jump to navigation

pantun bogor 22 August 2011

Posted by nurkalakalidasa in Uncategorized.
Tags: , , ,
trackback

PANTUN BOGOR (beunang RAKEAN KALANG SUNDA)

papantun nujadi ciri BUKTI NYAMPAK yen PRABU SILIWANGI tumetep NGAGEM JATI INDUNG !

1.
Lamun dipareng dia pasampak; jeung nu arunggah ka MANDALA; kula titip pangabakti; pamunjung kanu di RUHUR; nu kiwari pada suwargi; Pun sapun! ka RUHUR ka Bale Agung Anu Nunggal di Mandala Agung! Ka HANDAP ka Batara pangraksa jagat; ka Batari panghurip bumi; ka Ambu Sari Pohaci; ka Nay Sri Ambu Pangasih

Paralun! ka gunung bakal kacatur; ka lebak bakal kasebut; ka cai bakal kaungsi; ka tangkal bakal kapahpral; ka sakabeh nu ngarana ; dijieun bukti carita; tapi carita nu teu make saksi; Pun ! Kaula deuk nginjeum ngaran; caturkeuneun dina beja; lalakonna DADAP MALANG; nu baheula nyorang aya; sisi kidul CIMANDIRI

Paralun ! Saha nu diinjeum ngaranna ? Putri Bungsu P U R N A M A S A R I; mayang P A J A J A R A N nu lenjang. Saha anu dilalakonkeun ? RAKEAN KALANG SUNDA; nu engkena salin rupa.

Paralun! Ayeuna mah; ulah panjang untar nu diarah; ulah mandang gendang mawa wirama; ulah sungapannana anu dijugjug; tapi urang teang tampiannana; munday ka muharana

Urang mimitian bae; di jaman PAJAJARAN meujeuh tagiwur; dayeuhna eukeur dirugrug; deuk dijarieun JAGAT PAPAK.

2.
Kocapkeun di waktu perang; di muhara Cipinanggading; saha nu jadi lulugu perang ? di PAJAJARAN ;
RADEN KUMBANG BAGUS SETRA; nu can lila papangantenan; ka NAY PUTRI PURNAMASARI; putri raja pangbungsuna.

Nu jadi tameng dadana ? NAY RADEN KALANG SUNDA; nu ceuk beja ti nu weruh; asalna ti KAHIYANGAN; Nu dijurung ? Ku SANGHIYANG DEWA BATARA KALA; turun jadi budak angon; nu dikukut ku Ki Lengser pikeun jaga di wayahna; jadi aweuhan patakonan; ku tetengger patilasan; jeung ku uga ka-awun-awunan

Mun Rakean direndengkeun; jeung Den Kumbang Bagus Setra; moal heula deudeuleuan; tina muncang saparangge; ngan bae kulit Rakean; hideung santen tapi manis !

Ceuk tadi oge, ulah panjang untar nu diarah; tapi abeh gancang ka muharana; urang punday ti tampiannana; Urang longok bae Si Lengser; nu di muhara Cipinanggading; keur mapag muduh nu ti kulon.

Ceuk Si Lengser: “Deuleu, Rakean ! Ari ngaranna perang teh; mudu maehan samemeh dipaehan !
tapi Ulah maehan lamun teu perlu ! jeung ulah poho; papasten teh; hanteu dipastikeun ku seukeutna tungtung tumbak; atawa ku baruang ruruhit panah !

tapi, KU TEPUNGNA WAKTU NU TANGTU; NU NANGTUKEUN AYANA AYA; JEUNG NANGTUKEUN AYANA EUWEUH; tapi, DINA PINDAHNA AYA KA EUWEUH; NGAN EUWEUH DINA PANGDEULEU; TAPI TETEP AYA DINA EUWEUH JAMAN.

Tah ! Sabab eta, Rakean ! Ulah sia edek keder ! Amun paeh di pangperangan; perang bela ka nagara
najan ngaran sia dilaleungitkeun; di buritna moal sia jadi jurig !
Sabab sia mah; kapapancenan; nganyam carita saban jaman; numbu catur keuna waktu; mudu tunggu ka cundukna; nyaksian saniskara; anu jagana pasti bukti kajadian !

Ayeuna Rakean ! Dengekeun ku sia ; Tuh ku sia deuleu; Nay Putri Purnamasari; jeung Den Kumbang Bagus Setra ! Perangna parerendeng; teu garimir ku pamor keris ; teu nyaringkah ka hujan panah.

