geus rata bareng nararewel,
Ari reg teh sakabeh pantun satilu puluh hiji tiluh puluh hijina,
Reg bae ngararandeg, hanteu laju deui………
Anu tarampakna, luaaaaak liyeuk bae sabari ngagarowan
Buuk hanapeun iket!

Kocapkeun deui di nusa hiyang; di karaton pakuwan rancahmaya!
Raja kasep kabina-bina, keur nyarita jeung balapati daluwangsa.
Ceuk raja rancahmaya: “keun! Da moal barisaeun nyaaaaabrang!
Ngan engkang-engkang anu bisa leumpang dina cai mah!
Mun arinyana nyiyeun parahu atawa getek,
Cai talaga ku ngaing deuk di jiyeun seuneu!”

Eukeur mah inyana ngomong keneh, di ruar karaton,
Kabeh urang rancahmaya patingjarerit, lalumpatan nyararumput!
Mantri gareulis anu tujuh, oge lalumpatan sabari narulakan panto.

Sabab anu kadeuleu arinyana, lain aki-aki nyemprung nyampeurkeun.
Tapi kadeuleuna, jiga lamping gunung urug deuk ninggang ka eta nusa!

Ngadenge diruar patingjarerit jeung neuleu mantri-mantri lalumpatan,
Ki daluwangsa ngaliyeuk. Kadeuleu anu keur ngalayang
Angkrug-angkrugan ngadeukeutan gancang jasa.
Anu kadeuleu, lain lamping gunung nu deuk ninggang;
Tapi tetela jasa, hanteu salah deui………….
Aki-aki dekil anu ngautkeun pantun tea!

Reuwas ki balapati, geus lain reuwas reureuwasan deui!
Bari meh ahnteu eling kukurayeun jeung bibirigidigan
Anu ngaletoykeun suku eujeung cangkeng,
Inyana sataker tanaga, ngajol eudeuk ngilu
Asup ka pangkeng para mantri.
Tapi pantona kaburu keur meundeut pisan!

Anu asup teh, ngan hulu inyana be ti seret beuheun;
Awak jeung bujur mah, kokosodan di ruar keneh!

Di doroooong, pantona geus pageuh ku tulakna!
Diiiiiidonca, sabari narik deui hulu eujeung beuheung,
Pantona anggeus pageuh ku tulakna………
Jadina mah, ki balapati adug-adugan, cara monyet beunang ku cara!

Ngan raja niskala wastu nyura barat maya,
Anu harita hanteu neuleu naeun-naeun!
Inyana mah palahaaaaak polohooook bae sabari luak-liyeuk…..
Hanteu ngarti naeun sabab,
Sakabehna pada nyarumput sabari patingjarerit………..!

Barang inyana keur palahak polohok kitu,
Ari godombrang bae, hareupeun inyana…….heu bae,
Pantun ngagorosor cara kuda labuh tikusruk,
Jeung si aki tibeubeut ngagorolong!
Korejat hudang deui, bari ngempit deui pantun…….

“waduh! Hadena kawat-kawatna hanteu paregat!”
ceuk si aki bari ngabatek cangkeng.

“saha dia” euk raja kasep niskala wastu.

“raja!”

“wah?”

“etamah kumaha dia!parcaya henseug; nya hanteu, henseug!
Tapi ayeuna mah dina poe-poe ieu, kaula teh raja,
Anu ngabogaan ieu nagara anu dijabel dia.”

“deuk perang?”

“kumaha dia! Asal di anu lega;
ulah di anu hareurin kieu!
Nyaah karaton sahade kieu…….!
Laku ditukeurkeun keuna sawah tilu rorog
Jeung munding sarakit mah!………….
Ari perang mah, gampang!
Ngan samemehna, kaula deuk nanya heula.
Ku naha dia ngamudukeun urang pajajaran bogor
Seba tujuh pasang wadal sekar manah?”

“sabab baheula mah, ieu nagara hanteu kieu.
Tapi ayeuna, bet jadi sangar!
Ceuk pamelongan, salila kaula ngadeg jadi raja,
Umur sakabeh somah moal eudeuk bisa nepi
Ka sapuluh kali tutug galur. Malah umur kaula oge,
Moal kungsi nepi ka bisa nyaksian
Ngadegna raja-raja anu ngakanan ati somah!
Ceuk pamelongan, mudu dikiyasan ku pangrepeh;
Tujuh pasang sekar manah mataraman;
Jeung di dasar talaga, mudu diteundeunan tutunggon.
Tutunggonna arca, anu tetep bae jadi jelema.
Jelemana anu ti baheula, ngaranna si lengser!”

“leeeeengser? Dukun mana eta teh anu mapatahan kitu?
Resi mana, ajengan mana, kiayi mana anu saburung mapatahan kitu?”

“hanteu perelu dia nyaho!
Ngan anu perelu, amun dina waktuna,
Eta seba mataraman tujuh sekar manah hanteu di tedunan,
Gantina mudu ngaduruk saban lembur bangsa pajajaran tengah!”

“taaaah,hanteu meunang kiiiiitu, raja!
Ulah nurut ka pituduh anu barurung!
Deuleu! Ieu jaman teh anggeus ganti,
Ganti sembaheun, ganti kaparcayaan!
Ari dia hayang panjang umur mah,
Hanteu-hanteu teuin mudu ngadurukan imah deungeun,
Hanteu-hanteu teuin mudu ngayakeun wadal nyabakeun pangrepeh,
Jeung nyiyeun tutunggon sagala endah!
Ku ngaing diwidian,
Asal ulah ngaganggu ka sakur urang pajajaran tengah!”

“ngomong teh kos nu burung bae!
Hanteu nyaho dia,
Anu nyekel umur teh,
Anu agung maha kawas di kalanggengan?”

“lain inyana anu nyekel mah!
Anu nyekel umurmah, manusa dia wujud jadi jelema!
Sabab eta, ngaing oge, wenang manjangkeun umur dia!”

“dia ngaku-ngaku dewa,
apa ngaku-ngaku sang hiyang wenang, apa naeun?
Make ngaku-ngaku wenang manjangkeun umur jeleeeema!?!
Hanteu siyeun dia dibendon?
Hanteu siyeun ku nu agung,
Anu baheula disebut sang hiyang nunggal,
Anu kiwari disebutna gusti awloh?”

“hanteu!”

“ku naha, hanteu?”

“hanteu mah, hanteu beeee! Hanteu siyeun!
Dia siyeun, ku gusti awloh?”

“atuh puuuuguh!”

“bodo dia mah! Ku gusti awloh siyeun!
Kupeuyeum siyeun deuih?
Ku rujak peuyeum, dilahangan make caruluk
Dipeureutan jeruk nipis, siyeun deuih?”

“tetela dia mah jelema burung!”

“lain kitu, raja; ari ku rujak peuyeum, dia siyeun?

“dasar si burung! Ku anu kitu mah, reeeeeesep!”

“tah geuning! Eta mah, kaula deuk disebut burung, nya buruuuuung!
Deuk disebut dewa, nya dewaaaaaa…….da dewa oge,
Hanteu ararecreug kaaaabeh!
Ngaing mah, hanteu siyeun ku gusti awloh!
Tapi, cara dia ka rujak peuyeum
Di wayah tangari ereng-erengan panas kabina!”

“nepi disaruwakeun jeung rujak peuyeum!
Hanteu siyeun dia ku gusti awloh,
Make wani disaruwakeun kitu?”

