jump to navigation

Dadap malang sisi cimandiri 7 April 2015

Posted by nurkalakalidasa in Uncategorized.
Tags: , , , , , , , , ,
19 comments

(rakean kalang sunda makalangan)

Pun
Sapun!

Ka ruhur ka bale agung,
Ka papayung ratu pamunjung,
Anu nunggal di mandala agung!

Kahandap:
Ka batara pangraksa jagat,
Ka batari panghurip bumi,
Ka ambu sari pohaci,
Ka nyi sri ambu pang-asih!

Paralun;

Ka gunung bakal kacatur,
Ka lebak bakal kasaba,
Ka batu bakal kasebut,
Ka cai bakal kaungsi,
Ka tangkal bakal kapahpral;

Ka sakabeh
Anu ngaranna
Di jieun bukti tina carita
Tapi carita teu make saksi!

Pun!
Kaula deuk nginjeum ngaran
Caturkeun dina beja
Lalakon “dadap malang”
Nu baheula nyorang aya
Sisi kidul cimandiri

Paralun!
Saha nu di injeum ngaranna?
Putri bungsu purnamasari
Mayang pajajaran anu lenjang!

Saha anu dilakonkeun?
Rakean kalang sunda
Nu engkena salin rupa……….
Paralun……………….

Ayeuna mah,
Ulah panjang untar nu diarah,
Ulah manjang gendang mawa irama,
Ulah sungapanana anu dijugjug;

Tapi,
Urang teang tampianana
Bari munday kamuharana……….!

Urang mimitian bae;
Di jaman pajajaran meujeuh tagiwur,
Dayeuhna keur dirurug,
Deuk dijarieun jagat papak……!

Kocapkeun diwaktu perang,
Dimuhara cipinanggading!

Saha anu jadi lulugu perang?

Di pajajaran:
Raden kumbang bagus setra
Nu can lila papanganten
Ka nyi putri purnamasari
Putri raja pangbungsuna!

Nu jadi tameng dadana?
Nya rakean kalang sunda
Nu ceuk beja ti anu weruh:
Asalna ti kahiyangan!

Nu dijurung
Ku sanghiyang dewa batara kala,
Turun jadi budak angon
Nu dikukut ku si lengser
Pieun jaga di wayahna
Jadi aweuhan patakonan
Nu ngajawab patanyaan
Kutetengger patilasan
Jeung ka uga ka-awun-awunan!

Mun rakean direndengkeun
Jeung den kumbang bagus setra,
Moal beda deudeuleuan
Tina muncang saparangge;
Ngan bae kulit rakean
Hideung sonten tapi manis!

Ceuk tadi oge:
Ulah panjang untar nu diarah
Tapi
Abeh gancang ka muharana,
Urang punday ti tampianana….!

Urang longok bae si lengser
Nu di muhara cipinanggading
Keur mapag musuh nu ti kulon…….

Ceuk si lengser:
“deuleu, rakean!ari ngarana perang teh
mudu maehan
samemeh dipaehan!

Tapi,
Ulah maehan
Amun teu perelu!
Jeung ulah poho:
Papasten teh
Heunteu dipastikeun ku
Seukeutna tungtung tumbak,
Atawa ku
Baruang di ruruhit panah!

Tapi
Ku tepungna waktu anu tangtu
Nu nangtukeun ayana “aya”
Jeung nangtukeun ayana “euweuh”
Tapi
Dina pindahna “aya” ka “euweuh”
Ngan euweuh dina pangdeuleu;
Tapi
Tetep aya dina aweuhan jaman!

Tah!
Sabab eta rakean!
Ulah sia edek keder!
Amun paeh di pangperangan
Perang bela ka nagara
Najan ngaran sia dilaleungitkeun
Diburitna
Moal sia jadi jurig!

Sabab sia mah
Kapapancenan
Nganyam carita saban jaman
Numbu catur keuna waktu
Mudu tunggu ka cundukna
Nyaksian saniskara
Anu dijagana
Pasti bukti kajadian!

Ayeuna, rakean!
Dengekeun ku sia!
Tuh sia deuleu
Nyi putri purnamasari
Jeung den kumbang bagus setra!

Perangna parerendeng……
Teu galimir ku pamor keris,
Teu nyaringkah ku hujan panah!
Tapi
Ngaladenan musuh nu ngarempug
Teu beda meong sajodo!

Ngaing ayeuna mudu mantuan raja

Sia di dieu!
Bantuan den bagus setra
Jeung jaga ku sia
Nyi putri purnamasari
Ulah murag buukna salembar
Ulah ngeclak getihna sakeclak!

Mun kapaksa
Perangna sia mudu atar
Sia mah mudu mundur
Dina bututna aleutan!

Jeung dimana sia mundur
Tapak sia ninggalkeun kalang
Mudu di balayan tulang musuh
Jeung taneuhna
Mudu kasiram heula getih nu julid!

Ngaing ayeuna dek mantuan raja;
Mihape aing nyi putri
Ulah awak inyana karagap
Ku nu lain ragapeunana…..!”

Urang ayeuna kocapkeun dayeuh pajajaran
Dayeuh pajajaran anu baheula!

Dayeuh geus kakurung musuh………..
Rungkad kuta ancur lebur, jadi rata ejeung taneuh!
Ger surakna musuh….
Ngaguruh…….
Cara guntur turun ti gunung!

Laju der dimana mana
Seuneu hurung ngagedag-gedag
Luntab-lentab mani nyeak
Ditiup angin kenceng nu ngahiuk….!

Sora seuneu nu ngaguar sabari nyuit
Jeung sorak musuh nu ngaguruh
Dibarengan ku sora awi pating beletok
Tina imah-imah dihuru musuh!

Ditambah kujerit sasambatna somah,
Nu kasima teu walakaya
Jeung haregungna balad nu taratu
Waktu gugur jero kalang pangperangan!

Moal kacipta ku pujangga
Moal kagambar ku tukang ngarang
Moal katepi ku tukang mikir
Moal kacatur ku juru pantun…!

Geumpeur – keueung – sieun – ambek –
Rusuh – nyeuri – sedih – keuheul….!
Kabeh jadi hiji dina tarungna urang pajajaran
Ngalawan musuh anu bilangna heunteu nanding

Jiga geus kitu muduna
Ditangtukeun ku nu nyieun lalakon
Silalatu jiga disebar kamana-mana
Nyundut hateup imah nu jarauh

Saban seak leokna angin
Ranggeuman seuneu tatabah ngalegaan
Nya heunteu lila
Sadayeuh pajajaran
Jadi talaga nala-sinalaan…!

Euweuh saung nu nangtung
Euweuh kandang tinggal papalang
Euweuh leuit anu kari
Euweuh imah anu heunteu kalentab
Kabeh anu aya di jero dayeuh
Euweuh nu kari
Kabeh – kabeh – kabeh – kabeh…
Kabeh ngan kari urutna!
Kedaton kari umpak
Tingpecenghul dina lebu anu hauk!

Tamanna jiga rarahan
Tarate layu kabarerang
Tangkal kadu – tangkal manggu
Tundun – dukuh – eujeung picung
Ngan kari kayu nu nangtung
Hideung lestreng jaradi areng
Ngalenggeceng sabari ngelun
Kabeh – kabeh – ….
Jaradi lebu…!

Ketang!
Aya keneh anu kari
Jiga teu kadeuleu ku seuneu
Nyaeta!
Hanjuang siyang sadapuran
Sisitaman beulah wetan
Sakalereun lawang gintung!

Tah eta!
Pakujajar sadapuran
Jiga dikarikeun pieun saksi
Anu nyorang pieun ngalaman
Jaya jembar pajajaran
Nu nalangsa teu walakaya
Neuleu pajajaran
Lebar jadi awun-awun

Jiga di tinggalkeun pieun bukti
Yen mun jaga
Raja panyelang hayang nuar
Tangkal awisan anu nyesa
Tina eta kipahare sadapuran
Eta teh tanda wayahna
Caringin agung baris rungkad kaanginan
Buah hejo jaradi beureum
Muragna ku lini gede….

Laju
Pajajaran ngadeg deui
Timbul tina silalatu….!

(di tahun 1952 di waktu ieu pantun, ejahan oe – na diganti ku u, sesana eta tangkal awisan sadapuran teh kari dua tangkal deui. Ayana di wates kota bogor nyambung kana lembur bantar peuteuy, dina sisi wetan jalan gede ti bogor ka ciawi.)

tunda
urang tunda pakujajar papahare,
ngajajaran sisi jalan,
nanggoan wayahna siyang,
beulah kaler ngabaranang………

urang ayeuna kocapkeun bae
pajajaran kadeseh perang……!

raden kumbang bagus setra
jeung rakean kalang sunda,
bari ngahapit
nyiputri purnamasari
perangna mudu mundur
mundur – mundur ….
mundur kagirangkeun;

laju nyabrang di pamoyanan
kabeulah wetan ka suku gunung
nu kiwari di sebutna
gunung gadung!

Di dinya perang deui
Perangna rosa jasa!

Ngamukna rakean
Ngabantu perangna meong sajodo
Ngahaliwukeun musuh anu ngarempug!

Ditegalan gandapura
Urang kocapkeun
Rakean dihurup ratusan musuh!
Tapi
Moal rakean dingaranan kalang sunda
Amun masih keneh
Aya tumbak bisa neurak
Aya bedog bisa nyeblog
Aya panah bisa keuna…..

Sabab
Nu harita ekeur ngamuk
Lain rakean kalang sunda
Tapi
Sukma sunda
Anu ngalang raga rakean….!

Harita
Harita…….
Dina hunyur anu kidul
Nyi putri purnamasari
Parerendeng jeung den bagus
Keur haliwu ngayonan musuh!

Tapi
Teu beda ombak sagara
Nu ngaguruh neumbrag karang
Laju buyar jadi budah
Tah kitu datangna musuh
Nu ngurug laju kasambut

Sabab
Oge teu beda tina karang
Tara ngeser ti basisir
Nyi putri jeung den bagus
Teu nyingkah najan satindak!

Urang kocapkeun deui
Dina lebak pamegatan
Di tegalan gandapura,
Rakean dikurung musuh
Anu bari surak manu ngaguruh
Ting pucunghul ti saban juru
Jiga ajag regag saaleutan
Narubrug uncal nu kapakung!

Tapi rakean heunteu keueung
Dina campuh pagulung-gulung
Rakean ngejat ka tengah abrulan
Kujangna euweuh gagalna
Tiap musuh nu kasuduk
Terus nambru amburadul……!

Aleutan musuh tambah ngabrul
Tambah deui hakaneun kujang
Tambah deui nu jaradi wadal

Tapi aleutan teu eureun-eureun
Musuh ngabrul paburu-buru
Jiga koral diawur urug…..!
Cara koral turun ti gunung
Wadal kujang nu pandeuri
Paunggul-unggul nindihan batur!
Lain batur pajajaran
Tapi
Baturna anu ngarurug!

Kumaha ramena perang harita
Teu kacatur dina galur
Tapi ceunah ceuk beja mah
Eureun soteh
Ku sabab mata poe
Geus surup tukangeun gunung…!
Laju musuh pada reureuh…………
………………………………………….

hear-hear tina sinar matapoe
nu di kulon nyusup kaalingan gunung – gunung di kajauhan,
geus teu geuneuk teu melegmeg
tapi
semuna geus meh rata
jeung semu langit anu mentang ti beulah wetan!

Reup,reup………… reup……
Gancang ilangna deudeuleuan!
Beurang geus diganti ku peuting!

Peuting……
Peuting anu poek
Anu poek di gunung gadung

Gunung gadung
Dimana jauh ti beulah kaler
Langit tembong semu geuneuk rada kasumba…….!
Nandakeun
Ruhak-ruhak diurut dayeuh pajajaran
Masih keneh ruhay
Kahurungkeun deui.. kahurungkeun deui..
Ku angin nu ngagelebug ngulon-ngidul

Peuting harita
Peuting di gunung gadung
Tapi
Lain peuting anu jempling!
Sabab
Ti sareupna poek turun ngarurub alam
Bebence teu eureun-eureun
Tinggeleber pulang – anting
Gandeng tuweuw patembalan
Regag ajag ti kaanggangan….!

Mingkin poek, mingkin tambah rasa keueung!
Mingkin tetela kadengena
Ungas – ingus maung eujeung kerud
Kaluar ti guhana
Ngambu hanyir getih kabawa angin……

Tinggolosor sagede-gede cangkeng
Oray sanca pararanjang
Ngambu bangke patulajah……!

Sakeudeung-sakeudeung teu eureun-eureun
Rada jauh kadengena
Loba jerit menta tulung
Jerit jelema harirup keneh
Tapi teu walakaya
Keur direjag ajag nu garalak
Loba jerit sasambatan
Jerit jelema harirup keneh
Tapi payah teu walakaya
Keur ditekuk digusur maung….!

Peuting harita
Disimbutan ku poek anu mongkleng
Rakean nyingkah lalaunan karuhur hunyur

Reg, randeg!
Rakean ngarandeg deukeut ka mumunjul
Ceuk inyana bari ngahareweos:
“Raden..raden bagus, ieu kaula!”

tinu poek
kadenge tembal anu harewos:
“rakean…?!?”

harewos rakean bari ngadeukeutan:
“heu euh!
Kula rakean!
Meungpeung musuh eukeur reureuh,
Meungpeung poek sakuriling bungking,
Geuwat geura nyingkah
Tuturkeun batur urang ngidul-ngetan!
Geura nyingkah!
Ulah dia naggoan kaula!”

Harewos deui ti anu poek:
“ari dia?
Deuk ka mana dia rakean?”

Cek rakean, harewos sabari mundur:
“kula mah,
deuk naggoan brayna beurang
deuk nyanghareupan hudangna musuh!
Supaya
Dimana beurang geus caang deui
Dia duaan geus jarauh ti pangdeuleuna!”

Harewos nembal ti nu poek
Harewos sora nyi putri:
“rakean mending ge nyingkah tiluan!
Sabab musuh lain lalayanan saurang!”

Harewos deui ti rakean:
“montong teuing ku sorangan,
isukan mah musuh teh
lain pitandingeun urang tiluan!
Tapi
Memeh kula ninggalkeun kalang,
Musuh deuk diawut-awut heula
Supaya dia duaan
Bisa jauh hese susuleun!
Mun eudeuk dia nanggoan,
Tanggoan bae dimana karep!”

Nyiputri harewos deui:
“rakean, kumaha amun dia kasambut?!”

harewos rakean sabari mundur:
“awak kula jadi babatang,
hakaneun ajag di sampalan,
pacokeun gagak anu nyampak!
Ayeuna mah
Dia bae geura nyingkah
Engke oge kula nyusul
Tapi ulah eudeuk ngarep-ngarep!”

Sakali deui ti anu poek kadenge sora harewos
Dibarengan tindak ati-ati;
Ceuk harewos:
“hade! Ku kula di tanggoan
handapeun caringin leutik
di mumunggang hunyur itu!”

tunda
keun sina nyaringkah
sina nanggoan di mumunggang….!

urang mah,
urang tuturkeun ki rakean
nu turun ka lebak deui
deuk nanggoan musuh harudang!

Urang kocapkeun geus beurang deui!
Musuh anu jaragjag keneh, geus sarurak deui!
Laju, breg ambreg ngahurup rakean!

Teu kacatur kumaha perangna
Ngan kacatur deukeut sareupna!

Bejana mah,
Rakean teh rada kawalahan….!
Laju inyana ngarebut tangkal kawung carulukan!
Laju di babukkeun ka musuh……
Ayeunamah rada mendingan
Sakali babuk teh
Bisa aya belasan musuh
Nu ringsek kabeh tulangna!

Acan deui nu katakol
Ku caruluk muncrat geutahna
Boro-boro musuh eudeuk nubruk
Boro-boro ngangkat pakarang,
Ku gagaro bae oge
Geus kawalahan…..!

Ateul retep saluar awak
Geus lain garoeun deui!
Geutah caruluk nyaliara
Tultel tepa ka nu ngadupak…..

Nepieun
Ka loba jasa musuh
Teu katakol
Teu katoel-toel acan
Ku caruluk anu muncrat
Teu puguh-puguh jadi arateul…..
Katepaan ateul ti nu arateul

Nepieun
Ku sabab anggeus teu tahan
Loba musuh gagarona
Gugulingan bari asuk-asukan…!

Jiga can mahi keneh ngakaya-kayana
Rakean laju ngarebut tangkal jengkol
Nu dipake nyayang odeng!
Laju tangkal jengkol sayang tawonan
Di keprak-keprakkeun
Kana musuh nu kawalaheun garo-ganyang!

Nya karuhan
Loba musuh nu teu tahan
Nya karuhan
Loba jasa nu marodar,
Nepieun
Tina musuh anu ratusa
Ngan kari bebelasan anu hirup….!

Ti dinya……
Reup, reup…….
Beurang ganti peuting!

Rakean kaluar kalang….
Anggeus kalangna dibalay pitulangeun,
Anggeus taneuhna kasiram heula
Ku getih musuh nu kasambut…!

Gunung gadung,
Gunung gadung nu kiwari aya keneh,
Teu lila ti harita
Jadi tegal tulang rancah darah…!

Gunungna aya keneh
Ngan runcahna geus saat
Tapi tegalna
Di jaman nu bakal kasorang
Baris pinuh deui dieusi tulang…..!

Lain tulang nu jaradi wadal,
Tapi tulang
Ti nu marulang sabab wayahna
Balik ka jati mulang ka asal…!

Tunda
Urang tunda gunung gadung nanggoan
Wayah jadi deui tegal tulang….

Urang tuturkeun bae rakean kaluar kalang!
Inyana unggah ka mumunggang urut raden kumbang bagus setra!
Sedjana eudeuk reureuh!

Tapi geus kitu di muduna,
Rakean kaheesan…….
Mani tibra kerek njegreg…!
Rakean hees, heesna kaheesan!

Tengah peuting,
Geus deukeut ka janari
Rakean lilir…..
Korejat hudang
Laju ngadapang deui
Bari matana dikerungkeun
Nembus poek anu melegmeg…..

Ceuli rakean
Anu pangdengena tara bisa kacolongan
Ngadenge sora anu ngaresek
Anu lalaunan unggah ngadeukeutan….
Laju ku pangdeuleuna anu seukeut
Kadeuleu aya nu ngaringkang
Ringkangna jelema jangkung gede
Anu ngadeukeutan bari leumpang dodongkoan!

Rakean pura-pura hees
Padahal
Dina nangkubna
Handapeun beuteungna mah
Kujang geus pageuh dina peureupna!

Reg randeg!
Nu nyampeurkeun laju ngarandeg
Laju ngahuaykeun cangkuang
Lebakeun rakean lima tindakeun!

Rakean cicing bae
Laju ceuk nu nyampeurkeun teh:
“rakean! Rakean!
Ieu kaula!
Kaula al kowanah
Anu bareto ditamping ku raja tea!”

Rakean heunteu nembal!

Ceuk nu nyampeurkeun:
“rakean!
Anggeus, ulah perang deui!
Ka dia teh,
Kula mah
Nyaah ku bagusna,
Nyaah ku gagahna,
Nyaah ku ngorana!
Anggeus ulah dia perang deui!
Ulah dia deuk ngabelaan deui
Jelema-jelema anu nyembah matapoe!”

Rakean laju diuk,
Sila tutug rada ngadepang
Cara maung kumbang ngambu bahaya

Pangdeuleuna heunteu leupas
Ngawaskeun ti anu poek
Ka nu keur nangtung sisi cangkuang!

Ceuk nu nangtung sisi cangkuang:
“rakean!
Geura mikir!
Engke mah beusi kaduhung!
Sebab jaga mun kiamat
Sakur nu teu anut
Ka nabi jeung ka tuan sehna
Paraehna teh
Baris diinuman wedang timah anu ngagolak!
Tah kitu rakean!
Ceuk tuan seh di nagara arab!”

Ceuk rakean bari teu obah tina silana:
“kaula heunteu percaya!
Kaula teu percaya ka tuan seh!
Ka saha ngomong kituna?”

Ceuk nu nangtung sisi cangkuang:
“ka kaula, rakean!
Ka kaula…. al kowanah!”

Ceuk rakean:
“kawula teu wawuh ka al kowanah!”

ceuk al kowanah:
“tilok dia teu wawuh?!
Apan kaula teh
Anu ditamping ku raja!
Bareto ngaran kaula:
Jaya antea”

Ceuk rakean:
“ka tuan seh kaula geus heunteu percaya
samingkin ka dia mah!
Jaya antea!
Inget mantakna dia ditamping ku raja?
Beusi dia anggeus poho,
Jaya antea,
Ku dia geura dengekeun
Sabab-sababna dia ditamping ku raja!

Bareto…..
Di karaton pajajaran
Aya nu di percaya jasa ku raja kaula!
Rupana eta jelema
Meh sarupa jeung parabu anom.
Nya kitu deui dedeganana
Nepieun loba jelema kasamaran!

Ku raja
Inyana dijieun purah narima semah
Nu daratang ti nagara deungeun
Jeung dijieun utusan raja
Mawa surat jeung anteuran
Ka raja-raja di tanah sabrang!

Lila-lila
Saban-saban eta jelema
Mulang deui ti panyabaan,
Mudu bae kajadian
Loba somah jadi baringung!
Eudejung lila-lila
Eta jelema teh
Mingkin sering indit nyabana
Nyao teuing kamana…..!

Bebeja ka raja mah
Deuk ngaronda mariksa wates!
Saban-saban inyana mulang
Somah tambah loba anu barobah
Malah
Geus lain hiji dua deui
Nu ngalawan ka pangiwa,
Ngalelewa kanu adat
Tali paranti ti karuhun
Malah aya nu warani
Ngutuyut-ngucut pager pakarangan anu sangar,
Jeung ti peuting
Maledogan imah puun!

Samalah nyaliara aya beja
Yen mun raja pajajaran
Terus bae
Mumunjung batu eujeung kayu,
Sinembah ka matapoe,
Nagara pajajaran
Baris lebur katuhu
Baris kalaparan euweuh tumbalna!

Cenah
Tumbal hiji-hijina
Nya eta:
Raja mudu disundatan,
Jeung somah sakabehna
Mudu ngucap hiji mantra
Nu basana
Lain basa pajajaran!

Tapi saenyana mah,
Ceuk nu nyao rahsiahna,
Eta mantra teh
Dina hartina sabenerna,
Sarua bae
Jeung mantra pajajaran!

Beda soteh
Ngan wungkul dina:
Basa jeung petana!

Jelema anu nyieun somah pada barobah
Jadi dangka ka rajana
Jeung mariceun
Tali paranti ti karuhun,
Ku raja teh kanyaoan!

Nyao dia, jaya antea
Saha ngaranna eta jelema?

Tapi raja pajajaran
Raja adil, raja sabar!

Jelema nu julid tea
Anu ngojok-ngojok somah jaradi dangka
Ku raja heunteu dihukum!

Tapi,
Inyana laju ditamping
Dikaluarkeun
Tina kalangan bangsa pajajaran!

Inyana mudu indit
Kaluar ningggalkeun dayeuh jeung nagara
Jeung hanteu diaku deui;
Tapi di asupkeun jadi kawula
Keuna kalangan lain bangsa sunda pajajaran!

Nyao dia, jaya antea,
Saha ngaranna eta jelema?

Jelema eta, jaya antea
Laju indit
Nindakna ka pahiliran
Ka muaha cihaliwung

Sejana deuk cicing di batur-baturna
Nu asalna ti tanah sabrang!

Ku sabab
Dina rupa jeung dedeganana
Meh saruwa jeung parabu anom
Nya karuhan
Anu heunteu tarenget mah
Pada percaya ka anu majarkeun
Yen inyana teh
Parabu anom pajajaran
Anu lolos ti karaton!

Padahal
Anu ngaku-ngaku lolos ti karaton teh
Adi sakembaran pandita karaton
Anu ngaranna pandita tundapura tea!

Saha..? jaya antea!

Kusabab di tampingna
Marengan di jero waktu
Sang hyang santang keur ngalalana,
Nya heunteu anu nyarahoeun mah
Marukna mah bener bae,
Jaya antea teh
Parabu anom anu saestu!

Dua puluh kali seren taun,
Jaya antea teu katembong – kabejakeun!

Sabab ceuk nu nyaraho mah
Inyana aya nu mawa
Ka sabrang ka tanah arab
Bari ngaku-ngaku:
Hyang santang putra raja pajajaran!

Dina seren taun nu katukang
Aya beja ti paluaran
Jen ka karaton raja banten
Datang raden santang parabu anom
Anu mulang ti tanah arab

Jeung sejana
Deuk naklukkeun parabu sepuh
Siliwangi pajajaran!

Parabu anom memang mulang
Datang deui ka pajajaran.
Buktina
Dia perang di kipatahunan
Hyang santang memang datang
Tapi pieun bebela ka raja!

Parabu anom anu saestu
Ngaranna:
Hyang santang arya cakrabuana.
Tuh inyana!
Teu jauh ti amana,
Keur ngaluluguan balad pajajaran
Nu manandeuh ka saha oge!

Parabu anom jijieunan
Ngaranna:
Jaya antea

Anu ngarep-ngarep
Nyelap dina bidadari opat puluh!

Jaya antea!
Salikur kali seren taun geus kaliwat,
Najan dia geus burayut ka kasenangan
Tapi kula tenget keneh
Dina sora dia nu rada serak!

Sakali dia dangka ka raja
Kaula tetep teu percaya ka dia!

Kaula lain sieun ku paeh,
Tapi kaula sangeuk
Ngalayanan jelema cara dia!”

Ceuk jaya antea:
“rakean!
Kaula datang
Lain eudeuk nangtang perang!
Tapi ngajak dia
Hirup dina jaman anu anyar
Abeh
Dimana dia jaga
Anggeus paeh hirup deui
Ngeunah-ngeunah dipirig ku bidadari nu gareulis!”

Ceuk rakean:
“kaula heunteu butuh ka bidadari!
Montong teuing engke di paeh,
Ayeuna oge di eukeur hirup
Pieun kaula sorangan oge
Geus sakitu susah payahna!……”

Ceuk jaya antea:
“rakean!
Dengekeun kaula ngomong!
Kaula deuk mere nyao nu saenyana!
Meunang kaula unggah?
Supaya dia ngarti carita kaula?”

Tapi ti enggon rakean anu poek,
Euweuh sora anu nembalan.

Ceuk jaya antea:
“rakean!
Rakean!
Kula rek nyarita sabenerna!
Rakean! Rakean!”

Tapi ti ruhur mumunggang anu muncur
Rehe jempling euweuh nu nyora
Jaba ti sora kaso kaanginan…!
“rakean!
Rakean…….
Dia dimana?”

Di ruhur mumunggang jempling bae…
Nu kadenge
Ngan seakna sora angin
Jeung raketna awi pagesrek dina lebak anu poek!

Laju jaya antea lalaunan
Unggah ka ruhur mumunjul!
Inyana luak-lieuk…
Tapi
Di urut rakean tadi ngadepong
Ngan kari tapakna wungkul
Anu masih haneut keneh….!

Ari rakean mah,
Anggeus euweuh
Teu kadeuleu kamana ngilesna!

Tunda
Anu luak-lieuk tempa-tempo
Neangan rakean anu ngileus…!

Urang mah
Urang tuturkeun deui rakean
Anu ngalesad heunteu kadenge!

Urang kocapkeun heula
Di sisi leuweung
Dina tungtung tegal gajah nu paranjang
Nu jarangkung heuras daun….!

Geus jauh tina tegal urut perang!
Ceuk nyi putri:
“kaka,
rarasaan teh ku tunduh jasa!
Kumaha,
Amun urang reureuh heula?!”

Ceuk den bagus:
“kapalang, nyai!
Tuh,
Geuning lapat-lapat
Caringin leutik geus kadeuleu!
Jeung deui
Amun urang reureuh di dieu
Bisa urang kaheesan!
Mangkaning ti enggon musuh
Urang teh
Acan jauh sabaraha.
Jaba ti eta
Amun rakean nyusul urang
Bisa jalan pasingsalan!

Deui,
Beusi batur-batur geus jarauh,
Jeung urangna dina nyusul
Beusi katalimbeng jero leuweung!

Urang tanggoan rakean
Handapeun caringin anu ditangtukeun!
Mun nyai leumpang teu kaduga,
Ku kaka eudeuk digandong!”

Tapi ceuk nyai putri:
“leumpang mah kuat keneh!
Ngan ieu mata,
Hayang hees sakerejep,
Kulamah tinggalkeun bae!”

Nyi putri purnamasari
Keukeuh bae hayang peureum!
Raden kumbang bagus setra
Keukeuh karep deuk gandong!

Nya laju paloba-loba omong,
Ngajakeun pacogregan
Pada mawa kahayang!

Nyi putri memang bener!
Sabab inyana
Embung nyapekeun ka salaki
Kajeun hees ninggalkeun maneh
Manan
Digagandong nyapekeun salaki!

Jeung ceuk pikir jero atina:
“kajeun paeh jadi wadal
jero hees direcah ajag,
asal anu jadi salaki
bisa jauh teu kasusul ku musuh!”

tapi raden kumbang bagus setra,
ngingetkeun dina bahaya,
keukeuh maksa nyaram hees!

Lain heesna anu dicaram
Tapi enggonna pikeun reureuh!

Ceuk sora jero hatena:
“mantak naeun,
amun hees dina gandongan!?!”

laju nyi putri dirau,
dipanggil sabari ambek…..

kocapkeun deukeut ka isuk,
narepi ka handapeun caringin anu leutik!
Laju reureuh.

Tapi nyi putri
Geus beak tunduhna.
Inyana diuk ngahunjar lambar.

Ari den bagus?
Kacapean!
Inyana mah laju nundutan
Gelehe…. reup pereum…..
Kerek nyegrek ngageleger….!

Tunda heula,
Keun sina kerek masing tibra!

Urang mah,
Urang malik deui, nyampeur rakean tengah jalan!

Anggeus ngalolos ti gunung gadung,
Rakean laju nindak, mapay-mapay lacak raden bagus.

Mata rakean,
Teu beda ti mata ucing ti waktu peuting:
Seukeut deuleu di anu poek

Ceulina,
Teu beda ti ceuli lentah anu dirancah
Bangen denge ka anu jauh!

Kocapkeun
Inyana nepi ka urut pacogregan nyai putri jeung den bagus!
Rakean kaget,
Neuleu lacak ngan sapasang…….

Ceuk pikirna:
“boa, boa-boa!
Boa cilaka!
Nyi putri beunang ku selang!”

Laju inyana nelek-nelek lacak anu sapasang.
Tetela
Lacak jeblok rada jero
Nandakeun
Nyi putri tangtu dipangku….!