Tapi, ngaladenan musuh nu ngarempug; teu beda meong sajodo; Ngaing ayeuna mudu mantuan raja
Sia di dieu ! Bantuan den Bagus Setra; jeung jaga-jaga jug sia! Nay Putri Purnamasari; ulah murag buukna salambar; ulah ngeclak getihna sakeclak !

Mun kapaksa: perangan sia mudu atar; sia mah mudu mundur; dina buntutna aleutan ! Jeung dimana sia mundur; tapak sia ninggalkeun kalang; mudu dibalayan tulang musuh; jeung taneuhna mudu kasiram heula getih nu julig !

Ngaing ayeuna deuk mantuan raja; mihape ngaing Nay Putri; ulah awak inyana karagap
ku nu lain ragapeunnana…!

Urang ayeuna kocapkeun DAYEUH PAJAJARAN; dayeuh Pajajaran nu baheula ! Dayeuh geus kakurung musuh; rungkad kuta ancur lebur; jadi rata eunjeung taneuh ! Ngaguruh ! Cara Guntur turun ti Gunung !

Laju ! Der dimana-mana; seuneu burung nggedag-gedag; luntab-lentab mani nyeak ditiup angin kenceng ngahiuk ! Sora seuneu nu ngaguar sabari nyuit; jeung surak musuh nu ngaguruh; dibarengan ku sora awi pating beletok; tina imah-imah dihuru musuh !

Ditambah ku jerit sasambatna somah; nu kasima teu walakaya; jeung haregungna balad nu taratu; waktu gugur jero kalang pangperangan ! Moal kacipta ku Pujangga; moal kagambar ku tukang ngarang; moal katepi ku tukang mikir; moal kacatur ku juru pantun…!

Geumpeur – keueung – sieun – ambek – rusuh – nyeri – sedih – keuheul…. ! Kabeh jadi hiji dina tarungna URANG PAJAJARAN ngalawan musuh anu bilanganana hanteu nanding; jiga geus kitu muduna; ditangtukeun KU NU NYIEUN LALAKON; silalatu jiga disebar kamana-mana; nyundut hateup imah nu jarauh.

Saban seak leokna angin; ranggeuman seuneu tatabah ngalegaan. Nya hanteu lila; sadayeuh PAJAJARAN; jadi TALAGA NALA-SINALAAN…!

Euweuh saung nu nangtung; euweuh kandang tinggal papalang; euweuh leuit anu kari; euweuh imah anu hanteu kalentab ! Kabeh anu aya di jero dayeuh; euweuh nu kari ! Kabeh- kabeh- kabeh-…… kabeh ngan kari urutna ! Kadaton kari umpak; tingpecenghul dina lebu anu hauk !

Tamanna jiga rarahan; tarate layu kabarerang; Tangkal kadu – tangkal manggu; tundun – dukuh eujeung picung; ngan kari kayu nu nangtung; hideung lestreng jaradi areng; ngalenggeceng sabari ngelun ! Kabeh- kabeh-……jaradi lebu…!

KETANG ! Aya keneh nu kari; jiga teu kadeuleu ku seuneu; NYA eta! HANJUANG SIYANG sadapuran; sisi taman beulah wetan; sakalereun LAWANG GINTUNG !

Tah eta ! PAKU JAJAR sadapuran; jiga dikarikeun pikeun saksi; anu nyorang milu ngalaman; JAYA JEMBAR PAJAJARAN; nu nalangsa teu walakaya; neuleu PAJAJARAN; lebar jadi awun-awun;

Jiga ditinggalkeun pikeun bukti; yen mun jaga; raja panyelang hayang nuar; tangkal awisan nu nyesa; tina eta KIPAHARE sadapuran; tah eta teh tanda wayahna; caringin agung; baris rungkad kaanginan; buah hejo jaradi beureum; muragna ku lini gede !

LAJU ! PAJAJARAN NGADEG DEUI TIMBUL TINA SILALATU !

Urang tunda pakujajaran pahare-hare; ngajajaran sisi jalan; nanggoan wayahna siang; beulah kaler ngabaranang…. Urang kocapkeun bae; PAJAJARAN kadeseh perang…!