“haaaanteu! Deuk kumaha, ari ngaing resep mah!
Ngaing hanteu siyeun ku gusti awloh; tapi resep kabina!
Amun ayeuna kapanggih deui,di buruwan keneh,
Ngaing moal deuk eureun-eureun sesembah!
Ku naha makemudu siyeun?
Apanan ceunah gusti awloh maha asih samudra kanyaah!
Tilok mudu siyeun ku anu sakitu bageurna?
Ka anu sabageur kitumah,
Lain mudu siyeun;
Tapi mudu era!
Sabab, salila aya kaera,
Eta tandana
Jadi keneh manusa anu nyaho
Naeun jadina jelema di harti manusa!
Amun jelema geus hanteu boga kaera,
Boro-boro deuk inyana inget ka ayana anu kawasa maha agung,
Apanan ka jalan gede bebelecenan oge,
Hanteu sagala engeuh!
Hanteu siyeun,nya eta salila eukeur teu wani.
Ari anu dipikasiyeun,
Hiji waktu bisa nyampakan
Amun hanteu siyeunan!
Ari geus datang kawani jeung hanteu deui siyeun, lajuna teh keuna gelut.
Tah anu karitu, engke teh bakal loba;
Di jaman anu engke bakal kasorang!
Engke teh baris loba jasa jelema,
Hanteu boga kasiyeun, laleungit kaera!
Tapi eta teh,perelu;
Pieun ngabuktieun
Memeh jelema pada areling ka anu agung maha suci,
Memeh jelema pada areling
Ka ayana salah eujeung bener,
Ieu jagat teh
Mudu dikawasaan heula
Ku anu aredan euweuh kaera!
Tenggerkeun bae!
Di jaman langit beureum sapamentangan,
Di wayah
Bangsa pajajaran sunda ararengeuh,
Jaradina badega teh
Geuning sabab disaringsiyeunan,
Ku kiayo jeung ajengan
Anu ngabaregbigan ku gusti awloh,
Nepi somah meh sakabeh
Lin sujud sabab siyeun gusti awloh
Tapi saenyana mah narurutna,
Sabab sarariyeun omongan kiayi heung ajengan
Ngarah pangaruh baruncir leuit…….!
Tilok kituh gusti awloh teh hayang dipikasiyeun?
Anu hayang dipikasiyeun mah
Ngan anu takabur,
Anu sombong bari adigung,
Hayang kawasa inyana sorangan,
Anjukan teu kaop digeunggeureuhkeun!
Gusti awloh mah, moal kitu!
Anu majarkeun, gusti awloh mudu dipikasiyeun mah,
Eta teh jelema-jelema
Anu ngugung-ngugung inyana,
Tapi,
Bari hanteu ngarti kaagungan inyana!”

“eh semah!” k raja rancahmaya,
“naeun agama dia, make ngomong kitu?”

ceuk si aki sabari ngabetotoan bulu korong:
“ceuk deungeun mah,
kaula teh hanteu boga agama,
tapi ceuk kaula, kaula teh booooooga,
ari deuk disebut agama mah.
Nyaeta, anu ceuk deungeun mah: agama pajajaran!
Ceuk kaula: agama sunda……..!”

“naeun sabab, ceuk dia umur dicekel ku jelema?”

“geuning, hayang lauk kotok…… peunciiiiit!
Hayang lauk munding, peunciiiiiiitt
Malah salajuna mah, hanteu nurut ka raja….peunciiiiit!
Hanteu bae marikeun banda dirampas, kadeeeeeeek!
Malah engke mah jaman:
Hanteu nurut ka anu saralah…….podaaaaaran;
Ngagarugu bae ka anu bener……cilakaaaaaaa!
Tah, mantakna ceuk ngaing umur jelema
Dicekel ku jelema keneh!
Atuh ayeuna , somah dia parondok umur, nya keun baaaaae!
Sabab engke teh baris datang jaman
Arinyana jaradi jelema deui!
Jaradi menak nyangsara somah,
Jaradi pangkat sawenang-wenang,
Jaradi balad jeung ponggawa:
Nyariyeun somah teu walakaya,
Ngaluluguwan rarampas eujeung babadog,
Nyusahkeun somah salega nagara………!
Da bongan dicarontowan,
Ku raja ngagade nagara,
Ku pangkat gede pangkat laleutik
Maksa somah mudu ruruba………!
Tah, jaman kitu, mudu aya.
Mudu disurup ku sabangsa somah dia!
Tah eta, anu disarebut jaman gerihohan tea!
Jaman kawasana dedemit duwit
Ngaloloskeun sakur nu badag;
Tapi nyangsangkeun beunyeur laleutik,
Pinuh keusik loba tokowan……!

Ceuk raja rancahmaya: “pangdatang dia ka dieu, eudeuk naen?
Eudeuk dia ngeusi tegal pangperangan,
Atawa eudeuk nadegkeun pasantrenan?”

Ceuk si aki: “heueuh! Tah kieu ari hanteu tuman jadi raja teh!
Sabab tuman ngan nangkulak carita bae,
Jadi be hanteu puguh cabakhanteu puguh gawe!
Kumaha tah, urusan eta seba mataraman teh?”

Ceuk raja rancahmaya: “mudu diayakeun! Hanteu ditedunan,
Beak tah sakabeh lembur bangsa pajajaran.
Tuh deuleu, oborna geus sadia……!”

“ari kitu mah, auth urang jadikeun be perang teh!” ceuk si aki
sabari manggul pantun inyana,
“seug! Urang bejakeun heula ka barudak!
Sabab ngaing mah kara ayeuna-ayeuna jadi raja,
Jeung ti baheula, tuman sagala teh badami heula jeung balad,
Ayeuna mah menta dijurungkeun nindak be atuh!”
Laju sabari manggul pantun, inyana nyabrang………..
Leumpang dina kulit cai,
Cara anu biasa leumpang di jalan gede……….
Kara mah tuus inyana ngomong,
Ari kerebek teh si aki tilelep.
Amun kumis inyana hanteu nyangkut keuna areuy mah,
Jigana, si aki laju soge jadi parab keuyeup.
Pantun inyana ngambang keneh, laju dibawa cai,
Palid………..

Bating siyeun pisan suku dibetot lembu,
Si aki roronjotansataker tanaga, nya bisa oge unggah……

“aaaaduh!” ceuk inyana,
“mani asagep asa gep bae disered lembu!
Sia sih ngomong cai-cai, jadi be ngaing inget!
Rarasaan teh keur leumpang di jalan hareupeun
Gedong tuan tanah deuk setor cuke!
Jero pikir teh, ku naha ieu jalan bet becek…….
Iraha huuuuujan?
Hanteu nyaho, baruk ngaing teh keur jadi engkang-engkang!…….
Aduh, aduh…..itu pantun ganing…..paaaalid!
Keun, keun bae, ingkeun tengeteun ieuh di jalan mulang!
Engke oge, lebah muhara ci aruteun tilok hanteu unggah…..
Jadi perang teh ayeuna mah!
Mayuh, sasadia pieun taram deui……..
Tapi ke heulaanan; ngaing deuk ngilik heula!
Saenyana teh, ieu nagara aya dina girik saha…….”
Laju inyana kadak-kodok ka jero kaneron………..jetut,
Ari karuar teh, lain daun rontal meunang mangot.
Tapi……sintir mata genep!
Laju disintirkeun…..guruprak………..
“da ceuk tina mata mah, muduna balik deui dibogaan urang teeeeengah.
Ngan datangna mudu
Ti kaler heula,
Anggeus aya anu arunggah
Di beulah kidul………!
Urangna mudu cicing
Di beulah kulon;
Tapi
Hanteu meunang nyanghareup
Ka beulah wetan…….!
Hayuh pararindah……!”
Laju………….bring, ngabring tilu puluh hiji tukang pantun
Pararindah…………….

Ngan anu jore patut jeung tiluan urang girang, hanteu ngarilu.
Arinyana mah laju ka beulah lebahan talaga
Mimiti ngocor jadi cai ci rancahmaya!

Urang caturkeun heula anu di bogor!
Sabab geus sababaraha poe, anu perang teh jempling bae,
Hanteu kadenge patingjelegurna sora pantun,
Kokolot bogor satujuhna jaradi melang.
Laju nararindak;
Ari nepi teh ka sisi talaga rancahmaya,
Di waktu eukeur pararindah!

“ambu!” ceuk ki mangparang,
“cilaaaaaka ari kieu mah!
Tuh geuning, tingaringkig…… marulang meureun!
Ayeuna mah kieu, ki sepuh!
Ieu talaga, urang bedahkeun be ku urang!
Sugan ari geus sahat mah,
Kajayaan arinyana oge kabawa palid!
Da moal salah,
Ieu teh jarayana sabab dayeuh arinyana,
Hanteu bisa katep ku sora pantun eta aki-aki anu burung tea….!”