Rakean ngalengkahna digancangkeun!
Urang kocapkeun bae anggeus anjog
Ka caringin anu leutik
Anu remeng-remeng di halimun isuk!

(memang kitu biasana:
amun ngadak-ngadak aya piatoheun kabina-bina,
anu jolna ti mata heula,
hate anu rancage
jeung ceuli anu bangen teh,
duanana
sok kasilep pangdeuleu).

Kadeuleu ku rakean
Nyi putri ngahunjar lembar,
Raden bagus ngabobengkang,
Huluna
Dina lahunan nyi putri!

Rakean atoh,
Neuleu nyi putri geuning waluya
Tapi,
Inyana oge reuwas campur sedih!

Panyangkana:
“den bagus tiwas ku musuh!
Nyi putri bela kabina,
Mamanggul lajon sakitu jauhna!”

Tapi
Barang inyana anggeuh
Sora kerek anu nyegreg
Rakean teh era sorangan
Lain era ku nyi putri
Lain era ku nu kerek
Tapi rakean
Ere ku era sorangan
Ku sabab kurang rancage!

Ceuk nyi putri:
“rakean!?!”

ceuk rakean bari diuk:
“kula!”

anu kerek laju usik, kuliat sabari heuay
laju diuk bari ngomong sora atoh:
“dia!
Kumaha?
Kula era ku dia, rakean!
Kula teh kacapean,
Hees teh katalangsu
Beak sapoe beak sapeuting!
Kumaha, rakean?”

Ceuk rakean:
“urang geuwat indit deui
sabab batur-batur geus jarauh,
jeung musuh teh
tangtu nyusul mun geus beurang!
Jeung dia nyao, den bagus,
Saha anu jadi lulugu musuh?
Jaya antea, raden
Jaya antea!
Nu ti bareto mikahayang nyai putri
Jeung teu eureun-eureun panasaran
Mun nyai putri can kasorang….!”

Ceuk nyi putri
Sorana rada keueung:
“heueuh!
Tapi teu mudu sieun!
Ngan bae,
Urang geuwat indit ti dieu!”

Raden bagus laju nangtung,
Sorana ambek jasa:
“ngaing moal indit!
Najan ngaing lebur jadi lebu,
Si jaya antea
Moal bisa deukeut ka nyai putri!
Ngaing tangtu jadi jurig
Jadi ririwa
Nu nganggu ngahalang-halang
Si jaya laksana kuhayangna!
Ku sabab kitu, rakean
Ngaing moal nyingkah ti ieu lebah;
Deuk nanggoan si jaya kurang ajar!”

Ceuk rakean:
“jaya antea,
lain pitandingeun dia den bagus!
Sabab inyana boga ajian anyar
Nu disarebutna:
Mantra alih mangsa adat
Ceuk nu nyorang ngarasanan kasaktianana,
Bisa mindahkeun kasaktian urang
Ditambahkeun kanu musuh anu merangan urang!
Ku sabab kitu,
Jaya antea teh
Ulah ku urang diperangan;
Tapi
Mudu ku urang disingkahan
Sina laas sorangan kajayaanana!”

Tapi teu beda ti cai caah
Mun dibendung kalah ka ngalimpes,
Nya kitu deui ambek den bagus,
Kalah ka tambah rosa!

Ceuk inyana:
“teu deuk!
Ngaing teu deuk nyingkah!”

Cai caah mah,
Ulah dibendung
Tapi
Mudu dipontengkeun!

Nya laju ceuk rakean:
“memang heueuh,
melaan pamajikan teh
mudu wani nepika paeh!
Tapi,
Mun dia tarung jeung si jaya
Dia teh tangtu kasambut!
Saha anu baris ngabelaan nyi putri?”

Ceuk den bagus:
“kula percaya ka dia, rakean!”

ceuk rakean:
“mun dia eleh,
kula teh tangtu nu naruskeun ngayonan jaya antea!
Kumaha
Mung kula geh tangtu kasambut?
Saha anu baris ngabelaan nyi putri?
Amun eudeuk bela bener-bener,
Lain dia mudu tarung;
Tapi dia
Dia mudu nyingkah ti dieu;
Bawa nyai putri na sing jauh!
Geura indit!
Keun kaula nu nyanghareupan musuh!”

Keukeuh nu eudeuk tarung
Keukeuh nu ngajurung mundur……
Nu laju jadi parebutan karep
Ngajadikeun pacogregan
Sewang-sewangan boga karep sorangan.

Ceuk den bagus:
“memang.
Ku raja mitoha kaula,
Kula dijeneungkeun lulugu perang!
Kunaha dia ngabadigul!”

Ceuk rakean:
“memang,
lulugu mudu diturut!
Tapi ku sakur nu jadi balad!
Ari kula mah,
Lain balad lain tamtama
Tapi
Saukur kaula pajajaran
Anu dipapancenan
Mudu ngajaga dia jeung nyi putri
Ulah cilaka tiwas ku musuh!
Kaula lain ngabadigul ka lulugu:
Tapi dia,
Teu ngawaro ka anu bela!”

Neuleu anu pahereng-hereng
Sewang-sewang
Deuk mawa karep sakarep-sakarepna
Nyi putri laju ceurik.
Ceuk inyana:
“kaula mah puguh awewe;
heunteu nyao
saha anu bener
saha anu salah
tapi
mun bae dia duaan
kasambut ku si jaya
ka saha kaula nya ngarangkul
ka saha kaula menta bela?
Ti batan
Awak kaental ku si jaya,
Leuwih hade
Ieu kujang di tambukeun
Ku kula ka dada kula!”

Nyi putri ngalugas kujang
Tapi direbut ku den bagus!
Ceuk den bagus:
“ulah, nyai, ulah!
Hayu urang indit!”

Den bagus laju indit,
Tapi nindakna cara nu pundung……..
Nindakna ngidul heula
Rada ngidul terus ngulon;

Nya anjog
Ka sisi rancah anu gede
Nu caina herang ngalenggang……
Laju mapay-mapay sisi rancah beulah katuhu,
Aya anjog
Ka hiji mumunjul di hulu rancah;
Laju ngarandeg
Cara jelema nu asa-asa
Asa-asa aya nu tinggaleun….!

Tunda heula
Anu ngarandeg,
Nu ngarandeg asa-asa!

Urang ilik heula rakean, nu ngajentul neuleu ka kaler,
Neuleukeun ka urut dayeuh,
Dayeuh pajajaran nu kari urutna!
Rakean laju ngareret,
Lalaunan ka beulah kaler anu di kulon
Anu geus mimiti tembong
Dicaangan ku beurang…!

Tembongna lebah-lebah anu hideung enclok-enclokan,
Nandaan palebahan-palebahan urut lembur,
Nu harita ngan kari urutna…….
Cipakuan, pamoyanan, cipinang, taman, tajur-malang,
Kabandungan, pasir gadog…..
Kabeh beak dihuru musuh….!

Rakean alak-ilik ka beulah wetan anu ngidul,
Sejana rek nengetkeun ka mundurna raja jeung ki lengser….
Tapi pangdeuleuna kahalangan ku tangkal leuweung nu jarangkung….

Laju inyana ngalieuk ka kidul nu dikulon
Rentang-rentang handapeun caringin gede di mumunjul,
Katembong aya dua urang……..
Rakean laju inget ka nu nindak sabari pundung……
Ceuk sora rakean dina pikirna:
“kalah ka caricing;
lain laju…
memang,
mun hate panas ku ambek
montong teuing di anu gagah
najan di terangan euweuh kawani oge,
lentab panasna ambek teh
sok ngaleuwihan besi tempa!
Tapi
Ngan panyangka rasa wungkul
Da ari tanaga mah
Tetep surut deui ka watesna
Mun disanghareupeun
Ku wawanen anu teu rusuh……!

Dia,
Dina ambek dia nu ngalentab
Boga rasa tangtu untupan
Ngalahkeun raksasa sagede gunung;
Nepieun
Embung dia deuk ngawaro
Ka kaula nu bebela…!

Tapi,
Sing disaksian ku sakabeh alam,
Saha anu bener,
Saha anu salah!

Amun kaula aya di bener,
Muga-muga sing ieu caringin leutik
Ngaruhuran caringin gede anu dikulon!
Tapi
Mun kaula aya di salah
Sing ayeuna keneh,
Alam ngahukum kaula…..!”

Laju rakean sidakep,
Ngucutkeun sagala rasa eujeung panciptana,
Mantengkeun pikir anu sahiji, nya eta:
Menta dihukum, amun salah dina bebela ka anu mudu di belaan!
Sabab rakean teu ngeunah hate,
Sieun di salahkeun ku ki lengser pamuntanganana…..

Leus ngileus…… sakabeh alam eujeung jagat,
… hiliwir wangi kamuning….
laju aya sora
anu nyora dina angenna rakean:
“ku sakitu
teu mudu dia sasambat, rakean!
Jamakna anaking!
Geura nindak deui bae;
Ulah dia eudeuk jauh
Ti nyi putri jeung salakina;
Sabab lalakon masih panjang
Loba keneh anu mudu di sanghareupan!”

Rakean lilir deui…
Laju nindak lalaunan,
Bari melagan buah caringin
Jeung buah kiara sakandungan;
Nindakna ka caringin anu gede,
Di mumunjul nu di kulon….

Harita,
Barengan jeung rakean deuk sidakep bari sasambat,
Di handapeun caringin gede dikulon
Raden kumbang bagus setra boga rasa jadi bimbang….!
Rasa salah, da heunteu salah!
Rarasaan heunteu salah, tapi pikir asa salah!

Laju inyana sidakep,
Menta ka dewa-dewa anu agung
Supaya ditegerkeun deui hate…….

Ti awang-awang tembong hiji rupa anu buleud,
Jigana cara kikiping,
Tapi ngalangkang wewayangan!
Kadeuleuna eces tetela,
Tapi tembus deudeuleuan,
Bisa tembong
Sakur anu aya di tukangeunana!

Turuna sabari muter
Cara kikiping lalaunan!

Ceuk nyi putri bari rada keueung:
“kaka!
Eta teh naeun?”

Den bagus heunteu nembal
Inyana laju nyembah,
Nyembah sabari tungkul!

Anu turun ti awang-awang ngileus deui….

Ceuk nyi putri:
“kaka!
Nu tadi eta teh naeun?”

Ceuk den bagus:
“nyai!
Eta teh pisan
Anu disarebut:
Cakra manggilingan!
Eta teh tanda ti para dewa
Nu nuduhkeun yen urang teh
Mudu terus ngalalana
Nepieun ka datang aya wayah
Urang unggul deui kajayaan!

Tuh geuning
Rakean anggeus nyusul
Hayu urang nindak
Neangan batur-batur anu marundur
Urang susul ama parabu!”

Laju narindak…..
Nyi putri jeung den bagus,
Dituturkeun ku rakean….

Tunda heula

Urang caritakeun:
Urut nyi putri pacogregan jeung den bagus
Kiwari aya keneh!
Disebutna teh:
Tanah cogreg.

Rancah anu gede, anu cana herang ngalenggang,
Baheula nyorang aya.
Ngaranna ranca maya

Tapi kiwari, eta teh rancah ngan kari ugar pakeun balong leutik;
Sabab kasaeuran saban hujan,
Jeung baheula kungsi bedah di hilirna!

Ari caringin anu leutik?
Kiwari aya keneh, teu ngagedean, teu ngajangkungan!
Caringin gede nu di kulon?
Eta oge aya keneh;
Ayana dina sungapan cai leutik anu disarebutna:
Ci rancamaya,
Ngan anehna
Mun baheula
Mumunjul sarua ruhurna
Kiwari mah
Mumunjul caringin leutik
Tetep kitu-kitu keneh.
Tapi
Mumunjul caringin kulon
Kiwari anggeus turun….!

Mumunjul caringin leutik – tabe pun,
Kitu oge – kiwari disarebutna:
Patilasan embah badigul.

Caringin gede anu di sungapan ci rancamaya,
Kiwari disarebutna:
Patilasan cakra-dewa!

Cenah ceuk anu nyorang kaberenehan,
Kapeung-kapeung di waktu hujan
Poyan ngeprul kaanginkeun,
Dilebahna anu disarebut:
Pangparapatan rancamaya
Sok katembong aya awewe ngora geulis jasa,
Leumpang gancang papayungan;
Ngagidigna kawetankeun…..!

Amun dilieuk deui, inyana sok laju ngileus….
Ninggalkan wawangi, anu seungit ngahiliwir ipis….!
Anu geulis ngahiliwir wangit, eta teh saha?
Nepi ka kiwari, can aya nu nyao pasti!

Mun urang nanya ka kuncen,
Ngangaranana teh sok sakadaek-daek;
Mun nayakeun urang ka dukun;
Mere ngarana teh meunang ngarahul;
Mun nanya ka kyai,
Ceuk inyana teh: “…..himinas saiton nirojim!”
Mun nanyana ka pa onyon,
Tukang ngintir tukang ngadu,
Ceuk inyana mah:
“putri ipri, ti sirah ci rancamaya!”
tapi
mun urang nanya ka tukang ngarang,
ceuk ciptanana teh:
“nyi putri purnamasari
eudeuk nyamper nu ngabadigul!”

ulah eudeuk panasaran, hayang nyao di ngaranna;
sabab, amun lelembut anggeus kapincut,
bogoh ge moal kelakon!
Mending urang geh………

Cag tunda:

Tunda di hanjuan siyang,
Tendeun di haneuleum sieum;
Ampihan dina ingetan
Ingetaneun pikiraneun
Bari nanggoan kaberenehan
Dipanggihkeun jeung nu geulis
Meunang ngilu papayungan
Kawangian seuseungitna
Ngahiliwir jero ati
Ngelingkeun sakabeh batur
Anu terus nyucruk galur
Mapay lacak pajajaran….!

Papay!
Tapi ulah sapapay-papayna!
Nyukcruk!
Tapi ulah sanyukcruk-nyucrukna!
Teang!
Tapi ulah sateang-teangna!
Tapi siar,
Ku pikiran anu panjang
Ku pangdeuleuan anu jauh
Eujeung hate nu rancage!

Sabab
Lacak pajajaran nyieun sasar
Ka sakabeh:
Nu nyaliarna tanpa dadasar,
Nu mamaksa
Una sina ngawaruga
Nu harayang
Disebut loba kaweruh
Bari ngaku-ngaku
Yen ragana
Diseundeuhan ku karuhun;

Padahal
Ngalojokeun batur-batur
Ku ilapat nu saralah….!

Urang mah, ulah eudeuk ngalojokeun batur!
Ulah gampang-gampang deuk percaya,
Ka impian nu teu nyata!
Tapi
Urang caturkeun bae galur nu ngabulungbung,
Mapay lacak nu tiluan, nu mudu nyingkahan musuh!

Urang kocapkeun:
Raden kumbang bagus setra leumpang dihareup
Rakean di pangtukangna, nutup aleutan tukangeun nyi putri.

Ti caringin di hulu rancah
Narindak deui ka wetan;
Sejana eudeuk ngahiji
Jeung aleutan pajajaran
Nu marundur nuturkeun rajana!
Tapi
Waktu deuk kaluar ti leuweung awi
Nu awina bitung wungkul,
Kadeuleu rentang-rentang di beulah wetan
Beulah wetan nu dikaler
Aya aleutan jiga keur nyusul
Nyusulna sabari neangan…….

Ceuk rakean:
“tuh!
Jaya antea!”

Den bagus, nyi putri jeung rakean
Hanteu jadi narindakna ka beulah wetan bari ngidul;
Tapi
Ti leuweung nu awina bitung wungkul
Arinyana maralik deui
Ka kidul bari ngulonkeun….

Nya anjog ka sisi cisadani…..
(di urut leuweung awi bitung anu tadi,
engkena ngadeg lembur cibitung)

nya laju nyararabrang….
arunggah ka sabrang di beulah kidulna!
Sabrang kidul cisadani…

Cai
Anu ku nyieun lalakon
Teu dijieun sajieun-sajieuna
Teu disina ngocor sangocor-ngocorna

Tapi
Ditangtukeun engke jaga
Mun waktuna anggeus cunduk
Jadi saksi dina bukti
Pieun nuduhkeun
Sabab pajajaran rundayanana
Jaradina ilang teh
Bongan ngaleungitkeun ka-sundaanana!
Jeung kara bisa dani deui
Amun hirup geus kalangsu
Jeung eunggeuhna
Eunggeuh soteh ku panggeuing deungeun
Nu nuduhkeun
Yen tetep jaya dengeun nu nanungkulan teh
Ku sabab arinyana
Terus keneh ngamumule
Tali paranti ti karuhunna;
Tapi ngamumulena
Bubunian teu ditembongkeun…..!

Nya nyararabrang
Laju unggah ka hiji hunyur
Ka nu buni ku aling-aling
Karimbunan ku kamurang……

Ceuk den bagus:
“rakean!
Nepi ka poe ieu
Udang dijabah panyambat urang!
Ku kaula kadeuleuna
Nu nyusul teh leupas tuturna
Paregat papay leungiteun lacak!

Ke!
Ulah wara narindak;
Kula deuk ngahoma heula
Ka ambu mas di medang kasirnan!”

Laju inyana nyiar batu demprak,
Nu rubakna manjing sadeupa.

Rakean?
Nyiar honye jeung jambe rende,
Geutah seungit ti ka wangi
Jeung kembangna tujuh rupa!

Ari nyi putri?
Inyana nyiar ruas piwadaheun
Wadah cai banyo sajen……

Teu kacatur ngahomana!
Parukuyan geus pareum deui, nu tiluan geus nindak deui….
Nindak…, nindak…..,
Nepi ka hiji lebak ti mana kadeuleu aya hunyur,
Nu ti kaanggangan kadeuleu leuweung awi
Anggeus rangkas dapuranana…..!

Ceuk den bagus:
“tuh, aya pogor!
Tangtu aya imah;
Urang ngadon reureuh!”

Ceuk rakean:
“mending geh urang terus!
Sabab reureuh teh
Mere deukeut musuh nyusul!
Jeung deui
Kumaha mun anu di reureuhanana
Jelema teu hade hate
Nu ku jangji jeung pabujuk
Engkena nujah ka musuh
Mere nyao urang kamana!?!

Mending geh urang laju
Meungpeung poe beurang keneh!
Tuh!
Ti mumunjul anu itu
Sugan-sugan bisa kadeuleu
Kamana ngaleutna batur!”
Laju arunggah……..

(engke di urut tadi ngahoma ka ambu mas, kasunan ambu di medang kasirnan,
engkena teh ngadeg hiji lembur anu baheula mah disarebutna cihomas.
Kiwari jadi ciomas. Di pogor anu deuk direureuhan, engkena ngadeg lembur
Anu disararebut: pasir pogor).

Ti mumunjul anu diunggahan
Anu kadeuleu teh lain batur
Tapi aleutan musuh
Ngetan ngidul nyacar jalan…..
(tah eta sabab-sababna keur baheula, jalan gede ka wetan leuwih ti heula
manan jalan anu ka kulon,
jalan ka wetan = jalan bogor – cianjur
jalan ka kulon = jalan bogor – sukabumi).

Ceuk nyi putri ka den bagus:
“kaka!
Kumaha mun urang mulang ka kaler deui,
Urang turun ka urut dayeuh
Ngabokong musuh ti tukangna
Mereun tangtu
Arinyana teh nyarangkana
Pajajaran anggeus buyar
Jeung arinyana tangtu nyangka
Moal aya nu wani ngalawan deui!”

Ceuk den bagus:
“heueuh!
Rakean!
Meungpeung musuh lolobana
Nyararusul ngudag ama
Urang turun deui ka urut dayeuh!”

Tapi ceuk rakean:
“lain kaula sieun!
Tapi naeun kajadianana
Amun tilu maung selang
Asup ka jero karapyak
Nu mundingna aya saribu?

Mending geh
Meungpeung musuh teu arengeuh
Urang geuwat nyiar jalan
Pisan tepung deui eujeung batur
Abeh pajajaran loba deui
Pieun ngalawan males kanyeuri!

Jeung piraku raja teh deuk mundur terus
Jeung piraku
Moal aya poe atawa peuting
Anu ngagilirkeun pajajaran
Bisa leupas tina apes?

Rasa kaula
Aleutan raja jeung ki lengser,
Nindakna tangtu ka gunung
Ka gunung sang hiyang purwa!
Hayu urang nindak!”

Laju narindak, nyiar jalan anu singkur,
Anu buni teu kadeuleu musuh…….
(gunung sang hiyang purwa teh aya keneh! Tapi ku gariruk pajajaran,
ngaranna teh dirobah jadi: gunung gede
ku sabab ngaran sang hiyang purwa teh, ceuk musuh mah,
ngaran pamunjungan pajajaran).

Dina nindakna anu tiluan
Jalanna teh loba kahlang
Loba jurang loba gawir
Loba leuweung jero jungkrangna
Nu paroek remeng-remeng
Nepieun ka anu tilu
Teu nyaraho deui kamana leumpang….!

Kocapkeun bae:
Mingking ngulon, mingkin ngulon
Nepi ka hiji gunung deui anu leutik
Anu buleud munjukung munjul
Jiga batok gede anu nangkub!

Ceuk den bagus:
“rakean!
Ku keueung teuin!
Ku naha di ieu gunung
Rarasaan teh sejen deui?

Asa hirup di sejen wayah
Asa hate beda ketugna!
Jeng dina angen kaula
Rarasaan aya godag anu ngajak
Nitah kula cicing di dieu!

Nyorangan, rakean!
Nyorangan;
Hanteu meunang aya batur!?!?!”

Ceuk rakean:
“teu piholokeun!
Sabab ieu teh gunung bundeur
Mun ceuk aki lengser bareto
Baheulana teh urut turunna
Sang hiyang dewa kala batara.

Tuh geuning,
Tapakna aya keneh!”

Ceuk den bagus:
“nyai!
Kaka deuk tapa di ieu gunung!
Dia mudu di anteur ku rakean
Tepung deui jeung ama prabu.

Pangbejakeun
Kaka teh aya gerentes ti anu agung
Mudu nanggoan wayah nu bakal datang
Pieun mapag surupna matapoe
Anu baris ngajajarkeun deui:
Pakujajar
Tina samangka dibeulah lima!”

Ceuk nyi putri:
“kaka!
Ulah eudeuk gampang-gampang ngawaro gerentes angen!
Sabab sora gedag di ati-ati tadi
Boa-boa
Lain panuduh ti anu agung,
Tapi
Harewos kalong nu nowo-nowo!?!?!
Sabab dina leuweung nu cara kieu
Nu jungkrangna
Palingpang ka urat jagat
Biasana teh
Eusina dedemit wungkul!”

Ceuk den bagus:
“lain, nyai, lain;
akang mah heunteu salah
panuduh teh ti anu agung!”

ceuk nyi putri:
“amun enya
gerentes ti anu agung
ku naha ku kaula
euweuh rasa beja ka awak?
Apan cenah
Datangna beja atawa lara
Nu bakal ninggang ka nu sajodo
Ngalayangkeun heula kalangkangna
Ka nu saling mikaboga!?!

Apan kaula teh
Kaka nu boga!
Jeung kaka teh
Kula nu boga!

Ku naha
Dina eukeur tagiwur kieu
Dia mudu misah ti kula?

Ku naha
Nitahna anu agung ka dia teh
Heunteu ngabejaan oge ka kaula?”

Ceuk den bagus:
“nyai!
Amun dewa eukeur nyarita
Tara kadenge
Ku jelema anu kadua!

Rakean!
Kula mihape nyi putri
Panganteurkeun ka ama prabu!”

Ceuk nhyi putri bari gebes:
“montong rakean!
Montong!
Kaula geh deuk tapa di dieu!”

Den bagus keukeuh nyaram,
Nyi putri teu meunang tapa.
Ari nyi putri keukeuh maksa
Deuk tapa ngabaturan.

Ceuk inyana:
“kaula putri pajajaran,
najan putri pangbungsuna!
Tapi kaula.
Kaula seja tapa pieun bela
Pieun nanggoan
Wayahna surup matapoe
Kuloneun muhara cibanteun,
Pieun ngabanteunkeun deui pajajaran,
Amun kiwari lain deui wayahna
Pajajaran bisa ngadeg deui
Tina silalatu
Anu nyelap
Di jeroeun iga kaula!

Kiwari
Pajajaran teu boga dayeuh
Eujeung boa-boa
Pajajaran teh teu boga deui
Nagara panyicingan…….

Tapi
Salila aya keneh anu make ngaran
Purnamasari,
Eta silalatu pajajaran
Baris tetep hurung di jero harigu
Sakur mojang jeung cawene
Nu sarunda pajajaranna!”

Nogmong sabari ceurik,
Ceurikna inghak-inghakan.
Cimatana nyarakclakan
Ninggang cadas anu teuas…
Burial ti jero taneuh
Kaluar cai herang jasa
Ngocor baresih ka hilirkeun…..

Tapi,
Euweuh anu areungeuh;
Ku sabab keur cekcok tea!

Laju ceuk rakean:
“hanteu hade
deuk tapa parebut heula!
Jeung oge
Surupna matapoe teh
Geus tangtu baris datangna;
Hanteu mudu ditanggoan deui wayahna!

Angger urang nindak terus
Sabab bareto ceuk ki lengser:
Amun dina batu tapak
Di punclakna gunung bundeur
Geus jadi hanjuang bodas,
Tah etapisan wayahna
Batu gamparan di gunung kibodas,
Mudu pindah sorangan
Ka tengah jalan nu nrisula
Di suku gunung nu ganti ngaran!

Sabab di kulon
Matapoe eukeur surup
Laju unggah jelema bule
Ngabelenggu musuh ku buah pedes!

Ayeuna mah
Sasab urang geus jauh teuin
Katalimbang di jero leuweung!

Angger urang nindak deui,
Abeh ulah katalimbang dina wayah!”

Nya laju narindak deui; ngulon keneh!
Tep ka tonggoheun, unggah ka gunung sejen!

(cai anu jadi tina cimata nyai putri, baheula mah disarebutna: ciwening.
Kiwari geus euweuh nu nyaraho anu mana; sabab ti harita di gunung bundeur
Cur-cor cai ngaburial, ngocorna jadi sahiji, baresih herang kahilirkeun.
Ari tangtumah, lembur cibening anu kiwari, ayana hanteu jauh tina cai, anu asalna
Tina cimata purnamasari!

Hanjuang bodas, ceuk anu baheula nyaraho mah, cenah memang aya.
Gedena sagede indung suku; jeung jangkungna, ngan sajangkung lutung keur nangtung.

Daunna ngan sahiji. Mun kembangan, ngan sahiji. Jeung mun buahan, tara leuwih ti dua bae!

Mantakna disarebut hanjuang bodas, kusabab bodas akar bodas tangkal, bodas daun bodas pucuk, bodas kembang bodas kabuah-buahna!

Ari ayana?
Pindah-pindah teu tangtu dumukna!

Sakapeungjadina teh, sok dina batu gede sagede leuit, nu ayana di ruhurna gunung bundeur. Dina eta batu – kitu geh ceuk cenah deui bae – aya tapak jelema; tapi gedena kira-kira tilu kalieun tapak jelema biasa.

Sakapeung kapanggih jadina, dipangalap babalayan sasaka domas.

Jeung sakapeung deui, sok aya di sisieun batu sibedug; tapi di dinya mah sok ngarupakeun oray galak!

Malah sakapeung mah, ayana teh sok digunung sunda.
Gunana?
Mun akarna, dipake balur: moal awak teurak kupakarang, umur panjang ratusan taun.

Mun tangkalna, dipake iteuk: moal aya jalan nu sasar, kabeh poek jadi caang, nu jarauh jadi deukeut; jeung bisa nyieun bisa leumpang di jero sagara, nembus gunung tanpa di kukuy.

Mun dauna, dipake satiung: moal kapanggih ku dedemit, moal katembong ku bolor kelong, moal aya mata bisa ngadeuleu; tapi bisa neuleu, ka sakabeh anu jagana kajadian.

Mun buahna, diheumheum handapeun letah, saucapna tangtu nyata.
Anu bisa ngabogaan eta hanjuang, baris jadi pamunjungan sakabeh raja. Tapi hanjuang mudu dilayanan, ku haur beureum jeung jambu mede nu sikina aya di jero!

Harita batu gamparan, di taun 1904, ceuk nu nyaraho mah, memang nyorang aya keneh; nya eta di jalan nyagak tiluteu jauh ti kiwari warung-borong. Ari gedena, cenah mah sagede kebo tilu keur darepa).
………………………………………………………………………………………………………………………………

urang kocapkeun:
matapoe di beulah kulon
geus ngaliwatan pucuk tangkal kihara!

Nu narindak laju reureuh.

Rakean nyieun saung,
Nu tihangna ku handeleum
Di hateupan ku daun tepus!

Peuting…….
Peuting jempling di tengah leuweung.

Di jero saung
Ngan nyi putri jeung den bagus
Karerek nyegrek hees tibra…….

Ari rakean mah,
Hees na sabari nankeup tuur
Deukeut pirunan anu hurung………

Di wayah liliran anu katilu
Nyiputri dipareng ngimpi
Neuleu dua bentang caang ngagenclang,
Nu hiji surup ka kidul
Laju leungit
Ragag keuna cai caah
Nu kiruh umpal-umpalan!
Nu hiji deui
Ngurilingan ruhur nyi putri!

Di wayah liliran anu katilu
Akean teu bisa hees!

Inyana laju nangtung
Nyarande di tangkal pule
Nu kembangna seungit laleutik
Maruluk katebak angin…….!

Bulan nu kari sapasi
Di beulah wetan dihalangan mega
Cahayana nu remang-remang
Nembongkeun beungeut rakean
Nu mikiran pijalaneun
Hayang geuwat teupang deui
Eujeung batur nu marundur!

Barang dina impianana
Nyi putri neang bentang ragag ka cai
Inyana laju hudang
Ngorejat rarat-reret
Bari nanya jero hatena:
“naeun ieu teh kila-kilana?!?”

ret inyana ka nu keur kerek
ret inyana kaluar saung……
kadeuleu ka nu keur nangtung
keur nyarande di tangkal pule
lalamunan
kahalang ku halimunan
anu liwat lalaunan……..

naeun anu dipikiran ku nyi putri?
Ngan inyana nu nyao…….!
Tapi ari heueuhna mah
Inyana sorangan ogeh,
Heunteu nyao…..!

Ngan anu puguhna mah
Najan aya jero leuweung kitu oge,
Jauh ka dulur anggang ka baraya,
Euweuh dayeuh teu boga imah,
Tapi,
Namana rarasaan teh
Asa reugreugangen jongjong hate!?!