RADEN KUMBANG BAGUS SETRA; jeung RAKEAN KALANG SUNDA; bari ngahapit NAY PUTRI PURNAMA SARI; perangna mudu mundur, mundur-mundur; mundur ka girangkeun ! Laju nyabrang ka PAMOYANAN ; ka beulah wetan ka suku gunung; nu kiwari disebutna GUNUNG GADUNG !

Di dinya perang deui; perang rosa jasa ! Ngamukna Rakean; ngabantu perangna meong sajodo; nahaliwukwun musuh nu ngarempug ! Di tegalan GANDAPURA; urang kocapkeun; rakean dihurup ratusan musuh !

Tapi, moal Rakean dingaranan KALANG SUNDA; mun masih keneh aya tumbak bisa neurak; aya bedog bisa nyeblok; aya panah bisa keuna……; Sabab nu harita eukeur ngamuk; lain Rakean KALANG SUNDA; tapi SUKMA SUNDA anu ngalang raga RAKEAN……!

Harita; harita dina hunyur anu kidul; NAY PUTRI PURNAMASARI; parerendeng jeung DEN BAGUS; keur haliwu ngayonan musuh ! Tapi teu beda ombak sagara; nu ngaguruh neumbrag karang; laju buyar jadi budah; tah kitu datangna musuh; nu ngarugrug laju kasambut !

Sabab hanteu beda tina karang; tara ngeser ti basisir; NAY PUTRI jeung DEN BAGUS; teu nyingkah najan satindak; Urang kocapkeun deui dina LEBAK PAMEGATAN di tegalan GANDAPURA; rajeuna dikurung musuh; anu bari surak mani ngaguruh; ting pucunghul ti saban juru; jiga ajag regag saaleutan; narubruk uncal nu kapakung; tapi Rakean hanteu keueung; dina campuh pagulung-gulung; Rakean ngejat ka tengah abrulan; KUJANG-na euweuh gagalna ; tiap musuh nu kasunduk; terus nambru amburadul.

Aleutan musuh tambal ngabrul; tambah deui hakanaeun KUJANG; tambah deui nu jaradi wadal; tapi aleutan teu eureun2; musuh ngabrul pa-buru2; jiga koral diawur urug; cara koral turun ti gunung; wadal KUJANG nu pandeuri; pa-unggul2 nindihan batur; lain batur PAJAJARAN. Tapi batur nu nga-rug-rug; kumaha ramena perang harita; teu kacatur dina galur; tapi cenah ceuk beja mah; eureun soteh ku sabab matapoe geus surup tukangeun gunung; laju musuh pada reureuh !
__________________________________

Hear-hear cahaya tina sinar matapoe; nu di kulon nyusup kahalingan gunung-gunung di kajauhan; geus teu geuneuk teu melegmeg; tapi semuna geus meh rata; jeung semu langit nu mentang ti beulah wetan…. reup…reup…reup….. gancang ilangna deungdeuleuan! Beurang geus kaganti ku peuting ! Peuting…. poek anu poek; anu poek di Gunung Gadung………. !

Gunung Gadung ! Rada jauh ti beulah kaler; langit tembong semu geuneuk rada kasumba, nandakeun ruhak-ruhak di urut DAYEUH PAJAJARAN; masih keneh ruhay; kahurungkeun deui- kahurungkeun deui; ku angin anu ngagelebug ngulon-ngidul; peuting harita; peuting Gunung Gadung.

Tapi- lain peuting anu jempling!
Sabab ti sareupna poek turun ngarurub alam; bebence teu eureun-eureun tinggeleber pulang anting; gandeng tuweuw patembalan; regag ajag ti kaanggangan ! Mingkin poek mingkin tambah rasa keueungna; mingkin tetela kadengena; ungas-ingus maung eujeung kerud; kalaluar ti guhana; ngambeu hanyir getih kabawa angin; tinggolosor sa-gede-gede cangkeng; oray sanca pararanjang; ngambeu bangke patulayah; diselang teu eureun-eureun rada jauh kadengena; loba jerit menta tulung; jerit jelema nu harirup keneh; tapi payah teu walakaya; keur direcak ajag nu garalak; loba jerit sasambatan; jerit jelema harirup keneh; tapi payah teu walakaya; keur ditekuk digusur maung

Peuting harita disimbutan ku poek mongkleng; Rakean nyingkah lalaunan ka ruhur hunyur !
Reg- randeg ! Rakean ngarandeg deukeut mumunjul; ceuk inyana bari ngaharewos: “Raden Bagus ieu kaula!” ti nu poek kadenge tembal nu ngaharewos: “Rakean !?!?”