Ki mangparang hanteu nyahoeun,
Harita keneh jauh ti inyana,
Dina rungkun ganjah kahalangan cangkuwang,
Ki pangulu eukeur ngadowa…..
Sasambat ka anu agung maha kawasa……
Bari dina nyambat eujeung muntang inyana
Ka anu disebut sang sadana hiyang tunggal,
Lain harita ki panghulu anu keur pangkat panghulu.
Tapi sasambatna jelema tanpa pangkat,
Pupuntangan sukma ki sanusi anu misah tina kapanghuluan……
Nyaeta jeritna sukma jelema jero kabingung!
Anu keur bingung, haliwu ku kasiyeun;
Tapi teguh parcayana keuna pangruhum sang rumuhun
Dina sesebutan gusti anu maha asih!

Barang ki mangparang deuk ngamimitian nugaran gawir,
Di girangeun inyana, sisi talaga nu beulah kulon,
Tilu puluh hiji tukang mantun, keur ngalelempeng jejeren pantun……

Barengan jeung urugna batu anu ditugar ki mangparang,
Tilu puluh hiji pantun patingjaleur dibarengkeun…..jegur deui,
Jegur deui; aya jegur anu ngagalugur handaruwan,
Aya jegur anu ngaguruh halus……
Aya jegur anu ngajegur mani eundeur,
Aya jegur anu ngabelekbek……..!
Sabab anu harita diparantun, lain dayeuh di nusa hiyang;
Tapi cai talaga, anu mani ngabulak-bulak
Sabari ngebul laju ngagolak………!

Ti pakuwan bangsa mayu di nusa tengah talaga,
Raja rancahmaya neuleukeun polah sakabeh tukang mantun.
Laju ceuk inyana: “cai…..jadi seuneu!”
Harita keneh, salega talaga, caina jadi seuneu…….
Seuneu hurung ngagedag-gedag,
Luntab-lentab panas kabina-bina.
Gawir-gawir jaradi seuneu,
Batu-batu jaradi seuneu…..sabari muncrat patingbeledug!

Gawir-gawir pada arurug,
Jaradi bubur leutak anu hurung……
Maksa anu marantun kudu marundur!

Keur degar-deger nugaran gawir,
Ki mangparang neuleu ki panghulu.
Bari ngagupayan ki panghulu, ceuk inyana:
“lain sasambatan kitu, ki panghulu!
Hayuh bantuwan, sina seuneu buru-buru pareum!”

Urang pajajaran girang anu tilu, laju mantuwan.
Ngan anu jore, cicing bae sabari neuleukeun seuneu
Ngamuk pupurilitan bari ngagaur!

Aji jeung dowa ki panghulu,
Harita mah bukti kamatihan jeung kamanjurannana…….
Sakali nenjrag, wahangan jadi lega ngalegaan……
Cai anu jadi seuneu, nyedot kapontengkeun……
Ngocor kenceng sabari ngagaur……
Meuleum sakur anu sasampak dina palidna!

Tapi……liwat mimiti ngocorna cai talaga jadi cai ci rancahmaya,
Anu ngocor teh, lain seuneu deui.
Tapi cai biasa, anu herang tiis beresih.
Ngan nyedotna, kencengna pohara jasa kabina-bina!

Batu sagede-gede gajah, catang sagede-gede beuteung kebo,
Paralid rak-rak dina cileungcang!
Tapi orotna cai seuneu di talaga, ngan tibangerot bae…..!

Kipanghulu terus nenjragan gawir;
Saban tenjrag saban tepak, wahangan tambah lega ngalegaan!
Tapi talaga, orotna ngan tibang keneh bae;
Jeung seuneuna kalah mingkin gede tambah panas…….
Nepi…awasng-awang saruhureun talaga ngilu jadi seuneu…..!

Di girang nu beulah kulon, anu mamantun mani kawalahan!
Geus lima urang anu pantun inyana paregat sakabeh kawatna…..
Geus dalapan urang, anu kawat pantun inyana geus kurang
Ti saparona deui……!
Anu masih keneh weuteuh, ngan kari tujuh urang…….!

Di hilir, ceuk anu jore:
“amun sareupna, kieu-kieu keneh bae,
tangtu eta seuneu baris ngalentab ka darat.
Lain bae ngudag ngalingkung urang,
Tapi baris ngaduruk sakabeh leuweung di sakurilingna…..
Sakuriling ieu talaga heula,
Laju ngahuru leuweung-leuweung sa pajajaran tengah……
Sanagara baris jadi leuweung seuneu tegalan ruhak!
Anu jadi seuneu teh, cai talaga!
Cai talaga, moal eudeuk orot-orot;
Sabab caina, ditambah terus ti mata cai!
Urang saeur!
Ki panghulu jeung ki mangparang, di dieu;
Kade ulah parasea deui!
Anu sejen, parindah ka girang.
Siyar sakabeh mata cai; laju saeur!”

Anu mudu parindah, laju ka girang;
Nyariyar sakur mata cai anu katimu!
Laju disaeur…… cai talaga hanteu nambah deui!
Tapi seuneu mah, kalah ngagedag-gedag ngagedean,
Jeung leuwih panas manan ti heula……..
Nepi langit saruhureun talaga……jiga copong tembus molongpong!
Amun diantep satengah peuting deui,
Copongna, bisa tembus ka kahiyangan!

Si aki maja pantun, keur kawalahan.
Pantun anu kawatna masih mahi saweuteuhna, kari tilu deui.
Laju ceuk inyana, ngomong ka inyana keneh sabari gagaro
Dina bobokong: “heueuh! Tah, di lebah kieu yeuh,
Sok jelema mareleng nepi ngarareser ti sagala anu wajar teh!
Dina tagiwur anu ngabingungkeun jasa,
Sakabeh pikiran waras,
Mararandak deui hanteu jalan……..!
Apanan eta teh, cai! Lain minyak!
Nya seuneu, jadina tina cai!
Ari seuneu, pareumna teh, apanan ku caaaai!
Heueuh…..hujankeun siah ku ngaing!”

Harita keneh, breg turun hujan gede abreg-abgregan;
Kerep jasa bedeg jasa!
Kerepna, moal deuk cileuh bisa nyompor-nyompor acan.
Badagna, sagarede buah sentul….ngan turunna keuna talaga bae!
Tapi aya oge hujan anu teu ragag di palebahan muduna ragag…..
Maretel nyasar sakarep-karep!
Heueuh, da hujan oge, hanteu beda ti jelema….
Aya anu raragem, aya anu matanghul mawa karep sorangan bae!

Ari ragagnakeuna dahan, dahanna laju peunggas!
Anu ragagna keuna batu, batuna laju kohok.
Anu keuna taneuh, taneuhna laju sumuran anu jero!

Anu keuna tukang mantun, nya anu kareunana,
Harita keneh jaradi…………baseuh! heheh!

Heueuh, da ngaranna oge, carita pantun;
Pantun cacah pileumburan,
Pasisiyan euweuh ajenna!
Apanan, anu diparajarkeun lalakon pantun anu pangbenerna mah,
Geuning ceunah, ngan carita pantun
Ti paseban para menak badega wetan!
Keun, sina dibuktieun, pantun arinyana nu pangbenerna!
Keun, sina dibuktieun pantun urang mah nu pangburungna….!

Engke oge, tangtu katara;
Da anu dipangot ku peso pangot mah,
Tangtu alus ringkel tulisna,
Tapi alus deui rekaannana!

Talung-talung diturihna ku harupat,
Keur jore ringkel dina tulis teh,
Badag gurat badag sogat.
Tapi, naaaaatrat dina tapak nyuratna!

Papay!
Papay, tah tapak gurat eta surat;
Sabab bacaeun di muhara ci aruteun, bakal kakeeum.
Batu tulis mah, ngan saukur pipilis;
Sabab surat di guha gunung kibodas……. ngan kari beja tina carita!
Da barooooongan……dibejaan, hanteu diteang!

Urang mah, urang teang anu keur perang,
Eukeur perang huhujanan, hujanna di rancahmaya!

Di hujan ngagebret kerep eujeung badag,
Anu marantun hanteu barisa mantun keun deui pantun-pantun.
Laju nararindak……singgaridig……horengan ka lembur-lembur.
Ari marulang deui, maranggul lisung……
Laju diturunkeun ka talaga anu caina geus biasa cai deui……
Galeyong, tararumpak pantun ruhureun lisung,
Tararumpak pantun dijero lisung,
Sabari ngaboseh mani pakeupis!