Euweuh sieun, euweuh keueung,
Euweuh nineung hayang mulang………

Jeung ku naha rasa hate teh,
Ayeuna mah
Neuleu ka bagus teh
Asa beda teuin ti bareto?!?

Sebut nyaah,
Geuning ku leuwih!
Sebut deudeuh
Tapi leuwih nyerep!
Sebut, sebut……..
Sebut resep anu bogoh,
Asa ku lain kitu rasana…….

Da bareto mah
Waktu deuk dilakiankeun
Montong teuin aya bogoh
Disina resep geh
Kalah ka geuleuh……..!

Tapi ayeuna
Mun aya awewe sejen
Mikahayang ka den bagus
Rarasaan
Hayang nyao heula jajatenna!

Anu kieu kituh
Anu disarebut jodo teh?!?

Jeung ari bareto mah
Ari neuleu rakean
Asana teh
Tara gedag dina hate……..

Tapi ku naha ari ayeuna,
Asa, asa………
Ah kupalias teuin!”

Kitu ceuk sora anu karasa di ati nyi putri!
Pikiranana pabaliat.
Inyana teu bisa hees………..

Lajuna mah
Nyuliksik sabari ngedeng………

“amun ka bagus ninggang di apes,
asana teh
moal hirup eudeuk leungiteun
da aya rakean………….
…………………………….
palias!
………………………

tapi atuh ku naha
ka rakean teh
bet asa jadi……….
………………………
asana
amun ngedeng kieu duaan
euh……………….
……………………
palias ah, palias………………..!

kitu ceuk sora anu nyarita
dina ati putri purnamasari!
Pikiranana tambah acak-acakan
………………………………………….
nyaliksikna sabari ngedeng
matana sabari peureum;
tapi hate,
hatena mah
cara ijuk anu kusut……!
………………………………

kocapkeun bae:
dina rujuk rada jauh
kasintu hudang haliwu
jeung cangehgar pating cawehwer…..
ngabejaan
yen di wetan
langit hear-hear eukeur caang!

Urang kocapkeun bae:
Anu tiluan narindak deui…………
Unggah gunung, unggah gunung
Unggahna lempeng ka kidul
Aya anjog ka punclak anu ruhur!

Ceuk nyi putri:
“gunung naeun ieu teh
manan panjang-panjang teuin,
ti kulon ngembat ka wetan
teu pegat-pegat nyambung ka runtuy?”

ceuk rakean:
“gunung kendeng;
sabab ngendengna sapanjang jagat!
Ari bagian-bagianana
Nu raruhur jaradi gunung
Sewang sewang baroga ngaran,
Tuh,
Anu di kulon awun-awunan
Etateh gunung halimun;
Nu diwetan lapat-lapat
Gunung salak jeung pangrangguh……….
……………………………………
tapi naeun di ditu teh;
jiga urut pangrearaban!?!

Laju ku inyana diilikan
Rakean atoh jasa
Sabab tetela
Urut ngararab batur-batur nu ti heula
Nu marundur nuturkeun raja………

Ceuk inyana:
“hayu geuwat
urang susul!”

laju nyarusul………………..

(gunung anu punclakna aya urut pangraraban tea, nya eta anu kiwari disebut gunung perbakti, sbab baraktina lima awewe, ngaranteurkeun raja jauh ti musuh nu di catur dina pantun ngahiangna pajajaran.
Di urut nyi putrinyaliksik sabari ngedeng, engkena teh jadi lembur anu kwiari disebutna ci asmara.
Gunung pangrangguh kiwari aya keneh; tapi ngaranna di rarobah jadi gunung pangrango.).

Panjang untar teh ruhur ajulan
Tapi beurat nyoglokeunana!
Nya kitu panjang carita
Panjang waktu nyaturkeunana
Pikeseleun ngadengena…………….

Ayeuna mah
Nu jarauh urang deukeutkeun,
Anu kosong urang ampihkeun
Nu eusian urang sodorkeun
Sarongkongeun tukang pantun!

Sabab tukang pantun mah,
Panjang soteh
Dina rongkong ka susuguh!

Ari keuna catur galur pantun
Nyaona teh:
Ngan sakur tina aweuhan
Aweuhan jentrengna tali
Tali pantun nali ka ati
Nu nalian jaman baheula
Keuna jaman anu kiwari
Jeung tina beja pihapean
Ti jelema nu nyaraho
Tapi hanjakal
Heunteu kungsi ngarilu nyorang
Jaman pajajaran jaraya keneh!

Urang caritakeun bae:

Ti gunung perbakti laju marudun;
Den bagu leumpang di hareup
Nyi putri jadi di hapit
Ku rakean anu di tukang.
………………………….

mudun, mudun………….
nepi ka hiji leuweung
anu rasamalana sagede-gede kebo
jarangkung hieum ku tangtang angin
anu raweuy tingrarumpay
tinggarebay ditebak angin
cara buuk cawene keur ayun-ayunan………

pileumpangan hese jasa
kahalangan howe reujeung areuy

howena sagede-gede bitis
areyna sagede-gede beuteung
jeung kamurang jadina karep
hese jasa ngahuaykeunana……..!

katambah sajajalan
kunyuk, lutung eujeung or
jeung surili sih ganti
ti ruhur tangkal teu eureun-eureun
maledogan kubuah bengang
atawa
ku podolna pigeuleuheun………!

nya anjog ka anu rada caang
lancar howe, lancar tandang
kamurangna teu rarapet deui!

Ceuk rakean:
“ceuk kula geh ulah nakal!”

ceuk den bagus:
mun nuturkeun lacak anu ti heula
mapay taratasan urut ti batur
rakean,
memang leumpang bisa gancang!

Tapi batur anggeus jauh
Jeung beusi di lebahan anu singkur
Aya musuh keur nanggoan!”

Den bagus kara mah ngomong anggeus
Ari hias ti tangkal kondang
Aya nu gede hideung bari ngagereng
Luncat ka pundukna raden bagus!

Raden kumbang bagus setra
Keur di tuburuk maung kumbang

Tapi lain maung nubruk den bagus
Sabab ti tukangeun nyai putri
Rakean luncat leuwih gesit

Jadi:
Lain kumbang nubruk kumbang
Tapi
Rakean nubruk maung
Marieuskeun beheung kumbang
Memeh nepi ka den kumbang!

Ceuk rakean, bari nijak hulu maung nu geus modar
“pantak gelap!
Teu kadeuleu sia megat jalan
Ngadepong di danan kondang!”

Ceuk den bagus, bari nyekel punduk rakean:
“kula teu nyao deui
sabaraha kali dia bela ka kaula;
tapi kaula
can nyorang bela ka dia!

Ku sabab kitu,
Rakean,
Dia dahu di kaula!”

Ceuk rakean, bari neuleu ka bangke maung:
“kula mah
teu boga rasa anggeus bela
boro-boro bela pieun dahu ka dia!
Apan dia teh minantu raja
Ari kaula
Apanan ngan badega
Dipapancenan jadi puragabaya
Di pihapean kawaluyaan dia jeung nyi putri

Hayu urang laju
Panjang keneh papayaneun!”

Ari nyi putri?
Hilang reuwas bijil atoh!
Rasa atoh
Tapi disambaraan rasa sejen
Nu teu tembong dina semu
Tapi
Ngan ngagenclang di sinar mata
Di sileup di jero angeun……………
……………………………………………..
“ku hayang ngarangkul bari dirangkul,
hayang ngarasa pakeupeul leungeun…….!”

tunda heula!

(di urut beuheung maung di parieuskeun, engke ngadeg hiji lembur. Ari ngarana?
………. lain, lain cimaung; tapi nepi ka kiwari disarebut cidahu).

Urang tilik heula jaya antea!
Anggeus inyana leungiteun lacak di ranca maya, inyana laju ngetan heula, laju ngidul, ngidul……………………
Kocapkeun anjog ka hiji lebah, kiduleun cidahu anu kiwari.
Di dinya inyana reureuh jeung baladan tujuh belas!
Rereuhna geus sababaraha pos!

Jaya antea,
Jelema nu tara gampang-gampang eudeuk woleh, mun itunganana can bukti buntu…………….

Jaya antea,
Urang pajajaran anu sajati
Tapi biluk kabujuk musuh!

Baladna nu tujuh belas
Urang pajajaran nu sajati
Tapi biluk kabujuk musuh
Ku sabab
Harayang boga bidadari opat puluh
Rampaeun engke di eudeuk hees
Mun tos paeh hirup deui……….!

Sanajan leungiteun lacak
Tap jaya antea nyao
Yen tangtu
Rakean jeung den bagus mawa nyi putri
Mudu nyarusul raja nu eukeur mundur!
Ngan jaya antea heunteu nyao
Ka mana raja leosna
Sabab waktu raja
Ti pancawati meuntas ka perbakti
Jaya antea mah geus ngaliwat,
Geus aya dilebahan cidarum kiwari!

(mantakna disebut cidarum, ku sabab waktu aleutan pajajaran ngarasa lajuna teu bisa gancang mun sabari ngagiring munding-munding nu dibawa mubus, eta munding-munding teh laju disumputkeun ka jero hiji leuweung. Laju sina darerum di jero leuweung.
Darum – depa, tapi sabari ngawaskeun jeung taki-taki. Baheula mah munding-munding didinya teh, garede jasa; .. sajaba ti griras teh, oge garede jasa. Ceuk anu nyorang nyao mah, gedena teh, cenah mah sagede-gede gajah! Jeung disarebutna munding pajajaran.
Malah mudning-munding citarum bareto, bareto sok disarebut munding pajajaran!
Deui ceuk beja bareto mah, bareto teu jauh ti cidarum, sok kadeuleu ujung-ujung loba munding garede anu las-les deui teu kanyaoan kamana ijigna!
Cenah kitu oge ceuk cenah keneh bae, kapeung-kapeungdi hiji mumunjul di sawah anu lempengan ka gunung gede, di waktu keur reup-reupan mantas sorena hade lajungna, atawa mun tangari hujan poyan dibarengan galedag gelap-dordar, sok teges katembong aya munding jalu gede jasa, ngajagrag sabari nganin, dangah jaga keur nanggoan musuh….
Urut jaya antea reureuh jeung baladna tujuh belas, kiwari jadi lembur anu bareto disebut lembur pajagaan; tapi digampangkeun nyebutna jadi: pajagan).
………………………………….

koapkeun waktu rakean deuk kaluar ti lwuweung kamurang.
Harita
Tipajagaanana anu buni
Jaya antea neuleu nu tiluan eukeur mudun!
Laju ku inyana dipegat pijalaneunana!

Tapi
Moal dingaranan kalang sunda
Mun rakean
Heunteu bisa ngarasa heula
Aya bahaya megat di jalan…………

Ceuk rakean ka den bagus:
“tuturkeun kaula;
ulah eudeuk randag-rendeg.
Tapi pura-pura dia teu nyao!”

Ceuk nyi putri:
“aya naeun”

ceuk rakean:
“aya nu megat, tapi jauh keneh!
Dia duaan mah ngidul terus.
Tapi leumpangna mudu gancang
Mudu susulumputan bari repeh!”

Ceuk nyi putri:
“ari dia rakean?!”

rakean heunteu nembal; tapi leumpang gancang jiga teu eungeuh aya bahayamegat hareupeun.

Sup arasup ka handapeun jero bungur!
Ceuk rakean bari harewos:
“inget!
Leumpang ngidul!”

Ceuk den bagus jeung nyi putri:
“ku naha?
Aya naeun?”

Ceuk rakean:
“tuh deuleu!
Di lebak lebah nu lapang
Dina batu nu ngagunuk
Tuh,
Tukangeun batu anu gede!

Anu gogomdombrohan di lebah dieu mah
Jeung mungkus huluna ku simut kandel,
Geus moal salah deui:
Si antea

Inget!
Ulah aya daun gedag teuin,
Ulah aya pangpang anu katincak
Dia duaan leumpang ngidul!

Kula mah eudeuk ka wetan
Nyieun musuh sina keder!

Engke oge nyusul
Tapi ulah deuk diarep-arep!”

Ti dinya inyana misah;
Nindakna gancang ka wetan
Bari ngahaja
Ngadupakan tangkal anu laleutik
Supaya gedagna kadeuleu ti lebak!

Karuhan
Anu maregat teh mani curinghas;
Laju ngarudag anu ka wetan……….!

Tunda
Anu kawetan ngagedag tangkal
Disusul ku nu katipu…..!

Urang susul heula raden bagus:
Jeung nyi putri
Inyana leumpang ka kidul
Ngidul, ngidul……..
Narindaknarerencepan!

Nyao teuin lempeng nyao teuin heunteu
Tapi anu puguhna mah
Nindakna teh memang ka kidul………

Nya anjog ka leubah rada datar,
Aya tangkal kalapa jiga gugupay
Jangkung ruhur nyorangan bae…………..

Di dinya laju reureuh
Bari nanggoan anu pandeuri
Ngarepngarep kasusul rakean!

Tapi anggeus lila
Nu ditanggoan acan tembong
Nu diarep-arep acan bae datang.

Ceuk nyi putri:
“kaka!
Geuning euweuh bae!
Boa-boa inyana tiwas!”

Ceuk den bagus:
“nyai!
Rakean,
Moal aya dua,
Moal aya tilu!
Kaka percaya inyana lolos.

Meungpeung poe beurang keneh,
Urang lajukeun nindak urang
Sugan-sugan di beh ditu
Aya batur nu tinggaleun
Kacapean nuturkeun ama!”

Laju narindak deui.
Waktu geus deukeut sareupna,
Narepi inyana
Ka hiji lebah pibeutaheun!
Laju ngarereb……………

Ceuk nyi putri:
“kaka!
Ku betah cicing di dieu!
Mun gnababakan di dieu!?!”

Ceuk den bagus:
“acan wayah!
Sabab musuh ngudag keneh!
Anggur itu tepus
Ku dia ala daunna
Urang jieun saung!”

Teu lila saung teh anggeus
Sup arasup……………
Bareng ajeung asupna matapoe
Ka tungtung deuleu di beulah wetan
Langit nu tadina semu hauk pulas hojo,
Laju jadi caang ku sinar bulan
……………..
……………..
caangna mapay ka ruhur……..!

ti tukangeun pucuk tatangkalan leuweung
di ruhurna kendengan gunung-gunung
nu tembongna
jiga unggulan sieun geblegan poek
bijil bulan jiga nyiru
nyaangan jagat ku cahyana
anu caang tapi iuh…..!

sari gunting nyora ti peuting
cara bangaing nu ngajak nyaring
ku petitna anu nyeuit
ngait nyelis ka jero ati…..

dibarung kacrukna cuhcur
nyawar-nyawar ti kajauhan
ngahudangkeun kanineung sedih
ngagagan nu anyar ngumbara…..!

manukna mah heunteu kadeuleu
ngan tangkalna anu katembong
dicaangan bulan keur unggah
nu cahyana
semu hejo pulas biru……!
………………

bulan unggah mingkin ruhur
cahyana nyorot ka saung,
nyaangan anu dariuk,
parerendeng nyararing keneh!

Den bagus diukna
Sabari nangkeup tuur
Neuleuna mah neuleu ka luar
Tapi
Jiga euweuh anu aya dina deungdeuleuanana
Jiga ngawang-ngawang pikiranana,
Jiga jauh leleumbutanana……

Nyi putri
Diukna ngahujar lambar
Bari nyaliksik dipalipisan
Jiga mikir jeung ngalamun……….

Duanana heunteu ngaromong;
Tapi
Sewang-sewang dijero angen
Aya sora nu ngaharewos:
“kumaha pilajuenana?
Geuning geus sakieu lilana?!?
Keur indit tea
Wayah bulan deukeut ka leutik;
Ayeuna
Geuning bulan geus buleud deui!”
…………………………………

tunda
urang tunda heula
nu nyaliksik jeung nangkeup tuur
sampeureun sakeudeung deui!

Urang tuduhkeun heula:
Tangkal kalapa anu nyorangan jiga gugupay, kiwari mah anggeus euweuh! Ngan diurutna, engkena teh ngadeg hiji lembur anu nepi ka kiwari disarebutna: kalapa nunggal.
Di lebahan urut saung nu kasorot bulan nu cahyana semu hejo pulas biru, engkena teh ngadeg hiji lembur anu disarebutna cibanawulan.
Mantakna disarebut “banawulan”, ku sabab dilebah dinya mah, warna cahya bulan teh sering-sering jiga semu hejo rada biru, cara warna kembang bana (bana = jarong cucuk).
Ceuk anu kungsi nyorang manggihan, cenah mah, amun dibulan anu kadalapan, bulan buleudna sampurna lempeng ngungkulan tangkal sempur dina mumunjul tonggoheun lembur, handapeun eta tangkal teh sok katembong aya anu jaga keur nangkeup tuur, nyanghareupanna ka sagara kidul…….!

Ayeuna mah cenah,
Urang balik deui neang rakean………

Inyana diudag-udag
Ku antea jeung baladna

Tapi rakean,
Lain rakean anu kiwari!

Inyana gancang jasa
Salampat-sulumput bari ngagedag
Lajuna mah…..
Deuk, hanteu kadeuleu……
………………

euweuh kamurang anu garoyang
euweuh daun anu gareadag
euweuh pangpung sora katincak
euweuh areuy tepak muranteng….

ari rakean laju kamana?

Anggeus sapoe jeung sapeuting
Ngahaja sina dikepung musuh
Inyana laju nguliwed
Terekel naek
Keuna tangkal pisang kadukaan.

Nya laju morengkel dina kadako uncal
Ngahephep
Cara cereuh eukeur hees!

Anggeus musuh rada jauh
Inyana turun cara kunyuk
Tina dahan ka dahan deui
Jrut turun sabari luncat
Sup terolong ka jero rungkum
Mulang deui ka kulonkeun………
Bari nyiar lacak tapak den bagus!

Ari musuh?

Barang jadi himeng leungiteun anu dikepung
Arinyana tempa-tempo
Ka sakur anu gorowong
Kurah-koreh
Ka sakur anu ngagunuk
Rajak-rojok
Ka sakur anu nyangkewok
Nya lajuna mah:
Caringogo!

Caringogoooooooooooo bae!
Bari diuk luak-lieuk
Nyarabutan cucuk tina suku
Nyarabutan pacet tina kelek
Ngagaroan tuma handapeun kanyut……!

Nu cingogo urang tinggalkeun
Urang mah ngudag rakean……
Rakean leumpang gancang!
Tapi matana
Nyiar lacak teh gancang teuin
Nepieun ka salah deuleu…….

Puguh lacak urut maung
Disangkana lacak den bagus
Nya inyana laju ngidul
Ngidulna ngetan saeutik……

Laju anjog ka hiji lebah
Nyanghareupeun gunung nu rada ruhur!
Laju unggah

Ari jaya antea?
Jaya antea teh:
Antea anu jaya;
Lain jaya urut kopral jasinga
Tapi jaya
Nu jayana can antehen!

Anggeus leungiteun anu di kepungan
Inyana karek anggeh tina lacak
Jen anu diudag-udag teh
Lain tilu urang
Tapi
Baruk geuning ngan saurang
Nu pinteur nipu bisa ngileus!

Inyana keuheul kaliwat saking
Laju najongan anu cingogo!
Bari haheakan:
“mantog, mantog!
Susul ka kidul, buseeet!”

Jaya antea lanjut ka kidul
Ngidulna nyao teuin ka mana…..
Ngan lumpatna
Sabari ngabeubeurkeun jubah…..!

Anu ditajongan
Nya karuhan bae meni lalinu
Cara anu eukeur kumpenian
Mulak timbel lain di wayah
Kasurudug kebo edan……..

Anu keur nabut cucuk tina suku
Ngabebetkeun deui cucukna
Malah leuwih jero manan ti heula!

Anu ngadudutan pacet dina kelek
Ngarau deui pacetna nu beunang mencet;
Dijejelkeun ka jero iket!

Anu ngagaroan tuma?
Ken bae tuma-tumana
Diawurkeun ka hulu batur….

Laju laumpatan
Jiga ajag nuturkeun datona!
Aya nu egle-eglean,
Cara leumpang anjing pincang
Aya nu kekepes bae
Ngepeskeun pacet nangkel di jewer
Malah aya nu sabari gugutrut
Ngagutrut tuma handapeun kanjut!

Keun sina lalumpat…..
Urang mah
Urang nyampeur deui raden bagus!

Anggeus beurang deui!
Ceuk den bagus:
“kumaha urang ayeuna?
Asa keder pijalaneun!”

Ceuk nyi putri:
“urang unggah
ka gunung anu di wetan!
Sugan ti ruhur mah
Kadeuleu pijalaneun
Eujeung sugan-sugan
Kadeuleu rakean leumpang!”

Laju ararunggah………………………
Kocapkeun geus deukeut ka punclakna!
Nyi putri neuleu buah ceuri ararasak
Den bagus laju naek
Nyi putri nanggoan dihandap.

Barang inyana eudeuk mulung ceuri
Anu murag keuna rungkun,
Golosor bae
Oray panjang sagede cangkeng
Nubruk ka nyi putri!

Ngadenge jerit nyi putri
Den bagus tuturubun
Sejana deuk nulungan.

Tapi oray anu gede,
Geus ngalilit ngagulung nyi putri!

Oray dibetot bari ditenggeulan
Tapi lilitana heunteu udar;
Kalah ka huluna
Calangap nyantok den bagus!

Hulu oray beunang ditewak
Tapi beuheungna gancang jasa
Meulit kana leungeun den bagus
Ngalilit sabari narik!

Laju den bagus jeung nyi putri
Dibeulit dirampid hiji!

Barang awak arinyana
Eudeuk diremukkeun
Rakean geus aya diruhur gunung!
Kadenge ku inyana
Jerit nyi putri tilu kali!
Jeung kadeuleu ku inyana
Hulu oray deuk macok nyi putri!

Rakean nyaho
Yen euweuh deui waktu pikeun nulung
Sabab samemeh inyana nepi ka oray
Nyi putri tangtu remuk mantare!

Ceuk ti barang mimiti oge
Apanan anggeus dibejakeun
Rakean teh
Lain rakean sa-rakean-rakeanana!

Inyana laju niup ka lempengan oray……..
Oray laju leuleus
Lilitanna laju udar
Cara tali wengku pegat cangreudna!

Tapi den bagus ngagoler bae
Jeung nyi putri can eling-eling!

Ku rakean
Den bagus digusur tina beulitan oray
Laju rakean manggul nyi putri
Dikaluarkeun tina lilitan

Tapi waktu diangkat
Samping nyi putri
Pageuh katindihan oray anu gede….
Nyo bolonyon bae….
Anu dipangku teh
Heunteu beda tina keris
Nu dilugas tina warangka
Tembong pamor tembong eluk
Tembong combong di gajahna!

Kadeuleu kabeh geh ku rakean!
Tapi rakean anu harita,
Lain rakean anu kiwari!
Geterna di hate rakean
Karasana
Ngahuru sakujur awak!

Moal aya deui wayah anu laginah
Moal aya deui mangsa sulaksana
Tapi
Apanan ceuk tadi oge
Rakean anu harita
Lain rakean anu kiwari!

Sakeudeung,
Tapi ngan sakeudeung
Inyana nangkeup enya pageuh
Laju nyi putri digolerkeun lalaunan.

Ngagoleurkeunana
Bari ngusap bujur nyi putri;
Laju rakean ngudar iketna
Diturubkeun ka nu buligir!

Ti dinya
Inyana nyampeurkeun ka oray
Anu anggeus heunteu walakaya deui
Digusur dina buntutna
Laju digebotkeun keuna gunung!

Oray lebur ancur euweuh sesana
Jaba ti logak anu ngageleng
Tapak nyeblok dina gunung
Urut rakean ngagebotkeun oray!

Kocapkeun den bagus geus eling deui
Inyana ngorejat bari reuwas
Marukna
Nyi putri geus dilegleg oray!

Barang inyana neuleu rakean,
Den bagus teh atoh jasa
Ceuk inyana:
“rakean!
Kumaha?”

Ceuk rakean:
“hirup!
Tapi acan lilir;
Tuh dilebak
Geura bikeun sampingna!”

Harita nyi putri lilir tina teu ingetna
Barang neuleu sabuligir
Ngan dituruban ku iket bae
Ceuk pikir inyana:
“kamana samping?
Jeung ieu iket
Jiga iket rakean…..?!?”

Den bagus ka lebakkeun
Ngajingjing samping bari atoh

Tapi barang geus deukeut
Inyana neuleu nyi putri saturub iket rakean
Ngadak-ngadak asa aya seuneu
Ngalentab dijero hatena!

Ceuk sora di jero den bagus:
“kurang ajar!
Tangtu……!”

Laju ceuk den bagus ka nyi putri:
“tah, samping sia!”

nomongna sabari ambek
mikeun sampingna dialungkeun
jeung sabari leungeunna
nyekel landean kujang!

Inyana deuk ka tonggoh deui
Tapi barang nyi putri
Neuleu anu ambek heunteu puguh-puguh
Ngarontok ngajeuwang leungeun den bagus.

Ku nyi putri kadugah ambekna den bagus;
Ngajeuwengna leungeun den bagus
Bodas jasa
Nepieun den bagus mani ngarandeg
Ngarandegna sabari neuleukeun.

Kadeuleu ku den bagus
Cimata nyi putri nyarakclakan
Tapi
Dibalik reregan cai mata
Aya sina anu nyorot
Anu ayana
Ngan dipajajaran mun keur ambek!

Ceuk nyi putri, bari ngasongkeun dadana:
“eta kujang
leuwih hade ka dada kaula
mun dia nuding
kula dilakian ku rakean!

Memang bener,
Balayar parahu di sagara
Tara katembong aya lacakna!

Amun geus jauh!

Ari parahu deukeut keneh mah
Ninggalkeun buih di pandeuri!

Tah pariksa ku dia!”

Nyi putri ngadedetkeun leungeun den bagus,
Najan di den bagus can aya kereteg
Tapi leungen den bagus
Anggeus miheulaan sorangan
Mariksa neangan bukti…..!

Tetela;
Kabeh parageuh keneh;
Euweuh endog penyu anu peupeus
…………
laju ngilikan iket rakean
euweuh urut tapak geutah kiray;
laju neuleu jukut
diurut nyi putri diuk
euweuh getah susur tinggaleun nyangrung!

Ceuk den bagus:
“hampura,
kula teh kaburu napsu!”

laju inyana katonggohkeun
nyampeur rakean semu era!

Nyi putri laju dangdan!

Ceuk den bagus:
“rakean!
Dia bener dahu ka kaula!
Hartina:
Dia bener-bener boga kawasa
Mudu dikaulaan ku kaula
Jeung kaula
Mudu ngandahkeun jeung ngahormat dia!

Amun kaula ninggang di apes
Rakean,
Kula mihape bikang kaula
Etamah sabodo dia
Kula moal nyeuri hate sajeroning paeh!”

Tapi ceuk rakean:
“raden!
Kula memang kapihapean;
Kapihapean ku ki lengser eujeung raja!
Tapi kapihapeanana
Lain kapihapean nyai rangda
Kapihapean oge
Kawaluyaan dia jeung nyi putri!

Ayeuna mah,
Anggur urang nindak deui
Sabab panjang keneh pilampaheun!”

(gunung urut rakean ngabetot oray, kiwari aya keneh, disarebutna geh gunung oray. Ceuk carita baheula anu nyaraho, kapeung-kapeung di ruhur eta gunung sok katembong aya oray cusuleugeugan. Rupana hauk semu hideung.
Ceunah mah gedena, sagede gulungan kasur; cusuleugeugan ruhur jasa, jiga oray nage deuk nyamber.
Ti dinya, eta oray sok laju nyebrut ka awang-awang, dibarengan ku angin kenceng jasa, sabari meunggas-meunggaskeun dahan tatangkalan, laju ngiles……….)

Urang caritakeun:
Nu tiluan turun ti gunung, nindakna ngidul keneh.
Nya tengah tungturunan, kadeuleu ti ruhur,
Aya leuweung uplak aplak
Anu tangtakalanna sakabehna
Pucukna rata mayakpak………

Anggeus ngaliwatan eta leuweung
Arinyana jol ka hiji lebah
Anu ayana di lebak kabina-bina!

(leuweung anu pucuk tangkalna pada rata mayakpak, kiwari mah anggeus kari saeutik. Kiwari di dinya aya lembur disarebutna: leuweung datar.
Lebak anu lebakna kabina-bina, kiwari aya keneh. Di dinya aya lembur anu kiwari disarebutna lebak jero.
Tapi lebakna geus heunteu jero kabina-bina cara baheula.)

Tunda
Keun sina reureuh!

Urang tempo jaya antea!

Ti urutna inyana leungiteun rakean
Inyana laju ngabagi-bagi baladna
Genep urang maju ka kulon
Ti kulon malik ka kidul
Genep urang deui
Mudu maju sabari lumpat
Lalumpatna lempeng ngidul
Meunang reureuh
Anggeus lumpatna
Dua poe dua peuting!

Ari anu lima urang deui,
Mudu ngabaturan inyana…….

Urang kocapkeun bae;
Jaya antea nepi ka hiji gunung!

Barang inyana keur tempo-tempo
Kadeuleu rentang-rentang ti kaanggangan
Aleutan den bagus
Keur arunggah ti jero lebak.
Laju ku inyana dipegat jalanna!

Anggeus deukeut ka pamegatan,
Ceuk rakean:
“ke!
Ulah wara laju!
Ieu bau-bau teurab kabuli!
Ulah-ulah si antea keur megat deui!

Dia jeungnyi putri
Mudu make jalan itu
Mapay gawir nu lungkawing!

Geura arindit;
Tapi mudu rencep!

Kula deuk cara ti heula
Nyieun musuh sina keder!”

Den bagus jeung nyi putri
Narindakeun misah ti rakean,
Marisahna rerencepan
Mapay gawir nu lungkawing
Anu poek remeng-remeng
Ku howe pabeulit kerep…..

Barang nyi putri jeung den bagus
Anggeus jauh
Rakean laju maju deui;
Heunteu ngenca heunteu ngatuhu
Tapi lempeng ti urut tadi!

Urang caturkeun heula jaya antea!

Inyana megat di anu buni
Anu buni ku rurungkunan
Rada anggang ka beh jero
Tapi megatna jauh teuin!

Ku sabab nyumputna buni teuin
Jeung ku sabab jauhna
Jauh teuin

Ku inyana heunteu kadeuleu
Den bagus jeung nyi putri
Nguliwed ka sisi gawir
Laleumpangna mani nyelemped!

Nyelemped dina canir
Nyelemped mipir gawir
Murantang dina areuy
Nyukang dina kayu rubuh…….
…………….
mingkin lebak mingkin jauh…….

dina pamegatanana
jaya antea ngeunah angen!

