jump to navigation

pakujajar beukah kembang 8 May 2015

Posted by nurkalakalidasa in Uncategorized.
Tags: , , , ,
trackback

pantun bogor: Pakujajar beukah kembang
tutungkusan: aki uyut baju rambeng
simpenan: rakean minda kalangan

Pun,
Sapun……!
Ka ruhur ka sang rumuhung…….!
Nu muhung di mandala agung….,
Ahuuuuuuung…….!
Guru sakabeh guru,
Raja sakabeh raja,
Ka inyaaaaana…….:
Ngaruhum ti kasucian,
Nunggal di kalanggengan,
Langgeng dina jati nunggal,
Inyaaaaana……
Ngabogaan sakabeh jagat,
Ngabogaan sakabeh alam……!
Huuuuuuuuuuuung………. ahuuuuuuuuuung…..!

Pun! Sapuuuuuuuuun…..!
Ka sakur anu di ruhur;
Ka dewa guru hyang tunggal;
Ka dewa…. nyangking kawening;
Ka dewa…. ngagem kawenang;
Ka dewa…. tunggal kawasa….;
Ka sakabeh,
Nu araya di kahiyangan……!
Paraluuuuuun…….!

Pun; sapun…………!
Ka sakabeh anu sa-jagat,
Tapi beda teu sa-alam!

Nya ka batara ka batari;
Ka karuhun dibudeur awun;
Ka pamunjung anu ngaruhum..!
Paraluuuuuuun…..!

Pun…….;
Ieu kaula menta di jurung,
Menta bantu mun teu kajungjung,
Menta di corongan anu poekkeun,
Menta panuduh amun deuk sasab,
Menta dituduhkeun ka nu pasingsal,
Hanteu sarua dina kahayang….;

Lantaran kaula;
Eudeuk nyusul anu geus jauh;
Ngaguwar nu kaurugan…..;
Eudeuk nutur galur anu rarempu,
Mapay lacak anu geus samar….
Dirarempu disamarkeun;

Ku nu rasa inya pangnyahona,
Tapi tetela:
Can marahi panjang larapan,
Can nyorang ngararebak di tampiyan laga,
Can barisa teuleum
Di leuwi panjang tanpa dadasar……!

Kaula,
Eudeuk neang anu rareyang,
Geus karesel kebel nanggoan,
Di tareundeun ‘di haneuleum siyeum,
Ditarunda di hanjuwan siyang…..
Geus raraong ti baheula
Menta geura….. dilalakonkeun….!

Saaaaaaha anu menta dilalakonkeun?
Nya inyana
Anu aya di awak dia;
Nu disarebut: panasaran…..!

Panasaran……..
Lantaran tiiiiiiilok
Urang sunda buntu lalakon………….?
Saaaaaaaaaaha anu di-lalakonkeun…….?
Nya inyana
Anu mubus teu sudi taluk,
Anu dirarang dicaritakeun,

Tapi
Najan dilebur ku wadul giruk,
Dimumusna ku carita ngewa….,
Inyana mah…… tetep aaaaaaaaya…!

Lantaran
Bener ngilang di alas banawasa,
Inyana mah tetep nyalindung…..
Di harigu urang sunda………..
Tapi sunda anu enya………..!
………………………………………

ayeuna mah,
ulah deuk panjang teuin sigayna,
anggur tinggur sadapeunnana…..;
sanajan kawung geus jadi bengkel,
tilok saeutik mah
hanteu ngeclak tuwak wangina….;

urang kocapkeun:
parabu anom pajajaran………
pajajaran geh….. anu baheula;
kocapkeun di pamoyanan,
pamoyanan geh… anu baheula…….;

lain pamoyanan enggon putri-putri mararoyan;
tapi enggon moyan badak eujeun banteng,
moyan meyong eujeung merak…….!

(nurkala: satu lembar hilang)

euweuh rungkun anu ngarungrum,
euweuh kalakay ngabalaan………..;
datar rata ngalun-ngalun,
ditutup lukut arempuk hejo!

Tengah-tengah tegal nu baresih hegar hejona,
Batu tilu jarangkung leucir;
Ngundak tujuh bari ngaronjok;
Euweuh rumpay pucuk ngagolan deuleu,
Euweuh dahan malang ngahalang mata……..

Plong-plong jauh deudeuleuan
Ti tegal jemplang dibudeur leuweung
Anu suni……. keuheung geueuman……..!

Nu kadenge;
Ngan sora julang patembalan,
Sora rengkong nu teu tembong,
Tulung-rumpuk eujeung guk-geuk,
Sora tuweuw pindah-pindah…….!

Sora lutung jeung surili,
Sora banen jeung turaes,
Jeung jaralang dina dahan……….
Laluncatan paudag-udag……………!

Karecek cai nu mapay lamping,
Asa-asa sora……….;
Cawene kiih wayah janaaaaaaaaari;
Gurujug cai turun ti curug,
Cara nini-nini kiih sabari nangtung;

Di sisi tegal, si lengser nyembah;
Inyana nyembah barian dehem……….
Inyana dehem tilu kali,
Bari nyembah tilu kali………..!

Tapi dehem inyana….. sora dehem anu keur keuheung;
Laju inyana ngesod nyampeurkeun batu
Nu tilu ngundakna tujuh…………..;

Inyana ngesod entud-entudan,
Badis balentuk ridu ku dayut;
Ari si lengser mah, lain ridu ku burayut;
Tapi lantaran bulan geus wayah gede,
Burut teh sok kagugusur……………!

Ari si lengser mah, burut teh
Ngagedean nurutkeun bulan;
Tapi ngaleutikan,
Tara nurutkeun bulan maju ka leutik;
Tapi…………….. karep burut beeeeeeeeeeeee……….;

Tengah tegalan hareupeun batu,
Si lengser laju deui nyembah;
Inyana nyembah barian dehem,
Nyembah tujuh kali, dehem tujuh kali;
Ngan dehem inyana……. dehem sora nu keur keuheung,
Anu keuheung ngawani-wanieun hate………..;

Bulu punuk inyana mani muriding,
Cara susuri busal pasangkrok kerud.
Kumis baplang emplad-empladan,
Cara buntut kirik di sentak begu………;
Inyana nyembah bari culak-cileuk……;
Lieuk ka kenca, lieuk ka katuhu……..,
Lieuk…. era ah ngalieuk ka tukang mah;

Aya juragan anom……………;
Aya keuheung kabina-biiiiiiiiiiina;
Sakitu teh aya batur….. komo meureun amun nyorangan!?!
Aya keuheung datang ka siiiiiiiyeun!?!
Mantakna keuheung, mantakna siyeun?
Keuheungna? ku saeutik batur!
Siyeunna?

Siyeun di panjara ku nu ngarajak;
Nangtung….. tapi samar jangkungna;
Sila……. tapi samar rubakna;
Diyuk…… tapi samar amparannana;

Jeung ari jarangji….. sulaya deui sulaya bae!
Bener keuheung tapi waas!
Bener siyeun…… tapi sedih;

Waasna?
Ku sora nu hawar-hawar
Ngagerowan ti kaanggangan,
Ngupah-ngupah nu keur prihatin
Di harewos nu samar-samar,
Dina carita nu kari beja……….!

Sedihna?
Lantaran urang sunda lalawora,
Kasilok ku lagu anyar,
Kabengbat ku pangkat tanpa kawasa,
Ngajujuwal bangsa jadi badega……….;
Sedih………… sedih…………

Neuleu sunda pajajaran tengah
Ngantep hulu dijarieun kekesed,
Ngantep nagara dijarieun sampalan,
Ku nu marentah datang ti wetan,
Ku nu naritah datang ti kulon……,
Ku nu harideung tukang naripu…….!
Sedih……….. sedih………. neuleu sunda
Tampiyan pagirang-girang,
Sunda paseya jeung sunda deui,
Diaradukeun ku sunda keneh…………..;

Tunda…………
Sina tampiyan pagirang-girang,
Sina paseya diaradukeun,,,,,,,,;
Lantaran sunda memang mudu suda,
Gara-gara kuru bulu putih
Hayang jadi batara lebak cawene

Urang mah, urang pajajaran tengah,
Ulah i-iluweun tampiyan pagirang-girang;
Ulah beunang diaradukeun……..!

Tapi urang hanjat deui ti tampiyan,
Neuleu si lengser di pamunjungan……!
Tujuh kali si lengser nyembah,
Tujuh kali inyana dehem………..;

Laju sila sabari nyembah…….
Tilukali bari teu dehem;

Jung…….; si lengser nangtung deui,
Laju nindak ka beulah wetan,
Cara keuyeup leumpang ka gigir;
Si lengser leumpang nyangigir,
Popoyongkodan bating ku adab………..:

Ceuk parabu anom:
“ku naha……….. popoyongkodan?”

ceuk si lengser:
“teu moyongkod saenyana……….!”

ceuk parabu anom:
“deuk naeun inyana ka dinya?
Honjena geh beak ku monyet……..:”

Cuk si lengser:
“lain eudeuk ngala honje;
eudeuk oge ngarorotek,
pieun mirunan di pamunjungan!”

ceuk parabu anom:
“mirunan deuk mubuy dangdeur?
Kasiku siyah…… mirunan di pamunjungan!”

Ceuk si lengser:
“boro-boro deuk babay-bubuy;
di dieu mah, euweuh dangdeur euweuh keueus;
kolena geh….. can jantung-jantungan acan;
mirunan geh ngan ngarah ruhakna,
pieum ngukus meuleum menyan!”

anggeus ngarorotek, si lengser laju mirunan;
hareupeun batu nu tilu ngarundak tujuh…..!
inyana laju miruha……
sagesrek kaduwa gesrek……….
baranyay…….;
seuneuna pareum deui……….!

laju miruha deui;
gesrek deui, desrek deui………….;
tilu gesrek, opat gesrek,
sapuluh gesrek disakalikeun;
cleng, seuneu mecleng tina piruha,
meclengna ka jero samping,
nyelenet….. dina tungtung nu jiga tales balitung!

Ceuk parabu anom:
“kunaeun tah?”

ceuk si lengser sabari ngajret:
“piruhana tutung…………!”

si lengser ngagudubug,
ngorejat…. badis munding anu keur depa
di tajong paranti modolna…;
karep inyana mah hayang mencet anu nyelenet;
tapi……. era ah……. ku parabu anom;
panas-panas geh, jamak beeeeeee……..;
teu-eulkeun beeeeee ku keueueueueueung;

si lengser miruha deui;
gesrek deui, gesrek deui,
katilu gesrek….. bul bae ngebul.

Ngagesrek deui ngagesrek deui,
Gesrek-gesrek digancangkeun,
Mani haliwu si lengser ngagesrek;

Sreksrek-sreksrek-srek………bul………
Sreksrek…..bul….sreksrek…srek……hanteu ngebul;
Sreksrek-srek…bul…sreksrek….bul….bul;
Sreksrek-sreksrek-sreksrek-……bul, bul, burinyay
Burinyay, burinyay…… buri-buri-burinyaaaaaaaaaaaaaaaaaaay bae;

Riruha ngaburinyay hurung sabari ngebul……….
Buburinyayan hurung laju ruhay………..!
Laju si lengser laju mirunan; tapi pirunan teu gancang hurung;
Laju ditiyup…ditiyup deui ditiyup deui,
Ditiyupan sabari mando;
Apan ngaranna ge…mirunan di pamunjungan
Mudu aaaaaaaaadab……!

Ngan pirunan teu gancang ruhay; laju ditiyupan deui;
Lain beuki hurung beuki ruhay… tapi…..
Kalah ka haseup ngebul mulikbek………!

Sugan mudu bari sideku….?
Laju ditiyup bari sideku….beuki ditiyup beuki haseup;
Beuki loba beuki loba, beuki loba bari mulikbek……..!

Ceuk si lengser bari kabeusekan:
“sugan mudu sabari noooonggeng…?!”

laju inyana niup sabari nonggeng……
sapuluh tiyupan disakalikeun…….
disakalieun…….ciyus nyedut ka ruhur,
samping inyana mani melembung,
laju sowek keuyeupeun………!
untung waktu harita……. angin teh niyup ka ruhur;
amun ka handap?
Mantak jengker ka silengser si lengserna…….

Lantaran hitut lengser jaman pajajaran,
Matih teh kabina-bina:
Mantak kararoneng deudeuleuan,
Mantak pongpet liyang irung,
Mantak geuneuk di elak-elakan;

Bukti matih-matihna hitut si lengser,
Si lengser pajajaran sunda baheula;
Sakur anu kaliwatan hitut,
Daun hejo…….jaradi koneng,
Daun koneng……jaradi hideung,
Daun hideung………jaradi bodas,
Daun bodas…….jaradi beureum;;

Mun daunna beureum?
Daun beureum mah, laju barelang;

Amun sato?
Nu di ruhur…… murubut paeh sambutut;
Nu di handap…..pararaeh bari ngarerel;
Tararutung….cara kasundut guludug……..;
Ngan hiji anu hanteu tarutung;
Nya eta……… sigung……..;

Inyana mah alagng-euleugeug bingung
Hanteu bae bisa kaharti
Aya manusa leuwih pinter manan sigung;

Kocapkeun bae;
Pirunan hurung anggeus ruhay;
Si lengser ngorehan ruhakna……..
Laju nyieun pangukusan ti buah bengang;
Laju sila makprak sabari tungkul………
Kusiwel kodok kaneron,
Nogdok menyan sabari tungkul………
Durukduk…..dikeupeul mani reumuk,
Puruluk……wur keuna ruhak anu ruhay;
Bu…bul ngebul ka ruhur
Haseup menyan wangi kamuning,
Muteran batu tilu ngundak tujuh!

Laju si lengser deuk mapatkeun aji panyeluk!
Mimiti jangjawokan heula,
Jangjawokan panyinglar kunti;
Sir…..sir……kabulen sir;
Kabulen rasa dilulun sir…..;
Sir ti ati ati, sir ka diri………
Diri siya, rasa siya…… karasa ku diri ngaing;
Rasa siya teu kadeuleu,
Teu kadeuleu mata manusa;
Padahal ngaing nyaho;
Tonggong siya nu gorowong,
Ngaran siya teh nya: kunti….!

Truk getruk…panciring rasa,
Nyocok ku siya di siwuykeun,
Tina hiji jadi opat,
Anu opat tapi ngahiji,
Anu copong lain gorowong,
Anu nyodong hanteu katembong………
Tapi…..lain panyicingan enggon siya!
Ingkah…….! ulah deukeut ulah parek;
Ulah siya wani-wani
Ngaheureuyan marganing sukma!
Ingkah………!
Amun siya hanteu purun;
Ku ngaing dihaluwan
Ditutu……dilisung gorowong sia;

Mun teu purun siya dipantek
Keuna kawung di tegal gundul…….,
Hayuh……….geura siya ingkah………!
Kaditu…….ka gintung di pasir bitung;
Pasir bitung anu mana?
(pasir bitung di catur pantun) (1)

geura ingkah..ka hantap di pasir badak
pasir badak anu mana?
(pasir badak dina carita….) (2)

geura mantog; ka jengkol lebah pengkolan;
pengkolan jengkol anu maaaaaaaana?
(ka pengkolan, ka tangkal jengkol nu
ku kaula teu kaliwatan…………..) (3)

[(1,2,3) di ucapkeunana di harewoskeun ku juru pantun]

singlar……….singlaaaaaaaaaaaaaar…………….!”

catetan:
ceuk carita ti nu bebeja,
ceuk saksi2 nu nenjo bukti,
tangkal handap, gintung jeung jengkol teh,
ceunah mah
ku kunti, kelong jeung sabangsana
dipiresep pikeun panyicingan……..!
ceueueueueueunah kitu oge……….!

laju si lengser mapatkeun jampe pamunah
pieun merenahkeun para dedemit:
kunyit bodas haneut jahe,
panglay ngaran panglayuan;
ngalayukeun jeung munahkeun
sagala gawe ti beda pikir….;
pikir kula di manusa,
pikir dia di dedemit;
teu ku siya deuk kapikir,
teu ku siya dipikir heula;

kadupak………da bongan siya,
katajong……..da bongan siya,
kadiyukan…….da bongan siya,
kababuk………da bongan siya,
katenggor……da bongan siya,
kaciduhan…….da bongan siya,
kakiihan…….da bongan siya,
apan siya mah….teu kadeuleu ku mata manusa;
tapi siiiiiiiiiiiiya……anu neuleu,
kunaha hanteu ised,
kunaha teu ngabejaan……..?!?!?
ulah siya eudeuk licik…..;
ulah siya deuk anjukan…..;
hayuh…….esotkeun……..; nyingkah…….!
nyingkah………!
beusi dibura mata siya,
kaciduhan reuhak pajajaran!”

heuak; si lengser laju ngareuhak, laju ngaheuheuh;
ari heuaaaaaaaak………;
reuhak si lengser sagede campedak,
kuled hejo….badis jojongkong bari;
eukeur saleeeeeeeeesma……!

si lengser eudeuk ngareuhak;
mimiti deuk kahareup……. aya batu anu tilu;
laju deuk ka katuhu…….. aya parabu anom;
ka kenca?……. heurin ku kaneron…….;
ngan katukan anu lega…. nya katukang beeeeeeeeeee;
sakalian bari ngilik….. beusi aya nu deuk ngorowot bonjol;

ti dinya
kakara si lengser mapatkeun aji panyeluk,
ngagendam rasa di anu anggang,
anu aya di kahiyangan,
abeh turun ka pamunjungan……….;

laguna?
Lagu kidung….tapi kidung geh, kidung si lengser;
Kajeun teuin petot geh kadengena,
Asal aya sari-sari kidung beeeeeeeeeee…..;
Da anu tepung mah…. ka karuhun di panggung agung,
Lain lagu alus nu dilawong,
Lain ucap alus ku direka,
Tapi:
Dasa tina rasa
Dina sumujud anu saestu……….;
Puruluk, wur…..bul, bulikbek
Haseup menyan mani nyerebung
Badis liyo kahuruwan………….;
Laju si lengser ngadehem deui……. laju:

Bul kukus ka bale agung,
Ka nu nyarengcle arucang angge,
Ka nu nyarareupah ngabulaeh,
ka nu nyararisig marani jebleh,
Teu mikiran hese kejoeun,
Teu mikiran
Euweuh beyas euweuh uyah………;

e-eh…..bet ngalaaaantur..; hampura, eyang, hampura;
pit……. cekrahkeun keuna tihul;

hampura, eyang……deuk dimimitian deui beeeeee…;
kumaha atuh teu deuk laliiiiiiiwung, eyang!?
Apanan ari jadi somah mah,
Mudu nurut…….. mun ku menak deuk digantung;
Mudu seuri……… mun ku menak deuk di peuncit;
Mudu ngawih…… mun upeti
Beuki loba beuki beurat wae…………….;
Bari raja mah teu nyaho-nyaho………..;”

Si lengser ngadehem deui; laju
Ngahiyung deui……. ceuk inyana mah:

Kidung, kidung panggendam….!
“bul kukus ngebul ka ruhur,
ka bale agung di panggung agung;
ka nu araya di pasanggrahan,
pasanggrahan di awun-awun,
di saruhureun pucuk ibun….,
di tenggaan ku kuwung-kuwung,
direregan ku layung paul,
diamparan mega kancana………;

baheula kumaha carita?
Mun tungara….geura sambat;
Mun keur liwung geura celuk;
Eyaaaaaaang….. geura lungsur,
Geura medal ti kahiyangan;
Ieu ngaing……. si lengser, incu eyang
Ngadeuheus di pamunjungan……………..;”

Laju si lengser tungkul,
Nunggalkeun raga, nunggalkeun rasa…….
Tunggul rasa sajatining sukma…………;

Nyao teuin ti mana mimitiiiiiiiiiina,
Tapi hanteu lila deui…………;
Kalayang ambeu campaka,
Nyambuang seungit selongna,
Disambung ku wangi tanjung,
Ngahiliwir malati wangi,
Melenghir kamuning seuingit
Ngahiji jeung ambeu menyan…………;

Ceuk si lengser ka parabu anom:
“tuh, aden…..geuning geus modonghol!”
ceuk parabu anom: “naeun….?”
ceuk si lengser: “nu diceluk!”
ceuk parabu anom: “saaaaaaaha……?”
ceuk si lengser: “eyang reusi handeula wangi !”
cuk parabu anom: “kumaha deuk dia nyaho?”
ceuk si lengser: “tina wawangi anu tadi!”
ceuk parabu anom: “ceunah….ari urang kahiyangan
sok kaambeu cara kasturi……;
geuning, euweuh bau kastuuuuri??”
ceuk si lengser: “kasturi mah, lain ciri karuhun urang;
bau kitu teh netelakuen, nu datang teh
karuhun hideung sakongkorong marjan!”
ceuk parabu anom: “ngaing hanteu ngarti naeun lantaran (sabab)
ka karuhun dia nyebut eyang, tapi
ngabasakeun dia: ngaing,………….?”
ceuk si lengser: “nga-eyangkeun soteh
lantaran tahap darajat inyana
leuwih ruhur manan kaula……….;
ngabasakeun ngaing,
lantara dina perenah,
kaula mah leuwih kolot manan inyana!”

ceuk parabu anom: “tapi dia eujung ngaing;
apan dia jauh kolot manan ngaing;
ku naha ka ngaing dia ngabahasakeun: kula?”
ceuk si lengser: “najan umur leuwih kolot,
najan perenah saruhureun,
tapi di dieu mah,
apanan tahap kaula
nimbal di darajat tahap badeeeeega;
ti mana deuk pipanteseun mun badega
ngabasakeun “ngaing” ka dunungan………;

jeung apanan aden mah, parabu pi-rajaeun,
tabe pun kitu oge, putra parabu aji wangi kusumah;
putu sang aji jagat larang; buyut sang aji sri telaju sana;
canguh sang aji sri wiladara; bao sang hiyang wadureja;
wareng sang hiyang sri salu angkararan; erang sang hiyang hara nu
niskala; jengga sang hiyang sura anggara; kasta sang hiyang wastu upasita;
na wang sang hiyang jamba; wisak sang hiyang wilasara;
ra wayan sang hiyang wisnu brata; ra wayan sang hiyang agung dwi jagat
asal ti kahiyangan……………;
cicing;…………….tah geuning sora gamparan;
nudu tungkul……ulah deuk neuleu………;”

ceuk parabu anom: “amun neuleu……..?”
ceuk si lengser: “mantak sawan; mantak barabe…..!”
di dieu mah euweuh cawene denok,
nu montok ka sela-sela inyana………!”
ceuk parabu anom: “pieun naeun….?”
ceuk si lengser: “pieun nyamahan aden…..!”
ceuk parabu anom: “heu-euh atuh, ari euweuh
ca wene mah…….!”
ceuk si lengser: “amun aya?”
ceuk parabu anom: “deuk alok sawan beeeeeee;”

jep………jempling di pamunjungan;
tiiseun kabina-bina jasa….. mani jempling keuheung geueuman
mantak gogowakan mun teu ludeng mah;
nyao teuin kamana heulana;
tapi batu tilu ngundak tujuh…….;
ujug-ujug leus teu kadeuleu bae!
Palebahan urut batu
Mulikbek jiga halimun,
Ditengahna caang ngagenclang!
Laju iuh….cara aya kalangkang mega
Nu keur liwat di awang-awang……..;
Ti dinya…….. bray caang deui……………..!
Leungit batu leungit halimun;
Breh tembong di urut batu;
Aya nu keur sila makprak di nu caang,
Dangdanan sareba bodas;
Sebut jubah, da lain jubah;
Sebut simbut, da lain samping;
Ari bodasna……. teu jiga kapas;
Lemesna…….. leuwih ti sutra;
Jiga-jiga meunang ninun cawene;
Nu tapa di gunung sembung;
Nu keur tapa sabari ninun,
Tapi ninun
Lain samping lain tiyung;
Tapi boweh rarang
Tina lawe ramat ibun………!