Tapi, can oge nepi ka tengah talaga,
Ti sakuriling talaga, mani tinggarebay lulun samak,
Tingsurungkuy lembu mani nyunuwuk;
Jeung ti dasar talaga, rambang ganggeum
Ranggeum bari raranggeum…………

Harita, di hilir keur haliwu anu duaan;
Haliwuna, sabab cai talaga, leuwih handap manan dasar wahangan!

“den!” ceuk ki mangparang ka ki panghulu,
“kumaha yeuh? Hanteu ngocor deui!
Amun talaga can sahat keneh bae mah,
Tah raja moal beunang dielehkeun.
Boro-boro urang deuk bisa nalukkeun,
Ngontrog ka gogobrog inyana oge, urang ari kieu bae mah,
Moal-moal acan bisa neeeeeepi!
Bisa-bisa, kalah urang anu di boyong ku inyana!
Hag siyah!
Meureun anu pangheulana disiyar teh dia!
Hag siyah, kop bae kadinyah!
Ka kaula mah, moal inyana deuk gancang nyiyaran;
Da kaula, mimiti oge hanteu nangtang perang ka inyana.
Tapi dia! Ari dia mah, merangan;
Jeung boyongan lolos…….!
Ari masih keneh boga karep,
Eudeuk hayang mulang ka lembur mah,
Hayuh mikir kadinyah;
Sina caina ngocor deui ka nepi sahat!”

Ki panghulu laju mikir…..mikir;
Tapi can kapikir keneh bae……………
Laju inyana maca dowa naeun beeeeeeee……
Dowa inyana bukti deui kamatihannana.
Sabab anuharita ngedalkeun dowa,
Lain letah ki sanusi dina pangkat panghulu.
Tapi, sukma jelema jero kasiyeun jeung kabingung;
Bari teguh pageuh parcayana,
Moal anu maha asih ngatepkeun bae!

Cai talaga lajuna orot….orot deui, ngorotan,
Tapi hanteu ngocor dina wahangan………orot deui, ngorotan bae…..
Laju reg bae, hanteu ngorotan deui!
Ki panghulu maca deui dowa……caina ngorotan deui,
Ngorotan terus….nepi ka sahat mani ngoletrak.

Tah harita, lulun samak jeung lembu-lembu,
Eudeuk pisan ngagulung anu keur tarumpak lisung!

Sabab cai talaga ngadadak sahat, lulun samak jeung lembu teh,
Hanteu bisa walakaya deui! Ngan tingkaroseh be,
Cara lele kasehatan! Atuh kari nakol bae!
Ganggeung-ganggeungna mah, dilendek ku lisung
Anu maju terus cara parered…….!

Cai talaga geus sahat pisan. Ngan edaaaaas, leutakna saput dada!
Tapi lisung-lisung mah, sakabehna nyurungkuy terus cara uling;
Ngan hanteu tandukan! Nya narepi ka nusa hiyang tengah talaga,
Anu harita sahat ngoletrak!

Laju ararunggah…..der perang!
Perang anu rosa jasa, rosana pohara kabina…….
Anu kabina-binana ngan saruwa jeung perang dina lalakon pantun!

Tilu puluh hiji tukang mantun, perang jeung balad rancahmaya
Baratus-ratus. Heueuh, perangna mah rosa jasa kabina-bina.
Tapi, saban dipantun, sakur balad rancahmaya anu ceuli inyana
Kaasupan sora pantun, boro-boro eudeuk loba anu lebur
Jaradi awun-awun, anu pararaehna oge, lolobana mah ngan
Saukur paraeh saparo.
Malah hanteu kedik, anu ngan nepi kalenger bae,
Cara anu kapuwak geledeg hepe…….!

Hanteu mudu hilok hanteu mudu himeng!
Apanan leleburna teh, ari dipantun ku pantun anu kawat-kawatna
Jangkep genep belas dalapan belas!
Ari di pantun ku anu kawat-kawatna anggeus hanteu jangkep deui mah,
Hanteu kaaaaaaci! Komo ku pantun anu ngan kari bangun bae mah,
Ku anu geus euweuh inang jeung peureut-peureut acan mah…….
Kalenger oge, saenyana mah hanteu meunang!
Teu meunang ku saha?

Nya ku raaaaaja, atuh!
Apanan ucap raja teh, dawuh ratu!
Najan geus kari kojor kalanti oge,
Apanan ari ceuk raja mudu surak,
Mudu beeeeee surak,
Sabari mudu ngadowakeun raja waluya tetep di jaya…….!
Asal raja beeeee jeung sabatur-batur inyana!
Si somah mah…….heueuh, nya kitu teeeeeea!

Dua poe jeung sapeuting,
Perang teh acan aya anu maju acan aya anu kadeseh!
Peutinganna deui, peutingan anu kadua,
Ceuk tukang pantun urang gunung bundeur:
“hanteu pararuguh perang teh yeuh!
Jiga barudak gelut euweuh anu ngabobotohan!
Coba areureun heula;
Heueuh kituh euweuh anu ngokolotan di urang,
Euweuh anu ngokolotan di musuh oge?”

Laju perangna di tunda heula.
Ngarilikan dimana ayana kokolot jeung lulugu sewang-sewangna!
Ja heueuh; di musuh, euweuh lulugu euweuh sambilan
Saurang-saurang acan.
Di tukan mantun mah, koooooomo!

Ceuk urang rancahmaya: “paiiiingan atuh,dirarasakeunnana teh,
Perang teh asa nguwah panggang ketan ku sambel godog,
Tapi saruwa hanteu dicipatian!
Dia geh euweuh anu ngaluluguwan, nyah?
Ceuk urang rancahmaya kasakabeh tukang mantun!

“heueuh!” ceuk sakabeh tukang mantun,
“da ti barang prung teh, saheueuhna mah hanteu boga sambilan,
hanteu boga lulugu, hanteu boga balapati-balapati acan!
Sababa sagala kakawasaan, dicekel ku anu jadi raja!
Ngan nau hanteu kaharti, di lebah kieu yeuh,
Eta raja teh bet mantog ka maaaaana…….?”

Hanteu nyarahoeun,
Keur ti darat mah,
Lisung raja teh,
Ngagulusur pangheulana.

Ceuk saurang ti anu leungiteun raja:
“boa nyelang nyair remiu heula!”
“boa mulungan tutu heula!” ceuk saurang deui.
Hanteu arinyana nyarahoeun,
Tengah jalan nyurungkuy ka nusa hiyang teh,
Lisung raja pantun mah, kapiheulaan!
Gejebed, gejebed bae…..laju reg bae ngarandeg;
Ukay-ukey hanteu bisa laju. Kapater tengah jalan!
Belebes, belebes bae, mingkin ngabelebes ka jero leutak.
Saban keneh, saban ngajeroan mebesna…….
Nepi ngan anu katembong teh,
Ngan hulu raja mantun be ulag-ileug
Cara kumis keyong belang!
(ulah hilok ulah himeng,
da ari perang jaman baheula mah,
jaman pajajaran anu baheula,
jaman baheula di lalakon pantun,
lalakon pantun bogana cacah,
beeeeeeda ti perang saha di jaman anu iraha oge…..).

eukeur si aki meujeuh mebes mingkin jero,
harita di hilir, anu jore oge hanteu ngarti naeun sabab,
anu perang teh bet jiga anu keur narawar jeung narawarkeun…….
laju didatangan. Inyana leumpang dina urut nyurungkuyna
pantun-pantun dina lisung;
kabeneran dina tapak urut lisung si aki.
“lah buntu!” pikir inyana,
“mudu luncat! Tah, hadena aya batu…….!”
jleng inyana luncat…….hanteu nyahoeun anu dipake luncat teh,
hulu si aki….atuh mani laaaaaaput!

Ceuk si aki sabari ngalelep:
“dasar ngaing mah mudu jadi arca di dasar ieu talaga….
kitu, nya kituuuuuuu.
Geus ulah kapalang tanggung……..!”

Lep bae inyana ngalelep terus,
Nyurungkuy ngukuy jero leutak, mani hanteu katembong……..

Anggeus nepi ka darat di nusa hiyang,
Ceuk anu jore: “ku naha perang teh di tunda-tunda kieu?”

Ceuk sakabehan: “urang euweuh anu ngaluluguwan;
Arinyana oge euweuh anu ngaluluguwan!”