Bari ngagikgik seuri leutik
Cara inyana ngomong sorangan
Bari ngusap-ngusap
Ti lebah bujal ka handapna
“mampus ayeuna si bagus,
modar ayeuna si rakean!
Nyi putri boga aaaaaaaaing!
Hihihih……….!”
……………….

rakean salah ngitung!
Anggeus inyana leumpang meh saparapat poe,
Ku inyana heunteu kanyahoan deui,
Ti jero rungkum aya nu nubruk
Nyarekelan pararageuh jasa
Jeung sukuna laju dibeungkeut!

Harapeunana
Nangtung tulak cangkeng
Sabari ngasongkeun peureup
Jeung popolotot bari kekerot;
Jaya antea
Katembongna gagah jasa
Jiga buta duruwiksa!

Ceuk inyana:
“tah ieu, begu pajajaran teh!
Dikamanakeun ku sia, nyi putri purnamasari?!?”

Rakean cicing bae

Jaya antea nanya deui

Tapi rakean cicing bae!
Lain cicing hanteu lumpat
Tapi cicing hanteu nembal
Teu nembalna
Ku sabab inyana keur mikiran
Kumaha ngakalanana
Supaya nyi putri ulah kapanggih!

Jaya antea nanya deui;
Nanyana sabari najong!

Tapi rakean hanteu nembalan;
Tapi matana,
Mencereng cara mata meong;
Ceuk jaya antea bari kekeret najongan rakean:
“ulah ngajedog bae!
Dimana nyi putri purnamasari?!?”

Tapi rakean mah cicing bae!
Karuhan
Ambek jaya antea tambah rosa!
Rakean
Ku inyana:
Diteunggeulan
Ditajongan
Direuhakan
Dilejek
Diluluh
Ditenjrag mamatihna………!

Tapi rakean anu harita,
Najan disiksa dikaya-kaya
Inyana mah cicing bae
Jiga anu ngeunah-ngeunah
Awak carangkeul dipencetan
Euweuh kulit lecet saeutik
Euweuh buuk murag salembar!

Ku jaya antea
Inyana dijungjungkeun
Digejretkeun
Bari diluluh……
Tapi
Rakean mah
Jiga anu ngeunah-ngeunah bae!

Ceuk jaya antea:
“dipodaran siah”

ceuk rakean:
“komo mun modar,
moal deuk dia nyao
kamana lumpat nyi putri!”

ceuk jaya antea:
“heueuh!
Mending ulah wara dipodaran!
Ka mana nyai putri?
Ka mana?!?”

Ceuk rakean:
“hade!
Kula eudeuk nujah ka nyi putri;
Tapi buka heula suku!”

Tali beungkeut suku rakean laju dibuka.

Ceuk rakean:
“nyi putri
ku kula disina ngetan lempeng ngidul;
tuh, ka giraneung gunung nu itu!
Hayu! Ku kula dituduhkeun!”

Rakean dicangkalak, laju dititah leumpang!

Tapi ceuk rakean:
“ku sabab tuur kula pateuh
urut diluluh tadi ku dia
ayeuna kula teu bisa leumpang!

Pangnyieunkeun geyotan
Atawa nyieun gorongan
Anu kula bisa diukan!

Buru-buru beusi nyi putri indit mantare!”

Ceuk jaya antea ka baladna nu lima:
“nyieun tandu!
Tandu……..!”

Laju balad anu lima,
Nyarieun tandu,
Nyieun tandu juru tilu
Kayuna ti dahan randu
Randuna, randu cucuk;
Dikurawetna
Ku tali areuy cucuk;
Pangdiukanana
Cara salimar dina parahu
Tina kayu kepuh cucuk!

Laju rakean ditaraekeun,
Digorotong ku tiluan
Di hareup saurang
Di tukang duaan
Dituturkeun ku jaya antea
Nu ngagikgik bari ngingiclik
Seserengehan bari ngalamun
Geus nanangkeup nyi putri!

Ari balad nu dua deui?
Purah nyacar jalan pileumpangeun……

Ceuk den bagus tadi oge:
Moal aya rakean dua-tilu!
Inyana teh
Lain pateuh lain potong
Tapi
Digogotong soteh
Hayang ngabadegakeun bae!

Ceuk rakean:
“kula bisa modar samemeh nepi
digojlok-gojlok dina cucuk!
Nginjeum sorban dia jaya antea;
Pieun tilam kula diuk!
Nginjeum,
Abeh buru-buru urang nepi!”

Ku sabab sajajalan
Anu ku jaya antea kacipta bae
Ngan nyi putri anu denok
Nu bujurna demplon galemoheun
Jaya antea teu mikir deui
Song bae sorban dika-rakean-keun!

Hayang geura nepi bae
Hayang geura nangkep anu bahenol!

Leumpangan teu eureun-eureun
Ngaburu-buru anu narandu…………

Ari rakean mah,
Anggeukleung sabari nyengir!
Halon, cara tumpak kahar balon!

Ceuk ti heula tadi oge,
Rakean anu harita,
Lain rakean anu kiwari!

Inyana heunteu eureun-eureun
Peledek deui peledek deui
Hitut nembus tilam sorban…….
Atuh
Bau sorban jeung bau hitut
Anu bauna gunta-ganti
Mani nyerep keuna tikoro
Nya karuhan
Orolo, orolo bae
Nu narandu di tukang teh
Ararutan onghek-onghekan……….

Nya lajuna mah
Patingkudupruk
Tinggaloler satengah jengker!

Pikir rakean:
“tah,
parajaran ngaing ti ki lengser,
ayeuna ku ngaing dipecakna!”

ceuk jaya antea:
“rakean!
Atuh ulah hitut!”

Ceuk rakean:
“da bongan dia,
beuteung kula dilejek dia,
jadi bae mules teu eureun-eureun!”

ceuk jaya antea:
“atuh ari mules mah,
ulah dihitutkeun;
tahan bae……….
coba otah!
Mani dua pisan
Balad ngaing anu sakaler!”

Nu marabok hitut ditaringgalkeun
Sina tinggaloler di sisi jalan;
Laju anu dua purah nyacar jalan,
Disina ngagandong mikul di tukang!

Tapi heunteu lila
Sebab dilebahan anu nanjak
Rakean meledek deui….
…….orolo, orolo……….
anu ngagaranti nanggung teh
ting rempeyek
cara tangkal picun anu diuruk
koropok euneyuh ku rinyuk……..!

ceuk rakean:
“ganti!
Ganti!
Ganti anu gotongna!”

Ceuk jaya antea:
“euweuh deui!”

ceuk rakean:
“tuh, deuleu!
Anggeus tembong lebah-lebahna
Anggon nyi putri nanggoan kula!

Saenyana mah jaya antea!
Kula teh nyaah mikeun nyi putri ka dia!
Kadeleuleukeun baaaaaeeee
Mun inyana keur nyangkere…………..
Tapi
Ku sabab kula geus jangji
Jeung kaula geus dibarogod ku dia
Nya kaula mah teu bisa kumaha!
Mudu buru-buru
Beusi inyana indit deui!”

Ceuk jaya antea anu geus leleh kaedanan,
Jeung pikiranana
Ngan nyi putri bae,
Jeung ngalamun
Anggeus eukeur ngakeupeul
Nyonyo anu peungkeur aya kelohna:
“kumaha atuh, nya!?!”

ceuk rakean:
“dia, bae!
Dia di hareup
Nu dihareup
Sina katukang!”

Ceuk jaya antea:
“kurang saurang!
Mereun dengdek sabeulah!”

Ceuk rakean:
“make papalang!
Cara rancatan anu malang!”

Laju marasang papalang, laju narindak deui!

Jaya antea nanggung di hareup
Balad nu ti harep pindah ka tukang.

Ku sabab hayang geura nepi bae
Nya ngagotongna teh
Jaya antea teh satengah lumpat;
Nya karuhan
Anu nandu ditukang tea
Najan tanaga geus meh beak oge,
Jeung ambekanana
Geus sabari cacalangapan
Nya kapaksa mudu milu lumpat!

Ku sabab kagol dina ngalengkah
Nya jaya antea teh
Ngabebeubeurkeun jubahna
Dina cangkeng…………………

Heueuy deuh!

Mani sarua
Jeung campedak buruk
Ditumpangan terong kopek
Jeung ti beuteung terus ka bujur
Tararotol belang bodas
Pinuh hapur jeung urut radang………..!
Sebelllllllll……………..

(paralun!
Amun nyatur jadi teu uni!
Sabab kaula mah, nyaturkeun geh lalakon kuno,
Carita pantun jaman baheula
Anu bareda jelemana
Bareda tingkah lakuna
Bareda pangabisana,

Jeung
Najan beda sagala-galana
Tapi
Ari pikiran jeung lamunan
Jaya antea jaman harita
Jaba ti bener memang kitu
Oge moal eudeuk beda jauh
Ti pikran jeung lamunan
Jaya antea jaman kiwari……………!

Lalakon jaman baheula
Beda ti lalakon jaman kiwari;
Jeung
Beda lalakona
Oge beda nyaturkeunana………
Beda ti karesep jelema kiwari
Anu hanteu nyararaho
Kumaha saenyana
Carita pantun waktu baheula……….)

Urang kocapkeun bae:
Nepi ka hiji lebah
Nu dihapit ku gunung dua
Anu nujang papalimpang.

Anggeus kitu galur caturna
Nu diatur ku anu nyieunna
Ku jaya antea
Kadeuleu di hiji lebak
Di handapeun tangkal teureup
Aya awewe ngora oge geulis
Denok montok putih berenih
Eukeur mandi sabuligir
Saruru sabari nangtung
Ngajegang sabari nyurug
Di pancuran awi haur……….!

Deudeuleuan jaya antea,
Geus samar kahuru napsu……….

Gejret!
Tandu digejretkeun.

Juralit!
Rakean nyungseup ka hareup!

Gedebug!
Anu nandu di tukang
Tikusruk mani nutug
Huluna handapeun tandu
Sukuna
Racung ka ruhur;
Anu katuhu;
Jeceng cara tihang bendera
Anu kanca
Merengkel jiga deuk najah!

Bari hudang
Kadeuleu ku rakean
Jaya antea norolong ka lebakeun
Ajle-ajlean ka tangkal benda!

Ret rakean ka tukangeun!
Kadeuleu aya suku ngaracung!

Ceuk rakean:
“turunkeun eta suku!”

ku anu boga suku,
nu ngaracung teh di turunkeun!

Ceuk rakean:
“hudang!”

anu boga suku laju hudang
nempoan ti handapeun gotongan
sarangah-serengeh
tapi
jiga anu lalieur tujuh kuriling
jeung tarangna
bararenjol sagede terong………

ceuk anu barenjol:
“cangkalakna buka?”

ceuk rakean:
“ulah!
Pageuhan mah meunang!”

Laju dipageuhan!

Kocapkeun ayeuna jaya antea!

Deudeuleuna teh ngan nyi putri bae,
Sabuligir sabari mandi!

Teu antaparah deui
Gabrus inyana tuturuban ka pancuran
Bari leungeunna diraukeun
Tapi
Anu dirauna mah
Bet ngileus ngantarlina…………..

Rarasaan jaya antea
Inyana keur ngarangkul anu mandi
Padahal teh
Anu digugulung dirangkul teh
Catang paku anu rubuh;
Jeung anu digalemohan dikecrokan
Horengna sela batu anu lumutan!

Barang anggeus rada lila kaguguyur ku pancuran
Inyana kara engeuh………
Nya karuhan keuheul jasa,
Anu geulis leungit teu puguh-puguh
Inyana ambek jasa!

Hanteu nyahoeun
Anu tadi mandi teh;
Hiji ipri memang geulis!

Jaya antea unggah deui bari ambek!

Ari nepi ka tonggoh,
Ujug-ujug ngajujur nu barenjol.

Mani modar dijujur tikorona!

Bari ngalugas kujangna
Inyana nyampeurkeun rakean.

Ceuk rakean sabari nyanghareup:
“song!”

jaya antea ngarontok rakean
bari kujangna ditubleus-tubleuskeun
tapi kujangna
kalah ka miley sabari ngebul!

Jaya antea nyabut kerisna
Laju ditewekkeun
Tapi kerisna
Kalah ka ngeluk cara malam kapanasan
Jaya antea mapatkeun ajianana
Ajianana bawa ti sabrang
Tapi rakean
Hanteu igeug-igeug acan!

Ceuk rakean:
“antea!
Dia memang jaya dina kagagahan dia!
Tapi
Ku dia geuning kadeuleu
Euweuh pakarang dia anu teurak
Jeung ajian dia
Anu dipajarkeun pangunggulna
Geuning sarua keneh!

Antea!
Geuning tetela
Lain pakarang lain jimat
Lain ajian kasaktian anu anyar
Anu mawa jaya di alam ieu teh!

Kiwari lain wayah
Pieun kaula ngalawan dia.

Sabab lalakon urang duaan
Lain mudu anggeus di lebah dieu!

Antea!
Amun dia percaya bener-bener
Yen ngan sembaheun dia wungkul
Anu kiwari pangmanjurna teh
Kaula geh tetep percaya
Jen sembaheun kaula ti baheula
Moal deuk ninggalkeun kaula!

Memang bener,
Kaula teh
Nyembah ka batu eujeung ka kayu.
Tapi
Lain batuna lain kayuna
Anu ku kaula disembah dipunjung-punjung.

Sinembah pamunjung kaula, antea!
Nya kanu ngayakeun eta batu eujeung kayu!

Batu jeung kayuna mah, antea!
Ngan saukur marga paunggahan
Pieun ngunggahkeun pamunjungan kaula
Ka anu agung di mandala agung!

Kaula hanteu nyaho di tanah anu di saba ku dia.
Tapi
Tina carita ti luaran, antea!
Anu mariang ti dieu teh,
Di dituna
Cenah geuning oge mararunjung ka kuburan;
Ka kuburan
Anu lain tina emas
Eujeung lain tina salaka,
Tapi
Tina batu dina taneuh

Ayeuna kaula nanya kadia:
Marulang ti tanah sabrang,
Di dieuna teh laju loba nu jaradi beunghar!

Ceuk kaula,
Anu lain beunghar ti asal teh
Tapi jadi beunghar
Anggeus mulang ti pamunjungan,
Anu kitu teh:
Jadina beunghar beunang pepenta!

Anu di dieu mah
Disarebutna:
Muja!

Jeung kunaha
Anu beunghar beunang pepenta
Di tanah sabrang
Tarelengesna
Leuwih-leuwih manan jelema
Anu bareungharna
Meunang pupuja di nagara ieu?

Mun ceuk dia:
Ka sabrang mah lain muja;
Tapi,
Kawidian jadi beunghar,
Tanda katarima pangabaktianana;
Jeung kapinteuranana
Tina ngarajina.

Di dieu oge,
Nya kitu keneh.
Moal beunghar
Mun mujana teu katarima;
Atawa
Hanteu tuntas ti tapana!

Mun ceuk dia:
Ka sabrang mah
Puguh lain pupuja lain pepenta;
Naha dia nyaho, jaya antea,
Di hate jelema anu marantog ti dieu?

Piraku dina marantogna teh,
Ngarepkeun
Mararat anggeus mulangna?

Ayeuna, antea!
Dia percaya
Yen sakabeh anu kumelip,
Anu gedag anu usik
Eta kabeh teu dibogaan ku:
“anu ngan sahiji!”

kaula oge nya kitu keneh!

Eta “anu ngan sahiji” tadi,
Di kaula mah
Disarebutna:
“anu nunggal”
anu nunggal di sakabeh alam
anu nunggal di sakabeh jagat!

Naeun bedana antara:
Anu ngan sahiji anu dia
Ti
Sang hiyang anu nunggal anu kaula?

Seug!
Geuning ngan beda dina sebutan wungkul,
Jeung nga bedana
Dina lampah sinembahna!

Anu di dia
Disebutna:
Pasantrenan

Dikula mah
Ngaranna teh:
Padepokan.

Wujudna mah kitu-kitu keneh!

Bedana mah ngan dina ngaranna
Jeung dina marga jaranna!

Tapi tujuanana,
Hanteu geseh saeutik oge;
Nya eta;
Waluya hirup di jagat ieu
Waluya hirup
Di alam anu bakal kasorang!

Kaula hanteu bisa ngabuktikeun
Pamanggih kaula
Yen sang hiyang anu nunggal teh,
Tangtu
Eta-eta keneh jeung
Gusti agung dia anu ngan sahiji!

Amun dia, antea!
Bisa nganteur kaula
Ka karatonna gusti agung dia anu ngan sahiji,
Hade,
Kaula tangtu ayeuna keneh oge
Taluk ka jaya antea!

Amun dia bisa ngabuktikeun
Di mana cicingna gusti dia,
Antea,
Dia hanteu mudu giruk
Ka pajajaran
Nu manandeh ganti cara sinembah!

Kaula mawa kapercayaan kaula.

Bawa ku dia
Kapercayaan dia sakauman dia;
Tapi
Ulah nisikudi anu hanteu sudi!

Tuh deuleu!
Ieu cangkalak dia
Tuh udar sorangan!
Seug,
Geura susul kaula!”

Barang jaya antea nubruk rakean,
Rakeanna mah anggeus ngileus…….
Teu kadeuleu teu kadenge………….!

Tunda deui bae!
Deuleueuan sakeudeung deui!

Ayeuna mah,
Urang deuleu heula:
Gunung ti mana baheula jaya antea neuleu aleutan den bagus kal luar ti lebak anu jero, kiwari aya keneh. Disarebutna: pasir panenjoan.
Di urut lebahan rakean dikurubut musuh, engkena aya lembur anu disarebutna: pada ngenyang.
Urut rakean ngabibita jaya antea ku nyi putri keur nyangkere, engke na ngadeg lembur anu disarebutna: pamuruyan, ku sabab rakean nyieur uruyna jaya antea. Jadi lain ku sabab urut ngaburuykeun endog bangkong jaradi buruy!
Lebah anu tangkal teureup jeung pancuran di mana ipri geulis mandi sabuligir saruru sabari ngajegang, ayana di lebah lebak anu dihapit ku gunung walet jeung gunung bongkok kiwari.
Engkena di urut ipri jeung rakean pada ngarileus, ngadeg hiji kontrak anu ngaranan teh bakal sarua jeung antarlina!

Urang ilik balad jaya antea anu genep, anu dititah ngulon heula laju muter ka kidu! Kari lima urang deui, sabab anu saurang mah modar mabok gadung!

Kocapkeun arinyana nepi ka hiji gunung!
Di dinya laju reureuh;
Reureuh sabari marikir!

Ceuk anu jadi luluguna:
“heueuh, batur!
Urang teh geus sakieu lilana
Leuleuweungan jauh ti lembur!

Jeung saheueuhna teh
Pieun naeun urang nguber-nguber rakean?

Ti sainget kaula
Inyana mah
Acan nyorang nyusahkeun urang,
Sanajan nyaho geus lila oge
Urang teh ganti sinembaheun!

Jeung heueuh kituh
Ku urang ganti sinembaheun ayeuna teh
Anggeus tangtu urang teh
Moal udar kajayaan
Moal suda kaunggulan?

Ku sapedah ti seret ieu
Moal aya sembaheun deui
Anu cenah leuwih luhung leuwih agung.

Baheula
Urang teh boga nagara jeung rajana
Nagara urang jeung raja urang!

Tapi kiwari
Anggeus urang ganti sinembaheun
Geuning jadina
Urang teh ku naha bet
Dirajaan raja ti nagara dengeun?

Kula inget bareto keur budak keneh,
Carita uyutna aki kaula,
Nyaritakeun:
Engke teh
Matapoe di mandala pajajaran
Baris diganti
Ku
Bulan sapasi
Lalayunan bintang sahiji
Laju:
Urang pajajaran
Digaranti sinembahna
Jeung nyembahna
Marudu ngulon nyanghareupna!

Tah,
Kiwari geuning bukti,
Tapi,
Ceuk carita eta keneh batur!
Engkena deui:
Sembaheun anu anyar teh
Moal deuk ngaruhum urang deui,
Mun ti kaler
Jeung ti kulon
Dina langit beureum sapamentangan
Tinggarenclang bentang karoneng!

Amun nu t heula
Geuning bukti cara kiwari ieu,

Asa ku xxxx(ga kebaca)
Beureumna langit
Konengna bentang
Oge heunteu baris kajadian?

Ari kitu mah, batur!
Pieun naeun atuh
Ayeuna nyembah-nyembah ka sembaheun
Anu engkena teh
Baris ngantep urang jero kasusah?!

Babaleana eta teh kituh,
Ku sabab nyusahkeun pajajaran
Anu manadeh ganti sembaheun
Beunang mawa dengeun ti tanah sabrang?

Ari kitu mah, batur!
Atuh mending geh
Ti seret poe ieu
Urang mah
Ulah pipilueun deui,
Nyusah-nyusah
Ka sakur anu manandeh
Nu teu sarudi
Biluk ka sembaheun urang ayeuna!

Keun bae;
Urang sabawa-sabawana
Sakapercayaanana-sakapercayanana!

Ayeuna mah
Anggur urang ngetan deui
Montong gidul!

Urang ngababakan di mana bae
Asal moal bisa kapanggih bae
Ku jaya antea anu julid!”

Balad anu limaan tea pada sapuk;
Laju narindak ngetan………..

Tunda
Sina ngararetan heula
Nyararia pibabakaneun…….

Urang caturkeun den bagus jeung nyi putri!
Ku sabab pijalaneunana
Rumpil jasa
Jeung leuweungna
Lega jasajeung poek remang-remang bae
Nya narindakna teh
Hanteu bisa gancang-gancang jauh!

Barang eudeuk unggah ti jero jungkrang
Kadeuleu ku den bagus
Aleutan lima anu ngetankeun
Jauhna
Ngan sapamaledogan!

Laju inyana jeung nyi putri
Nyelamped repet kana canir
Teu kadeuleu ku nu limaan!

Ari anggeus jarauh jasa,
Kara den bagus ka luar deui,
Nungtun nyi putri leumpang ngidul…….

Tunda deui bae,
Anu ngidul, anu ngetan!

Urang balik deui ka tukang heula,
Ka gunung anu marikirna balad jaya antea anu lima. Eta gunung kiwari aya keneh. Baheula mah disarebutna: gunung janana. Anu hartina: gunung xxxxxx xxxxx gunung eling keuna bener.
Kiwari, ngaranna sok disarebut pasir jananga.
Di urut nyi putri jeung den bagus selemped-selemped bae, engkena aya hiji lembur anu ngaranna: nyelemped.
Balad anu lima tadi, dinu ngetanna teh engkena nepi ka sisi walungan. Laju ngababakan jeung nyararatih (nyatih = ngahuma, nyarieun huma). Aya nu ewean ka ipri; aya nu ewean ka dedemit; bikangna anu barageur; laju baranahan, reuay anak loba incu……..
Anu mulang deui ka urut dayeuh pajajaran, neang anak jeung biangna oge aya.
Eta babakan, baheula mah disarebutna: babakan cicatih.

Nyao kiwari aya keneh, nyao teuin geus euweuh deui. Jeung eta babakan, mun kiwari aya keneh, nyao teuin babakan naeun disarebutna kiwari……..
Cenah, ceuk beja ti beja deui, amun hayang bara pangabisa, hayang unggul pangaweruh, mudu tapa di gunung janana tadi.

Ayeuna urang kocapkeun rakean deui:

Ti urut tadi ngileusna,
Inyana ngulon deui rada ngaler,
Laju unggah ka gunung
Anu kiwari disebut pasir panenjoan tea!

Tapi inyana hanteu nyahoeun,
Jaya antea oge
Eudeuk mimiti nanjak
Ka gunung eta-eta keneh!

Rentang-rentang kadeuleu ku rakean
Den bagus jeung nyi putri….
…………
laju dipapag…….!

barang anu tiluan eudeuk narindak deui,
kadeuleu lapat-lapat di ruhur gunung,
jaya antea keur tempa-tempo………..

ceuk rakean:
“tuh!
Aya batu gorowong jiga lawang
Urang nyumput heula!”

Laju ararasup….
Mingkin jero, mingkin jero;
Tapi
Sanajan sakitu poek mongklengna
Ku rakean mah
Jadi jgia caang bulan samar-samar!

Nindak-nindak!
Nararindak lila jasa……..

Urang kocapkeun bae,
Anjog ka hiji guha lega jasa
Rubakna
Sugan sapuluh-kalieun berok di kademangan;
Panjangna
Sugan lima-kalieun pasar leuwiliang!

Tapi anggeus ngaraliwatanana,
Anu tiluan teh
Masih teteup keneh bae
Leleumpang di jero taneuh;
Di jero guha anu panjang
Anu jiga moal aya tungtungna!

Kacaritakeun
Nyi putri geus kacapean;
Laju digandong ku den bagus!
Tapi
Anggeus satengah poeeun ngagandongna
Den bagus teh kawalahan…………..

Ceuk nyi putri:
“reureuh heula!”

ceuk den bagus:
“kapalang!
Rarasaan mah
Moal jauh deui!”
Ku dia bae, rakean!
Panggandongkeun!”

Rakean hanteu embung;
Nyi putri mah atoh kabina-bina…….
Laju nangkolok di tonggeng rakean,
Leungeunna dikongkorongkeun
Ka beuheung rakean rada rogor;
Pingpingna
Di hapitkeun ka cangkeng rakean………

Rakean hanteu puguh rarasaan;
Da saumurna oge
Kara harita
Ngagagandong awewe…………

Dina lalakonna oge,
Dicaturkeun keur ngagandong
Ngagandong awewe ngora…….!

Meureun harayang nyaho,
Kumaha rasana
Ngagagandong nu dipikaresep!

Ulah ngan dicaritakeun beuratna bae, liiiiiiiiiin……!

Keuna taktak rakean kenca katuhu
Karasa anu ngaganjel,
Rada empug tapi seseg;

Keuna tonggongna
Karasa haneutna beuteung nyi putri

Keuna bokongna
Karasa anu ngagondok……..

Urusan beurat hanteuna mah,
Aaaaaah,
Jamakna baeeeeee…………
Da resep…………………..!

Rakean ngagandong,
Ngagandong, ngagandong resep!
Nepieun ka leungeun rakean
Karasa cangkeul oge
Dipake ngangempit pingping nu pungkil…………

Laju inyana ganti gandonganana;
Leungeunna di katukangeun
Ditampakeun……..

Rakean,
Najan rakean anu harita
Nganbeda saeutik
Ti rakean anu kiwari………

Ku inyana nyi putri diangsrodkeun;
Samping nyi putri
Di lebahan pangdiukanana
Jadi hanteu kenceng deui cara tadi!

Laju leungeun rakean
Di tampakeun di pageuhkeun…….
Tapi
Hanteu sabari rampa-rimpi
Sanajan ngagandongan di anu poek!
Tah,
Ngan sakitu bedana rakean
Anu harita ti kiwari!

Nyi putri
Digandongna sabari nangkod
Pikir inyana:
“keur di gandong ku ka bagus mah,
asana teh biasa bae!
Tapi
Ku naha ayeuna mah,
Hate tehbet jadi gedag?!?!?

Asa ku betah;
Jeung iket rakean mah,
Hanteu hapeuk bau supa!”
(cara iket tukang pantun)

ari pikir rakean?
Ceuk pikirna teh:
“mani teu karasa beurat!”
(xxxxx beeeee, ngagagandong anu batur!
Coba, amun ngagandong bikang sorangan mah,
Genep tindak katujuhna,
Geus hayang ngabeubeutkeun bae….!)

Gedag hatena nyi putri,
Karasana angot jasa;
Rarasaan nyai putri,
Awakna laleuleus…….

Tapi
Purnamasari anu harita,
Hanteu beda
Ti loba purnamasari anu kiwari!
Najan resep najan deudeuh,
Disileuneun hanteu katara……!

Inyana pura-pura tunduh,
Laju pura-pura nundutan dina gandongan;
Huluna
Dikeuna pipikeun rakean anu katuhu!

Rakean anu harita,
Rada sarua
Jeung rakean anu kiwari;
Ngan bedana:
Rakean anu harita mah
Hanteu pura-pura luak-lieuk ka katuhu bae
Sanajan ngagandongna di anu poek!

Kocapkeun,
Bray bae caang;
Narepi ka tungtung jalan jero taneuh!

Ari dilalieuk
Di lebahan tadi kaluar
Tina liang jero taneuh
Aya deui batu
Jiga lawang cara ti heula!

Laju narindak deui
Narepi ka hiji mumunjul
Anu leuweungna
Tatangkalanana
Ngan wungkul tangkal bungur!

Lau rareureuh,
Sabab poe geus liwat ti sore……..

Tunda deui!
Tunda deui bae?
Heueuh!

Bari reureuh nanggoan poekna poe,
Urang caritakeun:
Lebahan batu mimiti asup kaliang anu panjang, baheula mah memang aya batu jiga panto anu muka; disarebutna geh: batu lawang, kiwari aya lembur anu dingaranan: batu-lawang.
Guha anu lega, kiwari aya keneh; tapi geus hanteu salega baheula. Hanteu jauh ti dinya aya lembur leutik anu bareto disarebutna: lembur guha, sisi walungan cicareuh. Batu anu jiga lawang di urut kaluarna aleutan rakean, baheula mah aya keneh. Nyao ayeuna mah!
Ngan hanteu jauh ti dinya, bareto teh aya lembur leutik anu oge disarebutna: batu lawang.
Leuweungna anu tatangkalanna ngan bungur wungkul, kiwari anggeus euweuh. Ngan kiwari di dinya aya kontrak anu ngaranna: cibungur.
Ari liang anu panjang?
Jigana mah aya keneh, ngan geus loba anu urug mereun!
…………..

ayeuna urang teraskeun anu keur reureuh!
Ti kulon,
Matapoe anggeus turun……….
Reup, reup……… reup……….
Alam suram lalamukan………
Lalaunan jadi poek……….
Sora jogjog eudeuk mondog,
Kari hiji dua deui……..
Ngan panembalan
Manuk baruhan pating haruruk
Dina rujuk rada jauh,
Jeung
Jero taneuh di sisi leuweung
Loba keneh anu kadenge………..!

Ti dinya,
Alam jadi poek gegeblegan…………
Peuting;
Peuting anu tiris
Ku angin nebak ti hilir………

Dina saung leutik tina tepus,
Handapeun bungur keur kembangan
Harita ngan den bagus jeung nyi putri.