Harewos Rakean bari ngadeukeutan: “Heu-euh…! Kula Rakean…! Meungpeung musuh eukeur meungpeung poek sakuriling bungking ! Geuwat geura nyingkah ! Tuturkeun batur ngidul ngetan ! Geura nyingkah ! Ulah dia ngadagoan kula !”

Harewos deui tinu poek: “Ari dia deuk kamana Rakean ?” Ceuk Rakean harewos sabari mundur: “Kula mah deuk naggoan brayna beurang; deuk nyanghareupan hudangna musuh ! Supaya dina brayna beurang geus caang deui, dia duaan geus jarauh ti pangdeuleuna !”

Harewos nembal ti anu poek; harewos nembal Nay Putri: “Rakean ! mending geh nyingkah tiluan sabab musuh lain layaneun ku saurang !” Harewos deui ti Rakean: ” Montong teuing ku sorangan; isukan mah musuh teh lain pitandingeun urang tiluan, tapi memeh kula ninggalkeun kalang; musuh deuk di-awut-awut heula; supaya dia duaan bisa jauh hese susuleun; Mun dia deuk ngadagoan; tanggoan bae dimana karep…!”

Nay Putri ngaharewos: “Rakean ! kumaha mun kasambut…!?” Harewos Rakean sabari mundur: “Awak kula jadi babatang; hakaneun ajag di sampalan; pacokeun gagak anu nyampak ! Ayeuna mah dia bae geura nyaringkah; Engek oge kula nyusul; Tapi ulah eudeuk ngarep-ngarep”. Sakali deui ti anu poek; kadenge sora harewos; dibarengan sora tindak ati2; ceuk harewos- harewosna Raden Bagus : ” Hade ! Kula ditanggoan handapeun caringin leutik; di mumunggang hunyur itu !”

(*TUNDA! keun sina nyaringkah sina naranggonan di mumunggang ! Urang mah urang tuturkeun Rakean nu turun ka lebak deui deuk nanggoan musuh harudang ! Urang kocapkeun geus beurang deui…!)

Musuh anu jaragjag keneh; geus sarurak deui!

LAJU ! breg ngahurup Rakean ! teu kacatur kumaha perangna ! ngan kacatur bejana mah Rakean teh kawalahan….! Laju inyana ngarabut tangkal Kawung carulukan! laju dibubat-babet ka musuh… !

Ayeuna rada mendingan; sakali mabuk teh; bisa aya belasna musuh; anu ringsek kabeh tulangna;
acan deui nu katakol; ku caruluk muncrat geutahna; boro-boro musuh eudeuk nubruk; boro-boro pakarang ngangkat pakarang; ku gagaro oge bae; geus kawalahan; ateul retep saluar awak; geus lain garoeun deui; geutah caruluk nyaliara; tul-tel tepa ka anu nga dupak… nepieun ka loba jasa musuh; nu teu katakol; teu ka-toel-toel acan; ku caruluk anu muncrat; teu pugah-puguh jadi arateul…! katepaan ateul tinu arateul; nepieun kusabab anggeus teu tahan; loba musuh gagarona; gugulingan bari aeuk-aeukkan; jiga can mahi keneh nga-kayana.

Rakean laju ngarabut tangkal jengkol; nu dipake nyayang odeng; laju tangkal jengkol sayang tawonan; di-keprak-keprakkeun; keuna musuh nu kawalahan GARO GANYANG…!
Nya karuhan loba musuh nu teu tahan; nya karuhan loba jasa nu marodar; nepieun tina musuh anu ratusan; ngan kari bebelasan nu hirup ! Ti dinya reup-reup… beurang kaganti ku peuting ! Rakean kaluar kalang; anggeus kalangna dibalay pitulangeun; anggeus taneuhna kasiram getih; ku getih nu kasambut…..!

Gunung Gadung,
Gunung Gadung nu kiwari aya keneh; teu lila ti harita; jadi tegal tulang rancah darah; Gunungna aya keneh; ngan rancahna anu saat; tapi tegalna di jaman nu bakal kasorang; baris pinuh deui dieusi tulang! lain tulang nu jaradi wadal; tapi tulang ti nu marulang sabab wayahna balik ka jati mulang ka asal !