“keun ngaing jadi lulugu!” ceuk anu jore bari nanya ka urang
rancahmaya: “mana balapati dia?”

“nyao!” ceuk balad rancahmaya.
“ti barang neuleu aya aki-aki deuk meuncit ti kajauhan keneh oge,
ki balapati mah, anggeus muriyang paranas tiris deui!…….”

“ari di dinya euweuh anu ngaluluguwan mah,
atuh ari perang mah, moal bisa ditempang.
Da lain getek, lain tanggungan!” ceuk anu jore,
“ayeuna mah kieu! Ari sagala ditunda deui ditunda bae teh,
lain bae gatrah dina gawena,
tapi ieu lalakon perang di rancahmaya, di buritna
moal kabere haneuleum siyeum ka deungeun
moal sedih siyang ka anu ngahanjuwan!
Pamali, beusi kaburu beurang!
Ayeuna mah, der deui ka dinyah!
Keun kaula anu jadi saksina……!”

Acan mah der anu eudeuk diperangkeun,
Ari nyao teuin ti marana patingtorojolna,
Habek-habek bae anu jore,
Dikerepuk ku tujuh mantri anu gareulis jasa tea……
Anu jore mani haliwut mani pakeupis inyana nangkisan
Barera jeung lodong eusina luwah!

Ngalawan salah, hanteu ngalawan salah.
Laju inyana ngalawan sabari siyeun.
Lain siyeun ku barera ruyung kawung,
Lain siyeun ku lodong endog eusina luwah.
Tapi siyeun inyana salah neunggeul.
Geura, batur, sakitu gareuliiiiiiiiiisna!

Kumaha amun rusak?
Ceda saeutik oge, meureun moal beda inten paut kagores peso!
Nyaaaaa-ah atuh! Lain nyaah pieun pieweeun;
Nyaah soteh ka baragusna.
Meunangkeun ewe sakitu geulisna teh,
Meunang oge ngeunah jasa dina mata jeung dina angen……. tapi,
Kumaha deuk marabannana?
Cokot hiji, nyaah anu sejenna amun dibeunangkeun ku deungeun.
Cokot sakabehna, heueuh marabannana kumaha?

Anu jore perang sabari lulumpatan;
Cara lutung keur dikepung…….
Jle ka dieu, jle ka ditu………
Laju inyana kasedekkeun ka jaro karaton!

Barang inyana deuk luncat deui sabari nowel pipi
Jeung nyomot anu nyarangseung, hanteu kanyahoan,
Ti tukang, inyana di tewak ku raja rancahmaya!

Der, perang anu enyaan tea!
Rosa jasa….. anu jore patut,
Kadeseh ku anu kasep kaliwat saking…….mundur,
Mundur….barang nepi ka golodog karaton,
Gobang raja rancahmaya geus ngalayang keur nyamber beuheung!

Tapi harita, tilu tukang mantun
Anu wareuteuh keneh bae pantun arinyana, kaburu asup….
Gaur, sora pantun anu tilu dipantunkeun bareng,
Mani ngajegur ngagalugur harus jasa kabina-bina……
Mani rabeng kerang-kerang mutihara anu dijiyeun hateup karaton.
Mani patingjareblag tembok-tembok karaton………..
Mani karaton sakitu ahengna,
Badis balandongan keur di rakrak!

Gobang anug geus deuk keuna beuheung anu jore,
Harita keneh lebur euweuh kalangkang-kalangkangna acan!
Tapi rajana mah, hanteu kua hanteu kieu!

Barang inyana deuk nubruk deui anu jore,
Ceuk tukang mantung urang setu uncal :
“ke heula! Beusi urangperang jeung baraya!
Keu heula! Kula teh asa-asa wauh ka dia!”

“ku naha tatanya kitu?” ceuk raja rancahmaya sabari tulak cangkeng.
“lain kitu!” ceuk tukang mantun urang pasir angin,
“ari rupa dina kulit, dia teh badis raden kumbang bagus setra,
minantu parabu agung siliwangi anu ayeuna anggeus
nyao teuin dimana ayaaaana.
Pun! Ari dina rupa dedegan,
Badis ki rakean kalang sunda!
Tapi dina sora, sora dia asa ku puguh
Sora ki jaya antea?!??”

“kula lain saha, lain saha!
Kula mah sang nisakala wastu nyura barat maya.
Raja di dieu, jujuluk resi hiyang rancahmaya talaga manjah!
Tah nya ieu, kaula pisan!
Kaula hanteu nyukma hanteu disukma!
Sukma kaula, sukma raga kaula sorangan!
Hanteu unjam-injeum, hanteu nginjeumkeun!
Naeun perelu dia, tatanya kitu?
Apa dia eudeuk perang, apa dia eudeuk naeun?
Amun dia eudeuk nguyang, kaula mah tara nginjeumkeun pare!
Amun dia eudeuk nagih, kaula mah hanteu boga hutang!
Amun dia eudeuk perang,
Memang kaula anu baris ngalayanan…….
Moal hiji-hiji; tapi saayana anu sanggup ngahurup kaula!”

Der perang deui; rosa jasa.
Rasa niskala rancahmaya dihurup ku anu jore
Jeung tukang mantun anu tilu……………
Saopatannana laju kadeseh ka ruar………
Disarurakeun ku mantri tujuh anu gareulis!

Barang anu kadareseh anggeus lebahan golodog,
Di tukangeun tihang karaton anu gede,
Ti handapeun carara tina bahar dilakop emas jeung ditabur
Mutiahara jeung permata…………….
Aya anu ngagurubug terus lumpat!
Anu lumpat? Ki balapaaaaaati, anu ti barang meuleu
Aki-aki dekil eudeuk nyabrang tumpak lisung
Anggeus ngajempod bari ngahodhod.
Sabab di lawang karaton, ku inyana kadeuleu aya anu deuk asup…….
Jiga arca tina leutak, baseuh keneh acan tuhur,
Kara anggeus can kaburu kapowe!

Harita, raja niskala wastu kara pisan eudeuk mekaskeun aji pamarat;
Tapi angin jombang anu ditiupkeun inyana,
Lain nyebrot ka anu keur kadeseh,
Tapi bet melekbek nyebrot ka ruhur………..

Ari mantri gareulis anu tujuh?
Arinyana mah, ujug-ujug patingkedeprek ngararegod
Nyampeurkeun ka anu jiga arca leutak acan asak garang!
Laju nyaruuh, nyararembah dampal suku inyana
Sabari ngaromong: “eyang akiiiiiiii, nun ieu kaula………!”

“lah, baruk geuning dia araya di dieu?” ceuk si aki dekil
pinuh leutak sakujur awak,
“baruk nyi maya indung, maya kayangan, arum sinayungan,
mayang mangarang? Etah, etah, geuning nyi mayang mangsaweuhan,
arum tineung jeung aduuuuuuh, nyi arum wiyaga si bungsu…….!”

“nuuuun, eyang akiiiiiii!”

“heueuh, heueuh! Ke, ke;
ieu teh ku naha bet jadi kiiiiieu? Ke, ke!”
ceuk si aki sabari negeskeun ka raja kasep.
“aduh, aduh! Nanaheunan jadi kararieu ieu teh
garalaja! Suwangga!…….?

raja kasep anu gagah sakti,
harita keneh brek ngadeprek,
laju nyembah dampal suku eta arca leutak nu rametek keneh:
“nun, eyaaaaang!
Sampuuuuuura kaula!
Da kaula mah, ngan dijurung anu ngalampahkeun parentah!”

Ari ceungkat deui tina nyembah,
Anu kasep teh, jleg bae jadi deui putri bidadari suwangga garalaya,
Bidadari ti jagat pancaka tea……………

Ceuk si aki bari ngepretkeun leutak tina tungtung irung:
“karukumaha-an ieu teh?
Eta dia bet ngarupakeun jadi lalaki kitu?
Garalaya! Acan wayah, dia unggah ka ieu jagat!
Karukumahaaaaaaaa-an ieu teh?”

Ceuk bidadari suwangga garalaya sabari nyembah:
“nun, eyang!
Kula mah di jurung!”

“ku saha?”

“ku sang hiyang dewa kaaaaaala, nun eyaaaaaaang!”

“waduh! Dasar si eta mah, si atah adon!
Kapanggih deui ngaliawat ka dieu,
Ku aki deuk direngkodkeun tah cokor inyana……!”