Ari rakean mah,
Nyangkere di batu damprak
Rada anggang di beh lebak!
………………………
tiris, tiris…………

peuting harita
di peuting anu jempling
sayang manyar
nyelap dina tegak capaka lenjang;
kijing putih
jerona kasumba ngora pulas bodas,
cisiram benya mutiara
banyu hurip banyu sukma;

laju jagat lebur hahalimunan
alam ngileus kakalayangan……..
leus, ngileus……………
digulung sari sajatining raga
ngileus,
layur ngawun-ngawun
xxxxxx, ku rabun bedahna talaga rasa……..!
………….

ti dinya,
peuting jadi tambah jempling………
anu kadenge
ngan sora kerek patembalan
jeung kecrat cuhcur di kajauhan,
diselang kolek-kolekan tuweuw
anu liwat gagancangan………!

peuting harita
dina batu anu damprak
rakean dipareng ngimpi…….
ngimpi ngalahun nyi putri pahareup-hareup!
……………………..
pancuran nyurug ti bendungan……….

korejat rakean hudang;
alak-ilik cagap-cigip
hatea ratug teu puguh!

Geuning mimpi!
Ngimpi,
Tapi sawarehna ninggalkeun bukti!

Rakean ngalieuk ka tonggoh;
Anu kadeuleu mah
Ngan hateup saung daun tepus……..

Dina hulang-hulangna,
Ka jero ingeutan rakean
Sapeup kagambar nyacas
Sakur anu kaalaman anyar ku inyana!
……… keur nyi putri dibeulit oray,
keur dipangku sabuligir,
keur ngagandong di jero taneuh,
ngagandongan bari di tempa;

jeung masih rarasaan keneh:
anu keuna taktak
anu keuna tonggong
anu keuna bobokong
anu keuna palipisan,
jeung buuk nu kirab-kirab ku angin,
ngusap keuna pipi katuhu……….!

hate rakean ratug teu puguh:
“ku naha bet jadi kieu?
Da bareto mah
Hanteu kitu hanteu kieu
Tara hate osok gedeg
Tara hate osok ratug,
Amun deket ka nyi putri

Tapi ayeuna,
Xxxx xxxx xxxx xxxxx

Ceuk sora jero rakean:
“anu kieu kituh,
anu disarebut bogoh teh?
………………………….
teu!
Teu, teu meunang!”

Rakean mareuman deui eta rasa
Anu di jero hatena
Karasana
Asa ruhak
Anu hayang dihurungkeun!

Laju inyana deuk hees deui;
Tapi
Pikiranna anu pabaliut
Boro-boro deuk bisa nyieun hees deui,
Mata dipereum-pereumkeun oge
Kalah ka mingkin nyacan kagambarna………

Nya lajuna mah,
Inyana hudang sila tutug
Ngamudikeun pikiran jeung ingetan,
Mikiran nyieun akal
Supaya musuh
Ulah deuk hayang nyusul-nyusul deui!

Rakean mikir, mikir………..
Hanteu eungeuh
Dibeulah wetan
Langit hear-hear nuju ka beurang!

Ngan aya anu inyana nyaho
Nya eta:
Najan dikumaha oge
Moal eudeuk nembongkeun
Eusi hatena
Xxxxxxxx
Ngalampahkeunna mah!

Rakean sumpah,
Bari menta disaksian:
Ku bentang gede bentang siang
Anu ngagenclang unggah di wetan
Ka sakabeh gunung-gunung
Anu ngaliung manjang ka kidul;

Sumpah:
Supaya,
Dimana inyana
Hanteu bisa nahan napsuna,
Supaya inyana
Jadi bae:
Lutung……………
……………………

bray, beurang…………..

nyi putri hudangna kabeurangan!
Rarasaanana:
Asa sararangeuk jeung leeleus
Asa lalieur teungeunah awak
Asa lungse teu puguh-puguh!

Ceuk den bagus:
“poe ieu mah,
ulah laju!
Tapi urang pindah
Ka mumunjul anu itu

Jiga-jigana
Mun di dinya mah
Jaba ti kadeuleu mun datang musuh,
Oge leuwih buni leuwih liuh!”

Laju ngarakrak saung,
Diparindahkeun ka mumunjul ruhur.

Ngan batu gede anu damprak;
Eta mah hanteu dibawa pindah.

Beurat teuin!
………………………

kocapkeun:
nyi putri mingkin bae teu ngarareunahna
tilu poe
opat poe
lima poe
sapasaran……… can daekeun cager keneh bae!

Ceuk den bagus dina hatena:
“panyakit naeun?
Hanteu waras ku tumbal,
Hanteu nyinglar ti jampe ti karuhun?”
………………………..
dua pasaran katiluna,
kaopat jeung nu jalan,

ceuk nyi putri:
“ku hayang teuin bubur iwung!
Mani asa sakop-kopeun!”

Ceuk rakean ka den bagus:
“kula bae anu nyiar!
Dia mah tanggoan inyana;
Jeung anu gering mah
Ulah osok sina sorangan!”

Laju rakean nindak,
Nyiar iwung ka kulonkeun……………..

Tunda heula,
Sina nyiar iwung bubuykeuneun!

Urang siar heula jaya antea!

Anggeus di pasir panenjoan anu kiwari
Leungiteun anu diuber-uberna,
Inyana laju ngidul;
Sejana
Deuk cara ajag keur moro tea,
Megat jalan mangsana
Lebahan kaluar ti jero alur!

Inyana ngagidig,
Ngagidig, ngidiiiiiiiiiiiiiig bae,
Sorangan bae
Ka kidulkeun…………..

Inyana ngaliwatan panyumputan nyi putri;
Tapi
Ku sabab hanteu nyangka
Nya inyana jocong bae ka kidulkeun…………

Kira-kria satengahpoe ti panyumputan,
Harita anggeus peuting;
Kadeuleu ku inyana
Di kajauhan jiaga aya pirunan.

Laju disampeurkeun
Jol bae ka saung leutik
Eusina genep urang
Keur ngadarapang bari ngajepluk………

Barang ku anu genepan
Kadenge sora guplak-guplak hareupeun saung pisan,
Ceuk anu saurang bari ngorejat
Sabari ngadangongkeun padudanana:
“hordah!”

ceuk jaya natea bari asup ka saung:
“bangun sia!”

atuh,
barang ngadenge sora jaya antea,
jeung neuleu inyana
jeblus bae asup ka saung
anu genepan teh mani haliwu
ngarorejat reuwas jasa
pes bae
delepak pareum
bahe kasepak………..

rereuwasan kabina-bina
sabab rarasanana teh
asa keur karemit di lawang gintung,
keur deuk maroror
kapergok juragan cutak………!

ngambu bau madat
jaya antea teu jadi ngambekna.
Laju inyana ngaluarkeun padudanana
Ti jero kimpul…………..

Ceuk inyana:
Bari luak-lieuk
Sabari ngatruk-ngatrukeun jeplukna
Keuna dampal leungeunna:
“poho deui nyeulapkeunana!
Mana tah, minyak haneutna anu sia?”

Sang-song balad anu genepan teh
Ngarasongkeun madat pagede-gede………

Kitu teana mah
Eta beeeeeeeeeee
…………. nya kitu tea;
laju ku hayang-hayang teuin mere loba
tapi
supaya dunungan ngeunaheun hatena!

Da puguh ngaranna geh balad;
Amun hanteu bisa meuli-meuli hate lulugu,
Atuh moal eudeuk gancang-gancang naek pangkat;
Atuh moal eudeuk bisa kakalayaban di jero dines
Atuh moal eudeuk bisa narima gajih bari teu gawe;
Atuh moal bisa solempang kadinesan
Bisa dipake nyingsieunan somah
Bari punta-penta sabar maksa……………!

Jaya antea laju nyeret;
Madat anu genep
Disakalikeun………….
Sedoooooooooooot…….. ceplluk!
Eueueueu –eu-eu…………..
Jaya antea laju teurab
Ngadehem bari ngagoler
Laju kerek mani ngageleger………..!

Di lebah jaya antea harita mah,
Euweuh pibasaeun:
Lilir tina sapangenjotan
Sabab inyana teh
Lilir-lilir
Anggeus matapoe dongdak ka kulon!

Anggeus hudang
Ceuk jaya antea:
“kumaha?
Euweuh anu laliwat?”

Tembal balad anu geneupan,
Nembalan dibareungkeun,
Nembalna dilalagukeun,
“euweuh anu laaaaaliwat,
juragan panghuluuuuuu!”

jaya antea ngeunah jasa angenna.

Ceuk inyana sabari mencet tumbila,
“heueuh, heueuh!
Urang teangan;
Urang saksrak saban rungkum!

Dua urang maju ka wetan
Tiluan ngilu jeung ngaing!
Anu saurang deui
Mudu cicing di dieu!
Amun aya anu ngaliwat,
Rangkas sukuna,
Laju talian!”

Ceuk anu mudu cicing sorangan bae:
“Amun lalaki, amun awewe?”

ceuk jaya antea:
“asal nu disebut lalaki mah,
ganden bae huluna sina beulah!
Amun awewe,
Jagaan ulah sina bisa lumpat!”

Ceuk anu mudu cicing sorangan bae:
“kumaha amun awewena teh,
begu awewena?”

ceuk jaya antea:
“amun begu nini-nini,
tajong lebah paranti kiihna!”

ceuk anu cicing sorangan bae:
“amun begu anu cawene?”

ceuk jaya antea:
“sabodo sia!”

ceuk anu mudu cicing sorangan bae:
“heueuh, deuh!
Ari geus diwidian kitu mah,
Atuh mending geh
Nanggoan di dieu teh,
Mending geh sorangan bae!”

Laju narindak anu mudu narindak…………….

Tunda

Ayeuna urang tuturkeun rakedan nyiar iwung!

Rada jauh,
Kadeuleu ku inyana
Aya leuweung awi wungkul
Awina awi bitung!

Laju rakean neangan iwung;
Tapi hanteu manggih!
Inyana nyiar terus, terus;
Tapi dapuran-dapuran awina
Kerep jasa!

Tapi rakean nyiar terus
Bari ngarangkas-rangkaskeun tangkal bitung!

Kadeuleu ku rakean
Di tengah-tengah dapuran anu kerep
Aya iwung ngan sahiji-hijina!

Barang keur rakean ngunggut-ngunggut iwung
Kadenge hawar-hawar ti mumunjul
Sora anu keur garelut rusuh jasa!

Reuwas rakean lain di kieuna;
Iwungna ditunda
Laju inyana lumpat ka mumunjul!

Kasampak
Raden bagus mani haliwu
Dihurup ku opatan
Ku jaya antea jeung baladna anu tilu.

Barang den bagus
Keur kawalahan
Nangkisan gobang anu tilu,
Jaya antea
Eudeuk ngarau nyai putri;
Tapi
Rakean leuwih gesit!

Jaya antea
Ditajong lebah bujurna;
Mani ngajolopong
Huluna ngadagor tunggul;
Mani rada-rada hanteu eling!

Ku rakean
Nyi putri laju dipangku
Dibawa lumpat
Disumputkeun
Di hiji gunung rada jauh,
Handapeun kihara anu papak!

Ceuk rakean:
“cicing nyai putri di dieu!
Kula deuk balik deui
Deuk mantuan anu dihurup!”

Ceuk nyi putri:
“kumaha mun aya nu nyusul?
Kaula teu bisa lumpat!?!”

Ceuk rakean:
“”aya nu ngajaga!
Tapi
Lain ku maung
Lain ku karuhun,
Sabab karuhun mah
Da sok meleng
Maung mah,
Diarah kulitna!

Ieu gunung
Ku kula sina digurumut sireum
Ku sirarangge jeung tataman.

Enggon dia nyumput
Ku kula deuk dipager
Tapi
Lain pager tina awi
Lain pager tina beusi
Tapi
Ku sigung baratus-ratus!”

Laju eta gunung
Ku rakean
Sina diguruwut sireum
Lobana mani jutaan!
Jeung
Sakurilingan kiara papak
Gerejek sigung mani rebuan!

Ti dinya
Rakean indit mantuan anu dihurup!

Anu kasampak:
Ngan balad antea anu tilu
Geus ngajohjor keur ngahaju!

Ari den bagus jeung antea,
Nyao teuin dimarana…….!?

Padahal
Amun harita
Rakean neuleuna
Ka kidul rada ngulon
Ku inyana tangtu kadeuleu
Den bagus eukeur lumpat
Diudag-udag jaya antea!

Urang tunda heula anu diudag-udag
Keun sina ngudagna deukeut teuin!

Urang caritakeun heula:

Leuweun bitung anu dirangkas-rangkaskeun ku rakean, kiwari geus hanteu keneh jadi leuweung! Lebah dinya engkena jadi kontrak anu disarebutna: cirangkasbitung.
Ari iwungna?
Ceuk anu nyaraho mah, eta iwung teh memang aya; tapi nepi ka kiwari, hanteu ngagedean hanteu ngajangkungan…………..
Ceuk anu nyaraho dina caritana, engke, mun eta iwung geus kakalangkangan ku nyi putri mayang cinde anu baris datang dina jaman anu pandeuri, eta iwung teh baris ngagedean, jadi bitung anu jangkung, panjang leunjeur lenjang ruas; jeung pucukna anu ruhur, moal eureun-eureun gugupayna, ngagagasik nu keur nyiar, nyiar haneleum anu sieum, paku-jajar papageran, warisanana ti karuhun………
Mun nu nyiar anggeus parek, bitung teh bakal harewos, harewos dina hiliwirna angin leutik, yen langit teh euweuh sisina, jagat mah euweuh tengahna…………
Jeung harewos, yen nu paeh teh lain ku wayah, nu hirup teh lain ku umur, tapi ku sabab dilampaheun sewang-sewangna, anu digariskeun ku anu nyieun lalakon!
Mun guratna, gurat pondok, tandana ka pondok umur; mun guratna atuh kandel, tandana hirupna jembar; mun guritna atuh ipis, tandana salila hirup, najan leungeun rubak tampa, eusina mah tetep saeutik!
Mun guratna rungkal-ringkel, tandana teh hirup loba dodoja………..
Mun guratna genep ngaganteng?
Tah eta mah, tandana hirup teh mudu jadi tukang pantun……..heh-heh!

Ceui ceuk beja ku nu nyarita, mun posna keur haleungheum, tapi hawana mantak hareudang, dipandoy ku angin laut, pucuk bitung teh bakal tutunjuk, tutunjuk….. tuh, tuh!
Tuh!
Urang lembur keur sarusah
Ngarep-ngarep ratu adil
Menta-menta ka karuhun
Sing geura dateng wayah babales
Nu ngahukum
Raja panyelang nu aradigung!

Gunung anu digurumut sireum, kiwari aya keneh; ngan sireumna kari saeutik. Tapi ngaran gunungna mah, nepi ka kiwari tetep: gunung sireum!
Panyumputan nyai putri, oge aya keneh. Nu papakna mah kari ruhur gunungna bae; kiarana mah anggeus euweuh!
Sigungna?
Kari saeutik…………..

Lalakon urang tuluykeun!
Tapi,
Ulah cara
Anu ngundeur sabari lumpat,
Narukas ngan anu rarubak
Urang mah,
Urang mipit oge anu laleutik!
Urang tempo heula anu mudu cicingsorangan bae,
Jeung anu duaan mudu ka wetan.

Anu ka waretan:
Saurang tinggaleun jeplukna,
Saurang deui
Cenah mah
Oge tinggaleun jeplukna;
Laju baralik deui………….

Barang nepi ka saung deui,
Ujug-ujug marenang papagan
Ti baturna
Anu mudu sorangan bae tea.

Hulu arinyana
Di ganden mani bareulah

Da ceuk jaya antea oge:
“asal anu disebut lalaki mah,
ganden bae huluna sina beulah!”

nya atuh digaaaaaaaanden….!

laju ku anu ngagandenna
kaneron anu marodar teh
dikodokan…………….
da geuning aya jepluk-jeplukan;
geuningan hanteu tinggaleun…….!

rerengan teh
baralikna deui teh
lain eudeuk nareang jepluk;
tapi tengah jalan
ngarambu begu cawene
ngagigidig ka lempengan saung……….!

tunda heula!

Urang susul heula anu diudag-udag!

Den bagus anggeus sababaraha kali
Nyabrangan sababaraha walungan
Anggeus sababaraha kali
Turun gunung unggah gunung………

Ku sabab
Jaya antea anggeus burayut
Nya lumpatna
Hanteu gancang deui cara baheula;
Inyana katinggaleun sagunung!

Barang inyana eukeur unggah
Den bagus mah
Geus aya tukangeun gunung
Anu jigana jiga kuta
Laju nguliwed
Terus ngidulrada ngetan.

Anjog ka hiji lebah
Anu taneuhna loba beulahna
Laju nyumput
Dina sela-sela taneuh!

Hanteu kapanggih!
Jaya antea mulang deui;
Bari ambek;
Laju ngetan ngidul;
Nya anjog ka suku gunung
Di lebakkeun kiara papak……….

Ceuk ti heula oge
Nyatur pantun teh
Kumaha bae lalakonna
Anu dijieun ku anu nyieunna!

Harita,
Ceuk galur anu buhun,
Ku anu nyieun lalakon
Diparengkeun hiji putri ipri
Keur nyeuseuh sabari mandi!

Beuiiiiiiii……… bagus jasa nyi putri iprina!
Ngaranna oge:
Nyai putri ipri simbar arum!

Hanteu beda
Tina begu disusun wejang
Hanteu kaopmun neuleu bikang
Putri ipri simbar arum
Ku jaya antea laju dirontok!

Tapi
Putri ipri teh kaburu ngejat;
Laju lumpat
Diudag-udag jaya antea!
Ku sabab kareuwasanana
Putri ipri kapohoan ngileus
Inyana lumpat terus,
Laju unggah ka gunung!

Barang anggeus deukeut
Ka kiara anu papak
Kabeh sigung pada haritut………

Nyi putri mani mabok,
Gubrak inyana labuh,
Mani nyangkere……..
Ka ruhurna
Kaurugan runtah
Ka handapna mah
Mani monggeheeeeeeeeeeeeek bae……….!

Ku jaya antea kadeuleu acas
Anu hanteu kadeuleu ku tukang pantun!

Jaya antea hanteu kaburu nubruk;
Sababinyana ujug-ujug ajret-ajretan!

Ari kara digegelan eujeung diseureudan
Dina suku keuna pingping nepi ka nangka petotna mah,
Ku jaya antea hanteu dirasa!

Tapi ari digorotan
Pendul peuteuyna mah
Aduh,
Jaya antea teh
Sanajan kasebut jawara tegal-bengkok oge
Tooooooobat………!

Jaya antea mulang deui
Gogorolongan ka lebakkeun;
Kekepes jeung gigibrig
Gegesek jeung papanjat
Dibarungan ceceleuweungan…..

Ari diilik-ilik teh
Pendul peuteuyna
Leuwih gede manan cateng jambe!
Bareuh!

Ari nyi putri iprina mah
Ku sireum hanteu dinaeun-naeunkeun;
Dilaliwatan oge
Hanteu!

Ngan bae
Inyana laju jadi batu!
……………..

bari bongkok ugal-egol
jaya antea nepi ka saung tadi!
Nya ujug-ujug diganden bae
Ku anu mudu sorangan bae tea!

Ceuk jaya antea, bari dalugdag-daligdug ugal-egol:
“baruk ngaganden!?!”

ceuk anu mudu nyorangan tea:
“ceuk dia keneh:
amun anu disebut lalaki mah
ganden bae huluna sina beulah!”

ceuk jaya antea:
“heueuh nyah,
ngaing anu nitah!
Hadena make sorban!”

Ceuk anu mudu nyorangan tea:
“amun hanteu?”

ceuk jaya antea:
“tangkurak sia anu beulah
diganden ku ngaing!”

tunda deui!
Tapi tunda satunda-tunda mah
Mantak bosen nu neangan!
Urang mah urang nunda anu moal di bawa……….

Urang caritakeun ayeuna rakean!
Anggeus leungiteun den bagus jeung jaya antea,
Inyana nindak ngulon
Turun gunung unggah gunung
Asup leuweung kaluar leuweung
Laju ngidul, laju ngulon
Ngidul deui, ngulon deui
Laju ngulonna rada ngidul…………..!

Kadeuleu ti kajauhan jauh jasa
Aya nu kulap-kelip jiga damar!

Ceuk rakean:
“apan di beurang?!?
Ari damar mah
Kadeuleuna tetela teh
Meureun tangtu di peuting?!?”

Ti barang rakean anggeus deukeut
Anu kulap-kelip teh
Leju ngileus
Leus bae euweuh………..

Rakean laju alak-ilik;
Barang ilik ka beulah wetan anu ngidul
Tembong jauh di hiji lebak
Aya babakan leutik…….

Laju didatangan……..

Ari nepi teh,
Kasampak:
Nyai putri gandrum arum,
Tetehna pisan nyi putri purnamasari,
Keur ngararahan
Jeung tujuh mojang pajajaran!

Nyi putri gandrum arum………
Anu ninggalkeun ajang
Hanteu ngilu nuturkeun raja
Anu eudeuk nyabrang ka nusa larang!

Ceuk nyi putri gandrum arum:
“bagus, rakean!
Ti mana eudeuk kamana?”

Ceuk rakean:
“kula leungiteun den bagus;
inyana diudag-udag jaya antea,
sugan nyi putri neuleu inyana liwat?”

ceuk nyi putri gandrum arum;
“hanteu, rakean!
Tapi, kumaha adi kaula:
Nyi putri purnamasari?”

Ceuk rakean:
“ku kaula disumputkeun!
Montong teuin kana ngaranna jaya antea,
Najan dedemit oge,
Anu matana sakurilingna
Anu disarebut jurig kamangmang
Moal eudeuk bisa nimuan
Moal eudeuk bisa ngambu!”

Ceuk nyi putri gandrum arum:
“suuuuuuuuuuukur, rakean!
Kaula lain hanteu sono ka dia,
Tapi hate teh asa ku melang
Mun adi kaula sorangan bae!
Najan upamana bae
Den bagus jadi papada papisah,
Ari adi kaula
Deukeut jeung dia mah, rakean,
Hate tetehna
Asa ku reugreug kabina-bina!”

Ceuk rakean:
“sampura isun, nyai putriiiiiii!
Kaula hanteu eudeuk nyar pamuji;
Da kaula mah
Ngan saukur badega anu kapapancenan!
Tapi sugan dia bisa nuduhkeun
Ka mana raja sepuh teh lajuna?”

Ceuk nyi putri gandrum arum:
“ama parabu
eudeuk nyabrang ka
nusa larang!”

ceuk rakean:
“atuh kula tiluan eudeuk nyusul!
Tapi samemeh miang,
Kaula menta heula widi
Deuk mageran ieu babakan!”

Ceuk nyi putri gandrum arum:
“karep dia, rakean!
Tapi, naeun pibahanana?
Di diemah,
Euweuh paku-jajar ki pahare,
Euweuh handeleum sieum acan!”

Ceuk rakean:
“paku-jajar mah,
nyeluk-nyeluk bae aweuhan sedih,
ngahurung-hurung ruhak di jero lebu!
Pager kaula,
Ngan ku ki hara jeung caringin,
Sesa pelak pajajaran
Di saban gunung saban hunyur;
Sina jaradi tatandaan
Pitetenggereun ka hareupan!”

Ceuk nyi putri:
“rakean,
atuh tetengger mah,
jadi panuduh
ka musuh anu nyarusul!”

ceuk rakean:
“ulah salempang,
ki hara
moal ruhur ku sataun;
caringin
moal gede ku sapoe!
Mun taun geus sasambungan,
Mun windu geus ruruntuyan
Mun geus mangan ratusan kali
Kara eta caringin jeung ki hara
Baris tembong ka anu marapay!

Jeung ku kaula di jajarkeunana,
Moal aya hiji jelema anu ngarti!

Sejana kaula nunda tetengger,
Nya eta,
Pieun jalan pamulangeun
Amun urang
Dina wayah anu ditangtukeun
Engke jaga
Urang mudu ngadegkeun deui
Nagara pajajaran eujeung dayeuhna!

Najan engke,
Amun caringin eujeung ki hara,
Geus jarangkung garede,
Najan aya anu engeuh keuna tetengger,
Moal inyana deuk bisa mapay!

Sabab melakna,
Ku kaula di selang-selang
Caringin nu jadi ciri
Diselang ku ki hara anu nyasarkeun!
Beusi isukan jagana pageto,
Kula perelu ka dieu deui,
Pelak tetengger anu ditunda teh
Nya eta:
Caringin salapan diselang ku ki hara,
Papageran nyakra bumi!

Nyai putri,
Kaula amit!”

Ceuk nyi putri gandrum arum:
“hade, rakean!
Tapi,
Amun dia kadieu deui
Ieu lebak
Moal kasampa ku mata jelema!

Amun dia perelu mudun ka dieu
Dia asup mudu ti lawang saketen
Anu engke mah
Tihangna ngan kari sahiji!

Adeugkeun heula ku dia
Lawang saketeng lawang asup
Anu engkena
Tihangna ngan kari deuleuna
Tangkal hiji kaung anu nunggal,
Tihang eta
Ku dia mudu dilayanan
Ku paku-jajar asal ti dayeuh,
Engke laju tembong
Ieu babakan patapaan kaula!
Amun ti lawang anu sejen
Mata dia bakal kapeungpeunkan,
Geura nindak amun geus mageran,
Tapi,
Amun miang
Ulah dia ngalieuk ka tukang!”

Laju rakean miang,
Anggeus mageran lebak patapaan nyi putri gandrum arum!

Rakean mulang deui,
Ka gunung digurumut ku sireum
Ka kiara papak dipageran sigung……..

Tunda deui!
Pieun nyaritakeun papayaneun!

Nya eta urang papay anu kasorang:
Gunung anu jiga kuta, kiwari aya keneh, ngarana gunung kuta.

Taneuh anu bareulah, kiwari geus hanteu garede deui beulahna. Hanteu jauh ti urut den bagus nyelap dina tanah anu beulah, engkena teh ngadeg hiji lembur anu make ngaran: sela buana.

Urut nyeuseuhna nyi putri ipri simbar arum, nepi ka kiwari aya keneh. Ayana di jero kontrak cibuhung. Batuna nu aya tapak budah rerok oge masih keneh aya.

Sering pisan aya anu kabererekan ngadenge sora anu keur nyeuseuh, tap lamun ditilik eta sora teh laju euweuh!

Malah nepi ka kiwari masih aya jelema-jelema anu nyorang kaberenehan adu hareupan jeung ngomong ka nyi putri ipri simbar arum. Tapi euweuh anu arengeuh, yen inyana keur ngomong jeung putri ipri.

Ngan bae, sajero ngaromongna, ceuk pikir eta jelema-jelema teh: “ku geulis geulis teuin ieu somah ka gedong teh!?!”

Mantakna disarangka somah ka gedong, nya eta ku sabab datangna jeung mulangna deui, teges pisan langhoy gandelangan teh ti gedong juragan kawasa kontrak.

Ari dipapay ditaranyaan urang gedong, saurang geh euweuh anu nyaho aya somah ka gedong waktu harita. Ngan anehna, amun eta ipri meujeuh keur aya, tapi hanteu nembongan, sok aya sangil melenghir wangi. Wangi anu terus nyerep ka ati…… jeung seungitna moal aya papadana……………

Batu anu awalan nyi putri keur nyangkere, nepi ka kiwari aya keneh; nya eta di jero kontrak cibuhung eta-eta keneh. Batuna aya dina hiji gawir, nyeples pisan hanteu geseh saeutiktina bujur awewe denok eukeur hees lesok sampingna….. nyangkereng ka beulah kenca….. mongplo, katembong engselna saeutik ngan garendolna mah hanteu katembong!

Hanteu percaya?
Seug geura anjangan!
Saung anu mudu di tanggoan, ku saurang bae, ayeuna mah anggeus euweuh. Ngan engkena deukuet ka dinya ngadeg hiji lembur anu boga ngaran: papagan.

Gunung anu ku rakean dina ruhurna kadeuleu aya nu kulap-kelip, kiwari aya keneh. Gnaranna gunung palita.

Lebak anu dipageran ku rakean ku caringin diselang kara nyakra bumi, nya eta anu kiwari keur disariar keneh ku anu marudu nyicinganana. Lebak eta anu dina pantun dsebutna: lebak cawene.

Urang tuluykeun!

Urang pajajaran jaman baheula, hanteu cara jelema-jelema di jaman kiwari anu ngaku-ngaku urang pajajaran.
Urang pajajaran jaman baheula mah, beeeeda!
Komo urang pajajaran dina carita pantun mah;

Geura,
Dengekeun!

Ceuk balad anu mudu nanggoan saung sorangan bae tea:
Ngomongna ka jaya antea:
“ki panghulu!
Dia hulang huleng bae!?!”

Ceuk jaya antea:
“si bagus ayeuna euweuh,
nyi putri ayeuna leungit,
si rakean nyao ka mana……!?!”

ceuk balad anu saurang deui tea:
“atuh,
ari anggeus sagala areuweuh mah,
naeun arek nyiar anu areuweuh?
Nyiar mah,
Angguran anu araya1
Mending geh urang mulang!
Ongkoh kaula geus sono jasa ka anu di lembur.
Sugan-sugan bae ayeuna rangda!”

Ceuk jaya antea:
“mudu beunang heula:
si rakean
eujeung nyi putri!

Amun nyi putri acan kasorang,
Ngaing modar bakal jadi jurig,
Ngaririwa ka sakabeh
Anu baroga awewe geulis!

Mun si rakean acan beunang,
Inyana tetep jadi panyakit!
Sabab inyana
Bakal mulang deui
Ngawur-ngawur catur musuh
Ngaliarkeun tales ateul
Ngahudang-hudang kanineung somah
Ngajakan ngadegkeun deui
Pajajaran anu ti heula!”

Ceuk balad anu kari saurang tea:
“ kumaha atuh lain dipodaran?
Apanan anu gelut jeung rakean bae teh
Ngan ki panghulu bae!
Geus sabaraha kali?”

Ceuk jaya antea:
“nyao teuin sabaraha kali;
tapi saban gelut
si rakean lolos bae!”

ceuk balad anu kari sorangan tea:
“ari dia hanteu bisa mah,
keun bae ku kaula!
Deuleukeun, yeuh!
Kaula indit!”

Laju eta balad teh nyingkilkeun sampingna;
Nyoren kaneron, nyampaykeun iket dina taktak,
Ngadehem heula
Laju nindak;
Nindakna
Suku katuhu diheulakeun!

Laju nindakna ka kulon rada ngidul.
Barang anggeus jauh,
Hanteu katembong ku jaya antea,
Laju inyana dongko
Bari nyusup ka jero rungkum
Reg bae ngarandeg.

Ceuk inyana bari ngalieuk ka lempengan saung:
“ki rakean,
eudeuk ngadegkeun deui pajajaran,
eudeuk hanteu,
etamah sabodo inyana!
Ngaing mah,
Mendingan geh,
Anguuuuuur balik!”