(*TUNDA ! urang tunda Gunung Gadung nanggoan wayah jadi deui tegal tulang….. urang tuturkeun bae Rakean ka luar kalang! Inyana unggah ka mumunggang urut Raden Kumbang Bagus Setra)

Sejana eudeuk reureuh; tapi geus kitu muduna; Rakean kaheesan; mani tibra kerek nyegrek; heesna kaheesan…. Tengah peuting; geus deukeut janari; Rakean lilir; korejat hudang; laju ngadapang deui; bari matana dikerungkeun; pangdeuleuna diseukutkeun; nembus poek anu melegmeg.
__________________________________

IEU BUKTOS NYATA PRABU SILIWANGI TEU INGKAH INCAH BALILAHAN TINA AGEMAN JATI INDUNG, mangga titetan masing imeut tur tarapti.

Ceuli Rakean anu pangdengena tara bisa kacolongan; ngadenge sora anu ngeresek; anu lalaunan unggah ngadeukeutan…; laju ku pangdeuleuna anu seukeut; kadeuleu aya anu ngaringkang; ringkangna jelema jangkung gede; anu ngadeukeutan bari leumpang dodongkoan !

Rakean pura-pura hees; padahal dina nangkuban; handapeun beuteungna mah; KUJANG geus pageuh dina peureupna ! Reg randeg ! nu nyampeurkeun laju ngarandeg; laju ngaheuaykeun cangkuang; lebakeun Rakean lima tindakeun;

Rakean cicing bae! Laju ceuk anu nyampeurkeun teh:
“Rakean…. Rakean ! Ieu kaula ! Kaula AL KOWANAH anu bareto ditamping ku raja tea!”, tapi Rakean hanteu nembal.

Ceuk nu nyampeurkeun: “Rakean, anggeus ulah perang deui, ka dia teh kula mah nyaah bagusna
nyaah ku ngorana…! Anggeus ulah dia perang deui, ulah dia deuk ngabelaan deui; jelema-jelema nu nyarembah MATAPOE; anggur dia Rakean; asup ka kaum-na para NABI…! Ambeh engke jaga; amun dia paeh dipapagkeun opat-puluh bidadari…!

Rakean laju diuk; sila tutug rada ngadepong; cara MAUNG KUMBANG ngambu bahaya; pangdeuleuna hanteu leupas; ngawaskeun ti anu poek; kanu keur nangtung sisi Cangkuang ! Ceuk nu nangtung sisi Cangkuang: “Rakean ! Geura mikir ! Engke mah bisi kaduhung ! Sabab jaga mun kiamat; sakur nu teu anut ka NABI jeung Tuan SYEH-na; paraehna teh baris diinuman wedang timah anu ngagolak…! Tah kitu Rakean, ceuk Tuan Syeh di Nagara ARAB…!”

Ceuk Rakean, bari teu obah tina silana: “KAULA HANTEU PERCAYA…! KAULA HANTEU PERCAYA KA
TUAN SYEH! KA SAHA NGOMONG KITUNA…?”

Ceuk nu nangtung sisi cangkuang: “Ka kaula Rakean, ka Kaula AL KOWANAH…!”
Ceuk Rakean: “KAULA TEU WAWUH KA AL KOWANAH…!
Ceuk Al Kowanah: “Tilok dia teu wawuh…? Apan kaula tea anu bareto ditamping ku raja! Bareto
ngaran kaula JAYA ANTEA…!”

Ceuk Rakean: “KA TUAN SYEH, KAULA GEUS HANTEU PERCAYA, SAMINGKIN KA DIA MAH…!
JAYA ANTEA, INGET MANTAKNA DIA DITAMPING KU RAJA…? BEUSI DIA ANGGEUS
POHO, JAYA ANTEA; KU DIA GEURA DENGEKEUN; SABAB-SABABNA DIA DITAMPING
KU RAJA…! BARETO DI KARATON PAJAJARAN; AYA NU DIPERCAYA JASA KU RAJA
KAULA…!