Jenggot inyana anu bodas…….ngagumbluk dina lahunan;
Kumisna bari godegan…….teu beda meyong belang gunung hanjuang;
Halis bodas bari gomplok…..badis bae kembang kaso;
Buuk bodas bari panjang……ngarunday saliwat punduk…..;
Tapi
Najan karungruman jembros, halis eujeung kumis,
Raut bengeut inyana mah,
Tetela……rautan sunda pajajaran!
Nu sila laju ngadehem;
Sora inyana puguh halimpu; haneuteun pieun nu keuheung;
Cung si lengser nyembah bari ngomong:
“nuhun eyang, dia daek datang!”
ceuk anu janggotan: “maksaaaaakeun lengser, maksakeun;
tunduh-tunduh geh, maksakeun…; da aya nu nyeluk!”
ceuk si lengser: “dasar bakat pageuh di awak,
sakitu geus ngora geh, eyang mah
aki-aki mogor keneh…….!”
ceuk anu janggotan: “lain tunduh mantas mogor;
tadi peuting teh, eyang kagiliran tugur;
kabagenan kemit di paseban pangauban;
kakara mah deuk ngangelehe,
keuna ceuli eyang
aya nu taralak-tirilik,
ngagoreleng dalugdag-daligdeug!
Ku eyang laju dirampa………laaaaain, lain tumbila;
Lantaran karasana teh cara buah beunying……;
Laju dililikan…..!”
Ceuk si lengser: “ari horengan teh naeun, eyang?”
Ceuk eyang teh: “baruk kidung diiiiiiia, lengser;
Uyuhan daaaatang; keur buntut bubuy teh,
Saparo petot, saparo lenyod………..!”
Ceuk si lengser sabari nyembah: “hampura beeee, eyang;
Da ngan sakitu ayana;
Ari kahayang mah cara batur;
Tapi kaberek….ngan sakiiiiitu……!”
Ceuk anu janggotan: “heu-euh! Nya deuk kumaha?
Da saurang-saurangna
Pada-pada boga ukuran sorangan;
Saukuran inyana, sabagian inyana;
Nu handap……di ukur tahap;
Nu raruhur……di ukur ku tungtung!”
Ceuk si lengser: “kumaha, eyang,
Amun nantungna sabari ngacung?”
Ceuk anu janggotan: “da mowal bisa
Ngaruhuran tungtung ramo inyaaaaaaana;
Tapi aya naeun dia nyeluk kaula?”
Ceuk si lengser sabari nyembah: “puguh ngaing teh
Deuk ngadeuheuskeun ieu….parabu anom….!”
Ceuk anu janggotan: “parabu anom ti maaaaaaana…..?”
Ceuk si lengser sabari sila tutug: “tiiiiiilok hanteu nyaho!?!?
Apan reusi handeula wangi teh
Waspada teleb paneuleu…..;
Cooooba deuleu………!”
Ceuk reusi handeula wangi: “reusi mah reusi beeeeee;
Ari geus ngora mah…….loba kapoooooooho;
Heu-euh………. ayeuna mah eyang teeeeeeeenget;
Geuning:
Incu ciyung, putu lutung,
Tedak badak, darah kusumah;
Baruk dia geuning si kasep:
Galeuh wening brama wangi!
Nya dia: silokaning bentang;
Lantaran dia anu ngawaruga:
Eusi jaya tina pangarti nu teu pahili!
Lantaran dia anu di kahiyangan
Di tuliskeun di langit rapang ku bentang:
Engke jaga mudu nitis tilu kali….;
Saban nitis…….sejen jaman;
Saban jaman…..sejen ngaran,
Dina waruga nu sejen rupa!
Jaman-jamanna mah eyang teu nyaho;
Ngan ngaran ku dia baris dibawa,
Anggeus natrat di totolkeun bentang:
Sakabarat,
Jaya liliran,
Sundayana……!
Mana anu ti heula, mana anu pandeuri?
Eta eyang hanteu nyaho; da teu meunang nyaho!
Ngan anu tangtu:
Dia baris hidup di dua alam
Sakebelna opat jaman…….!”

Ceuk parabu anom galeuh wening brama wangi:
“eyang…. ku naha eyang masih bae ngaran reusi?
Apan reusi mah, ngaran nu hirup keeeeeeneh….?”
Ceuk reusi handeula wangi: “lantaran najan eyang
Anggeus miyang ti alam pagelaran,
Acan eyang datang ka wayah
Mudu matuh di kahiyangan;
Jeung apanan eyang mah,
Hanteu ngahiyang!
Tapi ngawereng geni!
Nyaeta anu baheula basa eyang katembong paeh,
Ku kabehan dihuru teh,
Lain awak eyang;
Lantaran meujeuh seuneu eukeur ngagedur,
Ngagedag-gedag bari ngaguruh,
Eyang mah unnnnnnnnggah ka kahiyangan
Dina pangkuwan haseup
Anu ngabulak ngagulung ka ruhur………!
Unggahna?
Badan kasar…….dibawa ku badan halus;
Ai anu katembong jiga lebu awak eyang?!
Nyaeta….kembang karang……..!
Mantakna eyang unggah?
Lantaran mudu ngalaju lalakon anu katunda,
Mudu terus nutus tina catur,
Mudu ngayam beja rupa-eun carita;
Catur…..anu baris ku musuh di sebut wadul;
Carita…anu jaga baris bukti teu pasaliya,
Hanteu sulaya…..hanteu sangcaya!
Lantaran para pujangga ti tanah sabrang, engke jaga
Mareunang bukti pi-eun saksi anu netelakeun:
Urang sunda datang ti wetan
Urang sunda datang ti kaler
Urang sunda datang ti kulon,
Bararodo katotoloyoh…….;
Parcaya teh ka musuh pajajaran wungkul!
Lantaran ti baheula karuhun arinyana
Hanteu harade hate ka pajajaran sunda pakwan!
Kiwari eyang aya di paseban pangauban,
Kagiliran tugur tujuh taun,
Dibere wewenang sapadan dewa;
Tapi tahap….sahandapeun dewa!
Jeung ari aya,
Eyang mudu mareng di mana-mana…..!
Sawaktu…….mudu di ditu……..;
Tapi oge harita……..mudu di dinya;
Teu di dinya…..atuh di ditu bari di dieu!
Jeung pulang anting ka kahiyangan………..;
Hirup teh di duwa alam……..!
Di ditu……..ngarangrang sempur;
Di dinya……ngabuwah lowa;
Di dieu……..ngabeuti areuy…..;
Di saban babakal…..sejen ngaran sejen nyebut!
Tapi di mana-mana
Mawa rupa aki-aki….. da puguh memang keur ngolotkeun!”
Ngan kolot….hanteu muguran……..;
Mun ngadadak mudu miyang,
Tara eyang asup heula ka pangkeng mulakan panto;
Disebut bae reusi?
Nya eta: diwaktu eyang ngarupa cara kieu,
Ngawaruga bari nyawara…..tepunganeun anu nyareluk!
Disebut eyang karuhun?
Eta mah sebutan basa bae arinyana
Nu kiwari harayang diaraku rawayan eyang!
Ari pieun rawayan jeung baraya mah,
Eyang teh lain karuhun; tapi…..pangruhum……!
Ceunah, heueuh karuhun ngarupa jeung nyawara?
Ngarupa jeung nyawara mah, ngan ka ki lengser sa rawayan,
Jeung ka arinyana anu geus pasini, samemeh balik ka jati!”
Ceuk parabu anom: “kumaha amun aya anu nyeluk atawa nyambat?”
Ceuk eyang reusi: “nya tuuuuuuuurun, tapi
Ngan ka nu sumujud saestu wungkul…….!
Jeung di waktu anu parelu jasa………!
Nya aya oge, datang ka pandeuriyan!”
Ceuk si lengser: “mun modar mantaaaaaare anu nyambat teh?”
Ceuk eyang reusi: “papasten mah, teu keuna ku ruhum!
Geuning damar pareum oge, teu kalis ku tedeng pangaling-aling;
Teu mudu-mudu pareum ku sahateun miiiiiiiinyak….!”
Ceuk si lengser bari gagaro lebahan bujal: “heueuh!
Tapi ieumah sing saheu-euhna be, eyang;
Dia di sakieu geus agung kalungguhan,
Ku naha bet ngaran teh handeula?
Apan ari handeula teh: ayakan biangna,
Ajakan anu panggede-gedena ayakan!”
Ceuk eyang handeula wangi: “lengser! Kemang heu-euh;
Seungit teh wakekna kembang,
Baseuh teh watekna cai…..!
Tapi; geus tangtu kituh:
Babagus kembang nandakeun kaseungit inyana?
Geus tangtu kituh:
Baseuhna cai nangtukeun katiis inyana…..?
Geus tangtu kituh:
Jelema anu alus ngaran,
Alus lampah, alus hate jeung alus gawe?
Geuning hanteu kurang-kuuuuuuuuuurang:
Anu ngaran ngala ka dewa,
Ajieun rupa niru pandita,
Tapi kalakuan eujeung budi,
Hanteu beda begu parek ka huma!
Paralun…… eyang mah lain ngupat;
Ieumah saukur ngan nuduhkeun;
Geuning teu kurang-kurang bukti,
Ngaran teh ngan wungkul papajang,
Pangkat jeung kawasa teh
Dijarieun gagaman……..!
Gagaman digarunakeun sakama-kama……..!
Ari nimbal di eyang. Ngaran teh,
Ngarupakeun wujud balukar sora,
Ngalampahkeun gawe balukar harti!
Da bongan handeula harti ayakan,
Gawe eyang nya atuh……….ngaaaaaaaaaaaaayak…….
Ngayak wawangi tina kawangi,
Ngari-eun susuci tina kasuci………..!”
Ceuk parabu anom: “ari saheu-euhna, eyang dumuk dimana?”
Ceuk eyang reusi: “di dieu, di pamunjungan,
Nu disebut pamunjungan talaga bodas!
Talaga bodas geh ngan kari ngaranwungkul
Da talaga mah aya di ditu…… tuh di lebak!
Jeung bodas teh, lain sapedah bodas caina;
Tapi bodas……..ku salawasna katutup haseup
Anu ngelun bae bijil salega talaga…..!
Najan mudu mareng jadi reusi di mana-mana,
Ari jajati eyang mah….matuh di dieu…………!”

Ceuk parabu anom: “kunaha lain di gunung nu leuwih ruhur?”
Ceuk reusi: “abeh teu ngadaruratkeun nu deuk tepung;
Di dieu mah:
Cukup ruhur pieun ngasuh,
Mahi handap pieun nyembah!
Nya nyembahna ka sembaheun urang: sang hyang tunggal!
Ngasuhna:
Ngasuh sakabeh nu prihatin,
Nu harirup dina galur tanpa raratan……….;
Rawayan sang hiyang ciyung wanara…….!”

Ceuk parabu anom: “geus kebel tah eyang dumuk di dieu?”
Ceuk eyang reusi: “ti jaman di urang,
Di punclak gunung salak nu nyela ngetan,
Masih keneh aya gajah hirup sapasang…..!
Ari umur mah, nyao teueueueueuin; eta mah
Ngan sang hyang lengser anu eudeuk nyaho oge!
Lantaran inyana anu nyikalan ngabaladah ieu jagat,
Anu disarebut jagat sunda papantunan……..!
Ngan anu eyang masih inget keneh teh:
Baheula mah…..eyang teh, dipapantes……disarebut:
Aki bala ngantrang…… heu-euh………!”

Ceuk parabu anom: “sugan inget keneh, eyang,
Saha anu ngadegkeun ieu nagara pajajaran?”
Ceuk eyang reusi: “pajajaran anu mana???
Anu kiwari? Anu mimiti………?”
Ceuk parabu anom: “anu mimiti”
Ceuk eyang reusi: “pajajaran…… ngadeg nagara teh tilu rintakan.
Saban ngadeg kebelna jangkep bae 350 tahun,
Laju ngarangrangan di saban ngadeg,
Ngaheuleut saban rintakan sakebel 35 tahun:
Hanteu pugur laju lebur; tapi ngarangrangan………….;
Tilu kali…….cara sempur eukeur kembangan!
Laju ngadeg ka opat kali; tapiiiiiiii………..
Cara pakujajar teu daunan……..sakebel 400 tahun:
Memeh ngadeg pajajaran nu munggaran,
Ngaran teh nagara: sunda……..!
Heu-euh…; sunda……. hanteu ditambah-tambah!
Hanteu disebut: sunda nagara atawa naeun deui!
Anu ngadeugkeun?
Nya eta sang dewa hiyang wenang jeung sang hiyang dewa wening,
Anggeus digeuing sang dewa hiyang kala!
Dengekeun……..!”
Tunda heula……………….!
Lain di tunda dihaneuleumkeun; tapi urang tunda
Sabari reureuh, memeh munar di alas carita, memeh
Ngawalajar di pangpuhunan;
Dina sawah tadah beja……..
Tapi beja…… anu beda ti saha-saha;
Lantara caritana meunang ngajak ku handeula!

Urang lajukeun!
Ceuk eyang reusi handeula wangi:
“sorangan mah eyang teh hanteu nyaksian;
ngan meunang ngadenge catur para karuhun
basa keur karumpul di papanggung bale agung;
dengekeun…..!

kocapkeun di kahiyangan…………..!
sang hiyang guriyang tunggal keur ngadeugkeun papanggung agung
paranti munjung ka sang hiyang tunggal di mandala agung……!
rame pada garawe…….pada harideng kumaha gawe!
Harita…… lutung keur manggul haur beureum;
Pipalupuheun…..;
Monyet hejo hayang kasebut panggetolna; laju
Ngarebut haur dipanggul lutung!
Haur hanteu karebut; laju ngagulusur gancang jasa;
Murag ti kahiyangan……..!
Kadeuleu ku sang hiyang wenang jeung sang hiyang wening;
Laju disarusul…………..!
Lantaran amun eta haur murag di lebahan anu aya jelema,
Dewa-dewa baris cilaka………….:
Mun kapanggihna ku nu buligir bae onaaaaaman, nya hanteu mantak naeun-naeun
Tapi amun kapanggihna ku nu sabaju (sajamang)……;
Mantak bejad sakabeh jagat……..bisa rungkad patulayah!
Tujuh lapis langit, tujuh lapis bumi…….,
Awang-awang baris karancang……………!
Lantaran anu manggih haur beureum ti kahiyangan,
Baris ngora deui amun kolot,
Teu muguran dina umur…….!
Amun laju dibogaan..inyana baris bisa:
Nyahatkeuns sagara, ngeureunkeun mata-poe;
Nurunkeun bulan, mindahkeun bentang……..;
Ngucutkeun jagat sa-tiluna:
Jagat urang,
Jagat tengah, jeung
Jagat saruhureun awang-awang……..!
Mantakna, sang hiyang wenang jeung sang hiyang wening,
Geuwat ngararegat di jagat urang…………!
Sang hiyang wenang, inyana turun di punclakna gunung mahameru;
Sang hiyang wening, inyana turun di urang;
Nya eta di gunung nyungcung…….!
Ti gunung mahameru, sang hiyang wenang marentahkeun
Ka sakabeh pangeusi leuweung anu leungeunan,
Mudu nareyangan haur anu murag!
Arinyana bakal diburuhan:
Jaradi jelema…..!
Di gunung nyungcung,
Sang hiyang wening menta tulung
Ka badak…….. anu keur gupak,
Ka meyong belang…….. anu keur moyan,
Ka lutung…… keur ngunggut-ngunggut bitung,
Ka ciyung eukeur nyaliksik……….!
Arinyana bakal diburuhan:
Jaradi manusa………!

Kadenge ku:
Kuya bodas di muhara walungan
Nu kiwari mawa ngaran ci pontang,
Jeung catang nunggal
Di muhara walungan mawa ngaran:
Lima gedeng teu dijadikeun……!
Arinyana harayang jaradi manusa………;
Laju marenta meunang ngarempug…….!
Laju nyarariyar, nareyangan haur;
Badak nyaksrak di saban alas;
Maung nu nyieun galur
Papayeun nu mudu mulung
Anggeus ku ciyung dituduhkeun
Ti ruhur sabari ngapung……!
Nu mudu mulung?
Nya lutung anu nyiar ajleng-ajlengan,
Anu luncat ayun-ayunan
Tina tangkal ka tangkal deui………..!
Kuya jeung catung mah,
Nyaregatan di saban muhara;
Beusi haur palid dibawa cai……!
Lutung, ciyung, badak eujeun maung,
Arinyana nyiyar hanteu sabari geruh;
Jeung nareyangan teh
Hanteu sabari ngarep-ngarep keuna upah!
Diburuhan baaaaaaaae…….nya atuh seug!
Teu diburuhan bae………….nya atuh teu jadi naeun!
Ngarana geh……….nulungan nu menta tulung;
Lain mantuwan di lilijunnnnnnnnnuran!
Tapi kuya jeung catang mah,
Arinyana ngarep-ngarep jasa keuna buruh!

Kocapkeun dibeulah wetan!
Nyariyar teh sabari gandeng;
Mani saheng jeung ngaguruh
Ku nu nyiyar ka beulah kaler,
Ku nu nyiyar ka beulah kulon,
Ku nu nyiyar ka beulah kidul,
Ku nu nyiyar ti wetan ters ka wetan!

Kocapkeun deui:
Haur beureum ti kahiyangan,
Murag…….murag teh ninggang gunung;
Gunungna nepi ka semplak………!
Ragag keuna gawir nu lungkawing,
Nyungsang di lebahan leuweung howe,
Howena, howe tutul…………..!
(gunung semplak katinggang haur, kiwari aya keneh;
ngaranna geh: gunung sumbing…….!)

kadeuleu ku nu ka karulon nyiyar ti wetan;
laju dibaredol……….
gawirna laju urug;
haurna potong dua:
nu panjangna……melesat ka ruhur deui,
ngapung nyemprung di awang-awang………,
mulang deui ka kahiyangan……..!
ragangna…nyungsang heula keuna mega;
esot deui….mentog deui keuna mega……..,
lajuna mah
ragag di hiji leuweung
lebahan ki hara kembar
hanteu jauh tina tetengger:
handeuleum siyeum dipelak mapay………!

kocapkeun ayeuna:
sang hiyang wenang eujeung sang hiyang wening;
laju haur disarusul…….!
mariyang deui ka kahiyangan,
tapi hanteu cacarita heula!
Karuhan, haliwu urang wetan menta buruhan;
Ari anu nyarariyar di urang mah,
Hanteu raribut hanteu gareruh!
Atuh badak…… nu tara loba carita,
Guyang deui di panggupakan;
Meyong……anu tara loba omong,
Ngaleyos bae sabari heuay……..;
Ari lutung?
sila tutug unggut-unggutan deui,
ngadengekeun ciyung ngajak kumpul,
pasini kumaha muduna
abeh bisa jaradi manusa ceuk dewa tea!

Memang heu-euh:
Lain arinyana nu maranggihan haur;
Eujeung heu-euh:
Memang geh…..hanteu ngarep buruhan;
Lantaran nagih jangji mah, apanan
Mudu anu dipasiniyan mere bukti;
Tapi neun saaaaaalah……mun hayang mah jadi manusa?
Laju badami:
Opatan eudeuk tarapa;
Tarapana sabari nyariyeunan arca;
Ngan sapanjang nyiyeun……
Hanteu meunang ngomong, hanteu meunang nyarita!

Jeung pada badami:
Ciri geus kawidi jadi manusa, mudu:
Mimiti……. mudu boga rasa cara manusa;
Laju sora…..mudu sora, sora manusa;
Laku lampah…….mudu laku lampah manusa;
Tapi hanteu meunang wara nyarita;
Amun rupa……can ngarupa manusa,
Najan sora geus ngajak nyarita!
Amun rasa kagoda ku sora…..tapa teh gagal!

Laju tararapa……….
Tararapa sabari nyariyeunan arca;
Nyariyeunan arca hanteu nyarita!

Tunda………….!
Keun sina jararongjon nyariyeunan arca, nyariyeunan
Arca hanteu nyarita…….! tapi arca…… sanajan rupa
Jelema, tara bohong tara sulaya……..!

Caturkeun nu keur haliwu di beulah wetan;
Mani saheng mani ngaguruh
Ti tungtung wetan anu kaler eujeung kidul;
Ti kidul gandeng ka kaler;
Ti kaler saheng ka kulon,
Ka kulon ka sisi walungan rubak wahangan,
Nyirah cai di gunung-gunung anu ngariyung,
Ngamuhara ka duwa sagara………..!

Kabehan pada haliwu….parebut akal parebut panemu;
Lantaran tadi ogeh; basa dewa jaradi jelema,
Amun haur anggeus katimu……….!
Najan haur teu kabedol beunang,
Apanan ari kapanggih mah jeung kacekel,
Apanan aaaaaaaaaaanggeus……!
Laju bae arinyana sewang-sewang
Jaradi jelema sakarep-karep sewang;
Jaradi jelema………!
Tapi gede cacad, loba cacad!
Nya eta: aranjukan garede hulu,
Loba tingkah, loba pangaruh!
Kadenge ku kuya bodas jeung catang nunggal;
Laju hararanjat…….daratang ka nu keur tapa,
Dina seja eudeuk ngarajak jaradi jelema!

Tapi da keur taaaaaapa,
Diarajak nyarita oge,
Nya caricing baaaaaaaae!
Kuya bodas laju ambek jasa;
Laju ngojok-ngojok catang!

Ceuk inyana: “seug dia opatan caricing bae;
Ngaing jeung ki catang mah, deuk jaradi jelema;
Ngaing deuk nyokot tanah bogaeun ngaing jadi raja;
Legana cengkaleun ngaing;
Dipingkis ku duwa sagara,
Jeung sakabeh walungannana
Ngamuhara kabeh ka kaler;
Watesna di beulah wetan:
Ti lebahan sumur sisi ci dureuyan,
Malendeng ngulon ka muhara……….!
Di girangna:
Ti sumur tadi datang ka muhara walungan
Anu caina ganti deui ganti deui………..!
Ngaing nyokot tanah ngan sakitu;
Lantaran jadi jelema jadi raja,
Di gunung moal deuk hirup,
Di darat moal deuk betah……..!
Amun ngaing ngalahkah wates,
Amun rawayan ngaing ngalegaan tanah,
Sing anu ngarempag masing kasiku;
Jaradi badega ka urang wetan,
Bari muji-muja pamujan sabrang!
Tanah ngaing deuk dingaranan:
Bantar sagara………….!
Ceuk ki catang: “tanah ngaing deuk dingaranan:
Jati purwa;
Lantaran ayana di beulah wetan;
Wates-watesna:
Kaler – wetan, sewang-sewang ku sagara;
Jeung di wetan, ku walungan hanteu di garap!
Di girangna:
Ti imah kokolot sisi walungan tadi,
Liwat beusi koneng
Kebat ka kulon ka jati anu tujuh!
Di kulonna:
Ti tangkal jati anu tadi,
Malendeng walungan di sisi wetan,
Datang ka muhara di sagara kaler!