Torolong bae,
Eta balad jaya antea anu ngan kari sahiji deui teh,
Norolong cara puyuh,
Jicir ka kalerkeun………

Sejana eudeuk mulang deui,
Ka lemburna
Deukeut dayeuh pajajaran anu baheula!

Ayeuna urang ilik deui jaya antea!

Jaya antea,
Lain jaya antea anu kiwari!
Tapi
Jaya antea pajajaran,
Pajajaran carita pantun!

Tah ti mimiti lebah dieu,
Baris ditembongkeun sagala kasaktian pajajaran,
Kasaktian anu ngan aya
Dina dongeng carita pantun!

Jaya antea laju sidakep,
Sidakep sinuku tunggal,
Ngucutkeun sakabeh rarasaan,
Ngilangkeun rasa hirup tina raga,
Mantengkeun pikiran ka nyi putri……
Laju mapatkeun aji panggendam…….!

Harita!
Dihandapeun kiara papak,
Rarasaan nyi putri purnamasari,
Asa nyaring tapi hees,
Asa hees tapi nyaring
Jeung rarasaan
Asa aya anu tangtu
Ngajak leumpang nyao kamana…..

Nyi putri laju nindak
Nindak, nindak…….
Ari inget-inget,
Ku wayah geus hareupeun jaya antea!?!?

Gebrug bae inyana dirangkul;
Tapi barang eudeuk dipangku,
Nyi putri motah jaer……..

Nya lesot tina pangkuan jaya antea;
Tapi
Leungeunna anu kenca
Dicekelan pageuh……

Ceuk nyi putri:
Bari leungeun katuhu na ngarebut kujang jaya antea:
“awak kaula
lain sarangkeuneun kujang dia!
Tapi ieu kujang tina beusi
Bakal ngabedah awak kaula,
Amun dia deuk calutak!

Leupaskeun!”

Nyi putri ngaleupaskeun lengeunna!

Jaya antea,
Ngesotkeun leungeun nyi putri,
Bari mundur dua tindak.

Ceuk inyana:
“nyai putri!
Kaula lain eudeuk calutak;
Tapi
Kaula deuk ngajunjung dia,
Mawa dia mulang deui
Ngadeg jadi ratu
Di pajajaran anu anyar!”

Ceuk nyi putri purnamasari:
“pajajaran anggeus euweuh,
pajajaran dilebur ku dia!”

ceuk jaya antea:
“anu lebur mah,
ngan ngaranna;
anu musna mah,
ngan dayeuhna.
Tapi nagarana,
Tetep ngampar salega baheula!”

Ceuk nyi putri bari ngeukeuweuk kujang:
“eceuk dia, jaya antea!
Eceuk dia!
Tapi ceuk kaula
Anak anu ti ngabogaan eta nagara,
Pajajaran dijual ku dia,
Ditukeurkeun keuna bidadari opat puluh!

Ceuk dia:
Pajajaran anu anyar;

Ceuk kaula:
Euweuh pajajaran anu anyar!
Sabab rajana anggeus euweuh,
Diusir diuber-uber ku dia!”

Ceuk jaya antea:
“ceuk kaula:
pajajaran anu anyar;
ngan nagarana mah ayakeneh
urang ngadegkeun deui!”

ceuk nyi putri:
“jaya antea!
Dia nyaho, jaya antea!
Nagara anu anggeus karebut musuh
Moal bisa ngadeg deui
Jadi nagara anu sorangan!
Sengadegna,
Ngan wungkul dina ngaran!
Sabab ngadegna deui,
Ibarat munding kandangan,
Digawekeun jeung diparab
Ku raja anu anyar ngabogaan!

Kula ngadeg jadi ratu?
Era teeeeeeeeeuin,
Ku ngaran pajajaran;
Era teeeeeeeeeuin,
Nyunyuhun makuta pupulasan!”

Nyi putri purnamasari ngomongna ngeukeueuk kujang!

Tapi purnamasari anu harita
Hanteu beda
Ti ngan sababaraha purnamasari jaman kiwari!
Inyana nyaho
Anggeus hese piloloseun!
Sajerona ngomong,
Inyana nyiar akal pieun kabur!

Ceuk jaya antea:
“nyai putri!
Jaya antea ieu,
Jaya antea pajajaran anu sajati!

Kaula meunang kabeh kapercayaan
Ti raja-raja anu nyieun runtagna
Nagara urang.

Kaula baris dijenengkeun jadi raja!
Ceuk pikir kaula,
Engke,
Amun nagara anggeus ngadeg deui dina ngadegna,
Eta raja-raja anu tadi
Ku kaula
Eudeuk ditaklukkeun!

Itung-itung nebus tideuha,
Tideuha ka ama parabu!

Urang rudaykeun deui
Pajajaran anu sajati
Tapi anyar dina jamanna!

Ku sabab kitu,
Ngan bisana teh
Mun dia jadi prameswari!”

Pikir nyi putri:
“boa ieu pijalaneun ngaing lolos!?!?”

ceju ceuk inyana:
“bener-bener seja dia,
deuk naklukkeun eta raja-raja?”

ceuk jaya antea:
“amun dia sanggup jadi prameswari!”

ngomongna sabari ngadeukeutan.

Tapi ceuk nyi putri bari ngeukeuweuk kujang:
“ulah deukeut,
ieu kujang dia anu tina beusi,
masih panasaran keneh!”

ceuk jaya antea bari mundur deui:
“lain eudeuk calutak!
Tapi hayang deukeut,
Hayang neuleu kunyemna biwir dia
Ngucapkeun dia sanggup!”

Ceuk nyi putri:
“amun dia sanggup sumpah
dia moal ngaragap awak kaula,
samemeh kaula nyerenkeunana,
hade kaula eudeuk
nyebut sanggup!”

ceuk jaya antea:
“aduh denok,
ayeuna keneh kaula sumpah!
Tah, dengekeun!”

Ceuk nyi putri:
“ke heula!
Jaba ti eta sumpah dia,
Kaula eudeuk menta antara heula!”

Ceuk jaya antea:
“antara kumaha?”

ceuk nyi putri, bari kujangna dituduhkeun keuna beuteungna:
“kaula ayeuna eukeur nyiram!”

ceuk jaya antea, bari nelek-nelek beuteung nyi putri:
“beruk keur nyiram!?”
ku saha?”

ceuk nyi putri:
“teu mudu tatanya;
dia nyaho kaula boga lalaki!”

ceuk jaya antea dina hatena:
“sugan teh ku duaan!”

laju ceuk inyana ka nyi putri:
“kara keur nyiram mah,
hanteu jadi halangan!
Najan geus belenu salapan bulan geh,
Hanteu jadi naeun.
Da kula mah,
Lain butuh ku nu nyempluna;
Perelu geh
Ku anu handapeunana!”

Dasar putri anu rancage;
Najan ambek rosa jasa oge;
Nyi putri purnamasari
Pura-pura hanteu ngadenge bae!

Laju ceuk inyana:
“kaula menta antara
nepieun ka ieu anu dikandung,
gelar dina wayahna!

Sabab kaula embung
Ieu budak
Kacampuran rasa
Tina raga
Anu lain ngayugana!”

Ceuk jaya antea:
“kaula eudeuk sumpah!
Tapi amun kaula kapohoan?”

Ceuk nyi putri:
“dia ngan saukur ngarasaan mimitina;
sabab dia moal duek bisa hudang deui.
Kaharti jaya antea?!”

Jaya antea inget keuna nangka petotna!
Ceuk dina jero hatena:
“heueuh!
Bisa modar!”

Laju ceuk inyana:
“sanggup, sanggup, sanggup, sanggup!
Moal, moal,
Moal eudeuk kapohoan!”

Ceuk nyi putri:
“aya keneh kahayang kaula!
Dina jero sapuluh poe,
Urang indit ti dieu!

Tapi
Amun leumpang mah,
Kaula tangtu teu kuat;
Sabab beuteung jadi ridu!

Jeung samemeh indit,
Peutinganana teh,
Mudu nyajen heula;
Laju nyajenkeun sasajen loba,
Cara dina kerisan!

Nu olahna mah,
Keun kaula;

Dia mah,
Neangeun bahanna!

Jeung engke dina nindakna,
Dia mudu numpak kuda anu beureum!”

Ku jaya antea disanggupan!

Nya, geuning tetela,
Kasaktian teh,
Matihna
Ngan nepi keuna kulit wungkul!

Amun kasaktianana
Hanteu kalapisan
Ku pangaweruh
Yen satukangeun raga bungkeuleukan,
Aya raga wawayangan;
Aya aya suka anu percaya
Ayana jaya ayana apes!

Jaya antea ngan ngadenge sora
Anu kaluar tina ragana nyi putri;
Tapi jaya antea
Hanteu eungeuh
Keuna sora
Anu gandreng di jero hate nyi putri!

Inyana hanteu nyaho
Yen nyi putri teh,
Dina mentana antara,
Nyi putri pageuh percaya
Yen engke bakal datang…….

Jaya antea memang pinter!
Ku nyebutkeun:
Lain nyempluna anu inyana butuh,
Sejana inyana
Supaya nyai putri jadi ambek.

Mereun
Ku nyi putri teh,
Kujang teh disudukkeun;
Kujangna eudeuk ditewak,
Sabari newak awak nyi putri;
Mereun kari……

Tapi jaya antea salah itung!
Geuning tetela deui,
Yen kapinteuran teh,
Bisa nyoledat
Amun ngitungna sabari ngalamun……

Urang gancangkeun caritana!
Kareta anggeus sadia,
Kudana anggeus sadia,
Pisajeneun anggeus sadia……
Ngan gedungna eukeur dilambangkeun keneh!
………………….
dina peutingna poe anu kasapuluh,
nyi putri keur olah-olah;
jaya antea keur nyiar deui suluh!

Peuting harita,
Hanteu jauh ti enggon olah,
Aya anu harewos tipoek.

Atoh nyi putri kabina-bina;
Ceuk inyana:
“salapan poe teh
Asa ku kebel-kebel teuin!
Meh bae kula beak arapana.
Mun isukan euweuh anu datang,
Isukan teh
Ieu kujang jero amben kaula,
Baris ngentekun nyawa kaula!”

Ceuk den bagus:
“mana si jaya antea?”

ceuk nyi putri:
“ka lebak anu wetan,
keur nyiar deui suluh!”

ceuk rakean:
“geura narindak!
Geuwat!
Lempeng ngidul,
Ke ku kaula oge kasusul.
Ayeuna kaula deuk xxxxxx ieu heula!”

Ngomongna sabari nyepak palembangan gadung.
Wadah-wadahan ragag dina walungan;
Nepi ka kiwari aya keneh,
Nya eta di walungan anu kiwari
Disarebuna: cigadung.

Gadungna bararakan
Ragag di lebahan anu kiwari
Disarebutna: bantar gadung.

Laju rakean nyepakan sakur anu kadeuleu;
Cau manggala baturuy-tury,
Oge ragag di sisi walungan
Anu kiwari disarebut cigadung tea;
Deukeut urut ragagna
Engke aya lembur anu ngaranna:
Lembur cau manggala.

Laju inyana nijak kareta,
Anu ragagna oge di walungan cigadung;
Jadi batu anu kiwari aya keneh,
Jeung disarebutna: batu kareta.

Bantal pangdiukan kareta,
Ragagna misah ka kaler;
Nya eta murag di hiji gunung
Anu kiwari disarebutna:
Gunung kasur!

Kudana ku rakean dibuburak;
Anu beureum kabur kadeukeut kiara papak,
Ka mumunjul anu kiwari disarebutna:
Gunung kuda;
(ayana di jero kontrak cibuhung anu kiwari.)
ari kuda anu bodasna mah,
nepi ka kiwari abur-aburan bae………..

bungbu-bungbu pisambaraeun,
ku rakean diawur-awur:
muncangna ragag di gunung leutik
anu kiwari disarebutna:
pasir muncang;

gandaria pisambeuleun,
ragag ka anu kiwari disebutna:
puncak gandaria.

Seureuhna,
Ragag di anu kiwari disarebutna:
Gunung seureuh!

Ari kembangna anu tujuh rupa,
Ragag di anu kiwari disarebutna:
Gunung kembang.

Ti dinya rakean ngawut-ngawut saung;
Awina ragag di anu kiwari
Disarebutna:
Pasir gombong.

Ceeeeeeeeeeenah kitu oge……..

Barang rakean eudeuk nindak,
Ti tukang
Inyana ditubruk ku jaya antea;
Laju gelut
Gelut……….

Euweuh anu eleh, euweuh anu menang;
Nepieun ka bray beurang!

Ceuk jaya antea:
“nyata kugagahna dia!
Ari kieu mah,
Nya bener tetela nyata,
Sembaheun dia teh
Anu disarebut dajal tea,
Anu ngan bisa dipunahkeun
Ku ajian ti tanah sabrang!”

Ceuk rakean:
“jaya antea,
ulah mawa-mawa anu jadi sembaheun!
Sabab inyana mah
Hanteu pipilueun dina gelut kaula!

Kaula hanteu nyaho
Di ngaran sembaheun kaula,
Jaba ti sebutan
“anu nunggal”

ceuk dia cenah:
dajal!

Jaya antea:
Kaula hanteu ngarti basa tanah sabrang;
Tapi anu tangtu,
Ngaran hade teh,
Pamere batur;
Ngaran goreng,
Rekaan musuh!

Kaunggulan dina perang, jaya antea!
Hanteu ditangtukeun ku:
Ngaranna anujadi sembaheun;
Hanteu ditangtukeun ku:
Pinter bodona anu garelut;
Hanteu ditangtukeun ku:
Kepercayaan anu teguh
Keuna jimat jeung ajian;

Tapi,
Ditangtukeunana:
Ku jaya eujeung apes
Anu jadi rahasiahna
“anu nunggal” tea!

Paralun ka sembaheun dia, jaya antea,
Da kaula mah hanteu giruk ka inyana;
Amun dia
Deuk mapatkeun ajian dia nu anyar,
Moal kaula eudeuk nitah,
Moal kaula eudeuk nyaram!

Amun kajadianana,
Ngelehkeun kaula,
Nya tangtu tetela,
Sembaheun dia pisan
Sembaheun anu sajati!

Tapi,
Amun ka kaulana
Hanteu kua hanteu kieu,
Nya tetela ka kaula;
Sembaheun kaula teh
Eta-eta keneh
Sahiji jeung ngahiji
Jeung sembaheun dia!

Ngan bedana
Dina sebutan!

Di kaula
Ngaranna
Ngaran dina basa pajajaran;

Di dia
Ngaranna
Naran dina basa tanah sabrang!

Jeung ngan bedana
Dina lampah nyembahna wungkul!

Kumaha?”

Jaya antealaju mapatkeun ajianana,
Ajian alih mangsa adat!

Tapi rakean
Hanteukua hanteu kieu!

Ceuk rakean:
“deui!”

jaya antea mapatkeun deui:
tapi rakean,
hanteu kua hanteu kieu!

Ceuk rakean:
“sakali deui!”

jaya antea mapatkeun sakali deui,
bari jimatna diungkulkeun ka rakean.

Tapi rakean
Hanteu kua hanteu kieu

Ceuk rakean:
“kumaha?”

jaya antea hanteu ngajawab;
tapi gabrug bae inyana nyekek rakean!

Rakean motah;
Jamang jaya antea disosoek
Mani beruk kabagian ruhur
Tina jubahna!

Ka handap
Jaya antea ngan kari jubah sapotong deui,
Cara samping ti lebah cangkeng;

Karuhurna,
Jaya antea sabuligir,
Cara kabeh urang pajajaran!

Ceuk rakean:
“jaya antea!
Tah kieu wujud dia nu saestu!
Ulah niru-niru urang sabrang!

Sabab kajayaan,
Lain datang tina pakean,
Lain datang tina ngaran!

Tiap ajian, jaya antea,
Memang aya mamatihna:
Tapi mudu dina wayahna!

Kiwari
Acan wayahna
Kaula males ka dia!”

Rakean laju ngileus…..

Tapi,
Paralun, paraaaaalun,
Paraluuuuuun ki lebe,
Paraluuuuuuuun ki badal,

Lain kula seja nyaritakeun
Pajajaran leuwih sakti:
Tapi nyaturkeun galur pantun
Nyaturkeun ngaran rakean
Anu teu bisa bae ngarti
Ku naha loba jelema
Ngarajaran ajaran suci,
Tapi
Laku-lampah arinyana
Patunjang-tunjang tina ajaranana?

Nyaturkeun ngaran rakean
Nu keur nyiar sugan aya
Jelema sajatining manusia
Nu kainyana bisa nuduhkeun
Dina salahna
Amun lampahna nyembah
Mahiwal ti kahayang deungeun!

Carita urang gancangkeun;
Beusi kaburu beurang;
Pamali;
Beusi amun mulang
Cukangna jadi lesang
Kapiheulaan ku nu marodoooooooool………

Kocapkeun bae,
Rakean anggeus nyusul;

Ceuk inyana ka den bagus:
“urang nyusul ka nusa larang!”

ceuk den bagus:
“nyao dia jalanna?”

ceuk rakean:
“hanteu!
Tapi itu lapat-lapat
Laut anggeus kadeuleu.
Urang mapay heula sisi basisir;
Piraku hanteu nepi ka panyabrangan!”

Laju anu tiluan teh nindak ngidul……..
………………………………..

laju reureuh
di lebak anu kiwari
disarebutna:
parahan talu!

Ti dinya laju nyabrang,
Nyabrangan walungan
Anu kiwari disarebutna:
Citarik.

Tapi jaya antea
Memang jaya anu jaya……….

Inyana anggeus megat di ruhur gunung deui!
Gunung,
Anu ngalingkung sakabeh pijalaneun.

Atuh barang amprok teh,
Nu tiluan teh
Hanteu bisa lolos deui!

Ceuk den bagus ka rakean:
“ayeuna bagean kula!
Hayang nyaaaaaho……!”

Laju gelut, gelut……….
Euweuh anu eleh, euweuh anu menang!
Euweuh kujang anu teurak
Euweuh tombak cukup kuat
Euweuh gobang cukup panjang…………..

Ceuk den bagus:
“jaya antea!
Mana kasaktian dia
Anu meunang nguyang ti tanah sabrang?”

Ceuk jaya antea:
“heueuh,
kula oge hanteu ngarti;
mangkaning ceuk guru kaula,
montong teuin manusa pajajaran,
sanajan karuhunna oge,
tangtu mudu ancur
mun eta ajian dipapatkeun!”

ceuk den bagus:
“ceuk kaula,
lain ajianna anu teumatih,
tapi
anu salah
seja dia anu kaleuleuwihan!

Antea!
Sagala aji eujeung mantra,
Mun dipapatkeunana
Didasaran
Ku kasombongan jeung kaadigungan,
Ibarat kujang tingxxxx

Amun dipapatkeunana
Ku dasar
Anu teguh kapercayaanana
Jeung pikiran di laku-lampahna
Tetep dina galur bagbagan hirup.

Nya eta:
Nyiar
Benerna bebener kabener!

Seja dia anu kaleuwihan?
Nya eta:
Dia lain bae dina karep dia
Naklukeun pajajaran sanagara
Tapi
Oge dina karep dia
Naklukeun panyeumbahanana!

Jadi:
Lain sembaheun dia
Anu disina naklukeun sembaheun pajajaran.

Tapi:
Dia!
Dia, jaya antea
Anu mangkeuh naklukeun
Sembaheun kaula sa-pajajaran!

Jaya antea!
Raja pajajaran
Ama parabu siliwangi
Jeung kaka patih
Hiyang santang arya cakra buana,
Ayeuna anggeus marubus;
Balad pajajaran
Ayeuna geus lebur dina mundurna.

Tapi ieu, jaya antea!
Ki kumbang bagus setra,
Aya keneh!

Hartina?
Sembaheun pajajaran oge
Aya keneh;
Di saruhureun kaula!
Hanteu taluk!

Amun enya bener
Sakumaha ceuk omong dia,
Moal aya anu leuwih
Ti sembaheun dia,
Sooooor, sina turun!”

Amuiiiiiiing, amuing!

Raden kumbang bagus setra!
Raden kumbang bagus setra……..

Dina sababna anu ngagedag-gedag
Dina kageuleuhna
Anu geus geuneuk
Inyana hanteu inget
Inyana teh
Eudeuk ngalawan
Anu di jaya antea
Disebutna:
“anu ngan sahiji”

tapi
anu dipajajaran
disebutan
“anu nunggal”

inyana hanteu inget,
hartina tunggal teh:
ngan sahiji!

Inyana hanteu inget,
Inyana jadi sma bae
Ngalawan ka:
Sembaheun inyana keneh!

Barang den bagus
Deuk nubruk deui jaya antea,
Taneuh handapeun suku den bagus,
Ujung-ujugblong ble cong,
Cara sumur
Tanpa dasarna……………….

Den bagus ngajeblos
Leungit……………….
Jiga diteureuy taneuh!

Nyi putri ngajerit
Bari eudeuk nulungan;
Tapi ku rakean
Inyana laju dibetot
Dibawa lumpat;
Sabab jaya antea
Geus ngaringkang
Karepna ngarebut nyai putri!

Ku rakean
Nyi putri dibawa nyumput
Leumpang susulumputan,
Majuna kabasisir…………
Tapi jalanna buni kabina
Sabab sieun kapanggih jaya antea!

Tapi mingkin jauh,
Jalanna teh mingkin hese;
Gunung-gunung tambah loba
Leuweung-leuweung tambah werit;
Nepieun ka nyi putri ceurik!

Kocapkeun bae
Narepi ka hiji gunung
Anu leuweungna sakabehan,
Lain leuweung tatangkalan
Tepi leuweung
Rurungkunan!

Di anu buni,
Rakean nyumputkeun nyi putri!

Tunda heula;
Tunda di anu buni!

Urang kocapkeun heula:
Gunung anu ngalingkung pijalaneun lumpatna anu tiluan tadi, kiwari aya keneh;
Disarebutna : gunung lingkung.

Bareto eta liang ka jero taneuh, bejana memang aya. Cenah mah, terusna teh ka sagara kidul, kaluarna di handapeun karang anu kiwari disarebut: karang pamulang.

Gunung anu leuweung-leuweungna ngan rurungkunan wungkul, kiwari aya keneh. Disarebutna: gunung reuma.

Ayeuna urang sampeur heula jaya antea

Anggeus kitu digalurkeun ku anu nyieun lalakon,
Jaya antea teh,
Laju ngulon rada ngaler
Nempoan saban anu legok
Ngarorojok anu nyangkowok
Ngorek-ngorek saban nu poek;

Turun gunung unggah gunung
Asup leuweung kaluar leuweung
Anu nangtung diguratkeun
Anu ngajepat dipindahkeun
Anu nagkarakmah
Laju ditincak…………..

Tapi nyi putri jeung rakean
Ku inyana hanteu kapanggih……….

Inyana laju nindak, nindak…………….

Di handapeun gunung leutik
Kaambu ku inyana
Melenghirna wangi menyan;
Wangi menyan pajajaran!

Laju diteangan!

Jol inyana ka hiji onggon
Nya eta enggon jelema tapa.

Barang disampeurkeun teh,
Baruk dulurna sakembaran
Pandita tundapura tea
Keur ngukus munjung ka dewa!

Neuleu dulurna datang,
Pandita tundapura laju lumpat,
Lumpat ka kaler anu ngulon.

Mantakna lumpat?

Sabab mimitina,
Inyana ngejat ti dayeuh,
Ku sabab embung disundatan;
Laju milu mubus eujeung raja.

Tapi tengah jalan
Inyana katinggaleun
Laju misah…………..
Sejana eudeuk tapa……..!

Barang inyana
Keur ngarajah dina gawir
Suku inyana katewak ku jaya antea.

Laju dibedol;
Tapi pandita tundapura,
Muntang pageuh kana karang
Bari nyambat-nyambat para dewa;
Tapi euweuh dewa datang nulungan!

Ceuk jaya antea:
“mending modar, mending disundatan?”

ceuk pandita tundapura:
“jaya antea!
Apan ieu dulur dia!
Kunaha eudeuk dipodaran?”

Ceuk jaya antea:
“bongan embung disundatan!”

pandita tundapura laju dibedol;
gubrag hareupan dalurna
anu eudeuk nyudukkeun kujang.

Ku pandita tundapura
Keuna ceulina kadenge harewos
Nu kadengena
Ngan ku inyana bae

Ceuk harewos:
“turutkeun bae!
Da anggeus ninggang di wayah,
Mudu dia salin lampah!

Engke oge
Ku dia dituduhkeun
Kumaha jalan salajuna;

Ayeuna mah,
Turutkeun bae!”

Pandita tundapura disundatan!

Nyeuri?

Atuh puguh!
Da jaman baheula mah
Nyundatan teh,
Hanteu cara jaman kiwari!

Baheula mah:
….. bedol
jebred bae,
di teukteuk tulalena!
….. nya ari talenan sih make!

(inget hanteu,
talenan dina tanggungan tukang soto…?)

kumaha ari nyundat awewe?
Dikieukan tah…. hwaaaw,
Sina calawak rubak!

Diteukteuk deuih?
Lain….
….digegel!

kumaha nyundatan nini-nini?
Sina cangongo dina lisung!
Laju?
Dikaaacip

Ari nyundatan aki-aki?
Tah etamah rada barabe!
Diborogod heula keuna taraje,
Laju di garagaji…..

Heueuh da!

Ceuk saha?

Ceuk tukang pantun……….heheh!
………………………………..

ceuk jaya antea:
“ mun ti bareeeeeto nurut teh!”

ceuk pandita tundapura:
“adi!
Hanteu sudina harita
Ku sabab urang pajajaran sakabehan
Hanteu eudeuk bisa bae ngarti
Ku naha sembaheun dia anu anyar
Ka daria nitah maksa
Miceun tina awak pajajaran
Sabagian anu nandakeun
Kasampurnaanana waruga jelema?

Apanan eta teh,
Dibahankeun ku inyana keneh,
Ti samemeh urang gelar ka ieu jagat?!?

Raja pajajaran hanteu nyaram
Ka sakur anu daraek ganti sembaheun;
Soal sembaheunana
Janten sakur dijieun pamunjung!

Ngan raja jeung sakabehan sanagara
Ku banten bisa bae ngarti
Ku naha
Sakabeh urang pajajaran
Anu ararembungeun anut
Ka sembaheun dia anu anyar

Ku naha
Ku dia sababaturan
Make dipapaksa…..!?!?

Eta somah
Nitah ka dia xxxx xxxx?

Anu di tulak ku urang pajajaran,
Lain sembaheunana
Lain ajaranna;

Tapi
Xxxxxxxxx ka kaula kabeh!

Nagara pajajaran lain boga urang sabrang,
Oge isin boga raja dengeun,
Nagara pajajaran kabogaan raja pajajaran;
Ari raja pajajaran
Kaboga sakabeh urang pajajaran!

Da karuhan dipaksa-paksa
Karuhan
Pajajaran teh mudu ngalawan!

Pajajaran malah teu ngarti
Naeun perkara dia sababaturan
Nyariarkeun ajaran anu anyar,
Xxxxx xxxx xxxx
Eujeung
Ku carita xxx xxx xxxx
Ngahina-hina para karuhun;
Bari dia sababaturan
Nyebar-nyebarkeun gobang?????

Ngajarkeun ajaran suci
Xxxxx xxxxxxx?!?

Ku naha lain ku carita nu mantak kaharti
Ku naha
Lain xxxx xxxx xxxxx???

Pajajaran
Lain nolak sembaheun anu suci
Lain xxxx xxxxxxx xxxxx
Tapi sabab
Xxxxxxx
Xxxxx xxxxx xxxx pajajaran!

Pajajaran
Ayeuna geus kadeseh;
Eta xxxxxxx
Xxx xxxx xxx xx ganti!

Tah, adi!
Ayeuna mah,
Ganti laku lampah dina ngajarkeunana,
Amun embung disarebut dia papaksa……!

Jaya antea, adi!
Kujang dia geus diturut
Tinggalkeun kaula ayeuna!
Kaula eudeuk tapa!”

Jaya antea ngeunah jasa angeunna
Ku sabab geus bisa naklukkeun kakana,
Ka xxxx geus bisa nalukeun
Pandita utama ti pajajaran………….!

Laju inyana nindak……….
Inyana ka sisi basisir….

Urang tunda
Sina tapa; jeung anu nindak
Sina nepi ka sisi laut………….

Urang mah
Urang balik deui ka:

Gunung di mana jaya antea kaambu wangi melenghir menyan, kiwari disarebutna: gunung pangukusan.
Sabab…….. gunung urut pandita tundapura ngukus mumunjung.

Gunung urut pandita muntang sasambat ka para dewa, kiwari disarebutna: gunung puntang.

Urut tapana disarebut: karamat sangiang!
Aya deui anu nyarebut: karamat sangiang wenang.
(sangiang wenang anu mana? Sangiang wenang anu jeung sangiang wening tea kitu?
Nepi ka kiwari acan aya anu bisa mere katerangan anu pasti.
Naha teh bisa jadi kitu sababna disarebut keramat sangiang wenang tea, ku sabab pandita tunda pura ku eta sora tanpa rupa di wenangkeun disundatan?
Xxxxx!
Xxx xxxx xxx anu nyarita, anggeus xxx xxx, pandita tundapura laju ka wetan…… ngajarkeun ajaran anu anyar, tapi sabari hanteu ninggalkeun tali paranti nu xxxxx xxxxxx karuhun….. nepi ka xxxxxx!
Kuburnana di punjung-punjung jadi karamat salah sahiji xxxxx ti pajajaran baheula!)
…………..

ayeuna urang xxxx
xxx xxx xxxxx
di gunung
anu leuweungan ngan xxx xxxx

ceuk nyi putri:
“rakean!
Percaya dia
Keuna wejangan kokolot baheula
Anu ngajarkeun:
Hirup teu nyaho di mangsa paeh
Nya paeh teu nyaho di mangsa hirup?

Ari xxx xxxx xxx;
Anu hirup di jero paeh,
Xxx paeh di jero hirup!”

Ceuk rakean:
“nyi putri!
Sugan kitu biasana
Anu jadi rangda ngora mah!?!

Kumaha urang laju deui
Urang nyusul ka nusa larang?

Ari geus katapal jeung kolot mah,
Nyi putri tangtu xxxx tiiseun!”

Ceuk nyi putri:
“asa harayang ari nyul mah, rakean!
Tapi ayeuna mah,
Suku teh sok gancang cape!
Sugan pabawa ti jero beuteung?!?!?

Ayeuna mah
Kula teh eudeuk pasrah!