Ceuk bidadari ti jagat pancaka: “da eta ceunah,
Eyang teh ngantep teun ieu jagat
Mingkin dengdek mingkin dengdek!
Da eta ceunah,
Eyang teh kajongjonana teuin
Ngantep urang sunda sina jaradi badega,
Urang sunda sina jaradi domba,
Saukureun ka sabangsa keneh……….!”

“nyai, heueuh;
lebah dinya mah inyana hanteu salah-salah teuin.
Memang, aki teh kajongjonan teuin
Neuleukeun motahna sagara jaman;
Ngitung bentang-bentang anu arunggah,
Ngitung bentang-bentang anu marurag;
Bari aki
Memener balay panuduh jalan
Pieun jaman nu mudu datang……….
Abeh deungeun abeh batur,
Tarenget ka jalan mulang!
Mulangna?
Ka jaman sunda waras bari areling:
Hirup teh
Lain baris ngabadega saumur-umur
Tapi mulang deui
Jadi bangsa sunda anu sunda
Di tanah bogana sunda!
Di keukeupan ieu nagara, nyai,
Ayana dawuan talaga kajembaran!
Tapi
Ku anu baradegong ngadon ti kulon,
Ku anu sarakah riringkid ka kaler,
Ku anu aradigung datang ti wetan,
Dijariyeun sunggapan kasugihan;
Tapi
Pieun nyugihkeun jembar inyana…..
Ari anu barogana mah, nyai,
Nya tangkal layu ka mangandeuh……!
Nyai!
Aki teh heueuh kajongjonan
Ngarep-ngarep unggahna matapoe
Anu ngan nyiyeun layung aralus
Ngan di wayah eudeukna surup!
Ak teh kajongjonan teuin
Ngarep-ngarep gedena janari
Baris ngariyeugna lini noron
Di wayah tembong lalayanan
Kareuti jeung sampal wadak,
Anu ngageuingkeun bangsa sunda;
Tapi harudangna
Silihpeuncit……………..!
Ari dia, nyai! Ceuk si aki sabari nanya ka putri bidadari anu tujuh,
“ku naha dia araraya di darieu?”

“nun, eyang akiiiiii!” ceuk nyi putri maya indung,
“bentang malang nu di wetan, eyang,
di langit beureum sapamentangan tea!
Kula deuk nanyakeun naeun eta kila-kilana?
Sabab kaula kabehan jaradi keder dina wayah,
Dina lebah mudu daratang deui ka gunung gorowong!
Laju kaula kabehan nyarariyar anu engke bari manjakan tea,
Dina ronggeng tujuh kalasirna!

Tapi hanteu kasampak hanteu kapanggih;
Hanteu katimu-timu acan lacak inyana!
Kaula teh keueung, eyang, sabab,
Di sagara kidul
Ngebul awun-awun anu hawuk;
Di beulah kaler lapat-lapat,
Geus ngajajaran alap-alap waja!
Jeung di mana-mana salega nagara,
Eundeur ku anu arak-arakan,
Nu ceuk beja mah,
Deuk marapag embah jawa,
Nyerenkeun kujang ka anu papaksa!
Jeung tingrariyeug lain ku lini,
Tapi ku tindak anu maraksa
Menta panto urung geura didobrak!
Eyang, mudu kumaha ayeuna?
Anggeus meujeuh kituh, ngaronggeng babarengan?
Tapi panjakna, acan datang, eyaaaaaang!”

“tahm heueuh! Si rakean, heueuh;
kamana tah inyana………..!” ceuk si aki sabari luak-lieuk.
Ari ret teh ka anu opatan dina golodog,
Anu ditiup keuna aji pamekas………….
Bet jaradi aaaaaaarca!

“bo eeeeeedas! Mani jaradi arca batu seeeeempur…….!?!
kumaha ngomekeunnana?……
nyi suwangga, kumaha yeuh, ari geus kitu?”

“eyang! Hirupna batu sempur,
anggeus diasah laju dipaeh!”

“heueuh, amun pieun batu cingcin!
Ongkoh di jaman mana eudeuk aranggeusna,
Ngagawean sagede-gede kieu mah?
Anu rada gancangan, nyi suwangga!
Abeh kaburu dina wayahna;
Sabab ieu teh geus parek pisan!
Tuh deuleu!
Wayah kieu, bentang padati geus aya di beulah kulon!
Hartina?
Moal lila deui, baris aya raja mulang ninggalkeun hutang…….
Tah eta, eta hutang,
Anu ditunda di balik pantu burung!
Panto urung, urung didobrak………..
Da ngaranna oge atuh buraaaaayak!
Tapi ku naha kajadiannana, amun melongona panto burung,
Dibuka bari diruksak?
Anu gancangan, nyai, anu rada gancangan!
Amun hanteu kaburu, saamparan jagat,
Salegana opat buwana, baris ngebul haseup bau warirang….!”

“eyang! Panggancangna mah, ngan mudu digodog!”

“godog, nya godooooooog! Asal buru-buru beeeee!”

laju nyi putri nyampeurkeun bidadari jagat pancaka suwangga garalaya
nyalukan balapati inyana. Nyampeurkeun, badis anjing anu kasiyeunan jasa,
anu ngorondang bari buntut geus teu kaduga dicempod-cepodkeun acan…..!

ceuk nyi putri suwangga garalaya:
“daluwangsa, bawa eta arca-arca ka kawah gunung salak.
Godog sing lebur ka arcaannana!
Laju bawa deui ka dieu!”

Di daluwangsa mani meh-meh bae hanteu kaduga ngaliwat hareupeun
Aki-aki anu dipikasiyeun inyana!
Barang geus hareupeun pisan, gep bae ku si aki,
Ceuli ki daluwangsa dicekel bari dipolototan.
Bari lobaan hanteu eling manan elingna,
Ki balapati bawa nyai putri suwangga ti jagat pancaka,
Ampun-ampunan.

Ceuk si aki: “ulah sina tutung!
Aya anu tutung saeutik bae,
Buuk dia, hiji-hiji didudutan siah ku ngaing!”

Ceuk ki daluwangsa: “tobaaaaaat, eyang, ampun!
Mantak harita culangung teh, da hanteu wauh!
Parangsa teh lain eyang leeeengser………!
Kaula deuk ngenta dibendon amun harita kaula nyaho!
Ti seret peuting ieu,
Kaula moal eudeuk wani-wani heureuy ka tukang mantun…..!
Beusi kasalahan!”

“hawuk! Kitu mah, atuh salah!
Malah perelu, dia mudu heureuy!
Pieun nguji pangarti jeung pangabisa sakur anu marantun.
Atuh ari saukur bisa nyaritakeun lalakon dongeng pantun,
Laju disarebut mantun mah, nu burung oge, biiiiisa!
Jadi tukang mantun teh, mudu jelema anu mahi ku pangeusi,
Teleb deuleu seukeut rasa, bangen denge jauh ambeu!
Sakur anu geus hanteu bisa diheureuyan ku dia,
Tah eta tetela anu beunang di sebut tukang mantun!
Anu geus tilu kali beunang keneh bae diakalan dia,
Tapi masih keneh bae ngaku-ngaku tukang mantun,
Jiyeun sina mata arinyana jadi lolong…….!
Abeh dina popoek paneuleu inyana,
Inyana jadi caang ngempray dina ingetan!
Ngaing moal deuk nyaram dia heureuy!
Ngan ari keur gawe bener mah, ulah sabari heureuy.
Mantak diheureuyan jurig!
Hayuh, geura nindak;
Geura bawa eta ka kawah gunung salak!
Ulah simpang heula; beusi kaburu beurang mantare……..!
Anu hawuk ki daluwangsa, laju nindak;
Manggul opat arca di sakalieun…….!

(tah kitu sabab-sabab baheulana mah,
loba tukang mantun anu lalolong!
Aya oge anu hanteu lolong enya-enya;
Tapi mantun sok sabari peureum.
Eta teh, sabab inyana siyeun neuleu anu hawuk
Laha-loho di buruwan!
Ari sabab-sababna anu mantun salawasna
Sok diyuk dihareupeun lawang pisan,
Nyaeta abeh di mana aya anu hawuk unggah keuna teupas,
Inyana bisa geuwat nulakkan panto….
Bari laju jicip ti lawang dapur!)