Amun ngaing atawa rawayan ngaing,
Ngalangkah wates, ngalegaan tanah,
Sing cara anu diucap batur ngaing tadi……..!”

Laju narindak deui,
Sewang-sewangan ka padumukan inyana………;
Jaradi jelema,
Suhud munjung, rajin bakti!
Tapi hanteu aradigung cara jelema wetan,
Anu jaradi jelema sakarep-karep inyana tea…….!
Jeung hanteu sarakah cara urang wetan;
Arinyana kitu ogeh…………,
Nyaaaaaaaao rawayan arinyana mah………!

Cag teundeun………!
Sina sewang-sewang jaradi raja;
Saurang di anu engke kungsi mawa ngaran:
Pajajaran bantar sagara!
Saurang deui di anu engke disarebut baheula:
Pajajaran jati purwa………!

Kocapkeun ayeuna:
Sang hiyang dewa kala;
Keur giliran ngalanglangan deui jagat urang;
Inyana himeng neuleu buwana urang
Sabagian rehe bae………..
Di duwa bagian deui rame jasa……!
Laju inyana turun di bagian anu rame;
Turun di hiji gunung aya kobakan cara tampiyan;
Lantaran meleng, inyana tisoledat;
Laju tigujubar……!
Hadena euweuh anu neuleu-eun………;
Ari mani nyungseup cara kunyuk keur naheunan keuyeup,
Disorodot ti ruhur batu mah……..,
Najan dewa oge, karuhan era kabina-bina
Amun disaruakeun ku anu nareuleu!

Tilok dewa era?
Anu hanteu gableg kaera mah, ngan:
Anu ngaku-ngaku nyaho di uga,
Laju ngagara-garakeun anu nyariyar lebak cawene
Meunang kawirang banget jasa…….!
Jeung anu hanteu gableg kaera mah,
Nya anu ngareka carita anyar,
Tapi pi-eun nipu batur-batur inyana,
Laju dipajarkeun: uga…….!

(gunung urut sang hiyang dewa kala tikosewad,
kiwari aya keneh. Baheula mah disarebutna gunung
ragag keuna jambangan; tap kiwari jadi gunung
ragajambangan).

Pikir sang hiyang kala: “eeh; ieu teh kumaha mimitiiiiiiiina?
Timana datang anu karariiiiiiiieu?
Sebuuuuuuuut manusa……jariga kunnnnnnnyuk!
Sebuuuuuuut jelema neujeuh keur aredan,
Da acan waaaaaaaayah mudu loba nu araredan!
Teu meunang di antep:
Mun diingkeun bae,
Ieu jagat bisa dengdek sabeulah………!”

Laju inyana ngagedogkeun awak; jleg ngarupa sang hiyang wenang!
Anu jaradi jelema sakarep arinyana bae tea,
Neuleu rupa sang hiyang wenang,
Lain daratang laju marunjung;
Tapi………. alok pada-pada hanteu nareuleu bae;
Tinglalejos arasup ka imah………,
Bari loba anu ngarelelan ti jero bilik,
Ngajarebeyan jeung naronggengan………!
Tapi dewa mah hanteu lolong;
Najan di halangan naeun oge, ku inyana mah,
Kadeuleu baaaaaaaaae…..!

Kadeuleu ku dewa aya nu jiga jelema,
Tapi tetela lain jelema eucreug………!
Anu saurang nu bodas hulu,
Keur nyonyo-o cahaya mata-poe;
Saurang deui ngagubed hulu ku simbut
Bari kunyam-kenyom ngitung tasbe!

Pikir sang hiyang dewa kala: “mowal salah deui,
Siya tukang nyariyeunan uga tina kajadian nu geus araya;
Lain tina kajadian-kajadian nu bakal araya!
Hade, kiwari siya ngalelewa dewa kala;
Engke jaga….siya baris mapag-kala lantaran uga……..!”

Laju eta dua anu jiga jelema tap hanteu areutcreug, dicalukan!
Tapi mumul nyampeurkeun; malah ngahucuhkeun batur-batur
Sina moreyatkeun sang hiyang kala…….!

Laju inyana disapa sang hiyang kala:
“siya turun tumurun sakabeh rawaya siya duwa-an,
jaradi tukang leletak!
Lain leletak jaradi anjing,
Tapi leletak……….. ngarah disangka hade budi,
Hade seja nahapkeun undak bangsa sunda:
Tapi hahap keuna cilaka gara-gara uga jariyeunan siya;
Eujeung undak mawa ngagubrag gara-gara ku siya
Uga ti jaman baheula eudeuk dipaksa
Sina ngawaruga samemeh wayah……..!
Engke jaga, di jaman sagara kidul aya nu nambak,
Baris kadongdon kajail siya, gara-gara
Titisan siya ngalicikan jelema uga
Anu nista tapi kawasa,
Nu kawasa…..euweuh nu nyaraho pangkat inyana!”

Ari dewa ambek mah, anu tinglaleyos teh, dararatangan……;
Tapi dararatang…..bari pahiri-hiri……..!

Ceuk sang hiyang dewa kala: “dengekeun!
Ngaing nyaho di siya kabehan; tapi siya kabehan
Hanteu nyaho di ngaing……..!
Yeuh……..deuleu……!
Laju dewa hiyang kala ngagedogkeun deui awak inyana; jleg deui dewa kala!

Ceuk inyana: “sang hiyang wenang memang jangji!
Tapi lain kiwari wayah sia jaradi jelema……..!
Lantaran siya nyanyahoanan ngatur lalakon,
Kabehan siya balik deui ka mimiti;
Anu mimiti monyet…….jaradi deui monyet;
Anu mimiti kuya……..jaradi deui kuya….;
Anu mimiti anjing…..jaradi deui anjing;
Lantaran mimiti siya kabehan sato,
Siya kabehan baralik deui jaradi sato!”

Mani tingjarerit anu arembung jaradi sato!
Ceuk nu bodas hulu anu bareto mimiti kuya:
“dewa teh apan adil tapi ku naha bet nyapa jelema anu
nyiyeun bukti lantaran jangji tina pasini,
jeung lantaran geus aya basa ti anu jadi dewa?!”

ceuk sang hiyang dewa kala: “dewa adil…..aya wayahna;
dewa hanteu adil….aya wayahna!
Hade, ngaing ngahampura! Tapi siya kabehan,
Mudu nyiyeun mandala meneng
Dina rupa niru gunung;
Jeung mudu anggeus jero:
17 tahun, 8 bulan jeung tilu peuting!
Dina eta peuting anu katilu,
Di meujeuh bulan purnama ngungkulan lempeng,
Batu punclak mandala
Mudu geus maneuh keuna palintangan!
Engke amun jaga aya deui adegan
Anu mapadan eta mandala,
Kajayaan siyakabehan,
Baris cara jayana mata-poe
Ti wetan tepung ka kulon!
Tapi oge cara mata-poe:
Geus manceran……….laju surup;
Geus surup………bijil deui………!
Tapi mun bijil deui…….,
Anu sejen nu bakal jaya!”

Anggeus nyarita kitu, sang hiyang dewa kala laju ngileus!
Hanteu kadeuleu ku anu engke baris jaraya cara mata-powe……..!
Ti urut inyana ngileus, sang hiyang dewa kala laju nindak ngulon;
Nempo ka bagiyan anu biasana: rehe hanteu, rame hanteu;
Tapi harita mah………jempling kabina-bina!
……….
ku inyana hanteu kadeuleu anu keur tarapa nyariyeun arca!
Badak nu tara loba carita, beubeunangan inyana hanteu loba.
Inyana ngan saukur datang kabisa nyiyeun tapak; da teu kaeur anggeus;
Batu teh kaboro remuk……beurat teuin anu nyiyeun arcana!
Maung anu parabot inyana ngan kuku eujeung siyung,
Nyieun arca teh hanteu bae daekeun ngarupa!
Ti batan ngarupa mah, batu teh kalah ka kohok
Jadi sodong eujeung guha…….!
Ari ciyung?
Inyana mah nyiyeun teh ku dipacokan. Mimiti
Nyiyeun tapak inyana sorangan;
Laju nyiyeun arca dewa….eukeur sila.
Ngarupa…..ngarupa mah; tapi encan anggeus;
Kaboro sariawan mantare………!
(arca eta kiwari aya keneh. Ayana di pasir sinalang).
Kumaha ari lutung?
Da puguh leungeunan; di enggon inyana tapa,
Loba arca mani ngajajar, aralus baragus!
Harita inyana geus anggeus opat puluh……!
(arca jijieunan lutung, kiwari aya keneh;
nyaeta di pasir kopo).

Kacaritakeun sang hiyang kala;
Inyana turun di hiji gunung anu buleud.
(eta gunung kiwari aya keneh; disebutna gunung bundeur)
inyana alak-ilik….tempa-tempo… gera-gero……..;
tapi euweuh anu nembalan, sejen ti sora inyana sorangan
anu malik deui ti lamping gunung……….!
laju inyana ngahuaykeun hanjuwang dina mumunggang,
tapi hanteu kadeuleu saha-saha…….!
laju nyiweuykeun handeuleum anu siyeum di pihumaeun;
brah kadeuleu anu keur tarapa di kajauhan…….;
da ngarana geh….dewa…. ; ari keur inyana karep mah,
teu tatanya oge, laju bae nyaho…………!
ceuk inyana dina pikir: “nyaah temen ku bararageur……..!
baroga kahayang teh, sanggup prihatin heula…….!
tanggowan! Ngaing deuk ngageuingkeun nu boga jangji;
ieu jangji ti ngaing:
engke di dia anggeus jaradi manusa,
kajayaan dia mowal beda jayana bentang!
Najan ieu nyaangan sabeulah jagat, bentang mah
Panuduh jalan ka anu powekkeun!
Di beurang mah teu caang; tapi bentang ayana
Lain di peuting bae;
Najan tengari ereng-erengan oge,
Bentang teh rapang di langit;
Ngan kadeuleuna
Ku nu ngarali sumur nu jero jasa……!
Najan genclangna bentang, hanteu nyaangan jagat saampar,
Tapi bentang teh:
Tutugu nu di sagara, ciri wanci nu di darat;
Cindekna: anu diparcaya ku sa-jagat kamanusaan!
Mantakna dia di parbawakeun keuna bentang?
Lantaran genclangna bentang……..ti unggah datang ka surup,
Saban peuting saban tembong…… anggeur tetep piasiheun…..!
Bulan…! memang alus!
Tapi anggeus buleud…. malik ka leutik!
Mata-powe?
Jaya inyana ngan pipanaseun wungkul!
Ari bentang mah….hanteu boga wayah surut sejen ti surup;
Hanteu boga wayah caang pipanaseun……!
atuh….. nu gede; maneuh caangna;
Nu laleutik, herang genclangna…….!
Jamak bae amun aya mega ngahalangan;
Geuning bulan jeung mata-powe oge…….,
Keuna ku samagaaaaaaaaha………..!
Amun bentang-bentang sakabeh keuna samagaha,
Sa-jagat…..bakal sujud……..!”

Sang hiyang kala laju unggah deui… ka kahiyangan;
Deuk ngageuingkeun anu baroga jangji:
Sang hiyang wenang jeung sang hiyang wening!
Laju badami…….
Ceuk sang hiyang wenang: “kaula sapuk jeung omong dia!
Anu sakarep-karep jaradi jelema,
Engke amun gunung-gunung geus garundul,
Leuweung-leuweung beyak dibukbak,
Arinyana bakal baralik deui jaradi sato:
Lolobana jaradi:
Monyet hararejo mabok kawasa,
Monyet bareureum parebut kawasa;
Ayeuna mah keun bae;
Sina paboro-boro heula ngadeugkeun mandala meneng!”

Ceuk sang hiyang wening: “adi kala…….!
Kaula anu pangkolotna;
Tapi adi kala bener bungsuna,
Tapi dina anu uga-dewaan jagat;
Lantaran dia anu jadi
Dewa mangsa, dewa pati……………!
Wenang teh…….jayaning lampah,
Wening teh……sarining rasa…..!
Tapi……. lampah eujeung rasa
Mowal deuk aya,
Amun hanteu di wenangkeun
Ku mangsa atawa pati…………….,
Sanajaaaaaaaaaaan geus di jurung ku kawening;
Adi kala! Kaula sapuk ka omong dia!
Kaula eudeuk turun deui, deuk nedunan kahayang anu marenta,
Nu tarapa di jagat manusa pinuh jelema……….!

Laju sang hiyang wening miang……..turun………;
Di dieu geuh…….di dieu inyana turun keur baheula teh,
Di enggon ayeuna eyang diuk……!

Ceuk sang hiyang wening: “incu-incu eyang……!
Ieuh…eyang geus turun deui;
Kadarieu kaseeeeeep……….!”

Nu keur tarapalaju nyarampeurkeun;
Sarujud…… tapi hanteu ngomong atawa nyarita!
Ceuk sang hiyang wening: “ieu eyang deuk ngabukti-eun jangji!
Mimiti ti ayeuna ieu dia kabehan…………
Jaradi jelema……..!”

Nu tarapa sarujud deui. Tapi euweuh saurang anu salin waruga!
Ceuk sang hiyang wening: “ku naha ngaing bet teu maaaaaanjur?”
Laju inyana ngomong sabari nyentak:
“jaradi jelema, atuh!
Atuh……….!”

Tapi anu keur tarapa mah kitu-kitu keneh bae;
Badak hanteu igeug-igeug acan,
Meyong hanteu obah bari ngadangong;
Lutung jongjong bae sila tutug;
Ngan ciyung….inyana mah culak cileuk sabari bingung;
Bingungna?
Neuleu dewa gagaro jiga teu ateul.
Tapi ciyung hanteu nyaho: dewa ogeh keuna ku poho…..!
Poho…..najan wenang najan wening,
Sagala teh aya mangsana jeung wayahna!
Sang hiyang wening kabingungan.
Laju nyambat sang hiyang dewa kala…………!

Kocapkeun…. anu disambat anggeus turun.
Ceuk sang hiyang dewa kala: “atuh meureun kakaaaaaaaaang!
Mimiti….kuamah dia nyarita?
Apan jangji dia: jadi manusa!
Ayeuna dititah jaradi: jelema….!
Atuh meureun, atuh karuhan……….!
Apan jelema teh wujud gogoda!
Montong teuin di alam hirup,
Di alam inyana paeh ogeh,
Jelema teh tara sampurna!
Da puguh ngaran jelema,
Ari ngukur teh……hayang bae kuuuuuuuuurang;
Tapi mun di-taker……. mudu bae sina mucung;

Mantak arinyana harayang jaradi manusa…..?
Hanteu parurun jaradi jelema……?
Lantaran arinyana hayang weruh:
Naeun sabab aya “hidup”,
Pieun naeun sina “hirup”,
Naeun guna mudu “hurip”…………!
Jeung arinyana harayang ngarti:
Naeun hartina pati……….?
Abeh saumur hirup:
Panjang bangban manan deupa;
Jeung ulah keloh ditapak sipat.
Abeh atuh leuleuwihna, bikeuneun nulungan batur;
Tapi kakurangna….. randapeun diri sorangan…….!
Abeh sugan kaduga nandangan sangsara,
Dina hirup sabari bakti,
Nya bakti ka indung-bapa……..,
Ka par akaruhun jeung sang rumuhung;
Abeh engke di waktu mulang.
Misah tina raga nu tanpa rasa,
Hanteu sasab unggah mandala……..!
Kakang wening……….. atuh sina geura jaradi:
Manuuuuuuuuuuusa………….!”

Ceuk sang hiyang wening: “e-eh……kutan heu-euh!
Jangji teh: jadi manusa!
Hayuh kadinyah…….bari disaksian sang hiyang dewa kala,
Seug……… geura salin waruga………!
Geura jaradi manusa,
Boga rasa, rasa manusa; boga rupa, rupa manusa;
Boga sora, sora manusa; boga hate, hate manusa;
Baroga akal pada sampurna pi-eun bener jauh ti salah!”

Laju anu tadi tarapa teh rarasaan awak di gedogkeun;
Laju….jleg,jleg,jleg,jleg bae jaradi manusa!
Garagah wanda, lalungguh semu……,
Sewang-sewang baroga wanda ti rupa asal!
Malah anu mimiti tadina ciyung,
Keur kasep teh, cepetang pinteur nyarita!
Laju sarujud ka dewa anu duwa; laju
Anu tadi di rupa badak…… ngaliyeuk ka urut maung.
Urut maung…..ngaliyeuk ka urut lutung;
Urut lutung…..ngaliyeuk ka urut ciyung;
Urut ciyung ngaliyeuk ka urut badak….!

Ceuk sang hiyang wening:”heu-euh, heu-euh!”
Geus kaharti ku eyang mah!
Teu mudu nganuhunkeun, teu mudu!
Lantara lain eyang anu nyalin rupa dia; eyang duwaan mah
Ngan saukur wungkul jaradi saksi,
Nyaksian: lalakon teh nurut galur,
Kunda pantun anu geus samar………!
Tah…….ayeuna mah kari dia opatan
Arunggah panggung nuluykeun lalakon!
Eyang deuk mulang deui………!
Tapi samemeh mulang……..sugan aya keneh kahayang dia?”

Ceuk sang hiyang wening ka sang hiyang kala: “saksiyan,
Beusi kakang poho deui……..!”
Laju ceuk nu tadi jadi ciyung:
“eyang basa kaula jadi manuk,
ngaran kaula teh disebut ciyung!
Geus kieu ngarupa manusa, hanteu mudu ganti kituh?”

Ceuk sang hiyang wening: “ari mudu mah, hanteu!
Lantaran ngaran teh, hanteu ngarobah hate eujeung pikiran!
Hanteu kedik-kedik jelema baroga ngaran jelema,
Tapi hate, pikiran jeung laku lampah………
Hanteu beda begu atawa ajag,
Jaradi buhaya sawaruga jelema………!
Ngaran teh, nandakeun bangsa jeung nagara;
Tapi engke jaga mowal kurang-kurang jelema,
Marake ngaran bangsa dia,
Tapi sagala-gala inyana: leuwih jore
Manan arinyana anu ngamarusuhan bangsa dia kabehan!
Jelema anu kararitu, engkena baris sirik ka bangsa dia;
Laju rawayan dia di saringsiyeunan dina garanti ngaran!
Hanteu anu jarulid eudeuk ngadugah,
Ganti ngaran teh…. tandana jaman keur ganti;
Keur unggah ka jaman di ieu buwana di jagat ieu,
Mimitiyan loba mandah raragagan tina dahan,
Mimitiyan loba jelema arocot kedok, laju tembong
Sewang-sewangan ngawujud cara baheula:
Asal kunyuk…………jaradi deui monyet,
Asal ajag……………..jaradi deui anjing leuweung,
Asal bajul…………….jaradi deui buhaya,
Asal badawang……..jaradi deui kuya…..,
Asal sato………………baralik deui jadi binatang……..!”

Laju loba jelema ngaku-ngaku manusa, dina seja:
Ngadeugkeun tegal perang panglokatan,
Gara-gara:
Jelema teh lain manusa……..!”

Ceuk anu tadi jadi ciyung: “eyang, nu kumaha ari manusa?”
Ceuk sang hiyang wening: “dina wujud mah saruwa!
Ngan ari manusa mah: “nyaho hirup….ngarti di paeh……!
Ucap letah tehsawara hate! Sawara hate…..sawara sukma!
Amun nyembah……lain ngarah dikanyaah, tapi ajen
Anu medal tinda dasar angon tanpa pangarah……!
Tah eta tanda-tanda utama jadi manusa!
Jeung ari manusa mah, hanteu butuh ku ngaran alus!
Lantaran ngaran teh: lain waruga adegan,
Oge lain adeganana waruga, jeung lain pangeunteungan hate;
Lantaran hanteu kurang-kurang anu:
Dina beungeut manis seuri….tapi,
Dina hate……eudeuk meuncit………!”

Ceuk anu tadi jadi ciyung: “mun ngaganti,
Mudu kumaha, eyang? Saha anu mudu nyebutna?”
Ceuk sahng hiyang wening: “kudu ngalalana heula!
Lantaran ngaran hade mah…..dijiyeun kundeungeun!
Lain di reka dipapantes sorangan………..!
Sejen ti ngaran naeun deui?
Suuuuuuugan…….harayang boga tanah……….?”

Ceuk anu tadi jadi ciyung: “eyang, apan sa-jagat ieu teh
Geus aya nu boga!
Hade kituh ngabogaan banda, mun geus aya anu bogana?
Apanan montong teuin di ngaran banda,
Geuning nyawa anu aya di raga anu mamawa ogeh,
Keuna ku basa:
“dicokot deui ku anu bogana………!”
ceuk sang hiyang wening: “heu-euh, heu-euh;
eta bener kitu, kasep! Tapi kieu:
sang hiyang guriyang tunggal, ku sang hiyang tunggal
geus di widian nangtukeun:
unggal anu harirup bari boga kahayang,
weunang boga akuwan sasewang-sasewangna!
Tapi ieu tanah sakieu legana, encan aya anu ngaku;
Sejen ti anu geus dipenta ku ki kuya jeung ki catang!
Kumaha……….?”

Ceuk urut ciyung: “eyang, apan kaula kabehan,
Eudeuk nyiyar heula ngaaaaaaran!
Meureun sajero kaula kabehan nindak teh,
Meureun akuwan teh euweuh nu ngurus……..?”
Ceuk sang hiyang wening: “eta mah hanteu hese!
Urang nyiyeun sulur be,
Nu ku eyang dijiyeun tina dia kabehan:
Tanaga………urang cokot ti ki badak;
Wawanen…..urang cokot ti ki maung;
Kapinteur…..urang cokot ti ki lutung jeung……….”
Ceuk sang hiyang kala: “ulah, ulah make capetang!
Lantaran amun manusa capetang cara ki ciyung ieu,
Mowal aya demit deuk bisa usik,
Mowal aya jurig wani-wani nyiriwuri;
Jeung mantak jagat teh…..pondok lalakon!
Capetang mah……..agehkeun! pi-eun engke:
Tukang mantun……….!”
Ceuk sang hiyang wening: “hade……..!” laju inyana
Ngala tujuh kembang anu harita kari sahiji-sahiji deui bae!
Nyaeta kembang:
Keclak bentang,
Sari ibun,
Gandaruwan,
Huru banyu,
Salam miang,
Tapak pajah, jeung kembang areuy:
Deudeuh gurat, amun beukah amun geus namprak,
Tapi lingkup di keur ngagantung jeung di wayah seungit melenghir,
Nyiyeun popohonan anu keur ngambu,
Jeung di wayah keur hanteu seungit,
Kadengdeuleu bae ku nu geus neuleu…….!

Ti dinya, sang hiyang wening nyiyuk haseup
Anu ngebul bae dina cai talaga talaga wana.
Kakebul haseup di hijiyeun jeung seuseungit kembang 7 rupa,
Laju di pincuk dina cariyu; laju diasongkeung
Ka sang hiyang dewa kala
Ku sang hiyang dewa kala dialungkeun ka ruhur…..;
Ari jret deui keuna taneuh……jleg bae:
Ewewe ngora….jajar pasar dina rupa,
Tapi leleb sari,……manis imut………!
Wanda gagah teu beda selang……..,
Tapi lungguh saruwa uncal, bari tandang saperti merak!
Tapi inyana nyembah; mimiti sang hiyang kala!
Lantaran inyana anu ngajadikeun; laju ka sang hiyang wening,
Lantaran inyana anu ngalantarankeun…….!
Ti dinya anu opatan nu disuluran: opat sembaheun di sakalikeun!