Kapanggiiiiiiiiih deui jeung indung bapa,
Nya eta anu dipenta
Hanteu baeeeeeeee,
Nya kaula atuh tarima!

Ceuk pikir kaula rakean,
Kapaksa mudu pasrah
Seseren ka papasten
Amun keneh ojah anggeus beak
Amun budi sakuatna
Oge… teu pikeun urang teuin!

Sugan anggeus kieu papasten kaula,
Mudu cicing di lebah dieu!?!?

Ceuk rakean:
“Ku naha kituh?”

ceuk nyi putri:
“asa-asa lalakon kaula,
ngan nepi ka lebah dieu!”

ceuk rakean:
“ku naha kituh?”

ceuk nyi putri:
“nyao teuin!
Kumaha rakean,
Amun urang ngababakan di dieu bae?”

Ceuk rakean:
“hate xxx ring-rang kenen
sabab si antea tangtu nyiar!”

ceuk nyi putri:
“kaula hanteu sieun ku inyana!
Salila aya dia keneh, rakean,
Dina hate kaula
Xxxx xxxxx gimir saeutik!”

Nyi putri
Ngomongna sabari neuleu ka rakean;
Deuleu
Pateupung deuleu deui………….

Tapi dina balik deuleu nyi putri
Ku rakean
Kadeuleu aya sinar ngabaranang,
Kadeuleu ngan sakeudeung,
Tapi
Mahi lila pieun karasa…..

Harita keneh,
Rakean hatena gedag:
Atoh, rasa atoh
Anu datangna
Cara ombak ngagulung parahu;
Tapi ngan sakolepat!

Sabab rakean,
Rakean inget kana sumpahna…………
Laju inyana tungkul,
Sabari ngomong:
“nyai putri!
Moal aya lawe euweuh tungtungan,
Moal aya walungan euweuh muharana!
Nya kitu deui awak kaula
Mal salila-lila aya di jaya!

Kumaha,
Amunkaula ninggang di apes,
Kasambut jaya antea?”

Ceuk nyi putri:
“rakean!
Asal dia paeh kasambut
Purnamasari oge
Ngan kari ngaran dina babatang!
Sabab
Ieu kudi di jero beubeur
Bakal miheulaan si antea
Ngaragap awak kaula!

Si antea moal eudeuk laksana!
Sabab
Amun kudi gagal katewak
Di jero gelung kaula
Di selapkeun tungtung tumbak
Ceukup seukeut, cukup lancip
Pieun antea pindah alaman!”

Ceuk rakean:
“kumaha mun dia dibokong?
Teu walakaya ditalikung?!”

Ceuk nyi putri:
“ngan saukur lampias kahayangna!
Sabab jalan pieun kaula paeh,
Teu mudu nyiar bae katungtung kujang!

Tuh!
Tangkal ki upas ngajelegedeg;
Papaganana kari neureuy
Kaula hirup ngan kari sakiceup!”

Rakean cicing bae!

Laju ceuk nyi putri:
“urang ngababakan!
Tuh di gunung anu itu;
Anu buleud!”
…………………..

kocapkeun bae ngababakan!
Di gunung anu buleud, anu kiwari aya keneh; anu disarebut:
Gunung buleud.

Ngababakan!
Tapi rakean
Tetep dina sumpahna!

Inyana mah
Nyicingan saung anu misah!
…………………….

nyi putri reuneuhna tambah gede;
mun urang nyaho mah
mereun
dina wayah bulan anu kagenep!

Hiji poe ceuk nyi putri:
“rakean!
Mun ieu budak engke gede,
Mun inyana nanyakeun bapana,
Kumaha kaula nyarita?

Mereun hayangeun inyana nyaho,
Jiga kumaha rupa bapana?”

Ceuk rakean:
“kula inget kula soraaaaangan!
Mereun moal beda ti kaula….
Ti mimiti sabarang inget,
Teu nyaho di mana kolot,
Teu nyaho di mana indung
Teu nyaho di ngaran bapa……….

Moal salah, nyai putri,
Anak dia teh
Enkena tangtu nanyakeun!

Geuning kaula oge,
Nepi ka kiwari
Sok ku haaaaaayang
Paamprok jonghok ka kolot!

Kaula inget keneh!
Keur di waktu ngangon munding
Di tegal si awat-awat
Ngangon kebo teu puguh anu bogana
Di sampalan
Teu puguh mana watesna

Laju ku ki lengser di calukan
Di bawa cicing di dayeuh!

Tapi,
Saaaaha bapa kaula!?!
Kumaaaha
Rupana indung kaula?!?

Euh, nyi putri,
Euweuh hiji nu mere nyaho…..
Marajarkeun teh:
Kula mah budak timu,
Meunang manggih di sisi cai!

Tilok kituh?

Jeung tilok
Kaula jadi jelema,
Euweuh indung-bapana?

Geuning,
Itu tangkal ki hujan anu nunggal
Jadina petetan anu nyorangan,
Asalna teh
Mereun tangtu dina siki heula
Tina siki
Ti tangkal anu ti heula,
Ti ki hujan nyao di mana……?”

Rakean laju cicing…….
Cimatana nyaraclakan……

Nyi putri oge cicing:
Cimatana nyarakclakan…..
Laju inyana
Nyampeurkeun rakean
Bari ngomong:
“rakean!”

rakean ngan ngalieuk………..
laju neuleu deui ka nu jauh……
nyasaran ku pangdeuleuna…….
anu anggang di kajauhan,
anu jauhna
ngaliwatan tungtung deuleu………

ceuk nyi putri:
“rakean!
Kumaha,
Mun dia jadi bapana?

Da rupa dia jeung ka bagus,
Euweuh beda saendog tongo!
Ngan beda soteh;
Dina kulit
Jeung dina ngaran!”

Rakean laju nyanghareup,
Ceuk inyana:
“nyi putri….!?!?

ceuk nyi putri:
“heueuh, rakean!
Tah kitu, pikir kaula;
Supaya budak,
Aya bapana!

Jeung kaula,
Leungiteun aya gantina
Nu sarua sarupa
Ku belana
Ka kaula anggeus karasa……….!”

Ceuk rakean:
“nyai putri!
Paraaaaalun…….
Kaula mah sieun katulah;
Katulah ku aki lengser
Nu mihapekeun dia ka kula!

Kumaha mereun kaula
Pihapean
Ku kaula dipikaboga……!?!

Jeung apanan dia mah:
Nyai puuuutri
Anak raja!

Ari kaula
Ngan saukur jadi badega
Nu asalna:
Budak timu
Ti tegal siwat-awat!?!?”

Ceuk nyi putri:
“kajeun, rakean!
Kajeun!
Da kaula mah
Suka!

Moal eudeuk dia katulah,
Sabab anggeus katebus
Ku pangabela ka kaula!

Mun di dayeuh,
Memang mereun tangtu gehger;
Nyi putri
Lakian ka somah.

Saha nu eudeuk gehger?

Rakean,
Seja kaula saenyana:
Eudeuk nunda deui turunan raja,
Pieun engke jaga
Mulang deui ka kalerkeun
Ngadegkeun pajajaran anu anya!

Anu anyar, rakean
Anu teu diparentah ku saha oge,
Anu beunang direbut deui
Tina kakawasaan musuh nu aradigung!”

Ceuk rakean:
“amun kitu sejana karep dia,
nya kaula hanteu halangan!

Ngan kumaha,
Urang tanggoan heula
Gelaran anu dikandung?”

Ceuk nyi putri:
“kaula geh hanteu halangan!”

ceuk rakean:
“kaula deuk munjung heula
ka karuhun ka para dewa,
menta saksi ka anu agung!

Urang ngayakeun heula:
Kahiji: pamunjung agung
Kadua: panyaba mandala
Katilu: kuwera-bakti!

Urang numpeng
Tujung cungcungan;

Bakakakna:
Kasintu lobana tujuh
Cangehgar lobana tujuh
Mandaras mah
Cukup ku tilu!

Kuehna:
Keuh pasung, kueh cuhcur;
Tengteng ketan, opak ketan
Surabaha jeung rangginang
Ditambahan ku gegeplak!

Buburna, bubur hanjeuli;
Urabna, urab ketan
Anu koneng, anu bodas;
Kiripikna, kiripik gadung!

Ari cauna?
Cau tanduk;
Jeung buahna tujuh rupa!”
………………………….

laju sasadia…………..

tapi,
lalakon mah,
lain rakean anu ngareka
lain nyi putri anu ngaraah;
tapi di aturan
ku anu nyieun carita;
jeung disusun
…. ku tukang pantun…….!

sajenna anggeus sadia!

Rakean eujeung nyi putri
Keur ngahurungkeun parukuyan………
…………………………
ujug-ujug angin ngagelebug
mingkin kenceng, mingkin rosa……….
angin barat rosa jasa
kenceng, kenceng
sorana nyiuk ngahiuk……..
kadeuleuna
ngagulung pupurintiran…….!

tankal-tangkal pada rungkad,
saung-saung dibawa ngapung,
sakalian eujeung eusina………!

nyi putri nangkeup pageuh,
ka rakean anu ngajepat,
ngadapang nunjang ka angin!

Sasajen sakabeh beak;
Sakalian jeung parabotan…….

Dulangna,
Murag di anu kiwari disarebut:
Gunung dulang

Aseupanna,
Murag di anu kiwari disarebut:
Gunung aseupan

Lulumpangan,
Murag di anu kiwari disarebut:
Gunung lulumpang

Pajuangan,
Murag di anu kiwari disarebut:
Gunung binong

Tumpengna,
Murag di anu kiwari disarebut:
Gunung tumpeng

Bakakakna,
Murag di anu kwiari disarebut:
Lembur cangehgar!

Saungna ngapung, bararakan:
Bilikna,
Murag di anu kiwari disarebut:
Gunung bilik

Hateupna,
Murag di anu kiwari disarebut:
Walungan citepus

Sawareh deui,
Muragna patulayah cacarangan
Di anu kiwari dina carita pantun disarebutna:
Tegalan tepus lancar,
Hanteu jauh
Citepus anu kiwari…………

Kocapkeun bae:
Angin anggeus eureun!

Ceuk nyi putri,
Bari nagkeup pageh ka rakean:
“rakean!
Tilok kituh,
Eta teh kila-kila
Urang teh hanteu meunang ngajodo?”

Ceuk rakean:
“teeeeeeeeeuin……..
tapi,
tapi……..
deuleu…….
deuleu tuh!”

nyi putri jeung rakean mararunggah….
kadeuleu aya kuwung-kuwung nungdak tujuh,
melenglungna, nyela bumi
jiga unggah ti sagara
nutugna jauh ka kaler
di kaler nu rada ngulon……

leus!
Kuwung-kuwung hanteu kadeuleu
Gurilap!
Ngolepat cahaya pigeledegeun…….

Rakean jeung nyi putri
Narangkub dina taneuh………
Tapi anu kadenge
Lain galedeg anu ngajeger;
Tapi sora……
Sora gede jeung geueuman,
Anu ngomong:
“rakean, anaking!
Purnamasari, nyai putri!
Acan wayah
Dia jodo di ieu jagat papantunan!

Lalakon dia
Kari dua babak deui!

Dengekeun:
Engke,
Amun di sisi basisir,
Anggeus ngadeg
Tilu gedong undak sabangun,
Anu dihateupan
Ku emas ti tanah sabrang,
Jeung tembokna
Di anyaman beusi pabeulit,
Dibangunna
Ku jelema anu tarorek,
Tah,
Di dinya wayahna dia jojodo!

Ayeuna,
Parindah heula
Ka gunung di sisi cai
Nu pang deukeutna
Ka sisi laut!

Sabab di dinya pisan
Ngate antehan kajayaan jaya antea;
Sabab anggeus nepi ka antekna!

Ti dinya mah,
Deuk kamana oge,
Olos teuin……!”

Laju aya gurilap deui…….
Sorana laju leungit,
Ngan jauh di anu anggang hawar-hawar
Aya sora guruh ngageleger……..

Rakean ngahudangkeun nyai putri;
Laju nyararembah……
Nyarembahna ka anu hanteu kadeuleu…….!

Ceuk rakean:
“tah kitu!”

ceuk nyai putri:
“urang turutkeun, rakean!”

laju pararindah;
ka gunung di sisi walungan,
nu pangdeukeutna kana basisir……!
……………………….

kocapkeun di hiji poe;
deukeut ka sore…..!

nyi putri keur nyisiran,
rakean ngaseuk di rada lebak;
hanteu jauh……

nyao teuin dimana kurunyungna,
nyao-nyao hareupan nyi putri
jaya antea anggeus nangtung
nyanggereng eudeuk ngarau!

Nyi putri ngajerit sabari lumpat,
Sisirna murag…….

Ti lebak anu hanteu jauh,
Rakean ngalieuk reuwas….

Barang nyi putri kari sageppeun,
Kayu aseuk
Ku rakean ti kaanggangan
Di totogkeun kenceng jasa
Ragagan cara tumbak dipanahkeun.

Keuna dina punduk jaya antea;
Tapi jaya antea hanteu teurak,
Sabab jaya antea anu harita
Jaya antae carita pantun……

Inyana ngan ngagudupruk!

Barang eudeuk ditubruk ku rakean,
Ceuk inyana:
“ke!
Samemeh sia modar,
Ku ngaing deuk dipangmentakeun
Ka sembaheun ngaing anu suci sajati,
Supaya dia ditarima di sawarga!”

Ceuk rakean:
“perang sabari carita mah,
ngan aya dina dongeng baheula!

Ari kiwari mah,
Hiji diantara dua:
Wani
Atawa
Hanteu!

Kaula hanteu butuh ku sawarga,
Salila nagara pajajaran
Can dipageran deui paku-jajar
Anu ngajajarkeun;
Anu salah
Ti anu
Bener!

Ti bubudak,
Kaula tuman hirup dina balangsak!”

Ceuk jaya antea:
“sakabeh jelema hirup,
harayangna hirupna salilana senang,
nya kitu deui dina paehna,
euweuh anu harayang asup
keuna tungku panggodogan
anu dingaing disarebutna:
naraka tea!”

ceuk rakean:
“kaula mah hanteu eudeuk pipilih;
kumaha diberena bae
ku maha agung maha kawasa!

Cenah mudu ka naraka dia,
Nya hanteu jadi naeun
Sugan mantakna kitu oge
Pieun ngabejaan engke ka dia
Panas mana:
Panggodogan di naraka dia
Atawa
Panggodogan kaula
Di jagat pancaka buana karma?!”

Jaya antea ambek jasa,
Ceuk inyana:
“begu pajajaran!
Dasar warahun si lengser;
Bedegong euweuh bangsana!”

Ceuk rakean:
“ulah mawa-mawa jelema nu teu tuab;
ki lengser mah
tara ngawaroh keuna bedegong
buktina,
najan kaula di sia-sia,
kaula tetep ngajenan bae!

Tapi ayeuna,
Jaya antea,
Naeun kahayang sia!
Eudeuk sia ngadu kabisa
Seug!
Geura taker jajaten sia!

Ngaing moal eudeuk ngejat!

Geura budalkeun kasaktian sia,
Moal ngaing eudeuk nyingkah!”

Jaya antea laju ditubruk,
Rakean laju ditubruk
Galungan…………
Cara maung parebut mustika…….

Euweuh anu eleh, euweuh anu menang!

Rakean ngalugas kujangna;
Tapi kujang rakean
Ujug-ujug jiga aya anu nepak;
Leupas tina keupeulanana
Jleg jadi arca…..
Anu baheula nyorang boga ngaran:
Arca embah jagapatijaya!

Sewang-sewang ngabudalkeun eusi ragana;
Tapi euweuh anu eleh, euweuh anu meunang!

Jaya antea notogkeun tumbakna;
Tapi tumbakna
Katewak ku rakean.
Laju dibalangkeun….
Ragag…. laju jadi deui haur
Di lebahan anu kiwari
Disarebutna: haur kuning!

Jaya antea salin rupa,
Ngarupakeun maung lodaya……..

Rakean oge salin rupa,
Ngarupakeun areuy meulit
Ngaborogod maung jajadian!
(areuy anu tadi, nepi ka kiwari disarebutna: maung tandang)

barang jaya antea
geus meh teu bisa budi deui
laju inyana ganti wujud
ngarupakeun jadi angin,
angin barat kenceng jasa…..

areuy teh laju pegat,
jeung harita keneh
ganti jadi geledeg……

euweuh anu eleh, euweuh anu meunang….

laju sewang-sewang
baralik deui jadi jelema!

Ger perang deui…..
Perangna rosa jasa
Perangna dua urang pajajaran;
Ngan anu saurang
Pajajaran geh
Pajajaran panamping!

Jaya antea nubruk;
Nubrukna gancang eujeung galak
Cara maung nubruk uncal!

Rakean kelid!
Jaya antea disaliwakeun,
Di sungsang lebah kelekna
Bari dijijek dina cangkengna!

Kalayang,
Jaya antea ngalayang
Nya ragag!
Ragag ka sagara!

Sagarana ngadag-ngadag motah jasa,
Ombak-ombakna salaput haur;
Ngaguruh jeung ngageleger,
Cara bedahna kawah eukeur ngagolak
Di kocek-kocek ku raksasa……

Tina gelegerna saban ombak,
Kadenge aya sora hahaokan:
“rakean!
Acan wayah
Kiwari ngaing nyerah!
Engke ngaing unggah deui
Tanggoan…………..!”

Leus, sora teh leungit……..
Sagara lendo deui ombak-ombakna………..

Ngan jauh ka beh tonggoh anu jero
Kadeuleu jaya antea
Deuk ngojay digulung ombak
Lep, jaya antea hanteu katembong!

Jaya antea laju jadi: lauk gede jasa!
Jubahna, anu kari sapotong deui tea,
Laju jadi lauk pari anu gede!
Beubeurna anu racik,
Jaradi lembu laut anu disarebut:
Tali datu!

Sorbanna, jadi lauk cucut anu galak!
Kaneronna, jadi lauk cumi gede!

Jaya antea, punah lalakonna saheulanan!
Inyana jadi lauk gede!

Punahna jaya antea jadi jelema
Lain ku sabab sembaheunana hanteu manjur
Lain ku sabab sembaheunana hanteu agung,
Tapi ku sabab di punahkeun
Ku pola jaya antea sorangan keneh!

Jaya antea ganti sembaheun,
Jaya antea biluk ka musuh
Ku sabab jaya antea
Hayang jadi raja di pajajaran!

Tapi
Dina angkuh larapan angenna,
Jaya antea seja ngadegkeun deui:
Nagara pajajaran anu anyar
Anu rongkah jaya perkasa

Pieun naklukeun raja-raja ti nagara
Anu ngarangkat jaya antea jadi raja……..

Jaya antea teh aktulah
Katulahna ku pamolahna
Di bendon ku anu agung
Anu nunggal ngan sahiji
Anu ku jaya antea disebutna:
Gust awloh….!

Tunda
Urang tanggoan
Jaya antea unggah deui!

Tapi urang caritakeun heula:

Gunung di sisi walungan, pangdeukeutna ka sisi sagara, liwari aya keneh. Bareto mah disarebutna gunung jaya-antea. Tapi kiwari jadi gunung jayanti!

Sababna baheula di sarebut gunung jaya-antea, nya eta ku sabab di eta gunung geus ngante wayah antehanna kajayaan jaya antea, anu dina antekna mah, geuning hanteu ungkulan ngayonan layan anu teguh kapercayaanana;
Kapercayaan yen:
Bener, mudu udar dina hade
Tapi salah
Antehana jadi pacangreud,
Pacangreud dina bebendon……!

Jaya antea susumbar eudeuk unggah deui!

Jaya antea memang kungsi unggah; nya eta jadi kapala bajo anu baheula ngaruksak ngarampogan basisisr kidul. Ceuk anu nyaraho di ugana, engke jaya antea bakal unggah deui; turunna tina kapal anu coreleng…….
Tapi inyana moal bisa laju,
Sabab di gunung sunda
Geus nanggoan hiji jelema
Anu baheulana jadi pandita
Pandita tundapura,
Anu ngusir deui jaya antea
Mulang ka mandala panyicinganana!

Jaya antea bakal turun ti kapal anu coreleng, nganteur-nganteur semah ti sabrang, anu unggah diantara dua pameungpeukna!

Ceuk carita urang palabuhan ratu kiwari, eta lauk gede teh memang aya; ayana di laut rada katengah, jeung nembonganana, lain bae ka anu kaberenehan, tapi pangpangna mah ka jelema-jelema anu sarombong.

Ceuk beja mah, gedena eta lauk, leuwih gede manan parahu mayang!malah tonggongna anggeus karangan…………

Sisir nyi putri purnamasari anu murag, kiwari aya keneh. Ceuk anu kaberenehan mah, kapeung-kapeung osok tembong ngagebur di waktu peuting; ti ruhur gunung, turun kalebahan pameuntasa ka tanah jampang!

Ku angin kenceng tea anu ngapungkeun sasajen jeung saung-saungna, loba leuweung pada rurubuh, ditambah deui lobana urut angin jijieunan jaya antea…… nepieun ka loba jasa gunung-gunung jadi garundul!

Tah eta sakala engke jaga;
Hiji waktu, gunung-gunung di basisir palabuhan ratu, bakal garundul, alas-alasna jaradi imah……..
Di garundulanana, ku jelema-jelema diarojok-ojok sina jembar, tapi diburitna, jembarna teu matak senang!

Dimana gunung-gunung anggeus garundul, tah eta teh tandana, yen anggeus sampek keuna unggahna jaya antea kadua kalian………….

Anggeus sisi laut ngaradeg gedong-gedong nyusun undak-undakan…….. laju loba jelema pepegatan……

Tapi urang palabuhan ratu pada waluya; sabab karamat arca embah jagapatijaya, ngawaruga ka jelema anu kukuh, keukeuh kapercayanana keuna tumbal: saadat sunda!

Ngan bae, bakal aya wadal anu dipenta!
Nya eta:
Jelema-jelema anu aradigung arieu aing;
Saukur ponggawa jeung pangurus
Anu punta-enta bae ka somah
Kareseupna nyusahkeun somah
Anu jarembarna tina ruruba
Bareungharna beunang babagsat…..

Sing areling!
Ulah gampang-gampang deuk kabujuk,
Ku dukun-dukun tukang naripu,
Ngajarualan jimat tutulisan!

Ulah gampang-gampang deuk kabawa,
Ku kiai teu ngarti ngaji
Ku pangajuk anu mahiwal
Pasingsalan aturan nagara……!

Sing waspada:
…………………………

ayeuna mah,
anu panjang urang gulungkeun
anu ngagulung urang nyangreudkeun
anu leupas urang tumbukeun
an landung urang purekkeun;

urang anggeuskeun
ninun catur nganyam carita!

Beusi kaburu beurang!
Pamali!

Mantak di carekan mitoha,
Nitah dia geuwat ka sawah;
Ku sbab mitohanaera kerek mun kadenge,
Urut tunduh lalajo pantun!

Ayeuna urang caritakeun:

Ngabatakanana gi gunung jayanti anu kiwari
Rakean teh hanteu lila.

Sabab nyi putri:
“rakean!
Beuteung teh mingkin ridu!
Jeung ku jungjat mun ka cai.
Urang pindah ka nu datar
Ka sabrang di beulah kidul!”

Laju pararindah,
Nyarabrang ka sabrang kidul!”

Jalanna ka girang heula, nyabrang; laju ngilir,
Ngaliwatan gunung leutik
Nu dipuncakna aya ceuri.
(eta gunung kiwari aya keneh, disarebutna: puncak ceuri)

laju ngaliwatan deui,
nu puncakna aya kadongdongan.
(kiwari aya keneh, disarebutna: puncak kadongdong).

Laju tarurun
Dilebahan hiji sumur
Handapeun tangkal dadap anu gede,
Hanteu jauh ti tangkal sempur
Dikurilingan dapuran haur.

Laju ngababakan
Saeutik rada kahilir
Sisi cai
Anu ngocor ti sumur tadi
Wetaneun walungan gede.

Ceuk rakean:
“ku sabab urang ayeuna,
misah ti batur-batur jeung baraya,
eujeung seja nyai putri
deuk ngadegkeun deui pajajaran
teu gumantung ti saha oge
eta walungan anu gede
urang ngaranan:
cimandiri.

Ieu cai leutik
Anu ngocor ti sumur haur,
Urang ngaranan:
Cidadap
Sabab bijil caina
Tihandapeun tangkal dadap!

Ku sabab ieu cidadap
Jadi panghurip pangjembar tani,
Di sumurna
Urang jieun
Hiji pamunjungan”

Laju rakean nyiar batu gararede
Dirarempak jeung xxxx
Diatur dirapih-rapih
(nya engkena katelah: sumur haur pamunjungan. Tapi kiwari mah anggeus euweuh).

Teu kacatur ngababakanana!
Urang kocapkeun bae:

Nyi putri reuneuhna
Ngadeukeutan ka wayah….

Hji poe, rakean balik ti huma.

Ceuk nyi putri:
“rakean!
Ku asa mules!?!”

Ceuk rakean:
Boa, asup angin!”

Ceuk nyi putri:
“lain, rakean;
karasana beda deui!
Boa-boa eudeuk ngajuru?!?

Rakean,
Rakean jadi bingung!
Sabab inyana hanteu nyaho
Kumaha ari ngajuru.

Inyana nyahona:
Ma beurang kadenge ngajampe
Jeung sora orok oar-oaran…..

Ma beurang;
Heueun ma beurang?

Tapi dimana imahna ma beurang?

Rakean tambah jadi bingung………
Bingung kamana nyiar ma beurang…..
Jeung bingung
Nyi putri eudeuk ngajuru
Kumaha amun rakean ditaruding…
Reuneuhna teh ku rakean????

Rakean hanteu nyaho
Kumaha jadina budak
Jadi orok di jero beuteung!

Tapi rakean osok ngadenge
Ari reuneuh teh
Ku sir oge cenah
Awewe teh bisa reuneuh!

Inyana memang ngaku
Osok sering di inyana
Aya rasa
Anu dikanyaho
Ngan ku inyana sorangan bae
Mun inyana neuleu nyi putri
Keur hees tibra nangkarak……

Inyana oge inget:
Keur waktu mimpi tea
Inget deui
Keur waktu eukeur ngagandeng
Inyana nyileup-nyileupkeun xxxxxx
Anu ngarunjud teu xxxx

Asa kitu kituh,
Anu disarebut sir teh,

Rakean tambah bingung;
Kamana nyiar pisaksieun……????

Laju rakean inget ka
Nyi putri gandrum arum
Nu keur tapa di pageran
Ku caringin jeung ki hara!

Pikir rakean:
Sina ma beurangna,
Sakalian jadi saksi!”

Laju ceuk inyana ka nyi putri:
“urang neang ma beurang atuh!?”

ceuk nyi putri:
“ti mana, rakean?”

ceuk rakean:
“kula deuk neang teteh dia,
nyiputri gandrum arum!
Jeung sugan inyana nginjeumkeun
Saurang ti dayangna
Pieun ngabaturan dia
Salila hudang ngajuru!”

Ceuk nyi putri:
“ke heula, rakean
karasana acan memeh!
Tapi ieu,
Asana teh ku hareudang!?!

Anter kaula ka sumur
Sakalian eudeuk munjung,
Supaya ngajuru hanteu karasa
Jeung budak teh
Sampurna gede bagjana!”

Nyi putri laju di anteur
Tapi inyana……
Ngarasa rada deui cara mules!

Laju inyana reureuh;
Diukna ngahujar lembar,
Dina batu
Rubak satumpang!

Dimana,
Dina batu handapeun sempur,
Nu ngarangrangan di sisi sumur!

Sumur mana?
Sumur haur pamunjungan!

Ceuk nyi putri:
“rakean!
Kula teh cape.
Pencetan bitis kaula!”

Laju rakean mencetan bitis nyi putri;
Mencetanana sabari peureum……

Ceuk nyi putri:
“rakean!
Kula teh cangkeul dina cangkeng!
Usapan dina bobokong!”

Laju rakean ngusapan bobokong nyi putri;
Ngusapanana sabari tungkul……

Ceuk nyi putri:
“rakean!
Kula teh rieut.
Tiupan embun-embunan!”

Laju rakean niupan embun-embunanna;
Tapi niupan pinuh kapedih….sedih…. sedih…..
Sabab najan geus tetela hanteu sulaya,
Nyi putri asih saestu
Rakean teh ringrang deui:
Sieun jadi katulah
Mun inyana ngarempag sumpah!

Tapi kumaha?
Ka nyiputri geus nyanggupan
Sanggup jadi bapa budak!
Ari budak teh
Mereun engkena
Adian deui……!?!

Rakean inget ka munding;
Munding jalu
Ngajaluan mudning bikang;
Munding bikang teh engkena reuneuh
Laju anakan………….

Da can nyaho munding bikang anakan,
Teu di jaluan ku jaluna…..!

Mereun engke budak teh
Adianana
Ku rakean…..?!

Mangkaning geus sumpah,
Sumpah
Anu………. disaksikan sakabeh alam…….
Mangkaning anggeus nyanggupan…….

Kumaha, kumaha, kumahaaaa atuh ieu teh?

Laju rakean asup pikir,
Tetep sanggup jadi bapakna budak;
Tapi rakean
Oge eudeuk tetep ka sumpahna,
Moal eudeuk cara munding jalu…..!

Sabab inyana anggeus jangji,
Sumpah ngan narima kapihapean.

Rakean sumpah deui:
Moal eudeuk rungkad ku ditugar,
Moal eudeuk gugur ku digempur;
Kajeun lebur jadi lebu,
Dibeuleum seuneu kadeudeuh
Diluluh dihuru ku napsu
Rakean moal, moal
Moal eudeuk cara munding jalu!

Ceuk nyi putri:
“tiupan deui!”

rakean niupan deui,
sabari mencetan hulu nyi putri.

Nyi putri purnamasari
Putri pajajaran anu sajati
Putri bungsu ti nu katujuh……

Rakean!
Najan wujud ngan badega,
Badega pajajaran…….
Tapi rakean mah,
Lain rakean xxxxxxx!

Sabab rakean,
Rakean kalang sunda
Incu keneh sang hiyang dewa batara kala,
Incu ku anu xxxxx
Dijurung ngalalana
Sabari naggoan wayah
Cidadap saat pagupakanana……..

Mantakna,
Keur rakean niupan embun-embunan
Ku nyi putri laju kaambu
Arum wangi kahiyangan
Nu melenghir
Ti awak rakean anu sajati!

Nyi putri jadi sedih
Inyana laju ngarangkul………

Ceuk rakean:
“lilir, nyi putri, lilir!
Deuleu!
Saha anu dirangkul ku dia?

Apan ieu teh rakean,
Badega anu kumawula!”

Tapi nyi putri pageuh ngarangkul
Sasegruk inghak-inghakan……..
Jiga jadi budak deui
Hayang repeh dipepende
Hayang peureum dikeukeupan………

Rakean atina ancur………..
Hanteu kuat inyana nahan kasedih……….!
Tapi,
Najan raga hanteu obah
Najan bibir teu ngalemek
Jerit rakean maratan mega…..!

Saruhuran puncak ceuri
Puncak ceuri anu kiwari,
Loba bidadari pada ceurik
Sabab jeritan rakean
Jeurit peurih nyiksikan ati……..

Sedih….. sedih…….
Aduh……

Eyang dom dom kala xxx xxxx
Tulumungan…..

Mingkin pageuh rangkul nyi putri!

Cara bentang
Anu embung lesot tina langit….!

Rakean laju inget kana ajianana
Ajian panumpangan ti ki lengser!

Laju dipapatkeun;
Nyi putrilaju disirep!

Laju rakean ngadatangkeun tilu maung selang,
Maung selang tina ajian
Ajian panggendaman ti ki lengser!

Ceuk rakean ka maung nu tilu:
“dulur-dulur!
Dia anggeus wayah jaradi manusa!
Dengekeun!

Nyi putri eudeuk ngajuru,
Mihape kaula inyana ka dia
Kaula deuk neang ma beurang
Jeung sakalian nyiar pitumbaleun!

Beusi orokna kaburu gurudag,
Dia geuwat nyiar tumbalna:
Cecendet euweuh sikina
Anu asak dina galengan
Jeung
Buah beunying anu cikal
Anu asak semuna bodas!

Kaula ayeuna mudu buru-buru
Ngajugjug gunung halimun
Deuk neangan ma beurangna!

Beusi bae
Kaula miang rada lila
Kaulaan nyai putri masing bener
Sabab cenah euceuk beja
Amun neang ma beurang sorangan bae
Osok hese kapanggihna
Jeung
Osok loba dodojaan!

Amun bae bener kitu,
Nepikeun ka kaula
Hanteu bisa gancang-gancang mulang deui
Dia tiluan siligantian
Mudu jadi kokolot jeung pangraksa!

Ieu babakan
Ku kaula dingaranan
Babakan dadap!

Kaula mihape nyi putri;
Beusi aya anu julid hiri dengki;
Jeung jauhkeun
Sing hirupna
Dina jalan anu hade sampurna!

Amun dia melang,
Nyi putri bakal kagoda;
Ku nu mawa kereta kancana
Ka nu pangkat gede kawasa
Ka nu gumirincing loba ringgit,
Tapi karetana,
Kancana emas sipuheun
Kapangkatanana
Pieun nipu keuna nyandung,
Jeung ringgitna nu gumirincing,
Asalna tina babangsat!

Inget!
Amun nyi putri keuna kagoda,
Ieu babakan
Bakal disimbutan ku lebu;
Jeung dia tilu kabehan
Balik deui jaradi maung,
Anu saumur-umur diuber-uber
Ku jelema ngangarah dia!”

Laju rakean nindak,
Ngagidig ka sisi walungan
Anu dingaranan cimandiri.

Tapi barang inyana nepi ka sisi
Walangan teh ngadak-ngadak
Caah guntur rosa jasa,
Mani jiga sagara pindah
Umpal-umpalan cara ombak
Ngaguruh pating jelegur………..

Ceuk rakean:
“kumaha ngaing nya nyabrang?”

kadeuleu ku inyana
loba dadap sisi cai
tangkalna gararede
jarangkungna mani raruhur!

Ceuk rakean:
“amun luncat tina dadap
tangtu ngaing teh bisa nyabrang!
Tapi wahangan sakieu legana
Tilok tah, bisa nepina?”

Laju rakean alak-ilik
Sabari nyapaan tangkal!

Ceuk inyana:
“sugan mudu jadi lutung!?!

Gadak-ngadak ku rakean karasana
Asa awak di godogkeun
Jeung rarasaan teh
Asa ku gampang-gampang teuin
Nerekel ka ruhur tangkal………..

Rakean hanteu eungeuh……….
Inyana teh bet jadi lutung!

Jadi lutung anu letreng,
Lutung gede panjang buntutna!

Inyana laju luncat;
Tapi tangkal dadap
Laju menod jadina dengdek!

Rakean pindah tangkal
Tapi
Kitu-kitu keneh bae!

Laju inyana naek keuna tangkal panggedena!

Disundeuk-sundeuk heula;
Jigana mah pikuateun!

Laju inyana luncat;
Jleng luncat…………
Tapi dadapna laju dengdek………..

Barang inyana nepi ka sabrang kaler,
Rakean ngalieuk heula samemeh indit;
Kadeuleu ku inyana
Kabeh dadap darengdek
Maralang papalimpang…….!

Tapi rakean masih acan engeuh keneh
Inyana geus salin rupa
Jadi lutung anu gede
Anu letreng herang hideungna!

Laju inyana unggah ka gunung
Nu kiwari disebut gunung jayanti tea!

Asa ku gampang;
Jeung nindak teh
Asa ku leuwih ngeunah
Sabari ajleng-ajlengan dina tangkal
Gugurawilan dina dahan………..

Rakean hanteu engeuh,
Inyana teh
Geus jadi lutung!

Saban inyana ngajleng,
Tambah deui karesepna
Teterekelan keuna tangkal

Tapi oge
Mingkin tambah bae laas kaingetan
Keuna sejana anu mimiti
Anu ngajurung inyana nindak.

Samalah lajuna mah
Rakean leungit rarasaan;
Rarasaan jadi manusa!

Lajuna mah
Rakean teh,
Ajleng-ajlengan hanteu tangtu anu diseja!

Tunda sakeudeung;
Keun sina ajleng-ajlengan;
Tilok eling deui………

Urang longok heula sumur haur pamunjungan,
Bari neang nu ngajuru!

Dina jero hees sirepna rakean,
Nyi putri asa kadatangan hiji nini-nini;
Nini-nini anggeus kolot enya-enya
Tapi geulisna kabina-bina
Jeung bageurna kaliwat saking!

Ceuk eta nini-nini:
“purnamasari!
Ieu teh ninina rakean:
Nini parakatrika
Ti lembur bunar
Di parapatan satiapada!

Amun dia lilir engke,
Rakean hanteu kasampak
Ulah dia eudeuk goreng hate, nyai!

Sabab rakean,
Ku akina
Disina nyiar heula gunung gorowong;

Sabab inyana
Mudu diajar heula manjak
Pieun engke mun wayahna anggeus datang,
Manjakan ronggeng:
Ronggeng tujuh kala sir na!

Anak dia, nya awewe!

Ngaranan:
Mayang sagara pamulangan!

Ari mayang, nya eta kembang;
Sagara, hartina laut;
Pamulangan; hartina ngandung babales!

Naeun sababna dingaranan kitu,
Eta mah
Ngan wayah
Anu baris ngabejakeunana!

Engke,
Amun mayang sagara rada gede,
Rakean teh baris datang ngalongokan,
Tapi dia moal tenget!

Rakean baris dua kali datang ngalongok.
Nya eta,
Anu kadua kalina:
Opat puluh taun
Anggeus di walungan
Anu ngaranna cimandiri
Aya cukang
Anu muntang
Keuna waja anu dirara!

Tapi dia,
Moal tenget keneh bae!
Sabab
Lain di ieu wayah jagat papantunan,
Bisana dia jojodo ka inyana!

Tapi engke, engke……..
Dina jaman anu datang
Anggeus di sagara katuhueun muhara
Ngadeg lembur papanggungan……..
Laju matapoe
A tukang maju sajelat
Kahareup mundur salengkah!

Ma beurang dia di jalan keneh;
Sakeudeung deui oge
Ararunggah ti sagara
Dina ombak geleng papalingpang!

Ngan dia ulah eudeuk kaget,
Sabab rupana memang garoreng!

Tapi goreng soteh
Ceuk anu hanteu nyaraho!

Ma beurang dia datangna dua,
Anu ku nini didatangkeun
Ti paseban ratu guna
Di mandala samar!

Anu hiji,
Nya eta baheulana
Jadi prameswari raja
Bantar sagara anu mimiti

Anu sahiji deui,
Nya eta anu baheulana
Jadi prameswari raja
Jati purwa anu mimiti!”
………………………

nyi putri purnamasari laju lilir.
Nini-nini anu geulis anggeus euweuh;
Rakean hanteu kadeuleu
Ngan ti lebak
Aya dua nu arunggah…………

Anu sahiji
Awakna gede rubak;
Sukuna jeung leungeunna
Parondok jiga nu kengkong

Ari beuheungna
Bisa pondok bisa panjang.

Huluna
Amun dibandingkeun ka awakna
Jiga gayung
Anu molol ti jero tampayan!

Anu sahiji deui!?
Awakna lenjang langkoang;
Suku pondok leungeunna panjang
Jeung sanajan inyana awewe
Kumisna mani ngarambay!

Bener rupa pisieuneun,
Tapi budina
Maranis dareudeuh jasa!

Kcoapkeun bae,
Nyi putri teh laju ngajuru.

Orokna bener awewe;
Laju dingaranan
Nyai mayang sagara pamulangan!

Hanteu kacaturkan kumaha-kumahana
Jaba ti nyi putri jeung anakna
Harirup jembar eujueng senang
Dikaulaan ku tilu selang!

Babakan cidadap jadi tambah rame
Ngarubakan ka sisi kaler
Ka sisi kidul cimandiri
Jadi pangkalan getek anu rame
Jeung parahu loba balabuh…….

Laju ngaranna di ganti,
Jadi lembur: cidadap!

Tunda
Suna rame,
Sina jadi dayeuh leutik!

Urang teang anu ajleng-ajlengan bae,
Tarakal-terekel keuna tangkal
Gugurawilan dina dahan……..
Rakean kalang sunda
Anu ngadag-ngadag jadi lutung!

Inyana hanteu puguh lagu;
Jleng ka dieu
Jleng ka ditu;
Tuturubun ti mumunjul
Ajrut deui mani seundeut;
Terekel deui, gurawil deui…….!

Ti gunung jayanti anu kiwari
Ka kulonkeun ka kalerkeun
Muter deui ka wetankeun
Laju ngidul-ngetan ajleng-ajlengan!

Tah eta sasakalana
Mantakna nepi ka kiwari
Ti palabuan ratu nepi ka jauh
Loba lebah-lebah anu disarebut:
Lumeh duwur jeung
Leumah neundeut!

Kocapkeun lutung anu asalna rakean tea,
Inyana nepi ka sumur haur pamunjungan!
Laju inyana nginum
Laju rarasanana
Asa aya di jero pangimpian;
Hayang ngomong
Tepi teu bisa……

Tunda deui;

Harita;
Nyai putri mayang sagara
Geus mimiti bisa ngomong.

Ceuk inyana ka nyi putri purnamasari:
“ambu!
Nyai teh ku hayang boga lutung!”

Ceuk nyi putri purnamasari:
“pieun naeun lutung?”

ceuk anakna:
“pieun ngasuh!
Hayang digagandong lutung!”

Ceuk nyi putri:
“lutung mah,
moal bisaeun;
sabab dia leuwih gede manan inyana!”

ceuk anakna:
“anu gede, atuh!”

ceuk nyi putri:
“najan aya oge anu gede,
lutung mah baaau,
tara mandi!”

ceuk anakna:
“anu hanteu bau, atuh!
Anu sok mandi!”

Ceuk nyi putri:
“di mana, aya lutung sok mandi!?!”

ceuk anakna:
“urang mandian beeeee;
ruruan ku daun dilem;
mereun moal bau!?!

Nyi putri mayang sagara ngaeh bae,
Nepieun ka biangna jadi pusing!

Laju nyalukan kokolot
Anu baretona maung tea!

Ceuk nyi putri:
“aya anu gede euweuh?”

ki kokolot jadi bingung!

Naaaaaeun anu gedena?

Laju ceuk inyana:
“sabari mageuhan samping dina cangkeng:
“nu gede naeunana?”

ceuk nyi putri:
“lutung!”

ceuk kokolot:
“sagede kumaha?”

ceuk nyi putri:
“sagede anu panggede-gedena!
Sagede-gede dia ge, hade!”

Ceuk kokolot bari luaek-lieuk teu puguh anu dilieukan:
“nyaaao atuh!
Da ti barang buntut di tukang keneh,
Nepi ka kiwari nepi ka sapotong deui
Nu pindah jadina di hareup
Da aaaaaacan kaula neuleu
Aya lutung sagede jelema!

Aya oge cena baheula
Di jaman sang hiyang lutung sakarung!”

Ceuk nyi putri:
“lain sakarung atuh!
Kasarung!”

Ceuk kokolot:
“heueuh eta,
nu sakarung mah
apanan kasarung ka imah jurutulis!”

ceuk nyi putri:
“naeun?”

harita,
ti pipir imah nyi putri
rakean anu jadi lutung,
deuk ngaliwat…..

barang kokolot deuk ngang nyebutkeun:
“heucak!”
ku kokolot kadeuleu
aya lutung gede jasa……!

reuwasna kaliwat saking;
neuleuna sabari reuwas
matana mani malotot
sungutna mani calangap
sisigan mani murag
ninggang ka anak hayam
mani gepeng………!

inyana eudeuk ngomong,
tapi sungutna nga a-a-eu-eu,
jeung turukna
rancodcod lutay-letoy!

Daregdeg inyana deuk lumpat!
Tapi ngan nepi di karep wungkul;
Sabab
Gabrug bae inyana labuh!

Laju hudang deui,
Laju labuh deui
Laju hudang deui
Laju labuh deui……

Ceuk pikir kokolot:
“lumpat teh asa ku kenceng jasa!
Tapi
Ku naaaaha
Can nepi-nepi bae ka imah!?!”

Inyana hanteu engeuh
Inyana teh lain lumpat,
Tapi ngesod
Cara anu gempor……

Ceuk kokolot:
“hayang geura nepi beeeeeee!”

amun nepi?

Deuk buru-buru naek ka para,
Deuk nyumput
Bari gegeroan menta tulung!

Apanan kokolot teh urut maung?

Maung, sih maung!

Najan amun eukeur jadi maung keneh oge,
Ari papapag
Jeung lutung sgede kitu mah
Engke heueueueueueula………….

Mending geh
Balik deui kajeun lapar
Manan dipaieunkeun beuheung mah!

Harita nyi putri mayang sagara
Keur ulin di kolong imah,
Keur ngorehan undur-undur!

Kadeuleu ti kolong
Aya lutung eukeur leumpang
Parangsa inyana
Eta teh
Lutung pamentana tea!

Tarolong bae inyana ti kolong,
Nyampeurkeun lutung
Anu ngarandeg.

Ceuk nyi mayang sagara:
“lutung, lutung!
Hayu gandong!”

Sabari inyana
Nyekelan leungeun lutung!

Da puguh lain lutung-salutungna,
Dapuguh geh atuh rakean,
Nya atuh lain lutung anu galak!

Lutung teh laju nagog;
Terekelnyi mayang sagara
Naek keuna tonggong lutung
Laju dibawa ajle-ajlean
Nguriling buruan anu lega!

Budak teh mani ceuleuleukeuteukan,
Bari ngageroan indungna:
“ambu, ambu!
Lutung teh aya!”

Barang neuleu
Aya lutung gede jasa
Nyi putri purnama sari teh
Lain reuwas reureuwasan;
Jeung inyana sieun
Nyi mayang sagara dibawa lutung!

Barang inyana deuk ngagero,
Asa aya sora jero hate
Anu nyaram:
“keun bae, keun!
Moal naeun-naeun
Keun sina lutung anu ngasuh!

Jeung hatena teh,
Lain melang;
Tapi kalah kareugreug!

Laju bae inyana oge seuri,
Neuleu lutung ajle-ajlean
Ngagagandong mayang sagara!

Ear salembur cidadap
Nyi putri boga lutung gede jasa
Nu ngagagandong nyi putri leutik…..
Ear, eaaaaaaaar……………..

Aya lutung, batur!
Aya lutung di imah nyi putri!
Aya lutung bisa ngagagandong…….

Urang neuleu, batur!
Urang neuleu……..

Ah sieun………
Ti kajauhan beeee neuleuna

Ah sieun,
Sieun di begagan!

Kabeh harayang nareuleu,
Tapi kabeh pada sarieun…….
Sabab cenah mah
Lutungna geh
Sagede lueit………..

Lajuna teh,
Laju ngararintip ti mata bilik;
Ngarintipna sabari sieun……..
…………………
geuning bener, batur!
Lutung teh, gede jasa!
Tapi haaaanteu
Ari sagede leuit mah, geuning!

Mingking kebel nareuleuna
Mingkin resep nareuleuna
Laju harayang digandong……..

Anu boga lalaki,
Harayang digandong ku lalakina;
Ano baroga bikang,
Harayang di gandong ku bikangna.

Karuhan budak mah………….

Nepieun nini-nini………
Harayang digandong ku aki-aki,
Pada-pada katepaan panyakit gandong!

Nini-nini harayang digandong
Aki-aki harayang digandong…….
Laju parebut panyakit gandong!

Ceuk aki-aki:
“saling gantian!”

ceuk nini-nini:
“teu sudi dua kali!”

baheula geh,
eukeur anyar keneh ka dia,
keur di huma anu buni
kaula mah congklok
tah cedana,
dina tarang
aya keneh!”

keun sina parebut panyakit gandong!

Urang mah,
Urang kocapkeun bae,
Rakean ngasuh anak nyi putri!

Sabaraha poe, sabaraha bulanna
Rakean ngasuh nyi putri mayang sagara,
Dina galur hanteu kasebut
Ngan kacatur;

Hiji peuting;
Bulan anggeus buleud deui!

Mayang sagara anggeus hees;
Tapi nyai putri purnamasari
Hanteu bisaeun hees bae!

Laju inyana kaluar;
Neuleu bulan mani ngempray
Bari ngadengekeun sora karinding
Tina saung pakemitan
Nu ti imah nyai putri
Jauhna teh
Ngan salimaeun untaran gantar!

Kadeuleu ku inyana
Nu karemit sahurudum
Ngarariung pirunan hurung
Bari ngarinding jeung nyelempung!

Kadenge di kaanggangan
Sora kohkol nu ngaronda
Treng-trong-treng
Treng-trong……….
Trong-trong-treng
Trong….. –trong-treng……
Mingkin jauh maju ngidul
Mingkin waas, ngawawaas…..

Dina peuting langitna langlang
Dicaangan bulan cahyana ngempray!

Ti leuweung di suku gunung,
Manuk cuhcur pating kalecruk
Diselang ku guruh ombak
Nu ngagulugur hanteu harus…….

Peuting,
Peuting di cidadap,
Di cidadap anu baheula
Nu imahna sakabehna
Dihateupan hateup ijuk,
Anu suhunanana
Kabeh ngajur ngetan-ngulon
Nurutkeun jalanan mata poe…
………..
nyi putri rarat-reret……..
kadeuleu ku inyana
dina tungkul handapeun sempur
hanteu jauh ti kebon kapol
lutung teh
sila tutug badis jelema;
tapi
jelemana anu keur bingung!

Ceuk nyi putri dina hatena:
“geuning sato geh,
bisa cara jelema…..!?!
jiga anu keur susah!?!”

laju inyana nyalukan lutung:
“lutung, lutung!
Ka dieu, lutung!”

Lutung teh ngan ukur ngalieuk;
Laju ku nyi putri dicalukan deui!

Lutung teh laju nyampeurkeun;
Tapi gidigan
Jiga nu lesu
Laju nagog hareupna nyi putri!

Ceuk nyi putri
“ku naeun, lutung?”

lutungna laju nenggak
neuleuna ka nyi putri…….

kadeuleu ku nyi putri
mata lutung jiga sedih
jeung ngayembeng cimataan!

Pkir nyi putri:
“bener, badis jeleeeema!”
laju ngusapan hulu lutung,
sabari ngomong:
“lutung,
sia teh geriiiing?”

lutung nenggak deui
bari tina sungutna
kaluar sora:
“ngan sora kas-kas-kes-kes
sora lutung….
basa lutung!

Nyi putri ngusapan deui
Bari neuleukeun beungeut lutung
Dicaangan cahya bulan!

Kadeuleu ku inyana
Mata lutung cimataan;
Lutungna mah
Laju tungkul!

Barang neuleu mata lutung,
Ku nyi putri
Dina mata lutung kadeuleuna
Aya samar-samar anu ngalangkang
Nyalindung di balik deuleu
Deuleu lutung anu sedih!

Aneh,
Hanteu matak pikahartieun;
Tapi karasana
Asa ngusap keuna ingetan!

Eta lutung
Eta mata…..
Asa-asa ku waaaaaauh………?!?

Saaaha teh,
Anu matana jiga kitu…?
Jiga mata saaaaaha teh…?

Bet jiga mata jeleeeema,
Jiga mata jelema anu wauh,
Tapi
Hanteu inget deui ka saha-sahana!

Nyi putri ngusap-ngusap hulu lutung,
Sabari nginget-nginget anu poho,
Anu poho teu inget deui………

Saaaha teh?

Tapi nyi putri weleh teu inget!

Lutung nyora deui,
Sabari huluna diantalkeun
Diusap lalaunan
Keuna tuur nyi putri,
Jiga eudeuk nyalindung
Nyalindungan jero kabingung!

Sora lutung kas-kas-kes-kes
Teu kaharti ku nyi putri
Da puguh geh basa lutung,
Moal kaharti ku jelema!

Nyi putri hanteu nyaho,
Lutung teh eta saaaaaha…….;

Inyana hanteu nyaho
Anu ngomong sakulit lutung teh,
Eta teh
Nya rakeeeeeean…….
Rakean…..
Anu ngomong di jero lutung;
Tapi,
Sabab wujud
Wujudna wujud lutung,
Nya ngomongan geh
Basana
Basa lutung……………..

Sabab sora rakean
Anu bunisabaju lutung
Sorana oge kabunian
Kabungkus ku sora lutung!
…………………………..
lutunglaju ngelesed,
mulang deui keuna tunggul;
nyi putri laju ka imah
bari nginget-nginget ka anu poho;
anu poho
tapi inget
bareto teh nyooooorang nyaho!
Tapi saaaaaaaaha………?
…………………….

kocapkeun deui di beurangna!
Sakadang lutung
Geus ngagandong deui asuhanana!
Tapi ngasuhna,
Leuwih deudeut
Leuwih memeut
Jiga ngasuh panganggeusan
Pileuleuyan memeh miang……

Barang budak geus capeeun ulin,
Nyi mayang sagara,
Ku lutung diindung-indung
Diindung-indung dikawihan
Ngan ngawihna
Moal aya nu ngarti
Da puguh geh basa lutung!

Ngan keuna ceuli mayang sagara,
Kadenge hawar-hawar
Anu ngawih asa ku jauh
Asa jauh tapi parek:

Neleneng-kung, neleneg-kung
Nelengna haur koneng
Ngalungkungna, awi bitung
Ti pakara anu ninun
Anu ninun di gunung sembung,
Ninun windu patumbuan
Ninun jaman sasambungan,
Tina rawe rawat ibun………..!
Kumaha engke makena, nu denok?

Neleneng-kung, neleneng-kung,
Anu koneng geura jangkung
Geura bisa ninun sarung
Ulah sarung, sarung jangkung
Ulang jamang, jamang belang
Di jangkung mah pitiriseun
Nu belang mah aya di leuweung!

Anu ninun, ninun sarung,
Sarung bodas pimulangeun,
Jamang hideung tumbal nineung.
Amun hideung, nu denok,
Ka nu mulang ngan sorangan!

Amun dia eudeuk ninun,
Ninun catur turut galur,
Bulungbungkeun sina caang
Abeh gampang anu marapay
Nareang anu nanggoan
Naranggoan ngalalakonkeun
Lalakonna awak si mamang…….!”
……………………..
leup, budak teh hees!

Laju mayang sagara
Ku rakean
Lalaunan digolerkeun dina tepas
Di tepas imah nyi putri
Disimbutan samak ngalipet!

Rakean laju nindak.
Mimitina ka sumur haur pamunjungan;
Laju ngulon bari ngaler
……………..
kas sisi walungan cimandiri
nu dadapna loba jarangkung
maralang papalimpangan……….

rakean nindak
nindak………….
jiga mapay-mapay urut lacakna
keur bareto urut nyabrang
basa seja ka lebak cawene………

terekel inyana naek
keuna dadap anu bareto;
jleng luncat deui
luncatna cara bareto
nyabrangan cimandiri
cimandiri nu bareto eukeur guntur!

Laju unggah ka gunung
Gunung jayanti anu kiwari………

Bruh-breh dina pikirna
Sakabeh anu kasorang
Mingkin caang-mingkin caang;
Mingkin nyacas-mingkin tetela;

Tapi
Tapi…………
Kumaha ngudarkeunana ieu jamang
Kulit lutung nu geus maneuh?…..

Rakean laju sedih
Saban nindak tambah sedih……….
Nepieun ka hayang paeh………..

Laju inyana mapay-mapay leuweung;
Nya anjog ka hiji karang
Anu nyodor ruhureun laut;
Ruhureun laut anu lega
Anu sisina ombak ngabudah
Neumbragan karang anu ngagaur

Ti ruhur karang
Rakean neuleu ka handap?…….
Cai laut mulek ngagolak
Ombakna bencar paburay
Nyeot mulek ngaburial
Ngagulung sabari nyedot!

Ceuk rakean jero pikirna:
“montong teuin di ngaran manusa,
najan lauk gede anu pinter ngojay
di dinya mah tangtu modar……!”

rakean anu jadi lutung,
laju nangtung di tungtung karang,
sejana deuk ngunclungkeun manah inyana

tapi barnag inyana deuk luncat,
taktakan asa aya anu noel,
jeung keuna ceuli aya nu nyora:
“ke heula!
Tah dengekeun…..!”

Ti laut,
Jauh rada ka tengah,
Tina ombak gede anu paudag-udag
Anu engke nembrag karang bari ngagaur,

Kadenge ku rakean
Aya sora hahaokan:
“rakean, rakean!
Rakeaaaaaaaan………!”

Sora tadi laju leungit;
Tapi ti handapeun inyana nangtung
Ti handapeun karang anu ditincak,
Ku rakean kadenge deui:
“rakean,
ulah ngalayanan si antea,
nu hahaok ti tengah laut!

Rakean ieu kaula
Ki kumbang bagus setra!

Rakean dengekeun…………

Ka sakabeh jelema sejen, rakean
Wayah teh
Tara naggoan!

Tapi pieun dia, rakean!

Dia mah ditanggoan;
Ditanggoan obahna jaman,
Jeung ditanggoan
Digeuingna mangsa ku wayah,
Wayah ucap dia bakal udar!

Inget dia ucapan dia, rakean?
Ucap dia anu disaksian sakabeh alam?

Geuning ceuk dia
Basa dia eudeuk luncat,
Feuk nyabrangan cimandiri
Nu keur guntur gagauran
Cara buta bedah amarah

Geuning ceuk dia:
“salila lebak cawene can katimu,
moal hayang ucut wujud jadi lutung,
amun nyabranganana cimandiri,
bener mudu di rupa lutung!”

rakean!
Ulah dia eudeuk poho:
Moal rapang bentang ngagenclang,
Moal rempaybulan ngalangkangan,
Amun alam teu poek heula!

Kaula ayeuna geus pindah alam,
Aya di alam anu poek;
Poek soteh pieun jelema,
Tapi caang
Pieun sakur anu percaya!

Jeung kaula samar deuk mulang deui!

Pieun kaula,
Jiga alam luar samingkin poek!

Ku sabab eta,
Samar kaula deuk mulang deui
Pieun nyaksian dijarieunna:
Paku-jajar jadi lambang nagara,
Hanjuang siyang
Dijarieun papajang taman!

Rarangan siang di barangsiang,
Rakean,
Sing dia nyaho
Moal kaula nyaksian deui!

Tapi engke,
Engke……
Mun talaga pataruman
Bedah
Ku nu lalayaran poho kasilo
Kasilo kajayaan jeung pamujaan,
Dia mah
Mudu mulang deui
Ka dayeuh heubeul panineungan
Ngawaruga deui jadimanusa
Nu ngawujud tina catur
Ngaraga dina carita,
Jeung ngarupa tina beja…….!

Engke,
Dimana geus aya dewa
Jadi arca hirup
Nu ngadenge lain ku ceuli,
Nu nyarita lain ku letah,
Tapi pepetana ku pangolo………….

Jeung engkena
Kedung-halang hilang jadi pamatang,
Cikabuyutan
Anggeus disusuk
Cihaliwung
Anggeus dibendung
Katu-lampah
Baris jadi panyimpangan
Ti jalan unggah mandala
Nu wangina ka sindang sari……..
Tah di dinya
Ulah dia deuk talangke!

Tapi buru
Ku dia adegkeun deui
Lawang saketen
Nu tihangna kari sahiji!
Oge dadap malangna,
Ku sia moal kasampak
Sabab tangkalna ditaruaran
Ku jelema anu dibarungkus sukma,
Anu ngagaranti bendungan di panyabrangan
Ku cukang anu muntang
Keuna waja dirara!

Cidadap purnamasari,
Lain walungan anu kiwari
Anu panyabranganana
Engke dicukangan beusi papalangan;
Sabab eta mah,
Anu asalna
Tina loba cai deui
Ngan saukur jadi siloka
Anu engke jaga baris nuduhkeun
Anggeus opat kali ganti jaman
Baris aya deui ngaran rakean
Nu neangan purnamasari
Dilembur ngaran cidadap
Sabrang kidul cimandiri………….!
Tapi,
Kopo condong hiji gorowong
Layanna bungur satangtung………
Nini parakatrika bener omongan………!”

Lembur cidadap anu dituturkeun di ieu pantun tadi, kiwari aya keneh! Ayana di tangtung jembatan gantung beulah ka jampang; peuntaseun lembur bagbagan.
Kira-kira 5 kilometer samemeh palabuan ratu.
Xxxx xxx tukang pantun ti cibadak, di taun 1962, nerangkeun ka bapa suri xxxxxxx (pa sursa) di bogor, manehna kungsi ka eta tangkal anu disarebut harita mah, tangkal awisan, tangkal titinggaljaman baheula……

Nyanggakeun!

Catatan:
Mohon maaf apabila dalam pengetikannya terdapat kesalahan kata, di karenakan tulisan yg tidak jelas serta penguasaan bahasa saya yang minim. Dan tanda xxxxxx = tulisan udah ga jelas banget.. nyerah..
Terima kasih sebelumnya apabila ada yang bersedia membantu mengkoreksi..

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.