RUPANA ETA JELEMA MEH SARUPA JEUNG PRABU ANOM; NYA KITU DEDEGANANA
NEPIEUN LOBA JELEMA KASAMARAN! KU RAJA INYANA DIJIEUN PURAH TARIMA
SEMAH; NU DARATANG TI NAGARA DEUNGEUN; JEUNG DIJIEUN UTUSAN RAJA
MAWA SURAT JEUNG ANTEURAN; KA RAJA-RAJA DI TANAH SABRANG

LILA-LILA SABAN-SABAN ETA JELEMA; MULANG DEUI TI PANYABAAN; MUDU BAE KAJADIAN
LOBA SOMAH JADI BARINGUNG…! EUJEUNG LILA-LILA ETA JELEMA TEH; MINGKIN SERING
INDIT NYAANA; NYAO TEUING KAMANA……….!

BEBEJANA KA RAJA MAH; DEUK NGARONDA MARIKSA WATES…! SABAN-SABAN INYANA
MULANG; SOMAH TAMBAH LOBA NU RAROBAH….! MALAH………………………………
GEUS LAIN HIJI DUA DEUI; NU NGALAWAN KA PANGIWA; NGELELEWE KANA ADAT
TALI PARANTI KARUHUN; MALAH AYA NU WARANI; NGUCUT-NGUCUT PAGER PAKARANGAN
ANU SANGAR; JEUNG TI PEUTING MALEDOGAN IMAH PUUN…..!

SAMALAH NYALIARA AYA BEJA; YEN MUN RAJA PAJAJARAN; TERUS BAE
MUMUNJUNG KA MATAPOE; NAGARA PAJAJARAN BARIS LEBUR KAHURU; BARIS
KALAPARAN EUWEUH TUMBALNA…! CANH TUMBAL HIJI-HIJINA NYAETA RAJA MUDU
DISUNDATAN, JEUNG SOMAH SAKABEHNA MUDU NGUCAP HIJI MANTRA NU BASANA
LAIN BASA PAJAJARAN………..!!!!!!!!!!

TAPI SAENYANA MAH; CEUK NU NYAHO RAHASIAHNA; ETA MANTRA TEA; DINA
HARTINA SABENERNA SARUA BAE JEUNG “M A N T R A P A J A J A R A N…!”
BEDA SOTEH ; NGAN WUNGKUL DINA PETANA ! JELEMA ANU NYIEUN SOMAH
PADA RAROBAH; JADI DANGKA KA RAJANA; JEUNG MARICEUN TALI PARANTI
KARUHUN; KU RAJA TEH KANYAHOAN…!

NYAHO DIA JAYA ANTEA ! SAHA NGARANA ETA JELEMA ? TAPI RAJA
PAJAJARAN; RAJA ADIL, RAJA SABAR…! JELEMA ANU JULID TEA; ANU NGOJOK-NGOJOK
SOMAH JARADI DANGKA; KU RAJA HANTEU DIHUKUM; TAPI DITAMPING;
DIKALUARKEUN TINA KALANGAN BANGSA PAJAJARAN…!

INYANA KUDU INDIT KALUAR NINGGALKEUN DAYEUH JEUNG NAGARA, JEUNG
HANTEU DIAKU DEUI, TAPI DIASUPKEUN JADI KAWULA; KEUNA KALANGAN
LAIN BANGSA SUNDA PAJAJARAN.

NYAHO DIA JAYA ANTEA; SAHA NGARANNA ETA JELEMA ? JELEMA ETA
JAYA ANTEA LAJU INDIT, NINDAKNA KA PAHILIRAN, KA MUHARA CIHALIWUNG
SEJANA DEUK CICING DI BATUR-BATURNA; NU ASALNA TI TANAH SABRANG…!

KUSABAB DINA RUPA JEUNG DEDEGANANA MEH SARUA JEUNG PRABU ANOM;
NYA KARUHAN ANU HANTEU TARENGET MAH; PADA PERCAYA KA ANU MAJARKEUN
YEN INYANA TEH “PRABU ANOM PAJAJARAN ANU LOLOS TI KARATON” ….. PADAHAL
ANU NGAKU-NGAKU LOLOS TI KARATON TEH: ADI SAKEMBARAN PANDITA KARATON
ANU NGARANA PANDITA TANDAPURA TEA…!

SAHA…??? JAYA ANTEA…! KUSABAB DITAMPINGNA; MARENGAN DI
JERO WAKTU; SANG HYANG SANTANG KEUR NGALALANA;

NYA ANU HANTEU NYAHOEUN MAH; MARUKNA BENER BAE JAYA ANTEA TEH;
PARABU ANOM PAJAJARAN ANU SAESTUNA!