Ceuk sang hiyang wening: “tah ieu pisulureun!”
Ceuk urut ciyung: “geuning eweeeeeeeeewe……..!?!?”
Ceuk sang hiyang wening: “ari ngurus jeung ngatur mah,
Can tangut beres jejer rapih jajar,
Sapedah diatur jeung diurus ku lalaki…..!
Biheung teuin…ewewe mah, leuwih beres leuwih rapih!
Buktina?
Lalaki mah, anggeus ngulapes teh, nya ngeueueueueunah…..he-es!
Tapi awewe……9 bulan…….beuki ridu beuki beurat! Tapi,
Pagawean kagebeg kabeh………!
Ari lalaki…….najan bulan geus ka-9……nangkub deui nalokom deui;
Bari saban balik gawe, majar teh nyeuri awak eujeung cape!
Tapi awewe….kajeun cape kajeun tunduh, mudu bae inyana mere…..;
Mun teu mere……satungtung can dibere mah, lalaki teh:
Jajadah deui jajadah bae……..!

Geus borojol…….: di beurang ridu gawe,
Di peuting teu jongjon heeh……!
Ku budak nu menta nyusu,
Ku nu mudu numpuk kajeun keur tunduh!
Tapi beurang peuting……..sakabeh gawe beres kagebeg!
Dibeurang ridu-ridu…….ngagaweyan;
Di peuting……najan cape…..digaweyan!
Ari ngurus nagara teh, hanteu mahi diatur jeung diurus bae!
Tapi mudu dibarengan bela teu pegat-pegat!
Lalaki mah, langka jasa nu bisa kitu………!
Tapi ewewe…….da memang baaaaakat! Geura:
Kajeun jero sungut kari neureuy,
Amun budak ceurik rapar keneh………,
Ewewe mah……kejo teh di karuarkeun deui,
Diwewelkeun ka sungut budak!
Ari lalaki………budak kara neuleukeun oge,
Pajar teh: ngarewong siyah……..!
Jeung lalaki moal cara ewewe!
Di waktu senang…..lalaki mah, lain leuwih enya-enya ngurus budak;
Tapi….kajeun nyaah, tetep ngeunah,
Da aya wewenang di lalaaaaaaki…….angguuuuuuuur nyaaaaaandung!
Ari ewewe…………?
Di meujeuh inyana jembar, di wayah ewewe senang,
Tara poho ka ngaran anak……….!
Di waktu jero kasusah, ewewe mah:
Dungsuk-dangsak….nyiyar piparabeun pi-eun anak………!
Kajeun era, kajeun sorangan rapar………,
Asal budak kaeusi beuteung…….!

Ieu tanah akuwan dia kabehan, urang sebut nagara.
Urang ngaranan: nagara pajajaran……..!
Lain pajajaran enggon mumuja cawene;
Tapi pangdani ka
Ewewe waruganing bela!
Pieun nyegah engke jaga aya rawayan ti saha bae,
Marebutkeun wates tanah akuwan,
Ti ayeuna ku eyang di ciriyan
Wates akuwan sewang-sewang ti ieu nagara.

Tanah ki badak……..ayana di beulah kulon;
Wawatesna: kidul eujeung kulon……ku sagara;
Wetah: ku gunung-gunung anu enclok-cnlokan ti
Pasir papasangan nubeulah kulon….terus
Ka sumur di walungan ci dureuyan;
Ka hilirna: ngawates ka tanah akuwan ki kuya!
Mantakna ki badak dibere tanah nu beulah kulon,
Lantaran eta tanah anu baris panghesena disabaan jelema!
Engke jaga, tanah inyana baris kadatangan
Anu gede rahul gede hulu jeung
Gawe inyana…….: ngawadul bari
Gawe batur diaku gawe inyana……….!
(**tanah ieu engkena kalalakonkeun dina ngaran:
pajajaran-barat atawa pajajaran kulon**)

tanah akuwan ki selang…… aya di beulah wetan-kidul!
Wawatesna: di kidul ku sagara lega;
Di wetanna: ngawates ka walungan
Anu jadi wawates nagara urang wetan;
Di kulonna: ti gebang koneng sisi sagara lega
Terus ka sirah walungan cikeu-eun
Laju malendeng sisi wetanna datang ka muharana!
Di kalerna: tepung kana tanah akuwan ki catang…….!
(**tanah ieu engkena kalalakonkeun dina ngaran:
pajajaran girang….**)

tanah ki ciyung jeung ki lutung
ku eyang dihijikeun……..!
nya eta: tanah di hapit ku tanah akuwan:
ki badak jeung ki kuya di beulah kulon,
ki selang jeung ki catang di beulah wetan;
jeung di kaler jeung di kidul,
pada-pada ku sagara………!
mantakna dijiyeun hiji?
Lantaran eta minangka teh nu jadi galeuhna…….!”
(**nya tanah ieu pisan nu engke jaga baris loba kalalakonkeun,
dina ngaran: pajajaran tengah………..**)

ti dinya……. sang hiyang wening nyarita ka pisulureun!
Ceuk sang hiyang wening:
“sajero dulur-dulur dia ngalalana,
nagara jadi pihapean di dia…..!
urus sina subur….raksa sina jembar jeung waluya!
Anu ngurus, ngatur bari ngaraksa nagara,
Amun lalaki…….disebut raja;
Amun ewewe…..disebut ratu…….!
Sajero dulur-dulur dia encan mulang,
Dia mudu ngaratuwan dina ngaran…….:
“ratu indung rumbiyang jati…….!”

ceuk ratu indung rumbiyang jati:
“eyang, kaula mah encan weruh,
kumaha mudu ari jadi ratu…….?
ngurus teh…..mudu boga pangaweruh,
ngaraksa teh….mudu boga pangabisa;
meureun ratu teh…mudu pinteur…….!”

ceuk sang hiyang wening:
“kahiji……: mudu bener;
nyaho di bener, nyaho di salah;
nyaho di hade, nyaho di hanteu-pihadeueun;
ulah eudeuk di gawekeun…..ari nyaho teu pihadeeun;
teu pihadeueun ka nu diurus…….!
ulah bener bae pieun nu ngurus,
ulah hade pieun nu ngurus wungkul!
Kaduwa…….: gawe ratu………..
Mudu ngaraksa kumaha bapa,
Bari ngaraksa kumaha ema;
Mudu ngurus kumaha indung;
Mudu minangka sawah kanyaah;
Ulah minangka kawah kacaah
Anu bedah di saban marah…….!
Katilu……: ratu teh mudu pinteur!
Tapi nu mudu mah inyana ngarti……;
Ngarti neuleu bari ngarasa,
Ngarti ngarasa tina ngadeuleu…….,
Abeh kaharti ku nu diaping,
Bari karasa ku nu diraksa……..!
Anu jadi raja jeung jadi ratu,
Mudu ngararti keuna harti nyiyeun aseupan!
Aseupan teh:
Mudu keker di wengkuna,
Mudu carang di kerep tengahna,
Mudu kurep di carang nyungcungna…..!
Lantaran amun aseupan dianyam sakarep-karep,
Najan beyas beukah arih,
Mowal kejo timus di wayah……,
Mowal panjang pancar mahi asuran……!
Amun kejo…..teu keneh bae asak,
Aseupanana bakal templok,
Dikukuy barudak
Nu teu sabar lantaran rarapar!

Jeung mudu nyaho:
Nangtungna aseupan teh,
Ku…..ditanggeuy…..!
Nya biiiiiiisa…..ulah ragag teu ditanggeuy!
Tapi…….mudu ditangkubkeun!
Ari dina nangkubna aseupan?
Teteeeeeeeela….aseupan teh hanteu dipake!
Hartina? Ku dia geh tangtu kahaaaaaaarti……!

Ari jadi raja, ari jadi ratu?
Ulah hayang niru-niru caringin:
Lantaran caringin mah,
Tembong agung jeung ampuh teh,
Anggeus heula maehan tangkal anu ku inyana
Ditumpangan ti leutik……….!
Kaagungan caringin?
Ku lobana pananggeuy anu:
Nutupan gorowong dina eta tangkal caringin anu gede!

Nyai……..! jadi raja jadi ratu teh
Sebenerna mah…..hanteu hese…….;
Lantaran anu gebleg oge…..bisa baaaaae dijiyeun raja!
Geuning ceuk urang tea mah:
Amun di nagara,
Sagala-gala sareba edan,
Eta tandana:
Anu jadi rajana teh,
Jelema burung!

Ari anu bener hese mah:
Jadi raja “bener”
Anu bener-bener salawasna nyekel
Benerna bebener kabener…….!
Mun geus ngarti budi caringin,
Jeung geus ngarti silokana aseupan,
Kari dia tanggah bae ka langit
Diwaktu bulan teu wayah tembong!
Baca ku dia…..rapangna bentang patinggarenclang;
Geuning teteeeela…..ngajajarna teh:
Hiji……hiji…..; duwa-duwa..; ………tilu……tilu!
Mun teu nunggal hiji-hiji,
Tangtu duwa parerendeng;
Mun teu duwa papasangan….duwa-duwa pasanggang,
Tangtu tilu hurung ngaruntuy…….,
Sanajan dina ngumpul ngariyung: rebuwan hanteu kaitung!

Tah, eta tandana ngelingan:
Najan loba batur loba dulur,
Manusa teh tetep
Ngarupa jagat leutik anu misah,
Anu sewang-sewang pada mandiri………..
Tapi hanteu mudu pacaang-caang!

Tapi jeung papada:
Najan sewang-sewang pada nyorangan,
Mudu saling layanan silih corongan!

Laju tengetkeun: geuning bentang teh,
Genclangna……teu sakabeh saruwa herang!
Jeung genclangna….najan rapang acak-acakan,
Sebenerna mah,
Hanteu pasingsal-singsal!
Tapi lalayanan:
Anu caang jeung teu herang,
Anu mancrang jeung nu teu caang;
Anu gede jeung anu leutik…….!
Jojodowan……..silih deudeuh silih asih,
Silih tuduhkeun di barang unggah,
Silih gupayan di barang surup……..!
Silih bawa di wayah nanjak,
Silih papag di wayah mulang……..!
Tah, manusa teh mudu kitu!
Ulah cara jelema:
Silih suntrung di hayang nanjung,
Silih tuding dina rahsiah beunang kabuka,
Dina kajahil anggeus kapanggih……..!

Bentang mah, nyai……..,
Lain wungkul papajang langit anggeus beurang;
Tapi siloka pieun nu maca…..:
Nya eta…. bentang hiji: nyilokakeun wujud manusa ngawaruga!
Bentang duwa: ngingeutkeun keuna jagat eujeung alam!
Bentang tilu: nuduhkeun keuna ngarti, kaharti eujeung pati….!
Amun hirup sabari ngarti,
Tangtu salalawas teh aya di bener!
Amun hirup bisa kahart,
Tangtu tetep katurut jeung diturut!
Ari pati?
Amun ngarti di harti pati, dia nyaho jeung kaharti:
Paeh teh, pindah deui
Tina jagat ka alam deui……!”

Di wayah pindah?
Dianteur ku cimata kaseudih peurih……….!
Ari datang di mandala?
Dipapag ku caang kahadeyan. Ku wawangi bales budi!

Anggeus neuleu bentang…..laju ku dia deuleukeun matapowe…..!
Moal kaduga dia ngadeuleu inyana!
Lantaran matapowe teh….silokana nu maha kawasa,
Anu disarebut sang hiyang tunggal tea….!
Tengetkeun….! matapowe teh…tara nyorangan!
Aya matapowe….aya kalangkang!
Matapowe teh nyiyeun kalangkang; tapi
Ngan sahiji bae…….!
Hiji kalangkang ti saniskara anu dicaangan ku inyana!

Tah eta teh hartina:
Najan rupa deuk sarupa ogeh,
Bebener kabener tina bebener teh,
Mowal aya dua mowal aya tilu…..!
Laju tegeskeun kalangkang!
Geuning kalangkang teh….mudu bae
Dua kali ngabogaan wajah panjang!
Nyaeta: di wayah matapowe eukeur unggah,
Jeung diwayah matapowe eukeur surup…..!
Tapi di wayah matapowe keur mancaran, geuning kalangkang teh,
Ngan saukur ngiyuhan eta tangkal bae, jeung
Tangkal-tangkal anu araya di handap inyana…..!
Di wayah matapowe eukeur unggah, kalangkang teh
Beuki panjang beuki panjang! Hartina:
Salawasna dikersakeun ku anu agung maha kawasa,
Sagala teh beuki leuwih beuki leuwih…..!
Tapi di wayah manceran….ngan saguliwek bae?
Hartina: dina meujeuh keur jaya, anu jaya teh
Ngan nga-auban anu pararek bae ka inyana…!
panjang kalangkang di wayah matapowe surup, hartina:
Najan sagala leuwih sagala leuwih ogeh,
Lila-lila mah mudu beyak….!

Anggeus negeskeun kalangkang, laju dia neuleu ka gunung!
Gunung-gunung loba nu ruhur; tapi gunung anu pangruhurna,
Aya deui bae anu ngaruhuran…..nya eta tatangkalan
Anu jaradi di punclak gunung!
Tapi saruhuran eta tangkal, aya deui nu leuwih ruhur.
Nya eta…..mega…….!
Tapi saruhureun mega….,
Aya bulan, bentang eujeung matapowe!
Tah eta hartina: di jagat ieu teh, dina hirup
Hayang katembong ku anu sejen,
Hate teh nitah paruhur-ruhur……!
Bisa jadi engke jaga,
Jelema bisa ngaruhuran bulan,
Bisa jelema unggah ka bentang;
Tapi ku matapowe…..deuk bisa inyana ngaruhuran?
Ngadeukeutan oge geus tutung mantare…..!
Hartina: anu kiwari disebut tilok, engke jaga mah,
Boa-boa…ngan saukur pagaweyan anu kiwari can kapikir!
Tapi ku tilokna ngaruhuran matapowe, di tetelakeun:
Moal aya nu bisa ngaruhuran ka…papasten….!

Tegeskeun ayeuna buwah tangkal!
Tangkal saninten…buwahan saninten;
Tangkal tundun……buwahan tundun;
Tangkal pare…….buwahan pare!
Tapi ku naha tangkal kawung mah,
Buwah inyana teh disarebut: curunnnnnnnluk?
Jeung tangkal kiray, disebut: ranggokgok…?!?
Eta teh nuduhkeun ka ayana anu jaraya,
Tapi mararungkir asal inyana anu saestu…….!

Tegeskeun dimana jadina buwah!
Para-rulu mah……….dijero taneuh;
Pinang mah…………..dina taneuh;
Beunying mah…………di tangkal mapay ka dahan;
Baninten…..buwahan di urut pucuk…….!
Tapi susuru jeung ali-age, buwahan teh di daun sakali!
Deuleu ayeuna tangkal jambe anu dina rupa
Nananda tangkal kalapa……..!
Coba deuleu………..dilebah mana jadina buwah!?!
Tah eta nuduhkeun: dina ngabuktikeun tujuwan hirup
Anu hade guna pieun balarea,
Hanteu mudu-mudu bae tuturutan nurutan deungeun;
Lantaran anu guna ka balarea teh,
Lain tujuwan hirupna,
Lain balukarna eta tujuwan bae,
Lain bae cara ngalampahkeunnana anu hade,
Tapi hahade jeung kahade di eta guna!
Tah lantaran eta………hanteu mudu-mudu tuturut cara kunyuk;
Tapi conto tangkal jambe jeung ali-age…….!
Tujuwan hirupna tangkal:…ngayakeun buwah!
Tujuwan ayana buwah:……….ngalaju hirup, nuluykeun ngaran!
Tapi anu ngalaju jeung nuluykeun mah,
Lain eta buwah; tapi……siki…anu aya di eta buwah!
Lantaran siki teh:
Wuwujud sukma nu ngawaruga……….!
Sakur anu disarebut hirup di ieu jagat,
Deuk ewewe deuk lalaki, pada-pada ngabogaan sukma;
Pada ngabogaan wuwujud waruga sukma…….!
Nganbeda soteh dina mawa:
Ewewe mah sina nyempil di buni-buni,
Lalaki mah….gundal-gandul ngaburayot!
Seug, ayeuna ku dia kabehan,
Ulah diteges-teges bae anu aya di ewewe,
Tapi tegeskeun eta siki anu di buwah!
Cara di ewewe…siki teh di jero buwah!
Tapi ku naaaaaaha… dijambu mede mah….
Siki teh bet aya di ruuuuuuar…?
Ceunah, eta mah jambuna be anu malawading;
Deungeun-dengeun mah dibuni-buni….ari si eta mah
Hayoh di tongtot-tongtotkeun……..!
Tah, di lebah siki……… jelema mah
Ulah nurutan jambu mede……..!
Da anu sok katembong bae siki inyana teh,
Amun leutik…….. ngaranna budak!
Tapi amun geus jebrag………nu kitu mah
Mun lain lalaki edan, tangtu lalaki burung!
Tapi naeun atuh pareluna siki mede aya diruar?
Tah, eta nuduhkeun saha anu geus nyaho
Di rupa mede……najan ngan neuleu sikina bae,
Tangtu inget dina rupa jambuna;
Atawa najan ngan neuleu jambuna wungkul oge,
Tangtu nyaho bae kumaha ari bangun siki jambu mede!
Hartina….: anu nyaho rahsiah hirup rahsiah paeh,
Tangtu tenget ka waruga panitisan,
Tenget sukma saha jaman baheula
Anu kiwari
Ngadeg deui ngajelema………?
Mudu nyaho heula undak rawayan… laju
Mudu bisa ngitung wayah giliran nitis
Anu saban jaman ditangtukeun ku:
Ruhur-handapna mandala anu pandeuri
Anu jadi enggon eta sukma nu mudu nitis…..!

Sukma ti mandala pangruhurna,
Nitis di waktu ieu jagat:
Raga nu jadi biyang jeung raga nu jadi bapa,
Tapung ngawun-ngawun di buwana banaraga,
Ngalanglayang di awang-awang endah – rasa!
Amun geus bisa ngitung wayah giliran nitis,
Galur hirup teh ngabulumbung……..,
Ti ieu jagat ngemplong netrat ka duwa alam……!
Kari numbu ku pangaweruh nu mudu dicukcruk,
Kari nambah ku pangalaman nu bakal kasorang,
Abeh bisa mikir karena rasa, tina deuleu nu jauh natrat,
Bari hate….panceg rancage…….!
Tah ari geus kitu mah….dia teh nyaho:
Jagat teh geuning teu lega, jeung alam teh geuning euweuh nu powek;
Lantaran di ieu buwana nu mimiti ku dia disebut rubak,
Engke teh……sagala-gala:
Geus karasa memeh dirampa;
Geus katembong memeh dideuleu;
Geus dia weruh ti jauh-jauh
Ka sakur nu baris datang di saban jaman……!
Ayeuna dia anu eudeuk nyariyar ngaran!
Seug……., geura narindak!
Eyang duwaan oge anggeus wayah mudu unggah deui……….!”
Laju sang hiyang wening jeung sang hiyang kala, ararunggah;
Marulang deui ka kahiyangan……..!”

Tah kitu haneuleum nu baheula ditunda ku inyana
Anu bareto diwuruk mantun di gunung sempur,
Ngawuruk mantun di gunung parungpung…….;
Tapi kiwari
Hanteu meunang disebut ngaran inyana…….!”

Cag tunda anu nyarita! Urang
Teundeun deui eta haneuleum nu dicaritakeun,
Bari ngangseuan wawangi kembang tujuh rupa
Nu ceuk beja ti nu boga carita:
Sawayah-wayah sok tembong ngararambang di talaga wana!
Tapi……. ceuk anu boga carita, nembongannana teh ngan di tengah peuting,
Di meujeuh bulan keur powek sakali…….
Ceunah mah, kitu oge ceuk ceunak keneh deui bae….:
Sakur anu neuleu jeung ngagseu wawangi eta kembang
Nu tujuh rupa…..inyana bakal bisa:
Nganjang ka isukan… ngalongok ka pageto,
Nyaba deui ka jaman anu baheula………!
Tapi urang mah, ulah wara nyaba di acan wayah. Mending geh,
Urang lajukeun ieu carita….carita ti beulah pajajaran anu baheula…….!

Ceuk parabu anom galeuh wening; ceuk inyana ka eyang reusi:
“eyang…..! nu tadi teh ewewe; inyana ngan jadi sulur!
Tapi anu mimiti jadi raja, saaaaha?
Tilok sulur bae salawas na……..?”
Ceuk eyang reusi handeula wangi: “nya hanteu, atuh!
Hanteu sulur salawasna……! apan engke teh,
Ngadeg raja, raja sunda anu cikal di nagara cikal!”
Ceuk parabu anom: “ngaran inyana, eyang?”
Ceuk eyang reusi: “geus euweuh nu inget deui;
Disebut mah: purwa aji……..!”
Ceuk parabu anom: “hanteu bisa, eyang, amun disusul
Ku pamunjung lelembutan?
Mun diteyang……ku sari sajatining rasa……?”
Ceuk eyang reusi handeula wangi:
“geus anggang teuin padumukan inyana;
lantaran inyana mah geus mudu maneuh,
geus mudu cicing di mandala samar!
Najan kasusul ku pumunjung, tapi inyana mah
Geus mowal kaduga turun…….; lantaran anggang ka urang
Geus teu kapunggu ku waktu,
Geus teu katanggaan ku jaman…..!
Ngan anu geus tangtu, ngaran inyana mah
Disebut purwa aji…..tapi…..:
Lain purwa purwa ngaran,
Lain purwa di harti: weran…….!
Tapi purwa geh…….: purwa mimiti!”
Ceuk parabu anom: “eyang! Ka mandala samar teh, anggang jasa?”
Ceuk eyang reusi: “ya heueueueueuh! Apanan ceuk eyang ogeh:
Geus teu kapunggu ku waktu,
Geus teu katanggaan ku jaman……;
Boro-boro kajugjug ku celuk……!”
Ceuk parabu anom: “geuning, sang hiyang wening…..!?!?!
Apanan inyana oge di mandala saaaaaaamar…..!?!?!?”
Ceuk eyang reusi: “inyana mah…….dewa………!
Tapi najan dewa ogeh, kiwari mah
Dewa-dewa teh rada langka dararatang ka ieu jagat!
Ngan sang hiyang kala bae anu masih mindeng teh;
Lantaran inyana mah mudu ngalanglangan,
Ngaroris jagat sakabehna,
Mariksa alam saayana……..!
Anggang ti dieu ka mandala samar, mun diitung ku mangsa manusa,
Kira-kira dua belas jamaneun………!
Ari panjangna jaman?
Nurutkeun tahapan mandala; jeung ti hiji mandala
Ka hiji mandala deui……..anggangna teh
Hanteu saruwa….!
Kabehna mandala saloba salapan:
Nahap ngundak ti nu handap anu disebut
Mandala kasungka;
Laju nahap di
Mandala parnana;
Laju nahap di
Mandala karna;
Laju nahap di
Mandala rasa
Laju nahap di
Mandala seba
Laju nahap di
Mandala suda…….!

Di mandala suda karumpul karuhun-karuhun
Anu meunang pulang-anting ka jagat ieu;
Di lebah perelu…..meunang ngarupa cara manusa…….;
Tapi ngan nyawara keuna rasa manusa…….;
Atawa nyawara tanpa rupa!