Kocapkeun bae, anggeus nepi ka sisi ruhur kawah!
Arca anu opat di wadahan keuna sampeyong;
Laju digodogkeun………!
Gunung salak anu ti babaheula,
Salawasna tara eureun-eureun ngelun bae di punclakna,
Harita ngadadak eureun ngebulna!

Kawahna, ngadadak ngaguruh mani eundeur;
Lamping-lamping loba anu arurug ka eundeurkeun………..
Ti suku gunung terus ka jauhna,
Taneuh ngariyeug deui ngariyeug deui;
Ngariyeugna, ngariyeug lila…………
Jagat sakalereun gunung salak,
Dioyag-oyag ku lini gede nu terus noron……
Taneuh ayud nepi ka jauh;
Ka hilir nepi ka muhara ci haliwung;
Ka kulon, jauhna nyabrangan sagara.
Ka kidulna, nepi ka palabuhan nyai ratu;
Ka wetanna, nepi ka balambangan……….!
Leutak di talaga,
Kuplak-keplok bari ngagurusur ka hilirkeun……
Mendung heula palebahan dawuan talaga
Ngamimitian jadi walungan cirancahmaya…….
Blak, dawuan bedah!
Leutak anu ngebul bau warirang, maju terus;
Ka hilirkeun.

Mata-mata cai anu geus katutup panyaeuran,
Baredah deui……talaga aya deui caina;
Ngan hanteu loba deui cara ti heula…….!

Hanteu lila, barengan jeung riyeugna lini anu kenceng
Jeung bedas jasa, tina kawah tembong seuneu muncrat
Ngaruhuran punclak gunung!
Bulikbek, haseup hideung, haseup beureum jeung haseup bodas,
Mumbul gancang jasa sabari ngaguruh.
Ti dinya, jep jempling…………..!

Tapi ngan sakeudeung!
Sabab ngan saukur sakiceup suganan mah……. beledag!
Harus jasa, kenceng jasa….. punclak gunung salak anu
Ngabeulah ka kaler, laju sempal.
Urug lalaunan sabari ngaguruh anu ngagaur………….
Tembong kawahna jiga godogan beusi anu beureum
Hurung panas kabina-bina………..blok,
Blok tina kawah karuar leutak seuneu….blok deui, blok deui…….
Turun mapay lamping-lamping minuhan jurang……..
Ngahuru leuweung-leuweung sakurilingna……….!

Angin anu ti handap nyedot ka ruhur,
Niup seuneu di leuweung-leuweung balik deui ka tonggoh.
Ku sora angin anu kencengna ngadeukeutan jombang,
Sora ngaguruhna seuneu mani hanteu kadenge………..

Ti dinya jep jempling sakeudeung!
Tembong kawah muncrat deui muncrat deui;
Ti jerona karuar gundukan-gundukan garede jasa,
Bareureum jiga gundukan-gundukan seuneu………
Raruhur jasa nembus bulakan haseup anu bari mulikbek
Nyerebung ka langit…………!
Hanteu lila, kadenge sora patingbeledug patingbeledag;
Datangna tina kawah………….

Dia wang-awang patingsarebrut gundukan-gundukan anu tadina beureum,
Tapi anggeus katembongna geuneuk,
Laju jadi haweuk hideung…………..
Raragag jararauh ka dieu ka ditu:
Batu-batu gararede…….. aya anu sagede-gede gajah,
Aya nau garedean manan munding,
Aya anu sagede-gede leuit………….!

Riyeug deui lini pohara jasa, ngan sakeudeung;
Tapi taneuh ngagetar terus cara kembang goyang
Deuk eureun goyang mantas ditowel……….!

Hareupeun aki lengser jeung para bidadari kahiyangan
Anu tujuh jeung sahiji anu ti jagat pancaka,
Nyuuh rakean kalang sunda keuna dampal suku
Anu masih tetep bae cara arca atah tatah…………..
“aki, akiiiiiiiii!”

“heueuh!” ceuk ki lengser sabari ingsreuk-ingsreukan,
“ngaing anu meleng jalu!
Dina keder milang jaman,
Ngaing hanteu eungeuh,
Najan bener urang kabehan
Moal pugur ku beak umur
Moal layu ku surudna waktu
Moal rubuh ku usum gugur,

Urang teh, hanteu bisa urang mungpang,
Mudu bae urang nurut,
Ngilu pindah digeser jaman!

Dina saban ngeser pindah jaman,
Lalakon urang teh,
Najan kitu keneh kitu keneh,
Hanteu eta keneh eta keneh!

Lampah urang nu baheula
Bsia saruwa
Jeung lampah urang nu kiwari
Jeung saruwa
Jeung lampah urang
Dijaman nu bakal datang!

Tapi, anu bener keur baheula,
Disaralahkeun
Ku anu harirup kaman kiwaril;
Tapi dibenerkeun mudu kitu
Ku arinyana
Anu daratang di jaman anu bakal kasorang!

Nya kitu deui, anu ceuk pikir sakabehan
Pangbenerna keur kiwari
Padahal mah
Salah pisan
Pieun jaman nu baris datang,
Eujeung memang tetela
Memang salah ti babaheula………!

Baheula, ngaing boga rasa dina bener,
Basa nyapukkan sang hiyang dewa kala
Di awang-awang nulis ku bentang:
Pajajaran,
Mudu heula seren papan!

Tapi kiwari, jalu, tetela eta teh salah! Sabab kitu,
Di jaman anu keur ngalangkang,
Anu geus parek pisan disanghareupan,
Pajajaran,
Mudu dijajarkeun deui,
Ti kulon pangjolokna
Manjang ngetan nyabrangan sagara,
Ngabangun samangka di bagi lima!

Tah, eta wayahna teh geus parek kari sabrayna! Tuh! Deuleu!
Di muhara ci haliwung,
Kingkilaban nu maju ka beurang,
Geus bray-brayan ngabangbang siyang;
Bentang kararoneng geus bareureum;
Langit beureum pulasan monyet,
Geus geuneuk ku haseup
Anu ngelun tina ruhak
Anu ruhay deui jero gundukan huut!

Kembang-kembang
Geus baru warirang;
Sawah-sawah eujeung huma
Geus beak turiyangna;
Berabeas euweuh suluh,
Loba pancuran di panyimpangan,
Tapi hese cai pieun ngejo…….!
Laju ngadadak loba nu mijah,
Sapakean sareba hideung!

Tah, eta! Eta anu sajamang hideung! Tah arinyana
Anu baris narulakan pantu burung
Sina jadi panto urung!

Arinyana anu ngahalang-halang
Barudak angon menta lawang
Pieun nempo ka sampalan
Nu geus gundul di aut-aut
Ku mandah gararede rupa;
Geus acak-acakan dikukuy kunyuk
Anu hejo, anu gading, anu bareureum,
Anu rupa-rupa kumaha buluna!

Karuhan, loba somah mani ralapar,
Tapi hanteu warani ngagebahkeun,

Da puguh monyet-monyetna,
Pipiyaraan raaaaaaja!

Saenyana, aaaaya anu wanieun mah!
Tapi masih keneh nenget-nengetkeun:
Apa bulan
Anu mudu dengdek ka bentang?
Apa bentang
Anu mudu dengdek ka bulan?

Mantakna, ngaing teh nyiyar sia!
Tapi dina deuk neang sia, bet ngaing
Kajongjonan lalajo heula,
Neuleukeun anu araredan keur marijah
Dina panggung ruar-reyod
Handapeun caringin anu deuk reuntas!

Jalu,! Tah, di wayahna reuntasna caringin ninggang paseban,
Geuwat ku dia kelebetkeun
Umbul-umbul bodas, hideung sawareh,
Disulaman kujang pangarak
Dihapit pakujajar lalayanan……..;

Sabab
Dina wayah saamparan jagat
Taram silihtarajang.
Di urang bek-bek jelema silihpaehan;
Laju salegana jagat
Jadi deui tegal pangperangan…………
Anu digara-garakeun ku inyana
Anu ngadeg-ngadegkeun imah pieun deungeun
Tapi di imah orangan,
Di haja
Sina somah tiporos parotong ceker!

Dengekeun!
Perang sunda panglokatan anggeus parek!
Buwana ruhur, buwana tengah, buwana handap,
Mudu digarawe babarengan!
Ayeuna kieu!
Sia, jalu, ti mimiti
Patinggalugurna ombak di nagara kidul
Ngalimpas parataran gedong sakawayana,
Sia jadi panjak dina manjakan ieu ronggeng anu tujuh,
Ngararonggeng babarengan!
Amun beuteung gunung salak geus hanteu ngaguruh deui,
Amun ti punclakna, hanteu deui karuar haseup,
Peupeuli ngaing ulah paroho:
Amun geus aya
Tujuh tatanggeur kolecer
Parareunggas ditaraekan monyet,
Tapi anu ka dalapan mah
Nanjeur deui
Bari cuculukna
Muterna jiga dadu beak puter,
Ulah dia kabehan deuk mareleng!
Sabab
Dina wayah ewewe
Ngilu ngaleut aleut-aleutan bari rarangsang,
Dia mah, nyai satujuhan
Mudu karumpul di imah naga
Satonggoheun leuwi ki pataunan!

Ari sia, rakean!
Sia mudu mukaan saban kedok
Anu keur mararabok sabari manggung!

Dia, nyai suwangga garalaya, dia oge mudu nanjeug!
Sakur anu kedok inyana geus kabuka,
Alungkeun ku dia
Keuna panggodogan di buwana karma!

Seug!
Geura saiya-sadiya!
Aki deuk nindak deui!
Ngaing nanggoan di lebak cawene;
Bari nanggoan wayahna tutunggulan,
Tutunggulan ti gunung lumpang,
Gogoongan di gunung halimun,
Mapag embah jawa kaondangan ka pangawinan!

Sabab memang anggeus wayah
Manuk ketug ngageuingkeun anu tarorek!”

“paralun, aki! Ceuk rakean kalang sunda,
“meunang kaula nyarita?”

“atuh puuuuuguh jalu! Najan ngaing aki-aki geus ngora,
cetuk huwis kariput kulit, loba pangaweruh jeung pangalaman,
ari kupangarti jaman kiwari, moal ngaing eudeuk tooooorek!

Najan kolot umur pangkat ruhur,
Moal ngabalukarkeun anu hade,
Amun keukeuh bari papaksa,
Mudu diturut kahayang karep inyana sorangan bae……..
Maksakeun karep eujeung kahayang,
Anu ku anu ngan ngora doteh dina umur,
Tapi bener dina jaman,
Diebrehkeun dina salahna!

Najan ngaku-ngaku raja titisan sang hiyang wisnu oge,
Ari salah mah, saaaaalah bae!
Ngan raja jeung pandita araredan,
Anu Torek keuna wanta ti anu areling mah!
Seug naeun pi caritaeun dia?”

“aki! Ari itu patinggayabag ruhureun gunung, itu naeun?”

“heueuh! Meh bae ngaing poho!
Heueuh, eta teh tukang mantun anu tilu tea,
Anu dilokat bareng sia tadi!”
Laju ki lengser sabari nenggak,
Tutuduh ka anu patinggayabag di awang-awang.
“he! Sia turun di mana sia bae karep;
tapi ulah jauh ti jasinga.
Sabab sia mudu ngarawaykeun tukang-tukang mantun
Di pakulonnan!”
Harita keneh, saurang ti anu keur ngalayang kakalangan
Laju nyebrut ka beulah kulon.
Turunna di tonggoheun jasinga anu kiwari!

Laju ceuk ki lengser ka anu dua deui:
“oge dia mudu ngarawaykeun tukang mantun deui!
Dengekeun!
Saurang turun ulah jauh ti gunung sunda
Dipalabuhan laut kidul!
Anu saurang deui, tah eta be anu gendut,
Sia turun hanteu jauh ti dayeuh ci pamingkis!”
Harita keneh nyebrut di awang-awang tukang mantun anu geus dilokat,
Ka sewang-sewang padumukan arinyana anu anyar……!

“aki! Kumaha amun aya somah,
ka raja nyaritakeun kasusah sakabeh somah?

“kapiran! Moal didenge!”

“amun anu nyarita, sapuluh somah?”

“baralikna, arinyana ditarangkep ku bopati!”

“amun bopatina, disingkirkeun?”

“digantung, anu nyingkirkeunnana!”

“mudu kumaha atuh, aki, ari ngageuingkeun raja?”

“ku huru-hara!……….
geus ngaing mudu nindak!”

“di mana aki nanggoannana?”

“lebahannana mah, di lebak cawene!
Siyar bae, moal jauh tina pogor anu ngemplong ka laut kidul,
Anu malingping mayat ka sagara……….!”

“moal atuh engke kasampak keur hees deui bae?”

“moooooal……..sugan!”

“seug, ke kaula bakal datang dina wayahna!
Tapi amun aki deuk hees deui,
Sing dia inget ka peupeuki baheula ka kaula:
Ulah eudeuk dia hudang, amun monyet geus rarecet,
Tapi memeh cangehgar kongkorongok di beulah wetan.
Jeung ulah eudeuk ngilu
Amun datang anu nyorongan, tapi nyorongannana
Di salah wayah!
Ulah deuk ngilu,
Sabab anu datang, nya inyana,
Tangkulak anu nyiyar munding mataramaneun…….!”

“heueuh…….!” laju ki lengser nindak……….
noyod ka kidul anu ngulon, sabari gegerendeng:
“mending geh, sabari molor!
Ka pusing-pusing nanggoan wayah sabari nyaring!
Areuweuh deui gawe,
Maun hanteu ,arebutkeun kacang di liyang keuyeup,
Tangtu parebutan pangkat jeung kakawasaan!
Mending geh sabari keeeeerek……..!

Ki lengser laju nindak, nindak…..minkin jauh, mingkin jauh……….!
Nyi putri bidadari pancaka jagat karma sabuwana,
Laju nindak, dituturkeun ku ki daluwangsa anu terus ngahurungkeun
Deu seuneu di saban tungku panggodogan………..
Ngagodong timah jeung warirang………………

Rakean jeung bidadari kahiyangan anu tujuh,
Naranggoan heula sora celuk ti lebak si bedug,
Anu ngabejaan anggeus wayah pieun ngaronggeng
Babrengan………. dina wayah ramena anu rarangsang……..
Di jaman, anu disarebut:
Jaman wayah reureundahan!
Wayah reureundahan anu keur ngajuru, anu keur brol teh,
Orokna………tandukkan jeung calingan…………..
Anu menta diguyang di cikabuyutan,
Menta didangdanan ku pucuk hanjuwang………….
Menta kujang pilayaneun,
Menta kujang pilawaneun!

Saha eta orok?
Nyao! Tapi engke,
Inyana bakal kasampak di tegal pangperangan,
Tengah-tengah pajajran tengah!

Ari kipatih tanjung manunggul?
Ki panghulu jeung ki balapati raden tambeng?
Arinyana marulang deui ka pajajaran girang.
Tapi anu nepi, ceunah mah ngan ki panghulu raden haji sanusi;
Anu engke di sebut-sebut embah parakan jati…….
Sanepina ka raja inyana, inyana ngawadul anggeus
Bisa nalukkeun sakabeh urang pajajaran tengah,
Jeung anggeus nayeuran talaga rancahmaya!

Ceuk beja, ki balapati raden gembang,
Anu engke disebut-sebut embah balung wesi,
Inyana mah hanteu terus mulang deui.
Tapi ngababakan di kiwari lebah
Anu disarebut gunung pawon.

Ki patih, inyana oge mumul mulang;
Da geus ngora ceunah, hanteu kaduga deui leumpang jauh.
Inyana laju ngadeg dayeuh,
Hanteu jauh lebahan anu kiwari mah disarebutna
Rajah mandala………….

Ki patih anom jaya kidang!
Inyana hanteu laju ka dayeuh banteun,
Hanteu mulang deui ka ki mangparang.
Tapi laju matuh hanteu jauh ti lebahan
Anu kiwari dijiyeun alun-alun rangkas bitung……….
Ceuk ceunah, kitu oge…………..!

Nyao atuh! Eta mah, kumaha anu nyaraho beeeeeee………….!

Nyanggakeun…………!

Catatan:
Mohon maaf apaliba ada kesalahan dalam bentuk apapun
Dalam tulisan di atas.

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.