DUA PULUH KALI SEREN TAUN; JAYA ANTEA TEU KATEMBONG KABEJAKEUN;
SABAB CEUK NU NYARAHO MAH; INYANA AYA NU MAWA; KA SABRANG KA TANAH
ARAB; BARI NGAKU2 “HYANG SANTANG PUTRA RAJA PAJAJARAN….!!!

DINA SEREN TAUN KA TUKANG; AYA BEJA TI PALUARAN; YEN KARATON RAJA
BANTEN; DATANG RADEN SANTANG PRABU ANOM; NU MULANG TI TANAH ARAB
JEUNG SEJA DEUK NAKLUKEUN PRABU SEPUH; SILIWANGI PAJAJARAN…!!!

PRABU ANOM MEMANG MULANG; DATANG DEUI KA PAJAJARAN, BUKTINA:
DINA PERANG DI KIPATAUNAN; HYANG SANTANG MEMANG DATANG; TAPI
PIEUN PERANG BEBELA KA RAJA; PARABU ANOM NU SAESTU NGARANNA
“ H Y A N G S A N T A N G A R I A C A K R A B U A N A ”

TUH INYANA…! ANU HANTEU JAUH TI AMANA…! KEUR NGALULUGUAN BALAD
PAJAJARAN; NU MANANDEUH KA SAHA OGE. PRABU ANOM JIJIEUNAN; NGARANNA
JAYA ANTEA…! ANU NGAREP-NGAREP; NYELAP DINA SELA 40 BIDADARI…! JAYA ANTEA…!
SALIKUR TAUN SEREN TAUN GEUS KALIWAT.

NAJAN DIA GEUS BURAYUT KU KASENANGAN; TAPI KAULA TENGET KENEH; DINA
SORA DIA NU RADA SERAK… SAKALI DEUI DANGKA KA RAJA; KAULA TETEP TEU
PERCAYA KA DIA…! KAULA LAIN SIEUN KU PAEH; TAPI KAULA SANGEUK;
NGALAYANAN JELEMA CARA DIA!”

Ceuk Jaya Antea: “Rakean… kaula datang lain eudeuk nangtang perang…! tapi ngajak dia hirup dina
jaman anyar ambeh dimana jaga, anggeus paeh hirup deui, ngeunah-ngeunah dipirig bidadari
nu gareulis…!”

Ceuk Rakean: ” KAULA HANTEU BUTUH KU BIDADARI…!!! MONTONG TEUING ENGKE DIPAEH
MUDU MARABAN BIKANG OPAT PULUH; AYEUNA OGE DI EUKEUR HIRUP PIEUN
KAULA SORANGAN OGE GEUS SAKITU SUSAH PAYAHNA…..!!!”

sumber:
http://www.facebook.com/note.php?note_id=304278814168

Comments»

1. adriani - 28 August 2011

kok bahasanya mojang smua, kan yang akses bkn mojang smua

Like

nurkalakalidasa - 28 August 2011

cuman copas dari sumber yang tertera.. 😛

kk add aja fesbuk aku, nanti aku coba bantu artiin.. 😛

Like

2. nurkalakalidasa - 7 December 2012

pantun di handap ieu, mangrupi paguneman antawis Rakean Kalang Sunda, hiji PURAGABAYA (Satria Pinandita) Padjadjaran, sareng Jaya Antea, satria nu nyamar jadi Rakean Santang, mugia mangpaat tur aya pulunganeunnana.

Pun Sapun . . .

ka ruhur ka Bale Agung

ka Papayung Ratu Pamunjung

Anu Nunggal di Mandala Agung . . .

***

Jaya Antea unggah bari ambek, bari ngalugas Kujangna inyana nyampeurkeun Rakean Kalang Sunda.

Ceuk Rakean sabari ngarenghap:

” Seug ! “

Jaya Antea ngarontok Rakean, bari Kujangna ditubles-tubleskeun, tapi Kujangna kalah ka miley sabari ngebul … Jaya Antea nyabut kerisna laju ditewekeun, tapi kerisna kalah ka ngeluk cara malam kapanasan …

Jaya Antea mapatkeun ajianna bawa ti sabrang …. tapi Rakean henteu igeug-igeug acan..