Anggeus mandala suda, laju:
Mandala anu nahap alam kasucian;
Nyaeta anu disebut mandala padumukan para karuhun
Dina ngaran : jati mandala…….!
Lain mandala jati……tapi: jati mandala…….!
Nya di dinya ayana:
Paseban pangauban
Paranti kumpul para karuhun anu geus diwenangkeun
Bisa deui turun ngalongok manusa ieu jagat
Bari ngarupa jeung nyawara cara eyang kieu!
Nya tonggohen eta paseban ayana:
Papanggung bale agung
Paranti karuhun-karuhun naranggowan giliran mudu nitis!

Saruhureun jati mandala aya deui mandala. Nya eta:
Mandala samar tea…..!
Tah, di dinya ayana karuhun-karuhun
Nu pada beyak giliran arinyana;
Geus hanteu marudu deui unggah tahapan;
Geus teu baroga deui wayah nitis!
Tonggoheun enggon karuhun……..
Aya tilu enggon anu sajajar.
Nu ditengah:
Paranti sang hiyang guru….hiyang tunggal
Anu oge disebut sang hiyang guriyang tunggal;
Enggon anu di kenca:
Paranti sang hiyang wenang;
Enggon anu beulah katuhu:
Paranti sang hiyang wening!

Tonggoheun enggon anu tengah….aya deui enggon;
Nya eta paranti:
Sang hiyang kala nya dewa nya batara……..!
Saruhureun kabeh mandala tadi, aya deui mandala
Anu ti mandala samar bae
Anggangna teh:
Duwa puluh salapan jaman setengah……!
Nya eta mandala anu disebut:
Mandala agung tea…..!
Nya di dinya ayana:
Sang hiyang tunggal
Anu nunggal
Disakabeh alam jeung sakabeh jagat…….!

Saban mandala anu harandap……..dicicingan sukma-sukma
Anu ku sang hiyang wenang di mudukeun
Di wayah-wayah anu geus tangtu:
Ngasab gawe anu geus mudu……..;
Nya eta pieun bisa unggah pindah mandala!
Mandala anu eusina panglobana,
Nya eta mandala anu panghandapna anu disebut
Mandala kasungka tea……!
Sakabeh sukma-sukma manusa jeung jelema anu sewang-sewang
Kakara paeh,
Mudu kumpul heula di eta mandala pieun dipariksa:
Imbangan inyana gawe hade
Ti lolobana jeung balukarna inyana gawe hasud
Sapanjang inyana hirup di ieu jagat……!
Anu mariksa……hanteu ngilikan heula bulu;
Tapi laju bae neuleu ka nu hanteu tembong teu ditembongkeun,
Ku nu buni disumput-sumput…….!
Tapi…….najan oge dikumaha, najan dialus dihade-hade,
Sakur anu hanteu harade mah….., laju kaboker baaaaaae…..!
Da anu mariksana,
Hanteu teurak ku ruruba, hanteu beunang diajak sulaya……..!
Kajeun sukma cacah tukang jajaluk,
Amun inyana paeh heulaan….nya dipariksa diheulakeun;
Kajeung sukma menak ruhur pangkat,
Ari inyana paeh pandeuri mah,
Nya pandeuri baaaaae……!
Mun katimbang…….loba jasa hade manan hasud eujeung goreng,
Najan sukma tukang runtah oge,
Ditariiiiiiiima di eta mandala……;
Malah amun hadena leuwih loba kabina-bina,
Sukma teh…….ujug-ujug diperenahkeun di mandala leuwih ruhur!
Da aturanaaaaaaaaaaana………..aturan aaaaaadil…….!
Anu sapanjang hirup…….manan hade mah,
Hasud wungkul goreng bae,
Najan sukma raja gagah oge, laju bae
Dibalangkeun ka kawah panggodogan
Anu aya di buwana karma
Anu disebut jagat pancaka tea!

Sukma-sukma anu hanteu kapariksa,
Kara datang oge ka mandala kasungka,
Laju bae cara haseup ditiyup angin…..!
Mantakna dipariksa…….nya eta nyegah aya sukma-sukma kararotor
Nyusup asup ka jero mandala;
Atawa aya sukma anu deuk ngancik
Di mandala lain panyicingan inyana hirup,
Ari raga……waruga jelema,
Tapi laku lampah…….lalampahan sato!”

Ceuk parabu anom: “eyang! Saban anu paraeh,
Sukma inyana teh dararatang ka mandala kasungka?”
Ceuk eyang reusi: “hanteu kabeh!
Sukma anu hanteu kadugaeun mah,
Can tengah jalan ogeh,
Geus rarebur kapanasan kaanginan;
Jeung hanteu kedik anu hanteu narindak ka mandala;
Tapi terus bae laju ruar-reor………
Salandap-sulundup di jelema-jelema di ieu jagat;
Anu kararitu teh…..sukma-sukma jelema anu sapanjang hirup,
Hiri dengki eujeung jahil,
Ku batur ngan hasud bae,
Bari licik lantaran sirik!
Mantakna inyana sirik?
Neuleu deungeun loba kaweruh; neuleu deungeun loba nu nyeundeuh!
Laju ngahaharuwan kabeh anu loba pangaweruh
Tetep jadi pananyaan inyana bae;
Tapi abeh ku sakur anu hanteu nyaraho
Ngan si hasud si sirik bae anu mudu:
Disebut ngarti di uga nyaho di wayah,
Wayah jaman mudu ganti…….!

Mudu oge ceuk inyaaaaaaaana…….anu sasar lantaran sirik!
Sukma anu jarulid kitu, di anggeus paeh teh
Hanteu datang ka mandala kasungka;
Tapi gagancangan di ieu jagat,
Bari saban jaman
Ngawaruga deui jadi jelema;
Tetep jahil tetep julid
Nyiyeun cilaka anu barodo…………
Datang ka wayah eudeuk nambak sagara,
Inyana mapag-kala…..lantaran uga!

Sukma anu baretona sirik:
Ku kabeunghar deungeun anu jembar bari wajar,
Ka pangkat jeung diajenanana deungeun,
Anggeus paeh hanteu ka mandala kasungka,
Laju bae jaradi:
Jurig…..!

Aya deui sukma anu barangor; antap intip ka mandala,
Ngadenge carita urang mandala………;
Amun inyana bisa lolos balik deui,
Inyana laju nyurup atawa nyarumah ka jelema
Bari ngaku-ngaku karuhun luhung……;
Atawa inyana ngilu-ngilu eujeung dukun;
Tapi dukun lain saestu…….!
Laju nyilakakeun sakur anu beunang ditipu;
Mun hanteu ku eta sukma anu bangor,
Tangtu ku eta dukun tukang nipu……!
Ari dukun-dukun anu ditungtun karuhun anu laluhung mah,
Tara nipu tara menta buruh;
Komo narik untung tina sarat nu memang mudu….;
Amun lawon bodas mudu sajeungkal,
Mowal inyana deuk menta sadeueueueueupa…..;
Ari karuhun? Karuhun anu luhung?
Nyurup teh ngan rundayan anu kawaris!
Hanteu ka sakur jelema rawayan inyana,
Tapi memang biiiiiiisa ka saha oge;
Ngan tara saban-saban…….!
Mudu di eukeur perelu jasa,
Jeung aya sabab nu pohara jasa…….!
Memang aya anu saban-saban diasupan karuhun luhung!
Tapi amun: lain rawayan anu geus dipilih
Bari dicirian inyana memang anu kawaris,
Elema anu disrurup teh,
Mudu:…kahiji: montong teuin ka anu sejen,
Ka diri inyana sorangan oge,
Tara ngabohong……………..;
Kaduwa: tara sirik tara jahil,
Tara hasud najan ka susuh;
Katilu: hade lampah hade budi…………..;
Kaopat: pangaweruh jeung pangarti eta jelema teh,
Mudu sapadan pangaweruh jeung pangarti karuhun
Anu saban-saban nyurup ka eta jelema…….!

Tegesna:
Mowal aya jelema anu saban-saban bae
Disurup sukma jelema anu luhung keur baheula,
Ari anu disurup
Hanteu cara anu tadi ku eyang disebut!”

Ceuk parabu anom: “eyang! Kumaha sukma jelema
Anu muja ka begu atawa monyet?
Ka oray atawa dedemit……?”
Ceuk eyang reusi handeula wangi: “sukma anu karitu,
Geus digarade ka anu dipuja ku arinyana!”
Ceuk parabu anom: “lajuna…..?”
Ceuk eyang reusi: “nya diburitna mah, nya kitu tea:
Mun hanteu katebus…..jaradi badega anu dipuja,
Datang ka beyak lalakon arinyana jaradi sukma…..;
Mun teu lebur ku waktu,
Tangtu dijiyeun wadal ku nu dipuja!”

Ceuk parabu anom: “amun katebus, eyang?”
Ceuk eyang reusi: “aya anu ka mandala kasungka,
Aya anu hanteu……….!”
Ceuk parabu anom: “ari nitis…..pieun naen, eyang?”
Ceuk eyang reusi: “aya sababaraha…….!
Hijiiiiiii……..: aya anu pieun nuluykeun atawa ngabuktikeun:
Gawe gede bari hade, tapi baheula hanteu laksana…!
Duwaaaaaaa…: aya anu pieun nyacapkeun kapanasaran anu pohara,
Tapi baheula hanteu laksana…..!
Tiluuuuuu……: aya anu pieun ngabuktikeun jangji,
Anu diucapkeun basa baheula……!
Opat…………..: aya anu mudu nandingan sukma gagah bari sakti,
Anu lolos ti jagat pancaka……..!

Kumaha ari nitis?
Nitis teh nya eta:
Jadina manusa anyar atawa jelema anyar
Tapi…..sukma inyana mah,
Sukma ti jati mandala anu kagiliran ngawaruga deui nyawara deui
Diwaktu ngileusna duwa alam
Lantaran tepungna duwa jagat anu
Ngadatangkeun deui hiji jagat genep jamaneun!
Raga anu keur nitis, ngawaruga cara biasa:
Tina cai eujeung apu, jadi orok heula
Tina beuki gede beuki kolot jero wayah anu biasa!
Tapi waruga raga anu nitis, hanteu nyaho sabenerna teh
Inyana…..saaaaaaaha……….?
Memang mowal eudeuk aya anu engeuh, sejen ti arinyana:
Anu nyaho rahsiah nitis….atawa
Nitis sajaman jeung inyana……..!
Mantakna….sukma anu nitis teh sabisa-bisa
Sing ulah aya anu tenget atawa aya anu wauh!
Lantaran amun kawauhan, sukma teh
Mudu mulang deui ka kahiyangan samemeh wayah!
Amun eudeuk hanteu mulang, nya memang meueueueueunang…..!
Tapi inyana karuar ti raga panitisan inyana, laju
Asup dina panitisan raga sukma sejen anu
Oge cara inyana kanyahoan ku anu tenget……!
Amun geus tilu kali kapanggih deui kapanggih bae,
Sukma kitu teh hanteu meunang deui aya di ieu jagat;
Tapi laju aya bae anu neyang ti mandala samar……!
Raga anu ditinggalkeun kitu…..laju ngalaju;
Amun hanteu dieusi deui sukma sejen, nya laju disebut paeh tea!
Tapi amun dieusi deui ku sukma deui, disebutna:
Dipinda sukma…….!
Raga waruga mah eta-eta keneh, tapi sejen deui sukma anu ngeusi!
Geuning sok kacaritakeun aya jelema anu
Anggeus ngalaju laju waras waringkas deui,
Tapi dina adat, peta jeung laku lampah mah: beda jasa!

Cara eta raja anu mimiti mah bageur jeung barahan,
Tapi diburitna…..laju nyeuseupan getih somah…….!
Buwana ieu lima kali nyorang dirajaan ku raja kitu:
Anu kaduwa……..: ngakanan hate somah jeung taneuh somah;
Sukma eta raja, asal ti sabrang kulon…..!
Anu katilu…………: ngakanan kejo somah jeung somah-somahna;
Sukma inyana asal ti sabrang kaler….!
Anu kaopat…………: nyeuseupan hate somah, kesang somah;
Sukma inyana, asal ti wetan……!
Anu kalima…..: sina somah ngakanan somah; raga inyana
Tilu kali dipinda sukma……!

Aya deui anu deuk cara nitis.
Nya eta anu disebut………: nga-anggaseumah!
Pihartieunana:
Angga……..nya eta……wujud
Seumah….nya eta…..lain urang dieu:
Nya eta ceuk harti dina basa urang… urang dieu;
Ulah di hartikeun ku basa urang mana-mana…..!

Nga-anggaseumah aya duwa; tapi duwa-duwana
Sukma ti mandala suda…….dijurung ku sang hiyang dewa;
Amun dijurung ku sanghiyang wenang:
Sukma teh nyulusup ka jero raga jelema keur hirup
Anu geus dicirian tiditu na keneh;
Tapi euweuh anu arengeuh!
Lawasna nyicingan kitu………. hanteu lila;
Ngan saukur pereluna bae……..aya anu sabulan aya anu leuwih;
Malah aya anu datang ka nahunan……….!
Jelema anu datang ka anggaseumah,
Hanteu nyaho hanteu eungeh; tapi kapeung-kapeung
Inyana sok nanya ka inyana sorangan:
Ku naha hanteu puguh-puguh loba kabisa……….
inyana loba pangaweuh loba kabisa……….
datang ka loba anu naranya marenta tulung…….!?!
amun dijurung ku sang hyang wening:
sukma teh hanteu nyulusup ka raga jelema.
Tapi ujug-ujug bae….jleg jadi jelema;
Eudeuk ngora eudeuk kolot jeung dimana ngadeg jadi jelema,
Eta mah kumaha bae pereluna ceuk dewa bae……!
Ka anu nga-anggaseumah kitu,
Euweuh anu nyaho ti mana asal inyana;
Tapi tina bukti,
Kabehan pada nyaho
Eta jelema teh loba kabisa, unggul pangaweruh
Bari pangarti….leuwih mahi…..!
Saucap-ucap inyana….euweuh nu salah; tapi
Tara gancang jelema deuk parcaya……!
Malah loba anu ngahiyam,
Ngahaharuwan bari hanteu puguh-puguh ngamarusuhan!
Tapi anu nga-anggaseumah hanteu meunang neyuri hate;
Komo deuk ngabales mah……..;
Lantaran diburitna…..sakur anu jarulid garoreng hate,
Baris kasiku ku polah inyana keneh…….!
Anu nga-anggaseumah:
Amun lalaki….tara eweyan;
Amun ewewe….tara jojodowan;
Jeung haranteu jaradi dukun………!
Lantaran diturunkeun ka ieu jagat teh , lain pieun ngadukun; tapi:
Pieun ngageuingkeun anu deuk digeuing,
Nuduhan ka anu paroho, ngelingan nu deuk ngawaro…….!
Ari hanteu daraek mah…..nya saboooooodo……!
Sing waspada……! lantaran loba sukma
Anu hanteu-hanteu acan datang ka mandala kasungka,
Tapi niru-niru sukma anu nga-anggaseumah ti
Mandala seba……….!

Tah sakitu bae heula! Anu sejenna mah,
Ka ki lengser bae……lantaran inyana teh,
Sebenerna mah:
Gudang kaweruh, leuwit pangarti,
Tapi nutup bae, diarantep bae!
Tapi sakaliyan eyang ya di dieu, eyang deuk mere panuduh!

Dengejeun…..!
Isukan jagana pageto dia jadi raja ngagantian rama parabu,
Pake ku dia ieu ngaran, bawa eyang ti kahiyangan!
Nyaeta: siliwangi……..!
Lain silih wangi…….komo sirih wangi mah!
Lantaran di urang mah, euweuh sirih………;
Aya geu ngan seureuh eujeung sereh……;
Mantakna dia debere ngaran eta, lantaran dia mah
Unggah ti ieu jagat teh hanteu mudu nahap mandala heula.
Tapi engke teh laju bae ka mandala samar……….!
Amun diitung ku itungan manusa,
Lawasna dia aya di ieu jagat teh:
55 tahun di hiji alam di hiji jagat;
laju 400 tahun di hiji jagat tapi duwa alam,
laju salawe tahun di dua jagat jeung duwa alam!
Pieun dia nitis ngawaruga deui
Jeneng jadi raja dina ngaran
Anu ti wayah raja guha ngacar jalan
Kaceluk saamparan jagat…………..,
Datang ka wayah ngaran jeung waruga
Ngaraton deui di dayeuh pakwan nu wangi ngaran
Anggeus loba lalakon, anggeus dipacikeuh ku urang wetan!
Anu bari ngalalakon pangparekna:
Di nagara urang wetan, hanteu suwung-suwung parebutan;
Gara-gara pangojok arinyana anu nyaranyahowanan
Sakarep-karep bae jaradi jelema tea…….!
Ti dinya……baris mucunghul anu nunungtun lutung buntung
Dina seja ngaruntuh-runtuhkeun sakabeh ngaran mandala!
Tapi hiji mandala mah hanteu kungsi papak diruksak;
Tetep wangi nga-mandala…..jadi totonden!
Engke jaga anggeus diadegkeun deui loba mandala,
Ti mandala pajajaran anu salapan baris katembong:
Kalangkang pakujajar beukah kembang…………!
Ti dinya….: anggeus beyak lalakon nu nunungtun lutung,
Datang jelema manusa monyet bodas,
Nyiyeun narigsig sabudeur nagara tina:
Areuy pedes jeung kulit ki amis……!
Raja-raja jaradi badega……….!
Salega nagara………jadi sempalan kebo barule……..!
Ti dinya…..: datang jelema ngalalakon bari babaledog,
Manggungkeun monyet pengkeh pararenjol….!
Monyet barodas dibuburak,
Kebo anu barule bararangkar jaradi wadal……..!
Ti dinya……: monyet pengkeh pararenjol…… kamalinaan:
Nararitah diyuk di paranti hulu,
Nararitah satiyung ku paranti bujur,
Nararitah leumpang sabari cicing,
Nararitah bakti ku beuti acung………!
Laju……: sang hiyang wenang ngadatangkeun deui monyet bodas;
Dararatang bari nyalindung ka nu harideung eujueng jarangkung;
Monyet penjol pada lalumpuh……!
Laju…….: awang-awang angkeub ku haseup,
Sa-nagara banjir ku getih…..!
Galagah garing kahalodowan……..,
Ruhak ruhung kaanginan….atuh
Saseak…………..
Sa-nagara obor-oboran……..!
Anu kotokkeun laju nareuleu, tapi pangdeuleu arinyana:
Pada tibalik………..!

Tah harita…….:
Datang raja tumpak banteng………!
Urang kulon urang wetan,
Babarengan rame tararung, ngararusir deui monyet bodas!
Tah di dinya: jagat laju kusut:
Aya wayah di salah mangsa……!
Lantaran pating pucunghul anu ngaraku-ngaku inyana karuhun,
Ngabadega ka raja anyar……..;
Anyar soteh waruga jeung ngaran inyana,
Ari sukma inyana mah……. sukma baheula!
Nagara anu geus lawas jadi sampalan garung,
Ku inyana laju digarap……..tapi……
Lantaran anu tarani, tukang ngarimpi,
Nu daragang……kabisa ngan ngajuk hutang……,
Nya karuhan…. nu garung teh…….. beuki gumarung!
Lantaran talaga nu geus sahat ngaletrak,
Dibaredahkeun ku nu maronggawa mabok kawasa!
Sa-nagara beuki bae kusut awut-awutan;
Nu kumawula ngabadega…..marenta ruruha;
Bari bareunghar…………. tina babangsat!
Menak-menak….mudu saruwa eujeung cacah;
Tapi cacahna……baralaga leuwih ti menak!
Ari bararodo euweuh kaberek…..dibere pangkat sina marentah;
Karuhan deuk marentah teh….. badis kunyuk-kunyuk diajar ninun:
Lain nisan kendor….dipurekkan; tapi toropong…gepeng dipekprek!
Dasar euweuh kaberek euweuh pangarti, nitah ngabuwatan teh:
Wungkul kotakkan kari turiyang……!
Nagara beuki awut-awutan………;
Gunung-gunung diwuwuda, sabuligir gararundul;
Leuweung-leuweung beyak dibukbak…….!
Loba aturan loba cegahan……….tapi
Dirarempag…..ku nu parangkat bari kawasa……!
Ti dinya……: panyapa sang hiyang kala datang ka wayah:
Manusa-manusa di nagara wetan laju arengeuh
Arinyana dipadaya tukang leletak…; laju….
Ngabuburak tukang leletak……..!

Ngadak-ngadak saban lembur jeung saban dayeuh,
Heurin ku jelema-jelema karanjingan sukma monyet,
Sukma monyet-monyet hararejo, sukma-sukma monyet-monyet nu barelang;
Jeung sukma monyet gararading nyariyara tuturut kunyuk!

Ngadak-ngadak loba jelema tarulak cangkeng edeg-edegan,
Nararopeng di ruhur kenteng, nyararengi gagaro kanjut;
Maruk arinyana……jagat teh boga inyana!
Beuki ditu beuki……beuki somah sangsara bae!
Da raja teh hanteu ngaraksa, jangji jembar kalah tunggara!

Mantakna raja sulaya?
Lantaran……..
Mimiti bareng tutumpakan inyana,
Disarebut banteng karamat……..laju
Raja diunggahkeun dina manuk sabrang titiruwan,
Abeh ti awang-awang pangolowan
Raja neuleu natrat jagat nagkarak!
Laju inyana diajak nyaba ka dasar sagara,
Bari dicaangan cahaya ti mata-powe;
Jeung dipupunggu unggah ka gunung,
Bari dicaangan bulan ngempray…….,
Nya karuuuuuuuhan deuk inyana popohowan……..!
Da hanteu katembong aya nu powek,
Hanteu kadenge sora somah eukeur sakarat,
Kalanti memeh paceklik………!
Lantaran anu nganganteur inyana kancolah,
Ngareunah sora ngareunah basa,
Baroga letah alus diukir……..;
Datang ka amun raja meujeuh keur murukusunu,
Babari bae suri deui……lantaran anu naripu raja,
Geuwat ngabebenjo inyana ku nu harade rapa,
Ngarenah tembang ngareunah tembung……!
Abeh ulah katembong nararipu ngolo-ngolo,
Ku anu letah arinyana disulam jeung diarukir teh,
Bangkanang raja dikaluhan rante emas!
Tapi somah anu eukeur sangsara mah,
Sina ngarakanan kalengkang disebut kaluwa!

Hanteu arengeuh…dipipir hau
Monyet beureum geus eudeuk ngaronjang……!
Halangan ku dia….. sing raja ulah jadi wadal,
Sing ulah beunang dibebeset monyet hejo
Keur galungan jeung monyet beureum……!
Lantaran encan wayah inyana mulang ka mandala!
Tah ngan sakitu nyaho eyang….sejenna mah
Tanya bae ki lengser…..!
Ngan engke, maun anggeus datang keuna wayah,
Eyang aya deui di dieu
Pieun nyibayowan di talaga wana,
Memeh dia unggah ka mandala samar!
Titi mangsana ninggang di:
Alam wali suci bumi…….!”
………………………………………….

di pamunjungan laju ngadadak jempling!
Eyang reusi handeula wangi laju ngadehem….laju ngileus……
Hanteu katembong hanteu kadeuleu……!
Diurut tadi inyana sila, ngajeledeg deui
Batu tilu ngundak tujuh………!

Tunda heula sakeudeung!
Urang reureuh heula di anu jempling.
Lain jempling wayah reujeung sasamping,
Tapi jempling teu kadenge piring…….!

Tapi carita mah ulah di tunda lila-lila;
Lain sapedah mantak pamali, tapi….gantung areuyeun!
Urang kocapkeun bae:
Ceuk si lengser: “baku eyang eta mah, ari mulang teh osok ngorolos!”
Ceuk parabu anom: “naeun sabab?”
Ceuk si lengser: “teuin! Da kitu ti baheulana!
Siyeuneun dipentaan pieun meuli bako meureun……!”
Ceukparabu anom: “lengser! Kumaha lajuna carita eyang?”
Ceuk si lengser: “lajuna mah, nya kitu beeeeeeee……,
Sakadaek nu nyiyeun lalakon………..,
Lalakon urang……lalakon urang sakabehan,
Lalakon pantun pajajaran…………,
Lalakon sunda leungiteun raratan!
Malah engke mah, aden, lalakon anu nyarita urusan urang,
Loba lalakon anu barohong, anu dirareka
Ku nu harayang dipajar pujangga,
Nyariyeun uga rekaan sorangan……..!
Keun bae….da engke ogeh….ti gunung gorowong
Baris turun panjak ronggeng
Mukaan kedok ti nu naropeng:
Inyana engke jaga baris nembongkeun
Ka panjak-panjak sarumbang senggak:
Anu di panggung keur kancolah teh,
Eta mah monyet-monyet dangdanan golek!
Inyana engke oge jaga baris netelakeun
Ka somah geus carang ngejo tapi ku nu garelo
Mudu bae lalajo bari cingongo!
Anu ngadalang rareubak bari lelenggak teh,
Eta teh karuhun burung meujeuh keur kanceuh
Manggungkeun lalakon mendung laut di ruhur gunung,
Nambak sagara di wayah pasang………!

Lain pasang…….laut unggah ka darat;
Tapi pasang…… wayah sangsara somah beuki tambah!
Daragang batu……geuning dianjuk,
Daragang hakanan, euweuh nu maray…….
Tapi duwit ratusan rebu…..diaur-aur,
Gara-gara dalang edan mamaksa uga
Sina ngawaruga dilain lebah……..!
Tah eta panjak topeng nu bakal datang,
Inyana nu jadi saksi mawa bukti:
Lalakon anu bener mah, nya eta
Carita nu teu direka…..tapi
Ditulis dina lalangit…….ditatah dina jero iga……..!

Ulah sapedah pujangga anu nyarita,
Ulah sapedah ratu anu ngadawuh……,
Ulah sapedah diucap ku nu beunghar atawa pangkat,
Anu kadenge teh mudu bae tangtu bener……!
bener teh…… hanteu mudu bae dicatur ku arinyana
Amun ku somah mudu dianggap ruhur….!
Lantaran benerna bebener kabener teh langka nu engeuh:
Mindeng katuruban ku ikeut butut,
Mindeng diririmbunan ku baju rambeng,
Diharuduman ku samping belel…..,
Nyalindung……tukangeun rupa nu dipikangewa;
Tingsarelap dina ngaran teu dihargaan……..!
Heueueueueueuueeuaaaak….peuh…..!”
Si lengser laju ngareuhak;
Ngareuhak sisi leuweung…..keuna kamerang darangdanan!
Ceuk inyana: “jor! Siya bebeja….!
Bejakeun….ngaing anu nyarita:
Pajajaran teh ngadeg keneh……,
Ngadeg bae….jeung tangtu…..:
Bakal ngadeg deui……….!”

Reuhak si lengser keuna tilu kunyuk nini-nini pada jomblo
Keur ngintip si lengser ngongkong…….!
Mani ngajuralit bari ngajerit……;
Laju nyarumput di janeum kosong…..;
Ceuk kunyuk anu rada nini-nini: “hadena…!
Hanteu keuna palebahan remisna………!”
Ceuk kunyuk nu meueusan nini-ninina
Bari ngilikan tumbung batur inyana:
“heueuh….! amun keuna…..?”
ceuk kunyuk anu pangnini-ninina: “mantak reuneuh!
Mun ngajuru….murat buwat…..: monyet orok
Tangtu burut cara ki lengser…….!”

Urang teundeun……keun sina rareuneuh;
Sina ngajuru dina jeuneum!

Urang mah….da lain anu ngareuneuhan;
Urang mah… urang lajukeun deui carita urang:
Carita wadul pinuh rahul………..;
Tapi amun ieu pantun engke kabukti,
Hayang nyaho……eudeuk kumaaaaaaha…..?

Ceuk parabu anom: “lengser…..! heueuh……
Naeun sabab….baheula mah nagara teh: pujadaran,
Tapi kiwari…..: pajajaran?”
Ceuk si lengser: “da bongan baheula karuhun uuuuuurang,
Majar teh…raja mah….ulah pinteur perang;
Tapi….mudu pinteur diperangan…….!
Nya karuhan……urang pajajaran teh,
Ditangtang gelut……kalah ka nyumput!
Tapi ari nagara eudeuk diruksak dirugrug musuh mah,
Najan euweuh kaberek oge, urang pajajaran teh
Bener gelut tutumpuran….datang ka euweuh hiji musuh
Bisa mulang sabari weuteuh………!
Lantaran urang pajajaran mah, urang pajajaran anu baheula:
Didedet hanteu melesek, diteueul kalah ka mileuy;
Dibanting….bari ragag teh ngadudut kanjut…..!
Dialingkeun….karuhur teh……mariyeuskeun beuheung;
Dikadek kalah ka ngebul……….!
Laju musuh teh sasambat karuhun arinyana!
Ceuk karuhun arinyana: “ulah dimusuhan!
Lantaran urang pajajaran teh…..; dulur!
Lantaran hanteu saindung, tapi tunggal sungapan;
Amun dia jeung urang pajajaran harade deui,
Dia kabehan bakal aruntung……!
tapi mudu disajajarkeun………!”
Laju musuh teh ngaharadeyan deui!
Ari urang pajajaran mah, da memang hanteu musuh;
Nya hade deui beeeeeeee!
Laju nagara teh ku anu mimiti ngamusuh teh…….,
Disaruwakeun jeung nagara arinyana bari
Nyariuwakeun arinyana eujeung urang,
Nyaruwakeun urang jeung arinyana…….!
Laju nagara urang disarebut nagara sajajar jeung nagara arinyana;
Disarebut……….: peujeuh jajaran,
Lantaran ku karuhun arinyana, arinyana di peujeuh,
Mudu sajajar jeung urang,
Mudu urang sajajaran jeung arinyana………!
Tapi lantaran letah arinyana mah kandel congo,
Nya kagooooooooleun bae nyebut peujeuh jajaran;
Saban nyebut teh tikudewet bae……….!
Nya nyarebut teh: peujajaran……!
Salajuna mah jadi lawas-lawas: pajajaran……..!”

Ceuk parabu anom: “naeun gara-gara baheula dimusuh?”
Ceuk si lengser: “lantaran saririk ka ngaran sunda!
Lantaran harti sunda teh:
Wareh anu nyampurnakeun atawa
Peta anu nyampurnakeun!
Nagara sunda teh, wareh ieu jagat; jadi…….:
Mowal ieu jagat eudeuk sampurna, amun euweuh nagara sunda!”

Ceuk kparabu anom: “naeun sabab ayana nagara sunda
Tapi mudu digeuing heula sang hiyang dewa kala?”
Ceuk si lengser: “kieu…..!
Baheula, samemeh baheula anu baheula pangbaheula-baheulana,
Lebah dieu teh….powek jasa tiiseun jasa; datang ka
Damar hareupan irung ogeh;… hanteu kadeuleu hanteuhaneut-haneut acan
Saban ngaroris sakabeh jagat sakabeh alam, sang hihyang kala
Mudu bae meunang teu ngeunah…….!
Amun hanteu barenjol urut tidagor,
Amun hanteu dinglas urut tikosewad…,
Ari sowek samping sowek ikeut mah……
Geus tangtu mudu bae…….!
Mangkaning inyana teu boga owe; atuh euweuh anu purah ngerooooooodan!
Ewewe mah memang ngabadeg…tapi ewe deungeun!
Ari sang hiyang kala mah cadu nitah kurad-kered
Bari salangkrang-solongkrong ngadeukeutan ewe deungeun!
Inyana keuheul jasa….lantaran deungeun-deungeun mah
Saban seren tahun teh gararandang-gararinding….;
Tapi ari inyana mah…saban seren tahun teh:
Mamake anu sareba disulam deui disulam bae….!
Lain disulaman kembang-kembang ku benang emas…tapi:
Disulam geh ku tambal deui tambal bae….,
Datang ka eusi sakabeh jagat sakabeh alam
Geus hanteu aringet deui
Nu kumaha saenyana samping sang hiyang kala….!
Inyana nyarita ka sang hiyang wening jeung sang hiyang wenang,
Sing di lebah dieu teh atuh ulah powek bae……!
Ceuk eta duwa dewa: “hade! Ke, urang bejakeun ka ki guriyang!”
Nyao dibejakuen nyao hanteu, nyao teuin saha anu poooooooho……,
Tapi di lebah anu powek bae teh….. nya mongkleng keneh bae…..!
Saratus tahun deui lawasna teh….! saratus tahun deui teh
Nya jongjon beeeeee beurang peuting teh……powek bae…..!
Kacaritakeun…kabeh dewa keur karumpul di panggung pangruhuman.
Euk sang hiyang kala: “kakang-kakang dewa! Di ditu tuh,
Di buwana tanpa cahaya aya tukang mantun….!
Majar inyana teh: “dewa guriyang tunggal mah Torek;
Dewa wening teh ngacay bae….; dewa wenang mah, ceunah
Tara keop neuleu surabaha duwa padempetan…….!”
Ceuk sang hiyang wenang: “ku naha lain dicaaaaaabok?”
Ceuk sang hiyang kala: “kumaha eudeuk nyaaaaaabok,
Ari sakitu powek mongklengna datang ka hanteu kadeuleu mah?
Montong teuin neyangan eta tukang mantun,
Hurung tungtung udud handapeun irung oge, geus hanteu kadeueueueueuleu!”
Ceuk sang hiyang wening:” urang caangan…..!”
Ceuk sang hiyang wenang: “puguh cahaya matapowe na kurang panjang;
Hanteu bisa tepung datang ka sakitu jauhna mah!”
Ceuk sang hiyang kala: “tumbu atuh….!”
Ceuk sang hiyang wenang: “bahanna euweuh deui!”
Laju sang hiyang guriyang tunggal,
Sang hiyang wening, sang hiyang wenang
Jeung sang hiyang kala tarurun ka ieu jagat….!

Ceuk sang hiyang guriyang tunggal: “di lebah maaaaaaana…..?”
Ceuk sang hiyang kala: “mana eudeuk teeeeenget… eta geuning
Sakitu mongklengna! Tanggowan be…….!
Geura, kadenge haleuang inyana; kaciri isuh…laguna teh
Dongkleung dengdek…turun curuluk……..!”

Dewa anu tilu kaopat sang hiyang kala laju naranggowan………,
Naranggowan…….tapi euweuh anu kadenge, sejen ti sora…..:
Bancet mani rarecet, sora begu patingsaregruk,
Sora maung patinggaraur, sora badak katinggang baralak……!
Tamba kesel, sang hiyang guriyang tunggal eudeuk ngudud…..tapi
Inyana tinggaleun kawul; laju menta ka sang hiyang wening…..!
Anggeus beyak kawul duwa kaneron ogeh, euweuh saceuhil-saceuhil
Acan nu purun hurung…..! laju menta deui kawul ka sang hiyang
Wenang…….tapi nya kitu keneh bae………!
Kadeuleu remeng-remeng di anu powek jasa aya anu hurung jiga
Ruhak…….!
Laju udud inyana disundutkeun…ari gowak teh,
Sang hiyang guriyang tunggal mani ngajol deui sabari ngagowak
Aduh-aduhan…………!

Ceuk inyana: “naeun etah…..? aduh isu leungeun…..!”
Buru sang hiyang wenang ngadengdekeun matapowe bari sang hiyang wening
Geuwat ngunggahkeun bulan anu kar ameujeuh wayah nongtot hanteu nengtet
Hanteu……nya sakitu mah…aya oge remeng-remeng rada caang….!
Laju ditareges-teges anu tadi hurung jiga ruhak teh…….!
Horengan…….lain rubak; tapi……..mata meyong cooooooooongkok!
Nya karuhan deuk nyakar oge…….bolor batuuuuuuuur di totog ku udud
Sagede haaaaaaalu………!”

Ceuk parabu anom wening brama galeuh wangi:
“kumaha eta tukang mantunna? Kapanggih………?”
ceuk si lengser: “nya haaaaaanteu; lantaran jaman harita mah, encan
aya anu kararitu!
Eta mah akal sang hiyang kala be ngarah jagat ieu ulah
Sina powek bae…….!”
Ceuk parabu anom: “kumaha, laju caang……?”
Ceuk si lengser: “nya haaaaanteu! Lantaran mudu nyiyeun heula pi-eun
Numbu cahaya matapowe…..! mangkaning etateh pagaweyan anu
Tarahal jasa!
Nya diburitna mah, caaaaaa-ang; ngan kitu ogeeeeee, anggeus
Heuleut sarebu tahun ti harita!
Tapi najan harita kara remeng-remeng ogeh, ari dewa-dewa
Keur daraek mah, kadareuleu ku arinyana……di lebah buwana
Urang teh geuning sagala hade, sagala aya, sagala loba…….;
Ngan tukang renten jeung tukang niru-niru uga pieun nipu,
Eta mah harita….encan aya….!
Sejen ti eta…..sagala-gala geus leuwih ti bera……; inten sagede-gede
Kalapa mani pabalatak….; atuh emas….lain sareyal duwa reyal… kara
Neuleu ogeh geus pada sarebel……rupa-rupa emasna: anu koneng, anu hideung…
Patinggelempeng……: duwa suku, sasuku, samata, duwa mata, anu hanteu
Samata-samata acan geh aya…………!
Sagala hakaneun mani ngaleuya…..karuhan pare kahakanan somah mah,
Kari ngabeuntakeun bae bari hanteu mudu-mudu acan melak heula……!
Kabeuki putri-putri….atuh teu mudu meuli!
Kari metik beeeeeee: palandingan, kacapi, beunying, cecendet,
Jatake jeung……sagala beeeeee, kabeh geus leuwih ti loba…..!
Nya kitu deui kabeuki raja: peuteuy, jengkol, kalahang, sapi,
Picung….. au kulutuk….; wah, cindekna mah,
Sareba ngawaluya…! malah paiseun oge, mani….nya eta atuh,
Mowal dia deuk babari parcaya…..!

Kancrana oge, sagede-gede lisung; leyatna….. sapantar kohkol;
Berod oge sarubak upih sinagar;… malah belutna mah,
….nya sagede belut beeeeee……; belut pangede-gedena belut………!
cindekna mah, sakur anu baris bisa perelu atawa butuh teh,
sagala teh….nya kitu tea……kari kop beeeeeeeee!
Estu sagala mani ngalueya, estu euweuh nu hanteu bera…..;
Estu wareh jagat anu sampurna pieun anu hirup loba kahayang!
Tapi ngaran sunda mah lain lantaran kitu bae; aya deui sabab;
Alam di lebah ieu wareh jagat teh, karasana nyerep jasa keuna hate;
Datang ka sakur anu neuleu ka dinya teh, ngarasa sugema enya-enya!
Hate arinyana laju bae ngajak tapa di lebah dinya,
Pieun nyampurnakeun raga eujeung sukma…….
Abeh bisa ngarasa paeh sajero hirup,
Ngarasa hirup sabari paeh…….!
Laju wareh ieu jagat teh ku sang hiyang wenang,
Disebut buwana sunda……..;
Lantaran dina jasa pieun panyundaan nyundakeun diri!
Laju timana-mana dararatang anu ngadon tapa……..!
Sakur anu nyarorang tapa di dinya, di buritna
Euweuh anu hanteu sagala unggul sajero hirup;
Da ngarana ogeh apanan……;
Enggon panyundaan ditetepkeun deeeeeeeewa……!
Dewa…..anu wenang ngawenangkeun,
Anu wenangkeun nyampurnakeun,
Nyampurnakeun gawe hade nu hade budi!
Tapi mowal nyampurnakeun:
Gawe goreng di seja jahil
Najan budi dimanis-manis….tapi hate mah:
Tetep sirik tetep hasud……..!

Tah eta……..,
Ka eta beungeut dimanis-manis,
Ka eta basa dingeunah-ngeunah…..,
Tapi buni satukangeun eta kedok:
Nyanggerengna ajag eudeuk ngarekab…….;
Jeung buni dihandapeun eta letah barudru alus sulam:
Peurah oray lemah geus kari ngaburakeun………,
Hanteu babari jelema deuk bisa nyaho…..!
Mantakna……urang teh mudu rancage;
Lantaran ngan anu rancage anu bisa weruh naeun sabab:
Manuk cuhcur ngecruk teh ngan di wayah peuting,
Jeung toggeret
Beuki rame bae di wayah powe maju ka sore;
Jeun tina endog…nyaho nu mana nu jadi kotok;
Beureum……atawa bodas…..!?!?!?
Tah didinya
Jadi raja mudu inyana weuh teh,
Abeh ulah kapadaya, ku arinyana
Anu ngaku-ngaku urang sunda….tapi
Sebenerna mah……: urang sunda anu mantuwan musnana bangsa sunda!”

Ceuk parabu anom: “ari anu nyariyar ngaran, kumaha lajuna beja?”
Ceuk si lengser: “ki badak mah laju ngulon……;
Beuki bae ngulon….ngulon ngaler, ngulon deui;
Laju ngidul bari ngulon…datang ka basisir kidul sagara kidul;
Laju nyabrang di muhara walungan ci binuwangeun….
Ngulon deui….ngulon bae…nyiyar padumukan pibetaheun….!
Anjog ka ujung tanah pangkulonna;
Nya dumuk inyana di dinya…..!
Nya inyana anu lajuna ngarawaykeun:
Pandita-pandita luhung gagah sakti anu diburitna
Ngarawaykeun anu kasohor dina sebutan:
Kai ujung kulon…anu engkena
Jadi karuhun inyana anu di jaman bakal datang
Baris boga tanah dina ngaran tanah rumpin!
Anu di wayah ka sorenakeun katembongna
Jiga tambaga bae kahujanan – kaanginan,
Nya babakan ki badak mimiti munar…..
Gunung anu tadi…..datang ka kiwari
Saenyana mah…..karaton inyana……..

(nurkala: satu lembar hilang)

coba dina endog atah……ucutkeun cangkang inyana……;
beubeureum jeung bobodas…memang geh jiga ngahiji!
Tapi patulayah dina ngahijina……!
Endog tanpa beubeureum………. memang aya;
Endog tanpa bobodas…………memang aya; tapi
Anggeus aden ngadenge beja aya endog tanpa cangkang?
Ari endog kacingcalang? Lain lantaran euweuh beubeureum;
Lain lantaran euweuh bobodas atawa ipis cangkang…; tapi,
Lantaran kurang sileungleum…….!
Raja tanpa nagara…..memang hanteu kedik;
Somah tanpa nagara……saruwa jeung aya bangsa teu boga ngaran;
Nagara tanpa raja…..can nyorang aya; lantaran
Najan anu ngurus eta nagara hanteudisebut raja ogeh,
Ari gawe jeung pangajenan ka inyana mah,
Saruwa bae jeung gawe raja bari diajenan saruwa raja!

Kumaha ari raja kacingcalang?
Inyana saruwa jeung endog kacingcalang; tapi
Oge beda ti endog kacingcalang….!
Saruwana…….pada-pada bau:
Endog ngabauwan sayang…..; ari raja
Ngabauwan bangsa, nagara jeung ngaran somah!
Bedana…..: endog kacingcalang
Ku sayang tara dipuragkeun…..;
Tapi raja kacingcalang mah, tangtu
Ku somah anu geus ripuh ambekan, inyana teh di sina nyingkir!
Nya untung jasa amun diusir teh hanteu sabari dibaronggolan!

Eta urusan raja jeung urusan endog,
Datang ka kiwari….encan para aji sapamanggih,
Encan para pujangga mikir saruwa….!
Tapi amun geus tangtu:
Amun aden engke jeneng ngaganti rama,
Ulah eudeuk dia bae nyonyo-o endog,
Ulah neuleu bae anu beureum-beureum tengah nu bodas ngeplak,
Bari ngusap-ngusap leuleucir kulit ruar anu limit alus palengkung!
Tapi raksa ku dia somah
Sina arinyana jauh tina sangsara……!

Lain nagara, anu utama ku dia mudu di raksa; tapi somah….!
Lantaran ngalus-ngalus nagara bari hanteu ngaraksa somah,
Saruwa jeung megarkeun endog tanpa cangkang……!
Tiiiiiiilok deuk jadi kotok…..?
Alusna nagara ku lantaran dialus-alus,
Moal ngabalukarkeun euweuhna sangsara somah;
Tapi senangna somah anu hanteu sangsara ti salah raksa,
Ngabalukarkeun alusna nagara…….!
Amun nagara alus lantaran diurus dialus-alus, tapi
Somah mah tetep bae sangsara…..,
Ulah somah bae anu mudu dipajar salah……;
Tapi tetela……..raja teh: kacingcalang!”

Ceuk parabu anom: “anggeus kasarung, kumaha lajuna ki lutung?”
Ceuk lengser: “hanteu kasarung terus kasarung bae…..!
Hanteu kamalinaan katambiyas;
Mimiti…..ngadeg babakan heula……;
Nyaeta di sirah cai walungan anu kiwari mawa ngaran:
Ci pamingkis…..!
Hanteu mulang deui; tapi laju ngadeg dayeuh di beh hilir;
Nya eta anu kiwari kacaritakeun dina ngaran:
Kuta tambageu tea anu
Masih ngadeg datang ka jaman sang dulang suntak
Masih ngareusi di gunung hambalang…….!
Dayeuhna aya keneh; tapi kiwari mah geus ngahiyang…..;
Gara-gara ki wangsa damba
Basa inyana eudeuk nyulik nyai putri teulakadaran!”

Ceuk parabu anom: “kumaha caritana….?”
Ceuk si lengser: “kieu…..! tapi ieu mah,
Kaula deuk nyaritakeun ngan anu kaula nyaho bae!
Sabodo teuin kumaha deungeun eudeuk nyaritakeunana mah!
Da kaula waaaaaauh ka ki dulang suntak…..
Ti memeh inyana diajar mantun sabari dagang seheng!
Anu harita ngadeg ratu….nya eta:
Nyai ratu arum sugara;
Lain arum sagara atawa sagara arum,
Tapi arum sugara…….!
Inyana teh kara wareng ka ki lutung…..:
Salaki inyana paeh….di tipu ki wangsa damba ti talaga barat;
Mimiti mah inyanateh hade jasa jeung salaki nyai ratu;
Horeng teh….hade inyana ngan di beungeut jeung sungut wungkul;
Padahal…..inyana hayang nyai ratu jeung nyai putri…saduwa-duwa!
Laju ngajak marak di ci behet anu kiwari.
Di jero leuwi raja di cokok…..;
Majar ki wangsa damba teh: di teureuy buhaya beureum di sodong bajul!
Tengah peuting….di karaton
Ki wangsa damba salasap-sulusup ka pangkeng ratu….!
Lantaran powek…inyana sasab…..;
Lain nyampeurkeun bangunan ratu….. tapi
Lantara geus sagala powek,
Anu kadeuleu ngajepat samar-samar di enggon hees teh,
Kadeuleu inyana nya bagus bae….!
Laju ditubruk sakali…..; digaweyan,
Bari anu ditubruk…..:
Sungut ruhur….dibekem,
Sungut handap…….diteken bari dijejel……!
Ari anggeus…..: sebel jasa kabina-bina….!
Horeng anu digaweyan teh…: nini-niiiiiiiini…..;
Ma beueueueueurang…..keur ngendongan nyai raaaatu!
Laju ki wangsa damba deuk ngarayap ka enggon hees nyai ratu;
Tapi lantaran indung beurang gogorowokan,
Jajadah jeung ngaing hanteu sudi; ngaing hanteu suka,
Nyai ratu kaboro hudang laju lumpat……..!
Diudag……! di karaton laju ribut….!
Ki wangsa damba ngudag….; ngapapag jeung lawang gede seseg:
Ki baung rancah…badigul gede jiga pelen alas ci derum:
Sakali nakol….. ki baung rancah laju sakarat!
Laju dirempug ki sengalandepan jeung
Ki jambalanang anu marapag bari bibintih…!
duwa kali nakol…anu duwa laju kokolojotan….!
Jol deui ki rarak rahong; tah jeung inyana mah terus jogol!
Jol deui ki barodjagang….tapi ki barod beunang kacekel…..:
Dicangreudkeun teu bisa motah deui……
Ngan ki rarak mah hanteu beunang….marejit bae….!
Ki wangsa kawalahan; inyana teter….kasedekkeun,
Laju mabur deuk menta bantu ka
Batur-batur inyana anu araya di palabuhan kalapa!
Tapi hanteuparungrum; lantaran
Najan sanagara oge, ki wangsa damba mah
Eukeur lain urang talaga barat beulah girang teh,
Bisa hanteu puguh-puguh ngagara-garakeun perang jeung urang sunda!
Heuleut sababaraha lila, ki wangsa damba datang deui;
Tumpak kapal bagus jasa……,
Tihang indungna ge…..dilakop tambaga datang ka ruhurna…..!
Inyana nyamar jadi raja keling anu deuk ngalamar nyai putri!
Kacaritakeun nyai putri:
Inyana geus boga cacangreud deui kakait pikir;
Nyaeta ki bagus jalakancana……mantri karang!
Karuhan nyai putri hanteu puruneun ditanyaan…..!
Ceuk anu nyamar raja keling: “nyai putri!
Dia teh deuk dijadikeun prameswari…..;
Mowal…mowal kaula eudeuk nyandung; jeung
Mowal kaula, eudeuk miyara loba ewewe popowekkan!
Amun ka kaula, dia jadi boga duwa nagara:
Ieu nagara jeung nagara kaula….!
Jeung mowal deuk hanteu betah; lantaran ibu ratu
Ku kaula deuk diajak…..!
Di ditu inyana geus disadiyakeun karaton bagus…..!”

Memang heueuh…….;
Seja anu nyamar raja keling emang geh eudeuk mawa nyai ratu;
Deuk dijiyeun ewe…..: nya indung nya anak…..!
Ceuk nyai putri: “menta untaran heula…!
Sapowe-sapeuting deuk mikir heula…!
Laju nyai putri badami jeung ki bagus jalakancana!
Ceuk ki bagus: “nyai putri! Kaula mah rada-rada hanteu parcaya;
Tilok inyana raja heueuh……?
Tilok atuh raja deuk datang ngalamar ngan sakapal bae?
Geuning ceunah ari raja ngalamar,
Keur aleutan pangiring inyana ratusan teh, geuning ceunah,
Mudu bae aya papatih anu ngilu….;
Tapi inyana mah….kapal inyana sih emang bagus jasa;
Tapi nu nganteur inyana….badana mah
Euweuh saratus-saratus aaaaaaacan….!
Kieu bae……: sanggupan ku dia; tapi menta untaran deui:
Ti wayah bulan buleud ka buleud deui….!
kaula deuk nyiyar bongbolongan pieun munahkeun inyana!”
Ceuk nyai putri: “amun dia gagal….?”
Ceuk ki bagus: “meureun jadi babatang…..!”
Ceuk nyai putri: “hade….! kaula oge….!”
Caritana….diuntaran: tapi anu nyamar raja keling
Hanteu mulang deui ka kapal inyana di pangkalan;
(nya eta di muhara ci keyas anu kiwari
tepung keuna walungan ci lingsir anu kiwari….)

inyana hayang cicing bae di karaton: majar inyana:
“jeung naeun mudu wara-wiri ka kapal….? apanan
nyai putri geus puruneun…..; jeung sabaraha lawasna sabulan?
Mending geh di dieu bae di karaton,
Nanggowan bari sasadiya pieun kariaan….!”

Nya inyana cicing di karaton…!
ari ki bagus mah ti harita teh hanteu kadeuleu-kadeuleu deui!
Horeng inyana nyamar jadi tukang getek…..;
Menta gawe di kapal ki damba di pangkalan…..!
Ngakukeun mah ngaran ku bujang; inyana jadi tukang sapu,
Tukang sasapu dijero kapal……!
Geus bulan beuki buleud bae, nyai putri beuki bae bingung!
Inyana hanteu ngadeuleu-deuleu deui ki bagus; beja oge, euweuh;
Inyana hanteu nyahoeun tukang sasapu di kapal teh keur sasadiya;
Duwa peuting deui ka bulan deuk sampurna….!
Di jero kapal……cara ti mimiti asup gawe,
Saban sareupna teh ti darat inyana mawa tuwak!
Eukeur mah urang kabeh urang kapal beuki, jeung ku ki bujang
Di bere nganjuk marayar mah kumaha bae engke….,
Nya saban peuting teh, di kapal rame bae ku anu marabok…..;
Ceuwawaw-ceuweueueueuwew nararembang hanteu paruguh lagu……,
Da anu eukeur mararaaaaaabok…..!
Peuting harita mah ki bujang mawa tuwak teh loba jasa……;
Datang ka lima tampayan pinuh……..!
Ceuk inyana: “pageto dunungan urang jadi panganten………;
Tah ieu tuwak …..pamere somah urang dieu…..!
Di karaton mah tangtu rame, tangtu loba piseubeuheun beuteung;
Tapi urang mah di dieu…boro-boro eudeuk bisa lalajo,
Beuteung geh….kejo deui, sambel bae…..!
Someh urang dieu pada nyaho kitu:
Mantakna engke peuting arinyana baris datang mamawa susuguh;
Ulah wara daraharan heula….beja tadi mah ceunah,
Deuk ngaranteran lauk embe……!”

Nya heueuh bae….. ari geus peuting teh aya nu marawa dongdang;
Mani tilu dangdang lauk embe wungkul….!
samena mah meleber ti jauh keneh…….;
Laju kabeh urang kapal barakacrakan…….!
Paloba-loba nginum tuwak, pagede-gede lauk embena…….!
Keur seungit teh tuwakna, ongkoh ngeunah jasa;
Atuh sate embena haripu jasa….jeung garede……;
Bungbuna….palem kabina-bina…..!
Atuh habek-habek bae paseubeuh-seubeuh…..:
Paseubeuh-seubeuh ngarinum tuwak…..!
Tapi da ngarana geh anu keur marabok, sakitu eukeur raripuh oge,
Gep deui gep deui bae keuna lauk embe;
Jeung leguk-leguk deui ngarinum tuwak……!
Di kapal geus hanteu puguh lagu….;
Sejen ki bujang mah, euweuh anu mabok lalour mabok laeur deui;
Kabeh pada marabok heu-euh enya-enya…….;
Datang ka euweuh saurang anu masih aduga diyuk!
Eukeur mah boro-boro leumpang, ngarondang geh geus euweuh anu bisa,
Barang geus peuting bener teh,
Ngadak-ngadak beuteung arinyana marules jasa….!
jeung laju hanteu katahan ditahan-tahan deui…….;
Patingburusut deui burusut deui….ngaheuleut sakeudeung-sakeudeung;
Karuhan deuk ngayer bae ogeh, da bungbu sate jeung sambara teh,
Dicampuran siki jarak jeung siki kamalakiyan…….!
Barang katembong kabehan geus pada laleuleus enya-enya,
Ku ki bujang jeung batur-batur inyana laju kapal teh ditulak,
Diketengahkeun….nya ngaleyong bae….!
Memeh naninggalkeun kapal, ki bujang mah
Turun heula ka jero kapal……!
Laju nyeungeut lampu gede……diteundeun dihandap;
Tapi lampuna make tali, saban tali ditalikeun keuna tulang…….;
Nya eta ngarah lampu sina tibalik amun beurit-beurit di jero kapal,
Parebut tulang bari ngabaredol tali….!

Parek ka isuk, ki bagus jalakancana, geus aya di karaton;
Kasampak nyai putri anggeus hudang; laju dibawa kabur…..;
Tapi kapergok ku ki wangsa damba….laju parebut……;
Ki bagus jeung ki wangsa laju jogol….rosa jasa;
Piligenti silih deseh saling unggulan…….!
Jero keur jarogol, nyai putri inget ka reusi di gunung tea;
Laju nyi putri nyambat……!
Harita ki bagus keur kadeseh deui kadeseh deui; laju
Kasedekkeun ka sisi rawa…..!
Barang keur dicekek bari deuk dikerebekkeun, nyai putri nulungan;
Inyana meunggaskeun dahan mede sagede pingping;
Laju ditenggeulkeun keuna beuheung ki wangsa!
Nya rada oge…rieur; ki wangsa ngajongjolong…….
Kacebur bae keuna rawa…..ngagusur ki bagus….:
Ki wangsa damba laju salin rupa, jadi uling gede jasa,
Tandukna jeung jejeberan……..!
Barang ki bagus kawalahan deui, kadeuleu ku kireusi di gunung hambalang;
Aya eta reusi sang dulang suntak, paman ki bagus jalakancana!
Ceuk sang reusi: “nulungan mah mowal kaboro!
Jelema mah mowal bisa hirup di jero cai, boro-boro gelut…..!
Pagus….! dia jadi gabus…..!”
Harita keneh ki bagus jalakancana jadi lauk gabus, gede jasa
Anu barisa ngagudubug laju ngejat tina lilitan uling eudeuk nyatok!
Ki uling wangsa damba barang leungiteun musuh, laju alak-ilik…..
Kadeuleu nyai putri eudeuk lumpat; laju disamber…..!
Tapi ceuk reusi gunung hambalang: “lain hakaneun siya!
Nyai putri…..! dia jadi…..: kuntul putih biru jangjang!”
Nya harita keneh, geleber bae nyai putri jadi manuk kuntul;
Bodas awak, biru jangjang jeung hulu;
Kukuncungan emas panjang ngalempay……!
Laju ceuk sang reusi dulang suntak: “nyai ratu arum sugara!
Sapanjang aya wae si wangsa damba jeung
Uling-uling damba wangsa…………
Nagara dia mowal suwung-suwung ku rurudet!
Dia kabehan pindah bae beh ka girang…….!
Siyar ku dia sisi walungan ci pamingkis ka girangkeun.
Lebahan lengkob anu duwa beulah dipingkis gunung laleutik,
Adegkeun ku dia dayeuh anyar…..!
Dayeuh kuta tambageu……ku kaula deuk sina ngahiyang heula!
Dia, bagus jeung nyai putri…..!
Jamak heula jaradi gabus eujeung manuk baka;
Engke ogeh datang wayah dia jaradi deui jelema;
Nya eta engke jaga anggeus hiliran kuta tambageu
Ngembat jalan ngulon ngetan,
Lalayanan jeung cukang beusi euweuh tungtungan!
Laju engke tepung cai walungan ci liwung
Jeung cai walungan cireueun, anu mimiti:
Ngadawuan heula hilireun kuta, laju
Ngadawuan deui palebahan cai leutik sangaran awi!
Siya wangsa damba……,
Sapanjang cikiyas masih bae ngamuhara ka cilingsir,
Siya tetep bae jadi uling anu mowal eureun-eureun
Diarah-arah ku sakur rawayan:
Raja bakasida jeung nyai ratu arum sugara……!”

Eusi dayeuh jeung urang lembur-lembur anu bari dihiyangkeun,
Aya nu pindah aya nu hanteu……..!
Batan parindah mah, mending geh ngarilu kabawa ngahiyang;
Ari ratu mah…….nya piiindah; da dititah reusi….!
Ngadeg deui dayeuh….sisi walungan cipimingkis!
Opat pulouh powe anggeus nyai ratu pindah,
Kuta tambageu jeung tanah satungtung deuleu
Laju katembongna jadi talaga anu lega upluk-aplak….!
Ratusa tahun kituna teh….tapi parek ka wayah
Ki bagus jalakancana jeung nyai putri mudu ngajelema deui,
Talaga saban tahun nungtut nyahatan; tapi lalaunan…….
Datang ka kiwari masih keneh lega jasa;
Ngan bae hanteu salega baheula…..!
Engkena mah tangtu baris sahat enya-enya;
Jadi deui darat cara baheula bae…..!
Tah di eta wayah jadi darat,
Aya anu kariyaan pohara jasa ramena kabina-bina…..!
Rame sagala-gala…….rame dina sagala-gala……..!
Euweuh anu arengeuh,
Etateh eukeur ngararame ngajodo ki bagus eujeung nyai putri!
Rame sagala-gala…..rame ku sagala-gala; lantaran
Inyana jadi deui jelema anu engke
Disarebut bupati sindur tea
Dina lakon tunggul kawung bijil sirung…….!
Ki damba wangsa datang ngaributkeun; tapi
Hanteu kaboro ngaributkeun gede, lantaran
Gara-gara nyokot ronggeng ti ruhur panggung,
Inyana ditarenggeulan ku anu lalajo…!
Tapi di wayah eta… di eta wayah
Bedahna talaga pataruman……..
Gara-gara monyet deui baaaaaaaaaaae!
Bangsa sunda tunggara deui…….,
Paku jajar rontog kembang….da bongan…..:
Bopati pakwan anu harita
Lain rawayan pajajaran tengah!”

Ceuk parabu anom: “ku naha bedah talaga pataruman?”
Ceuk si lengser: “bendunganana hanteu tahan……!”
Ceuk parabu anom: “ku naha hanteu tahan?”
Ceuk si lengser: “lantaran kitu seja anu gariruk, jeung
Memang kitu anu dikahayang ku sakur anu saririk ka sakur sunda,
Nya eta: abeh nungtutan euweuh deui bangsa sunda….!”
Ceuk parabu anom: “ku naha sunda dipisirik?”
Ceuk si lengser: “lantaran sareba unggul…….;
Tanahna, taneuhna, alamna, suburna, jembarna,
Jeung dina pangaweruh ogeh…..tara kaelehkeun;
Ngan di hareureuyan mantakna hanteu deungeun nyaho teh!
Malah dina kajeun ogeh, urang sunda mah uuuuuuuuuunggul,
Datang lain kajeun bae sampalan dirancah deungeun,
Hulu diisingan deungeun ogeh……kajeun baaaaaaae……!

Ceuk parabu anom: “kapal tea kumaha?”
Ceuk si lengser: “nya kahuruuuuuuuwan….laju kalebuh;
Tapi tihan tambagana bae,
Nyodor bae di rawagede anu sangaran….!

Ceuk parabu anom: “amun ku urang kapanggih,
Naeun gunana eta haur beureum……?”
Ceuk si lengser: “euweuh gunana pieun urang mah;
Apanan haurna geus mulang deui ka kahiyangan….!
Anu masih aya keneh di urang mah, ngan regangna wungkul!
Ceuk parabu anom: “tah eta regangna, kumaha?”
Ceuk si lengser: “heueuh hanteu guna pieun urang mah;
Aya soteh gunana nganpieun tukang mantun….:
Pieun nunjang saung inyana nu geus deuk rubuh……!
Ceuk kparabu anom: “tangeh keneh, lengser,
Ka wayah ngaing unggah mandala…..?”
Ceuk si lengser: “nyao teueueueueueuin…..!
Kaula mah hanteu bisa ngitung, najan heueuh oge
Dina lingga di gunung gorowong
Ditatah: alam wali suci bumi……!
Bumi….kalang hirup memeh paeh; tah eta kaula ngarti;
Suci…..sampurna hirup parek ka paeh;
Alam……enggon hirup pieun nu hirup atawa
Enggon paeh pieun nu hirup anu hirup di jero paeh….!
Tapi waaaaaaali…… tah eta mah kaula hanteu timu…….!
Had ogeh kitu!
Lantaran amun kaula nyaho di wayah mudu kaula mudu modar,
Kojor teh mowal kaula deuk bisa jongjon….!
Ceuk parabu anom: “ku naha..?”
Ceuk si lengser: “horeyam…..indungna si bonceret
Tangtu meureun lakiyan deueueueueui….!
Puguh kaula mah…..hirup salaaaaah, paeh salaaaaaaaaah!
Ari hirup cara kaula kieu, saumur-umur teh euweuh deui
Ngan mudu bae nyaksiyan anu rurunnnnnyam bae, rarunyam!
Ari paeh?
Mudu unggah ka mandala anu mana atuh?
Ka kasungka……euweuh anu wani mariksa-mariksa acan!
Ka parmana…….anu jaragana kalahka nyararembah…!
Ka mandala karna…..ka mandala rasa…..
Panto-pantona kalah ka maruka soraaaaaangan…!
Ka mandala seba….ka mandala suda….?
Nya kitu keneh-kitu keneh…!
Ka mandala an katujuh, ka jati mandala?
Kalah ka marenta baaaaaako…….!
Ka mandala samar?
Mantak pararusing bae……!
Ngadengekeun sang hiyang sang hiyang ngan badaaaaami wae!
Marikiran aturan-aturan
Ari diburitna mah kalah ka beuki nyiyeun sagala pabeulit bae!
Eudeueueueueuk ka mandala samar…..,
Sangeuk unggahna…..awat-awateun di jalanna……..!
Nya balik deui beeee, aden, ka dieu deui!”

Ceuk parabu anom: “ari di mandala…….aralus, harade, ngareunah?”
Ceuk si lengser: “hanteu hade, hanteu alus….,
Hanteu mones-mones aaaaaaacan………!
Hade jeung alusna mah……..ciptaan kahayang jelema;
Gorengna, hanteu hadena…..nya atuh ciptaan pikiran jelema keneh!
Di mandala mah hanteu bisa dipapantes ku cara di dieu!
Anu di dieu panghade-hadena, di ditu mah bisa baaaaaae
Deuk di cipta pangjore-jorena di ditu mah……!
Atuh sabalikna; anu pangjore-jorena di dieu, nya bisa baaaaaaae
Ari deuk dicipta pangalus-alusna di mandala mah!
Eta kumaha anu hayang kacipta ku inyana beeeeeeee…..!
Aden: mandala maha, mandala agama saha oge,
Ceuk agama pajajaran mah:
Euweuh anu hanteu hade, euweuh anu mantak hanteu betah dicicingan!
Deuk hadena deuk alusna mandala-mandala pajajaran,
Tangtu sapadan jeung pancipta angen arinyana anu agama pajajaran;
Atuh di gorengna di hanteu hadena,
Sapaaaadan baaaaaae jeung pancipta arinyana
Anu gariruk ka pajajaran:
Tapi anu anggeus tangtu mah:
Enggon matuh sukma teh…panta-panta……;
Disapadankeun keuna peta jeung budi inyana keur keneh
Jadi jelema hirup….!
Lain disapadankeun keuna
Tahap, rawayan, kabeungharan, kakawasaan atawa
Kagagahan jeung kasaktian……..!
Anukeur jadi keneh jelema hirup………,
Sagala hade sagala bener…..,
Najan inyana dianggap saruwa runtah ogeh,
Di ditu mah….enggon inyana tangtu leuwih hade leuwih ngeunah
Batan enggon raja beunghar gagah sakti tapi….rucah!

Ayeuna mah , adeeeeeen……:
Najan urusan mandala,….urusan kumaha engke bae oge,
Tapi ari aden engke jadi raja mah,
Ulah urusan mandala sina numpang keuna urusan nagara;
Ulah urusan nagara sina numpang keuna urusan mandala!
Lantaran…… amun ngan urusan mandala bae
Anu dijiyeun hiji-hijina galur pieun ngatur nagara,
Bari urusan nagara jeung ngaraksa somah
Ngan dijiyeun walar-walar nutur-nutur walur,
Mowal nagara eudeuk ngadeg ajeg wungkul
Ngalelempeng galur nuju ka jauh………,
Ka mandala encan kasaba…… anu alusna jeung
Pisugemaeunana….ku saban jelema
Hanteu saruwa kacipta jeung dilamun pikiran arinyana!
Lantaran daya cipta teh…. di saban jelema hanteu saruwa!

Ari daya cipta teh, nya eta:
Daya neuleu ku mata pikir anu disebut lamunan tea….;
Hanteu saruwa eta daya cipta, geus katembong natrat
Amun dilarapkeun tina daya neuleu ku mata raga!
Geura….! inget-inget:
Moal aya ewewe deuk jiga pariyuk songhek boga salaaaaaaaki,
Amun ku mata raga lalaki inyana,
Eta ewewe teh hanteu kadeuleu alus……kilangbaaaaaara geulis mah!
Mowal deuk aya lalaki jiga kunyuk boga eweeeeewe,
Amun di mata raga eta ewewe eta lalaki inyana,
Hanteu kadeuleu bagus….kilang baaaara ari kasep mah!
Ceunah, eta mah memang geus kitu beeee.. da jodo!
Heueuh, kumaha be eta mah deuk ngartikeunnana….!
Amun laku lampah jelema hirup di ieu jagat,
Deuk diwengku bae ku wungkul kateguhan kapercayaan para lulugu bae,
Mowal deuk somah di meunangkeun hirup samuduna jelema hirup di
Ieu jagat………..!
Ari munjung jeung sinembah teh, aden……,
Lain pieun hirup di ieu jagat sabari paeh di ieu jagat; tapi,
Pieun hirup engke di alam paeh…….!
Ngatur nagara ngaraksa somah,
Lain mudu dimimitian ti kukuh keukeuh bari peuteukeuh
Ngamudukeun sagala-gala mudu napak bae dina
Ucapan-ucapan sinembah eujeung aturan-aturan munjung;
Tapi…..mimitiyan ku hade jeung titen raksa……!
Amun ku sakabeh somah karasa bukti
Balukar hade ti jeujeuhan jeung pangraksa…….,
Sing ku somah sina kaharti:
Munjung jeung sinembah teh memang mudu dilakonan…..;
Lantaran memeh aya teh….jelema teh euweuh heula:
Jeung dina kaharti…..:
Ieu jagat teh…enggon datang pieun mulang,
Enggon hirup….pieun paeh…,
Enggon pibalukareun….. tina peta eujeung budi sapanjang hirup!

Ulah sina somah sangsara heula disangsara,
Ngarah arinyana sumujud munjung getol sinembah; lantaran
Dina arinyana getol sumujud,
Tangtu hade arinyana teh sasambat ka para dewa,
Tangtu tingjarerit ka anu agung maha wenang…..
Sing eta lulugu-lulugu hareureut deuleu carupet pikir teh,
Ku jurig-jurig jeung dedemit…..dipariyeuskeun beuheung….!
Munjung jeung sinembah teh,
Kaparcayaan hak ti jaman baheula,
Anu dilanggengkeun salawas ngamparna ieu jagat
Sapayung ku jaman bae….!
Tapi ari jaman mah….hanteu langgeng;
Saban-saban ganti deui ganti bae……,
Bari saban jaman anu datang,
Tetep natratkeun bae kabener pikir baheula, tapi ogeh
Nembongkeun kasalah pikir baheula anu bukti jeung tetela!
Memangsaaaaalah ari ditaliti ku pangaweruh jaman anyar mah!
Tapi ku loba jelema boga pangaruh,
Eta kasalah teh hanteu diaraku salah….;
Lain hanteu diaraku lantaran bener hanteu salah,
Tapi hanteu diaraku…..lantaran arinyana arembung ngarti…..!
Sabab-sabab arembung ngarti?
Atuh arinyana…..mantak pada tibalik seeeeeeheng,
Mantak boboko kejo arinyana karooooooosong….!
Sabab jaman ganti anyar, aden…….,
Beuki loba jeung beuki ebreh kasalah panemu baheula…..,
Beuki bae natrat nembongannana jalan ka
Tegal pangperangan sanekala…..;
Anu 450 tahun sakali mudu bae kajadian….;
Nya eta….. perang marebutkeun bebener kabener anu
Ku jaman anyar dibuktikeun salah….tapi
Ku pikiran kebel keukeuh bae mudu disebut bener!”

Ceuk parabu anom: “amun anu salah disebut salah, naeun balukarna?”
Ceuk si lengser: “beuki caang bae pangdeuleu somah,
Beuki tetela bae bisa somah mararandang jalan ka mandala!
Lantaran arinyana beuki ngarti lantaran kaharti ku arinyana
Kabeh ucapan-ucapan sinembah ari diucapkeun ku basa arinyana mah;
Baheula , para pandita ari munjung,
Ngan ngoroweco dina basa anu harita ku somah hanteu kaharti!
Nagara teh somahna bodo…babari bae dipadaya,
Diaradukeun para pandita parebutan eusi boboko;
Tapi anggeus sang kala birbung baya jadi brahmesta, ku inyana
Kabeh ucapan munjung jeung sinembah
Dimudukeun ku basa anu ku somah kadenge bari kaharti;
Nya atuh hanteu kungsi meakkeun sabulan-sabulan acan,
Saban upacara sinembah leuleutikan ogeh,
Pamunjungan anu leutik leuleutikan teh,
Jejel bae ku sinembah bari marunjung…..!”

Ceuk parabu anom: “amun anu salah disebut bener?”
Ceuk si lengser: “anu barodo arembung ngarti teu beuki bae:
Tambah tibalik deuleu pabeulit pikir…laju
Ngojok-ngojok batur-batur sapikiran saruwa bodo….!”
Ceuk parabu anom: “lajuna….?”
Ceuk si lengser: “perang sanekaaaaaala…..!”
Ceuk parabu anom: “heueuh atuh lengser, derna teh di urang?”
Ceuk si lengser: “mudu sih mudu…..tapi
Lain gara-gara parebutan salah atawa bener;
Gara-garana mah monyet hideung leungiteun leuweung,
Eleh perang di buwana kulon….!
Laju nyiyar pangaruh di buwana urang…….;
Pieun engke jaga di wayahna…..,
Nyiyeun perang sanekala anu ka-lima!”

Ceuk parabu anom: “saha anu baris unggul?”
Ceuk si lengser: “anu unggulna mah nya anu ngadukeun beeee…!
Da anu parerangna mah…saban perang sanekala teh,
Tara nyorang aya nu uuuuunggul……!”
Ceuk parabu anom: “anu ngadukeun perang, saaaaaha?”
Ceuk si lengser: “siliganti beeee…. mimiti mandah hideung;
Laju mandah bodas jeung mandah hideung ababrengan silih adukeun;
Laju deui mandah hideung….; di anu kaopat kalimana mah……:
Mandah-mandah hejo anu ku mandah hideung sina ngawut-ngawut….!
Ari di perang sanekala anu kalima nya eta:
Monyet beureum anu nyamar mandah hideung sajamang hejo….;
Nya karuhan laju jagat maro mangmareunangkeun anu hideung!
Tapi anu nangtukeun papasten mah…….,
Lain monyet, lain mandah; lain jelema. Lain dewa….! tapi inyana:
Sang rumuhung sang hiyang tunggal……..!
Nyao teuin dewa nyao teuin sang rumuhung nyao teuin saha anu ngajurung…..,
Tapi anu keur parerang gara-gara kaojok, ujug-ujug aya nu nyapih:
Nya eta…: monyet sunda tanpa warna; anu bajaman-jaman
Tara aya anu mandang boro ngajenan….. tapi diareup-areup bae
Ku nu naralangsay, jero sangsara,
Tingsalindung teu boga indung……,
Naranggowan bapa anu euweuh mulang…….:
Monyet-monyet barodas jeung mandah arinyana, nya aratoh bae;
Lantaran ngarti…….:
Euweuh agama nu nitah paseya;
Eujeung : tangtu
Mowal aya anu saling gorengkeun agama,
Ari pada-pada ngarti agama arinyana sewang-sewangan…….!
Monyet-monyet hararideung jeung mandah arinyana,
Laju pada arengeuh:
Anu ngarti agama mah, ngan manusa……..!
Laju ku sang hiyang tunggal, arinyana disina jaradi manusa…..!
Hanteu sakabeh…..lantaran loba monyet hararideung embung hideng;
Arinyana unek-unekeun bae, keukeuh bae panasaran!
Tapi ari sajagat diwenangkeun munjung jeung sinembah
Ku ucap-ucap basa sewang-sewang bangsa mah,
Tetela katembong kajoreyannana hate monyet anu hideung!
Tetela memang bener suci ari tujuwan agama teh,
Tapi tujuwan jelema-jelema baroga hate monyet mah,
Agama teh….. pieun saenyana mah: ngeusiyan bae
Boboko kejo arinyana wungkul…..!
Kahade ajaran-ajaran arinyana, hanteu dicontokeun
Ku arinyana ka anu sejen…….; tapi
Mudu ti anu sejen bae ka arinyana……;
Ku loba-lobana jelema kitu, agama teh kadeuleuna
Jadi saperti ngan pieun…….
Hirup hurip di ieu jagat sapanjang hirup…!
Amun aden mah engke ngadeg raja, ulah dia deuk poho…,
Sinembah eujeung munjung teh,
Pieun engke hirup di alam paeh…….;
Ari pieun hirup di ieu jagat jelema hirup mah,
Ulah agama deuk dijiyeun gagaman,
Ulah agama deuk dijiyeun pangbibita pangabebenjo;
Ulah eudeuk ngagogoreng agama deungeun…..
Sapedah gara-gara eta jelema-jelema hatean monyet pikiran monyet
Atuh agama teh kadeuleuna
Jiga lain agama wenangan anu nunggal maha agung………!
Tapi jiyeun sing agama teh,
Jadi jalan ka mandala anu caang rata bari lempeng,
Anu caangna….lantaran kaharti;
Anu katana….lantaran bisa ngabedakeun bener tina salah;
Anu lempengna…ku peta eujeung budi anu hade bari bener!
Memang raja teh mudu boga gagah,
Teuas peureup…. leuleus usap….
Pageuh keupeul…. lega awur…..;
Karuhan anu pinteur mah; tapi di hade raksa…..;
Ulah pinteur wungkul pieun senang sosoranganan…;
Jeung ari adil…ulah adil para mitra; tapi……
Adil palamarta….ulah eudeuk i-ilik buluwan hanteuna;
Najan somah cacah mararat ku euweuh kagableg
Bolenang cara cangkang ondog ogeh,
Ulah inyana dibeda-bedakeun ti:
Menak jajambulan ku kabeungharan… ti pangkat-pangkat
Anu jajabrigan tina kakawasaan…..;
Jeung adil teh… ulah ngan ka anu sabangsa bae…….;
Pieun bisa ngaraksa bari kabehan disebut adil……,

Mudu dia nyaho silokana ayakan jeung silokana aseupan;
Raja…. najan gagah najan pinteur, ari hanteu adil mah…..
Mowal ku somah eudeuk diasih……;
Ari raja anu hanteu diasih somah,
Saruwa jeung anu keur nopeng di ruhur panggung
Hareupeun anu lalajo keur nyeuri huntu…..;
Memang tangtu arinyana teh tembong sareuri….; tapi arinyana seuri,
Kahiji…..lantaran sariyeun di hukum amun teu seuri;
Kaduwa……lantaran geus kacipta sakumaha meureun resepna
Amun neuleu anu keur manggung…..tikosewad nyuksruk ka taneuh!

Masin nyaho……: ari jadi raja teh
Najan hanteu diangkat ku somah anu sabangsajeung somah sanagara,
Ari diaku ku sakabeh somah mah…, geura,
Mowal aya leungeun anu hanteu ngopepang
Di neujeuh raja meunang kasusah……;
Lantaran pieun somah mah…anu jadi raja teh,
Lain jelema lain bangsana……tapi:
Hade jeujeuh dina bener anu kaharti,
Titen raksa anuku somah karasa dina belana!
Pieun somah mah, najan di rajaan ku inyana anu sabangsa ogeh,
Ari somah diantep bae dikorowot para pangagung jeung ponggawa mah,
Nya saruwa baaaae jeung boga payung euweuh gagangan
Ari hujan…..tetep bae ngajibrugkeun,
Ari panas….tetep bae nutungkeun punduk….;
Nya meureun kamana pareaaanana ari geus keuheul mah!?!?
Ku somah teh….. tangu di balaaaaangkeun …!
Nya untung keneh ari kara dipengpengkeun…;
Kumaha amun bari diririsek dipepejet heula…..?
Jeung ari dedenge…. raja teh ulah eudeuk sadenge-denge ceuli!
Anu halimpu ngeunah di ceuli….can puguh tanpan pangarah….;
Atuh anu pareureus….taliti heula; lantaran
Eta peupeuheur anu ngagolakan hate…..boa-boa pangeuing hade!
Aden….! ti babaheula, taja teh sabutik batur….!
Anu ngariyung-ngariyung raja sakitu harade teh,
Lolobana mah…..marake kedok panutup hate!
Amun saban-saban pajar arinyana:
Euweuh di raja sagala anu hanteu hade hanteu bener…..,
Sing ati-ati; lantaran anu nyarita kitu bae teh,
Lain batur-batur anu satuhu…….lain sobat-sobat anu engke
Tangtu bakal bebela jero raja meunang kasusah ti sakabeh somah……!
Batur anu satuhu….sobat anu satiya…….,
Ngan saukur mararesem…..amun raja meujeuh di bener;
Tapi wani nyarekan raja di lebahan raja keukeuh bae
Saban-saban nyieun somah keuheul deui keuheul bae….!

Batur anu karitu, sobat anu cara eta….tara loba….!
Najan ceunah raja anu boga nagara,
Tapi ari somah mah….saenyana……lain raaaaaaja anu boga!
Lantaran sabenerna mah, anu ngabogaan sakabeh somah teh nyaeta…..:
Kakeuheul……..;
Lain somah anu ngabogaan kakeuheul; tapi
Keuheul……anu ngabogaan somah….!
Amun eta kakeuheul geus ka somah ninitah hudang,
Mowal mahi loba tangkal pieun nyangcang somah anu marudah,
Mowal aya tihang gantungan kurang ruhur
Pieun raja sina ngagantung……….!
Aden…..! hanteu langka somah sanagara jad sangsara,
Jeung nagara paburantak acak-acakan……
Gara-gara raja diantep bae hanteu kaop neuleu ewewe bagus!
Gara-gara arinyana anu boga letah alus diukir bari
Baroga hate disulam……!
Amun raja eukeur bae rucah,
Pangaung-pangagung laju kancolah,
Ponggawa-ponggawa laju pada ngareunah
Nyariyeun somah beuki balangsak……!

Tah, di raja keur meujeuh kitu,
Somah balangsak beuki sangsara…..lantaran
Eukeur mah meujeuh sarusah nyariyar manusa puntanganeun,
Hayoh ditararipu ku anu barurung anu majarkeun:
Uga teh….keur di wayah ngawaruga;
Geus wayah…urang sunda geura ngalawan……;
Geus wayah……parindah kawin di jero alas;
Geus wayah…..ditambakna sagara kidul…..;
Geus wayah…..ger perang sanekala di buwana urang;
Geus wayah…….ngadegkeun ratu adil jeneng ratu….!

Eukeur mah tengah keur powek, kari-kari ngadenge carita nu diareup-
Areup, nya da puguh somah bodo eukeur sarusah…. nya aratoh beeeeee….!
Hanteu nyaraho…..narurut ka barurung, balukarna teh:
Hanteu beda kendi…….ditakolkeun keuna kohkol;
Nya haaaaarus….kohkolna mah; …..tapi kendina…………?
Da keur pikir parowek jasa, somah bodo teh keuna kaojok:
Ulah ngawaro ka ucap karuhun diletah jelema!
Hanteu nyaraho anu ku somah keur diparuntangan teh, horeng….:
Helema sahulu bedul….., buhaya saawak jelema……!

Raja teh mowal eudeuk bisa nyaho sagala kasusah somah,
Ari ngan ngadenge bae beja-beja anu dikawihkeun
Wungkul ku letah-letah anu ngalagu……..,
Ari ngan ngawaro bae….; carita-carita alus tulisan!
Tah di lebah dinya….raja teh mudu bisa ngarti….:
Haeuk owa tina tangkal di jero leuweung,
Kelik heulang keur nangtang hujan…..,
Seyak angin anu mendoy-mendoykeun kaso dina tegalan!
Mantakna…, denge: najan pait peuheuer ogeh
Ari wanta mah……tumbal panyinglar kasusah;
Amun somah hanteu sarusah……raja teh:
Tibra kerek, ngeunah neureuy….!

Raja can bisa disebut pinteur sapanjang inyana [arcaya bae:
Kelewek teh buwana picung;
Tah sapanjang raja encan nyaho: kelewek mah…siki picung
Anggeus dikubur heula jero lebu…..,
Raja teh baris katipu bae jurig-jurig ngaku-ngaku karuhun!
Masing dia nyaho…..: saban ngadeg raja anyar, mudu bae inyana
Dibarengan patingpucunghulna rupa-rupa karuhun!
Amun kurang-kurang raja rancage, baris inyana pahili pilih:
Puguh-puguh anu burung, ku inyana dipupusti jadi karuhun; tapi
Karuhun anu saestu….ku raja dipajar jelema burung….;
Kari raja jadi engeuh ari kaduhung geus hanteu nulung….:
Tah eta kabeh, ku aden baris kasorang sapanjang dia ngadeg raja;
Jeung baris ku dia kasaksiyan deui kasaksiyan bae
Sapanjang dia di duwa alam……..
Nanggowan wayah mudu dia unggah ka mandala samar……!
Ngan dia unggah…..,
Hanteu meunang make makuta….; mudu ditunda!
Dipihapekeun di dasarna talaga wana!

Saha anu baris kapihapeanana?
Nya eta: naga lolong…. nu keur tapa jero talaga,
Anu lolong teh bakal beunta neuleu bentang…..!
Ku anu bisa neuleuman, inyana baris di sina nuduhkeun:
Anu hirup euweuh nu eungeuh,
Anu hanteu suwung-suwung ku kabingung,
Harita euweun-euweun sedih jeung pareurih,
Anu ti ngogora nalangsa bae……:
Neuleu sunda lalawora, neuleu sunda saling girang tampiyan;
Neuleu sunda leungit sundana…..
Neuleu sunda beuki suda…..!
Nya inyana ….anu hirup sangsara bae….,
Anu najan nulungan bae sakur anu raripuh,
Bebela bae ka sakur anu sarusah…….,
Tapi lantaran disumputkeun buni ku kamararatan,
Nya euweuh anu areungeuh….inyana teh:
Ruhur budi…..,jero elmu,
Jembar kabisa cukup kaweruh…..tapi
Lantaran mararat………..:
Dininista ku tatangga……..,
Dihaharuwan ku babaturan…….!
Tah eta, jelema eta….anu ceuk harewos angin nyisiran eurih,
Ceuk gaur maung di lamping gunung,
Ceuk seah walungan di jero jurang,
Ceuk manuk tuweuw liwat janari……,
Ku genclangna bentang-bentang anu rapang di langit hideung
Anggeus dituliskeun:
Baris jadi raja pajajaran anu pandeuri……!
Ayeuna mah…..ulah manjangkeun lalakon anu encan kasorang!
Angguran urang lampahan lalakon anu ayeuna eukeur disorang…..,
Bari urang sasadiya pieun ngalalakonkeun lalakon
Anu ka hareup ku urang geus tangtu mudu disorang……!
Lalakon anu ka hareup geus tangtu ku urang mudu disorang….;
Ayeuna mah…..geus wayah urang mulang deui ka dayeuh….!”
……………………………………………………………………………………….

ceuk parabu anom: “lengser! Ngaing panasaran keneh!
Hayang nyaho dimana baheula teh
Diadeugkeunnana dayeuh anu mimiti……?”
Ceuk si lengser: “tuh diditu…. di gunung itu…..!
Di lebah kiwari aya keneh:
Loba tangkal barodas daunan bodas,
Eujeung bodas ka kembang-kembangna!
Urut kandang badakna ogeh…..kiwari aya bae….!
Ayeuna mah anggur urang mulang…..;
Atuh aden…… geura ti ayeuna keneh
Mudu di ajar ngarti nyiyeun aseupan!”

Laju marulang…..si lengser eujeung parabu anom…..!

Cag tunda…..!
Keun sina marulang…..; anu saurang,
Keun, sina diajar nyiyeun aseupan
Anu kukuh di wengkuna,
Anu carang di kerep tengahna,
Tapi kerep di carang nyungcungna,
Anu seseg pananggeuyna…………!

Ceuk anu ti baheula ngampihan carita:
Engke teh baris aya jelema menta disaksiyan jelema reya,
Deuk neuleuman makuta raja di dasar talaga,
Bari susumbar: amun makuta hanteu kapanggih,
Talaga wana deuk dibedahkeun……………!

Makuta teh memang aya…..tapi anu deuk neuleuman,
Hanteu nyaho dimana lebah mudu inyana teuleum, jeung
Hanteu nyaho keuna wayah mudu inyana neuleumannana……!
tapi ari geus cunduk keuna waktu anu tangtu,
Geus ngawaruga mah pirajaeun anu saestu……:
Raja pajajaran anu pandeuri……..,
Makuta teh………mowal mudu diteuleuman…….lantaran:
Talaga bakal bedah ku gara-gara……..!
Gara-gara bopati pakwan anu pandeuri
Kabungbulengan ronggeng teu make samping……!
…………………………………………………………………………………………………

saaaha anu ngampihan baheula eta carita?
Nya inyana anu sajamang rombeng, nyodong di lolongok,
Dina lamping gunung nu ngaran daru…..!
Nya inyana anu baheula kungsi nyarita:
“amun siya ka dieu deui…..ngaing mah mowal kasampak
atuh siya mah bener sono, longok bae
ki hara papak di karang papak………!
amun kasampak…….aya arca nanggowan beunying handapeun caringin,
guwar ku siya…..: batu anu baris nyarita……!
tapi cokot heula……: surat jero guha gunung sinala………;
beusi disosowek ku anu nyariyeun duwit tina seuneu……!”

urang tunda…………!
tapi memeh nunda………, urang longok heula anu di karang papak
mulung beunying anak handapeun caringin, bari
ngadengekeun arca……maca surat tijero guha gunung sinala!
Laju urang neuleukeun seuneu ngagedag-gedag, bari lalajo
Ronggeng tujuh jeung panjak arinyana nu mukaan kedok anu lalajo
Bari ngadudutan kedok ti nu maranggung keur kamalinaan……!
Urang tanggowan wayah mimiti bedah talaga, wayah bedah loba talaga
Anggeus surup sarangenge, memeh bulan samagaha…….!
Urang saksiyan…..: pajajaran ngadeg deui, nu ngadegna
Dicaangan bentang-bentang rapang ngagenclang……..;
Urang papag……anu pandeuri diadegkeun jadi raja……..:

Nyanggakeun……..!
Nyanggakeun ka para kokolot sunda bogor anu kapungkur
Narurun pantun bogor tina naskah-naskah anu aslina,
Sareng ka sadaya anu kantos maraos eta naskah-naskah
Pantun bogo anu asli…….supaos:
Marios lalakon anu tadi dicarioskeun…..
Bilih aya anu dirobih, dikirangan atanapi di tambihan……!

Nyanggakeun…………….!

catatan:
mohon maaf apabila ada kesalahan dalam bentuk apapun dalam tulisan di atas,
apabila ada yang ingin mengkoreksi dipersilahkan.

Comments»

1. Puraga - 17 May 2015

Jadi nyaho saha nu di sebut aki balangantrang, hatur nuhun, teraskeun ku pantun sanesna, wilujeng.

Like

2. Nuh - 13 June 2015

menarik sekali bait2 terakhir yang berkisahkan tentang Raja nu pandeuri / raja yang akan datang, ciri-cirinya cocok sekali dengan bait naskah lain/versi jawa

Like

nurkalakalidasa - 14 June 2015

coba diperjelas kk, kalimat yg mana dan sandingan versi jawanya..8-)

Like

3. Nuh - 15 June 2015

yang intinya cocok menurut saya adalah tidak diperlakukan baik oleh orang2 disekitarnya, ditelusuri saja sendiri

Like

nurkalakalidasa - 15 June 2015

siap graek..!!! 😎 (sambil ngeden) :mrgreen:

Like

Nuh - 24 June 2015

saya tunggu, pantun2 sunda baheula ya, luar biasa pantun2nya

Like

nurkalakalidasa - 24 June 2015

sambil denger lagunya ridho rhoma yg menunggu, kayanya pas ndan..
siap graek (sambil ngeden)!!! :mrgreen:

Like

4. Nuh - 25 June 2015

arti kata pangparatan warga naon kang, karena disalah satu pantun dijelaskan, nanti yang akan dijadikan warga akan terlihat disana, Bocah Angon/Rakean disuruh mencari ratu adil

Like

5. Nuh - 25 June 2015

maksud pangparatan

Like

nurkalakalidasa - 25 June 2015

kasih tau ngga yaa..
mau tau aja apa mau tau banget..? :mrgreen:

Like

6. adi danansa - 20 March 2016

@kang nur mau nanya ,
klw pasir kopo derah mana yah?
atas impormasinya terima kasih..

Like

nurkalakalidasa - 9 April 2016

ga tau juga,..
kali2 ada pembaca yg mau bantu jawab..?

Like

7. ariendra.narendra - 19 November 2019

kang nur, kalo tulisan yg judulnya “SILIWANGI, KIAN SANTANG JEUNG KEMBANG” itu siapa yg nulis ya, ada hubungannya gak sama pantun sunda?

Like

nurkalakalidasa - 19 November 2019

gak tau kk, saya gak pernah denger atau baca tulisan dgn judul itu.

Like

8. Deny Irvan - 25 December 2019

WIKWIWWWW….

Like

9. Ula mandala - 4 January 2024

Min Pantun bogor GEDE nya yang mana ???

Like

nurkalakalidasa - 5 January 2024

Saya gak tau pantun bogor kecil pantun bogor gede.
Saya nemunya begini

Like

10. Ula mandala - 13 January 2024

kamu nemunya darimana ? Apakah kamu orang bogor asli ?

Like

nurkalakalidasa - 13 January 2024

Di tengah jalan.
Bukan.

Like


Leave a comment