Ceuk Rakean :

” Antea ! dia memang jaya dina kagagahan dia, tapi ku dia geuning kadeuleu, euweuh pakarang dia anu teurak, jeung ajian dia anu dipajarkeun pangunggulna, geuning sarua keneh …”

” Antea, geuning tetela lain pakarang lain jimat. lain ajian kasaktian anu anyar anu mawa jaya di alam ieu teh … kiwari lain wayah pieun kaula ngalawan dia, sabab lalakon urang duaan lain mudu anggeus lebah dieu …”

” Antea ! lamun dia percaya bener-bener, yen ngan Sembaheun dia wungkul anu kiwari pangmanjurna teh … kaula oge tetep percaya, yen Sembaheun kaula ti baheula oge moal deuk ninggalkeun kaula ! …. memang bener, kaula teh nyembah ka gunung eujeung batu, Tapi, lain gunungna lain batuna anu ku kaula disembah dipunjung-punjung … “

” Sinembah pamunjung kaula, Antea, nya ka Anu Ngayakeun eta gunung jeung batu, gunung eujeung batuna ngan saukur marga paunggahan, pieun ngunggahkeun pamunjung kaula, ka Anu Agung di Mandala Agung … “

” kaula teu nyaho di tanah nu disaba ku dia, Tapi, tina carita ti luaran, Antea, anu mariang ti dieu teh ti dituna cenah geuning ngajarugjug anu bungkeuleuk … ka pamunjungan anu lain tina emas eujeung lain tina salaka, tapi tina batu dina taneuh … “

” ayeuna kaula nanya ka dia, marulang ti tanah sabrang, di dieuna teh laju loba nu jadi beunghar … ! ceuk kaula, anu lain beunghar ti asal teh, tapi jadi beunghar anggeus mulang ti pamunjungan.. anu kitu teh, jadina beunghar meunang pepenta ! anu didieu mah disebutna, Muja! … jeung kumaha, anu beunghar beunang pepenta ti tanah sabrang tarelengesna leuwih-leuwih manan jelema anu bareungharna meunang pupuja di nagara ieu . . . ? “

” mun ceuk dia ka sabrang mah lain muja, tapi kawidian jadi beunghar tanda katarima pangabaktina, jeung kapinteranana tina tamat ngajina … di dieu oge, nya kitu, moal beunghar mun mujana teu katarima atawa hanteu tutas tapana … “

” ayeuna Antea, dia percaya, yen sakabeh anu kumelip, anu gedag anu usik, eta kabeh dibogaan ku : Anu Ngan Sahiji,.. kaula oge nya kitu keneh … eta Anu Ngan Sahiji tadi di kaula mah disarebutna : ANU NUNGGAL … Anu Nunggal di sakabeh alam, Anu Nunggal di sakabeh jagat … “

” Naon bedana ?? .. Anu Ngan Sahiji anu dia jeung Sang Hyang Anu Nunggal anu kula? Seug !! … geuning bedana dina sebutan wungkul … jeung ngan bedana dina lampah sinembahna … ! “

” anu di dia disebutna : pasantrenan, di kaula mah ngaranna teh : padepokan …. wujudna kitu-kitu keneh, bedana ngan dina ngaran jeung dina marga ajaranna, tapi tujuanna hanteu geseh saeutik oge, nyaeta, waluya hirup di jagat ieu, waluya hirup di alam anu bakal kasorang … “

” kaula hanteu bisa ngabuktikeun, yen SangHyang Anu Nunggal teh eta-eta keneh jeung Gusti Agung dia ANu Ngan Sahiji …. amun dia, Antea, bisa nganteur kaula ka karatonna Gusti Agung dia, hade, tangtu kaula ayeuna keneh taluk ka Jaya Antea, tapi, amun dia can bisa ngabuktikeun dimana cicingna Gusti dia, dia hanteu mudu giruk ka Padjadjaran, nu manandeh ganti petana sinembah … ! “

” Kaula mawa kapercayaan kaula … bawa ku dia kapercayaan dia, sakauman dia .. tapi, ulah nyisikudi ka anu henteu sudi ! “

” tah deuleu ! ieu cangkalak dia, tuh udar sorangan … Seug, geura susul kaula ! “

Barang Jaya Antea nubruk Rakean, Rakean mah anggeus ngiles, ….

teu kadeuleu, teu kadenge ….

Cag.

sumber: http://ncepborneo.wordpress.com/2011/06/15/dadap-malang-sisi-cimandiri/

Like


Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: